• Tidak ada hasil yang ditemukan

BUKU GURU SUNDA KLS 11 2014

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "BUKU GURU SUNDA KLS 11 2014"

Copied!
84
0
0

Teks penuh

(1)

Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK

Kelas XI

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

BASA SUNDA

BASA SUNDA

KIKD Kurikulum 2013

(2)

PANYUSUN: Tatang Sumarsono

Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat

Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin

H. Yayat Sudaryat Risnawati

PENELAAH:

Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd. Dr. Hj. Ai Soi anti, M.Pd.

Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.

Budi Riyanto

Rarancang Eusi:Yoshi Sukadar

Rarancang Jilid: Yoshi Sukadar

Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

Dipedalkeun ku:

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

ISBN: 978-602-1300-26-8 (Jilid Lengkap)

Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

BASA SUNDA

BASA SUNDA

KIKD Kurikulum 2013

Pamekar Diajar

(3)

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.

Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.

(4)

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013

Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA

Pembina Utama Madya NIP. 19570807 198601 1 001 B B B BBBanBBBBBBBBBBananananaaa dud ng, Desem

KKKKKKepepepepepeppppalaalalalalalalalalala a a aa a Dinas Pe

(5)

KEPALA BALAI

PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku: Standar Kompeténsi Lulusan, Standar Isi, Standar Prosés, sareng Standar Penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.

Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid.

Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintii k sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintii k sareng penilaian auténtik dina prosés pangajaran.

Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé

(6)

dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.

Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman.

Bandung, Desember 2013

Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd.

Pembina Tk. I

(7)

Kurikulum 2013 téh saéstuna mah masih kénéh Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) nu dimekarkeun pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék kabutuh karancagéan dina rupining widang, nu ngawengku kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda.

Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah perlu ogé niténan kamandirian basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda.

Kompeténsi dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana kompeténsi dina pangajaran SMA/SMK/MA nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku murid SMA/SMK/MA dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun minangka kaweruh basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Éta kamampuh ogé dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah nu ilmiah (saintii k) kayaning niténan, nanya, nyoba, nalar, jeung ngedalkeun (ngomunikasikeun).

Ieu buku tuturus guru téh ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra

(8)

Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun kautamaan sikep. Keur ngahontal éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana.

Tangtu waé ieu buku téh réa kénéh kahéngkéranana. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyamapurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

Bandung, Oktober 2013

(9)

DAPTAR EUSI

PANGBAGEA:

1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _iii

2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _v

PANGJAJAP _vii

BAB I: PITUDUH UMUM

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru ... 2

B. Padika Make Buku Tuturus Guru ... 2

C. Tatapakan Formal ... 4

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran ... 4

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) ... 5

F. Proses Pangajaran ... 5

G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas XI SMA/SMK/MA/MAK ... 6

BAB II: PITUDUH HUSUS Pangajaran 1: Kawih A. Maca Rumpaka Kawih ... 10

B. Nyangkem Unsur Rumpaka Kawih ... 12

C. Neuleuman Wangun jeung Gaya Basa dina Rumpaka Kawih ... 12

D. Nyusun Paraprase tina Rumpaka Kawih ... 14

Pangajaran 2: Sajak A. Nyangkem Eusi Sajak ... 17

B. Neuleuman Ajén Éstétika dina Sajak ... 19

C. Maham Wanda Sajak ... 20

D. Mintonkeun Sajak dina Wangun Deklamasi ... 21

(10)

Pangajaran 3: Puisi Mantra

A. Maca Mantra ... 24

B. Nengetan Purwakanti dina Mantra ... 26

C. Nganalisis Gaya Basa dina Mantra... 27

D. Nengetan Wirahma dina Mantra ... 28

E. Ngabandingkeun Papasingan Mantra ... 29

Pangajaran 4: Novel A. Nengetan Sempalan Novel ... 31

B. Nyangkem Unsur Novel ... 32

C. Neuleuman Unsur-unsur Novel ... 33

D. Nganalisis Tingkesan Novel ... 34

E. Nulis Sempalan jeung Tingkesan Novel ... 34

Pangajaran 5: Pedaran Pakeman Basa A. Nyangkem Babasan jeung Paribasa ... 36

B. Nyangkem Kapamalian ... 37

C. Nyangkem Kila-kila ... 38

D. Mikaweruh Cacandran ... 39

F. Étos Urang Sunda ... 39

Pangajaran 6: Pedaran Budaya A. Maca Wacana Pedaran ... 40

B. Nganalisis Wacana Pedaran ... 42

C. Nulis Pedaran ... 42

Pangajaran 7: Wawancara A. Maham Pedara Ngeunaan Wawancara ... 44

B. Nyusun Kalimah Pananya Bahan Wawancara ... 45

C. Nuliskeun Bahan jeung Laporan hasil Ngawawancara ... 46

Pangajaran 8: Warta A. Nengetan Warta Tulis ... 47

B. Maham Warta Lisan ... 48

C. Prakték Maca Warta ... 48

(11)

Pangajaran 3: Puisi Mantra ... 57

Pangajaran 4: Novel ... 60

Pangajaran 5: Pedaran Pakeman Basa... 63

Pangajaran 6: Pedaran Budaya ... 65

Pangajaran 7: Wawancara ... 67

Pangajaran 8 :Warta ... 69

(12)
(13)

Bab

Bab

II

(14)

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru

Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.

1. Wincikan léngkah-léngkah pangajaran dina raraga méré gambaran ka guru pikeun ngahontal kompeténsi dasar (KD) jeung indikator.

2. Susunan léngkah-léngkah kagiatan anu ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir.

3. Léngkah pangajaran nu disusun dipiharep bisa ngahontal pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir nu ilmiah (saintii k), kamampuh ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur numuwuhkeun rasa basa Sunda.

4. Dadaran rupining téhnik pikeun meunteun kamampuh murid.

5. Wawaran pikeun calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran pangaweruh murid.

6. Pidangan kagiatan diajar nu silih simbeuh tur silih élédan (sharing). 7. Pituduh ngeunaan cara maké buku babon murid.

Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku:

1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.

2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun.

3. Ngali kaweruh murid samémehna sangkan bisa ngait jeung kaweruh nu bakal diulik.

4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép.

5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.

6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan pamahaman murid.

B. Padika Make Buku Tuturus Guru

(15)

1. Baca heula ieu buku kalawan telik tur imeut unggal kacana. 2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator pangajaran.

3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan tarékah pikeun ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah murid anu hadé.

4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan “pembiasaan”, pieunteungeun, pituladeun, jeung kultur di sakola anu hadé.

5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan dina buku tuturus guru jeung buku babon murid.

6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padika pangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang. 7. Rupining stratégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan,

nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.)kudu ngalibetkeun muridna sorangan jeung ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.

8. Guru dipiharep mekarkeun:

a. Métode “pengajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, dan menyenangkan (PAIKEM)”;

b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;

d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.

9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda.

10. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola.

11. Dina sataun ajaran kelas X aya salapan materi anu kudu dibagi ku guru kalawan proporsional keur dua seméstereun. Kudu ditimbang-timbang ogé alokasi waktu antara seméster I jeung seméster II sangkan pangajaran bisa ditepikeun luyu jeung alokasi waktu anu nyampak.

12. Unggal matéri galeuh rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan).

(16)

14. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid.

15. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan rél eksi sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé katepikeun.

16. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisa.

17. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

C. Tatapakan Formal

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasarkana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda).

Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, luyu jeung pola struktur Kurikulum Nasional. KIKD disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah guru dibéré lolongkrang keur ngembangkeun karancagéanana.

Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber keur tuturus guru. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumber-sumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinya pisan guru kudu rancingeus pikeun néngan jeung ngungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kahontal jeung kacumponan.

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

(17)

terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran.

Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL)

Ranah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/

MA/MAK

Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun

Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun

Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.

Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. Proses Pangajaran

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintii k, anu léngkah-léngkahna:

1. Niténan (mengamati), ku cara maca, ngaregepkeun, atawa nongton; 2. Nanya (menanya), ku cara ngayakeun tanya jawab atawa sawala;

3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh anu leuwih jembar;

4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen);

5. Midangkeun, ngedalkeun, atawa nepikeun (mengkomunikasikan)

(18)

G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD)

Kelas XI SMA/SMK/MA/MAK

KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

1.1 Menghayati dan mengamalkan ajaran agama yang dianutnya

1.1.1 Mensyukuri anugerah Tuhan akan keberadaan bahasa Sunda dan menggunakannnya sesuai dengan kaidah dan konteks sosial budaya sebagai sarana komunikasi melalui RUMPAKA KAWIH, SAJAK, MANTRA, NOVEL, BAHASAN, DESKRIPSI, WARTA, dan

WAWANCARA 1.2 Menghayati dan

mengamalkan

perilaku jujur, disiplin, tanggungjawab, peduli (gotong royong, kerjasama, toleran, damai), santun, responsif dan proaktif dan

menunjukkan sikap sebagai bagian dari solusi atas berbagai permasalahan dalam berinteraksi secara efektif dengan lingkungan sosial dan alam serta dalam menempatkan diri sebagai cerminan bangsa dalam pergaulan dunia

1.2.1 Menunjukkan prilaku jujur, disiplin, peduli, dan santun dalam berbahasa Sunda untuk memahami RUMPAKA KAWIH, SAJAK, MANTRA, dan NOVEL. 1.2.2 Menunjukkan prilaku jujur,

disiplin, peduli, dan santun dalam berbahasa Sunda untuk memahami teks BAHASAN BUDAYA SUNDA dan DESKRIPSI YANG MENGANDUNG PAKEMAN BASA.

1.2.3 Menunjukkan prilaku jujur, disiplin, peduli, santun, dan proaktif dalam berbahasa Sunda untuk memahami teks WAWANCARA serta WARTA dan/atau IKLAN

1.3 Memahami, menerapkan, menganalisis pengetahuan faktual, konseptual, prosedural berdasarkan rasa ingintahunya tentang ilmu pengetahuan,

1.3.1 Mengidentii kasi dan menganalisis RUMPAKA KAWIH sesuai dengan kaidah-kaidahnya.

1.3.2 Mengidentii kasi dan menganalisis SAJAK sesuai dengan kaidah-kaidahnya.

(19)

kaidah-dan humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait fenomena dan kejadian, serta menerapkan pengetahuan prosedural pada bidang kajian yang spesii k sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah

1.3.4 Mengidentii kasi dan menganalisis NOVEL sesuai dengan kaidah-kaidahnya.

1.3.5 Mengidentii kasi dan menganalisis bahasan budaya Sunda sesuai dengan kaidah-kaidahnya.

1.3.6 Mengidentii kasi dan menganalisis DESKRIPSI yang mengandung PAKEMAN BASA (babasan jeung paribasa, cacandran, dan/atau uga) sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 1.3.7 Mengidentii kasi dan menganalisis

teks WAWANCARA sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.

1.3.8 Mengidentii kasi dan menganalisis teks WARTA dan/atau IKLAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.

1.4 Mengolah, menalar, dan menyaji dalam ranah konkret dan ranah abstrak terkait dengan pengembangan dari yang dipelajarinya di sekolah secara mandiri, dan mampu menggunakan metoda sesuai kaidah keilmuan

1.4.1 Menanggapi dan mengekspresikan RUMPAKA KAWIH sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.

1.4.2 Menanggapi dan mengekspresikan SAJAK sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan. 1.4.3 Menanggapi dan membahas

MANTRA secara lisan dan tulisan. 1.4.4 Menanggapi dan meringkas NOVEL

sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.

1.4.5 Menyusun dan menanggapi DESKRIPSI yang mengandung PAKEMAN BASA sesuai dengan kaidah-kaidahnya.

(20)

1.4.7 Menyusun, memperagakan, dan menanggapi teks WAWANCARA sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 1.4.8 Menyusun, menyampaikan, dan

(21)

Bab

Bab

I I

I I

(22)

NO. KAGIATAN

1 Guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran kawih.

Guru ngajelaskeun tujuan nu kudu dihontal ku siswa saréngséna diajar kawih.

Guru ngagali pangaweruh murid ku cara ngayakeun tanya jawab sabudeureun kawih, di antarana ngajak pikeun nginget-nginget kawih Sunda anu kungsi diregepkeunana, nepikeun mangpaat maham kana eusi jeung éndahna kawih salaku seni jeung media diajar basa Sunda. Guru ngarahkeun sangkan bisa mekarkeun sikep jujur, tanggung jawab, jeung santun sanggeus diajar basa Sunda minangka bagian tina kaarifan lokal.

2

Guru ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri kawih ku cara nyebutan sawatara judul kawih Sunda nu kasohor. Upamana kawih Darso, jeung sajabana.

3

Guru nepikeun tujuan pangajaran kawih luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep, di antarana:

maluruh unsur rumpaka kawih

maham wangun jeung gaya basa dina rumpaka kawih nyusun paraprase tina rumpaka kawih, jeung

ngalengkepan rumpaka kawih

A. Maca Rumpaka Kawih

NO. KAGIATAN

4.

Guru leuwih ti heula ngawanohkeun dua rumpaka kawih ngeunaan kadaharan jeung inuman anu judulna “És Lilin” jeung “Colénak” nu satuluyna dibaca ku siswa.

(23)

5.

Guru ngajak sakumna murid maca éta rumpaka kawih (upama aya) bari ngaregepkeun rékaman CD, DVD, atawa wangun rékaman séjénna. Upama teu aya rékamananan bisa dihaleuangkeun ku guru atawa ku salah saurang siswa.

6.

Pikeun nambahan wawasan siswa, guru ngawanohkeun ihwal rumpaka kawih, di antarana wangenan kawih, asal muasal istilah kawih, sajarah kamekaran kawih. Upama dianggap perlu, nepi ka ngaguar bédana kawih jeung wangun puisi séjénna upamana pupuh. Catetan: guru ulah kalalanjoan teuing medar istilah kawih, bisi hal poko, nyaéta neuleuman rumpaka kawih teu kaguar sagemblengna.

7.

Migawé pancén 1

Sangkan prosés pangajaran leuwih museur ka siswa, guru ngabagi siswa jadi sababaraha kelompok. Unggal kelompok diwangun ku 4 atawa 5 urang.

Guru maréntahkeun siswa pikeun maluruh deui rumpaka kawih “És Lilin” jeung “Colénak” nu geus diregepkeunana pikeun migawé pancén ngeunaan:

1. nuliskeun kecap-kecap anu teu kahari sarta maluruh hartina dina kamus.

“És Lilin” “Colénak”

Kecap Harti kamus Kecap Harti kamus

Inggis

Jsté. Sieun

Kakoncara

Jsté. kasohor

2. maluruh jumlah pada jeung jumlah jajar unggal padalisan

Upamana:

“És Lilin” “Colénak”

Jumlah Pada padalisan Jumlah Pada padalisan Jumlah diwangun ku

6 pada

-

Pada kahiji: 4 padalisan Jsté

-

diwangun ku

4 pada

-

Pada kahiji: 4 padalisan Jsté

-

3. maluruh eusi

rumpaka lagu “És Lilin” euina nyaritakeun ngeunaan … rumpaka kawih “Colénak” euina nyaritakeun ngeunaan…

(24)

B. Nyangkem Unsur Rumpaka Kawih

No. Kagiatan

9.

Dina ieu bagian guru babarengan jeung siswa medar perkara unsur nu aya dina rumpaka kawih “És Lilin” jeung “Colénak” sakumaha anu diguar dina buku siswa.

10. Guru ngajak siswa pikeun maluruh rasa, nada, amanat. jeung téma nu aya dina kawih “És Lilin” jeung “Colénak”.

11.

Migawé Pancén 2

Guru ngabagi siswa jadi sababaraha kelompok. Unggal kelompok dipapancénan maluruh ngeunaan unsur-unsur nu aya dina rumpaka kawih nu judulna “Colénak”.

Upamana,

Kelompok 1 maluruh jeung ngajelaskeun rasa Kelompok 2 maluruh jeung ngajelaskeun nada Kelompok 3 maluruh jeung ngajelaskeun amanat Kelompok 4 maluruh jeung ngajelaskeun téma Jsté.

12. Guru maréntah siswa pikeun medar hasil gawé kelompok dina kagiatan (11)

C. Neuleuman Wangun jeung Gaya Basa dina Rumpaka

Kawih

NO. KAGIATAN

13.

(25)

14.

Guru maréntah siswa pikeun nengetan rumpaka kawih “És Lilin” nu diwangun ku cangkang jeung eusi, contona:

Itu saha dunungan nu nungtun munding digantélan geuning ku saputangan

itu saha dunungan nu ginding teuing sihoréng mah aduh geuning jungjunan

15.

Guru maréntah siswa pikeun nengetan sora tungtung unggal jajar dina rumpaka kawih “És Lilin”, contona:

Itu saha dunungan nu nungtun munding

digantélan geuning ku saputangan itu saha dunungan nu ginding teuing sihoréng mah aduh geuning jungjunan

16.

Guru ngajak siswa pikeun maca rumpaka kawih “Bulan Batu Hiu” bari ngaregepkeun tape, video, MP3 atawa wangun rékaman séjénna

Satuluyna guru ngajak siswa pikeun maham gaya basa nu aya dina kawih “Bulan Batu Hiu”, kayaning a) Métapora (metaphor), b) mijalma (personii kasai), c) ngasor (litotes), d) rarahulan (hiperbola) , jeung d) rautan (eupimisme) sakumaha anu dipedar dina buku siswa.

17.

Guru ngajak siswa nengetan kecap-kecap nu ngandung gaya basa atawa kecap nu ngandung harti injeuman (konotasi) dina rumpaka kawih “Bulan Batu Hiu” sakumaha anu dipedar dina buku siswa.

Conto:

Kecap-kecap nu ngandung gaya basa babandingan (metapora) kayaning:

Bulan nu ngagantung Æ ngabandingkeun kana barang séjén nu digantung tur biasana maké tali (gaya basa metafora)

tinggal sapasi Æ ngabandingkeun kana barang séjén biasana dahareun nu dibagikeun sapasi séwang (gaya basa metafora)

sésa purnama kamari Æ ngabandingkeun kana barang séjén upamana dahareun teu béak atawa duit sésa balanja (gaya basa metafora) sagala rasa dibedah Æ kecap bedah biasana sok dilarapkeun kana balong atawa tanggul

Dina ruang haté Æ kecap ruang sok dipaké pikeun nuduhkeun tempat atawa patempatan (rohangan) (gaya basa metafora)

sapeupeuting nyaksi Æ kecap nyaksi biasana dipaké ku jalma, jadi saksi atawa nyaksian. (gaya basa personifi kasi atawa mijalma).

cangkang

Eusi

Padeukeut sora I (ding jeung ing)

(26)

18.

Migawé pancén 3

Pikeun migé ieu pancén, hadéna mah siswa dibagi jadi sababara kelompok. Tuluy dibagi tugas, unggal kelompok meunang tugas anu béda, upamana:

Kelompok 1 migawé pancén no.1 maluruh cangkang jeung eusi unggal pada dina rumpaka kawih “És Lilin”

Kelompok 2 migawé pancén no.2 maluruh cangkang jeung eusi nu aya dina rumpaka kawih “Bubuy Bulan”

Kelompok 3 migawé pancén no.3 maluruh sora nu padeukeut unggal tungtung padalisan dina rumpaka kawih “Bubuy Bulan”

Kelompok 4 migawé pancén no.4 maluruh gaya basa naon waé nu aya dina rumpaka kawih “Bubuy Bulan” .

Kelompok 5 migawé pancén no.5 maluruh kecap-kecap naon waé anu dibalikan deui dina rumpaka kawih “Bubuy Bulan”

19. Guru maréntahkeun ka siswa nu aya dina unggal kelompok pikeun midangkeun hasil pagawéanana.

D. Nyusun Paraprase tina Rumpaka Kawih

NO. KAGIATAN

20. Pikeun maham eusi rumpaka kawih, dina ieu bagian guru ngajelaskeun di antarana bisa ku cara ngawangun paraphrase.

Guru ngajak siswa pikeun nengetan conto ngawangun paraphrase rumpaka kawih “Malati di Gunung Guntur” jeung rumpaka kawih “Kabogoh Jauh” sakumaha anu aya dina buku siswa.

Conto:

Malati di Gunung Guntur Seungitna sungkeman ati Bodas sésétraning rasa jadina dina mumunggang leuweung larangan

Proses ngawangun paraphrase:

(kacaritakeun aya wanoja. Bakat ku geulis lir ibarat mekarna kembang)

malati (éta wanoja téh ayana) di Gunung Guntur (daérah Garut).

(27)

21.

(Warnana) bodas (nyacas jadi) sésétraning rasa (sakur nu ningali) (Éta kembang téh) jadina (persis) dina mumunggang (gunung Guntur) (Nu teu meunang kasaba ku manusa, dan cenah mah éta téh leuweung larangan)

Hasil ngawangun paraphrase:

Kacaritakeun aya hiji wanoja. Bakat ku geulis, éta kageulisanana téh diibaratkeun lir kembang malati nu keur mekar. Éta wanoja téh

cicingna di Gunung Guntur daérah Garut.

Ma’lum ka nu geulis. Kabéh jalma pada apal. Tapi teu sagawayah jalma (lalaki) bisa manggihan éta wanoja, sabab cicingna di mumunggang

gunung Guntur, nu teu meunang kasaba ku manusa, da cenah mah éta téh leuweung larangan.

22.

Pancén 4:

Guru maréntah siswa pikeun nyaritakeun eusi rumpaka kawih nu judulna “Malati di Gunung Guntur” jeung “Kabogoh Jauh” dina wangun paraphrase atawa wangun prosa séjénna kawas conto.

Pikeun migawé ieu pancén, siswa dibagi jadi sababaraha kelompok. Upamana:

Kelompok 1, migawé pancén nyusun paraphrase rumpaka kawih “Malati di Gunung Guntur”

Kelompok 2, migawé pancén nyusun paraphrase rumpaka kawih “Kabogoh Jauh”

Kelompok 3, migawé pancén nyusun paraphrase rumpaka kawih “Malati di Gunung Guntur”

Kelompok 4, migawé pancén nyusun paraphrase rumpaka kawih “Kabogoh Jauh”

23. Guru maréntahkeun ka siswa nu aya dina unggal kelompok pikeun midangkeun hasil pagawéanana.

24. Guru ngoméntaran jeung meunteun hasil pagawéan kelompok.

E. Ngalengkepan Rumpaka Kawih

NO. KAGIATAN

(28)

26.

Guru ngajak siswa pikeun ngawangun kelompok, saterusna méré tugas pikeun:

ngalengkepan éta rumpaka kawih!

maluruh rékaman kawihna dina wangun MP3 atawa wangun rékaman séjénna!

nyaawalakeun eusina! Upamana:

Kelompok 1, migawé tugas nu aya dina rumpaka kawih nu judulna “Peuyeum Bandung”,

Kelompok 2, migawé tugas nu aya dina rumpaka kawih nu judulna “Borondong Garing”,

Kelompok 3, migawé tugas nu aya dina rumpaka kawih nu judulna “Tauco Cianjur”,

Kelompok 4, migawé tugas nu aya dina rumpaka kawih nu judulna “Goréng Pisang”,

Kelompok 5, migawé tugas nu aya dina rumpaka kawih nu judulna “Tahu Sumedang”

Jsté.

Pikeun ngalengkepan rumpaka kawih, siswa bias maluruh dina internet, atawa ngaregepkeun MP3 sarta wangun rékaman séjénna.

27. Guru maréntahkeun ka siswa nu aya dina unggal kelompok pikeun midangkeun hasil pagawéanana.

(29)

NO. KAGIATAN

1 Guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran sajak.

Guru ngajelaskeun tujuan nu kudu dihontal ku siswa saréngséna diajar sajak.

Guru nepikeun mangpaat maham eusi sajak sarta ajén kaéndahan sajak.

Guru ngarahkeun siswa sangkan bisa mekarkeun sikep jujur, tanggung jawab, jeung santun sanggeus diajar basa Sunda minangka bagian tina kaarifan lokal.

2

Guru ngagali pangaweruh nu nyampak dina diri siswa ku cara ngayakeun tanya jawab sabudeureun sajak.

Guru ngajak siswa pikeun aub leuwih daria kana matéri sajak ku cara nyebutan sawatara judul sajak Sunda atawa ngajak pikeun nginget-nginget sajak Sunda nu kungsi dibaraca ku siswa.

3

Guru nepikeun tujuan pangajaran sajak luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep, kayaning mampu ngaidenti kasi, nganalisis, méré koméntar, ngaeksperikseun sajak luyu jeung kaidah-kaidahna, ngaliwatan kagiatan.

A. maca pikeun nyangkem eusi Sajak B. Neuleuman ajén éstétika dina Sajak C. maluruh Wanda Sajak

D. mintonkeun Sajak dina Wangun Deklamasi E. ngarang Sajak

A. Nyangkem Eusi Sajak

NO. KAGIATAN

4. Dina ieu bagian dipiharep siswa mampuh nyangkem eusi sajak anu judulna “Priangan” karya Rahmat M. Sas Karana.

(30)

5.

Guru maréntah sakabeh siswa siswa pikeun maca dina jero atawa maca ngilo sajak nu judulna “Priangan” karya Rahmat M Sas Karana. Sangkan kacangkem eusi sajak, siswa diparéntah macana bisa sababaraha kali.

6. Guru nanyakeun ka siswa kesan nu katangkep dina éta sajak, saméméh siswa neruskeun maca pedaran eusi éta sajak nu aya dina buku siswa.

7.

Guru maréntah siswa maca pedaran singget ngeunanan eusi sajak “Priangan”.

Upama dianggap perlu guru bisa leuwih jembar deui medar éta eusi sajak ku cara ngagali pangalaman siswa hasil maca atawa pangalaman nyata nu kabandungan ku siswa ngeunaan alam Priangan.

8.

Pancén 1

Guru maréntah siswa sangkan migawé pancén 1.

Pikeun ngaréngsékeun pancén 1, hadéna leuwih ti heula siswa dina sababaraha kelompok (umapana jadi 6 kelompok). Tugas unggal kelompok teu sarua, upamana

- Kelompok 1: maluruh harti kecap mojang lenjang, hideung santen,

srangéngé, dipépéndé, ngempur, jungjunan, puput umur, kurebkeun, jeung pangkonan dina kamus.

- Kelompok 2: ngajelaskeun ma’na ungkara dina sajak mojang lenjang nu hideung santen nu aya dina padalisan kahiji sajak “Priangan” - Kelompok 3: maluruh gaya basa nu dipaké ku panyajak nepi ka

tatar Sunda atawa alam Priangan téh diibaratkeun mojang lenjang nu hideung santen

- Kelompok 4: maluruh kecap nu ngandung gaya basa mijalma (personii kasi) dina padalisan ka-2 jeung ka-3;

- Kelompok 5: maluruh alesan naon sababna panyajak nulis kecap

jungjunan dina padalisan ka-4;

- Kelompok 6: maluruh alesan naon sababna panyajak nulis kecap

pangkonan dina padalisan ka-6?

9.

Guru maréntah siswa pikeun midangkeun hasil gawé kelompok. Guru ngabandungan siswa nu aya dina unggal kelompok nu midangkeun hasil pagawéaanana séwang- séwangan.

10.

(31)

B. Neuleuman Ajén Éstétika dina Sajak

NO. KAGIATAN

11. Dina ieu bagian dipiharep siswa mampuh neuleuman ajén ététika nu aya dina sajak.

12.

Guru leuwih ti heula maréntah siswa pikeun maca dina jero haté atawa maca ngilo pikeun neuleuman eusi sajak nu judulna “Lemah Cai Kuring” karya Apip Mustopa.

13. Guru nanyakeun ka siswa kesan nu katangkep dina éta sajak, saméméh siswa neruskeun maca pedaran eusi éta sajak nu aya dina buku siswa.

14.

Guru ngajak siswa pikeun neuleuman ajén éstétika sajak “Lemah Cai Kuring” karya Apip mustopa, di antarana aspék purwakanti.

Contona:

Padeukeutna sora di ahir atawa di tungtung disebutna purwakanti laras wekas:

Lemah kuring i

Cai kuring i

Geuning geus loba nu kurang a

Gaya basa mindoan kawit atawa gaya basa répetisi:

Lemah kuring Cai kuring

Geuning geus loba nu kurang

Lemah kuring Cai kuring

Geuning geus loba nu hayang

15.

Pancén 2

Guru maréntahkeun siswa nyawalakeun eusi sajak nu judulna “Tukeurkeun Ieu Sajak” karya Yus Rusyana.

Pikeun migawé ieu pancén 2, siswa dibagi jadi sababaraka kelompok (unggal kelompok 4-5 urang). Pancén nu kudu dipigawé ku unggal kelompok nyaéta:

1. nyatet kecap-kecap nu teu dipikaharti dina sajak, tuluy maluruh hartina dina kamus;

(32)

3. maluruh ajén éstétika naon waé nu aya dina éta sajak; 4. maluruh eusi nu dicaritakeun dina éta sajak?

5. Ngajelaskeun nu diébréhkeun ku panyajak dina pada kahiji, kadua, katilu, jeung pada kaopat?

16. Guru ngabandungan siswa nu aya dina unggal kelompok midangkeun hasil pagawéaanana séwang- séwangan.

17.

Guru maréntahkeun ka unggal siswa pikeun nyatet sakur hasil sawala, nepi ka sakabeh siswa ngabogaan catetan jawaban pancén 2 hasil sawala.

C. Maham Wanda Sajak

NO. KAGIATAN

9.

Dina ieu bagian dipiharep siswa miboga pangaweruh jeung pamahaman ngeunaan wanda sajak, di antarana pangaweruh ngeunaan sajak lirik jeung sajak lirik.

10.

Guru maréntah ka sababaraha urang siswa pikeun maca bedas sajak nu judulna “Seuneu Bandung”. Kalawan bagilir nepi ka dua tilu balikan, nepi ka siswa wanoh kana rumpaka éta sajak.

12. Guru nanyakeun kesan nu katangkep dina éta sajak, saméméh siswa neruskeun maca pedaran eusi éta sajak nu aya dina buku siswa.

13. Guru maréntah siswa pikeun maca pedaran ngeunaan sajak “Seuneu Bandung”

14.

Pancén 3

Dipigawé ku unggal kelompok, pancénna nya éta: maluruh kesan eusi sajak “Seuneu Bandung” nu aya dina padalisan ka-2, ka-3, jeung ka-4. (ku cara kelompok, siswa bakal leuwih laluasa nepikeun pamanggihna ka babaturan nu aya dina éta kelompokna, sajaba ti éta guru bisa leuwih ei sien dina ngabandungan bédana pamanggih nu diébréhkeun ku wawakil unggal kelompok)

15. Guru ngabandungan siswa nu aya dina unggal kelompok midangkeun hasil pagawéaanana séwang- séwangan.

16.

(33)

17.

Siswa masih ngagabung jeung kelompokna séwang-séwangan.

Guru maréntah siswa pikeun maca pedaran nu aya dina buku siswa ngeunaan sajak épik.

18. Guru maréntah siswa pikeun maca sajak nu judulna “Di Panugaran Batu Curug Sigay” karya Agus Suriamiharja.

19.

Guru maréntah ka salah saurang siswa minangka wawakil ti unggal kelompok pikeun maca bedas sajak “Di Panugaran Batu Curug Sigay” karya Agus Suriamiharja sacara bagilir.

20.

Guru nanyakeun kesan nu katangkep dina éta sajak, saméméh siswa neruskeun maca pedaran eusi éta sajak nu aya dina buku siswa.

Sajeroning siswa nepikeun kesan nu aya dina eusi sajak, guru nuyun siswa pikeun maham eusi sajak.

21. Guru ngajelaskeun prosés maham eusi sajak “Di Panugaran Batu Curug

Sigay” ku cara paraphrase.

22.

Pancén 4

Guru maréntahkeun ka siswa nu aya dina unggal kelompok pikeun migawé pancén 4 neruskeun nyusun paraphrase sajak “Di Panugaran Batu Curug Sigay”

(Hasil gawé kelompok téh tangtu moal sarua, gumantung kana kasang tukang pangalaman jeung pangaweruh siswana séwang-séwangan)

23. Guru ngabandungan siswa nu aya dina unggal kelompok midangkeun hasil pagawéaanana séwang- séwangan.

24.

Guru maréntahkeun ka unggal siswa pikeun nyatet sakur hasil sawala, nepi ka sakabeh siswa ngabogaan catetan jawaban pancén 4 hasil sawala.

D. Mintonkeun Sajak dina Wangun Deklamasi

NO. KAGIATAN

25. Guru ngawanohkeun ka siswa tehnik sajak digalantangkeun atawa ngadéklamasikeun sajak.

26.

Guru maréntah siswa pikeun maca jero haté salah sahiji sajak nu judulna Cadas Pangéran karya Yus Rusyana, Grand Prix katya Godi Suwarna,

(34)

27.

Guru nanyakeun kesan nu karandapan ku siswa sanggeus maca salah sahiji sajak nu judulna Cadas Pangéran karya Yus Rusyana, Grand Prix katya Godi Suwarna, atawa Ajengan Cigalumpit karya Apip Mustopa.

28. Guru ngaréspon sarta ngalelempeng pamanggih siswa, nepi ka siswa bener-bener maham eusi éta sajak .

29. Guru maréntah siswa pikeun maca bedas kalawan dijiwaan tur éksprésif salah sahiji sajak anu dipikaresepna tina tilu judul éta sajak.

30. Guru maréntah siswa ngapalkeun hiji sajak nu dipikaresepna nepi ka kacangkem pikeun didéklamasikeun.

31

Guru maréntah ka unggal siswa pikeun ngadéklamasikeun salah sahiji sajak.

Sajeroning siswa ngadéklamasikeun sajak, siswa séjénna diparéntah pikeun ngabandungan jeung meunteun babaturanana, nyatet kakurangan jeung kaunggulanana nepi ka ngasongkeun koméntarna.

E. Ngarang Sajak

NO. KAGIATAN

32.

Hasil pangalaman maca sababaraha sajak nepi ka ngadéklamasikeunana bakal jadi modal minangka bekel siswa dina diajar ngébréhkeun eusi haté dina wangun sajak.

32. Dina ieu bagian guru ngajak siswa pikeun diajar nulis sajak.

Guru maréntah siswa pikeun nulis hiji sajak kalawan nataan léngkah-léngkahna, kayaning:

1. Nangtukeun Téma. Naha rék téma alam, téma cinta, téma kaagamaan, atawa téma diajar.

2. Tina téma nu geus ditangtukeun, terus tangtukeun rasa atawa suasanana. Téma cinta upamana, naha rék cinta nu pikabungaheun atawa cinta nu pikasediheun. Cinta nu pikabungaheun upamana keur kasamaran atawa rék jadian, sedengkeun cinta nu pikasediheun upama keur pepegatan atawa pipisahan.

(35)

33

4. Gunakeun simbul atawa perlambang. Dina sajak “Cadas Pangéran” di luhur aya ungkara basa /Kekerot Daendels nyabak gobang/. Éta téh ngalambangkeun hiji kaayaan jalma nu keur ambek.

5. Léngkah saterusna nyaéta ngarakit kecap. Kecap kudu dipilih sangkan éndah dibacana, nyaétamiboga wirahma (irama), murwakanti (rima), jeung ngandung gaya basa.

Lima léngkah diluhur téh kaasup ogé kana unsur pangaweruh sajak, nyaéta téma, suasana, imaji, simbul, atawa perlambang, wirahma jeung purwakanti, sarta gaya basa.

34.

Guru maréntah siswa pikeun macakeun sajak meunang nulisna jeung ngoméntaran éta hasil karya sarta dituduhkeun bagian-bagian sajak nu dianggap masih héngkér kénéh.

35.

Guru jeung siswa babarengan nyindekkeun pangajaran ngeunaan sajak.

(36)

NO. KAGIATAN

1 Guru ngabsén siswa sarta nyiapkeun pangajaran mantra.

Guru ngajelaskeun tujuan nu kudu dihontal ku siswa saréngséna diajar mantra.

Guru nepikeun mangpaat maham eusi mantra sarta ajén kaéndahan mantra.

Guru ngarahkeun siswa sangkan bisa mekarkeun sikep jujur jeung tanggung jawab, sarta santun sanggeus diajar basa Sunda minangka bagian tina kaarifan lokal.

2

Guru ngajak siswa pikeun aub leuwih daria ngagali pangaweruh nu nyampak dina diri siswa ku cara ngayakeun tanya jawab sabudeureun mantra.

3

Guru nepikeun tujuan pangajaran mantra luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep, kayaning mampu ngaidentii kasi, nganalisis, méré koméntar, ngaeksperikseun sajak luyu jeung kaidah-kaidahna, ngaliwatan kagiatan:

a) maca mantra

b) nengetan purwakanti dina mantra c) nganalisis gaya basa dina mantra d) nengetan wirahma dina mantra e) ngabandingkeun papasingan mantra

A. Maca Mantra

NO. KAGIATAN

4. Dina ieu bagian dipiharep siswa mibanda pangaweruh ngeunaan mantra ku cara maca sababara conto puisi mantra

(37)

5.

Guru maréntah siswa maca salah sahiji wanda mantra nu sok disebut jampé. Pikeun museurkeun panitén siswa jeung suasana diajarna leuwih kondusif alusna mah macana dibedaskeun.

6.

Guru nanyakeun ka siswa kesan nu katangkep dina éta mantra, saméméh siswa neruskeun maca pedaran eusi éta mantra nu aya dina buku siswa.

7.

Guru maréntah siswa maca pedaran singget ngeunanan eusi mantra. Upama dianggap perlu guru bisa leuwih jembar deui medar éta eusi mantra ku cara ngagali pangalaman siswa hasil maca atawa pangalaman nyata nu kabandungan ku siswa ngeunaan mantra di masarakat kiwari.

8.

Guru ngajak siswa pikeun maham eusi mantra ku cara maca pedaran ngeunaan eusi sagemblengna jeung ma’na nu aya dina unggal padalisan dina mantra “Jampé Ngarah Calakan”. nu aya dina buku siswa.

9.

Pancén1

Guru maréntah siswa sangkan migawé pancén 1.

Pancén nu kudu dipigawé ku siswa nya éta: 1) nyatetkeun kecap-kecap anu teu kaharti, dina puisi mantra tuluy maluruh hartina dina kamus, 2) nyawalakeun eusi nu aya dina unggal mantra, jeung 3) midangkeun hasil pagawéan kelompok hidep di hareupeun kelompok séjénna nu aya dina mantra “Jampé Budak Harééng”, Jampé Raheut/Kakeureut atawa Kakadék, “Jampé Néangan Rejeki” jeung “Jampé Indit-Inditan”. Hadéna leuwih ti heula siswa dibagi jadi sababaraha kelompok (unggal kelompok anggotana 4-5 urang). Pancén nu dipigawé unggal kelompok teu sarua, upamana

Kelompok 1: migawé pancén nu aya dina mantra “Jampé Budak Harééng”

Kelompok 2: migawé pancén nu aya dina mantra “Jampé Raheut/ Kakeureut atawa Kakadék,

Kelompok 3: migawé pancén nu aya dina mantra “Jampé Néangan Rejeki”

Kelompok 4: migawé pancén nu aya dina mantra “Jampé Indit-Inditan”

10.

(38)

11.

Guru maréntahkeun ka unggal siswa pikeun nyatet sakur hasil sawala, nepi ka sakabéh siswa ngabogaan catetan jawaban pancén 1 hasil sawala.

B. Nengetan Purwakanti dina Mantra

NO. KAGIATAN

12. Dina ieu bagian dipiharep siswa miboga pangaweruh ngeunaan purwakanti pikeun maham ajén éstétika nu aya dina puisi mantra

13.

Guru maréntah siswa pikeun nengetan ku cara maca pedaran ngeunaan aspék kaéndahan rumpaka puisi mantra, di antarana ngeunaan padeukeutna sora unggal jajar (a-i-u-é-o-e-eu).

Contona:

dina “Jampé Ngarah Calakan”.

Otak éncér lir paser jamparing Sora (i) Æ lir jeung jamparing Jsté.

dina“Singlar ka Musuh”

(39)

14.

Pancén 2

Guru maréntah ka siswa pikeun migawé pancén 2 ku cara nyawalakeun jeung babaturan sakelompokna. Pancénna nyaéta a) nyatet kecap-kecap nu teu kaharti dina mantra “Asihan Si Burung Pundung” jeung “Ajian Kabedasan” jeung nyirian sarta tuliskeun aspék purwakanti nu aya dina unggal éta mantra!

Hadéna leuwih ti heula siswa dibagi jadi sababaraha kelompok (unggal kelompok anggotana 4-5 urang). Pancén nu dipigawé unggal kelompok teu sarua, upamana:

Kelompok 1: migawé pancén nu aya dina mantra “Asihan Si Burung Pundung”

Kelompok 2: migawé pancén nu aya dina mantra “Ajian Kabedasan” Kelompok 3: migawé pancén nu aya dina mantra “Rajah Citra Kasunyian”

Kelompok 4: migawé pancén nu aya dina mantra “Asihan Si Burung Pundung”

Kelompok 5: migawé pancén nu aya dina mantra “Ajian Kabedasan” Kelompok 6: migawé pancén nu aya dina mantra “Rajah Citra Kasunyian”

Jsté.

15.

Guru maréntah siswa pikeun midangkeun hasil gawé kelompok. Guru ngabandungan siswa nu aya dina unggal kelompok nu midangkeun hasil pagawéanana séwang- séwangan.

16.

Guru maréntahkeun ka unggal siswa pikeun nyatet sakur hasil sawala, nepi ka sakabéh siswa ngabogaan catetan jawaban pancén 2 hasil sawala.

C. Nganalisis Gaya Basa dina Mantra

NO. KAGIATAN

17. Dina ieu bagian dipiharep siswa mibanda pangaweruh jeung pamahaman ngeunaan gaya basa nu aya dina puisi mantra.

18.

Guru maréntah siswa pikeun maca buku siswa ngeunaan conto jeung pedaran gaya basa babandingan nu aya dina mantra “Jampé Budak Calakan”.

(40)

19.

Pancén 3

Guru maréntah ka siswa pikeun migawé pancén 3 ku cara nyawalakeun jeung babaturan sakelompokna. Pancénna nyaéta: 1) nyatet kecap-kecap nu teu kaharti dina mantra “Jangjawokan Kasaktian/Kakuatan” sarta “Jangjawokan Paranti Dipupur” sarta paluruh hartina dina kamus; 2) nganalisis gaya basa nu aya dina mantra “Asihan Si Burung Pundung” sarta “Jangjawokan Paranti Dipupur”; jeung nyawalakeun hasil pagawéan kelompok hidep jeung kelompok séjénna di hareupeun kelas!

Hadéna leuwih ti heula siswa dibagi jadi sababaraha kelompok (unggal kelompok anggotana 4-5 urang). Pancén nu dipigawé unggal kelompok teu sarua, upamana:

Kelompok 1: nyatet kecap-kecap nu teu kaharti dina mantra “Jangjawokan Kasaktian/Kakuatan”

Kelompok 2: nyatet kecap-kecap nu teu kaharti dina mantra ““Jangjawokan Paranti Dipupur”

Kelompok 3: nganalisis gaya basa nu aya dina mantra “Jangjawokan Kasaktian/Kakuatan”

Kelompok 4: nganalisis gaya basa nu aya dina mantra ““Jangjawokan Paranti Dipupur”

Jsté.

20.

Guru maréntah siswa pikeun midangkeun hasil gawé kelompok. Guru ngabandungan siswa nu aya dina unggal kelompok nu midangkeun hasil pagawéanana séwang- séwangan.

21.

Guru maréntahkeun ka unggal siswa pikeun nyatet sakur hasil sawala, nepi ka sakabéh siswa ngabogaan catetan jawaban pancén 3 hasil sawala.

D. Nengetan Wirahma dina Mantra

NO. KAGIATAN

22. Dina ieu bagian dipiharep siswa mibanda pangaweruh jeung pamahaman ngeunaan wirahman dina puisi pantra.

(41)

24.

Guru ngecék kamampuh hasil maca ku cara nanyakeun ka salah saurang siswa ngeunaan wirahma nu aya dina puisi mantra “Jampé Ngarah Calakan” jeung “Jampé Budak Harééng”.

25.

Pancén 4

Guru maréntah ka siswa pikeun migawé pancén 4 ku cara nyawalakeun jeung babaturan sakelompokna. Pancénna nyaéta: (1) nyatet kecap-kecap nu teu dipikaharti dina “Jampé Raheut/Kakeureut atawa Kakadék” , “Jampé Néangan Rejeki” , jeung “Jampé Indit-inditan” sarta maluruh hartina dina kamus; (2) maluruh wirahma nu aya dina éta mantra; jeung (3) nyawalakeun hasil pagawéan kelompok hidep jeung kelompok séjénna di hareupeun kelas.

Alternatip teknik pangajaranana bisa ku cara ngabagi siswa jadi sababaraha kelompok (unggal kelompok anggotana 4-5 urang). Pancén nu dipigawé unggal kelompok teu sarua, upamana:

Kelompok 1: nyatet kecap nu teu kaharti dina “Jampé Raheut/ Kakeureut atawa Kakadék” sarta maluruh hartina dina kamus.

Kelompok 2: nyatet kecap nu teu kaharti dina “Jampé Néangan Rejeki” sarta maluruh hartina dina kamus.

Kelompok 3: nyatet kecap nu teu kaharti dina “Jampé Indit-inditan” sarta maluruh hartina dina kamus.

Kelompok 4: maluruh wirahman nu aya dina “Jampé Raheut/ Kakeureut atawa Kakadék”

Kelompok 5: maluruh wirahman nu aya dina “Jampé Néangan Rejeki”

Kelompok 6: maluruh wirahman nu aya dina“Jampé Indit-inditan”

26.

Guru maréntah siswa pikeun midangkeun hasil gawé kelompok. Guru ngabandungan siswa nu aya dina unggal kelompok nu midangkeun hasil pagawéanana séwang- séwangan.

27. Guru maréntahkeun ka unggal siswa pikeun nyatet sakur hasil sawala,

nepi ka sakabéh siswa ngabogaan catetan jawaban pancén 4 hasil sawala.

E. Ngabandingkeun Papasingan Mantra

NO. KAGIATAN

28.

(42)

29. Guru maréntah siswa pikeun maca pedaran ngeunaan papasingan mantra.

30. Guru ngajak sisiwa pikeun nepikeun pamanggihna sanggeus siswa maca pedaran ngeunaan papasingan mantra.

31.

Pancén 5

Guru maréntah siswa pikeun migawé pancén ngadingkeun naon bédana eusi nu aya dina jampé, asihan, jangjawokan, ajian, singlar, jeung rajah

Pikeun migawé ieu pancén, siswa bisa dibagi jadi sababaraha kelompok (sakelompok 4-5 urang). Pancén nu dipigawé ku unggal kelompok teu sarua, upamana:

Kelompok 1 medar ngeunaan bédana antara jampé jeung jangjawokan

Kelompok 2 medar ngeunaan bédana antara jangjawokan jeung asihan

Kelompok 3 medar ngeunaan bédana antara asihan jeung ajian Kelompok 4 medar ngeunaan bédana antara ajian jeung singlar Kelompok 5 medar ngeunaan bédana antara singlar jeung rajah Kelompok 6 medar ngeunaan bédana antara rajah jeung jampé Kelompok 7 medar ngeunaan bédana antara ajian jeung rajah Kelompok 7 medar ngeunaan bédana antara asihan jeung jampé

32.

Guru maréntah siswa pikeun midangkeun hasil gawé kelompok. Guru ngabandungan siswa nu aya dina unggal kelompok nu midangkeun hasil pagawéanana séwang- séwangan.

33.

(43)

NO. KAGIATAN

1. Guru ngabsén siswa sarta tatahar pangajaran novel.

Guru ngajelaskeun tujuan nu kudu dihontal ku siswa saréngséna diajar ngeunaan novel.

Guru nepikeun mangpaat maham eusi novel sarta ajén atikan jeung kahirupan nu aya dina novel.

Guru ngarahkeun siswa sangkan bisa mekarkeun sikep jujur, tanggung jawab, jeung santun sanggeus diajar basa Sunda minangka bagian tina kaarifan lokal.

2.

Guru ngajak siswa pikeun aub leuwih daria ngagali pangaweruh nu nyampak dina diri siswa ku cara ngayakeun tanya jawab sabudeureun novel.

3.

Guru nepikeun tujuan pangajaran novel luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep, kayaning mampu ngaidentii kasi, nganalisis, menanggapi, meringkas karya sastra wangun novel luyu jeung kaidah-kaidahna, ngaliwatan kagiatan:

a) maca sempalan novel b) nyangkem unsur novel c) neuleuman unsure novel d) nganalisis tingkesan novel

e) nulis sempalan jeung tingkesan novel

A. Nengetan Sempalan Novel

NO. KAGIATAN

4. Dina ieu bagian dipharep siswa Guru ngajak siswa neuleuman novel

ku cara maca sempalanana.

(44)

5.

Guru maréntah siswa maca bedas kalawan bagilir sempalan novel pikeun maham unsur-unsurna kayaning palakuna, tempat kajadianana, waktu lumangsungna, jalan caritana, téma, jeung amanatna.

6.

Pancén 1

Guru maréntah siswa pikeun migawé pancén 1. Dina éta pancén siswa dipiharep bisa ngajawab soal sabudeureun sempalan novel “Prasasti nu Ngancik dina Ati” nyaéta:

1. nyatet kecap-kecap anu teu kaharti dina éta novel sarta maluruh hartina dina kamus;

2. nataan palaku dina éta novel;

3. nyebutkeun anu jadi palaku utamana;

4. nétélakeun watek unggal palaku dina éta novel; 5. ngajelaskeun hubungan antara palaku dina éta novel; 6. Nataan tempat kajadian dina éta carita téh lumangsungna’ 7. Nyebutkeun waktu kajadianana;

8. Ngajelaskeun suasana;

9. Nétélakeun alur carita éta novel; 10. Nyebutkeun téma éta novel?

11. Ngajelaskeun anu hayang ditepikeun ku pangarang dina éta novel.

7. Guru maréntah siswa pikeun ngalaporkeun hasil pagawéanana.

B. Nyangkem Unsur Novel

NO. KAGIATAN

8.

Guru maréntah siswa maca pedaran ngeunaan unsur nu aya dina novel, kayaning téma, galur, palaku, latar, judul, point of view, jeung gaya basa.

Pancén 2

Guru maréntah siswa pikeun migawé pancén ngajelaskeun konsép ngeunanan téma, galur, palaku, latar, judul, point of view, jeung gaya basa!

Pikeun migawé ieu pancén hadéna mah siswa dibagi perkelompok. Kelompok 1 ngajelaskeun perkara téma

(45)

9.

Kelompok 4 ngajelaskeun perkara latar Kelompok 5 ngajelaskeun perkara judul Kelompok 6 ngajelaskeun perkara pint of view Kelompok 7 ngajelaskeun perkara gaya basa

10. Guru maréntah siswa pikeun ngalaporkeun hasil pagawéanana.

C. Neuleuman Unsur-unsur Novel

NO. KAGIATAN

11. Guru ngaping siswa pikeun maluruh unsur-unsur novel.

12.

Guru maréntah siswa maca sempalan novel nu judulna “Kakarén Révolusi” sarta nitah maluruh saha waé palakuna, dimana waé kajadianana, iraha lumangsungna, kumaha jalan caritana, naon témana, jeung naon amanatna.

13.

Saméméh siswa migawé pancén 3, guru nanyakeun ka siswa kesan nu kaalaman sanggeus maca éta novel, upamana nanyakeun kaharti henteuna basa atawa kekecapan nu dipaké panganteur éta novel. Upama loba basa atawa kekecapan nu teu kaharti ku siswa, guru maréntah siswa maluruh kecap-kecap anu teu kaharti dina éta novel sarta paluruh hartina dina kamus.

14.

Pancén 3

Guru maréntah siswa pikeun maluruh palaku, latar, galur, amanat, jeung téma nu aya dina novel “Kakarén Révolusi” karya Tatang Sumarsono jeung “Prasasti nu Ngancik dina Ati” karya Popon Saadah.

Pikeun migawé ieu pancén, siswa bisa dibagi kelompok, upamana: Kelompok 1 tugasna maluruh palaku nu aya dina novel “Kakarén Révolusi”

Kelompok 2 tugasna maluruh latar nu aya dina novel “Kakarén Révolusi”

Kelompok 3 tugasna maluruh galur nu aya dina novel “Kakarén Révolusi”

Kelompok 4 tugasna maluruh amanat nu aya dina novel “Kakarén Révolusi”

(46)

Kelompok 6 tugasna maluruh palaku nu aya dina novel “Prasasti nu Ngancik dina Ati”

Kelompok 7 tugasna maluruh latar nu aya dina novel “Prasasti nu Ngancik dina Ati”

Kelompok 8 tugasna maluruh gaur nu aya dina novel “Prasasti nu Ngancik dina Ati”

Kelompok 9 tugasna maluruh amanat nu aya dina novel “Prasasti nu Ngancik dina Ati”

Kelompok 10 tugasna maluruh téma nu aya dina novel “Prasasti nu Ngancik dina Ati”

15. Guru maréntah siswa pikeun ngalaporkeun hasil pagawéanana.

D. Nganalisis Tingkesan Novel

NO. KAGIATAN

16. Dina ieu bagian dipiharep siswa miboga kamampuh ngabédakeun antara wacana sempalan novel jeung tingkesan novel.

17.

Guru maréntahkeun murid maca conto tingkesan novel “Mantri Jero”

Sajeroning maca, siswa diparéntah pikeun merhatikeun kaidah-kaidah basa tulis nu aya dina éta tingkesan novel, kayaning tanda baca, nuliskeun hurup kapital, isiltah, pilihan kecap, kaasup undak-usuk basana.

18.

Pancén 4

Guru maréntahkeun siswa pikeun nuliskeun poko pikiran utama nu aya dina unggal paragrap tingeksan novel “Mantri Jero”.

19. Guru maréntah siswa pikeun ngalaporkeun hasil pagawéanana.

E. Nulis Sempalan jeung Tingkesan Novel

NO. KAGIATAN

20. Dina ieu bagian dipiharep siswa miboga kamampuh pikeun nuliskeun sempalan jeung ningkes novel luyu jeung kaidiah-kaidahna.

(47)

22.

Guru nugaskeun siswa pikeun maca hiji judul novel séjénna, tuluy siswa diparéntah pikeun nuliskeun sempalan jeung tingkesan tina éta novel nu dibacana. Pikeun migaé ieu tugas bisa dipigawé ku saurang, duaan, atawa kelompok (diluyukeun jeung situasi jeung kondisi siswana).

(48)

NO. KAGIATAN

1. Guru ngabsén siswa sarta tatahar pangajaran pakeman basa.

Guru ngajelaskeun tujuan nu kudu dihontal ku siswa saréngséna diajar ngeunaan pakeman basa.

Guru nepikeun mangpaat weruh jeung maham pakeman basa dina kahirupan sapopoé.

Guru ngarahkeun siswa sangkan bisa mekarkeun sikep jujur, tanggung jawab, jeung santun sanggeus diajar pakeman basa Sunda minangka bagian tina kaarifan lokal.

2.

Guru ngajak siswa pikeun aub leuwih daria ngagali pangaweruh nu nyampak dina diri siswa ku cara ngayakeun tanya jawab sabudeureun pakeman basa.

3.

Guru nepikeun tujuan pangajaran pakeman basa luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep, kayaning mampu ngaidentii kasi, nganalisis, nepikeun koméntar sanggeus weruh jeung maham ngeunaan pakeman basa luyu jeung kaidah-kaidahna, anu ngawengku: a) babasan jeung paribasa, b) kapamalian, c) kila-kila, d) cacandran, e) uga, jeung f) etos urang Sunda

A. Nyangkem Babasan jeung Paribasa

NO. KAGIATAN

4. Guru ngaping siswa pikeun maca babasan jeung paribasa wawaran luang, pangjurung laku hade, panyaram léngkah salah.

5.

Sanggeus dibaraca, guru mancing siswa pikeun nataan babasan jeung paribasa séjénna nu teu aya dina buku siswa ku cara nanyakeun. Sakur babasan jeung paribasa nu ditataan ku siswa hadéna dicatet ku siswa séjénna sangkan nambahan pangaweruhna.

P

a n g a j a r a n

a n g a j a r a n

5

BAHASAN

(49)

6.

Pancén 1

Guru maréntah siswa pikeun migawé pancén maluruh harti paribasa ku cara ngajodokeun kana jawaban nu geus disadiakeun.

7.

Pancén 2

Guru maréntahkeun ka siswa pikeun migawé pancén maluruh harti kecap tina kamus jeung harti injeuman (konotatif) dina ungkara babasan jeung paribasa.

Contona:

1. Kejot borosot

kejot (pangajak haté at. kahayang nu datangna ngadadak)

borosot (kecap pagawéan ngalésotkeun at. ngécagkeun naon-naon barangbawaan beurat nu diais atawa nu digandong)

hartina:

ulah waka buru-buru nyieun kaputusan, kudu dipikir di bulak-balik heula, jsté.

8.

Pancén 3

Guru maréntahkeun ka siswa pikeun migawé pancén nyieun kalimah ngagunakeun babasan jeung paribasa.

Contona:

1. Dug hulu pet nyawa

Hartina: digawé satékah polah taya eureuna.

Kalimahna: Mang Damiri nepi ka dug hulu pet nyawa usaha pikeun nyumponan pangabutuh hirup kulawargana, Jsté.

9.

Pancén 4

Guru maréntahkeun ka siswa pikeun migawé pancén ngalengkepan babasan jeung paribasa.

Contona:

1. _____ beubeulahan térong

Kawas beubeulahan térong, Jsté.

B. Nyangkem Kapamalian

NO. KAGIATAN

10.

(50)

Conto:

Ulah nambulan uyah:

Alesan karuhun: bisi potong peujit

Alesan sabenerna: Kecap potong peujit bisa jadi mangrupa simbol tina gering atawa nepi ka maotna. Ceuk logika, lamun urang loba dahar uyah tangtu tekanan darah bakal leuwih luhur, atawa sok disebut darah tinggi.

Panyakit darah tinggi bakal ngabalukarkeun stroke jeung panyakit jajantung.

Jsté.

11.

Sanggeus dibaraca, guru maluruh ka siswa pikeun sangkan nataan ungkara basa kapamalian séjénna nu teu aya dina buku siswa ku cara nanyakeun. Sakur ungkara kapamalian nu ditataan ku siswa hadéna dicatet ku siswa séjénna sangkan nambahan pangaweruhna.

12.

Pancén 5

Guru maréntah siswa gawé kelompok pikeun nyawalakeun alesan nu asup akal (logis) ngeunaan rupa-rupa ungkara kapamalian.

Contona:

Ulah cicing dina lawang panto

Alesan karuhun: bisi hésé meunang jodo

Alesan sabenerna: ngahalangan panto, lantaran batur hésé ngaliwat.

C. Nyangkem Kila-kila

NO. KAGIATAN

13. Guru ngajak ka siswa pikeun maca pedaran jeung conto ngeunaan kila-kila.

14.

Sanggeus dibaraca, guru maluruh ka siswa pikeun sangkan nataan conto kila-kila séjénna nu teu aya dina buku siswa ku cara nanyakeun. Sakur conto kila-kila nu ditataan ku siswa hadéna dicatet ku siswa séjénna sangkan nambahan pangaweruhna.

15.

Pancén 6

Guru maréntah siswa migawé pancén katerangan tina kila-kila. Conto:

tanda aya nu sono ka urang

(51)

D. Mikaweruh Cacandran

NO. KAGIATAN

16. Guru ngajak siswa pikeun maca pedaran jeung conto ngeunanan cacandran jeung uga.

17.

Sanggeus dibaraca, guru maluruh ka siswa pikeun sangkan nataan conto cacandran jeung uga séjénna nu teu aya dina buku siswa ku cara nanyakeun. Sakur conto cacandran jeung uga nu ditataan ku siswa hadéna dicatet ku siswa séjénna sangkan nambahan pangaweruhna.

18.

Guru maréntah siswa pikeun migawé pancén ngalengkepan cacandran.

Conto:

Cianjur katalanjuran Sumedang ngarangrangan

Jsté.

F. Étos Urang Sunda

NO. KAGIATAN

19. Guru ngajak siswa pikeun maca pedaran ngeunaan étos nu jadi sawangan hirup masarakat urang Sunda.

20.

(52)

NO. KAGIATAN

1. Guru ngabsén siswa sarta tatahar pangajaran pedaran budaya Sunda.

Guru ngajelaskeun tujuan nu kudu dihontal ku siswa saréngséna diajar ngeunaan pedaran budaya Sunda.

Guru nepikeun mangpaat weruh jeung maham budaya Sunda dina kahirupan sapopoé.

Guru ngarahkeun siswa sangkan bisa mekarkeun sikep jujur, tanggung jawab, jeung santun sanggeus diajar budaya Sunda minangka kaarifan lokal.

2.

Guru ngajak siswa pikeun aub leuwih daria ngagali pangaweruh nu nyampak dina diri siswa ku cara ngayakeun tanya jawab sabudeureun budaya Sunda.

3.

Guru nepikeun tujuan pangajaran pedaran budaya Sunda luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep, kayaning mampu ngaidentii kasi, nganalisis, nepikeun koméntar luyu jeung kaidah-kaidahna boh lisan boh tulis sanggeus: a) maca wacana pedaran budaya Sunda, b) nganalisis wacana pedaran budaya Sunda, jeung c) nulis wacana pedaran budaya Sunda

A. Maca Wacana Pedaran

NO. KAGIATAN

4. Guru ménta siswa pikeun maca bedas kalawan bagilir wacana pedaran “Kampung Cireundeu”.

5.

Pikeun nambahan wawasan siswa, guru ogé bisa ngawanohkeun rupa-rupa kabudayaan Sunda séjénna, upamana kasenian Sunda, pakakas tradisioal, rupa-rupa wawangunan, atawa kahirupan sosial masarakat

P

a n g a j a r a n

a n g a j a r a n

6

PEDARAN

(53)

6.

Pancén 1

Pikeun museurkeun konséntrasi siswa, diselang heula ku ngajawab soal. Guru nanyakeun langsung (lisan) ka siswa ngeunaan:

bisi aya kecap-kecap nu dianggap hésé ku siswa sarta maluruh hartina dina kamus;

lokasi pernahna Kampung Cireundeu;

ciri anu ngabédakeun Kampung Cireundeu jeung kampung séjénna; kaayaan ékonomi masarakat Kampung Cireundeu;

alesan pangna sampeu jadi kadaharan poko urang Kampung Cireundeu.

7.

Pikeun maluruh kadariaan siswa, guru nampung rupa-rupa kesan jeung koméntar atawa pananya siswa kana eusi wacana nu geus dibacana. Dina éta wacana disabit-sabit ngeunaan kadaharan. Guru ogé bisa nanyakeun ka siswa yén sajaba ti éta téh, naon deui ngaran kadaharan séjénna. Pikeun nguji kamampuh siswa, guru nanyakeun rupa-rupa kadaharan has nu aya di unggal daérah.

8. Guru ménta deui ka siswa pikeun neruskeun maca bedas éta wacana kalawan bagilir.

9.

Pancén 2

Guru ménta siswa ngajawab soal wacana “Kampung Cireundeu”, anu ngawengku:

maluruh deui kecap-kecap nu teu kaharti sarta maluruh hartina dina kamus;

nyebutkeun kayakinan nu diagem ku mayoritas masarakat Kampung Cireundeu;

ngajelaskeun tujuan acara ‘Sérén Taun Ngemban Taun Saka’ di Kampung Cireundeu;

nataan rupa-rupa kasenian Sunda nu aya di Kampung Cireundeu; nataan kaolahan naon nu aya di Kampung Cireundeu nu dijieun tina sampeu;

nataan saha waé nu kungsi ngalélér pangajén ka Kampung Cireundeu.

10.

(54)

11.

Pancén 3

Guru ménta siswa nuliskeun deui pedaran ngeunaan :Kampung Cireundeu” ku basa sorangan.

Sangkan ngaguluyur, siswa bisa ngagunakeun rangkay karangan minangka poko-poko bahan wacanana sakumaha nu aya dina buku siswa.

12. Guru ménta siswa pikeun ngalaporkeun hasil pagawéanana.

B. Nganalisis Wacana Pedaran

NO. KAGIATAN

13.

Guru ménta siswa pikeun nganalisis wacana “Adat Kabiasaan”. Eusi éta pedaran ngeunaan kabiasaan ngurus orok, nyundatan, jeung dina kawinan.

14.

Pikeun nambahan wawasan siswa, guru ogé nataan rupa-rupa adat kabiasaan séjénna anus ok dilakukeun ku masarakat Sunda, upamana kabiasaan dina ngolah sawah, ngahuma, miara paré, jeung sajabana. Bisa ogé nanyakeun bisi aya siswa anu kungsi ngalaman atawa ngabandungan kagiatan upacara adat di daérahna.

15.

Pancén 4

Guru ménta siswa pikeun migawé pancén tina wacana “Adat Kabiasaan”. Perkara anu kudu dipgawé ku siswa nya éta:

1) nyatet kecap-kecap nu teu kaharti dina éta wacana sarta maluruh hartina dina kamus;

2) nyatet poko pikiran nu aya dina unggal paragarap éta wacana; 3) nuliskeun hal naon waé anu dipedar dina éta wacana.

16. Guru ménta siswa pikeun ngalaporkeun hasil pagawéanana.

C. Nulis Pedaran

NO. KAGIATAN

17.

(55)

18.

Guru ménta ka siswa jeung batur sakelompokna pikeun nulis pedaran. Kaidah-kaidah nulis pedaran geus ditangtukeun dina buku siswa. Nu kudu diperhatikeun ku siswa nya éta:

eusina medar salah sahiji budaya nu aya di tatar Sunda, upamana penca, calung, réog, degung, jaipongan, kaulinan, atawa budaya séjénna;

medar karangan hasil gawé kelompok di hareupeun kelas sacara bagilir;

méré koméntar kana pedaran kelompok séjénna; nyatet hal-hal penting nu dipedar ku kelompok séjén.

(56)

P

a n g a j a r a n

a n g a j a r a n

7

WAWANCARA

NO. KAGIATAN

1. Guru ngabsén siswa sarta tatahar nepikeun pangajaran ngeunaan wawancara.

Guru ngajelaskeun tujuan nu kudu dihontal ku siswa saréngséna diajar matéri wawancara.

Guru nepikeun mangpaat weruh jeung maham perkara matéri wawancara.

Guru ngarahkeun siswa sangkan bisa mekarkeun sikep jujur, tanggung jawab, jeung santun sanggeus diajar matéri wawancara.

2.

Guru ngajak siswa pikeun aub leuwih daria ngagali pangaweruh nu nyampak dina diri siswa ku cara ngayakeun tanya jawab sabudeureun matéri wawancara.

3.

Guru nepikeun tujuan matéri pangajaran wawancara luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar katut indikator nu dipiharep, kayaning mampu ngaidentii kasi, nganalisis, nyusun, meraktekkeun, jeung nepikeun koméntar kana téks wawancara luyu jeung kaidah-kaidahna boh lisan boh tulis sanggeus ngalakukeun kagiatan: a) maca pedaran ngeunaan wawancara, b) latihan nyusun bahan pikeun ngawawancara, sarta c) latihan ngalaporkeun hasil wawancara

A. Maham Pedara Ngeunaan Wawancara

NO. KAGIATAN

4. Guru ménta siswa pikeun maca pedaran jeung conto téks wawancara.

5.

(57)

6.

Pancén 1

Pikeun nguji pangaweruh siswa ngeunaan pedaran wawancara jeung pamahamanana kana eusi ték wawancara nu geus dibacana, guru ménta siswa pikeun migawé pancén, nyaéta:

nataan aspék-aspék nu kudu diperhatikeun saupama rék nuliskeun hiji laporan hasil wawancara;

1. nuliskeun deui pertanyaan model 5 W jeung 1H (what, who, where, which, when, jeung How) nu aya dina téks wawancara nu geus dibacana.

2. Upam

Referensi

Dokumen terkait

Dina ieu bab dipedar ngeunaan kacindekan jeung saran nu patali jeung panalungtikan nu geus dilaksanakaeun nyaéta ngeunaan “Éféktivitas Média Gambar Séri pikeun

Obsérvasi dina ieu panalungtikan pikeun nalungtik aktivitas guru jeung siswa nalika pangajaran lumangsung. Dina ieu obsérvasi, guru dipiharep teu kabeungkeut ku

Atia tumanya ngeunaan tatakrama ka indungna. Dijawab ku lanceukna, Tétéh, yén nu dimaksud tatakrama téh nyaéta aturan sopan santun. Indungna ogé sapagodos jeung nu

Sajaba ti wirahma atawa purwakanti, ajén éstétika séjénna nu diébréhkeun ku panyajak nya éta malikan deui nuliskeun kecap-kecap nu sarua dina unggal pada

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu maca jero haté, ngajawab pananya, néangan harti kecap dina kamus, ngalarapkeun kecap sawanda, kecap tina basa Arab, maca

Jadi,média pangajaran basa Sunda, nyaéta média nu digunakeun dina pangajaran basa Sunda, anu ngawengku alat bantu guru dina ngajar jeung sarana nu bisa nepikeun

Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan matéri téks tarjamahan, dina diskusi kelompok, siswa diaping pikeun ngolah informasi anu katarimana dina wangun prakték,

1 Pikeun nuliskeun kecap, Anjeun bisa nginput unggal abjad, atawa milih tina daptar kecap nu diramalkeun sawaktos nembongan ku cara mencet kenop napigasi ka handap.. 2 Upami kecap