• Tidak ada hasil yang ditemukan

MÉDIA AUDIO-VISUAL DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MÉDIA AUDIO-VISUAL DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG."

Copied!
37
0
0

Teks penuh

(1)

No.739/FPBS/0251/2014

MÉDIA AUDIO-VISUAL

DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Winda Nur Pradilah NIM 1006743

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

DONGÉNG

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII E

SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran

2013/2014)

Oleh

Winda Nur Pradilah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Winda Nur Pradilah 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

WINDA NUR PRADILAH NIM 1006743

MÉDIA AUDIO-VISUAL

DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII E SMP Negeri 45

Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

Pangaping II,

Ade Sutisna, S.Pd NIP 197607312001121001

Kauninga ku,

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu iv

MÉDIA AUDIO-VISUAL

DINA PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DONGÉNG

(STUDI KUASI ÉKSPÉRIMÉN KA SISWA KELAS VII E SMP NEGERI 45 BANDUNG TAUN AJARAN 2013-2014) 1)

WINDA NUR PRADILAH2)

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan kemampuan siswa dalam menyimak dongeng dengan menggunakan media audio-visual. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah one group pretest-posttest design. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknik tes. Dalam penelitian ini data dianalisis dengan menggunakan analisis statistik, yaitu berupa uji normalitas data, uji homogenitas, uji gain, serta uji hipotesis. Hasil dari penelitian ini adalah (1) kemampuan menyimak dongeng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung tahun pelajaran 2013/2014 sebelum menggunakan media audio-visual dengan hasil rata-rata 63,71, sedangkan setelah diberikan treatment menghasilkan rata-rata 75; (2) peningkatan hasil uji gain menunjukkan bahwa terdapat perbedaan yang signifikan antara kemampuan sebelum dengan kemampuan sesudah menggunakan media audio-visual, yaitu 63,71 menjadi 75 dengan beda 11,28; dan (3) dalam uji hipotesis taraf kepercayaan 99% dengan db=2,44 ada beda yang signifikan antara hasil prates dan hasil pascates siswa, thitung (6,79) ttabel (2,44).

Hasil uji hipotésis menunjukkan bahwa thitung > ttabel artinya hipotésis (Ha)

diterima, dan hipotésis (Ho) ditolak. Berdasarkan hasil di atas, dapat disimpulkan bahwa media audio-visual efektif dalam meningkatkan kemampuan menyimak dongeng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung tahun pelajaran 2013/2014.

Kata kunci : Media audio-visual, ngaregepkeun, dan dongeng

1) Skripsi dibimbing oleh Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. dan Ade Sutisna, S.Pd.

(5)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu iv

AUDIO-VISUAL MEDIA IN LEARNING LISTENING STORY (Quasi Experimental Study to Grade VII E 45 Bandung Junior State

Academic Year 2013/2014) 1)

WINDA NUR PRADILAH2)

ABSTRAK

This study aimed to describe the ability of students in a fairy tale using audio-visual. Methods used in this study is A Quasi Experimental Study with design one group pretest-posttest design. The Technique used in this study is a test technique, in this study, the data were analyzed by using statistical analysis, namely in in the form of data normality test, homogenety test, test gains, as well as hypothesis testing. The results of this study are (1) fairy tales listening skills grade VII E 45 SMP Country duo school year 2013/2014, before the use of audio-visual media with an average 63,71, after being given treatment produce an average of 75; (2) an increase in the gain test result show that there are significant difference between the ability befor the ability after using audio-visual media they are 67,71 to 75, with difference 11,28 and; (3) the hypothesis test confidence level of 99% with db=2,44 with no significant difference between the results students, tvalue

(6,79) ttable (2,44) show that hypothesis test results tvalue > ttabel means hypothesis

(Ha) is received, and the hypotesis (Ho) is rejected based on the results of above, it can be concluded that the audio-visual media are effective in improving listening skill fairy tale grade students of SMP Negeri 45 Bandung scool year 2013/2014.

Keywords : Audio-visual media, listening, and fairy tale

(6)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu iv

(7)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu v

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tiorotis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS PANALUNGTIKAN ... 7

2.1 Ulikan Tiori ... 7

2.1.1 Média Pangajaran ... 7

2.1.1.1Mangpaat Média Pangajaran ... 8

(8)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.1.3Klasifikasi Média Pangajaran ... 13

2.1.2 Média Audio-Visual ... 16

2.1.2.1Wangenan Média Audio-Visual ... 16

2.1.2.2Ciri-ciri Média Audio-Visual ... 16

2.1.3 Ngaregepkeun ... 17

2.1.3.1Wangenan Ngaregepkeun ... 17

2.1.3.2Tujuan Ngaregepkeun ... 18

2.1.3.3Tahap Ngaregepkeun ... 19

2.1.3.4Ragam Ngaregepkeun ... 20

2.1.3.5Faktor anu Mangaruhan Éféktif henteuna Ngaregepkeun ... 23

2.1.4 Dongéng ... 26

2.1.4.1Wangenan Dongéng ... 26

2.1.4.2Papasingan Dongéng ... 27

2.1.4.3Unsur-unsur Dongéng ... 28

2.1.5 Média Audio-Visual pikeun Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng ... 30

2.2 Raraga Mikir ... 31

2.3 Hipotésis Panalungtikan ... 32

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 33

3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan ... 33

3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 33

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan ... 33

3.2 Desain Panalungtikan ... 33

3.3 Métode Panalungtikan ... 34

3.4 Wangenan Operasional ... 35

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 36

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 37

3.7 Analisis Data ... 37

3.7.1 Tahap Tatahar ... 37

(9)

vii

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7.3 Tahap Ngolah Data ... 38

3.7.3.1Uji Sipat Data ... 41

3.7.3.2Uji Gain ... 44

3.7.3.3Uji Hipotésis ... 45

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS PANALUNGTIKAN ... 49

4.1 Kamampuh Awal Ngaregepkeun Dongéng Siswa Kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 Saméméh Ngagunakeun Média Audio-Visual ... 49

4.2 Kamampuh Ahir Ngaregepkeun Dongéng Siswa Kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 Saenggeus Ngagunakeun Média Audio-Visual ... 54

4.3 Éféktifitas Média Audio-Visual dina Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng ka Siswa Kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 ... 58

4.3.1 Uji Normalitas ... 58

4.3.1.1Uji Normalitas Pratés ... 58

4.3.1.2Uji Normalitas Pascatés ... 62

4.3.2 Uji Homogénitas ... 66

4.3.3 Uji Gain ... 68

4.3.4 Uji Hipotésis ... 70

4.4 Pedaran Hasil Panalungtikan ... 72

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 74

5.1 Kacindekan ... 74

5.2 Rékoméndasi ... 75

DAPTAR PABUKON ... 76

(10)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(11)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1

BAB I BUBUKA

Dina ieu bab dipedar ngeunaan: (1) kasang tukang masalah, (2) watesan jeung rumusan masalah, (3) tujuan panalungtikan, (4) mangpaat panalungtikan, jeung (5) raraga tulisan.

1.1.Kasang Tukang Masalah

Dina sapanjang kahirupan, manusa moal bisa leupas tina prosés diajar, prosés diajar bisa lumangsung dimana waé tur iraha waé teu kawatesanan ku tempat jeung waktu. Prosés diajar mangrupa prosés balukar ayana interaksi antara hiji jalma jeung lingkunganana. Kitu ogé dina prosés diajar anu dilaksanakeun di sakola, éta prosés téh miboga tujuan pikeun ngarahkeun parobahan anu aya dina diri siswa boh dina aspék pangaweruhna, katerampilanna boh dina aspék sikepna.

Nilik kana kaayaan kiwari yén ku ayana kamekaran élmu pangaweruh jeung téknologi, hususna dina dunya atikan, guru salaku pendidik diperedih pikeun ngamangpaatkeun parobahan-parobahan anu geus aya pikeun jadi modal penting dina kagiatan diajar-ngajar sangkan naon anu jadi tujuan pangajaran bisa kahontal kalawan maksimal. Salah sahiji carana nya éta guru kudu bisa milih, ngamangpaatkeun sarta nyiptakeun média pangajaran anu luyu. Salian ti bisa ngaéféktifkeun jeung mantuan guru dina nepikeun pangajaran, média pangajaran ogé bisa leuwih ngirut panitén siswa sangkan daék diajar.

Média pangajaran nya éta naon-naon nu bisa dipaké pikeun nyalurkeun pesen ti nu ngirim ka nu narima, nepi ka bisa ngarangsang pikiran, perasaan, panitén, jeung karep siswa sangkan kagiatan diajar bisa lumangsung (Sadiman, spk. 2011, kc. 7).

(12)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nangtukeun média pangajaaran anu luyu jeung métode pangajaran penting pisan dilakukeun, ku sabab éta hal bakal mangaruhan kana ngaronjat henteuna kualitas pangajaran.

Aya tilu komponén poko anu kudu diperhatikeun dina prosés komunikasi, di antarana panyatur, pamiarsa jeung pesen anu rék ditepikeun ku panyatur ka pamiarsa. Kitu ogé dina kagiatan diajar-ngajar, prosés diajar kaasup kana prosés komunikasi anu ngalibetkeun tilu komponén poko, nya éta guru (panyatur), siswa (pamiarsa), jeung matéri pangajaran (pesen) anu rék ditepikeun ku guru ka siswa.

Dina prosés komunikasi tangtu moal salawasna bisa lumangsung kalawan optimal, hartina pesen anu ditepikeun ku panyatur moal salawasna bisa katarima ku pamiarsana, aya sawatara faktor anu mangaruhanana, di antarana kaayaan lingkungan anu kurang kondusif ngabalukarkeun pamiarsa hésé nyangkem eusi pesen anu ditepikeun ku panyatur. Matak sok teu ahéng saupama dina kagiatan diajar-ngajar sok aya waé siswa anu masih kénéh teu ngarti kana eusi matéri anu ditepikeun ku guru.

Pikeun ngungkulan pasualan di luhur, guru salaku pendidik dipiharep bisa nyusun stratégi kalawan ngamangpaatkeun média-média pangajaran nu geus aya. Tapi, dina kanyataan di lapangan, lian ti loba guru anu teu bisa ngawasa, ngamangpaatkeun jeung nyiptakeun média pangajaran, alat-alat téknologi anu aya di sakola-sakola ogé masih kénéh kawatesanan.

Pikeun jadi tarékah sangkan kagiatan ngajar bisa lumangsung kalawan éféktif jeung éfisién, média pangajaran ogé loba jenisna, di antarana nya éta média audio-visual.

Média audio-visual mangrupa hiji alat/média anu eusi pesenna bisa ditarima ngaliwatan indra paninggal jeung indra pangdéngé. Média audio-visual biasana sok dipaké dina acara présentasi, seminar, perkuliahan, jsb.

(13)

3

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ngaregepkeun kaasup salah sahiji kaparigelan basa anu kacida pentingna lian ti tilu kaparigelan basa lianna. Nurutkeun Danadibrata (2006, kc. 574), ngaregepkeun téh asalna tina kecap regep anu hartina ngadéngé omongan batur bari dihartikeun.

Ngaregepkeun nya éta hiji prosés kagiatan ngadéngékeun lambang-lambang lisan ku cara museurkeun panitén, maham, aprésiasi, sarta interpretasi pikeun nyangking informasi, nyangkem eusi atawa pesen, sarta maham ma’na komunikasi nu geus ditepikeun ku panyatur ngaliwatan basa lisan (Tarigan, 1986, kc.31).

Ngaregepkeun mangrupa kagiatan komunikasi dua arah sacara langsung, sarta miboga sifat reseptif (narima), nya éta narima informasi tina kagiatan nyarita. Ku cara ngaregepkeun, urang bisa nyangkem informasi anu can kungsi dipikanyaho di antarana ngaliwatan TV, radio, atawa langsung ti nara sumberna saupama dina kagiatan seminar atawa kagiatan perkuliahan. Ku kituna, kagiatan ngaregepkeun téh mangrupa kagiatan anu kalintang pentingna, boh dina kagiatan sapopoé boh dina dina kagiatan diajar-ngajar.

(14)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Aya sawatara kaonjoyan dina ngagunakeun média audio-visual nya éta bisa leuwih ngaronjatkeun daya inget siswa kana naon nu keur diregepkeunana, béda jeung ngaregepkeun dongéng maké média audiona wungkul. Lian ti éta, ngagunakeun média audio-visual ogé bisa mantuan guru anu teu bisa nepikeun pangajaran ngaregepkeun dongéng kalawan maksimal. Ku kituna, média audio-visual bisa dijadikeun alternatif média dina pangajaran ngaregepkeun dongéng sangkan naon anu jadi tujuan dina pangajaran ngaregepkeun bisa kahontal. Ku sabab pangajaran ngaregepkeun dongéng dina ngagunakeun audio-visual mangrupa média pangajaran anu kalintang pentingna, ieu skripsi dijudulan “Média Audio-Visual dina Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah, ieu panalungtikan baris medar ngeunaan Média Audio-Visual dina Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014). Anapon kitu, masalah dina ieu panalungtikan téh diwatesanan, nya éta ngeunaan cara pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngaregepkeun dongéng ngagunakeun média audi-visual.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

(15)

5

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Kumaha kamampuh siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014 saenggeus ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng?

3) Kumaha éféktivitas média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, ieu panalungtikan miboga tujuan nya éta pikeun nguji éféktivitas ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun siswa.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:

1) kamampuh siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng.

2) kamampuh siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014 saenggeus ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng.

3) éféktivitas média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

(16)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kréatifitas guru dina ngagunakeun model pangajaran, tur bisa ngaronjatkeun karep siswa dina diajar basa Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta: a. Mangpaat pikeun siswa

Siswa bisa leuwih minat jeung aktif tur kréatif dina pangajaran ngaregepkeun dongéng.

b. Mangpaat pikeun guru

Guru bisa ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran, hususna dina pangajaran ngaregepkeun dongéng sangkan teu monoton.

c. Mangpaat pikeun panalungtik

Nambahan élmu pangaweruh ngeunaan kamampuh siswa dina pangajaran ngaregepkeun dongéng saméméh jeung saenggeus ngagunakeun média media audio-visual.

1.5 Raraga Tulisan

Skripsi ieu disusun jadi lima bab di antarana saperti ieu di handap.

a. BAB I ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga tulisan.

b. BAB II ngawengku ulikan tiori, raraga mikir, jeung hipotésis panalungtikan. c. BAB III ngawengku lokasi jeung sumber data panalungtikan, desain

panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik panalungtikan, jeung analisis data.

(17)

7

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngaregepkeun dongéng ka siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014, jeung pedaran hasil panalungtikan.

(18)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 33

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar ngeunaan: (1) lokasi jeung sumber data panalungtikan, (2) desain panalungtikan, (3) métode panalungtikan, (4) wangenan operasional, (5) instrumen panalungtikan, (6) téhnik panalungtikan, jeung (7) analisis data.

3.1Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi atawa tempat dilakukeunana ieu panalungtikan nya éta SMP Negeri 45 Bandung Jl. Yogyakarta No. 1 Antapani.

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014 anu jumlahna aya 35 urang, di antarana 16 siswa lalaki jeung 19 siswa awéwé.

3.2Desain Panalungtikan

Dumasar kana sampurna henteuna ékspérimén, Sugiyono (2013, kc. 73), ngébréhkeun yén desain panalungtikan ékspérimén kabagi jadi opat bagian, nya éta saperti ieu di handap.

1) Pre-Experimental Design

Disebut pre-experimental sabab ieu desain can bener-bener mangrupa ékspérimén. Sabab masih aya kénéh variabel luar anu mangaruhan kana variabel dependen.

2) True Experimental Design

(19)

34

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) Factorial Design

Desain Factorial mangrupa modifikasi tina desain true experimental, nya éta ku cara merhatikeun kamungkinan ayana variabel moderator nu mangaruhan variabel indipenden kana variabel dependen.

4) Quasi Experimental Design

Desain ékspérimén ieu mangrupa kamekaran tina true experimental design nu hésé pikeun dilaksanakeun. Ieu desain miboga kelompok kontrol, tapi teu miboga fungsi sagemblengna pikeun ngontrol variabel-variabel luar nu mangaruhan kana ékspérimén.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 123) kuasi ékspérimén sok disebut ékspérimén anu teu sabenerna. Disebut ékspérimén teu sabenerna, ku sabab ékspérimén jenis ieu mah can miboga sarat-sarat saperti cara ékspérimén ilmiah luyu kana aturan nu geus ditetepkeun.

Dina Arikunto (2010, kc. 123) desain kuasi ékspérimén kabagi jadi tilu rupa nya éta (1) one shot study, (2) pretest-postest, jeung (3) static group comparison.

Dina ieu panalungtikan, desain anu digunakeun nya éta pretest-postest.

Arikunto (2010, kc. 124) Katerangan :

O1 : pratés O2 : pascatés

X : treatment (siswa ngaregepkeun dongéng ngagunakeun média audio-visual).

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah pikeun meunangkeun data jeung tujuan, sarta kegunaan nu tangtu (Sugiono, 2013, kc. 2).

(20)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén nya éta salah sahiji métode panalungtikan anu ngagunakeun kelas ékspérimén kalayan teu ngagunakeun kelas kontrol.

Métode kuasi ékspsrimén miboga tujuan pikeun ngukur kamampuh siswa dina pangajaran ngaregepkeun dongéng saméméh jeung saenggeus ngagunakeun média audio-visual.

3.4 Wangenan Operasional

Wangenan operasional ngawengku kana wangenan sacara umum ngeunaan hal-hal anu aya patalina jeung judul panalungtikan, sakumaha ieu di handap. 1) Média nya éta perantara atawa panganteur pesen ti nu ngirim ka nu narima

éta pesen. (Arsyad, 2013, kc. 3).

2) Média audio-visual nya éta cara ngahasilkeun atawa nepikeun matéri pangajaran ngagunakeun mesin-mesin mekanis jeung éléktronik pikeun nyajikeun pesen-pesen audio-visual. (Arsyad dina Nurmayatini, 2011, kc. 11). 3) Dongéng nya éta carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranna

parondok. (Tamsyah, spk. 1996, kc. 121).

4) Ngaregepkeun nya éta hiji prosés kagiatan ngaregepkeun lambang-lambang lisan ku cara museurkeun panitén, maham, ngaaprésiasi tur ngainterprétasi pikeun nyangking informasi, nyangkem eusi atawa pesen, sarta maham

ma’na komunikasi nu geus ditepikeun panyatur ngaliwatan basa lisan. (Tarigan, 1986, kc. 31).

Jadi maksud tina judul “Média Audio-Visual dina Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII E SMP

Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)” nya éta pangaruh positif tina média

(21)

36

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5 Instrumén Panalungtikan

Tés dilakukeun pikeun ngukur hasil diajar siswa salila kagiatan pangajaran ngagunakeun audio-visual. Wangun tés mangrupa éssay anu mangrupa pertanyaan-pertanyaan ngeunaan eusi dongéng nu diregepkeun. Luyu kana métode panalungtikan, tés anu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta dua kali tés, tés awal (pratés) jeung tés ahir (pascatés) nu miboga pituduh anu béda.

Tés anu kahiji nya éta siswa dititah ngaregepkeun dongéng anu didongéngkeun/dibacakeun ku guruna nya éta ngeunaan dongéng “Lutung Kasarung”, tuluy saenggeus ngaregepkeun siswa dibéré sababaraha pertanyaan

wangun tinulis ngeunaan dongéng anu geus diregepkeunana. Saenggeus tés awal (pratés) dituluykeun kana treatment, nya éta siswa ngaregepkeun dongéng kalawan ngagunakeun média audio-visual. Saenggeus kitu, dina tés ahir (pascatés) siswa dititah ngaregepkeun deui dongéng kalawan judul anu béda nya éta ngeunaan dongéng “Si Kabayan Ngala Nangka” kalawan ngagunakeun média

audio-visual. Anapon kitu, wangun tés awal (pratés) jeung tés ahir (pascatés) bisa kagambar saperti format ieu di handap.

Instrumén pratés

Sabada hidep ngaregepkeun dongéng “Lutung Kasarung” pék ayeuna hidep jawab sakur pananya ieu di handap!

1. Naon téma éta dongéng téh?

2. Saha waé palakuna? Sebutkeun watékna! 3. Kumaha galur caritana?

4. Dimana waé kajadianana éta dongéng téh? 5. Iraha waé kajadianana?

6. Kumaha suasanana éta dongéng téh?

(22)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Instrumén Pascatés

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta ku cara tés.

Tés dilakukeun pikeun meunangkeun data hasil ngaregepkeun siswa saméméh jeung saenggeus ngagunakeun média audio-visual. Panalungtik ngalakukeun dua kali tés, nya éta pratés jeung pascatés. Pratés dilakukeun saméméh ngagunakeun média audio-visual, tuluy dilakukeun pascatés nya éta tés saenggeus ngagunakeun média audio-visual.

3.7Analisis Data 3.7.1 Tahap Tatahar

Tahap tatahar dina ieu panalungtikan nya éta:

a. ngayakeun panalungtikan awal pikeun ngaidéntifikasi masalah nu aya dilapangan, hususna dina pangajaran ngaregepkeun dongéng SMP Negeri 45 Bandung;

b. ngajukeun judul skripsi ngeunaan pasualan anu aya di sakola; c. ngajukeun proposal skripsi;

d. nyusun silabus jeung RPP;

Sabada hidep ngaregepkeun dongéng “Si Kabayan Ngala Nangka” pék ayeuna hidep jawab sakur pananya ieu di handap!

1. Naon téma éta dongéng téh?

2. Saha waé palakuna? Sebutkeun watékna! 3. Kumaha galur caritana?

4. Dimana waé kajadianana éta dongéng téh? 5. Iraha waé kajadianana?

6. Kumaha suasanana éta dongéng téh?

(23)

38

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu e. néangan média pangajaran ngagunakeun média audio-visual;

f. nyusun instrumén panalungtikan pikeun ngalaksanakeun panalungtikan.

3.7.2 Tahap Pelaksanaan

Tahap pelaksanaan dina ieu panalungtikan nya éta: a. nyiapkeun matéri pangajaran;

b. nyiapkeun instrumén panalungtikan;

c. ngayakeun panalungtikan nya éta ngalakukeun pratés, treatment (perlakuan), jeung pascatés.

3.7.3 Tahap Ngolah Data

Data anu geus dikumpulkeun diolah pikeun néangan jawaban-jawaban anu jadi masalah dina ieu panalungtikan. Data anu utama dina ieu panalungtikan nya éta data hasil pratés jeung pascatés siswa.

Pikeun ngajawab hipotésis, dina ieu panalungtikan digunakeun léngkah-léngkah panalungtikan saperti ieu di handap:

1. Mariksa hasil tés awal (pratés) jeung tés ahir (pascatés), anu ngawengku sababaraha aspék penilain, saperti téma, palaku, galur, latar (setting), amanat, jeung ringkesan dongéng anu diregepkeun.

2. Mére peunteun kana hasil jawaban siswa. Pikeun meunteun hasil ngaregepkeun siswa kana dongéng anu geus diregepkeun, digunakeun pedoman meunteun anu bisa katitén saperti tabel 3.1. Skor maksimal dina ngaregepkeun dongéng nya éta 100, skor nu kahontal ku siswa dirobah jadi skor atah kalawan ngagunakeun rumus di handap ieu :

Skor Nu Kahontal Skor Maksimal

Pikeun ngajén/meunteun kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa, bisa katitén kalawan tabél ieu di handap.

(24)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.1

Pedoman Meunteun Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng Saméméh Ngagunakeun Média Audio-Visual

Aspék Indikator Butir Soal Skala

Peunteun 2. Saha waé palakuna?

Sebutkeun watékna!

5. Iraha waé kajadianana? 6. Kumaha suasanana éta

dongéng téh? Kasarung” maké basa

(25)

40

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Katégori:

- Peunteun ≥ 75 Tuntas (siswa dianggap mampuh ngaregepkeun dongéng). - Peunteun ≤ 75 Can Tuntas (Siswa dianggap can mampuh ngaregepkeun dongéng).

Tabél 3.2

Pedoman Meunteun Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng Saenggeus Ngagunakeun Média Audio-Visual

Aspék Indikator Butir Soal Skala

Peunteun 2. Saha waé palakuna?

Sebutkeun watékna!

(26)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Jumlah 0-100

Katégori:

- Peunteun ≥ 75 Tuntas (siswa dianggap mampuh ngaregepkeun dongéng). - Peunteun ≤ 75 Can Tuntas (Siswa dianggap can mampuh ngaregepkeun dongéng).

3.7.3.1Uji Sipat Data

Dina ieu panalungtikan dilakukeun uji sipat data anu ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas. Uji normalitas dilakukeun pikeun nangtukeun yén data téh miboga sipat normal atawa henteu normal. Pikeun nangtukeun signifikansi béda nilai rata-rata dilakukeun dua jenis analisis, nya éta analisis paramétrik kalawan ngagunakeun t-tés jeung analisis non-paramétrik kalawan ngagunakeun Uji Wilcokson. Saenggeus uji normalitas, dituluykeun kana uji homogénitas, uji homogénitas dilakukeun pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua.

a. Uji Normalitas

Uji normalitas miboga tujuan pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa miboga distribusi anu normal, pikeun nangtukeun yén éta data téh miboga sifat anu normal atawa henteu normal, bisa ngagunakeun rumus Chi-Kuadrat (X2).

Pikeun nguji normalitas peunteun, aya léngkah-léngkah anu kudu dilaksanakeun, nya éta saperti ieu di handap.

1) Nyieun tabél frékuénsi peunteun.

Tabél 3.3 Frékuénsi Peunteun

(27)

42

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2) Ngitung rata-rata (méan) peunteun pretés

Subana (2000, kc. 65) 3) Ngitung Standar Deviasi

4) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi.

Tabél 3.4

Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi

Kelas

Interval Oi Bk Z

Z

(tabél) L Ei X

2

a. Nangtukeun jumlah kelas.

Katerangan : k : lobana kelas

n : lobana data (frékuénsi) 3,3 : wilangan konstan

Subana (2000, kc. 39) b. Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu di handap.

Subana (2000, kc. 38) r = skor panggedéna – skor pangleutikna

(28)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu c. Ngitung panjang kelas (p)

Katerangan : p : panjang kelas r : rentang

k : lobana kelas Subana (2000, kc. 40)

d. Ngitung nilai tengah antara interval handap jeung luhur (bk) e. Ngitung Z

f. Nangtukeun legana unggal kelas interval (L) L = Zs - Ztabél

g. Ngitung frékuénsi observasi (oi) h. Ngitung frékuénsi ékspéktasi (Ei)

Ei = n x L

i. Nangtukeun Chi Kuadrat

Subana (2000, kc. 124) 5) Nangtukeun drajat kebébasan (db)

Sudjana (2005, kc. 293)

6) Nangtukeun Chi Kuadrat tina daftar 7) Nangtukeun Normalitas

1. X2itung < X2tabél, hartina distribusi data normal.

(29)

44

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2. X2itung > X2tabél, hartina distribusi data teu normal.

b. Uji Homogénitas

Uji homogénitas dilakukeun pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua.

Pikeun nguji homogénitas, aya léngkah-léngkah anu kudu dilaksanakeun, nya éta saperti ieu di handap.

1) Ngitung variasi masing-masing kelompok.

a. Variasi pratés (S12)

Sudjana (2005, kc. 95)

b. Variasi pascatés (S22 )

Sudjana (2005, kc. 95) 2) Ngitung harga variasi (F)

3) Ngitung darajat kabébasan (db)

S12

S22

(30)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4) Nangtukeun F tabél

Nilai F tabél kalayan ngagunakeun taraf kapercayaan 99%

5) Uji homogénitas, nangtukeun homogén henteuna data ngagunakeun kritéria ieu di handap.

Fitung < Ftabél, hartina variasi sampel homogén

Fitung > Ftabél, hartina variasi sampel teu homogén

3.7.3.2Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun mikanyaho naha aya béda anu signifikan antara pratés jeung pascatés. Tina hasil uji gain, bisa kagambaran ngeunaan kumaha pangaruh média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014. Rumusan pikeun ngajawab yén aya béda anu signifikan atawa henteu sanggeus dibéré treatment, bisa dirumuskeun saperti ieu di handap.

1) Ha : Xtés awal ≠ Xtés ahir, hartina aya béda anu signifikan antara jumlah

rata-rata pratés jeung jumlah rata-rata pascatés.

2) Ho : Xtés awal = Xtés ahir, hartina henteu aya béda anu signifikan antara

jumlah rata-rata pratés jeung jumlah rata-rata pascatés.

Tabél 3.5

Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng

No Siswa

Pretés

Pascatés d d

2

3.7.3.3Uji Hipotésis

(31)

46

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

data hasil uji normalitas nunjukkeun yén éta data téh miboga distribusi data anu normal, éta data téh dina nguji hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji t-tést. Kadua, saupama data hasil normalitas nunjukkeun yén data téh miboga distribusi data anu teu normal, éta data téh dina nguji hipotésisna ngagunakeun statistik nonparamétris kalawan ngagunakeun Uji Wilcoxon.

1) Statistik Paramétris

Statistik Paramétris digunakeun pikeun nguji hipotésis kalawan distribusi data anu normal. Léngkah-léngkahna nya éta saperti ieu di handap.

a. Nangtukeun rata-rata (méan) tina béda pratés jeung pascatés kalawan ngagunakeun rumus ieu di handap.

b. Ngitung darajat kabébasan (db) kalawan rumus

c. Ngitung jumlah kuadrat deviasi

d. Ngitung t kalawan rumus

Arikunto (2010, kc. 349) Katerangan :

Md : mean tina béda pretést jeung pascatés

∑x2d = ∑d2

(32)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu xd : déviasi

∑x2d : jumlah kuadrat déviasi

N : subjék dina sampel d.b : ditangtukeun ku (N-1)

ditarima henteuna hipotésis ngagunakeun kritéria ieu di handap. a) Lamun titung > ttabél, hartina hipotésis ditarima, yén média audio-visual

téh éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung.

b) Lamun titung < ttabél, hartina hipotésis ditarima, yén média audio-visual

téh teu éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung.

2) Statistik Nonparamétris

Statistik nonparamétris digunakeun pikeun nguji hipotésis kalawan distribusi data anu teu normal. Téhnik statistik anu dipaké nya éta Uji Wilcoxon. Nurutkeun Sudjana dina Rhamdini (2013, kc. 49) léngkah-léngkah uji wilcoxon téh nya éta saperti ieu di handap.

a. Asupkeun peunteun pratés siswa kana kolom ka-2 (XA1). b. Asupkeun peunteun pascatés siswa kana kolom ka-3 (XB1).

c. Itung bédana antara pratés jeung pascatés ku cara XA1-XB1 tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4.

d. Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 timimiti nilai béda anu pangleutikna nepi ka anu panggedéna.

e. Sanggeus diurutkeun, misalna aya nilai anu sarua. Pikeun nangtukeun jenjangna, éta niléy téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Nilai tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna.

f. Sanggeus diurutkeun, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5.

(33)

48

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

h. Ningali kana tabél harga-harga kritis uji wilcoxon, misalna jumlah n = 23 kalawan ngagunakeun taraf kasalahan 5% Wtabél = 73.

i. Data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji wilcoxon ieu di handap.

Tabél 3.6 Tabél Uji Wilcoxon No.

siswa XA1 XB1

Béda Tanda jenjang

XA1 – XB1 Jenjang + -

Katerangan :

XA1 = Peunteun pratés XB1 = peunteun pascatés

j. Ditarima henteuna hipotésis

k. Dina uji wilcoxon ngagunakeun kritéria ieu di handap.

a) Lamun Witung (-) < Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina

Ha ditarima, yén média audio-visual boga pangaruh dina nngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng.

b) Lamun witung (-) >Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina

(34)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 74

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun ngeunaan kamampuh siswa dina ngaregepkeun dongéng ngagunakeun média audio-visual ka siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng nya éta aya 28 siswa (80%) anu meunang peunteun < 75 kalawan katégori acan tuntas. Sésana nya éta aya 7 siswa (20%) anu meunang peunteun > 75 kalawan katégori tuntas.

2) Kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014 saenggeus ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng nya éta aya 20 siswa (57,1%) anu meunang peunteun > 75 kalawan katégori tuntas, sésana nya éta aya 15 siswa (42,8%) anu meunang peunteun < 75 kalawan katégori acan tuntas.

3) Ayana béda nu signifikan tina hasil rata-rata tés awal jeung tés ahir kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung saenggeus ngagunakeun média audio-visual. Hasil rata-rata tés awal nya éta 63,71% ngaronjat jadi 75% tina hasil tés ahir, anu ngahasilkeun rata-rata gain 11,28%. Dumasar kana hasil data yén titung (6,79) > ttabél (2,44), hartina hipotésis kerja (Ha)

ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. Ieu hal nuduhkeun yén média

audio-visual éféktif pikeun jadi média pangajaran dina ngaregepkeun dongéng di kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014.

(35)

75

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Rékoméndasi

Saenggeus ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan média audio-visual ka siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014. Aya sababaraha rékoméndasi anu baris ditepikeun, di antarana nya éta saperti ieu di handap.

1) Média audio-visual bisa dijadikeun salah sajiji alternatif pikeun guru dina pangajaran ngaregepkeun dongéng, lantaran geus kabuktian bisa ngaronjatkeun hasil diajar siswa kelas VII E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014.

2) Média audio-visual bisa dijadikeun sarana anu éféktif dina pangajaran ngaregepkeun.

3) Ayana panalungtikan ngeunaan média audio-visual dina pangajaran séjén, pikeun leuwih ngabuktikeun kaéféktifan ieu média.

(36)

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 76

DAPTAR PABUKON

 Buku

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. PT Rineka Cipta: Jakarta.

Arsyad, A. (2013). Media Pembelajaran. Rajawali Pers: Jakarta.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. PT. Kiblat Buku Utama:Bandung. Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

Daryanto. (2011). Media Pembelajaran. Bandung: Satu Nusa. Faturohman, T. (1983). Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika.

Haerudin, spk. (2013). Panganteur Kaparigelan Ngaregepkeun. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Sadiman, A, dkk. (2011). Media Pendidikan Pengertian, Pengembangan, dan Pemanfaatannya. Jakarta: PT Rajagrafindo Persada.

Subana, dkk. (2000). Statistik Pendidikan. Bandung: CV. Pustaka Setia. Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: PT. Tarsito.

Sudjana, N & Rivai, A. (2011). Media Pengajaran. Bandung: Algensindo. Sugiyono. (2013). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung:

Alfabeta.

Tamsyah, B. R, spk. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Tarigan, H. G. (1986). Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Penyusun UPI. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.  Karya Ilmiah

Nurmayatini, E. (2011). Media Audio-Visual pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Carita Pondok (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas XI B1 RSBI SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2010/2011). Skripsi Sarjana Pendidikan pada FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Purnamasari, E. L. (2013). Éféktifitas Média Audio-Visual pikeun Pangajaran Maca Dongéng (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII J

(37)

77

Winda Nur Pradilah, 2014

Média audio-visual dina pangajaran ngaregepkeun dongéng

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Referensi

Dokumen terkait

Penugasan Dosen Pengampu Mata Kuliah ini merupakan tahapan yang dilalui atau diikuti oleh Pengelola Jurusan/Program Studi serta seluruh staf pengajar (dosen)

The study cytotoxic effects of ethylacetate fraction of bangun-bangun leaves were done on Artemia salina Leach larvae using Brine Shrimp Lethality Test (BSLT) method. Data

Metode ini banyak digunakan karena memiliki keunggulan antara lain: sederhana, cepat, tidak membutuhkan biaya yang besar, hasilnya dapat dipercaya dan sering dikaitkan dengan metode

Manual prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) ini bertujuan ini bertujuan untuk memberi penjelasan mengenai prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) program S1

3 UP3ST memeriksa substansi dan format usulan pengabdian 7 hari 5 Dosen mengirimkan usulan pengabdian 4 eksemplar ke UP3ST 1 hari Propo sal Penga bdian 6 UP3ST mengajukan

PENGARUH PENILAIAN PRESTASI KERJA DAN PENGEMBANGAN KARIR TERHADAP KINERJA PEGAWAI PADA BIRO REKTOR.. UNIVERSITAS

Berdasarkan latarbelakang diatas, maka yang menjadi permasalahan dalam penelitian ini yaitu, “Apakah penggunaan Model Pembelajaran Team Quiz dapat meningkatkan motivasi

[r]