• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODÉL MIND MAPPING PIKEUN NGARONJATKEUN KAPARIGELAN NYARITAKEUN PANGALAMAN : Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII F SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODÉL MIND MAPPING PIKEUN NGARONJATKEUN KAPARIGELAN NYARITAKEUN PANGALAMAN : Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII F SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014."

Copied!
33
0
0

Teks penuh

(1)

MODÉL MIND MAPPING PIKEUN NGARONJATKEUN

KAPARIGELAN NYARITAKEUN PANGALAMAN (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa KelasVIIF

SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

ku Lia Marliah NIM 1006047

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

MODÉL MIND MAPPING PIKEUN NGARONJATKEUN KAPARIGELAN NYARITAKEUN PANGALAMAN

(Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa KelasVIIF SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh Lia Marliah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Lia Marliah

Universitas Pendidikan Indonesia Juni 2014

Hak Cipta dilindungi Undang-undang

(3)
(4)

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MODÉL MIND MAPPING PIKEUN NGARONJATKEUN KAPARIGELAN NYARITAKEUN PANGALAMAN (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII F

SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014)1

Lia Marliah2 ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh rendahnya kemampuan siswa untuk menceritakan pengalamannya. Tujuan dari penelitian ini adalah ingin meningkatkan kemampuan siswa dalam pembelajaran menceritakan pengalaman dan hasil belajar siswa serta terciptanya suasana pembelajaran yang aktif, kreatif, efektif, dan menyenangkan (PAKEM). Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah penelitian tindakan kelas (PTK). Penelitian ini dilaksanakan dalam dua siklus di kelas VII F yang siswanya berjumlah 40 orang yang terdiri atas 24 siswa laki-laki dan 16 orang siswa perempuan. Instrumen yang digunakan terdiri atas lembar tes dan pedoman observasi. Pedoman observasi yang digunakan terdiri dari lembar observasi aktivitas guru, aktivitas siswa dan catatan lapangan. Tehnik yang digunakannya adalah tes kemampuan siswa, observasi, dan catatan lapangan. Hasil belajar siswa dalam kegiatan pembelajaran pra-penelitian ada 7 orang atau 17,50% termasuk dalam kategori tuntas, sedangkan 33 orang atau 82,50% termasuk kategori belum tuntas. Rata-rata nilai yang diperoleh siswa yaitu 64,68. Pada tes siklus I ada 21 orang atau 52,50% termasuk dalam kategori tuntas, sedangkan 19 orang atau 47,50% termasuk kategori belum tuntas. Rata-rata nilai yang diperoleh siswa yaitu 72,56. Dalam hasil siklus II adalah seluruh siswa mencapai nilai diatas KKM atau 100% dari 40 orang siswa masuk dalam kategori tuntas. Rata-rata nilai yang diperoleh siswa yaitu 81,68. Berdasarkan hasil penelitian, bisa disimpulkan bahwa modél mind mapping dalam pembelajaran menceritakan pengalaman bisa meningkatkan kemampuan siswa dan bisa menciptakan suasana belajar yang aktif, kreatif, efektif, dan menyenangkan (PAKEM).

Kata Kunci : Model Mind Mapping, Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

1

Skripsi dibimbing oleh Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. dan Hernawan, S.Pd., M.Pd. 2

(5)

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

MIND MAPPING MODEL TO INCREASE TELLING STORY SKILL OF EXPERIENCES

(Classroom Research to The VII F Grade Students of SMP Negeri 3 Lembang Academy Year 2013/2014)

ABSTRACT

The research is based by the lack of the student ability for telling experiences. The study aims to increase student ability of teliing experiences lesson and study result, along with to create of spirit, active, creative, effective, and fun learning. This study used classroom research. This research was conducted in two class at VII F grade student, that have 40 students of 24 boys student, and 16 girls student. The orientation of the observation was consist of observation teacher activities, student activities and range of activities. The student result of studying before the observation there are 7 students or 17,50% were counted on complete category, while 33 students or 82,50% weren’t counted on complete category. The average score of students is 64,68. At the first of cycles test there are 21 students or 52,50% were counted on complete category, while 19 students or 47,50%

weren’t counted on complete category. The average score of students is 72,56. The result of second cycles was all students reach score above KKM or 100% of 40 students were counted on complete category. The average score of students is 81,68. The result of this research that Mind Mapping model on the telling experiences lesson was increased the student ability and created spirit, active, creative, effective, and fun learning.

(6)

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... ix

DAPTAR GAMBAR ... x

DAPTAR SINGGETAN ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ...1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ...3

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ...3

1.2.2 Rumusan Masalah ...3

1.3 Tujuan Panalungtikan...4

1.3.1 Tujuan Umum ...4

1.3.2 Tujuan Husus...4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ...4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ...4

1.4.2 Mangpaat Praktis ...5

1.5 Raraga Tulisan...5

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS 2.1 Ulikan Tiori ...6

(7)

vii

Lia Marliah, 2014

2.1.1.1 Wangenan Média Pangajaran ...6

2.1.1.2 Ciri-ciri Modél Pangajaran ...6

2.1.1.3 Komponén Modél Pangajaran ...7

2.1.1.4 Rumpun Modél Pangajaran ...8

2.1.2 Wangenan Mind Mapping ...8

2.1.2.1 Léngkah- lengkah Modél Mind Mapping...9

2.1.2.2 Mangpaat Mind Mapping ...10

2.1.2.3 Kaonjoyan Mind Mapping ...11

2.1.3 Wangenan Nyarita ...11

2.1.3.1 Tujuan jeung Fungsi Nyarita...12

2.1.3.2 Mangpaat Nyarita ...12

2.1.3.3 Sikep Nyarita ...13

2.1.3.4 Pangajaran Nyarita...14

2.1.4 Nyaritakeun Pangalaman...15

2.1.4.1 Contoh Téks Pangalaman...16

2.1.4.2 Nyaritakeun Pangalaman Ngagunakeun Modél Mind Mapping ...18

2.2 Raraga Mikir...20

2.3 Hipotésis Tindakan...21

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan ...22

3.2 Desain Panalungtikan ...22

3.3 Métode Panalungtikan ...24

3.4 Wangenan Operasional ...25

3.5 Instrumén Panalungtikan ...25

3.5.1 Lambaran Tés ...25

3.5.2 Padoman Obsérvasi ...29

3.5.2.1 Padoman Observasi Aktivitas Guru ...29

3.5.2.2 Padoman Observasi Aktivitas Siswa...32

3.5.3 Catetan Lapangan...34

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ...35

(8)

viii

vi

3.6.2 Padoman Obsérvasi...36

3.6.3 Catetan Lapangan ...36

3.6.1 Analisis Data ...36

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN 4.1 Prak-Prakan Pangajaran Nyaritakeun Pangalaman Ngagunakeun Modél Mind Mapping...38

4.1.1 Siklus I...38

4.1.2 Siklus II ...42

4.2 Hasil Diajar Nyaritakeun Pangalaman Ngagunakeun Modél Mind Mapping...46

4.2.1 Siklus I...47

4.2.2 Siklus II ...54

4.2.3 Rékapitulasi Hasil Diajar Pra-Panalungtikan, Siklus I, jeungSiklus II………...61

4.3 Modél Mind Mapping Bisa Nyiptakeun Suasana nu Aktif, Kréatif, éféktif, jeung Menyenangkan(PAKEM) ...67

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ...69

5.2 Saran ...70

DAPTAR PUSTAKA ...71

LAMPIRAN………...73

(9)

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Dina prosés diajar guru miboga peran sangkan kaayaan kelas jadi éféktif. Guru kudu bisa milih modél pangajaran dina nepikeun bahan ajar sangkan bahan ajar anu ditepikeun kasiswa bisa ditarima sarta paham kana matéri.

Dina pangajaran basa Sunda, diajarkeun opat kaparigelan basa nyaéta, ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Dina Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) pangajaran Bahasa jeung Sastra Sunda, aya kaparigelan nyaritakeun pangalaman, nyaéta aya dina SK jeung KD (2006, kc. 93) anu unina.

(SK) 7.2 Mampu berbicara untuk mengungkapkan pikiran, perasaan, dan

keinginan dalam menyampaikan pengumuman, menceritakan pengalaman, menyampaikan bahasan, menceritakan pengalaman, menyampaikan bahasan, menceritakan tokoh, berbicara melalui telepon, dan bercakap-cakap dengan teman.

(KD) 7.2.2 Menceritakan pengalaman.

(10)

2

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ku lantaran kamampuh siswa dina nyaritakeun pangalaman téh masih can bisa ngahontal KKM, perlu aya tarékah nu tangtu. Diduga kurangna kamampuh siswa téh akibat faktor kagiatan pangajaran nu kurang éféktif. Ku kituna, tarékah nu kudu dilaksanakeun téh modél pangajaran nu éféktif pikeun ningkatkeun kamampuh siswa.

Tina kajian/ ulikan pustaka kapanggih yén modél nu dianggap cocog kana ngalarapkeun kamampuh siswa dina nyaritakeun pangalaman téh nyaéta modél

Mind Mapping. Nurutkeun Buzan (2013, kc. 4) Mind Mapping nyaéta cara anu

gampang dina nempatkeun informasi ka jero uteuk sarta nyokot informasi ka luar ti uteuk. Pusat Mind Mapping mirip jeung peta jalan anu loba cagakan. Dina unggal sakabéh Mind Mapping sarua ngagunakeun gambar, ngagunakeun garis anu melengkung, simbol, kecap, jeung gambar anu saluyu kana hiji rangkaian aturan anu sederhana. Daftar informasi anu panjang bisa dipindahkeun jadi diagram anu rupa-rupa warnana, gampang diinget. Panalungtik milih modél ieu lantaran bisa ngabantu siswa dina nepikeun carita kucara ngagunakeun kecap galeuh anu geus ditulis ku siswa atawa anu geus dikonsep tuluy dikembangkeun atawa dicaritakeun saluyu runtuyanana.

Panalungtikan anu sarupa aya patalina jeung ieu panalungtikan di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI diantarana. “Modél Mind Mapping dina Pangajaran Nulis Carita Pondok ( Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013) ku Diana Indahsari”. Ieu panalungtikan dipedar ngeunaan kamampuh nulis carita pondok, metode anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. Alesan panalungtik ngagunakeun modél Mind Mapping ieu alatan bisa ngarangsang siswa pikeun meunangkeun ide-ide anu loba, mantuan siswa nyieun rangkay karangan anu luyu jeung tema. Hasil ahir tina panalungtikan ieu nyaéta aya ningkatna kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan sabada ngagunakeun modél Mind Mapping.

(11)

3

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Sukowati Suwarto. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan ngagunakeun Panalungtikan Tindakan kelas. Dina ngagunakeun pamarekan ieu pangajaran dilakukeun di luar kelas. Dina hasil panalungtikan ieu nyindekkeun yén dina pangajaran nyaritakeun pangalaman ngagunakeun pamarekan SAVI, kamampuh siswa téh ngaronjat. Bédana dina ieu panalungtikan nyaéta, dina panalungtikan ieu ngagunakeun modél Mind Mapping anu bisa mantuan siswa dina nyaritakeun pangalaman siswa kucara ngagunakeun kecap galeuh anu geus ditulis ku siswa atawa anu geus dikonsep tuluy dikembangkeun atawa dicaritakeun saluyu runtuyanana.

Dumasar kana data anu geus aya di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah can aya nu nalungtik ngeunaan modél Mind Mapping anu diterapkeun dina pangajaran nyarita. Ku kituna ieu panalungtikan nu judulna Modél Mind Mapping pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyaritakeun Pangalaman Siswa Kelas VII F SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014. Perlu dilaksanakeun.

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Identifikasi Masalah

Dumasar kana masalah anu geus dipedar dina kasang tukang, teu sakabéh siswa resep kana pangajaran nyarita. Kamampuh siswa dina cara nepikeun eusi carita pangalamanana masih kénéh aya nu nyarita kamana karep atawa henteu jelas sarta teu ngaruntuy.

Dina kaparigelan nyarita téh loba pisan rupana, sangkan teu lega teuing ambahana, ieu panalungtikan téh diwatesanan nyaéta dipedar ngeunaan Modél

Mind Mapping pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Siswa Kelas VII F SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014. 1.2.2 Rumusan Masalah

Rumusan masalah dina ieu panalungtikan diébréhkeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

(12)

4

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Naha modél pangajaran Mind Mapping bisa ngaronjatkeun hasil diajar nyaritakeun pangalaman siswa kelas VII F SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014 ?

3) Naha modél Mind Mapping bisa nyiptakeun suasana anu aktif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAKEM) pikeun siswa kelas VII F SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014 ?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum tujuan ieu panalungtikan nyaéta pikeun dipedar ngeunaan modél

Mind Mapping pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Siswa Kelas VII F SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panaluntik téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:

1) prak-prakan Modél Mind Mapping dina pangajaran nyaritakeun pangalaman ka siswa kelas VII F SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014.

2) hasil diajar nyaritakeun pangalaman ngagunakeun modél Mind Mapping ka siswa kelas VII F SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014.

3) modél Mind Mapping bisa nyiptakeun suasana anu aktif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAKEM) pikeun siswa kelas VII F SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

(13)

5

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

1.4.2 Mangpaat Praktis

Dina ieu panalungtikan miboga sababaraha mangpaat praktis nyaéta:

1) panalungtik, bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan modél pangajaran sarta dina hasil panalungtikan bisa nambahan élmu pangaweruh dina nyaritakeun pangalaman maké modél Mind Mapping.

2) siswa, sangkan siswa bisa leuwih paham kana matéri sarta siswa bisa leuwih aktif. Ngaronjatkeun dina pangajaran nyaritakeun pangalaman.

3) Lembaga atikan, pikeun referensi dina pangajaran

1.5 RaragaTulisan

(14)

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta siswa kelas VII F di SMP Negeri 3 Lembang Kabupaten Bandung Barat Taun Ajaran 2013/2014, anu jumlah siswana 40 urang, ngawengku 16 awéwé jeung 24 lalaki.

3.2 Desain Panalungtikan

Dumasar kana pamadegan Arikunto (2009, kc. 16), desain panalungtikan dina

Penelitian Tindakan Kelas (PTK) aya opat tahapan, nyaéta: (1) Perencanaan, (2)

Pelaksanaan, (3) Pengamatan, jeung (4) Refleksi. Sangkan leuwih jéntré desain

ieu panalungtikan bisa dititénan dina gambar 3.1 ieu di handap.

Gambar 3.1

Desain Panalungtikan Tindakan Kelas Arikunto (2009, kc. 16)

Perencanaan

SIKLUS I Pengamatan

Perencanaan

SIKLUS II Pengamatan Réfléksi

Réfléksi

Pelaksanaan

Pelaksanaan

[image:14.596.110.527.416.722.2]
(15)

23

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Dina ieu siklus panalungtikan dimimitian ku nyusun rarancang tindakan (Planning), tuluy kana pelaksanaan tindakan (action), pengamatan (observing), jeung réfkléksi (reflecting).

Tahap 1: Nyusun Rarancang Tindakan (Planning)

Dina ieu tahap nyusun rarancang tindakan panalungtik medar ngeunaan naon, kunaon, iraha, di mana, ku saha, jeung kumaha éta tindakan dilakukeun. Dina tahap nyusun rancangan ieu panalungtik nangtukeun titik atawa fokus kajadian anu kudu diperhatikeun khusus pikeun ditalungtik, satuluyna nyieun instrumén pengamatan pikeun mantuan panalungtik ngarékam fakta salila tindakan lumangsung.

Tahap 2: Pelaksanaan Tindakan (Action)

Tahap ka dua tina panalungtikan tindakan nyaéta tahap pelaksanaan anu mangrupa impleméntasi atawa penerapan eusi rancangan, nyaéta ngagunakeun tindakan di kelas. Dina ieu tahap, panalungtik kudu nyaluyukeun tindakan kana naon anu geus dirarancang.

Tahap 3: Pengamatan (Observing)

Dina tahap katilu nyaéta kagiatan pengamatan anu dilakukeun ku panitén (obsérver) pikeun ngumpulkeun informasi ngeunaan prosés pangajaran anu dilakukeun ku guru saluyu jeung tindakan anu geus disusun.

Tahap 4 : Réfléksi (Reflecting)

Tahap kaopat mangrupa kagiatan pikeun ngébréhkeun deui naon anu geus dilakukeun. Istilah refleksi asal kecapna tina basa Inggris reflection, anu ditarjamahkeun kana basa Indonesia pemantulan. Kagiatan réfléksi ieu dilakukeun nalika guru geus réngsé ngalakukeun tindakan, satuluyna diskusi jeung panalungtik pikeun ngadiskusikeun implementasi rancangan tindakan.

(16)

24

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

geus dilaksanakeun di kelas, boh tina hasil obsérvasi anu geus dilaksanakeun di kelas, boh tina hasil obsérvasi guru, obsérvasi siswa, boh catetan lapangan. Dilaksanakeun kagiatana réfléksi bakal kapanggih naon waé kahéngkéran jeung bangbaluh dina panalungtikan, lantaran dina réfléksi miboga tujuan nyaéta pikeun ngabebenah tindakan anu dilaksanakeun.

Opat tahap kagiatan ieu mangrupa unsur-unsur pikeun ngawangun hiji siklus, nyaéta hiji puteran kagiatan sacara ngaruntuy nu balik deui kana lengkah mimiti.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode Penelitian Tindakan Kelas (PTK). Istilah dina basa Inggris nyaéta Classroom Action

Research (CAR). Tina ngaranna ogé geus némbongkeun yén PTK téh

ngalaksanakeun kagiatan anu dilakukeun di kelas. Aya tilu kecap anu ngawangun harti PTK nurutkeun Arikunto (2009, kc. 2)

1) Panalungtikan, hiji kagiatan nu na’laah hiji objek ngagunakeun cara jeung aturan metodologi nu tangtu, pikeun ngameunangkeun data atawa informasi nu méré mangpaat dina ngaronjatkeun kualitas hiji hal nu ngirut minat jeung penting pikeun panalungtik.

2) Tindakan, hiji kagiatan nu ngahaja dilakukeun sarta miboga tujuan anu tangtu dina ieu panalungtikan ngawung runtuyan siklus kagiatan pikeun siswa .

3) Kelas, dina ieu hal teu kaiket kana wangenan rohangan kelas, tapi dina harti anu leuwih spesifik. Dina ieu hal, anu dimaksud kelas téh nyaéta sakelompok siswa anu dina waktu anu sarua, narima pangajaran anu sarua ti guru nu sarua ogé.

(17)

25

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

3.4 Wangenan Operasional 1) Modél Mind Mapping

Modél Miind Mapping nyaéta téhnik pikeun nempatkeun data informasi, pusat

Mind Mapping mirip jeung peta jalan anu loba cagakan. Dina modél Mind

Mapping Ngagunakeun gambar, ngagunakeun garis anu melengkung jeung

rupa-rupa warna. Dina unggal guratna ngagunakeun kecap galeuh.

2) Nyaritakeun Pangalaman

Dina nyaritakeun pangalaman nyaéta carita anu geus kajadian atawa karandapan ku urang. Aya sababaraha anu kudu diperhatikeun nalika nyaritakeun pangalaman nyaéta perhatikeun dina saperti halna lentong, rengkuh, pasemon, tatakrama.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumen dina ieu panalungtikan nyaéta 1) lambaran tés, 2) lambaran obsérvasi, jeung 3) catetan lapangan.

3.5.1 Lambaran Tés

Lambaran tés anu diujikeun dina ieu panalungtikan nyaéta paréntah anu kudu dilaksankeun ku siswa salila ngalaksankeun pangajaran nyaritakeun pangalaman.

Pikeun ngukur hasil tés nyaritakeun siswa, ditangtukeun format peunteun siswa. Bisa katitén dina tabél 3.1 ieu di handap.

Tés Nyaritakeun Pangalaman

Jieun peta konsep ngeunaan pangalaman hidep salila peré semester ! Sanggeus réngsé, tuluy caritakeun dihareupeun babaturan saluyu kana Mind

(18)

26

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.1

Format Peunteun Nyaritakeun Pangalaman Siswa Ngaran Siswa :

Kelas :

No Aspék anu Diajén Skala Bobot Bobot

5 4 3 2 1

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)

1 Ucapan (gancang kendorna) 2 Lentong ( wirahma, randegan) 3 Pasemona (éksprési)

4 Adegan Basa

5 Pilihan kecap (diksi)

6 Réngkak jeung peta (sikep penampilan) 7 Hubungan eusi jeung topik

8 Perhatian ka audience

Jumlah bobot Peunteun Katerangan :

Bobot Idéal = 40 Skor Idéal = 100

Peunteun = Bobot X Skor Idéal Bobot Idéal

Katégori peunteun dumasar KKM, bisa katitén dina tabél 3.2 di handap. Tabél 3.2

Katégori Peunteun

Peunteun Katerangan

≥ 75 tuntas

≤ 75 can tuntas

Padoman Skala Peunteun

a. Ucapan (Gancang kendorna)

(19)

27

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Bobot 4 = Nyaritakeun pangalaman lancar jeung béntés (henteu arapap-eureupeup).

Bobot 3 = Nyaritakeun pangalaman cukup lancar jeung béntés (henteu arapap-eureupeup).

Bobot 2 = Nyaritakeun pangalaman henteu pati lancar jeung teu pati béntés (rada arapap-eureupeup).

Bobot 1 = Nyaritakeun pangalaman teu lancar jeung teu béntés (arapap-eureupeup).

b. Lentong (wirahma, randegan)

Bobot 5 = Wirahma jeung randegan kacida merenahna nepi ka omonganana bisa dicangkem.

Bobot 4 = Wirahma jeung randegan merenahna nepi ka omonganana bisa dicangkem.

Bobot 3 = Wirahma jeung randegan cukup merenahna nepi ka omonganana masih bisa dicangkem.

Bobot 2 = Wirahma jeung randegan kurang merenahna nepi ka omonganana rada hésé dicangkem.

Bobot 1 = Wirahma jeung randegan teu merenahna nepi ka omonganana hésé dicangkem.

c. Pasemon (Éképrési)

Bobot 5 = Pasemon katingali tenang/henteu geumpeur jeung bisa ngawasa kana kaayaan.

Bobot 4 = Pasemon katingali kurang tenang/rada geumpeur tapi bisa ngawasa kana kaayaan.

Bobot 3 = Pasemon katingali kurang tenang/rada geumpeur bari jeung kurang bisa ngawasa kana kaayaan.

(20)

28

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bobot 1 = Pasemon katingali henteu tenang/geumper jeung teu bisa ngawasa kana kaayaan.

d. Adegan Basa

Bobot 5 = Basa nu digunakeun bener jeung baku.

Bobot 4 = Basa nu digunakeun rada bener jeung rada baku Bobot 3 = Basa nu digunakeun rada bener tapi teu baku. Bobot 2 = Basa nu digunakeun kurang bener jeung teu baku. Bobot 1 = Basa nu digunakeun henteu bener jeung teu baku.

e. Pilihan kecap (Diksi)

Bobot 5 = Pilihan kecap nu digunakeun mernah atawa keuna kana larapna. Bobot 4 = Pilihan kecap nu digunakeun rada mernah atawa rada keuna

larapna.

Bobot 3 = Pilihan kecap nu digunakeun cukup mernah atawa cukup keuna kana larapna.

Bobot 2 = Pilihan kecap nu digunakeun kurang mernah atawa kurang keuna kana larapna.

Bobot 1 = Pilihan kecap nu digunakeun kurang mernah atwa henteu keuna kana larapna.

f. Réngkak jeung Peta (Sikep Penampilan)

Bobot 5 = Gerak awak henteu tegang jeung teu loba ngalakukeun gerakan anu ngaganggu konséntrasi pamiarsa.

Bobot 4 = Gerak awak rada tegang tapi teu loba ngalakukeun gerakan anu ngaganggu konséntrasi pamiarsa.

Bobot 3 = Gerak atawa henteu tegang tapi loba ngalakukeun gerakan anu ngaganggu konséntrasi pamiarsa.

(21)

29

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Bobot 1 = Gerak awak kacida tegang jeung loba ngalakukeun gerakan anu ngaganggu konséntrasi pamiarsa.

g. Hubungan Eusi jeung Topik

Bobot 5 = Eusi omongan kacida saluyuna jeung matéri pembelajaran. Bobot 4 = Eusi omongan saluyu jeung matéri pembelajaran.

Bobot 3 = Eusi omongan cukup saluyuna jeung matéri pembelajaran. Bobot 2 = Eusi omongan kurang saluyuna jeung matéri pemebelajaran. Bobot 1 = Eusi omongan henteu saluyuna jeung matéri pembelajaran.

h. Perhatian ka Audience

Bobot 5 = Teuteupan museur jeung komunikatif Bobot 4 = Teuteupan museur tapi kurang komunikatif

Bobot 3 = Teuteupan kurang museur tapi cukup komunikatif. Bobot 2 = Teuteupan kurang museur jeung kurang komunikatif. Bobot 1 = Teuteupan henteu museur jeung henteu komunikatif.

3.5.2 Padoman Obsérvasi

Padoman obsérvasi nyaéta salasahiji instrument anu digunakeun pikeun data dina panalungtikan. Dina ieu obsérvasi aya dua hal anu ditalungtik nyaéta padoman obsérvasi guru jeung siswa.

3.5.2.1 Padoman Aktivitas Guru

(22)

30

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabel 3.3

Lembar Obsérvasi Aktivitas Guru

Wasta Obsérver : ……….

Poé, Ping : ……….

Jam : ……….

Standar Kompeténsi : Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan

keinginan secara lisan dalam bercerita tentang

pengalaman, menyampaikan pengumuman, bertelepon,

menyampaikan bahasan, menceritakan tokoh, dan

bercakap-cakap dengan teman.

Kompeténsi Dasar : Menceritakan Pengalaman.

TAHAP DESKRIPSI KAGIATAN Ya Tidak Koméntar

(1) (2) (3) (4) (5)

a. Kagiatan awal

1. Guru muka pangajaran ku salam jeung ngadu’a. 2. Guru ngabsén (nanyakeun

kabar sarta nanyakeun saha waé nu teu hadir).

3. Méré apersépsi ka siswa 4. Ngamotivasi siswa saacan

pangajaran dimulai. 5. Ngajelaskeun tujuan

pagajaran nu rék ditepikeun. b. Kagiatan inti 1. Guru ngajelaskeun ngeunaan

nyaritakeun pangalaman ngagunakeun Mind Mapping. 2. Guru ngaping siswa dina

nyieun Mind Mapping,

ngaintruksi dina lengkah mimiti nyaéta:

[image:22.596.109.535.366.700.2]
(23)

31

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Katerangan : Béré tanda check list (√) dina kolom ya lamun katitén dilaksanakeun, atawa dina kolom tidak lamun teu katitén dilaksanakeun.

Catetan Obsérver :

……… ……… ………...

(1)

c. Kagiatan ahir

(2)

b. guru nitah sangkan siswa nyieun puseur pamikiran

Mind Mapping anu

wangunna gambar, posisisna aya di bagéan tengah kertas kosong.

(3) (4) (5)

c. guru nitah siswa ngagambar sarta ngahubungkeun cabang-cabang utama ka gambar atawa poto puseur.

d. nyieun gurat hubungan anu melengkung.

e. ditambahan ku rupa-rupa kelir nu béda sangkan Mind

Mapping katingali leuwih

hirup.

f. ngagunakeun hiji kecap galeuh dina unggal gurat. g.ditambahan ku ilustrasi

gambar.

3. Méré perhatian ka anu keur nyaritakeun pangalamananan. 4. Ngondisikeun siswa sangkan

teu ribut nalika babaturana nyarita di hareup.

1. Negeskeun deui kana matéri anu geus ditepikeun.

2. Méré arahan kasalahan naon waé anu kurang dina

nyaritakeun pangalaman. 3. Nutup pangajaran kucara

(24)

32

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bandung, April 2014

Obsérver, Panalungtik,

Lia Marliah

NIP/NIM. NIM. 1006047

3.5.2.2 Padoman Observasi Aktivitas Siswa

Obsérver niténan aktivitas siswa salila pangajaran lumangsung. Format paniléyan aktivitas siswa nu digunakeun dina ieu panalungtikan bisa dititénan dina tabél 3.4 ieu di handap.

Tabel 3.4

Lambaran Observasi Aktivitas Siswa

Wasta Obsérver : ……….

Poé, Ping : ……….

Jam : ……….

Standar Kompeténsi : Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan

keinginan secara lisan dalam bercerita tentang

pengalaman, menyampaikan pengumuman, bertelepon,

menyampaikan bahasan, menceritakan tokoh, dan

bercakap-cakap dengan teman.

Kompeténsi Dasar : Menceritakan Pengalaman.

TAHAP DESKRIPSI KAGIATAN Ya Tidak Koméntar

(1) (2) (3) (4) (5)

a. Kagiatan awal

1. Nurut nalika dikondisikeun. 2. Ngaréspon data kahadiran

siswa.

[image:24.596.113.518.624.755.2]
(25)

33

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

(1) (2)

4. Kamotivasian pikeun sumanget diajar.

(3) (4) (5)

5. Ngarti kana tujuan jeung léngkah-léngkah pangajaran anu kudu dihontal salila pangajaran

b. Kagiatan inti

1. Ngabandungan matéri ngeunaan nyaritakeun pangalaman.

2. Diaping saperti halna antara

konselor jeung klien dina

milih topik karangan pangalaman sarta nyieun

Mind Mapping.

3. Dipapagahan sangkan henteu nyeungseurikeun atawa ngéréspon siswa séjén anu keur nyaritakeun

pangalamanana.

4. Nyaritakeun pangalaman ti mimiti bubuka, eusi, jeung panutup kalawan

ngagunakeun basa/ kalimah anu jelas jeung santun , saluyu jeung Mind Mapping anu geus dijieun.

c. Kagiatan ahir

1. Merhatikeun kana penegasan deui matéri pangajaran anu geus ditepikeun.

2. Menerkeun kasalahan anu kungsi.

3. Ngabandungan kagiatan pangajaran satuluyna, kaasup méré tugas.

4. Mungkas kagiatan pangajaran. Jumlah

Persentase

(26)

34

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Catetan Observer :

……… ……… ……… Bandung, April 2014

Obsérver, Panalungtik

Lia Marliah

NIP/NIM. NIM. 1006047

3.5.3 Catetan Lapangan

(27)

35

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Tabél 3.5

Lembar Catetan Lapangan (Field Notes)

Wasta Observer : ………...

Poé, Ping : ………...

Jam : ………...

Catetan Lapangan Réfléksi jeung Analisis

(Wiriaatmadja, 2009:129) Bandung, April 2014

Obsérver

NIP/NIM 3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku tés kamampuh siswa, observasi, jeung catetan lapangan.

3.6.1 Tés Kamampuh Siswa

(28)

36

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tés anu digunakeun dina nguji kaparigelan nyarita siswa nyaéta tés lisan. Ieu tés téh dilarapkeun dina pra-panalungtikan, siklus I, jeung siklus II.

3.6.2 Obsérvasi

Obsérvasi dina ieu panalungtikan pikeun nalungtik aktivitas guru jeung siswa nalika pangajaran lumangsung. Dina ieu obsérvasi, guru dipiharep teu kabeungkeut ku hiji tiori anu digunakeun. Sabalikna, guru kudu leuwih mekarkeun kaparigelan dina prosés pangajaran sangkan tujuan pangajaran bisa dihontal.

Obsérvasi anu dilakukeun dina ieu panalungtikan nyaéta obsérvasi langsung, nu mana format obsérvasi téh dieusian langsung ku obsérver dina unggal siklus nalika tindakan lumangsung. Ieu hal dilaksankeun pikeun niténan aktivitas guru jeung siswa salila prosés pangajaran lumangsung.

3.6.3Catetan Lapangan

Nurutkeun Kusnandar (2008, kc. 197) Catetan lapangan (field notes) nyaéta catetan anu dijieun ku panalungtik atawa mitra panalungtik pikeun nalungtik atawa observasi kana hiji objek panalungtikan tindakan kelas. Tina sababaraha pengamatan ngeunaan aspek pangajaran di kelas, kaayaan di kelas, ngokolakeun di kelas, interaksi guru, jeung siswa sarta sababaraha aspék séjénna anu bisa dicatet pikeun catatan lapangan anu bisa digunakeun pikeun sumber data PTK.

3.7 Analisi Data

Analisis data dilakukeun dina unggal siklus salaku réfléksi pikeun parobahan dina siklus satuluyna. Aya sababarah tahapan dina analisis data, di antarana ieu di handap:

1) Milah-milah data saluyu jeung fokus masalah.

2) napsirkeun data anu geus milah- milah dina wangun pernyataan.

(29)

37

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Lembang nyaéta 75. Siswa dianggap tuntas nyaéta siswa nu meunang peunteun ≥75, sedengkeun anu disebut teu tuntas nyaéta siswa nu meunang peunteun ≤75. Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan dina tabél 3.2.

4) nganalisis hasil obsérvasi aktivitas guru jeung siswa.

5) nganalisis hasil catetan lapangan salaku hasil réfléksi panalungtik dina prosés pangajaran anu muncul kalawan teu direncanakeun dina kagiatan pangajaran. 6) ngalakukeun analisis kualitatif, nyaéta nyindekeun ngaronjat henteuna hasil

pangajaran anu geus dilaksanakeun dumasar tina hasil obsérvasi kalawan babarengan jeung obsérver.

(30)

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Panalungtikan anu dilaksanakeun di SMP Negeri 3 Lembang Luyu jeung hasil panalungtikan modél Mind Mapping pikeun ngaronjatkeun kaparigelan nyaritakeun pangalaman ngagunakeun métode penelitian tindakan kelas (PTK) bisa dicindekkeun yén:

1) Prak-prakan panalungtikan anu geus dilaksanakeun dina pangajaran nyaritakeun pangalaman, kamampuh siswa nyaritakeun pangalaman ngaronjat ngagunakeun modél Mind Mapping, ieu hal bisa katiten tina hasil peunteun siswa anu

ngaronjat ti mimiti pra-panalungtikan, siklus I, jeung siklus II. Dina kagiatan

pangajaran pra-panalungtikan, rata-rata nilai anu dihontal siswa nyaéta 64,68. Dina

siklus I, rata-rata nilai anu dihontal ku siswa nyaéta 72,56. siklus II, rata-rata nilai anu

dihontal nyaéta 81,68.

2) Hasil diajar nyaritakeun pangalaman siswa ngagunakeun modél Mind Mapping bisa dicindekkeun yén hasilna ngaronjat boh tina rata-rata aspék nu dipeunteun, peunteun jeung perséntase peunteun. Ieu hal katitén tina ngaronjatna hasil diajar nyaritakeun pangalaman ti mimiti pra-panalungtikan, siklus I, jeung siklus II. Hasil diajar nyaritakeun pangalaman siswa pra-panalungtikan nyaéta 7 urang atawa 17,50% anu tuntas, sedengkeun anu can tuntas 33 urang atawa 82,50%. Dina siklus I nyaéta 21 urang atawa 52,50% anu tuntas, sedengkeun anu can tuntas 19 urang atawa 47,50%. Dina siklus II nyaéta 40 urang atawa 100% anu tuntas. Parobahan ieu ngabuktikeun yén pangajaran ngagunakeun modél mind mapping dina siklus II bisa dilaksanakeun kalawan optimal.

(31)

70

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

sakabéh siswa ngaluarkeun sakabéh imajinasina. Suasana pangajaran nyiptakeun éféktif, dina pangajaran ngagunakeun modél Mind Mapping waktu anu dipaké pikeun siswa nyarita leuwih éféktip lantaran siswa geus siap naon waé anu rék dicaritakeun di hareup sarta ngaruntuy dibandingkeun dina pangajaran saacana. Lian ti éta pangajaran dina nyaritakeun pangalaman jadi pikaresepen, ieu hal katitén lantaran dina pangajarananan diselaan nyieun Mind

Mapping anu ngajadiekun kaayaan siswa teu ngarasa jenuh. Dina siklus II,

siswa geus leuwih aktif dina ngabandungan caritaan batur nalika nyarita di ahreup sarta hasil Mind Mapping jeung cara nyaritakeun pangalaman siswa geus leuwih kréatif. Lian ti éta sakabéh siswa geus ngarasa wani nalika dititah nyarita di hareup.

5.2 Saran

Sanggeus ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan nyaritakeun pangalaman ngagunakeun modél Mind Mapping, aya sababaraha rékoméndasi tina hasil panalungtikan ieu nyaéta :

1) dina cara nyieun Mind Mapping ngabutuhkeun waktu nu cukup lila, lantaran siswa kudu ngaluarkeun sakabéh imajinasina anu aya dina uteuk na. ku kituna guru dipiharep leuwih ngaéféktifkeun waktu sangkan teu aya waktu anu kapiceun.

2) dina rék ngalaksanakeun pra-prakkan prosés diajar saméméhna guru kudu ngararancang bahan pangajaran heula. Ieu hal miboga tujuan sangkan pangajaran bisa kahontal kalawan hadé.

(32)

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, spk. (2009). Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: PT Bumi Aksara. Buzan, T.(2013). Buku Pintar Mind Map.Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata pelajaran bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Haerudin, D. & Suherman, A. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (JPBD).

Iskandarwassid, spk.(2009). Model-model Pembelajaran Bahasa dan Sastra

Sunda. Bandung: CV Wahana Karya Grafika.

Juhaendy, D spk. (2007). Nyangkem Basa Pangajaran Basa Sunda pikeun SMP

Kelas VII. Bandung: Pelita Bandung.

Kusnandar. (2008). Langkah Mudah Penelitian Tindakan Kelas sebagai

Pengembangan Profesi Guru. Jakarta: PT RajaGrafindo Persada.

Nurgiyantoro, B. (2012). Penilaian Pembelajaran Bahasa.Yogyakarta: BPFE-Yogyarakarta.

Nurmayasari. (2012). Modél Pangajaran Kooperatif Tipe JIGSAW pikeun

Ngaronjatkeun Kaparigelan Maca Dongéng (Panalungtikan Tindakan Kelas

ka Siswa Kelas VII-A SMP Negeri 12 Bandung Taun Ajaran 2011-2012).

Skripsi di JPBD. Bandung: Teu dipedalkeun.

Rahman. (2011). Modél Mengajar dan Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqa Prisma Interdelta Jatinangor.

Ratna Shinta Sukowati Suwarto. (2012). Pamarekan SAVI (Somatis Auditori

(33)

72

Lia Marliah, 2014

Modél Mind Mapping Pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman

Pangalaman (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-B SMP

Negeri 12 Bandung Taun Ajaran 2011-2012). Skripsi di JPBD. Bandung: Teu

dipedalkeun.

Sudaryat, Y. & Ruhiyati, L. (2005). Murba Basa Pangajaran Basa Sunda pikeun

Murid SMP/MTS Kelas VII. Bandung: CV. Karya Iptek Bandung.

Tarigan, H. G. (2008). Berbicara Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Trianto. (2011). Mendesain Model Pembelajaran Inovatif-Progresif. Jakarta: Kencana Prenada Media Group.

Ulfi Atibahatul Rohmah (2013).Http://cuapfhiieear.blogspot.com/2013/02/model-pembelajaran- min- mapping. html?m=1

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulis Karya Ilmiah: Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Wiriaatmadja, R. (2008). Metode Penelitian Tindakan Kelas.Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Gambar

Gambar 3.1 Desain Panalungtikan Tindakan Kelas
Tabel 3.3
Tabel 3.4

Referensi

Dokumen terkait

ti éta, pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa sarta dipiharep bisa leuwih. ngaronjatkeun deui kualitas pangajaran basa Sunda di kelas. 1.3.2

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Ieu téhnik miboga tujuan pikeun nyangking data saméméh dibéré perlakuan jeung sanggeus

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pedaran ngeunaan téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap. 1) Kamampuh

Dumasar téknik panalungtikan anu dipaké, instrumén dina ieu panalungtikan nyaéta wangun tés tinulis. Tés anu dijieun dina wangun soal unjuk kerja ditepikeun saméméh

Tés nyaéta mangrupa salasahiji téhnik pikeun ngukur kamampuh hiji sampel tina hiji paripolah individu nu dités (Kuswari, 2010, kc. Téhnik tés dina ieu panalungtikan gunana

peunteun anu dihontal ku siswa dina siklus II nya éta 91,05. 3) Tina hasil diajar siswa nalika prosés pangajaran pra panalungtikan, siklus I,. jeung siklus II katitén

Prosedur pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta ku cara dilaksanakeunna kagiatan tés jeung observasi. Kagiatan tés dilaksanakeun pikeun mikaweruh tingkat

Nu jadi instrumén dina ieu panalungtikan nya éta soal tés pilihan ganda jeung uraian nu dipaké dina tés sumatif semester hiji pangajaran basa Sunda di MTs