• Tidak ada hasil yang ditemukan

Telaah Sastra II sosiologi sosiologi sosiologi

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2018

Membagikan "Telaah Sastra II sosiologi sosiologi sosiologi"

Copied!
14
0
0

Teks penuh

(1)

NASKAH SANDIWARA RAYAT (LONGSER)

NINI UTI NIMU CEPUK

Naskah : R. Hidayat Suryalaga

Pamaen :

1. Nini Uti : 60 taun, balangantrang (teu kawin), tukang sorabi, miskin, jujur.

2. Mas Uto : Bandar Lauk, beunghar, hawek. 3. Nyi Mas : Pamajikan Mas Uto, hawek, 35 taun. 4. Juragan Jaksa : Jujur, basajan, tegas jeung adil 50 taun. 5. Dodo Surado : Pelayan Jaksa, munapek, licik, hawek 40 taun. 6. Setiawati : Veteran 1945 - 70 th

(2)

ADEGAN KAHIJI

(Nini Uti ngider ngadagangkeun surabina, bari sakeudeung-sakeudeung ngilik-ngilik cepuk leutik pamanggih di sisi gang. Bangun kacida hayangna muka, tapi teu wani ).

1. Wiyaga 1 : Teu acan seep Nini, surabi Nini teh ?

2. Nini uti : Teu acan, nun! Mangga atuh bararade sarurabina, ararencep, arareneng, bararade. Raos geura surabi Nini mah! Tipung beas pulen dikalapaan. Dadaw... edo elom

3. Wiyaga 2 : Haneut keneh kitu surabi Nini teh ? Wah geus gaaleun boa surabina ge Nini!

4. Nini Uti : Hih, ari Si Encep haneut keneh surabi Nini mah geura haneut keneh!

5. Wiyaga 3 : Ah, sieun bohong, geuning basa taeun, Nini Uti, hideung biritna!

6. Nini Uti : Yey ceuk saha birit Nini hideung, teu hideung teusing birit nini mah, hejo carulang geura, bisi teu percaya...

7. Wiyaga 3 : Eum Nini mah, birit sorabi, Nini, birit sorabi nu hideung teh lain birit nini!

8. Nini Uti : Euh, mun ti tatadi, birit surabi kituh nu hideung teh. Nya enya di mana-mana oge ari surabi mah hideung biritna. Sok atuh garaleuh surabi Nini. Pelem dikalapaan! Pedo elom bae pokona mah! (Wiyaga mareuli surabi, nu saurang gap kana cepuk, dialak-ilik)

9. Wiyaga 1 : Ari ieu cepuk naon Nini, siga cepuk perhiasan ? 10. Nini Uti : Hih, ulah etah! kadieukeun!

11. Wiyaga 2 ( ngarebut cepuk ) : “uleuh mani alus kieu. Cepuk perhiasan emas ieu mah. Geuning di toko emas oge loba nu kieu teh, nya. Tuh nya ! Tuh nya ! Tuh nya !

12. Nini Uti : Kadieukeun etah, kadieukeun! Ulah dibuka, nu batur.

13. Wiyaga 3 : Meunang maok ti mana ieu teh Nini ? Kolot-kolot puak -paok! 14. Nini Uti ( morongos, kasigeung ) : Saha nu maok! Gampang we tadah-tuduh teh!

(3)

rejeki teu halal. Komo mun beunghar bari meunang halal mah, daek pisan! Kadieukeun! Kadieukeun! Cepuk batur eta teh!

15. Wiyaga 2 : Enya lah meunang maok, meunang nyolong, meunang ngabangsat, meunang ngaemeng! ngaku lah ngaku!

16. Nini Uti : Yeuh bisi teu percaya mah, eta cepuk teh beunang nimu. Tuh di ditu deukeut gang. Ieu ge rek disalabarkeun! Rek disalabarkeun! kitu tah! Beunang nimu lain beunang maok! Sumpah ge daek Nini teh ! Daek jadi deui huntu!, daek leungit singkayo. Hayoh!

17. Wiyaga 3 : Euh beunang nimu! Ka kuringkeun bae atuh Nini eta cepuk teh, engke urang dibikeun ka Pa RT, supaya disalabarkeun. Sok Ni ka kuringkeun! (Si Nini bangun asa-asa. Torojol Wiyaga 1, ngolo )

18. Wiyaga 1 : His, ka kuringkeun bae, Nini da Nini mah bageur, geulis, lucu ! Engke ku kuring di ka Pa RW-keun sina disalabarkeun. Sok ka kuringkeun bae sok Ni. Sing percaya bae ka kuring atuh, sok !

19. Wiyaga 3 : Ka kuringkeun bae sok Nini, engke ku kuring di ka Pa Jaksakeun, supaya disalabarkeun. Sok ka kuringkeun bae, urang ka Pa jaksakeun, sok!

20. Nini Uti : Taaaaaaah ... enya urang pasrahkeun bae ka Juragan Jaksa nya! Juragan Jaksa mah jelema jujur bejana mah nya? Lain itu bumina, nu di pengkolan tea nya ?

21. Wiyaga 3 : Enya, sok atuh ka kuringkeun. Engke ge ku kuring dilaporkeun yen anu manggih ieu cepuk teh Nini Uti nu bageur nu demplon, nu lucu, nu surabina hideung. Nu henteu singkayoan. Sok lah sok!

22. Nini Uti : Moal ah, rek dibikeun ku Nini Sorangan bae.

23. Wiyaga 3 : Na teu percaya ka kuring ? Heh batur-batur, pira ge tanaga awewe, awewe kolot deuih. Rebut bae rebut. Kepung sok kepung !

(4)

ADEGAN KADUA

(Datang Mas Uto jeung Nyi Mas, garinding rek jalan-jalan, leumpangna pageye-geye, nyaritana gaya wayang uwong)

25. Nyi Mas : Kang Mas Uto, kunaon angkatna mani rusuh. Sanes bade shoping ka Cicadas tea, Kang Mas Uto?

26. Mas Uto : Leres Rayi Mas, urang meser seeng, dulang sareng tetenong, Rayi.

27. Nyi Mas : Rayi pangjenengan oge nuju nyiram, tujuh bulan, hoyong gurandil. Angkatna ulah rusuh Kang Mas, bilih kaluron, Kang Mas. Angkatna kedah nurutan peragawan sareng peragawati, Kang Mas !

28. Mas Uto : Kumaha kitu ari Pergiwa lan Pergiwati angkatna, Rayi Mas !

29. Nyi Mas : Peragawan sareng Peragawati, Kang Mas sanes Pergiwa sareng Pergiwati. Kieu Kang Mas, ngagitekna dua kali - dua kali. Ka kenca dua gitek ka katuhu dua gitek, Kang Mas Uto. (Nyi Mas nyontoan ngagitek dua kali - dua kali, diturutan ku Mas Uto. Wiyaga 1,2,3, ka laluar, nurutan leumpang tinggaritek)

30. Wiyaga 1 : Nyeri cangkeng euy, iraha tepina ka Cicadas nya. Mangkaning ieu di Ujungberung keneh.

31. Wiyaga 2 : Na enya kitu euy leumpang peragawati teh dua kali-dua kali.

32. Wiyaga 3 : Teuing atuh, urang nagog di dieu bae yu, lalajo nu ngagitek. (Nu tiluan, naragog, bari nyenggakan nu ngagitek):

Gitek ! Gitek ! Keplok ! Keplok ! Gitek ! Gitek ! Cendol ! Cendol !

Ari tek gitek-gitekkeun. Ari dol jendol-jendolkeun!

Ampun, jadi teu bisa nangtung ajeg euy, kudu moyongkod kieu. Hihih..

33. Wiyaga 1 : Bade kamarana Den Mas Uto sareng Nyi Mas teh ?

34. Mas Uto : Kulo bade shoping ka Cicadas. Monggo permisi !

(5)

36. Nyi Mas : Kulo bade meser buntil, gurandil sareng surabi. Nuju nyiram, tos tujuh bulan, bisi ngacay.

37. Wiyaga 3 : Har naha tebih-tebih teuing meser surabi-surabi bae kedah ka Cicadas. Ka Nini Uti atuh meser surabi mah. Raos teh, jaba bujurna hideung!

38. Wiyaga 1 : Sareng Den Mas, Nini Uti nimu cepuk perhiasan, emas eusina ge, nya?

39. Wiyaga 2 : Is puguh emas mah, 100 gram emasna oge!

40. Wiyaga 3 : Leres Nyi Mas, Nini Uti mendakna teh caket gang. Sigana gang nu caket bumi Nyi Mas tea. (Mas Uto jeung Nyi Mas, rada nyingkur terus tingharewos. Ngomongna ayeuna mah jadi teureugeus saperti biasa)

41. Nyi Mas : Euh jadi ku surabi Nini, kapanggihna perhiasan kuring teh ?

42. Wiyaga 1 : Surabi Nini Uti kitu. Tapi nu manggihanana mah Nini Utina, lain surabina. Naha Nyi Mas ical perhiasan kitu?

43. Nyi Mas : Puguh enya kuring teh leungit perhiasan, saratus gram nya kang Mas. Naon teh nu leungitna teh nya Kang Mas?

44. Wiyaga 3 : Piraku tepi ka poho deui. Bohong meureun ah !

45. Nyi Mas : Daek kieu tah, daek kieu mun bohong teh (bari bebengoan). Loba tuda cepuk perhiasan kuring mah. Tah nu leungit teh cepuk nu warnana bulao. Cepukna bulao nya!

46. Wiyaga 3 : Da asana hideung cepukna teh ceuk panenjo kuring mah!

47. Nyi Mas : Aeh enya cepukna teh hideung. Hideung nya Kang Mas (Kang Mas gogodeg. Ku Nyi Mas sirah Si Kang Mas diunggeuk-unggeukeun). Tuh enya ceuk

Kang Mas oge, hideung!

48. Wiyaga 1 : Da koneng ceuk kuring mah yey. Koneng !

(6)

50. Mas Uto : Tah enya ali, Tah mun teu ali, geulang ...

Tah....tah mun teu geulang, anting .. mun teu anting kongkorong.

51. Nyi Mas : Kamana ayeuna surabi Ninina teh hah?

52. Wiyaga 2 : Untuk satu kali informasi, berapa Nyi Mas berani bayar? 53. Nyi Mas : Hih Si piduit siah! Informasi-informasi bae kudu dibeuli!

54. Wiyaga 2 : Ari Nyi Mas, jaman komunikasi jeung informasi atuh ayeuna mah. Jaman moderen, sagala diduitkeun !

55. Mas Uto : Jadilah : Satu persen dari harga taksiran ! 56. Wiyaga 3 : Mirah teuing atuh sapersen mah teu usum ! 57. Nyi Mas : Lima persen dari harga netto.

58. Wiyaga 1 : Sapuluh persen tina harga taksiran. Geus biasa sakitu mah atuh Nyi Mas. Presentase umum. Geura mangga taroskeun ka nu nongton ? Umum nya umum.... ( ka nu lalajo ). Tuh umum cenah ge!

59. Nyi Mas : Jadi lah sapuluh persen. Tah kumaha informasina teh, cingan pok! 60. Wiyaga 1 : Nini Uti teh rek indit ka Juragan Jaksa.

61. Mas Uto : Rek nanaonan ka imah Jaksa sagala rupa. Rek naon cenah maksudna?

62. Wiyaga 2 : Untuk informasi kedua, bayar lagi... bayar. Ku roko ge kajeun ! 63. Mas Uto : Huh tukang meres! Kop tah kuntung, lumayan! Rek naon ceunah

los-los ka Jaksa?

64. Wiyaga 2 : Rek mikeun cepuk emas nu eusina 100 gram tea! 65. Nyi Mas : Naha bogana Juragan Jaksa kitu eta cepuk emas teh? 66. Wiyaga 2 : Lain, lain nu Juragan Jaksa.

67. Nyi Mas : Ari enggeus rek naon mikeun eta cepuk ka Jaksa? 68. Wiyaga 3 : Untuk informasi ketiga bayar lagi...bayar lagi!

69. Nyi Mas : Aduh biung, biung...jaman nanahaon ieu teh, sagala kudu ku duit! 70. Wiyaga 3 : Jaman informasi Nyi Mas, mahal nya? Euh Nini Uti teh pangna

mikeun cepuk perhiasan ka Juragan Jaksa teh, supaya dipangnyalabarkeun, kitu cenah! Informasi h a b i s (gaya ngomong robot)

(7)

72. Nyi Mas (norojol) : ”Hih leumpang nanahaon siga kitu patut! Jaman informasi jeung komunikasi atuh ayeuna mah. Hayu.... bisi rejeki beakeun ku batur.

(Kang Mas dibebedol, rusuh)

ADEGAN KATILU

(Di imahna Juragan Jaksa. Si Dodo, pelayanna keur beberes. Gawena heuay da geus jadi kabiasaanana)

73. Dodo ( bari heuay ) : “ Huaaah, aing mah rajeun boga dunungan, jelema euweuh gadag, euweuh kamau, kuuleun, teu beunang dijagokeun, teu beunang dipikareueus. Geura ieuh, korsi naon siga kieu. Imah naon siga kieu. Piraku imah Jaksa siga kieu! 74. Wiyaga 1 : Na kudu kumaha kitu ari imah Jaksa. Dodo?

75. Dodo : Hang naho... hang naho. Imah Jaksa mah atuh kudu sigrong da gedongna agreng da mantereng. Di garasina pajejel ku tutumpakan roda dua, roda tilu, roda opat, roda lima, roda dalapan. Kitu tah!

76. Wiyaga 2 : Treuk gandengan atuh roda dalapan mah. Na kumaha kitu dunungan Dodo teh?

77. Dodo : Nya eta jujur teuing, basajan. Gengsi dong imah gegeden siga kieu mah.

78. Wiyaga 3 : Har puguh alus nu kitu teh. Pola hidup sederhana. Turutaneun rayat. Turutaneun dunungan maneh mah Do, turutaneun !

79. Dodo : Ah embung dewek mah nurutan malarat, Naon basajan, sederhana. Pokona 'Kalau ada kesempatan, jangan dikasih lewat do...oooooooooooongngng!

( Ti luar aya nu pupuntenan, sora awewe )

80. Wiyaga 1 : Semah tah Do, awewe deuih, awewe ! 81. Dodo : Hah semah, AWEWE...?? AWEWE hah ?

82. Wiyaga 2 : Enya awewe, tukang surabi, Nini Uti.

83. Dodo : Kabeneran beuki euy. Mangga surabi, aeh Nini kalebet ! 84. Nini Uti : Leres ieu bumi Juragan Jaksa teh. Boa aden Juragan Jaksa

(8)

85. Dodo : (Ka Wiyaga) : Alah dewek disebut Jaksa euy, na aya potongan kitu ? I m a j i , bae nya euy ?

86. Wiyaga 3 : Siga euy, bujurna. Naon Imaji teh Do?

87. Dodo : Tinggaleun okem maneh mah. Imaji? Imaji...Ikut majikan ! (Nalikeun serebet dina beuheung jadi dasi).“Enya kuring Jaksa Muda. Perlu naon ema Nini ka dieu, boga perkara?

88. Nini Uti : Sumuhun, Nini teh bade titip cepuk, kenging nimu ti sisi gang. Ku Aden Jaksa Anom mugi dipangnyalabarkeun, hawatos ka nu gaduhna.(Ku Dodo cepuk rek dibuka)

89. Nini Uti : His, Juragan Anom Jaksa, ulah dibuka, barang nu batur eta teh!

90. Dodo : (Kuram-kireum). Emas sigana eusina teh nya Nini. 91. Nini Uti : Puguh bae, emas Juragan, inten, mutiara, jamrut, berlian. 92. Dodo : Na ari Nini teu hayang boga emas berlian. Na teu hayang

ramo digeulangan, ceuli dikongkorongan, beuheung dipanitihan, leungeun diantingan. Na teu hayang Nini?

93. Nini Uti : Atuh puguh, na saha piaweweeunnana nu teu hayang reunceum. Ngimpi ge acan Nini mah hayang nu kitu teh!

94. Dodo : Is ceuk saha ngimpi. Emh na aya Nini-Nini sakieu geulisna, ieu geura pakulitan mani lemes siga jeruk purut. Rambut bodas siga Lady Dayana. Waos... eta waos... mani keueuseun kitu keur hideung teh. Geura eta cepil mani siga supa lemer kenging ngaleob. Upama diantingan teh, tada teuing Nini Uti enyoy-enyoyanana. Nyaan Nini hayang perhiasan teh ?

95. Nini Uti : Hayang ... hayang pisan. Can kalaksanakeun ti jaman parawan jekekan tepi ka Nini pongpet kieu.

(9)

97. Nini Uti : Iih, Juragan Jaksa Anom mah Viktor. Pikiran Kotor. Pongpet, ieu liang ceuli, aeh tindik ceuli Nini pongpet.

98. Dodo : Tah liang ceuli Nini, aeh tindik Nini moal pongpet deui da bakal diantingan. Urang buka bae ieu cepuk teh, eusina urang bagi dua, keur Nini antingna, supaya ulah pongpet, nu sejenna keur kuring!

99. Nini Uti : His ulah juragan, barang batur eta mah. Kajeun pongpet bae Nini mah tibatan make barang haram.

100. Dodo : Ceuk saha barang haram, barang perhiasan ieu mah Nini, meunang nimu ieuh. Asal Nini bae tong loba omong. Engke Nini jadi beunghar teu kudu dagang deui surabi, engke mah dagang hot dog.

101. Nini Uti : Ah embung dagang dogdog mah, na aya nu meuli kitu?

102. Dodo : Hih Nini ku dusun. Dagang Hamburger atuh nya!

103. Nini Uti : Piraku Juragan, piraku na saha nu rek meulina dagang bubur hayam make ager. Comro, oncom dijero. Hamburger, daging hayam dibubur make ager. Yey geuleuh !

104. Dodo : Ari ngomong jeung urang Sunda mani ripuh. Buka bae nya Nini !

105. Nini Uti : Ulah Juragan ulah, haram, doraka...ulah!!!(Ti luar aya nu pupuntenan, Mas Uto jeung Nyi Imas)

106. Wiyaga 1 : Semah Do...semah. Pamajikan jeung salakina sigana mah. Jelema beunghar Do, Tuh bieu turun tina taksi carteran.

(10)

108. Nyi Mas : Leres ieu bumina Pa Jaksa teh ?

109. Mas Uto : Juragan nya, Juragan Jaksa teh ?

110. Dodo : Sanes, nun abdi mah sanes Juragan Jaksa...

111. Mas Uto : Ah, leres Bapa, Jaksa teh. Geuning eta didasi. Tuh mani rubak kieu dasina oge, sareng seungit deui. Warnana oge mani modis jeung trendi, warna nu nuju i n , pink...tuh nya warnana pink-ping nu nuju polpuler tea. Rayi Mas, parfum Juragan Jaksa mah, mani melenghir kieu.

112. Nyi Mas : Parfum merek naon ieu teh Juragan. Mani bau jurig Juragan !

113. Dodo : His sanes dasi ieu mah, elap, serebet, numatak seungit karbol. Hoyong terang merekna : Parfum cap Kloset.

114. Mas Uto : Heheh, sugan teh Juragan Jaksa, bane bae didasi. Kieu, tadi sigana aya Nini-Nini ka dieu, rek mihapekeun cepuk wadah perhiasan. Eta teh cepuk nu kuring, eusina emas 100 gram. Eta cepuk rek dicokot deui ku kuring ayeuna. Kitu! Mana cepukna?

115. Dodo : Upama eta cepuk nu Bapa, cing kumaha warnana?

116. Mas Uto : Koneng !

117. Dodo : Henteu koneng da yey !

118. Nyi Mas : Naon atuh warnana eta cepuk teh?

119. Dodo : Untuk informasi, bayar dulu ongkosnya.

(11)

121. Dodo : B e u r e u m . ( ka nu lalajo) : Bararade ngagaleuh informasi, bararade.(Asup Juragan Jaksa)

122. Jaksa : Aeh geuning aya tamu. Mangga aya naon. Saha nu ti payun sumping?

123. Nini Uti : Abdi Juragan. Abdi teh mendak cepuk rupina wadah perhiasan, tadi di sisi jalan. Abdi bade nyanggakeun eta cepuk ka Juragan, supados disalabarkeun saha nu gaduhna. Sakitu nun !

124. Jaksa : Dupi Bapa sareng Ibu bade aya naon ka dieu (ka Mas Uto)

125. Mas Uto : Abdi teh ngahaja nyusul itu Nini Uti Surabi, bade ngabantun cepuk perhiasan nu kapendak ku Nini Surabi tea. Eta teh cepuk nu abdi.

126. Jaksa : Euh kitu. Cing sabaraha beuratna perhiasan nu ical teh jeung eusina naon bae, mun enya nu anjeun?

127. Nyi Mas : Eusina teh, sumuhun perhiasan beuratna 100 gram.

128. Jaksa : Sigana di bumi seueur keneh perhiasan Ibu teh nya, da Ibu mah jalmi beunghar rupina mah.

129. Nyi Mas : Henteu seueur mah, mung emas batangan gaduh 9 batang, logam nya kinten-kinten aya tujuh ons mah. Atuh di garasi numpuk beusi tua, icaleun ka Ciroyom. Anu engkena bade dieksprot ka Jepang.

130. Jaksa : Atuh minangka buruhan ka nu manggihna, minangka peresen kana kajujuran Nini Uti, sanggup meresenan sabaraha. Ayeuna kontan ?

(12)

132. Jaksa : Iklas ieu teh. Yeuh Nini keur kajujuran Nini, rawatan! ( Keur kitu aya semah deui, anggota veteran awewe geus tawehwoh)

133. Satyawati : Punten bade lapor, abdi leungiteun cepuk warna beureum dilebetna aya barang nu teu kinten luhur ajenna kanggo abdi mah.

134. Jaksa : Ieu cepuk nu ku Ibu teh. Cing naon eusina, upami leres kagungan Ibu

135. Setiawati : Sanes barang nu ageung hargana, di toko oge seueur, nanging kanggo abdi mah luhur pisan ajenna. Margi jadi tanda kasatiaan sareng sumpah abdi ka Nagara. Mangga geura buka bae ku bapa.

( Jaksa muka cepuk, di jerona lencana VETERAN/……… ………)Barang Mas Uto nenjo yen di jero cepuk teh ngan ukur lencana , kelepek kapaehan )

(13)

RANGKUMAN :

Nini Uti Nimu Cepuk

Dina ieu naskah, dicaritakeun sabaraha tokoh kahirupan sosial manusa, diantawisna dina naskah ieu dicaritakeun, hiji tokoh utama nyaeta Nini uti, sosok wanoja sepuh anu umurna 60 tahun, anjenna balangantrang (teu kawin). Padamelanna téh dagang sorabi, sanajan miskin mung anjeunna jalmi anu soméah, sareng jujur. Dina hiji dinten, kaleresan anjeunna nuju ngider, dagang sorabi, nalika di jalan anjeunna nimu cepuk di sisi gang jalan, mung Nini Uti teu wantun ningal éta eusi cepuk panimu téa. Nalika ngider, Nini Uti patepang sareng para wiyaga, anjeunna nawarkeun éta sorabi sangkan payu. Sabari nawarkeun sorabi ka para wiyaga anu aya didinya, Nini Uti nyarita cepuk panimu na, éta para wiyaga ku kacida atohna, pahi haroyongeun éta barang, mung Nini Uti teu mikeun, kumargi anjeunna panceg sangkan éta cepuk lain barang anjeunna. Para wiyaga mah tos pada keheuleun ka Nini uti, da bongan cepukna sesah pisan dipénta na. Nini Uti na leuwih mercayakeun éta barang timuanna diserahkeun ka Juragan Jaksa, sangkan ku Juragan Jaksa disalebarkeun.

(14)

ANALISIS TIAP ADEGAN

1. Adegan Kahiji :

Dina adegan hiji ieu, tokoh anu muncul diantawisna nyaéta Nini uti, Wiyaga 1, Wiyaga 2, Wiyaga 3. Kacaritakeun nalika Nini Uti nuju ngider sorabi, anjeunna nimu cepuk anu tempatna di sisieun gang jalan, kumargi Nini uti mah jalmina jujur, janten éta cepuk téh teu langsung diarah pikeun anjenna, mung ku para Wiyaga anu aya didinya Nini Uti teras digoda sangkan éta cepuk bisa jadi milik maranéhna, sanajan kitu, Nini uti namah teu sama sakali kagoda, anjeunna tetep badé nyerahkeun éta cepuk kanu bertanggung jawab. Tah tidinya anjeunna mercayakeun ka Juragan jaksa, numutkeun Nini Uti mah, kumargi Juragan Jaksa mahjalmi na soméah, jujur dina kahirupananna, sabab kitu seeur jalmi anu reseupeun ka Juragan jaksa.

2. Adegan Kadua :

Dina adegan kadua, muncul tokoh anyar, nyaéta Nyi Mas, jalmi anu kacida korétna, hawek kana harta, beunghar mung tara babagi, anu kadua nyaéta Mas Uto, salaki na Nyi Mas anu sarua laku lampahna dua-dua na téh. Nalika, dina hiji wanci, Ni Mas sareng Mas Uto kaleresan nuju dijalan pikeun baralanja ka pasar, teu kahaja, duanana nguping obrolan para Wiyaga nyaritakeun Nyi Uti Nimu cepuk téa, saatos kitu, teu seueur basa-basi Nyi Mas nyamperkeun éta Wiyaga sangkan hoyong terangeun carita na anu leuwih jéntré. Saatos dicaritakeun Nyi Nyi Mas sareng Mas Uto kacida kabita na ku éta cepuk, sanajan sanes nu aanjeunna, dua-duana miboga niat ngarebut éta cepuk ti Nini Uti ku cara ngaku sangkan éta cepuk téh anu anjeunna, da ceunah moal curigaeun sanajan diaku ogé, da anjeunna téh ngarasa jalmi anu pangboga na, pangbeungharna.

3. Adegan Katilu

Referensi

Dokumen terkait