• Tidak ada hasil yang ditemukan

STRATÉGI WRITING IN THE HERE AND NOW PIKEUN PANGAJARAN NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "STRATÉGI WRITING IN THE HERE AND NOW PIKEUN PANGAJARAN NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung Taun Ajaran 2012/2013."

Copied!
32
0
0

Teks penuh

(1)

STRATÉGI WRITING IN THE HERE AND NOW PIKEUN PANGAJARAN NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung

Taun Ajaran 2012/2013)

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Program Studi Basa Sunda

ku IKA SARTIKA

NIM 0907019

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

STRATÉGI

WRITING IN THE HERE AND NOW

PIKEUN PANGAJARAN NULIS KARANGAN

ÉKSPOSISI

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas

VII-G SMP Negeri 35 Bandung Taun Ajaran

2012/2013)

Oleh IKA SARTIKA

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© IKA SARTIKA 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI

IKA SARTIKA 0907019

STRATÉGI WRITING IN THE HERE AND NOW PIKEUN PANGAJARAN NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI (Studi Kuasi Eksperimén ka Siswa Kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung

Taun Ajaran 2012/2013)

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 195901191986011001

Pangaping II,

Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. NIP 1967071011991022001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

STRATÉGI WRITING IN THE HERE AND NOW PIKEUN PANGAJARAN NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI 1)

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

Ika Sartika 2)

ABSTRAK

Pada pembelajaran menulis karangan, khususnya karangan éksposisi, dalam pelaksanaannya siswa dituntut untuk membuat karangan berdasarkan sistematika karangan. Tapi pada kenyataannya masih banyak siswa yang kurang mampu membuat karangan dengan standar sistematika penulisan karangan. Itu disebabkan karena siswa kurang paham dengan materi yang tidak dikuasainya dan tidak mempunyai ide untuk dapat dikembangkan yang akhirnya 37 siswa, terdiri dari 18 siswa perempuan dan 19 siswa laki-laki. Uji normalitas siswa menjadi pasif dalam belajar. Salah satu cara untuk dapat meningkatkan keaktifan dan kemampuan siswa dalam menulis karangan éksposisi yaitu dengan menggunakan stratégi pembelajaran yang tepat. Untuk itu dilaksanakan penelitian berjudul “Stratégi Writing in The Here and Now pikeun Pangajaran Nulis Karangan Éksposisi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)” yang bertujuan untuk mengukur kemampuan siswa dalam menulis karangan éksposisi antara sebelum dan sesudah menggunakan stratégi

writing in the here and now. Metode yang digunakan dalam penelitian ini yaitu metode

kuasi eksperimen. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknik tes. Sumber data yang diambil adalah siswa kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung taun ajaran 2012/2013 yang berjumlah menunjukan bahwa distribusi datanya normal, berdasarkan nilai x2 itung < x2 tabél yaitu 6,04 < 11,34, dengan skor uji rata-rata prates

adalah 20,4 dan postes 23,9. Uji homogenitas distribusi variansi data prates dan postes dengan menggunakan taraf kepercayaan 99% adalah homogen karena Fitung < Ftabel, yaitu 3,30 < 7,39. Uji gain menunjukan adanya perbédaan yang signifikan antara sebelum dan sesudah menggunakan stratégi writing in the here and now, dengan béda 3,5. Sedangkan hasil uji hipotesis dengan menggunakan taraf kepercayaan 99%, titung > ttabél yaitu 10,8 > 2,75. Karena adanya beda yang signifikan antara hasil prates dan postes maka hipotesis kerja (Ha) diterima, yaitu ada beda yang signifikan pada kemampuan menulis karangan éksposisi siswa kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung antara sebelum dan sesudah menggunakan strategi writing in the here and now. Maka, stratégi writing in the here

and now mampu meningkatkan kemampuan menulis karangan eksposisi siswa kelas

VII-G SMP Negeri 35 Bandung.

Kata kunci: Stratégi, writing in the here and now, dan karangan eksposisi

1) Skripsi ini dibimbing oleh Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd.

(5)

Kaca

1.2 Idéntifikasi Masalah ... 4

1.3 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.3.1 Watesan Masalah ... 5

1.3.2 Rumusan Masalah ... 5

1.4 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.4.1 Tujuan Umum ... 5

1.4.2 Tujuan Husus ... 5

1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.5.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.5.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.6 Raraga Tulisan ... 6

BAB II STRATÉGI WRITING IN THE HERE AND NOW, NULIS KARANGAN EKSPOSISI, RARAGA MIKIR JEUNG HIPOTÉSIS PANALUNGTIKAN 2.1.Stratégi Writing In The Here And Now ... 8

2.1.1.Wangenan Stratégi ... 8

2.1.2.Stratégi Pembelajaran Aktif (Active Learning) ... 9

2.1.3.Stratégi Writing In The Here And Now... 9

2.1.3.1Prinsip Stratégi Writing In The Here And Now ... 10

2.1.3.2Prosedur Strategi Writing In The Here And Now ... 11

2.1.3.3Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Stratégi Writing In The Here And Now .. 12

2.2.Bagbagan Nulis ... 13

2.2.1.Wangenan Nulis... 13

2.2.2.Fungsi Nulis ... 13

2.2.3.Tujuan Nulis ... 14

2.2.4.Mangpaat Nulis ... 15

2.2.5.Ragam Wacana Tulisan ... 16

2.2.6.Ciri-ciri Tulisan Nu Hadé ... 17

(6)

viii

2.2.7.1. Léngkah-léngkah Ngantebkeun Idé ... 19

2.2.7.2. Léngkah-léngkah Ngébréhkeun Idé Karangan ... 25

2.3.Karangan Éksposisi ... 27

2.3.1.Wangenan Karangan Eksposisi ... 27

2.3.2.Ciri-ciri Karangan Éksposisi... 27

2.3.3.Sarat Nulis Karangan Éksposisi... 28

2.3.4.Métode Nulis Karangan Éksposisi... 28

2.4.Nulis Karangan Éksposisi Ngagunakeun Stratégi Writing In the Here And Now ... 29

2.5.Anggapan Dasar jeung Hipotésis Panalungtikan ... 31

2.4.1 Anggapan Dasar... 31

2.4.2 Hipotésis Panalungtikan ... 31

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1.Setting Panalungtikan ... 32

3.1.1.Lokasi Panalungtikan... 32

3.1.2.Subjék Panalungtikan ... 32

3.1.3.Waktu Panalungtikan ... 32

3.2.Désain Panalungtikan ... 32

3.3.Métode Panalungtikan ... 33

3.4.Wangenan Operasional ... 33

3.5.Instrumén Panalungtikan ... 34

3.6.Téhnik Panalungtikan ... 35

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data... 35

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 35

3.6.2.1Meunteun Hasil Pratés jeung Postés ... 35

3.6.2.2Uji Sipat Data ... 39

BAB V DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS PANALUNGTIKAN 4.1.Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Siswa Kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung Saméméh Ngagunakeun Stratégi Writing In The Here And Now ... 45

4.2.Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Siswa Kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung Sanggeus Ngagunakeun Stratégi Writing In The Here And Now ... 54

4.3.Béda anu Signifikan Antara Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Siswa Kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Stratégi Writing In The Here And Now ... 64

4.3.1.Uji Sipat Data ... 65

4.3.1.1. Uji Normalitas Pratés ... 65

4.3.1.2. Uji Normalitas Postés ... 68

4.3.1.3. Uji Homogénitas ... 72

4.3.2.Uji Gain ... 74

(7)

5.2.Saran ... 83

(8)

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) mata pelajaran basa

jeung sastra Sunda nyoko kana pangajaran basa jeung sastra. Pangajaran basa

jeung sastra téh dina enas-enasna mah pikeun diajar komunikasi. Ku kituna,

pangajaran basa jeung sastra Sunda diarahkeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh

komunikasi boh sacara lisan boh tulisan. Komunikasi dina wangun tulisan téh

ébréh dina salah sahiji aspék kabasaan nya éta nulis.

Nulis nya éta nurunkeun lambang-lambang grafik anu ngalambangkeun

basa hiji jalma, nepi ka jalma lian bisa nyangkem éta basa tina gambaran grafik

tadi (Tarigan, 1994: 21). Ari nurutkeun Alwasilah (2007:43) nulis téh mangrupa

hiji kamampuh atawa kaparigelan hiji jalma dina ngébréhkeun gagasan kana hiji

wacana sangkan bisa ditarima ku nu maca, boh sacara intelektual boh sacara

sosial.

Nulis mangrupa salah sahiji kamampuh basa anu kudu dipibanda ku

unggal jalma. Nulis dina harti komunikasi nya éta hiji pakakas pikeun

ngébréhkeun pamikiran, gagasan, ide, pangaweruh, harepan jeung pesen.

Masyarakat anu teu mampuh ngébréhkeun pikiranna dina wangun tulisan bakal

katinggaleun jauh tina kamajuan lantaran kagiatan nulis bisa ngarojong kana

kamekaran intelektual hiji jalma nepi ka mampuh mikir sacara kritis. Ieu hal

diwewegan ku pamadegan Tarigan yén ciri kamajuan hiji bangsa bisa ditingali

tina maju henteuna komunikasi tulisan éta bangsa.

Dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) di kelas VII, aya

aspék kaparigelan nulis kalayan standar kompeténsi (SK): mampu nulis pikeun

ngébréhkeun pikiran, rasa, jeung kahayang dina wangun nulis pangalaman,

biografi, sajak jeung bahasan. Salah sahiji kompeténsi dasar (KD) nu aya dijerona

nya éta nulis karangan éksposisi.

Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (1984:445) ditétélakeun yén istilah

(9)

atawa buah pena. Karangan anu mangrupa tulisan bisa nu mangrupa fiksi atawa

nonfiksi. Nu dimaksud karangan fiksi nya éta karangan anu sifatna rékaan atawa

teu saenyana kajadian, sedengkeun karangan nonfiksi nya éta karangan anu eusina

nyata tur bener-bener kajadian. Karangan éksposisi nya éta wacana anu eusina

ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana, pikeun ngajembarkeun

pangaweruh hiji jalma. Sakapeung sok disebut wacana prosedural lantaran

ngagambarkeun cara ngalaksanakeun hiji pagawéan (Sudaryat, 2010: 52).

Dumasar hasil observasi di sababaraha sakola, sacara umum katitén yén

kamampuh siswa dina nulis karangan éksposisi masih kawilang asor. Siswa

ngarasa hésé pikeun ngébréhkeun gagasanna kana wangun tulisan, salah sahijina

ngébréhkeun ide jeung gagasan kana wangun karangan éksposisi. Lolobana siswa

teu bisa mekarkeun ide/gagasan téh lantaran kawatesanan referensi. Nalika dibéré

pancén pikeun nulis karangan éksposisi, umumna siswa leuwih nurutan conto anu

ditampilkeun tanpa ayana pamekaran ide. Salian ti éta, nalika pangajaran nulis

karangan éksposisi, guru masih ngagunakeun stratégi pangajaran konvénsional.

Guru ngan ngajéntrékeun wangenan atawa téori ngeunaan karangan éksposisi,

méré conto karangan éksposisi, tuluy méré pancén ka siswa pikeun nulis karangan

éksposisi. Ieu hal nu ngabalukarkeun siswa ngarasa bosen nalika diajar.

Tina hasil observasi siswa masih ngalaman bangbaluh dina ngébréhkeun

ide jeung gagasan kana wangun karangan éksposisi. Kawatesananana ide sarta

stratégi pangajaran nu kurang ngirut jadi faktor utama nu ngabalukarkeun

kurangna kamampuh siswa dina pangajaran nulis karangan éksposisi. Kaparigelan

nulis karangan éksposisi di sakola masih kurang dipikaresep ku siswa. Saperti anu

geus dipedar saméméhna yén pametaan konsep anu kurang ngeunaan nulis

karangan éksposisi jadi salah sahiji indikator pasifna siswa dina nulis karangan

éksposisi. Sedengkeun kagiatan pangajaran nu hadé lain kagiatan pangajaran anu

muser ka guru tapi kagiatan pangajaran anu muser ka siswa. Ieu hal téh dina

istilah Melvin L. Silberman disebut active lerning atawa pembelajaran aktif.

Satuluyna Silberman ngébréhkeun yén sangkan prosés pembelajaran jadi aktif,

siswa kudu ngagunakeun uteuk, ngulik gagasan, ngungkulan pasualaan jeung

(10)

3

éféktif tur pikaresepeun dina prosés pembelajaran, pikeun ngaronjatkeun motivasi

siswa dina narima pangajaran (2009: xxi).

Niténan kana pamadegan Silberman, dina ngalarapkeun stratégi

pembelajaran aktif kudu diluyukeun jeung tujuan pembelajaran nu baris dihontal,

hususna dina pangajaran nulis karangan éksposisi. Hasil anu dipiharep téh nya éta

ayana pamekaran ide atawa gagasan dina wangun karangan éksposisi. Dina ieu

panalungtikan, panalungtik kataji pikeun ngalakukeun panalungtikan kuasi

éksperimen dina ngalarapkeun stratégi writting in the here and now pikeun

ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi.

Stratégi writing in the here and now nya éta hiji stratégi anu mampuh

mantuan siswa dina ngébréhkeun pangalaman-pangalaman siswa dina wangun

tulisan. Hiji tarékah pikeun ngaronjatkeun aktualisasi diri siswa ku cara siswa

nulis laporan tindakan harita kénéh tina hiji pangalaman anu geus dialaman

(saolah-olah éta pangalaman kajadian di dinya jeung harita) (Silberman,

2009:186). Ku ayana alternatif stratégi pangajaran ieu dipiharep mampuh

ngaronjatkeun éféktivitas dina pangajaran basa Sunda, hususna dina pangajaran

nulis karangan éksposisi. Nyiptakeun kagiatan diajar nu teu monoton sarta

mampuh numuwuhkeun minat jeung sumanget diajar siswa.

Saméméhna geus kungsi diayakeun panalungtikan ngeunaan

dilarapkeunna strategi writting in the here and now nya éta panalungtikan anu

dilakukeun ku Yulinar Pratiwi (2012) dina wangun skripsi kalayan judul “Upaya

Meningkatkan Keterampilan Menulis Paragraf Persuasif dengan Menggunakan

Strategi Menulis Pengalaman Nyata dan Teraktual (Writing In The Here And

Now)” (Penelitian Tindakan Kelas pada Siswa Kelas X SMA Negeri 23 Bandung

Tahun Ajaran 2011/2012). Hasilna nya éta rata-rata nilai siswa dina siklus I nya

éta 61 sedengkeun dina siklus II rata-ratana nya éta 87,1. Lamun dipersentasekeun

kamampuh siswa ngaronjat nepi ka 74,4%. Ku kituna bisa dicindekkeun yén ieu

stratégi téh mampuh ngaronjatkeun kamampuh nulis paragraf persuasi.

Salian ti éta, panalungtikan ngeunaan nulis karangan éksposisi ogé kungsi

ditalungtik ku sababaraha urang, salah sahijina panalungtikan anu dalakukeun ku

(11)

“Ramat lancah” (Webbed) pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Eksposisi (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Kelas IX-D SMP Negeri 19 Bandung

Taun Ajar 2010/2011)”. Hasilna nya éta kamampuh siswa dina nulis karangan

éksposisi ngaronjat.

Strategi writing in the here and now nu dilakukeun ku Yulinar Pratiwi

dilarapkeun kana pangajaran nulis paragrap persuasif, sedengkeun Nurul Zakiyah

ngayakeun panalungtikan kana pangajaran nulis karangan éksposisi ngagunakeun

modél webbed. Hartina tina sababaraha panalungtikan nu geus dilakukeun can aya

anu nalungtik ngeunaan dilarapkeunna stratégi writing in the here and now dina

pangajaran nulis karangan éksposisi.

Dumasar kasang tukang di luhur, panalungtik kairut pikeun nalungtik

stratégi writing in the here and now dina pangajaran nulis karangan éksposisi. Ku

diayakeuna ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran ngeunaan larapna

stratégi writing in the here and now dina pangajaran nulis karangan éksposisi,

sarta mampuh ngamotivasi siswa sangkan bisa leuwih sumanget tur daria dina

mekarkeun ide jeung gagasanna dina wangun tulisan. Ku kituna, disawang perlu

dilakukeun panalungtikan anu dijudulan “Stratégi Writing In The Here And Now

pikeun Pangajaran Nulis Karangan Éksposisi (Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa

Kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)”.

1.2Identifikasi Masalah

Dumasar kasang tukang di luhur, aya sababaraha hal anu bisa

diidéntifikasi pikeun ditalungtik, di antarana:

a. stratégi pangajaran nulis karangan éksposisi anu dipaké ku guru di sakola can

bisa méré solusi pikeun ngungkulan bangbaluh anu dialaman ku siswa dina

pangajaran nulis karangan éksposisi. Guru masih ngagunakeun métode

konvénsional nalika pangajaran nulis tur leuwih loba méré téori batan

praktékna, antukna siswa ngarasa bosen jeung kurang motivasi pikeun diajar;

b. siswa masih ngarasa hésé dina pangajaran nulis karangan éksposisi utamana

(12)

5

1.3Watesan Jeung Rumusan Masalah 1.3.1 Watesan Masalah

Sangkan masalah dina ieu panalungtikan teu lega teuing ambahanana,

panalungtik ngawatesanan ieu panalungtikan kana stratégi writting in the here and

now pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-G

SMP Negeri 35 Bandung taun ajar 2012/2013 ditilik tina aspék kualitas jeung

lingkup eusi, organisasi jeung tampilan eusi, gaya basa, wangun gramatikal, éjaan

sarta karapihan tulisan.

1.3.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan

baris dirumuskeun dina wangun kalimah tanya saperti ieu di handap.

a. Kumaha kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-G SMP Negeri

35 Bandung saméméh dilarapkeun stratégi writting in the here and now?

b. Kumaha kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-G SMP Negeri

35 Bandung sanggeus dilarapkeun stratégi writting in the here and now?

c. Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi

siswa kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung antara saméméh jeung sanggeus

dilarapkeun stratégi writting in the here and now?

1.4Tujuan Panalungtikan 1.4.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun

larapna stratégi writing in the here and now dina Pangajaran Nulis karangan

éksposisi Siswa Kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung Taun Ajar 2012/2013.

1.4.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:

a. kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-G SMP Negeri 35

Bandung saméméh dilarapkeun stratégi writting in the here and now;

b. kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-G SMP Negeri 35

(13)

c. béda anu signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas

VII-G SMP Negeri 35 Bandung antara saméméh jeung sanggeus dilarapkeun

stratégi writting in the here and now.

1.5Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta pikeun mekarkeun stratégi

pangajaran basa Sunda dina opat aspék kaparigelan basa nya éta ngaregepkeun,

nyarita, maca jeung nulis. Khususna dina pangajaran nulis karangan éksposisi.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis di antarana:

a. pikeun guru basa Sunda sangkan bisa maluruh ngeunaan alternatif stratégi

pangajaran basa sunda, salah sahijina ngagunakeun stratégi writing in the

here and now pikeun pangajaran nulis karangan éksposisi;

b. pikeun siswa sangkan bisa ngaronjatkeun kaparigelan siswa dina nulis

karangan éksposisi nu mangrupa hasil prosés diajar-ngajar ngagunakeun

stratégi writing in the here and now;

c. pikeun panalungtik nya éta bisa mikanyaho éféktivitas strategi writing in

the here and now tur pangaruhna pikeun siswa dina pangajaran nulis

karangan éksposisi.

1.6Raraga Tulisan

Ieu skripsi eusina aya lima bab, unggal bab masing-masing medar:

BAB I: Bubuka anu ngawengku kasang tukang masalah, Idéntifikasi masalah,

watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan,

sarta raraga tulisan.

BAB II: Tatapakan tiori, anggapan dasar, sarta hipotésis panalungtikan. Tatapakan

tiori ngawengku; wangenan stratégi, stratégi pembelajaran aktif, stratégi writting

in the here and now, prinsip stratégi writting in the here and now, prosedur

stratégi writting in the here and now, kaonjoyan jeung kahéngkéran stratégi

(14)

7

nulis, rupa-rupa tulisan, tulisan nu hadé, léngkah-léngkah nulis, wangenan

karangan éksposisi, ciri-ciri karangan éksposisi, sarat nulis karangan éksposisi,

téhnik nulis karangan éksposisi, métode nulis karangan éksposisi jeung stratégi

writing in the here and now pikeun pangajaran nulis karangan éksposisi.

BAB III: Métodologi panalungtikan, nu ngawengku setting panalungtikan, desain

panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén

panalungtikan, téhnik panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah

data, sarta prosedur panalungtikan.

BAB IV: Déskripsi jeung analisis hasil pangajaran nulis karangan éksposisi

ngagunakeun stratégi writting in the here and now, nu mangrupa data hasil

panalungtikan sarta pedaranana.

(15)

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Setting Panalungtikan

Setting panalungtikan ngawengku: lokasi, subjék, jeung waktu

pelaksanaan panalungtikan.

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Panalungtikan kuasi ékspérimen dilaksanakeun di SMP Negeri 35

Bandung, Jl. Dago Pojok No. 12 Telp. (022) 2505332 Bandung.

3.1.2 Subjék Panalungtikan

Subjék ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII-G SMP Negeri 35

Bandung, kalayan jumlah siswa 37 urang, 18 siswa awéwé jeung 19 siswa lalaki.

3.1.3 Waktu Panalungtikan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun dina Semester Genap taun ajaran

2012/2013. Ieu panalungtikan dilaksanakeun dua kali. Panalungtikan nu kahiji

nya éta pikeun meunangkeun data pratés anu dilaksanakeun dina tanggal 21 Méi

2013. Sedengkeun panalungtikan nu kadua nya éta pikeun meunangkeun data

postés anu dilaksanakeun tanggal 28 Méi 2013.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain dihartikeun rarancang. Desain atawa rarancang dina ieu

panalungtikan nya éta sakabéh prosés anu diperlukeun dina rarancang

panalungtikan jeung lumangsungna panalungtikan.

Nurutkeun Campbel jeung Stanley (dina Arikunto, 2010:123) dumasar

kana hadé-goréngna ékspérimén, atawa sampurna-henteuna ékspérimén sacara

gurat badag desain panalungtikan ékspérimén kabagi jadi dua, nya éta:

1) Pre Eksperimental Design atawa ékspérimén teu sampurna; jeung

2) True Eksperimental Design atawa disebut ogé ékspérimén murni.

Desain kuasi ékspérimén aya tilu rupa, nya éta: (1) one shot case study; (2)

(16)

33

ieu panalungtikan nya éta desain The one-group pretest-postest design. Ieu desain

panalungtikan téh dibagankeun saperti ieu di handap.

DESAIN PANALUNGTIKAN 3

(Arikunto, 2010:124)

Katerangan:

O1 : Pratés

O2 : Postés

X : Perlakuan/ Treatment

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nya éta hiji cara ilmiah pikeun meunangkeun data

nu valid kalayan tujuan pikeun mekarkeun jeung ngabuktikeun hiji pangaweruh

anu ahirna bisa digunakeun pikeun pamahaman jeung ngungkulan masalah

diwidang atikan (Sugiyono, 2011:6).

Métode anu baris digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi

éksperimén. Ékspérimén mangrupa métode anu produktif, sabab dilaksanakeun

pikeun ngajawab hipotésis anu geus dirumuskeun. Panalungtikan ngagunakeun

métode ékspérimén miboga maksud pikeun nalungtik hubungan sebab-akibat

(cause and effect relationship), ku cara némbongkeun hiji atawa leuwih ti hiji

kelompok ékspériméntal jeung hiji atawa leuwih ti hiji kondisi ékspériméntal

(Syamsudin, 2009:150).

3.4 Wangenan Operasional

Wangenan operasional téh mangrupa wangenan sacara umum ngeunaan

variabel-variabel anu aya dina ieu panalungtikan, boh variabel bebas boh variabel

kauger.

1) Stratégi writing in the here and now nya éta hiji stratégi pangajaran anu

diterapkeun dina prosés lumangsungna hiji pangajaran ku cara nitah siswa

pikeun nuliskeun hiji laporan tindakan danget ayeuna tina hiji pangalaman nu

(17)

pernah dialaman (saolah-olah éta tindakan kajadian di dieu jeung harita

kénéh).

2) Pangajaran nulis karangan éksposisi nya éta pangajaran nulis karangan anu

eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana, pikeun

ngajembarkeun pangaweruh hiji jalma. Sakapeung sok disebut wacana

prosedural lantaran ngagambarkeun cara ngalaksanakeun hiji pagawéan. Aya

genep aspék anu baris diajén pikeun nangtukeun mampuh atawa teu

mampuhna siswa dina ieu pangajaran, di antarana: 1) kualitas jeung lingkup

eusi; 2) organisasi jeung tampilan eusi; 3) gaya basa; 4) wangun gramatikal;

5) éjaan; jeung 6) karapihan tulisan.

Jadi anu dimaksud “Stratégi writing in the here and now pikeun Pangajaran Nulis Karangan Éksposisi” nya éta gambaran efektif-henteuna stratégi

writing in the here and now pikeun pangajaran nulis karangan éksposisi siswa

kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta hiji alat nu digunakeun pikeun ngukur

fénoména alam atawa sosial anu keur ditalungtik. Sacara spésifik, sakabéh

fénoména disebut variabel panalungtikan (Sugiyono, 2011:148)

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta mangrupa

lembar soal tés. Tés anu digunakeun nya éta tés subjektif nu umumna bentuk

pemaparan. Ieu tés dipilih lantaran dianggap saluyu pikeun ngébréhkeun

kamampuh hasil diajar siswa dina nulis karangan éksposisi. Téma anu

ditawarkeun nya éta ngeunaan prosedur nyieun kadaharan. Ieu lembar soal téh

pungsina pikeun ngumpulkeun data ngeunaan kamampuh nulis karangan éksposisi

antara saméméh jeung sanggeus ngagunakeun stratégi writing in the here and

now.

Format paréntah guru ka siswa dina pangajaran nulis karangan éksposisi

ngagunakeun stratégi writing in the here and now saperti ieu di handap.

(18)

35

3.6 Téhnik Panalungtikan 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Tés

mangrupa runtuyan patalékan anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan,

pangaweruh, inteligénsi, kamampuh, atawa bakat-bakat anu aya dina unggal

individu/kelompok (Arikunto, 2010:266).

Ieu tés dilakukeun ku cara ngalaksanakeun pratés jeung postés. Pratés

digunakeun pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina nulis karangan éksposisi

saméméh ngagunakeun Stratégi writing in the here and now, sedengkeun postés

digunakeun pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina nulis karangan éksposisi

sanggeus ngagunakeun Stratégi writing in the here and now.

Tés anu dilakukeun miboga tujuan pikeun mikanyaho efektif-henteuna

Stratégi writing in the here and now dina pangajaran nulis karangan éksposisi.

Tujuan ahirna nya éta data-data siswa dianalisis dumasar kana data hasil

panalungtikan ka siswa.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Pikeun ngabuktikeun hipotésis jeung ngajawab masalah dina Bab 1, data

anu geus dikumpulkeun téh dikokolakeun maké sababaraha prosedur, anu

ngawengku: (1) Meunteun hasil pratés jeung postés; jeung (2) Uji sipat data.

3.6.2.1Meunteun Hasil Pratés jeung Postés

Pikeun meunangkeun hiji data, aya sababaraha kriteria nu bakal diajén tina

hasil nulis karangan éksposisi. Hasil nulis karangan éksposisi siswa diajén

dumasar kana aspék-aspék ieu di handap.

1) Kualitas jeung Lingkup Eusi

Kualitas jeung lingkup eusi nya éta mariksa gagasan dina tulisan anu disusun

ku murid.

2) Organisasi jeung Tampilan Eusi

Organisasi jeung tampilan eusi nya éta ngawengku runtuyan kalimah anu

sinambung antara kalimah kahiji jeung kalimah satuluyna, antara paragraf

(19)

3) Gaya Basa

Gaya basa nya éta milih gaya sarta tulisan anu merenah, katitén tina

ngagunakeun kalimah anu éféktif sarta ngagunakeun basa anu bener.

4) Wangun Gramatikal

Wangun gramatikal nya éta kalimah anu ditulis ku murid. Fungsi kalimah

ngawengku jejer (subyék), carita (prédikat), salaku unsur anu wajib aya, sarta

udagan (obyék), panglengkep, jeung katerangan.

5) Éjahan

Éjahan dipuseurkeun dina ngagunakeun hurup kapital, ngamimitian dina

nulis, ngagunakeun rarangkén hareup, jeung dina makéna tanda baca.

6) Karapihan Tulisan

Karapihan tulisan mangrupa tampilan luar, nya éta tulisan hasil murid anu

bisa dibaca kalayan ngagunakeun hurup anu jelas.

Sangkan leuwih jéntré, éta pedoman ngajén téh baris digambarkeun saperti

dina ieu tabél di handap.

Tabél 3.1

Pedoman Meunteun Nulis Karangan Éksposisi Kamampuh

Nulis Skor Tingkat Katerangan

Kualitas

Ngarti kalawan ngawates, gagasan

ngawates, jéntré kalawan ngawates

Kurang ngarti, kurang gagasan, kurang

jéntré

Teu ngarti, miskin gagasan, teu keuna jeung

jejer

(20)

37

Kamampuh

Nulis Skor Tingkat Katerangan

jeung

Eusi teu lengkep, kurang rinci, kurang logis,

kohési teu luhur

Merenah pisan, éféktif pisan, ngawasa pisan

milih kecap anu merenah

Merenah, éféktif, milih kecap merenah

saeutik salahna

Merenah kalawan ngawates, éféktif, milih

kecap merenah, aya kasalahan

Kurang merenah, kurang éféktif, kurang

ngawasa milih kecap, loba kasalahan

Teu merenah, teu éféktif, teu paham milih

Nyusun kalimah komplék, ngawasa pisan

tatabasa

Nyusun kalimah basajan, saeutik kasalahan tatabasana, kurang ngandung ma’na

Nyusun kalimah basajan, loba kasalahan

tatabasa

Hésé nyusun kalimah basajan, loba

kasalahan tatabasa ngawurkeun ma’na

(21)

Kamampuh

Nulis Skor Tingkat Katerangan

pisan komunikatif, teu cukup dipeunteun

Éjaan

Ngawasa pisan kaédah dina nulis kecap, teu

aya kasalahan

Alus pisan, rapih, babari kabaca, beresih

Rapih, kabaca, saeutik corétan

Kurang rapih, kabaca, loba corétan

Teu rapih, loba anu teu kabaca, loba

corétan, kotor

Teu rapih, tulisan teu kabaca

Jumlah Skor 6-30

Skala Likert (Riduan & Sunarto, 2009:20)

(22)

39

Sanggeus méré skor dumasar kana aspék anu aya dina tabél di luhur,

pikeun nangtukeun peunteun ahir karangan éksposisi siswa, digunakeun pedoman

meunteun ngagunakeun rumus:

Tabel 3.2

Kategori Kaparigelan Nulis Karangan Éksposisi No. Peunteun Kategori

1. >75 Mampuh 2. <75 Can Mampuh

3.6.2.2Uji Sipat Data

Uji sipat data ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas.

1) Uji Normalitas

Pikeun ngayakinkeun yén data téh miboga sipat anu normal atawa henteu,

bisa ngagunakeun rumus chi kuadrat (x2). Anapon léngkah-léngkahna:

(1) Nyieun tabél frékuénsi skor pratés jeung postés kalayan ngagunakeun tabél

saperti ieu dihandap.

Tabél 3.3

Frékuénsi Peunteun Pratés

Skor (x) f fx fx2

1 2

Ʃ

(2) Nangtukeun rata-rata (mean) skor pratés jeung postés, ngagunakeun

rumus:

=

(23)

(3) Néangan standar déviasi (SD), ngagunakeun rumus:

Katerangan:

SD = Standar Deviasi

N = Jumlah Subjek Panalungtikan

Ʃfx2

= Jumlah frekuensi nilai x

fx)2 = Jumlah frekuensi nilai x dikuadratkeun

(4) Nyieun daptar frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi anu

ngawengku:

a) Nangtukeun jumlah kelas (k), ngagunakeun rumus:

b) Nangtukeun rentang (r), ngagunakeun rumus:

c) Nangtukeun jembar kelas (p), ngagunakeun rumus:

d) Ngitung nilai tengah antar interval batas kelas handap (bk handap)

jeung batas kelas hulur (bk luhur)

e) Nangtukeun transformasi normal standar bébas kelas (z), ngagunakeun

rumus:

SD = √ (∑ ) ∑

r = skor pangluhurna-skor panghandapna

k = 1 atawa k=1+3,33Log

z =

(24)

41

f) Nangtukeun ambahan/legana unggal kelas interval (L), ngagunakeun

rumus:

g) Nangtukeun rumus-rumus frékuénsi ékspéntal (Ei), ngagunakeun

rumus:

h) Nangtukeun nilai chi kuadrat (x2), ngagunakeun rumus:

i) Nangtukeun derajat kabébasan (dk), ngagunakeun rumus:

j) Tina hasil léngkah-léngkah di luhur bisa diasupkeun kana tabél ieu di

handap.

Tabél 3.4

Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspétasi Pratés

Kelas Oi BK Handap

BK

Luhur Z1 Z2 Z1 Tabél Z2 Tabél L Ei x 2

1.

2.

Ʃ

k) Nangtukeun normalitas distribusi ngagunakeun rumus:

(Arikunto, 2006:317) L = Z2tabel – Z1tabél

Ei = L x N

x2 =

dk = k - 3

(25)

2) Uji Homogénitas

Sarua jeung uji normalitas, pikeun nangtukeun homogén henteuna data ogé

ngagunakeun rumus chi kuadrat (x2). Anapon léngkah-léngkahna nya éta:

(1) Nangtukeun skor variabel X sewang-sewangan kelompok pratés jeung

postés

(2) Nangtukeun variansi masing-masing kelompok, ngagunakeun rumus:

(3) Hasil tina variansi diasupkeun kana distribusi F, ngagunakeun rumus:

Katerangan:

F = Harga varian nu rék ditéang

s2b = varian nu panggedéna (Standar deviasi panggedéna)

s2k = varian nu pangleutikna (Standar deviasi pangleutikna) (4) Ngitung derajat kebébasan (db), ngagunakeun rumus:

Katerangan:

Db = Derajat kebébasan

n – 1 = ukuran sampel

(5) Nangtukeun harga F tabél

(6) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria:

(Arikunto, 2006:321) S2 = ∑

– ∑

F =

Db = n – 1

Fitung < Ftabél, hartina variansi populasi homogén

(26)

43

3) Uji Gain

Pikeun nguji gain, baris ngagunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.5

Uji Gain Tingkat Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung Ngagunakeun Stratégi Writing In The Here And Now

No. Pratés Postés d d2

Uji gain dilaksanakeun pikeun ngabandingkeun rata-rata peunteun pratés

jeung pascatés.

4) Uji Hipotésis

Uji hipotésis (t) dilaksanakeun upama data populasi mibanda distribusi

normal tur variansi homogén. Uji t digunakeun pikeun nguji signifikasi béda dua

rata-rata (méan) nu diancokeun pikeun ngabuktikeun hipotésis. Anapon

léngkah-léngkahna saperti ieu dihandap:

(1) Néangan béda méan tina pratés jeung postés, ngagunakeun rumus:

(2) Nyieun tabél uji jumlah rata-rata pratés jeung postés

Tabél 3.6

Uji Jumlah Rata-rata Pratés jeung Postés

No Pratés Pascatés d d2 xd (d-Md)

(27)

(3) Ngitung derajat kabébasan (db), ngagunakeun rumus:

(4) Ngitung t itung, ngagunakeun rumus:

(5) Ngabuktikeun hipotésis, ngagunakeun rumus:

Katerangan:

Md = méan tina déviasi (d) antara pratés jeung pascatés

= t itung

N = jumlah siswa/subjék

(Arikunto, 2006:86)

Lamun titung > ttabel, hartina hipotésis ditarima yén aya béda anu signifikan

antara hasil prates jeung postes nulis karangan éksposisi siswa kelas VII SMP

Negeri 35 Bandung saméméh jeung sanggeus ngagunakeun stratégi writing in the

here and now.

Lamun titung < ttabel, hartina hipotésis ditolak yén teu aya béda anu

signifikan antara hasil prates jeung postes nulis karangan éksposisi siswa kelas

VII SMP Negeri 35 Bandung saméméh jeung sanggeus ngagunakeun stratégi

writing in the here and now.

db = n - 1

Ʃx2d = Ʃd2– ∑

t =

(28)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar hasil panalungtikan, analisis jeung pedaran dina bab opat

ngeunaan ngaronjatna kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-G

SMP Negeri 35 Bandung antara saméméh (pratés) jeung sanggeus (postés)

ngagunakeun stratégi writing in the here and now, bisa dicindekkeun yén:

1) Kamampuh awal (pratés) siswa kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung dina

nulis karangan éksposisi saméméh dilarapkeunna stratégi writing in the here

and now nya éta siswa can mampuh nulis karangan éksposisi. Tina jumlah 37

siswa, siswa anu dianggap geus mampuh jumlahna aya 12 urang, sedengkeun

anu dianggap can mampuh jumlahna aya 25 urang. Skor panggedéna nya éta

25 kalayan peunteun 83 anu dicekel ku siswa nomor urut 8, sedengkeun skor

pangleutikna nya éta 14 kalayan peunteun 47 anu dicekel ku siswa nomor

urut 31. Rata-rata skor tina 37 siswa téh nya éta 20,4, sedengkeun rata-rata

peunteunna nya éta 68. Saupama diperséntasikeun lobana siswa anu geus

mampuh nulis karangan éksposisi nya éta 32,4%, sésana nya éta 67,6%

dianggap can mampuh.

2) Kamampuh ahir (postés) siswa kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung dina

nulis karangan éksposisi sanggeus dilarapkeunna stratégi writing in the here

and now nya éta siswa geus mampuh nulis karangan éksposisi. Tina jumlah

37 siswa, siswa anu dianggap geus mampuh jumlahna aya 32 urang,

sedengkeun anu dianggap can mampuh jumlahna aya 5 urang. Skor

panggedéna nya éta 27 kalayan peunteun 90 anu dicekel ku siswa nomor urut

20, sedengkeun skor pangleutikna nya éta 20 kalayan peunteun 67 anu

dicekel ku siswa nomor urut 3 jeung 5. Rata-rata skor tina 37 siswa téh nya

éta 23,9, sedengkeun rata-rata peunteunna nya éta 80. Saupama

diperséntasikeun lobana siswa anu geus mampuh nulis karangan éksposisi

(29)

3) Aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi siswa

kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung antara saméméh jeung sanggeus

ngagunakeun stratégi writing in the here and now. Saupama dititénan tina

hasil pratés siswa nu geus mampuh nulis karangan éksposisi téh jumlahna

32,4% sedengkeun tina hasil postés jumlah siswa anu geus mampuh nulis

karangan éksposisi téh ngaronjat jadi 86,5% kalayan béda gainna nya éta

54,1%. Lian ti éta, tina uji hipotésis anu ngahasilkeun titung > ttabel, nya éta 10,8

> 2,75 kalayan taraf kapercayaan 99%, hartina hipotésis kerja (Ha) bisa

ditarima jeung hipotésis nol (Ho) di tolak. Ieu hal nuduhkeun yén ieu stratégti

writing in the here and now mampuh ngaronjatkeun kamampuh nulis

karangan éksposisi siswa kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung taun ajaran

2012/2013.

5.2 Saran

Sanggeus dilaksanakeun panalungtikan di SMP Negeri 35 Bandung

kalayan judul, “Stratégi Writing In The Here And Now pikeun Pangajaran Nulis

Karangan Éksposisi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-G SMP Negeri

35 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)” aya sababaraha hal anu baris ditepikeun, di

antarana:

1) pikeun panalungtikan anu saterusna, dipiharep sangkan anu dijadikeun

populasi leuwih lega wengkuanana, sangkan hasil panalungtikan bisa

digeneralisasikeun;

2) dina nulis karangan, siswa kudu leuwih dirangsang deui pikiranana pikeun

meunangkeun idé-idé saloba-lobana, lantaran sabada dilaksanakeun

panalungtikan di kelas VII-G SMP Negeri 35 Bandung katitén masih aya

siswa nu hésé dina ngébréhkeun idena;

3) dipiharep ieu stratégi writing in the here and now bisa dilarapkeun ogé kana

(30)

84

DAPTAR PUSTAKA

Buku

Alwasilah, A. Chaedar, dan Alwasilah, Senny Suzanna. (2007). Pokoknya

Menulis. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Ambo Enre, Fachrudin. (1988). Dasar-dasar Keterampilan Menulis. Jakarta:

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Arikunto, Suharsimi. (2006). Dasar-Dasar Evaluasi Pendidikan. Jakarta: Bumi

Aksara.

-- - (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Dananjaya, Utomo. (2010). Media Pembelajaran Aktif. Bandung: Nuansa.

Depdiknas UPI. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Depdiknas

Universitas Pendidikan Indonesia.

Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi Mata

Pelajaran Bahasa dan sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Jawa

Barat.

Keraf, Gorys.(1980). Komposisi. Flores: Nusa Indah.

-- - (1982). Eksposisi dan Deskripsi. Flores: Nusa Indah.

Mutaqin, Zainal. (2004). Kaidah dan Penelitian Bahasa Indonésia. Bandung:

Pusat Pembinaan Bahasa IAIN Sunan Gunung Djati.

Nurjanah, Nunuy. (2005). Penerapan Modél Belajar Konstruktivisme Dalam

Pembelajaran Menulis Bahasa Indonésia. Bandung: Jurnal Pendidikan

Bahasa, Sastra dan Pengajarannya.

- - - (2008). Teori Nulis, handout Perkuliahan Basa Sunda Jurusan Pendidikan

Bahasa Daérah.

Poerwadarminta. (1984). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Riduan, dan Sunarto. (2012). Pengantar Statistika: Untuk Penelitian Pendidikan,

Sosial, Ekonomi, Komunikasi dan Bisnis. Bandung: Alfabeta.

Rohani, Ahmad. (2004). Pengelolaan Pengajaran. Jakarta: Rineka Cipta.

Sanjaya, Wina. (2012). Strategi pembelajaran: Berorientasi Standar Proses

(31)

Semi, M. Atar. (2007). Dasar-dasar Keterampilan Menulis. Bandung: Angkasa.

Silberman, Mel. (2009). Active Learning:101 Strategi pembelajaran Aktiv.

Yogyakarta: Pustaka Insani Madani.

Sriyono. (1992). Teknik Belajar Mengajar Dalam CBSA. Jakarta: PT Rineka

Cipta.

Sudaryat, Yayat. (2010a). Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

- - - (2010b). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Sugiyono. (2011). Metode Penelitian Pendidikan; Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif dan R & D. Bandung: Alfabeta.

Sukardi. (2007). Metodologi Penelitian Pendidikan. Jakarta: PT. Bumi Aksara.

Syamsuddin. (2009). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: Remaja

Rosdakarya.

Tarigan, Henry Guntur. 1994. Menulis sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa.

Skripsi

Pratiwi, Yulinar. (2012). Upaya Meningkatkan Keterampilan Menulis Paragraf

Persuasif Dengan Menggunakan Strategi Menulis Pengalaman Nyata Dan

Teraktual (Writing In The Here And Now) (Penelitian Tindakan Kelas

Pada Siswa Kelas X Sma Negeri 23 Bandung TahunAjaran 2011/2012).

Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonésia UPI. Bandung:

Tidak Diterbitkan.

Zakiyah, Nurul. (2011). Modél ‘Ramat Lancah’ (WEBBED) pikeun

Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi (Panalungtikan

Tindakan Kelas ka Siswa Kelas IX-D SMP Negeri 19 Bandung Taun

Ajaran 2010/2011). Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI.

Bandung: Tidak Diterbitkan.

Internét

(32)

86

Gambar

Tabel 3.2 Kategori Kaparigelan Nulis Karangan Éksposisi

Referensi

Dokumen terkait

kasih kepada semua yang telah membantu penulis sehingga skripsi ini dapat.. diselesaikan.Ucapan terima kasih penulis

“ Analisis Kualifikasi, Kompetensi Tutor/ Pendidik dan Profil Pengelola Pendidikan Kesetaraan pada PKBM di DKI Jakarta

LAYANAN D ASAR BIMBINGAN D AN KONSELING UNTUK PENINGKATAN SURVIVAL AND SAFEY SKILLS SISWA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Berdasarkan latarbelakang diatas, maka yang menjadi permasalahan dalam penelitian ini yaitu, “Apakah penggunaan Model Pembelajaran Team Quiz dapat meningkatkan motivasi

[r]

Implikasi secara praktis berkenaan dengan pengembangan dan pembuatan program bimbingan karir untuk mengembangkan kemampuan keputusan karir siswa, yakni guru

[r]

Tesis yang berjudul “Perbedaan Keberhasilan Model Pembelajaran Problem Based Learning Dengan Model Pembelajaran Sains Teknologi Masyarakat Terhadap Peningkatan