Mohamad Irfan Ramdansyah, 2014
Média pilem pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa maké undak usuk basa sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 68
68 BAB V
KACINDEKAN JEUNG REKOMÉNDASI
5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan pangaruh média pilem pikeun ngaronjatkeun kamampuh UUBS siswa kelas IX A MTs Negeri 1 Warudoyong taun ajar 2013/2014, bisa dicindekkeun kieu:
1) Kamampuh UUBS siswa kelas IX A MTs Negeri 1 Warudoyong taun ajar 2013/2014 sanggeus maké média pilem téh ngaronjat. Ieu hal bisa katitén tina hasil tés awal jeung tés ahir siswa. Saméméh maké média pilem dina pangajaran UUBS. Aya 26 urang atawa 83.87% siswa anu meunang peunteun
˂ 65 kalawan katégori can tuntas, jeung 5 urang atawa 16.13% siswa anu
meunang peunteun ≥ 65 kalawan katégori tuntas. Sabada maké média pilem
dina pangajaran UUBS. Aya 21 urang atawa 67.74% siswa anu meunang
peunteun ≥ 65 kalawan katégori tuntas, jeung 10 urang atawa 32.25% siswa
anu meunang peunteun ˂ 65 kalawan katégori can tuntas.
2) Aya béda nu signifikan tina hasil rata-rata tés awal jeung tés ahir kamampuh UUBS siswa kelas Siswa kelas IX A MTs Negeri 1 Warudoyong taun ajar 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun media pilem. Hasil rata-rata tés awal nya éta 55.19% ngaronjat jadi 69.70% tina hasil tés ahir, anu ngahasilkeun titung > ttabélnya éta 11.93 > 2.46. Hartina média pilem téh miboga
69
Mohamad Irfan Ramdansyah, 2014
Média pilem pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa maké undak usuk basa sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 69
5.2 Rekomendasi
Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan kamampuh UUBS siswa kelas IX A MTs Negeri 1 Warudoyong taun ajar 2013/2014 maké média pilem, aya sababaraha rékomendasi saperti di handap.
1) Média pilem geus kabukti bisa ngaronjatkeun kamampuh UUBS kelas IX A MTs Negeri 1 Warudoyong taun ajar 2013/2014. Kukituna, média pilem bisa dipaké alternatif pangajaran pikeun ngaronjatkeun kamampuh UUBS.
2) Média pilem anu dipake pikeun pangajaran UUBS diusahakeun kudu saluyu jeung umur siswa.
3) Ayana panalungtikan nu leuwih ngeunaan média pilem pikeun matéri pangajaran anu liana bisa leuwih ngabuktikeun kaéféktifan eta media.
4) Pikeun panalungtik kudu leuwih asak deui dina ngararancang prak-prakan ngagunakeun média pilem pikeun pangajaran UUBS.