• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1100714 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1100714 Chapter1"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Manusa salaku mahluk sosial nu ngabutuhkeun hal séjén pikeun nyumponan

pangabutuhna boh jalma, sato atawa barang nu lianna. Dina hirup kumbuh jeung

masarakat, unggal jalma ngahasilkeun produk tina prosés kahirupan. Salasahijina

kabudayaan nu mangrupa sagala rupa hasil karya nu diciptakeun ku manusa tina

kabiasaan sapopoéna. Kabudayaan nu diciptakeun ku manusa mangrupa seni,

sastra boh lisan atawa tulisan. Nurutkeun Koentjaraningrat (1985, kc. 5), aya tilu

wujud kabudayaan, nyaéta: 1) wujud kabudayaan salaku hal kompléks tina

ide-ide, gagasan, nilai-nilai, norma-norma, aturan, jeung sajabana; 2) wujud

kabudayaan salaku hal kompléks aktivitas paripolah manusa nu miboga pola dina

masarakat; 3) wujud kabudayaan salaku barang-barang hasil karya manusa.

Taya masarakat nu teu miboga kabudayaan, ogé sabalikna taya kabudayaan

tan masarakat salaku wadah nu ngarojongna. Aya sababaraha unsur kabudayaan

nurutkeun Koentjaraningrat (2005, kc.81), nyaéta: 1) pakakas jeung kalengkepan

hirup manusa (baju, imah, parabot, pakarang, pakakas produksi, jeung sajabana);

2) pakasaban hirup jeung sistem-sistem ekonomi (tatanén, “peternakan”, sistem

produksi, sistem distribusi, jeung sajabana); 3) sistem kamasarakatan (pancakaki,

organisasi politik, sistem hukum, sistem “perkawinan”); 4) basa (boh lisan boh

tulisan); 5) kasenian (seni rupa, seni sora, seni gerak); 6) sistem pengetahuan; 7)

religi (sistem kapercayaan).

Sakumaha geus dijéntrékeun di luhur, kasenian kaasup unsur nu ngawangun

kabudayaan. Seni minangka salasahiji wangun karya anu teu bisa dipisahkeun tina

kahirupan masarakat Sunda, mangrupa kabeungharan budaya anu diwariskeun ti

generasi ka generasi. Masarakat nyiptakeun seni pikeun hiburan, sindiran, atawa

(2)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Seni salasahiji kabeungharan masarakat nu kudu diriksa tur dijaga

katumuwuhanana. Hiji kasenian bisa tumpur lamun masarakatna geus teu maliré

deui kana éta kasenian. Komo deui dina jaman kiwari, pangaruh téhnologi sacara

teu langsung bisa ngaleungitkeun tradisi nu geus aya di masarakat. Masarakat nu

kairut ku seni tradisional, saperti wayang golek, carita pantun, jeung wawacan,

kiwari leuwih saeutik tibatan masarakat nu kairut ku seni modéren.

Seni tradisional, hususna nu aya di dayeuh Sunda, nu mangrupa tradisi talari

kudu diriksa sangkan teu kadéséh ku seni nu jolna ti bangsa deungeun. Nurutkeun

Rosidi spk. (2011, kc.18), sabab beuki jarangna aya pagelaran kasenian jeung

jarang aya nu nanggap, pembinaan aprésiasi ka nu seni na ogé beuki kurang.

Balukarna, budak ngora nu minat jadi seniman ogé beuki saeutik. Seni tradisional

kiwari geus kurang dipikawanoh. Loba pisan kabeungharan seni nu dipiboga ku

masarakat Sunda, salasahijina Kasenian Surak Ibra, nyaéta kasenian nu asalna ti

Kabupatén Garut. Ieu kasenian mangrupa kasenian nu wangunna kelompok. Dina

hiji kelompok minimal dilakukeun ku 8 urang, sabagian aya nu mawa alat

tatabeuhan, sabagianna deui aya nu ngarumpul keur ngalung-ngalungkeun hiji

pamaén bari susurakan.

Kasenian Surak Ibra miboga ajén inajén nu kacida hadéna. Salasahijina, dina

ieu kasenian, baheulana dipaké pikeun protés ka pamaréntah. Saeutik nu

mikawanoh ngeunaan Kasenian Surak Ibra. Pikeun ngamumulé jeung

ngamekarkeun kasenian tradisional, kaum rumaja salaku generasi anyar perlu

mikawanoh ieu kasenian. Ku kituna, cara ngawanohkeun seni tradisional nyaéta

ku dipatalikeun jeung pangajaran di sakola kalawan maké métode nu bisa ngirut

siswa, salasahijina nyaéta pangajaran ngeunaan budaya Sunda.

Siswa bisa nganalisis ajén-inajén nu nyangkaruk dina Surak Ibra nu kaasup

kana bahasan budaya nu luyu jeung Standar Kompetensi Kompetensi Dasar dina

kurikulum KTSP 2006 di kelas VIII. Standar Kompetensi (SK) 8.1, nyaéta

“Mampu menyimak, memahami dan menanggapi pembacaan berbagai wacana

(3)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(KD) 8.1.3, nyaéta “Menyimak bahasan tentang jenis-jenis kesenian daerah

(Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2012, kc. 95).

Saeutik panalungtikan atawa analisis nu medar ngeunaan ajén sosial dina

kasenian jeung Kasenian Surak Ibra. Saméméhna geus kungsi aya panalungtikan

dina wangun skripsi di antarana: 1) “Kajian Visual pada Kostum dan Gerak Tari kesenian Surak Ibra” ku Melinda Restiani mahasiswa UNIKOM; 2) “Kesenian Surak Ibra di Kampung Sindangsari Desa Cinunuk Kecamatan Wanaraja” ku Gradesi Widya Dara mahasiswa Pendidikan Seni Musik Universitas Pendidikan

Indonesia; jeung 3) “Ajén Sosial dina Kasenian Jentréng di Kacamatan

Rancakalong pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Pedaran Wanda Kasenian

Daérah di SMP Kelas VIII” nu disusun ku Hernita Nurmilasari mahasiswa

Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia. Tétéla can aya nu

ngaguar perkara ajén sosial kasenian Surak Ibra dina wangun skripsi.

Ku kituna, dumasar sawangan di luhur ieu panalungtikan dijudulan “Ajén

Sosial dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut pikeun

Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP kelas VIII”. Ieu panalungtikan

dipiharep bisa ngaronjatkeun kahayang nonoman Sunda sangkan bisa ngariksa

budayana sorangan, teu ngan saukur apal seni modéren nu kadang loba pangaruh

goréng pikeun kahirupan sosialna.

1.2 Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan bisa diidéntifikasi jadi sababaraha masalah anu patalina

jeung a) perluna ngamumulé warisan kabudayaan anu sumebar di masarakat

sangkan bisa dipikawanoh ku generasi ayeuna tur generasi nu bakal datang, b)

jenis warisan kabudayaan nu bisa diwanohkeun, disaluyukeun jeung kurikulum

anu dipaké, c) téks kasenian mangrupa salasahiji media anu bisa dipaké pikeun

bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP, sarta salasahiji tarékah dina ngamumulé

(4)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kasang tukang panalungtikan jeung idéntifikasi masalah

panalungtikan anu aya di luhur, aya sababaraha rumusan masalah anu dipedar

dina ieu panalungtikan, saperti ieu di handap.

1) Kumaha gambaran umum tempat panalungtikan?

2) Kumaha gelarna Kasenian Surak Ibra?

3) Kumaha prak-prakan Kasenian Surak Ibra?

4) Ajén sosial naon waé nu nyangkaruk dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan

Wanaraja Kabupatén Garut?

5) Kumaha bahan ajar nu dijieun pikeun pangajaran ngaregepkeun pedaran

kasenian daérah kelas VIII?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan dina ieu panalungtikan dibagi jadi dua bagian, nyaéta tujuan umum

jeung husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah, ieu panalungtikan miboga

tujuan umum nyaéta pikeun nganalisis ngeunaan ajén sosial Kasenian Surak Ibra

sarta ngariksa kabudayaan Sunda nu kaasup kabeungharan bangsa Indonesia.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun:

1) gambaran umum tempat panalungtikan;

2) gelarna Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut;

3) prak-prakan gelarna Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén

Garut;

4) ajén sosial nu nyangkaruk dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja

(5)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5) bahan ajar nu dijieun pikeun pangajaran ngaregepkeun pedaran kasenian

daérah kelas VIII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Saluyu jeung watesan sarta rumusan masalah nu geus dipedar di luhur, ieu

panalungtikan miboga mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaatna, di antarana:

1) pikeun panalungtik, nambahan kajembaran pangaweruh ngeunaan kasenian

Surak Ibra nu aya di Desa Sindangsari Kacamatan Wanaraja Kabupaten Garut;

2) pikeun akademik, hasil panalungtikan Kasenian Surak Ibra bisa dijadikeun

pangdeudeul bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII;

3) pikeun masarakat umum, hasil ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan

pangaweruh ngeunaan sastra hususna Kasenian Surak Ibra di Desa

Sindangsari Kacamatan Wanaraja Kabupaten Garut, sarta jadi motivasi pikeun

ngarojong dina usaha ngamumulé kasenian Sunda sangkan teu leungit.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat, di antarana:

1) pikeun panalungtik, bisa nambahan pangaweruh dina widang budaya;

2) pikeun guru, bisa jadi pangdeudeul atawa alternatif pikeun bahan pangajaran

basa jeung sastra Sunda di SMP kelas VIII;

3) pikeun murid, bisa nambahan pangaweruh jeung leuwih wanoh kana

kabudayaan sorangan;

4) pikeun masarakat, sangkan ulah mopohokeun kana tradisi atawa kabudayaan

di Jawa Barat hususna Kasenian Surak Ibra.

(6)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bubuka, eusina

ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang tina masalah nu ditalungtik, idéntifikasi

jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung

tujuan husus, mangpaat praktis, sarta struktur organisasi dina ieu skripsi.

Dina bab II eusina tiori-tiori ngeunaan ajén sosial dina Kasenian Surak Ibra

jeung bahan pangajaran nu dibandingkeun sarta dipatalikeun jeung masalah anu

ditalungtik, panalungtikan saméméhna, sarta kalungguhan tiori.

Dina bab III eusina ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu

panalungtikan, boh métode panalungtikan boh prak-prakan ngolah data tina hasil

panalungtikan, désain panalungtikan, partisipan jeung tempat panalungtikan,

téhnik ngumpulkeun data, sarta analisis data.

Dina bab IV eusina ngeunaan déskripsi hasil panalungtikan, anu ngawengku

gambaran umum tempat panalungtikan, sajarah Kasenian Surak Ibraa,

prak-prakan Kasenian Surak Ibra, medar ngeunaan ajén sosial dina kasenian Surak Ibra

di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut, sarta ngalarapkeun ajén sosial nu

ditalungtik kana bahan pangajaran ngaregepkeun bahasan kasenian daérah di SMP

kelas VIII.

Dina bab V eusina ngadéskripsikeun kacindekan jeung rékomendasi kana

Referensi

Dokumen terkait

Hasil dari model ini harus dievaluasi bersama dan secara berulang oleh “pemain sistem JKN”, seperti Kementerian Kesehatan (Kemkes) RI, Dinas Kesehatan Provinsi,

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.. R Agung Ismail

Supply Chain Redesign Transforming Supply Chains into Integrated Value Systems, Financial Times.. Prentice Hall, Clamshell

3 Saya berkeinginan untuk membuat sesuatu yang berbeda dari yang lain.. Saya berkeinginan memulai usaha karena bebas mengatur ritme kerja

Pertanahan Nasional Nomor 3 Tahun 1997 tentang Ketentuan Pelaksanaan Peraturan Pemerintah Nomor 24 Tahun 1997 tentang Pendaftaran Tanah sebagaimana telah diubah

Ditemukan rerata kadar vitamin D yang lebih rendah pada penderita HIV/AIDS yang mendapat ARV satu tahun daripada kelompok yang belum mendapat ARV, namun demikian tidak ditemukan

Dengan menggunaan komputer, kegiatan akan b erjalan 1ebih e fisien dan efektif dibandingkan dengan cara manual yang dalam menghitung transaksi penjualan baju

Permasalahan yang pertama dalam penelitian ini yaitu “Bagaimana tingkat kompetensi individu di Badan Kepegawaian Daerah Provinsi Jawa Barat” berada pada kategori