• Tidak ada hasil yang ditemukan

BUKU GURU SUNDA KLS 12 2014

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "BUKU GURU SUNDA KLS 12 2014"

Copied!
124
0
0

Teks penuh

(1)

Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK

Kelas XII

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

BASA SUNDA

BASA SUNDA

(2)

PANYUSUN:

Tatang Sumarsono Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat

Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin

H. Yayat Sudaryat Risnawati

PENELAAH:

Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd. Dr. Hj. Ai Soi anti, M.Pd.

Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.

Budi Riyanto

Rarancang Eusi: Yoshi Sukadar

Rarancang Jilid:Yoshi Sukadar

Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

Dipedalkeun ku:

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

ISBN: 978-602-1300-26-8 (Jilid Lengkap) 978-602-1300-29-9 (Jilid 3)

Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT) Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat

Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

BASA SUNDA

BASA SUNDA

KIKD Kurikulum 2013

Pamekar Diajar

(3)

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.

Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.

(4)

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013

Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA

Pembina Utama Madya NIP. 19570807 198601 1 001 B B B BBBBBBBBBBBBBaaaananananandud ng, Desem

KKKKKKepepepepepeppppalaalalalalalalalalala a a aa a Dinas Pe

(5)

KEPALA BALAI

PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku: Standar Kompeténsi Lulusan, Standar Isi, Standar Prosés, sareng Standar Penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.

Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid.

Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintii k sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintii k sareng penilaian auténtik dina prosés pangajaran.

Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé

(6)

dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.

Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman.

Bandung, Desember 2013

Kepala Balai Pengembangan

Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd.

Pembina Tk. I

(7)

Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda.

Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda.

Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina pangajaran tématis SMP/MTs nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak SMP/MTs dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya, nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun).

Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama.

(8)

Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu buku téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

(9)

DAPTAR EUSI

PANGBAGEA:

1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ iii

2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ v

PANGJAJAP _ vii

BA B I: PITUDUH UMUM

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru ... 2

B. Padika Make Buku Tuturus Guru ... 2

C. Tatapakan Formal ... 4

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran ... 4

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) ... 5

F. Proses Pangajaran ... 5

G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas XII SMA/MA/SMK/MAK ... 6

BAB II: PITUDUH HUSUS Pangajaran 1: Wawacan A. Ngimeutan Wawacan ... 10

B. Proses Penilaian ... 21

(10)

Pangajaran 3: Artikel

A. Ngaidéntifi kasi Artikel ... 57

B. Ngaguar Artikel ... 63

C. Gagasan Utama Jeung Rangkay Tulisan ... 66

Pangajaran 4: Pemandu Acara A. Ngaidéntifi kasi Pemandu Acara ... 71

B. Pertanyaan Umum Sabudeureun Pemandu Acara ... 76

C. Ngumpulkeun Informasi Sabudeureun Téks Pemandu Acara ... 76

D. Ngolah Informasi Ngunaan Téks Pemandu Acara ... 79

E. Midangkeun Hasil Nyusun Téks Pemandu Acara ... 80

Pangajaran 5: Tarjamahan A. Ngimeutan Tarjamahan ... 81

B. Maca Teks Tarjamahan... 84

C. Pertanyaan Umum Sabudeureun Téks Tarjamahan ... 85

D. Ngumpulkeun Informasi Sabudeureun Téks Tarjamahan ... 85

E. Ngumpulkeun Informasi Sabudeureun Téks Tarjamahan ... 88

E. Midangkeun Hasil Tarjamahan ... 90

Pangajaran 6: Carita Pantun A. Ngaidéntifi kasi Naskah Drama ... 91

B. PertanyAan Umum Sabudeureun Drama ... 93

C. Ngumpulkeun Informasi Sabudeureun Drama ... 94

D. Ngolah Informasi Sabudeureun Drama ... 103

E. Midangkeun Jeung Ngaragakeun Naskah Drama ... 104

BAB III: PITUDUH MEUNTEUN A. Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (Kkm) ... 106

B. Instrumen Meunteun Umum ... 107

C. Instrumen Meunteun Husus ... 110

D. Refl eksi ... 113

(11)

Bab

Bab

II

(12)

A. NGEUNAAN BUKU TUTURUS GURU

Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.

1. Wincikan léngkah-léngkah pangajaran dina raraga méré gambaran ka guru pikeun ngahontal kompeténsi dasar (KD) jeung indikator.

2. Susunan léngkah-léngkah kagiatan anu ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir.

3. Léngkah pangajaran nu disusun dipiharep bisa ngahontal pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir nu ilmiah (saintifi k), kamampuh ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur numuwuhkeun rasa basa Sunda.

4. Dadaran rupining téhnik pikeun meunteun kamampuh murid.

5. Wawaran pikeun calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran pangaweruh murid.

6. Pidangan kagiatan diajar nu silih simbeuh tur silih élédan (sharing). 7. Pituduh ngeunaan cara maké buku babon murid.

Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku:

1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.

2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun.

3. Ngali kaweruh murid samémehna sangkan bisa ngait jeung kaweruh nu bakal diulik.

4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép.

5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.

6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan pamahaman murid.

B. PADIKA MAKE BUKU TUTURUS GURU

(13)

1. Baca heula ieu buku kalawan telik tur imeut unggal kacana. 2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator pangajaran.

3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan tarékah pikeun ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah murid anu hadé.

4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan “pembiasaan”, pieunteungeun, pituladeun, jeung kultur di sakola anu hadé.

5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan dina buku tuturus guru jeung buku babon murid.

6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padika pangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang. 7. Rupining stratégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan,

nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.)kudu ngalibetkeun muridna sorangan jeung ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.

8. Guru dipiharep mekarkeun:

a. Métode “pengajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, dan menyenangkan (PAIKEM)”;

b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;

d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.

9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda.

10. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola.

11. Dina sataun ajaran kelas X aya salapan materi anu kudu dibagi ku guru kalawan proporsional keur dua seméstereun. Kudu ditimbang-timbang ogé alokasi waktu antara seméster I jeung seméster II sangkan pangajaran bisa ditepikeun luyu jeung alokasi waktu anu nyampak.

12. Unggal matéri galeuh rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan).

(14)

14. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid.

15. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfl eksi sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé katepikeun.

16. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisa.

17. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

C. TATAPAKAN FORMAL

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasarkana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda).

Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, luyu jeung pola struktur Kurikulum Nasional. KIKD disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah guru dibéré lolongkrang keur ngembangkeun karancagéanana.

Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber keur tuturus guru. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumber-sumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinya pisan guru kudu rancingeus pikeun néngan jeung ngungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kahontal jeung kacumponan.

D. SISTIM, PRINSIP, JEUNG PAMAREKAN PANGAJARAN

(15)

terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran.

Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E. STANDAR KOMPETENSI LULUSAN (SKL)

Ranah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/

MA/MAK

Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun

Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun

Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.

Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. PROSES PANGAJARAN

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifi k, anu léngkah-léngkahna:

1. Niténan (mengamati), ku cara maca, ngaregepkeun, atawa nongton; 2. Nanya (menanya), ku cara ngayakeun tanya jawab atawa sawala;

3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh anu leuwih jembar;

4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen);

5. Midangkeun, ngedalkeun, atawa nepikeun (mengkomunikasikan)

(16)

G. KOMPETENSI INTI (KI) JEUNG KOMPETENSI

DASAR (KD) KELAS XII SMA/SMK/MA/MAK

KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

12.1 Menghayati dan mengamalkan ajaran agama yang dianutnya

12.1.1 Mensyukuri anugerah Tuhan YME akan keberadaan bahasa Sunda dan menggunakannnya sesuai dengan kaidah dan konteks sosial budaya sebagai sarana komunikasi melalui WAWACAN, CARITA PANTUN,ARTIKEL,

MEMANDU ACARA, TERJEMAHAN, DRAMA (teater, gending karesmen dan/ atau longser)

12.2 Menghayati dan mengamalkan

perilaku jujur, disiplin, tanggungjawab, peduli (gotong royong, kerjasama, toleran, damai), santun, responsif dan proaktif dan menunjukkan sikap sebagai bagian dari solusi atas

berbagai permasalahan dalam berinteraksi secara efektif dengan lingkungan sosial dan alam serta dalam menempatkan diri sebagai cerminan bangsa dalam pergaulan dunia

12.2.1 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, peduli, dan santun, dan proaktif dalam menggunakan bahasa Sunda untuk

mengapresiasi WAWACAN dan CARITA PANTUN

12.2.2 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, peduli, santun, dan proaktif dalam menggunakan bahasa Sunda untuk

memahami dan menyampaikan ARTIKEL dan TERJEMAHAN.

(17)

12.3 Memahami, menerap-kan, menganalisis pengetahuan faktual, konseptual, prosedural berdasarkan rasa ingintahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya, dan humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kene-garaan, dan peradaban terkait fenomena dan kejadian, serta mene-rapkan pengetahuan prosedural pada bidang kajian yang spesii k sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah

12.3.1 Mengidentii kasi, dan menganalisis teks WAWACAN berdasarkan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan 12.3.2 Mengidentii kasi dan menganalisis teks

CARITA PANTUN berdasarkan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan

12.3.3 Mengidentii kasi dan menganalisis teks ARTIKEL berdasarkan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.

12.3.4 Mengidentii kasi dan menganalisis teks TERJEMAHAN berdasarkan kaidah-kaidahnya.

12.3.5 Mengidentii kasi dan menganalisis teks PANDUAN ACARA berdasarkan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.

12.3.6 Mengidentii kasi dan menganalisisteks DRAMA berdasarkan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.

12.4 Mengolah, menalar, dan menyaji dalam ranah konkret dan ranah abstrak terkait dengan pengembangan dari yang dipelajarinya di sekolah secara mandiri, dan mampu menggunakan metoda sesuai kaidah keilmuan

12.4.1 Menanggapi dan mengonversi teks WAWACAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya.

12.4.2 Menanggapi dan mengonversi CARITA PANTUN sesuai dengan

kaidah-kaidahnya.

12.4.3 Menyusun dan menanggapiteks ARTIKEL sesuai dengan kaidah-kaidahnya.

(18)

12.4.5 Menyusun, menyunting, dan

memperagakan PANDUAN ACARA sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan

(19)

Bab

Bab

I I

I I

(20)

A. NGIMEUTAN WAWACAN

NO KAGIATAN

1.

Samemeh proses pangajaran, guru ngawanohkeun diri. Satuluyna guru ngajelaskeun materi nu bakal diajarkeun, ngajentrekeun tema, katut tujuan nu kudu dihontal ku siswa nyaéta mikawanoh wawacan. Dina ieu matéri, siswa dipiharep mampuh ngaidentii kasi wawacan. Di sagigirin ti éta dipiharep siswa ngaronjatkeun kasadaranana pikeun mikareueus basa jeung budayana.

2.

Pikeun ngirut minat siswa kana pangajaran, guru ngajak siswa kalibet sacara langsung kana matéri nu baris dipedar ku cara muka wawasan siswa ngeunaan kasusastraan Sunda. Satuluyna, guru ngamimitian pangajaran ku cara ngasongkeun téks atawa pintonan wawacan “Panji Wulung” karya RH. Muhamad Musa.

Ieu bacaan anu aya di handap téh cutatan tina wawacan. Pék ku hidep ilo sing gemet nepi kacangkem eusina sempalan Wawacan Panji Wulung ieu di handap!

ASMARANDANA

Sambatna Nyi Tunjung Sari, ku raja henteu dimanah, enggeus dimeureunkeun baé, tangtu nampik kana dosa, jeung lumbrah manusa, di mana nu maling ngaku, enggeus kudu nampik dosa.

Nya kitu deui Panolih, sasambatna teu paédah, caturkeun geus nepi baé, ka pakuwon kapatihan, Ki Patih langkung susah, tina watirna kalangkung, ka éta Nyi Tunjung téa.

Ku Ki Patih geus kajudi, yén dijerum ku maruna, sanajan Ajar gé bohong, ku Ki Patih geus katingal, enggeus meunang dongdonan, nu matak Ajar sakitu, diupah ku Praméswara.

KINANTI

Laju lampah Panji Wulung, diiring ku Jayapati, Ki Janggali Ki Janggala, jeung baturna Jayapati, ngaran Ki Kebo Manggala, kalima Kebo Rarangin.

(21)

Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang pasir, ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauh cunduk anggang datang, sumping damping ka basisir.

Raden ngantosan parahu, calikna dina kikisik, disasarap dangdaunan, daun bakung jeung badori, tamba kesel sasauran, nyaritakeun Ajar tadi.

Raden Panji Wulung nyaur, kula inget omong tadi, baréto paman bébéja, lampahna ajar nu tadi, basana dihaturanan, ka Sokadana ku Gusti.

Keur norah seliran ratu, nu dituding pajar julig, selir téh saha ngaranna, jeung saha lawanna julig, Jayapati ngawalonan, sumuhun kanyaho kuring.

Eukeur caturing pitutur, ngaranna Nyi Tunjungsari, asal urang Balangbangan, lalakina pun Panolih, cariosna dipaéhan, malah katut pun Panolih.

PANGKUR

Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milangan kori, henteu puguh nu dijugjug, balik Paman sadayana, nu ti mana tiluan semu rarusuh, lurah bégal ngawangsulan, aing ngaran Jayapati.

Cikénéh mentas dibégal, tujuh jalma modar taya nu ngari, bangkéna tujuh patumpuk, balik manéh ayeuna, lamun masih kénéh manéh hayang hirup, kadieukeun banda sia, ku aing moal dipeuncit.

Rahadén Panji ngandika, bari mésem Paman takabur teuing, pati batur diganggu, mangké caralik heula, ieu catang nu malang sumangga panggul, lamun kapanggul ku paman, kaula sumeja ngiring.

Jeung nyanggakeun babadaan, tapi lamun ku paman teu kaindit, ku kula meureun dipanggul, éta minangka tanda, jadi éléh saha nu teu kuat manggul, melengék ki lurah bégal, pikirna geus rada risi.

Neuleu catang nu malang, gedé pisan tangtu moal kaindit, maksakeun manéh pék nangtung, catang tuluy dipundak, teu kabawa késangna datang ka ngucur, henteu obah-obah acan, mésem leleb Radén Panji.

Ki Jayapati nyentak, manéh ogé moal enya kaindit, lamun ku manéh kajungjung, kami seja kumawula, rék nuturkeun ka mana anu dijugjug, ngadeg Radén Panji dangdan, catang dipanggul kaindit.

(22)

NO KAGIATAN

3.

Sanggeus niténan téks wawacan atawa nyaksian pidangan wawacan di luhur, siswa dikondisikeun pikeun nanyaakeun ngeunaan materi wawacan ku kalimah: “Kekecapan naon baé anu ku hidep teu dipikaharti? Naon anu aya dina pikiran hidep sabada maca atawa nyaksian pintonan wawacan? Prak susun dina wangun pertanyaan!

4. Guru nganteur jeung marengan siswa ngawangun kontéks pangajaran ngaliwatan ngumpulkeun atawa nuliskeun deui kekecapan nu teu dipikaharti jeung pertanyaan-pertanyaan hasil panitén siswa.

1. MIHARTI KECAP:

Kecap Hartina Kecap Hartina

Pakuwon

Pakarangan imah boga sorangan

(pakarangan karaton karajaan)

Sampalan Tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah

Kapatihan Tempat (kantor) patih karajaaan magawé Kikisik Sisi laut nu mayat sarta keusikan

Kajudi Kaharti Norah Ngaramal

Dongdonan Pangontrog (diontrog, didatangan) Kori Lembur, nagara

Praméswari Pamajikan Ngandika Nyarita, ngomong

Lebak Landeuh, tempat nu leuwih handap sabalikna

“tonggoh” Kaindit Kaangkat, kabawa

Pasir Gunung leutik jeung handap Melengék Hookeun, ngarasa héran

Bubulak Tegal dina lamping gunung atawa lamping

(23)

2. PERTANYAAN UMUM NGEUNAAN WAWACAN

NO KAGIATAN

5.

Guru bisa nambahan pertanyaan anu tacan ditepikeun ku siswa 1. Naon ari wawacan téh?

2. Kumaha cara macana? 3. Iraha dipagelarkeunana? 4. Naon ari beluk?

5. Pupuh naon anu digunakeunana? 6. Kumaha palanggeran pupuhna? 7. Kumaha ngahariringkeunana?

3. MAHAM STRUKTUR WAWACAN

NO KAGIATAN

6.

Guru ngeuyeuban pangaweruh siswa ku cara medar babarengan (diskusi kelompok atawa diskusi kelas) pertanyaan siswa ngeunaan struktur jeung tiori wawacan.

(24)

Wawacan mangrupa carita anu didangding, ditulis dina wangun puisi pupuh. Bédana jeung guguritan, wawacan mah mangrupa lalakon. Pupuh anu dipakéna ogé henteu hiji baé, tapi gunta-ganti tur loba. Upamana baé nu aya dina Wawacan Purnama Alam

karangan R. Suriadiredja. Pupuh anu dipakéna nyaéta Asmarandana (1808 pada), Sinom (1684 pada), Dangdanggula (1374 pada), Pangkur (594 pada), Magatru (261 pada), Kinanti (204 pada), Pucung (161 pada), Mijil (140 pada), Maskumambang (36 pada), jeung Durma (35 pada). Upama dina guguritan pupuh anu loba dipaké téh Asmarandana, Dangdanggula, Kinanti jeung Sinom; ari dina wawacan mah pupuh anu loba dipaké téh nyaéta Asmarandana, Dangdanggula, Pangkur, jeung Sinom. Pupuh nu carang dipaké dina wawacan nyaéta Balakbak, Ladrang, Gambuh, Gurisa, Wirangrong,

jeung Jurudemung.

Nurutkeun para ahli gelarna wawacan dina sastra Sunda téh lantaran pangaruhna tina sastra Jawa. Asupna kana sastra Sunda kira-kira dina mangsa kadua abad ka-19. Harita Tatar Sunda dieréh ku karajan Mataram (Islam). Parabupati Sunda, utamana anu wewengkon Priangan, wajib séba ka Mataram. Ayana di Mataram téh tara sakeudeung-sakeudeung. Balikna mawa sawatara adat-cahara di ditu ka Tatar Sunda. Salian ti éta, teu saeutik deuih pangagung urang Mataram anu ditempatkeun di Urang. Éta kaayaan téh beuki nguatan adat-cahara anyar paraménak Sunda. Pangaruhna dina widang sastra, urang Sunda mimiti wanoh kana guguritan jeung wawacan.

Lain paraménak baé deuih anu gedé andilna asupna wawacan kana sastra Sunda téh. Paraulama ogé teu éléh gedé andilna. Kalolobaan ulama atawa ajengan anu boga pasantrén di urang, saméméhna kungsi masantrén di Wétan. Teu béda ti parabupati, balikna mawa adat-cahara ti ditu. Nya di antarana mawa wangun guguritan jeung wawacan. Malah nerekabna para ajéngan. Salah sahiji buktina, nepi ka kiwari masih kénéh kapanggih wawacan-wawacan anu ditulis ku aksara Arab (Pégon) di pilemburan anu singkur. Eusina mangrupa da’wah Islamiyah.

(25)

tapi nyipta carita-carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun wawacan, saperti tina dongéng, hikayat, jeung babad. Tahap kaopat, sabada aya téknologi citak, wawacan anu tadina mangrupa naskah téh réa anu diterbitkeun mangrupa buku; dibarengan ku ciptaan-ciptaan alanyar, sarta wandana ogé anyar.

Karya sastra wangun wawacan umumna ngabogaan unsur struktur nu maneuh, nyaéta manggalasastra (alofon), eusi, jeung panutup atawa kolofon. Manggalasastra (alofon) eusina sanduk-sanduk papalaku (ménta idin) ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sarta ménta panghampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan. Panutup (kolofon) kauni dina akhir carita nu eusina

titimangsa ditulis atawa disalinna éta wawacan, bari sakalian ménta panghampura nu nulis kana sagala katunaanana. Umumna nu nulis wawacan sok dépé-dépé tur ngarumasakeun. Geura ieu di handap kapidangkeun conto manggalasastra jeung kolofon wawacan.

Manggalasastra:

Kasmaran kaula muji, ka Gusti Ajawajala,

nu murah ka mahluk kabéh, jeung muji utusanana, Kangjeng Nabi Muhammad, nyaéta Nabi panutup, miwah muji sahabatna (Wawacan Rengganis)

Kolofon:

Tamatna kaula ngarang Pukul tujuh malem Kemis di tanggal tujuh welasna, kaleresan bulan April,

taun Kangjeng Masehi, saréwu dalapan ratus, jeung genep puluh dua, marengan hijrahna Nabi,

saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan

(26)

Wawacan ditepikeun ku cara ditembangkeun ngagunakan sora anu tarik jeung ngelewung tarik pisan nu disebut beluk. Seni beluk biasana dipintonkeun dina acara salametan, upamana dina acara salametan orok, khitanan, gusaran, kawinan, jeung salamatan sabada panén.

4. NGAGUAR EUSI WAWACAN

NO KAGIATAN

7.

Siswa dibagi jadi sababaraha kelompok. Tiap kelompok diwangun ku 4 urang. Siswa jeung kelompokna maca sempalan téks “Wawacan Babad Galuh”

ASAL-USUL NGARAN KAWALI Pupuh Pangkur

Nyai Ujung Sekarjingga, didangdanan beuteungna maké kawali, jiga nu reuneuh nyemplu, dicandak ka payunan, dibandingkeun calikna deukeut ka ratu, kocap Ajar Patih datang, geus aya payuneun gusti.

Lajéng Ajar téh haturan, jisim abdi ngahaturkeun pangabakti, éta rupina sakitu, lajéng Ratu mariksa, éta naon geuning kawas rupa daun, pék Ki Ajar téh haturan, reundeu asal ti nu ngirim.

Lamun kitu mah petana, manéh Ajar méré sérédan ka aing, Ratu beuki tambah bendu, manéh Ajar kawasa, cing seug taksir mangkéna ngajuru, ieu pamajikan urang, medal pameget ka istri.

Ratu ngandika ka Ajar, ieu kasakit ku manéh kudu leungit, manéh anu nyieun kitu, Ajar henteu tarima, teu mupakat pada jalma ngieun kitu, wondéning kudu walaras, éta sagala panyakit.

Sugan baé katarima, sembah puji ka Pangéran sajati, miwah kangjeng pararosul, ngan éta Nu kawasa, ngaleungitkeun kana sagalaning mahluk, nu aya di alam dunya, di lahir reujeung di batin.

Ajar tuluy ngawalonan, nun sumuhun perkawis pariksa Gusti kumaha kersana ratu, menggah taksiran abdi mah, ari babar mangké éta Nyai Ujung, geus kantenan moal cidra, putrana éta lalaki.

(27)

Tuluy Ajar seuseurian, heunteu pisan aya suker saeutik, kajeun teuing Ratu bendu, manéhna henteu susah, da geus tangtu éta kersana Yang Agung, moal beunang diowahan, budakna medal lalaki….

Pupuh Sinom

Cing ayeuna geura buka, ku kami sing katingali, barang brak dibarukaan, kawali heunteu kapanggih, enggeus leungit tanpa lebih, kantun beuteung Ujung nyemplu, lajéng reuneuh sayaktosna, héran kabéh nu ningali, tambah-tambah ratu bendu sarta wirang.

Éta kawali didupak, ku Ajar keur waktu tadi, saméméhna dibukaan, ku Ajar enggeus ditarik, ninggangna ka sisi cai, dina sakuloneun lembur, ngaranna téh Selapanjang, mana disebut Kawali mana éta kitu tina caritana.

Tuluy Ajar dibuburak, ku Ratu dititah balik, barang Ajar enggeus pulang Ratu nimbalan ka Patih, éh Patih jeung paramantri, geuwat ku manéh sarusul, Ajar téh geura paéhan, cacag mangka bijil peujit, tuluy budal Patih reujeung balad-balad.

Ajar kasusul di jalan, dirojong ku paramantri, dicacag ditarumbakan, tapi teu mental sahiji, keris tumbak reujeung bedil, kabéh éta mararintul, taya nu newek pisan, tuluy Ki Patih ngalahir, kersa Ratu Ajar kudu dipaéhan.

Ditumbak kudu getihan, sarta kudu tijumpalik, éh kutan kitu kersana, sumangga baé Ki Patih, mana kitu engeus jangji, da kitu kersana Ratu, tuluy Ajar téh ditumbak, sarta barijilan getih, tapi éta getih téh hérang kacida.

(Tina Galuring Sastra, yasana Budi RT)

NO KAGIATAN

8.

Siswa dibagi jadi sababaraha kelompok. Tiap kelompok diwangun ku 4 urang. Siswa ngadiskusikeun struktur “Wawacan Babad Galuh”: 1. Néangan kekecapan nu teu dipikaharti

2. Medar guru wilangan jeung guru lagu pupuh sinom nu aya dina sempalan “Wawacan Babad Galuh”

(28)

4.1. MIHARTI KECAP

Kecap Hartina Kecap Hartina

Kawali Ngaran wadah sabangsaning pariuk

(ngaran tempat di Ciamis) Ngabebenda

Pangabakti Babakti, mintonkeun kasatiaan ka dunungan Sayakti Sakti (ngudag guru wilangan jadi sayakti)

Reundeu Ngaran sabangsaning tutuwuhan anu sok dilalab

daunna Dora

Lawang dina pager kampung atawa pager kebon

Sérédan Sésa kadaharan Suker hésé

Medal Bijil Diowahan Obah, robah

Cidra Jalir jangji Newek Nubles

4.2. NGALARAPKEUN KECAP DINA KALIMAH

KECAP KALIMAH

Kawali “Kiki téh pituin urang Kawali.”

Pangabakti “Sembah pangabakti téh utamana keur nu jadi kolot.” Reundeu “Bi Awit keur meungkeutan daun reundeu.”

Sérédan “Ulah sok méré sérédan ka tatangga, bisi jadi piomongeun.” Medal “Panon poé medal ti beulah wétan.”

Cidra “Ulah cidra kana jangji, moal aya nu mercaya deui.” Ngabebenda

Sayakti “Raja Pajajaran téh sayakti pilih tanding.” Dora

Suker Diowahan

Newek “Balati nu ngagurilap téh newek kana jajantungna.”

4.3. PALANGGERAN PUPUH SINOM

Padalisan Rumpaka Pupuh GW-GL

1. Cing ayeuna geura buka 8-a

2. ku kami sing katingali 8-1

3. barang brak dibarukaan 8-a

(29)

Padalisan Rumpaka GW-GL

5. enggeus leungit tanpa lebih 8-1

6. kantun beuteung Ujung nyemplu 8-u

7. lajéng reuneuh sayaktosna 8-a

8. héran kabéh nu ningali 8-1

9. tambah-tambah ratu bendu sarta wirang 12-a

4.4. UNSUR-UNSUR INTRINSIK KARYA SASTRA DINA “WAWACAN BABAD GALUH”

UNSUR-UNSUR INTRINSIK KARYA SASTRA DINA “WAWACAN BABAD GALUH”

Téma Palaku Galur Setting Amanat

Kasaktén Ajar Patih

1. Nyai Ujung Sekarjingga 2. Ajar Patih 3. Patih 4. Raja

Maju

Selapanjang Kawali Di jalan

Ulah nganggap énténg kana élmu anu dipiboga ku hiji jalma

NO KAGIATAN

9.

Siswa (wawakil kelompokna) dipiharep nyieun parafrase jeung nyaritakeun deui ku basa sorangan.

Nyai Ujung Sekarjingga didangdanan, jeroeun bajuna, lebah beuteungna diteundeunan pendil (kawali) ngarah siga awéwé nu keu reuneuh, diukna dideukeutkeun ka raja. Teu lila ti harita Ajar Patih datang. Tuluy nyembah ka raja. Ku raja ditanya, naon anu dibawana. Ajar Patih ngajawab, yén manéhna mawa daun reundeu. Raja ngambek, asa dihina ku Ajar Patih.

(30)

Raja kacida ambekna. Patih jeung paramantri karajaan dikeprik pikeun ngudag jeung maéhan Ajar Patih. Ajar Patih ditarumbak, dicacagan, tina sakujur awakna baloboran getih, tapi getihna bet hérang kacida.

4.6. LATIHAN MAHAM MATÉRI WAWACAN

NO KAGIATAN

10.

Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap pangbenerna! 1. Pilih pernyataan nu dianggap pangbenerna

a. wawacan téh baheula mah ngabogaan kalungguhan anu penting

b. wawacan mangrupa kasenian tradisional c. wawacan ditulis ku aksara Arab

d. wawacan mangrupa karangan panjang anu ditulis dina wangun puisi pupuh

2. Jaman baheula, wawacan dipagelarkeun dina acara-acara saperti di handap ieu, iwal:

a. saréngséna usum panén b. salametan orok

c. kawinan

d. matang puluh poé nu kapapaténan

3. Wawacan “Purnama Alam” mangrupakeun karangan: a. RH. Muhamad Musa

b. R. Suriadiredja c. Agus Suriamiharja d. Abdullah Mustafa

4. Pupuh anu mindeng digunakeun dina wawacan diantarana nyaéta saperti di handap ieu, iwal:

a. balakbak b. kinanti c. sinom

d. dangdanggula

5. Struktur carita wawacan nyaéta saperti di handap ieu: a. bubuka, eusi, panutup

b. manggalasastra (alofon), eusi, panutup (kolofon) c. kolofon, alofon, panutup

(31)

B. PROSES PENILAIAN

1. SIKAP SPIRITUAL

Nama Peserta Didik :

Kelas :

Tanggal Pengamatan :

Materi :

No. Aspek Yang Diamati Skor Keterangan

4 3 2 1

1. Berdoa sebelum dan sesudah melakukan sesuatu

2. Mengucap syukur atas karunia Tuhan sesuai agamanya masing-masing

3.

Memberi salam sesudah dan sebelum berpendapat dalam presentasi sesuai ajaran agamanya masing-masing

4. Mengucapkan asma keagungan Tuhan apabila melihat kebesaran Tuhan

5. Menambah rasa keimanan akan keberadaan dan kebesaran tuhan saat mempelajari ilmu pengetahuan

Jumlah Skor

Keterangan : Keterangan :

Baik sekali : 16-20 4 : selalu Baik : 11-15 3 : sering

Cukup : 6-10 2 : kadang-kadang Kurang : 1-5 1 : tidak pernah

2. SIKAP SOSIAL (jujur, disiplin, peduli dan santun)

2.1 Jujur

Nama Peserta Didik : Kelas : Tanggal Pengamatan :

(32)

No. Aspek Yang Diamati 4 3 2 1Skor Keterangan

1. Tidak nyontek dalam melaksanakan ujian/ulangan

2.

Tidak melakukan plagiat (mengambil/ menyalin karya orang lain tanpa menyebutkan sumber) dalam mengerjakan setiap tugas

3. Mengemukakan perasaan terhadap sesuatu apa adanya

4. Melaporkan data atau informasi apa adanya

5. yang dimilikiMengakui kesalahan atau kekurangan Jumlah Skor

2.2 Disiplin

Nama Peserta Didik : Kelas : Tanggal Pengamatan :

Materi :

No. Sikap Yang Diamati Melakukan Keterangan Ya Tidak

1. Masuk kelas tepat waktu

2. Mengumpulkan tugas tepat waktu 3. Memakai seragam sesuai tata tertib

4. Tertib dalam mengikuti pembelajaran

5. Tertib dalam mengikuti pembelajaran

6. Mengikuti praktikum sesuai dengan langkah yang ditetapkan

7. Membawa buku tulis sesuai mata 8. Membawa buku téks mata pelajaran

Jumlah Skor

Keterangan :

(33)

2.3. Peduli/Toleransi

Nama Peserta Didik : Kelas : Tanggal Pengamatan :

Materi :

No. Aspek Yang Diamati 4 3 2 1Skor Keterangan 1. Menghormati pendapat teman

2. suku, agama, ras, budaya, dan gender Menghormati teman yang berbeda 3. berbeda dengan pendapatnyaMenerima kesepakatan meskipun 4. Menerima kekurangan orang lain

5. Mememaafkan kesalahan orang lain Jumlah Skor

Keterangan : Keterangan :

Baik sekali : 16-20 4 : selalu Baik : 11-15 3 : sering

Cukup : 6-10 2 : kadang-kadang Kurang : 1-5 1 : tidak pernah

2.4. Santun

Nama Peserta Didik : Kelas : Tanggal Pengamatan :

Materi :

No. Aspek Yang Diamati Skor Keterangan 4 3 2 1

1. Menghormati orang yang lebih tua 2. menerima bantuan orang lainMengucapkan terima kasih setelah 3. menyampaikan pendapat Menggunakan bahasa santun saat 4. mengkritik pendapat temanMenggunakan bahasa santun saat 5. bertemu orang lain Bersikap 3S (salam, senyum, sapa) saat

Jumlah Skor

Keterangan : Keterangan :

Baik sekali : 16-20 4 : selalu Baik : 11-15 3 : sering

(34)

3. PENILAIAN KOGNITIF

3.1 Tugas Individu ke-1

Aspek Kosa Kata (Kabeungharan Kecap) Nama Peserta Didik :

Kelas :

Materi :

(35)

A. NGIMEUTAN CARITA PANTUN

NO KAGIATAN

1.

Saméméh pangajaran dimimitian, aya hadéna peserta didik dikondisikeun pikeun saregep nyanghareupan pangajaran. Upamana baé ngaliwatan pernyataan: “Tos siap diajar Basa Sunda? Upami tos siap, mangga kaluarkeun buku basa Sunda sareng alat tulisna. Pikeun ngawangun karakter disiplin, guru mariksa jeung ngajak ngararapih pakéan seragam siswa. Sanggeus kondisi siswa katingal saregep, guru bisa ngamimitian muka pangajaran ku pertanyaan: “Tiasa IbuBapa ngawitan nerangkeun?”

2.

Guru nepikeun matéri pangajaran anu rék dipedar nyaéta “CARITA PANTUN”. Saméméh prak nepikeun matéri carita pantun, guru medar jeung ngahubungkeun jeung matéri anu geus dibahas (WAWACAN).

3. Guru nepikeun tujuan pembelajaran anu baris dihontal sabada diajar matéri ngeunaan CARITA PANTUN.

4. Guru midangkeun vidéo rekaman carita pantun

5.

Siswa maca teks carita pantun “Lutung Kasarung”

(Rajah Pamuka)

Bul kukus mendung ka manggung, ka manggung neda papayung, ka déwata neda suka, ka pohaci neda suci, kuring rék diajar ngidung, nya ngidung carita pantun, ngahudang carita wayang, nyilokakeun nyukcruk laku, nyukcruk laku nu bahayu,

P

a n g a j a r a n

a n g a j a r a n

2

(36)

mapay lampah nu baheula, lulurung tujuh ngabandung, kadalapan keur disorang, bisina nerus narutus, bisina narajang alas, da puguh galuring tutur,

ngembat papatan carita, ti mendi papisinieun, ti mana pacaritaeun, teuteureuh ti kahiyangan, ditandéan cupu manik, cupu manik astagina, dituruban ku mandepun, diteundeun di jalan gedé, ditunda ku nu ngaliwat, ku nu weruh di semuna, ku nu terang bujaksana, ku nu rancagé di angen, dibuka patinghaleuang, nu ménta dilalakonkeun, cag!

teundeun di handeuleum sium, tunda di hanjuang siang paranti nyokot ninggalkeun.

Kacaturkeun aya hiji nagara, Nagara Pasir Batang Anu Girang. Nagara mahmur kerta raharja, gemah ripah loh jinawi. Rajana Prabu Ageung Tapa, praméswarina anu geulis Nitisuari. Geus lawas mangku kaprabon, ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, kalawan adil tur wijaksana.

Kangjeng Raja kagungan putra tujuh, putrana téh istri sadayana.

Anu cikal jenenganana Purbararang, anu kadua Purbaéndah,

(37)

anu kaopat Purbakancana anu kalima Purbamanik.

Nu pangais bungsu Purbaleuwih. Ari bungsuna, Purbasari Ayu Wangi.

Kangjeng Raja geus lawas mangku kaprabon, aya niat badé lirén tina kalungguhanana, badé teras ngabagawan nyirnakeun pikir. Lajeng badanten sareng praméswari, ngabadantenkeun pigentoseunana,

jadi ratu di Nagara Pasirbatang Anu Girang. Duanana sapuk milih pigentoseunana, nyaéta si bungsu Purbasari Ayu Wangi.

Énjingna Kangjeng Raja ngayakeun kempelan. Patih, paramantri, paraponggawa sami hadir. Hémpak sadayana pangagung di Paséban Agung. Rahayat karumpul ngariung di alun-alun.

Pok Kangjeng Raja sasauran, nyarioskeun niatna, seja masrahkeun kaprabon lajeng ngabagawan. Ari anu ditunjuk janten gegentosna,

nyaéta putri bungsu Purbasari Ayu Wangi. Kangjeng Raja teras jengkar ti karaton.

Putrana anu cikal, Purbararang,

kacida ambekna pédah teu kapilih jadi ratu. Boga rasa kalindih ku Purbasari.

Purbasari dicarékan béak beresih, tuluy diboboréhan ku kéler nahun, awak jeung beungeutna jadi lestreng. Purbasari diusir ti karaton,

disingkurkeun ka Gunung Cupu, dianteurkeun ku Paman Léngsér, disina cicing di saung butut sisi lamping.

(38)

Waktu riungan di paséban Kahiyangan, Guru Minda maling-maling neuteup Ibu, anu sasemu jeung putri dina impianana.

Kalakuan Guru Minda dianggap salah. Guru Minda dititah indit ti Kahiyangan, sarta kudu ka Buana Pancatengah. Di dinya Guru Minda baris patepung jeung putri anu sasemu jeung Sunan Ambu. Guru Minda dibéré baju lutung,

anu kudu dipaké di Buana Pancatengah. Ceuk Sunan Ambu, éta téh mangrupa jalan sangkan bisa papanggih jeung putri téa.

Guru Minda turun ti Kahiyangan, nya anjog ka hiji leuweung geledegan, leuweung anu aya di Buana Pancatengah. Rap baju lutungna dipaké,

jleg baé minda rupa jadi lutung. Lutung lain salutung-lutungna,

tapi lutung anu kasarung ku lampahna. Nya disebut baé Lutung Kasarung.

Urang caturkeun deui Nagara Pasirbatang. Purbararang anu ayeuna geus jeneng ratu, gawéna ngan sukan-sukan jeung curak-curak. Hiji mangsa, Ratu hayang daging lutung. Tuluy ngajurungan Paman Léngsér, nitah Aki Panyumpit ngala lutung. Lutung kudu kabawa pasosoré poé éta, lamun paménta Ratu teu kacumponan, Aki Panyumpit baris ditugel jangga, dihukum pati ku cara diteukteuk beuheung.

(39)

Pamundutna mah henteu sabaraha, ngan teuing ku beurat hukumanana, mun teu hasil baris ditugel jangga. Ku Aki Panyumpit disanggupan.

Aki Panyumpit indit ka leuweung, mawa sumpit jeung paserna, nyoréndang koja si déngdék poé. Datang ka leuweung, teuing ku anéh, henteu manggih sasatoan hiji-hiji acan. Taya banténg, uncal, atawa mencek, malah taya landak-landak acan. Lutung anu biasana patinggurayang, harita mah teu kadéngé sora-sorana acan.

Aki Panyumpit geus pegat pangharepan, mangkaning poé geus mimiti reupreupan. Keur kitu, dina hiji tangkal anu gedé, aya lutung keur diuk campego dina dahan. Aki Panyumpit bungahna kaliwat saking. Terus lutung disumpit, teu beunang. Disumpit deui sababaraha kali,

lutung bisa pisan nyingcetkeun paserna. Paser hiji gé taya nu ngagaris-garis acan.

Keur kitu, lutung téh ngomong,

“Oah, Aki Panyumpit, montong nyumpit! Da kula mah moal kabur ieuh,

arék nurut kana sakahayang Aki!” Aki Panyumpit kagét kabina-bina, ngadéngé lutung bisa ngomong.

“Sukur, Utun, hayu atuh geura turun!” Jrut lutung turun tina tangkal,

tuluy nyampeurkeun ka Aki Panyumpit.

(40)

Aki Panyumpit kabéngbat ku moro. Meunang uncal sapasang jeung mencek. Diasupkeun kana koja si déngdék poé. Lat poho kana dawuhan Ratu, datang ka imah panonpoé geus surup.

Isukna lutung kakara dibawa ka karaton. Aki Panyumpit sasadu ka Purbararang, bari nyaritakeun lalakonna meunang lutung. Aki Panyumpit dihampura ku Purbararang, henteu tulus dihukum ditugel jangga, sabab meunang lutung anu kacida gedéna. Malah sabalikna tina sangkaan,

Aki Panyumpit dibéré rupa-rupa hadiah. Dibéré kuda dawuk ruyung jeung rarahabna, sarta dibéré batur lima kuren tamba keueung.

Geus datang kana mangsana dipeuncit, lutung teuing ku giras, hésé ditéwakna. Dikepung ku jalma pirang-pirang, kalah luluncatan ngaruksak paparabotan. Eusi karaton burak-barik burakrakan. Lutung henteu jadi dipeuncitna.

Ti dinya Purbararang nitah Paman Léngsér, nganteurkeun lutung ka Gunung Cupu, keur pibatureun putri bungsu Purbasari.

Kocap lutung geus aya di Gunung Cupu, ngabaturan Purbasari anu keur prihatin. Lutung karunyaeun ningali kaayaan Purbasari. Awak hideung, papakéan rudin rudag-radig. Barangdahar sakapanggihna saaya-aya. Reup peuting, saré dina palupuh sabébék. Tapi sorotna béda, aya semu Sunan Ambu. “Boa-boa ieu putri dina impian téh, keur dipingit ditapakeun,” gerentes lutung.

Reup peuting, lutung mapatkeun sirep. Lenggut Purbasari katarajang tunduh, les baé kulem teuing ku tibra.

Lutung ngegédogkeun salira.

(41)

Biur ngapung, jog anjog ka Kahiyangan. Wawartos ka Jeng Ibu Sunan Ambu, palay misalin putri Purbasari.

Kapalayna ditedunan ku Sunan Ambu.

Biur ngapung, jleg ka urut tadi, jadi deui lutung.

Isuk-isuk Purbasari ngulisik, tuluy hudang. Kagét liwat saking ningali kaayaan anu béda. Saré dina katil emas, kasurna tujuh susun. Kamarna dipapaés emas berlian patinggurilap. Saung butut robah jadi istana murub mubyar. Pok Purbasari nyarita ka lutung,

“Utun, urang aya di mana, kasasar ka mendi?” “Teu ka mana teu ka mendi, ieu mah pisalin lutung, ladang nyileuk sapeupeuting.”

Purbasari dititah mandi di tampian istana anyar. Gejebur mandi, diruruan sakujur badan.

Baranyay cahayaan, katémbong deui geulisna. Réngsé mandi, papakéanana ogé diganti, ku baju beunang nyadiakeun parabujangga, anu ditunda dina kandaga emas di balé kancana. Barang rap, nu geulis wuwuh murub-mubyar. Geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Lutung ngalingling ngadeuleu maling. “Geulis temen Putri Purbasari,

geulis tanding widadari, semuna ngala ka Ambu.”

Ibur salelembur, éar sajajagat,

Di lamping Gunung Cupu aya istana agréng, cahayana ngempur munggah murub mubyar. Ahirna kaémpér-émpér ka karaton.

Paman Léngsér diutus pikeun muguhkeun, sanggeus balik deui ka karaton hariweusweus, bébéja ka Purbararang yén éta téh istana Purbasari. Purbararang datang bedangna, bijil sirikna.

Nyieun tarékah pikeun nganyenyeri Purbasari.

(42)

Ngadéngé paréntah kitu, Purbasari bati sedih. Datang peuting ngan ukur bisa gulang-guling. Lutung metakeun sirepna, Purbasari saré tibra. Lutung mujasmédi neneda ka Sunan Ambu, ménta sangkan Leuwi Baranangsiang dibendung.

Isukna, isuk-isuk pisan sumebar béja, yén Leuwi Baranangsiang geus dibendung. Aya anu nepikeun éta béja ka karaton. Teu kungsi lila ti harita,

Purbararang jeung adi-adina anu lima, arindit rék marak ka Leuwi Baranangsiang. Diiring ku méh sakabéh pangeusi karaton. Ditéma ku pirang-pirang rahayat,

bari marawa pakakas pikeun marak.

Datang ka Leuwi Baranangsiang,

Léngsér nabeuh bendé tanda marak dimitian. Brus atuh jelema kabéh ancrub ka leuwi. Anu nyair, anu ngecrik, anu ngobéng ogé aya. Laukna rupa-rupa jeung teuing ku loba. Purbararang marak di nu caina linduk, ngahaja milih tempat anu sakira loba laukan. Ari Purbasari marak di girangeunana, marak sorangan teu campur jeung nu lian.

Keur kitu lar aya nonoman kasép ngaliwat. Ngakukeun ngaran Guriang Kawung Luwuk. Padahal nu saéstuna éta nonoman téh

Guru Minda anu teu maké baju lutungna. Purbararang bogoheun ka éta nonoman, tapi ku Sang Guriang ditolak sapajodogan. Malah terus nyampeurkeun ka Purbasari, marak paduduaan bari suka bungah. Lir nu ngahaja mapanas ka Purbararang.

(43)

Tapi teu burung indit ka leuweung, sosoranganan néangan banténg lilin.

Banténg kapanggih ngadangong di sampalan, Purbasari ngayekyek sieun nénjo banténg.

Keur kitu torojol aki-aki kundang iteuk. Ngakukeun ngaran Ki Kuwu Heubeul Isuk. Padahal saenyana Guru Minda anu nyamur. Purbasari ménta tulung pikeun néwak banténg. Banténg digupay ku Ki Kuwu Heubeul Isuk. Banténg nyampeurkeun, brek depa hareupeunana. Ki Kuwu ménta buuk Purbasari salambar, terus ditalikeun kana janggot banténg lilin, dipaké nungtun banténg minangka tambangna.

Banténg lilin ditungtun ku Purbasari,

nurut najan ditungtun ngan ku buuk salambar. Banténg dibawa ka jero dayeuh nagara. Jog ka alun-alun, banténg dicangcang di dinya. Dina tangkal caringin kurung juru alun-alun. Ti dinya Purbasari asup ka jero karaton,

bébéja ka Purbararang yén paméntana katedunan, banténg lilin suku gading mata beureum,

ngadungkuk sagedé saung buruk.

Harita kénéh Purbararang indit ka alun-alun. Barang bréh ningali banténg ngarasa hémeng. Aya banténg teuing ku alus jeung gedé deuih. Purbarang nyampeurkeun banténg lilin, tapi banténg ujug-ujug lumpat ka karaton, tuluy ngamuk nubrukan sagala barang. Bereyek paraponggawa ngepung banténg. Tibatan beunang kalah ka loba nu kaleyek. Ti dinya banténg kabur asup ka leuweung.

(44)

Ari Purbasari dititah ngahuma di tanah angar. Parabotna ngan saukur kujang buntung, ditambahan ku boboko buntung sahiji. Harita kénéh ogé Purbararang ngeprik rayat, pikeun kerja bakti ngamimitian ngahuma.

Purbasari kalah ka bingung leuwih ti misti. Rék ngamimitian ngahuma, ti mana mimitina. Purbasari geus pasrah, narima kana takdir. Ari batur pakumahana ngan ukur lutung. Lutung mapatkeun sirep, reup Purbasari saré. Lutung morosotkeun baju lutungna,

janggélék jadi Guru Minda anu kasép. Biur ngapung ngajugjug ka Kahiyangan, ménta pitulung ka Sunan Ambu. Paméntana ditedunan ku Sunan Ambu.

Isukna, der Purbasari ngamimitian ngahuma, dibantuan ku parabujangga jeung pohaci. Tanah anu tadina angar lantaran cadas ngampar, dadak sakala robah jadi tanah anu léndo. Binihna binih petingan beunang ti Kahiyangan. Anu digarawé teuing ku gancang jeung tapis. Huma anu sakitu legana téh bisa réngsé sapoé. Paréna morontod sarta teu keuna ku hama.

Barang tepi kana waktuna saémbara, anu dijadikeun patokanana téh hasilna. Jaksa anu baris méré pangajén geus sayaga, kitu deui sakumna rahayat nu rék nyaksian. Beubeunangan ngahuma Purbararang, henteu sabaraha lantaran loba nu hapa. Ari beubeunangan ngahuma Purbasari, ngahunyud jeung ranggeuyanana baleuneur. “Purbasari anu unggul!” ceuk Jaksa. Rayat surat ngageder tandaning panuju.

(45)

Jelema pahibut di dapur tangka heurin usik. Tapi leuwih loba anu rék ngadon ngasaan, batan anu digawé nyieun kaolahanana. Ari Purbasari masakna di istanana baé, dibantuan ku Pohaci Wiru Mananggay.

Datang kana mangsana saémbara,

rupa-rupa kadaharan ngabarak di karaton. Sawatara urang anu ditunjuk jadi jaksa, mimiti ngasaan kaolahan beunang Purbararang. Rupa-rupa koméntarna, tapi kabéh taya nu alus. Ceuk ieu cawérang, ceuk itu kurang samara. Ceuk itu kurang uyah, ceuk ieu asin teuing. Ari kana kaolahan Purbasari, taya nyawad. “Nagara kawon!” ceuk jaksa ngagorowok. Rayat surak ambal-ambalan tandaning suka.

Purbararang kalah beuki malik teu suka,

tuluy ngajak paalus-alus samping beunang ninun. Samping Purbararang beunang ninun taun-taun, lobana tilu puluh teu kurang teu leuwih.

Samping beunang ninun Purbasari, ngunung-ngunung lobana sawidak lima. Jaksa mariksa samping nu disaémbarakeun. Samping Purbasari leuwih panjang tur kerep. “Sinjang Purbasari leuwih alus!” ceuk jaksa. Rayat émprak patarik-tarik tandaning sapuk.

(46)

Purbararang ambekna lain kaulinan, terus ngajak pakasép-kasép kabogoh. Purbararang ngasongkeun kabogohna, Indra Jaya satria kasép ngalémpéréng konéng. Ari Purbasari ngan ukur bisa merebey mili. Salila ieu batur keueungna ngan ukur lutung. Éta anu ku Purbararang dianggap kabogohna. Purbasari éléh, sakumna rayat milu nalangsa. Purbasari geus pasrah rék ditugel jangga. Logojo geus rék ngaheumbatkeun gobang.

Keur kitu, lutung ngagédogkeun awakna. Porosot baju lutung ngalumbuk lebah sukuna. Janggélék jadi Guru Minda ti Kahiyangan. Kabéh anu nénjo colohok mata simeuteun. Galécok ngomong jeung padabaturna. Satria ti mana, lalaki ti mendi?

Kakasépanana teu nyésakeun keur batur! Guru Minda ngakukeun kabogoh Purbasari, henteu kudu dijaksaan deui, da kabéh geus tingali, kasépna ngaleuwihan ka Indra Jaya.

Rayat anu keur carolohok gancang sarurak, “Hurséééh, Purbasari unggul, Purbararang éléh!” Minangka hadiahna, Purbasari ngadeg raja, ari Purbararang kudu daék ditugel jangga. Purbararang ceurik bari nyembah acong-congan. “Adi, neda hirup,” Purbararang ngageuri. Rahayat saalun-alun, ngageder patingjorowok. “Hutang nyeri bayar nyeri, hutang lara bayar lara!” Tapi, dasar Purbasari gedé hampura welas asih, Purbararang dihampura, teu tulus dihukum pati.

Kilang kitu, ari dihampura pisan henteu,

sabab pagawéan goréng kudu baé aya wawalesna. Purbararang dijadikeun purah ninun unggal poé, Purbaéndah dijadikeun purah ngantéh,

(47)

Ari Purbaleuwih, anu sok ngabéla Purbasari, dikawinkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, nu jadi patih di Pasir Batang Anu Girang.

Di luar karaton, Indra Jaya ngamuk, bari sosoak nangtang gelut ka Guru Minda. Guru Minda nangtung, dihalangan ku Ki Patih. Ki Bagus Lembu Halang maju ka pakalangan, teu sakara-kara Indra Jaya taluk ku sageprakan. Indra Jaya ménta hirup, basana rék kumawula. Indra Jaya dihampura ku Ki Patih,

dijadikeun tukang ngarit jeung ngajaga kuda. Ayeuna anu ngaheuyeuk Pasirbatang geus merenah, kaprabon geus kacangking ku nu boga hakna.

(Rajah Panutup)

Puun Sapuuuun Hyang Prabu Wastu Pangampura anu diseja

Boh bisi langkung nya saur Boh bisi bahé nya carék Kami ngan darma mitutur Lalakon di lalakonkeun

Puun Sapuuuun Hyang Suwargi Sang Lumahing Nusa Larang Sing langgeng di kasucian Lumanggeng di Kahyangan Ngahiji jeung Maha Suci Nya Hyang Seda Niskala

Puuuun Sapuuuuuuuuuuuuun.

http://qwastu.blogspot.com/

NO KAGIATAN

(48)

2. NGAWANGUN KONTEKS PANGAJARAN CARITA PANTUN NGALIWATAN PERTANYAAN

2.1 MIKAWANOH CARITA PANTUN

NO KAGIATAN

7.

Sabada siswa niténan téks wawacan, kalayan dituyun guru siswa nyieun pertanyaan nu patali jeung matéri carita pantun.

1. Pada (bait) anu mana waé nu nuduhkeun bagian bubuka carita pantun “Lutung Kasarung” dimimitian? Tuliskeun awal kalimahna (padalisan nu mimiti)!

8.

2. Pada (bait) anu mana nu nuduhkeun galur carita pantun “Lutung Kasarung” dimimitian? Tuliskeun awal kalimahna (padalisan nu mimiti)!

9.

3. Pada (bait) nu mana nu nuduhkeun bagian panutup carita pantun “Lutung Kasarung” dimimitian? Tuliskeun awal kalimahna (padalisan nu mimiti)!

4. Niténan pertanyaan nomer 1 -3, bisa dicindekkeun yén struktur carita pantun téh kabagi jadi 3 bagian, nyaéta:

- rajah pamuka

- eusi (déskripsi, narasi, dialog, monolog) - rajah panutup (pamunah)

5. Kekecapan naon baé nu kapanggih ku hidep dina pada kahiji? 6. Naon eusi pada kahiji?

7. Satuluyna, pikeun ngeuyeuban pangaweruhna, siswa diwanohkeun kana sasaruan kecap (sinonim)

Dina wacana Lutung Kasarung di luhur aya kalimah unina:

Geus datang kana mangsana dipeuncit, lutung teuing ku giras, hésé ditéwakna

9.

Kecap giras hartina dibasakeun ka sasatoan anu ngajauhan sabab sieun ditéwak.

(49)

1. Dudi mah lamun ulin téh jarambah. (sok aprak-aprakan jauh) 2. Duit nu lobana Rp. 13 juta keur meuli motor téh geus

kacongcay Rp. 5 juta dipaké heula keur mayar sakola. (ngurangan, kacocéng).

3. Geus sababaraha poé Nandang ngulincer baé nyiar duit, tapi weléh teu aya nu méré nginjeum, (nguriling, ngider)

4. Gina téh ti keur leutik kénéh dikukut ku bibina, lantaran bibina can kabiruyungan boga budak. (waktu)

5. Horéam rék ngajak Si Mardud ka réstoran téh, tuda manéhna mah lamun dahar téh gembul pisan. (tara seubeuh ku dua piring) 6. Ka jalma nu belengong téh loba nu teu raresepeun. (teu nyaho

tatakrama)

7. Kacaturkeun dina hiji poé Nini Ijot indit ka dayeuh maksudna rék meuli baju “longdress”. (kacaritakeun)

8. Si Nurdin mah kebluk (ari hudang téh geus beurang), béda pisan jeung adina mah goréjag (ari hudangna téh isuk-isuk pisan) 9. Edi mah ari boga naon-naon téh ngan hayang nukeurkeun atawa

ngajual baé (bosenan)

10. Karunya ku Si Mémét, koré, padahal umur geus aya welasna taun. (awakna leutik baé)

3. NGAÉKSPLORASI (NGUMPULKEUN INFORMASI)

NO KAGIATAN

10.

Siswa narima jeung ngumpulkeun informasi ti sababaraha sumber ngaliwatan niténan deui, maca deui, conto-conto carita pantun jeung matéri pelajaran carita pantun ti buku sumber, informasi ti guru jeung babaturan sakelas.

11.

Ngaguar Carita Pantun

(50)

Carita pantun téh kaasup sastra lisan. Turun tumuruna jeung sumebarna tatalépa ku cara lisan. Munasabah upama dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung sajabana.

Upama nilik kana eusina, carita pantun téh umumna ngabogaan pola nu sarua nya éta ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran, anu keur ngalegaan nagara anyar, atawa néangan pipamajikaneun.

Ari pola jalan carita pantun umumna téh kieu: Satria ngalalana, upamana baé lantaran néangan putri pipraméswarieun. Sapanjang ngalalana, loba kajadian anu karandapan, saperti peperangan jeung musuh. Ahirna satria Pajajaran téh unggul perangna, tuluy ngadahup ka putri, sarta ngadeg raja.

Nilik kana alur caritana, aya dua golongan, nya éta galur leunjeuran jeung galur simpay. Galur leunjeuran nya éta galur carita nu ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina nitenan ruruntuyan kajadian dina unggal épisodeuna. Dina pungkasan caritana, anu ngalalakon téh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna. Sabada ngéléhkeun sababaraha nagara téh tuluy tumetep ngaheuyeuk nagara patulukan nu pangahirna. Dina galur simpay, palaku utama téh ahirna bisa mulang deui ka nagara asalna sanggeus ngalalana meunang rupa-rupa dodoja, cocoba, sarta pribadina beuki punjul.

Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay téh henteu réa. Contona: pantun Ciung Wanara, Lutung Kasarung, jeung Mundinglaya di Kusumah. Numutkeun Iskandarwassid kénéh, lalakon pantun anu leunjeuran caritana galur simpay téh, umurna leuwih kahot (batan anu caritana galur leunjeuran)

Upama nilik kana wangunna, carita pantun téh mangrupa wangun ugeran (puisi). Di jerona diwangun ku sababaraha bagian; aya bagian rajah, bagian déskripsi, bagian narasi, dialog jeung

monolog jeung rajah panutup/pamunah.

a. Rajah

(51)

Nilik eusina, rajah téh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabédakeun carita pantun jeung seni (sastra) séjénna. Nu matak pantes upama aya nu nyarita, lain ti pantun upama euweuh rajahan.

Rajah téh salilana aya di bagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung béda-bédana rajah henteu gumantung kana carita nu dilalakonkeunana, tapi leuwih gumantung ka juru pantunna. Sanajan caritana béda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna ogé henteu béda.

Conto rajah dina carita pantun Lutung Kasarung:

Bul kukus mendung ka manggung, ka manggung neda papayung, ka déwatan neda suka, ka pohaci neda suci, kuring rék diajar ngidung, nya ngidung carita pantun, ngahudang carita wayang, nyilokakeun nyukcruk laku,

nyukcruk laku nu bahayu, mapay lampah nu baheula, lulurung tujuh ngabandung, kadalapan keur disorang, bisina nerus narutus, bisina narajang alas,

da puguh galuring tutur, ngembat papatan carita, ti mendi papisinieun, ti mana pacaritaeun, teuteureuh ti kahiyangan, ditandéan cupu manik, cupu manik astagina, dituruban ku mandepun,

(52)

ku nu terang bujaksana, ku nu rancagé di angen, dibuka patinghaleuang, nu ménta dilalakonkeun, cag!

teundeun di handeuleum sium, tunda di hanjuang siang, paranti nyokot ninggalkeun.

(Dicutat tina Panca Warna IIA)

b. Narasi

Bagian narasi atawa nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Béda jeung rajah katut kajadian déskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger baé dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun baé ogé. Conto

narasi dina pantun Lutung Kasarung :

Caturkeun ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda kahyangan, anak déwata cikalna, titisan Guru Hyang Tunggal, seuweu batara di langit, ngabujangga di paradéwata, kasép taya papadana, keur meujeuhkeun teguh cangcut.

Tuluy ngimpi kagungan bébéné, sarupa jeung sunan Ambu; ngalingling ngadeuleu maling. Enggeus nganggo raksukan, salin jenengan kana Lutung Kasarung; kasarung ku sadulur, kasimpang ku barayana.

Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap sinjang, bisi kawiwirangan keur ngawula

c. Déskripsi

Bagian déskripsi nya éta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah hiji tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, Léngsér lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti éta ogé bagian déskripsi téh ngagambarkeun ogé pangrasa haté saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun hiji kaayaan.

(53)

Conto déskripsi dina pantun Lutung Kasarung, ngagambarkeun kaayaan Purbasari sanggeus diboréhan kéler nahun ku Purbararang:

Ludak-lédok diboréhan, lain teu wuni boboréh, dipulasan keler nahun, nu geulis ngadadak goréng, hideung batan wadah teuleum, bangbang awak batan gagak, ngan sorotna henteu leungit, sasemu kénéh jeung Ambu, pakéan jiga kiramay, karémbong saburubutan, salindang sariga rambang, dibahan boboko buntung, bawaeun lingging di gunung.

Deskripsi anu ngagambarkeun satria dangdan:

Toroptopan tereptepan, sacokot-cokotna meunang, sabeulit mahi sagolék pangkék, sacangkreud pageuh,

nyigihkeun calana panji, sabuk dantun tali anyar, keris buat mantalan sari, gogodongna si julang anom, disorén tungtungna baé, kekewér dicindé kembang, panjangna sadeupa minder, susumping kembang jayanti

d. Dialog

(54)

Contona:

Paguneman antara Purbararang jeung Purbasari dina pantun Lutung Kasarung:

“Adi, sia hayang hirup ta henteu?”

“ Tétéh, teu kangkat, teu ngalangkungan mapalang. Mana hirup ku Gustina, mana mawas ku Sang Widi, waluya ti kawasana, teu beunang dipaké kahayang kaembung; ing hale kari kumaha pangersakeun jeneng Si Tétéh”

“ Lamun sia hayang awét hirup, di ditu pienggoneun sia, di Gunung Cupu Mandala Ayu, mandala kasawitan di hulu dayeuh.”

Paguneman Purbararang jeung Léngsér

“ Aéh, Mama Léngsér, bagéa teuing, iraha dongkap?” Tembalna Mama Léngsér “ Jagong carang, Ratu Emas!”

“ Jadi Mama Léngsér téh kakara hol? Atuh sukur, Mama Léngsér boa tos noong heula?”

“ Aduh Ratu Emas, ulah tadah-tuduh kanu puguh, ulah ngangaranan ka nu enya, palias teuing lamun teu tas noong”

“ Nya sukur Mama Léngsér, lamun teu tas noong mah. Tapi lamun tas noong, ulah pupulih ka batur, ulah cacarita ka tatangga, ari uar-uar mah kajeun”

e. Monolog

Monolog téh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero haté. Contona monolog Lutung Kasarung dina pantun Lutung Kasarung.

“Karunya teuing ku Aki Panyumpit, gila ku ruksak, dideuleu pakuwon, jeg lain enggon jalma. Rék neneda ka Sunan Ambu, ka Ambu neda pituwuh, ka Rama neda papahat, muga tulus nya pangjurung, muga laksana pangjiad; rék misalin Aki Panyumpit, peuting ieu”

(f) Rajah Panutup

(55)

Pun sapun Awignam Astu Paralun ka Budeur Awun Ka Rumuhun ka Karuhun Sunda Salaka wiwitan Sunda Sembawa munggaran Sunda Pakuan angkeuhan Pun sapun ngala deuk menta

Seja amit kami mipit Ka sakumna lelembutan Nu narindak teu narapak Nu nyoara tan rupana Muga hurip napsi-napsi

Pun sapun ngungkab mandepun

Saksi tulis daun nipah Carita Parahiyangan Gurit tambaga lalayang Gurit saksi batu tulis Tamperkeun saripatina

Pun sapun nyarungsum galur Siksakandang Karesian Kacaangan kahibaran Ku Pustaka Wangsakerta Muga jembar nya panalar Balungbang baranang siang

Pun sapun… Ampun paralun…

(56)

4. MAHAM STRUKTUR CARITA PANTUN

NO KAGIATAN

12. Kalayan diaping ku guru ngaliwatan kagiatan kerja kelompok pikeun ngumpulkeu

Referensi

Dokumen terkait

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu maca jero haté, ngajawab pananya, néangan harti kecap dina kamus, ngalarapkeun kecap sawanda, kecap tina basa Arab, maca

Mangpaat tioritis anu nyampak dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nambah pangaweruh ngeunaan élmu sosiolinguistik jeung kaparigelan basa minangka élmu anu maluruh

siswa dina maham eusi téks. Tés anu dilaksanakeun nyaéta pre-test jeung post-test. Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta dina wangun soal-soal objéktifk. tinulis

Angkét nya éta pertélaan tinulis anu digunakeun pikeun nyangking informasi ti responden dina harti laporan ngeunaan pribadi atawa hal-hal anu dipikanyaho. 199) Angket nya

 Dipiharep saterusna, para siswa bisa meunang kanimatan tina maca jeung nembangkeun carita dina wangun pupuh... Kagiatan Diajar jeung

Ieu lembar soal tés téh fungsina pikeun ngumpulkeun data ngeunaan kamampuh siswa dina diajar nulis surat pribadi antara saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média game (

Raraga karangan anu hade henteu bisa sakali jadi. Nu nulis salilana usaha satekah polah pikeun nyampurnakeun wangun raraga karanganana. Aya lima lengkah dina

Ngayakeun program pengayaan ngan pikeun kompeténsi/matéri anu tacan kapimilik ku siswa. Ku kituna, guru nyadiakeun waktu pikeun siswa dina narima kompeténsi/matéri