• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1100926 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1100926 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Noor Ilmi Amalia, 2015

SISTEM KAPERCAYAAN KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR

KABUPATEN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Panalungtikan sistem kapercayaan Kampung Adat Ciptagelar ngawengku

sababaraha bahasan, nya éta gambaran umum Kampung Adat Ciptagelar, sistem

kapercayaan masarakat Kampung Adat Ciptagelar. Hasil panalungtikan ngeunaan

sistem kapercayaan Kampung Adat Ciptagelar bisa dijadikeun téks matéri

pangajaran maca. Ieu hal luyu jeung Standar Kompetensi 12.3 jeung Kompetensi

Dasar 12.3.1 ngeunaan artikel budaya.

Kasepuhan Adat Banten Kidul aya ti taun 1368 di Bogor, nepi ka kiwari

ieu kasepuhan umurna 646 taun. Kampung Adat Ciptagelar perenahna di

Kabupatén Sukabumi. Ieu tempat dipingpin ku Sesepuh Girang (Abah Ugi). Abah

Ugi magrupa turunan kasapuluh dina Beungkeutan Kasepuhan Banten Kidul.

Dina kahirupan sapopoéna, masarakat masih ngalaksanakeun tali paranti nu

turun-tumurun ti luluhurna. Ti mimiti cara tatanén, cara hirup, nepi ka cara nangtukeun

tanggal sarta bulan dina kalénder Tunggul Taun. Masarakat Kampung Adat

Ciptagelar ogé ngalaksanakeun pindah lembur lamun Sesepuh Girang meunang

wangsit kudu pidah ti luluhurna.

Masarakat Kampung Adat Ciptagelar ngagem agama Islam, ibadahna luyu

jeung rukun iman, sarta prak-prakanna ibadahna ogé méh sarua. Dina prak-prakan

hirup kumbuh sapopoé, masarakat ogé masih nagalaksanakeun tali paranti nu geus

aya ti baheula.

Sistem kapercayaan masarakat Kampung Adat Ciptagelar ngawengku

upacara adat jeung padoman hirup nu disebut Pancer Pangawinan.

Upacara-upacara adat nu nyampak di Kampung Adat Ciptagelar nya éta Upacara-upacara adat dina

kalénder Tunggul Taun, upacara adat dina siklus kahirupan, sarta upacara adat

dina pamakayaan. Téks hasil deskripsi nu dijieun bahan pangajaran artikel nya éta

tradisi upacara-upacara adat nu aya di Kampung Adat Ciptagelar.

(2)

61

Noor Ilmi Amalia, 2015

SISTEM KAPERCAYAAN KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR

KABUPATEN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kampung Adat Ciptagelar mangrupa salah sahiji tempat nu beunghar

kabudayanana sarta ngeuyeuban rupaning budaya di tatar Sunda. Kahirupan

masarakatna nu masih nyekel aturan-aturan adat jadi cicirén husus nu

ngabédakeun antara masarakat Kampung Adat Ciptagelar jeung masarakat biasa.

Panalungtikan ngeunaan sistem kapercayaan di Kampung Adat Ciptagelar tangtu

ngabutuhkeun sababaraha élemen masarakatna pikeun jadi objék sarta narasumber

dina ieu panalungtikan. Kabeungharan budaya di tatar Sunda hususna di Kampung

Adat Ciptagelar ditalungtik sangkan bisa méré mangpaat, salah sahiji mangpaatna

pikeun dokuméntasi kabudayaan.

Dokuméntasi kabudaayan lian ti miboga mangpaat sangkan entragan

saterusna apal kana adat-istiadat sarta kabudayaan entragan saméméhna, ogé bisa

dimangpaatkeun keur kabutuhan séjén, saperti pikeun data atawa dadasar

panalungtikan nu aya patalina jeung budaya, jeung pikeun dijadikeun matéri

atawa bahan ajar pangajaran ngeunaan budaya hususna di tatar Sunda.

5.3 Rékomendasi

Panalungtikan ngeunaan sistem kapercayaan masarakat Kampung Adat

Ciptagelar tangtu loba kénéh kurangna, kawatesanan ku waktu, cara ngumpulkeun

data sarta sampel masarakat nu jadi narasumber sarta hal-hal séjén nu pakait jeung

métode panalungtikan masih kénéh kudu dilengkepan. Kabeungharan budaya di

ieu tempat sabenerna loba kénéh, lantaran ieu panalungtikan kawatesanan sarta

museur kana hiji hal, bawirasa perlu aya panalungtikan nu leuwih daria kana

hal-hal séjén nu pakait jeung budaya di ieu tempat.

Saméméhna geus aya panalungtikan ngeunaan cara tatanén di Kampung

Adat Ciptagelar, objék nu ngirut sarta bisa dijadikeun panalungtikan di ieu tempat

nya éta rupaning upacara adat, upacara adat nu nyampak bisa dianalisis tina

sababarha jihat élmu. Hal sején nu bisa ditalungtik nya éta rupaning jenis

kadaharan. Dina unggal upacara adat sok disadiakeun kadaharan-kadaharan khas

nu tara dijieun unggal waktu, kadaharanna teu sarua jeung kadaharan di tempat

séjén. Ieu hal bisa ditalungtik sarta didokuméntasikeun pikeun daptar kadaharan

Referensi

Dokumen terkait

Ieu panalungtikan ngeunaan puisi mantra tatanén anu sumebar di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang. Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun

Dina ieu panalungtikan, sangkan bisa meunangkeun data jeung hasil nu. nyugemakeun sarta ngayakinkeun, digunakeun sababaraha instrumen,nya

SISTEM KAPERCAYAAN KAMPUNG ADAT CIPTAGELAR KABUPATEN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA. DI KELAS XII SMA

téks tina hasil panalungtikan anu luyu sarta bisa dipaké pikeun pangajaran. maca di kelas

Sumber data nu aya dina ieu panalungtikan nya éta hasil wawancara jeung baris kolot (tokoh masarakat) Kampung Adat Ciptagelar, ogé buku sumber nu patali jeung

Ieu tahap mangrupa tahap tatahar pikeun ngalaksanakeun panalungtikan. Panalungtik nangtukeun kasang tukang masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, sarta métode

(1) hasil analisis ngeunaan aspék sosiologi pangarang bisa dipaké pikeun bahan. pangajaran maca biografi di SMA; (2) hasil analisi ngeunaan sosiologi

Kasang tukang ieu panalungtikan nya éta kurangna pangaweruh sarta kasadaran masarakat kana pentingna wawacan. Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun,