• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1104431 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1104431 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Rizky Prasasti Anwari, 2016

KAJIAN STRUKTUR JEUNG AJÉN SOSIAL KANA RUMPAKA LAGU POP SUNDA KARYA DOEL SUMBANG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 66

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Rumpaka lagu pop Sunda karya Doel Sumbang anu ditalungtik aya salapan lagu. Éta salapan lagu téh dianalaisis kana pamarekan struktur sajak dumasar kana konsép Abdullah Mustappa nu ngawengku: (1) imaji; (2) simbol; (3) musikalitas atawa wirahma; (4) suasana; (5) téma; jeung (6) gaya. Salian ti ulikan struktur, ieu rumpaka ditalungtik ogé ngeunaan ajén sosialna dummasar kana konsép Notonegoro nu ngawengku: (1) ajén bebeneran; (2) ajén kaéndahan; (3) ajén moral; jeung (4) ajén kaagamaan.

Imaji nu nyangkaruk dina rumpaka lagu pop Sunda karya Doel Sumbang nya éta imaji panénjo aya dua puluh lima, imaji pangrungu aya dua belas, jeung imaji pangrasa aya dua puluh salapan. Jadi imaji anu nyangkaruk lolobana nya éta imaji pangrasa. Simbol anu nyangkuruk nya éta aya dua puluh genep. Musikalitas atawa wirahma nu nyangkaruk lolobana nya éta parondok, jeung témpona gancang. Suasana nu nyangkaruk lolobana ngagambarkeun suasana sedih jeung prihatin. Téma anu nyangkaruk lolobana ngeunaan kritik sosial ka pajabat, polisi, jalma beunghar, jeung nonoman salaku panerus bangsa. Gaya basa anu nyangkaruk dina ieu lagu aya tujuh, nya éta gaya basa mijalma (personifikasi), gaya basa ngupamakeun (simile), gaya basa rarahulan (hiperbola), gaya basa mindoan (répetisi), gaya basa silib-sindir (alégori), gaya basa rautan (eufisme), jeung gaya basa kadalon (pléonasme), anu lolobana nyangkaruk nya éta gaya basa ngupamakeun (simile), jeung gaya basa rarahulan (hiperbola).

Ajén sosial nu nyangkaruk aya salapan ajén bebeneran, tilu ajén kaéndahan, sapuluh ajén moral, jeung opat ajén kaagamaan. Jadi, ajén sosial nu lolobana nyangkaruk dina salapan rumpaka lagu pop Sunda karya Doel Sumbang nu ditalungtik nya éta ajén moral.

(2)

67

Rizky Prasasti Anwari, 2016

KAJIAN STRUKTUR JEUNG AJÉN SOSIAL KANA RUMPAKA LAGU POP SUNDA KARYA DOEL SUMBANG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Panalungtikan kajian struktur jeung ajén sosial kana rumpaka lagu pop Sunda karya Doel Sumbang teu ngan saukur nalungtik rumpaka salaku téks sastra, tapi ngajén ogé ngeunaan polah manusa dina éta rumpaka. Salah sahiji mangpaat ieu panalungtikan nya éta salaku gambaran umum pikeun nu maca ngeunaan struktur sarta ajén sosial nu nyangkaruk dina rumpaka lagu pop Sunda karya Doel Sumbang, sarta dipiharep bisa leuwih nyadarkeun masarakat kana ajén sosial nu lumaku di masarakat, nu antukna masarakat bisa leuwih ngajajaga tur maham ajén sosialna.

5.3 Saran

Sabada ngalaksanakeun ieu panalungtikan, aya sababaraha saran anu ditepikeun ku panalungtik. Di antarana saperti ieu di handap.

1) Hasil panalungtikan bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan pikeun nu maca, sangkan ajén sosial anu kapanggih bisa dijadikeun pieunteungeun tina hadé gorengna sikep jalma saperti nu dicaritakeun dina eusi ieu rumpaka. 2) Perlu diayakeun deui panalungtikan ngeunaan ieu rumpaka lagu pop Sunda

karya Doel Sumbang ku ambahan anu leuwih lega.

Referensi

Dokumen terkait

Métode anu baris digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun

Ieu panalungtikan miboga udagan pikeun manggihan gaya basa nu aya dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas karangan Darpan Ariawinangun tur

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun (1) ngadéskripsikeun, (2) nyusun transliterasi, jeung (3) nganalisis ajén-ajén kaagamaan anu aya dina naskah Wawacan Suluk

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén nya éta salah sahiji métode panalungtikan anu ngagunakeun kelas ékspérimén

Dina ieu panalungtikan anu didéskripsikeun téh nyaéta babasan jeung paribasa ditilik tina wangun stilistika anu mangrupa ulikan gaya basa ngupamakeun sarta harti

medar struktur jeung semiotik nu nyangkaruk dina éta karya sastra sorangan. Novél anu dijadikeun objék dina ieu panalungtikan judulna Saéni. Ieu novél. karangan

Sumber data nya éta sakabéh subjék anu ditalungtik. Sumber datana digambarkeun dina tabél ieu di handap. 192), anu nétélakeun yén instrumén nya éta alat bantu

dipaké nya éta karya Hadi AKS dina grup Fiksimini basa Sunda.