• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1201959 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1201959 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar hasil analisis jeung deskripsi data anu geus ditepikeun dina pedaran

saméméhna ngeunaan pakeman basa katut larapna dina pangajaran di SMA, bisa

dicindekeun saperti ieu di handap.

Kahiji, pakeman basa anu kapanggih dina novel Pangéran Kornél karangan

R. Méméd Sastrahadiprawira kapanggih 280 ungkara anu ngawengku paribasa,

babasan, gaya basa, uga, kecap injeuman (kiasan), rakitan lantip, jeung cacandran.

Éta ungkara pakeman basa anu kapanggih téh aya dina wangun kecap, frasa,

klausa, jeung kalimah anu teu bisa dihartikeun sacéréwélna atawa sacara

gramatikal wungkul.

Kadua, Tina 280 ungkara, wanda pakeman basa anu kapanggih dina novel téh

ngawengku paribasa, babasan, gaya basa winangun pakeman basa, uga, kecap

injeuman (kiasan), rakitan lantip, jeung cacandran. Jumlah data wanda pakeman

basa anu kapanggih téh aya 44 (15,7%) paribasa, 92 (32,9%) babasan, 38

(13,57%) gaya basa, 6 (2,14%) uga, 69 (24,6%) kecap injeuman (kiasan), 28

(10%) rakitan lantip, jeung 3 (1,1%) cacandran.

Tina wanda pakeman basa, paribasa, babasan, jeung gaya basa diwincik deui

jadi sababaraha bagian. Paribasa dipasing-pasing dumasar jumlah jeung warna

unsurna nya éta paribasa salancar aya 25 (56,8%) jeung paribasa jembar aya 19

(43,2%); disawang tina maksudna nya éta paribasa piluangeun aya 25 (56,8%),

paribasa paréntah aya 3 (6,8%), jeung paribasa pituah aya 16 (36,4%); disawang

tina cara gelarna nya éta paribasa tina asal kajadian aya 19 (43,2%), paribasa tina

basa kabujanggaan aya 20 (45,5%), jeung paribasa tarjamahan tina basa asing aya

5 (11,36%); sarta disawang tina sumber babandinganana nya éta paribasa ngaran

awak sakujur aya 6 (13,6%), paribasa ngaran sasatoan aya 9 (20,5%), paribasa

(2)

89

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

paribasa ngaran barang 11 (25%), jeung paribasa ngaran laku lampah aya 9

(20,5%).

Babasan dipasing-pasing dumasar wangunan nya éta rundayan aya 40 (44%),

kantétan aya 40 (43,5%), kantétan aya 37 (40,2%), frasa aya 15 (16,3%); jeung

sumber babandinganana nya éta awak sakujur aya 65 (70,7%), sasatoan aya 6

(6,5%), tutuwuhan aya 2 (2,2%), kaayaan alam aya 5 (5,4%) jeung barang aya 14

(15,2%).

Sedengkeun gaya basa dipasing-pasing dumasar gundukanana. Gaya basa anu

kapanggih dina novel téh nya éta simile aya 5 (13,16%), metafora aya 8 (21,05%),

personifikasi aya 12 (31,58%), litotes aya 1 (2,63%), hiperbol aya 9 (23,68%),

epitet aya 1 (2,63%), jeung pleonasme aya 2 (5,26%).

Katilu, pakeman basa anu aya dina novel bisa dijadikeun bahan pangajaran,

hususna ngeunaan papasingan katut harti tina ungkara pakeman basana. Sabada

dianalisisna kritéria bahan ajar tur disaluyukeun jeung bahan pangajaran anu aya

dina kurikulum 2013, ieu novel téh bisa dijadikeun alat pikeun nepikeun bahan

pangajaran kabasaan nya éta pangajaran kandaga kecap, hususna pakeman basa.

Dumasar data anu dipedar di luhur, ébréh yén pakeman basa nu aya dina

novel Pangéran Kornél téh euyeub pisan, tur bisa ditalungtik dumasar wandana,

sarta bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran di SMA kelas XI.

5.2 Implikasi

Pakeman basa anu aya dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd

Sastrahadiprawira bisa dilarapkeun di sakola dina pangajaran novel kalayan

léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

1) Siswa dibéré téks sempalan novel.

2) Siswa dibéré pancén maca éta téks.

3) Siswa nyirian pakeman basa anu aya dina éta téks.

4) Siswa nganalisis pakeman basa nu kapanggih dumasar wanda jeung harti dina

ungkara pakeman basa. Siswa nyieun kalimah nu ngandung pakeman basa nu

(3)

90

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kacindekan jeung léngkah-léngkah di luhur, implikasi tina ieu

panalungtikan bisa dititénan saperti ieu di handap.

Sabada nengetan, nganalisis, jeung ngalarapkeun pakeman basa nu aya dina

novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira, siswa mampu

ngaronjatkeun kaparigelanana, saperti:

1) maham kana pakeman basa hususna ngeunaan wanda jeung hartina;

2) parigel dina nyieun kalimah nu ngandung pakeman basa;

3) aktif jeung kritis dina diskusi atawa matotoskeun pasualan kalayan

ngagunakeun basa anu leuwih merenah.

5.3 Rékoméndasi

Sabada dilakukeun panalungtikan, aya sababaraha rékoméndasi anu perlu

ditepikeun anu didadarkeun saperti ieu di handap.

Kahiji, dina ieu panalungtikan kakara dipedar pakeman basa nu ditalungtik

maké élmu semantik. Panalungtikan ngeunaan pakeman basa bisa ditalungtik tina

rupa-rupa paélmuan saperti antropologi, filsafat, sosiologi, jeung sajabana.

Kadua, panalungtikan ngeunaan pakeman basa dina wangun tulisan boh lisan

masih saeutik. Dina ieu panalungtikan digunakeun novel atawa karya sastra

wangun lancaran (prosa). Pakeman basa bisa kapanggih dina rupa-rupa wangun

komunikasi, boh lisan boh tinulis, boh prosa boh fiksi.

Katilu, hasil tina ieu panalungtikan ngan sakur dijadikeun alternatif bahan

pangajaran. ku kituna, perlu aya panalungtikan séjén anu ngaguar larapna ieu

panalungtikan.

Referensi

Dokumen terkait

Gambar kolase nya éta média anu nganteur siswa ngajieun carita pondok. Gambar kolase anu dipaké dina ieu panalungtikan téh aya hiji frame anu unggal. gambar miboga

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun (1) ngadéskripsikeun, (2) nyusun transliterasi, jeung (3) nganalisis ajén-ajén kaagamaan anu aya dina naskah Wawacan Suluk

Statistik paramétris digunakeun saupama data miboga distribusi anu normal. Léngkah-léngkah nu dilaksanakeun nya éta saperti ieu di handap. a) Ngitung rata-rata (mean) tina

Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés jeung kartu data. Instrumén tés pikeun ngumpulkeun data anu digunakeun aya dina wangun. paréntah.

Ieu panalungtikan téh nganalisis ajén éstétika anu nyangkaruk dina kumpulan guguritan Lagu Ngajadi karya Dian Hendrayana, ditilik tina unsur éstétisna (aturan pupuh, gaya

Sumber data nya éta sakabéh subjék anu ditalungtik. Sumber datana digambarkeun dina tabél ieu di handap. 192), anu nétélakeun yén instrumén nya éta alat bantu

Anu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan nu saméméhna nya éta, lian ti nangtukeun téks adegan paguneman, prinsip jeung maksim omongan dina

Dumasar kana hasil analisis data dina Bab IV ngeunaan Téhnik Tarucing Cakra pikeun Évaluasi Maca Carpon di SMP, bisa dicindekkeun hal-hal saperti ieu di handap. Sedengkeun dina