• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODÉL PANGAJARAN EXPERIENCES DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK :Panalungtikan Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas XI IPA 3 SMAN 15Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODÉL PANGAJARAN EXPERIENCES DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK :Panalungtikan Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas XI IPA 3 SMAN 15Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014."

Copied!
40
0
0

Teks penuh

(1)

MODÉL PANGAJARAN EXPERIENCES

DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK

(Panalungtikan Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas XI IPA 3 SMAN 15

Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Mutya Dekawati NIM 1000735

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

MODÉL PANGAJARAN EXPERIENCES DINA

PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK

(Panalungtikan Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA

3 SMAN 15 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh Mutya Dekawati

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Mutya Dekawati 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)
(4)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MODÉL PANGAJARAN EXPERIENCES

DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK

(Panalungtikan Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas XI IPA 3 SMAN 15 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014) 1)

Mutya Dekawati 2)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh fakta mengenai kurang terampilnya siswa dalam menulis cerita pendek. Tujuan penelitian ini mendeskripsikan: (1) kemampuan awal siswa dalam menulis cerita pendek sebelum menggunakan model pembelajaran experiences; (2) kemampuan akhir siswa dalam menulis cerita pendek sesudah menggunakan model pembelajaran experiences; dan (3) perbedaan yang signifikan antara sebelum dan sesudah menggunakan model pembelajaran experiences dalam menulis cerita pendek. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen dengan menggunakan desain prates dan postes. Teknik pengumpulan data yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknik tes. Hasil penelitian ini adalah: (1) kemampuan awal siswa dalam menulis cerita pendek sebelum menggunakan model pembelajaran experiences secara umum dianggap belum mampu yaitu dengan jumlah rata-rata 64,7; (2) kemampuan akhir siswa dalam menulis cerita pendek sesudah menggunakan model pembelajaran experiences secara umum dianggap mampu yaitu dengan jumlah rata-rata 78,3; dan (3) adanya perbedaan yang signifikan antara hasil prates dan postes, yaitu 64,7% meningkat menjadi 78,3% dan terlihat peningkatan sebesar 13,27%, serta hasil uji hipotésis menunjukan bahwa thitung > ttabel atau

14,26 > 2,44 yang artinya bahwa Ha diterima dan Ho ditolak. Berdasarkan hasil penelitian dapat disimpulkan bahwa model pembelajaran experiences bisa meningkatkan kemampuan menulis cerita pendek, karena adanya perbedaan yang signifikan antara kemampuan prates dan postes siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung taun ajaran 2013/2014.

Kata Kunci: Modél Pangajaran Experiences, nulis carita pondok

(5)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

EXPERIENCES LEARNING MODEL IN LEARNING WRITING SHORT STORY (Quasi-Experimental Research of Students in Class XI Science 3 in SMAN 15 Bandung on Academic Year

2013/2014)1)

Mutya Dekawati2)

ABSTRACT

Background of the research is based on students’ deficiency in writing short story.

The purposes of the research to find out the significant different of students in class XI Science 3 in SMAN 15 Bandung on academic year 2013/2014 ability in writing short story before and after using experiences learning model. Method that used in this study is quasi experimental, pretest and post-test design also conducted in this study. Data collection technique that used in this study is testing.

The results of the study are: (1) Students’ current ability in writing short story

generally considered as deficient with the average score 64,7; (2) Experiences

learning model improved the students’ ability in writing short story with their

average score increased to 78,3; and (3) there is significant result in pre-test and post-test, with average score increased from 64,7% to 78,3% and it can be seen that the score increased until13,27%. Moreover the result of the hypothesis also shown that tvalue > ttable or 14, 26 > 2, 44, which means that Ha can be accepted and

Ho is rejected. Based on the research, it can be concluded that experiences learning model increase ability in writing short story, because there is significant different between pre-test and pos-test of students in class XI Science 3 in SMAN 15 Bandung on academic year 2013/2014.

(6)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(7)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, HIPOTÉSIS... 8

2.1 Uikan Tiori... 8

2.1.1 Modél Pangajaran... 8

2.1.2 Modél Pangajaran Experiences... 9

2.1.2.1 Wangenan Modél Pangajaran Experiences... 9

2.1.2.2 Prinsip Modél Pangajaran Experiences... 9

2.1.2.3 Tujuan Modél Pangajaran Experiences... 10

2.1.2.4 Léngkah–Léngkah Modél Pangajaran Experiences... 11

(8)

vi

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.3.6 Wangun Tulisan... 16

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN... 29

3.1 Lokasi jeung Sumber Data... 29

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN... 47

4.1 Hasil Panalungtikan Modél Pangajaran Experiences dina Nulis Carita Pondok Siswa Kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung Taun Ajaran 2013/2014... 47

4.1.1 Kamampuh Nulis Carita Pondok saméméh Ngagunakeun Modél Pangajaran Experiences Siswa Kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung Taun Ajaran 2013/2014... 47

4.1.2 Kamampuh Nulis Carita Pondok sabada Ngagunakeun Modél Pangajaran Experiences Siswa Kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung Taun Ajaran 2013/2014... 54

4.1.3 Béda Kamampuh Nulis Carita Pondok saméméh jeung sabada Ngagunakeun Modél Experiences ka Siswa Kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung Taun Ajaran 2013/2014... 60

4.1.3.1 Uji Sipat Data... 60

2.1.4 Nulis Carita Pondok... 17

2.1.4.1 Wangenan Carita Pondok... 17

2.1.4.2 Ciri-Ciri Carita Pondok... 18

2.1.4.3 Unsur-Unsur Pangawangun Carita Pondok... 19

2.1.4.4 Pangajaran Nulis Carita Pondok... 24

2.1.5 Modél Experiences dina Pangajaran Nulis Carita Pondok... 24

2.1.6 Léngkah Léngkah Modél Pangajaran Experiences dina Nulis Carita Pondok... 25

2.2 Raraga Mikir... 26

(9)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.1.3.1.1 Uji Normalitas Pratés... 60

4.1.3.1.2 Uji Normalitas Postés... 65

4.1.3.1.3 Uji Homogénitas... 70

4.1.3.2 Uji Gain (d)... 71

4.1.3.3 Uji Hipotésis... 78

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan Modél Pangajaran Experiences dina Nulis Carita Pondok Siswa Kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung Taun Ajaran 2013/2014... 80

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 82

5.1 Kacindekan... 82

5.2 Saran... 83

DAPTAR PUSTAKA... 84

LAMPIRAN-LAMPIRAN... 86

(10)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Basa téh mangrupa salasahiji alat pikeun komunikasi manusa anu sipatna arbitrér atawa manasuka. Minangka alat pikeun komunikasi, basa téh dibagi jadi basa lisan sarta basa tulisan. Dina prak-prakanana basa téh miboga opat aspék kaparigelan basa, nyaéta kaparigelan ngaregepkeun (listening skills), kaparigelan nyarita (speaking skills), kaparigelan maca (reading skills), jeung kaparigelan nulis (writing skills).

Nulis mangrupa salasahiji aspék dina kaparigelan basa. Nurutkeun Tarigan (2008, kc. 3), nulis téh hiji kaparigelan basa anu eksprésif tur produktif. Nulis ogé lain mangrupa hiji kagiatan anu babari, tapi hiji kagiatan anu mikabutuh prosés mikir anu jero. Ku sabab dina nulis aya sababaraha aspék anu kudu diperhatikeun, di antarana struktur basa, kandaga kecap, jeung éjahan.

Sanajan nulis téh lain hiji kagiatan anu kaasup babari, tapi kagiatan nulis penting pikeun dunya atikan. Dumasar kana SKKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda di tingkat SMA/SMK/MA kelas XI, aya sababaraha matéri anu kudu ditepikeun ka siswa dina pangajaran nulis, di antarana nyaéta nulis carita pondok. Anu kaunggel dina standar kompeténsi 11.4 anu eusina mampu menulis untuk

mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan, dalam bentuk carita pondok,

laporan kegiatan, dan resensi buku (2006, kc. 122).

Salasahiji élmu pangaweruh anu ngagunakeun basa salaku médiana nyaéta élmu sastra. Istilah sastra asalna tina basa Sanskerta, nyaéta tina sas- anu hartina méré pituduh; ngajar jeung –tra hartina alat; sarana. Sastra ogé mangrupa ébréhan

tina jiwa atawa rasa pangarangna.

(11)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(prosa). Salasahiji sastra dina wangun lancaran (prosa) nu diajarkeun di sakola téh nyaéta nulis carita pondok.

Carita pondok, dina basa Indonésia sok disebut cerita pendek, istilah asingna mah sok disebut short story nu mangrupa karya fiksi dina wangun lancaran (prosa). Nurutkeun Sumarsono (1986, kc. 69) carpon téh nyaéta, karangan fiksi dina wangun lancaran, hartina naon-naon anu dicaritakeun ku pangarang téh henteu kudu enya-enya kajadian ku dirina.

Kagiatan nulis carita pondok mangrupa salasahiji bahan pangajaran anu kudu ditepikeun ka siswa di kelas. Ku kituna, prosés diajar ngajar mikabutuh ayana modél pangajaran anu éféktif tur saluyu jeung bahan pangajaran anu rék ditepikeunana sangkan bisa lumangsung kalawan hadé.

Kiwari di sakola-sakola loba kénéh bangbaluh anu disanghareupan ku siswa waktu pangajaran nulis carpon lumangsung. Teu saeutik siswa anu masih kénéh ngarasa hésé dina nangtukeun ide, judul karangan, milih kandaga kecap atawa diksi nu bener sarta sok ngarasa hésé dina nyieun kalimah anu munggaran. Lian ti éta ogé, bangbaluh kurangna kaparigelan siswa dina pangajaran nulis carpon téh disababkeun alokasi waktu anu salila ieu rélatif leuwih leutik, antukna ngabalukarkeun ka siswa jadi kurang resep sarta kurang maksimal dina pangajaran nulis carpon.

Dumasar kana éta masalah, guru dipiharep miboga kaparigelan dina nepikeun bahan ajar salasahijina ngaliwatan modél pangajaran. Ku kituna, ku ayana éta modél pangajaran prosés diajar ngajar dipiharep bisa ngarojong dina ngaronjatkeun préstasi siswa. Modél pangajaran téh salasahiji tarékah sangkan bahan ajar anu rék ditepikeun bisa katarima ku siswa kalawan paham. Modél pangajaran ogé mangrupa salasahiji pedoman pikeun guru dina ngalaksanakeun prosés diajar ngajar di sakola kalawan leuwih variatif.

(12)

3

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

bahasan (goals topics, and purpose), nyusun tujuan instruksional husus (learning

objectives), milih eusi pangajaran (subjéct content), ngalaksanakeun pratés

(preassesment), ngalaksanakeun kagiatan diajar ngajar/sumber pangajaran (teaching learning activities/resources), ngayakeun dukungan pelayanan (support

service), ngalaksanakeun évaluasi (evaluation), sarta nyieun révisi (revise).

Sakumaha anu geus kaunggel di luhur katitén yén modél pangajaran téh nyaéta salasahiji komponén anu penting dina ngalaksanakeun prosés diajar ngajar. Salasahiji alternatif modél pangajaran anu dipaké pikeun pangajaran nulis carita pondok nyaéta modél pangajaran experiences. Nu dimaksud modél pangajaran

experiences téh nyaéta, salasahiji modél pangajaran nu ngarojong siswa sangkan

aktif dina ngawangun pangaweruh jeung kaparigelanana ngaliwatan pangalaman sacara langsung (Majid, 2012, kc. 181).

Modél experiences bisa dipaké dina kagiatan pangajaran nulis carita pondok. Modél experiences ogé miboga tujuan sangkan bisa ngaronjatkeun préstasi siswa dina nulis carita pondok.

Panalungtikan anu maké modél pangajaran experiences téh lain panalungtikan anu munggaran. Aya sababaraha nu geus nalungtik ngeunaan modél pangajaran experiences, salasahijina nyaéta Modél Experiences pikeun Ningkatkeun Kamampuh Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2009-2010) ku Barkatun Nisa Alfia. Dina Hasil panalungtikanana, modél experiences téh bisa ngaronjatkeun hasil anu signifikan dina pangajaran nulis sajak siswa kelas VII A SMPN 45 Bandung taun ajaran 2009-2010. Bédana jeung ieu panalungtikan nyaéta modél experiences téh digunakeun dina pangajaran nulis carita pondok lain nulis sajak.

(13)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 3 SMAN 15 Kota Bandung Taun Ajaran 2013/2014).

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

Idéntifikasi jeung rumusan masalah dina ieu panalungtikan nyaéta saperti ieu di handap.

1.2.1Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang panalungtikan di luhur, katitén aya sababaraha masalah anu karandapan dina ieu panalungtikan. Dina hasil idéntifikasina, kapaluruh yén siswa masih kénéh ngarasa hésé dina nangtukeun ide, judul karangan, milih kandaga kecap atawa diksi nu bener sarta sok ngarasa hésé nyieun kalimah anu munggaran dina nulis carita pondok.

Kamampuh nulis carita pondok téh bisa diukur ngaliwatan dua katégori, nyaéta katégori linguistik jeung katégori non linguistik. Katégori linguistik maluruh ngeunaan naon-naon anu aya patalina dina katatabasaan upamana, éjahan, adegan basa, diksi, jsté. Sedengkeun katégori non linguistik mah maluruh naon-naon anu aya di luar katatabasaan upamana, struktur intrinsik, struktur ékstrinsik, eusi, imajinasi, jsté.

Ku kituna, sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan tangtuna waé kudu diwatesanan. Dina katégori linguistik diwatesanan maluruh ngeunaan diksi jeung éjahanana. Sedengkeun dina katégori non linguistik maluruh ngeunaan eusi carita, imajinasi, sarta struktur intrinsik anu diwatesanan tokoh jeung penokohan, galur, sarta gaya dina carita pondok.

1.2.2Rumusan Masalah

(14)

5

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Kumaha kamampuh nulis carita pondok saméméh ngagunakeun modél pangajaran experiences ka siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 2013/2014?

2) Kumaha kamampuh nulis carita pondok sabada ngagunakeun modél pangajaran experiences siswa ka kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 2013/2014?

3) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis carita pondok saméméh jeung sabada ngagunakeun modél experiences ka siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 2013/2014?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan dina ieu panalungtikan ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, anu baris dipedar ieu di handap.

1.3.1Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta, pikeun mikanyaho ngaronjat henteuna modél pangajaran experiences kana kamampuh nulis carita pondok ka siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 2013/2014.

1.3.2Tujuan Khusus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun:

1) kamampuh nulis carita pondok saméméh ngagunakeun modél pangajaran

experiences siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran

2013/2014;

2) kamampuh nulis carita pondok sabada ngagunakeun modél pangajaran

experiences siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran

(15)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) béda anu signifikan antara kamampuh nulis carita pondok saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran experiences siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 2013/2014.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat dina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, anu baris dipedar ieu di handap.

1.4.1Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun nambahan pangaweruh dina pangajaran nulis carita pondok, utamana dina milih modél pangajaran anu luyu, sangkan bisa ngahontal tujuan pangajaran nu dipiharep jeung bisa ngirut siswa pikeun diajar.

1.4.2Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun:

1) guru, nambahan pangaweruh dina milih modél pangajaran pikeun nulis carita pondok sarta mikanyaho kumaha kamampuh siswa dina kaparigelan nulis carita pondok ku cara ngagunakeun modél pangajaran experiences;

2) siswa, bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis carita pondok, ayana kagiatan diajar ngajar nu leuwih variatif, sarta kahontalna tujuan pangajaran; sarta 3) nu nalungtik, bisa mikanyaho aya béda nu signifikan henteuna modél

experiences saméméh jeung sabada dilarapkeunana dina pangajaran nulis

carita pondok, sarta bisa nambahan pangalaman pikeun ngaronjatkeun kaprofésionalan diajar ngajar di sakola.

(16)

7

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bab I bubuka mangrupa bab nu munggaran. Ieu bab ngawengku kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan.

Bab II mangrupa bab nu medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina panalungtikan sacara leuwih jembar. Ieu bab ngawengku ulikan tiori anu di jerona medar modél pangajaran experiences, nulis carita pondok, raraga mikir, jeung hipotésis.

Bab III mangrupa bab nu medar ngeunaan métode panalungtikan, nu ngawengku sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, instrumén panalungtikan, wangenan operasional, sumber data, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data.

Bab IV mangrupa bab nu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Ieu bab ngawengku prak-prakan panalungtikan, kamampuh awal jeung ahir siswa dina panalungtikan, analisis data tina hasil panalungtikan, jeung pedaran ngeunaan modél pangajaran experiences dina nulis carita pondok.

(17)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di SMAN 15 Bandung, anu aya di Jalan Sarimanis I Sarijadi Kota Bandung 40151.

3.1.2 Data

Data dina ieu panalungtikan nyaéta, hasil nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung taun ajaran 2013/2014.

3.1.3 Sumber Data

Arikunto (2010, kc. 172) nétélakeun yén anu dimaksud sumber data dina panalungtikan nyaéta subjék ti mana data bisa dimeunangkeunana. Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 2013/2014, kalawan jumlah siswa siswa nu ngawengku 36, 15 siswa lalaki jeung 21 siswa awéwé.

3.2 Desain Panalungtikan

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi ékspérimén. Nurutkeun Arikunto (2005, kc. 212) desain kuasi ékspérimén aya tilu rupa nyaéta:

1) one shot case study;

2) one group pretest-posttest design; jeung

3) posttest only control group design.

Dina ieu panalungtikan, desain anu digunakeun nyaéta one group

pretest-posttest design (Pratés-Postés).

(18)

30

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(Arikunto, 2005, kc. 212)

Katerangan: O1: Pratés

O2: Postés

X: treatment (dina pangajaran nulis carpon guru ngagunakeun modél pangajaran experiences).

3.3 Métode Panalungtikan

Pikeun ngahontal tujuan, métode nu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi eksperimén. Métode kuasi ékspérimen mangrupa métode panalungtikan nu dimaksudkeun pikeun mikanyaho aya henteuna pangaruh modél pangajaran experiences kana kamampuh nulis carita pondok.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré sarta teu nimbulkeun loba tapsiran dina ngalaksanakeun panalungtikan, ieu di handap dipedar ngeunaan istilah-istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan.

1) Modél pangajaran experiences nyaéta, salasahiji modél pangajaran nu ngarojong siswa sangkan aktif dina ngawangun pangaweruh jeung kaparigelanana ngaliwatan pangalaman sacara langsung (Majid, 2012, kc. 181). Modél pangajaran experiences mangrupa modél anu digunakeun dina pangajaran nulis carita pondok, dumasar kana pangalaman siswa sacara imajinatif. Sacara prosedural ngawengku prosés pangalaman konkrit (concrete

experience), réfléksi observasi (relfective observation), nyusun konsép abstrak

(abstract conceptualization), jeung aplikasi (active experimental).

(19)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5 Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203) instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data, sangkan pagawéanana jadi leuwih babari sarta hasilna leuwih hadé, taliti, lengkep, jeung sistematis, nepi ka leuwih gampang pikeun diolahna. Sedengkeun nurutkeun Sugiyono (2013, kc. 102) instrumén panalungtikan téh nyaéta hiji alat nu digunakeun pikeun ngukur fénoména alam atawa sosial nu ditalungtik

Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta tés. Arikunto (2010, kc. 193) nétélakeun yén nu dimaksud tés nyaéta saruntuyan patalékan atawa latihan anu gunana pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh inteligénsi, kamampuh atawa bakat nu dipiboga ku individu atawa kelompok. Ditilik dina sasaran objék nu rék diévaluasina, dibédakeun sababaraha jenis tés nyaéta tés kapribadian (personality

test), tés bakat (aptitude test), tés inteligénsi (intelligence test), tés sikep (attitude

test), tés minat (measures on interest), jeung tés préstasi (achievement test).

Tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta tés préstasi (achievement test), anu digunakeun pikeun ngukur kamampuh hiji jalma sabada diajar hiji hal. Wangun tina ieu tés mangrupa hasil karangan siswa dina nulis carita pondok. Tés tulis dilaksanakeun dua kali, nyaéta tés awal (pratés) jeung tés ahir (postés). Tés awal dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh nulis carita pondok saméméh maké modél pangajaran experiences, sedengkeun tés ahir dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh nulis carita pondok sabada maké modél pangajaran experiences.

Wangun instrumén dina pratés jeung postés mangrupa paréntah pikeun nulis carita pondok, saperti ieu di handap:

Lembar Paréntah jeung Karangan nulis Carita Pondok

Wasta :………

Kelas :………...

Mata Pelajaran :………

Kaping :………

(20)

32

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés. Téhnik tés dipaké pikeun ngukur kamampuh siswa saméméh jeung sabada dibéré stimulus ka siswa dina pangajaran nulis carita pondok.

Dina prosés tés awal atawa pratés, siswa dititah nulis carita pondok dumasar pangaweruh anu aya dina dirina tanpa dibéré matéri heula, ku kituna dina pratés bakal katitén kamampuh awal siswa dina nulis carita pondok. Sabada pratés, tuluy aya postés nyaéta tés ahir anu dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh nulis carita pondok sabada maké modél pangajaran experiences. Hasil tina ieu tés, bakal nuduhkeun kaéféktifan modél pangajaran experiences dina nulis carita pondok.

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku sababaraha léngkah ieu di handap.

1) Siswa dibéré pancén nulis carita pondok salaku pratés pikeun ngukur kamampuh awal dina pangajaran nulis carpon.

2) Sabada mikanyaho kamampuh awal siswa dina nulis carpon, panalungtik nyiapkeun matéri carita pondok, modél pangajaran experiences, sarta alat-alat nu ngarojong dina ieu panalungtikan.

(21)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4) Siswa ngalaksanakeun postés kalawan ngagunakeun modél experiences, ieu postés dilaksanakeun pikeun mikanyaho ngaronjat atawa henteuna kamampuh siswa dina nulis carita pondok.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data mangrupa kagiatan nganalisis jeung ngolah data. Kagiatan nganalisis jeung ngolah data salaku cara anu dipaké pikeun meunangkeun jawaban tina pasualan dina ieu panalungtikan. Data nu diolah jeung dianalisis ngawengku data hasil kamampuh awal (pratés) jeung data hasil kamampuh ahir (postés).

Aya sawatara léngkah-léngkah anu kudu dilaksanakeun ngaliwatan tahap-tahap saperti ieu di handap.

3.7.1 Mariksa jeung Méré Peunteun Hasil Pratés jeung Postés

Pikeun mikanyaho hasil nulis carita pondok, hasil pratés jeung postés dipeunteun dumasar kana pedoman anu aya dina tabél 3.1 di handap

Tabél 3.1

Pedoman Skala Penilaian Nulis Carpon

Aspék Penilaian Skala Penilaian Skor

4 3 2 1

Eusi Carpon Imajinasi

Tokoh jeung Penokohan Plot/ Galur

(22)

34

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(Nurgiyantoro, 2012, kc. 488)

Format Skala Penilaian Nulis Carpon: (a) Eusi Carpon

Skor 4 = Hadé pisan: substantif, informasina pepel, mekarkeun idena hadé, sarta rélevan jeung téma.

Skor 3 = Cukup hadé: lumayan substantif, informasina lumayan pepel, me- karkeun idena lumayan hadé, sarta lumayan rélevan jeung téma. Skor 2 = Kurang: Kurang substantif, informasina kurang pepel, mekarkeun

idena kurang hadé, sarta kurang rélevan jeung téma.

Skor 1 = Kurang pisan: henteu substantif, informasina henteu pepel, mekarkeun idéna henteu hadé, sarta henteu rélevan jeung téma.

(b) Imajinasi

Skor 4 = Hadé pisan: imajinasina kuat sarta diolah kalawan hadé.

Skor 3 = Cukup hadé: imajinasina kurang kuat tapi diolah kalawan hadé. Skor 2 = Kurang: imajinasina kurang kuat sarta diolahna kurang hadé. Skor 1 = Kurang pisan: imajinasina teu kuat sarta diolahna kurang hadé.

(c) Tokoh jeung Penokohan

Skor 4 = Hadé pisan: aya tokoh utama jeung tokoh pendukung sarta watekna digambarkeun kalawan jelas.

Skor 3 = Cukup hadé: aya tokoh utama jeung tokoh pendukung sarta watekna digambarkeun kalawan cukup jelas.

Skor 2 = Kurang: aya tokoh utama jeung tokoh pendukung sarta watekna digambarkeun kurang jelas.

Jumlah Skor

(23)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Skor 1 = Kurang pisan: taya tokoh utama jeung tokoh pendukung sarta watekna teu digambarkeun kalawan jelas.

(d) Plot/Galur

Skor 4 = Hadé pisan: plot/galur digambarkeun kalawan jelas sarta jalan caritana gampang dipikaharti.

Skor 3 = Cukup hadé: plot/galur digambarkeun cukup jelas sarta jalan caritana cukup dipikaharti.

Skor 2 = Kurang: plot/galur digambarkeunana kurang jelas sarta jalan caritana kurang dipikaharti.

Skor 1 = Kurang pisan: plot/galur digambarkeun kalawan henteu jelas sarta jalan caritana henteu dipikaharti.

(e) Hubungan antar Paragraf

Skor 4 = Hadé pisan: hubungan antar paragraf kagambar kalawan hadé sarta silih lengkepan.

Skor 3 = Cukup hadé: hubungan antar paragraf kagambar lumayan hadé sarta lumayan silih lengkepan.

Skor 2 = Kurang: hubungan antar paragraf kagambar kurang hadé sarta kurang silih lengkepan.

Skor 1 = Kurang pisan: hubungan antar paragraf henteu kagambar sarta henteu silih lengkepan.

(f) Mékanik (Éjahan jeung diksi)

Skor 4 = Hadé pisan: ngawasa aturan penulisan, ngan aya sababaraha kasalahan éjahan.

Skor 3 = Cukup Hadé: sakapeung aya kasalahan éjahan, tapi teu matak ngarobah ma’na.

(24)

36

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

atawa teu dipikaharti.

Skor 1 = Kurang pisan: teu ngawasa aturan penulisan, kasalahan éjahan loba pisan, tulisan teu kabaca, jeung teu pantes pikeun diajén.

(g) Gaya

Skor 4 = Hadé pisan: gaya anu dipakéna éféktif sarta matak ngirut ati. Skor 3 = Cukup Hadé: gaya anu dipakéna cukup éféktif sarta cukup matak

ngirut ati.

Skor 2 = Kurang: gaya anu dipakéna kurang éféktif sarta kurang matak ngirut ati.

Skor 1 = Kurang pisan: gaya anu dipakéna henteu éféktif sarta teu matak ngirut ati.

Sangkan leuwih écés deui, peunteun ahir siswa ditabulasikeun dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.2

Peunteun Tés Nulis Carita Pondok Siswa Kelas XI IPA 3

Nomor

Absén

Aspék Penilaian

P % Katégori

A B C D E F G

(25)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Katerangan:

Katégori: Perséntase ≥ 75% siswa dianggap mampuh nulis carita pondok. Perséntase ≤ 75% siswa dianggap can mampuh nulis carita pondok. Dumasar kana éta pedoman, tuluy peunteun anu dicangking dijumlahkeun tur dibandingkeun jeung skor idéal ngagunakeun rumus:

Katerangan:

Si = Skor ideal

n = Unsur-unsur anu diukur

4 = Skala penilaian

Sabada ngabandingkeun skor siswa jeung skor idéal, kagiatan satuluyna nyaéta maluruh skor ahir. Skor idéal nulis carita pondok nyaéta 28. Skor anu kahontal ku siswa dirobah jadi skor ahir ngagunakeun rumus:

X

(26)

38

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7.2 Uji Sipat Data

Uji sipat data dina ieu panalungtikan ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas. Uji normalitas pikeun nangtukeun distribusi data, naha normal atawa henteu. Uji homogénitas tujuanana pikeun nangtukeun homogénitas data niléy siswa.

a) Uji Normalitas

Uji normalitas tujuanana pikeun mikanyaho normal henteuna data anu digunakeun dina panalungtikan. Data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta hasil tina kamampuh siswa nulis carita pondok. Pikeun nangtukeun yén data téh miboga sipat normal atawa henteuna, bisa digunakeun rumus chi kuadrat (X2).

Saméméh ngagunakeun rumus chi kuadrat (X2), aya léngkah anu kudu dilaksanakeun saperti ieu di handap:

1) Nangtukeun niléy panggedéna jeung pangleutikna 2) Ngitung rentang (range) skor

Range nyaéta selisih niléy pangedéna jeung nu pangleutikna, anu dinotasikeun

dina rumus ieu di handap.

Katerangan:

r : rentang atawa range Xmaks : skor panggedéna

Xmin : skor pangleutikna

Peunteun = skor anu kahontal x 100%

skor idéal

(27)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(Subana: 2000, kc. 38)

3) Nangtukeun jumlah kelas interval (k) ngagunakeun aturan anu diciptakeun ku H. A Struges, rumusna nyaéta:

Katerangan:

k : lobana kelas

n : lobana data (frékuénsi) 3.3 : bilangan konstan

(Subana, 2000, kc. 39)

4) Nangtukeun panjang kelas interval (p) ngagunakeun ieu rumus di handap:

Katerangan:

p : panjang kelas (interval kelas) r : rentang (jangkauan)

k : lobana kelas

(Subana, 2000, kc. 40)

5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal (pratés) jeung tés ahir (postés).

Tabél 3.3

Format Frékuénsi Peunteun Pratés jeung Postés

No. Kelas Interval fi xi xi2 fixi fi.xi2 k = 1 + 3,3 Log n

(28)

40

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun pratés jeung postés kalawan rumus ieu di

7) Ngitung standar déviasi (Sd) kalawan rumus ieu di handap:

 

8) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspétasi (perkiraan).

Léngkah-léngkahna saperti ieu di handap:

a. Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspétasi ngagunakeun

Chi kuadrat.

Tabél 3.4

(29)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kelas

Kelas Interval : lobana kelas interval ngagunakeun aturan struges Oi : frékuénsi observasi

Bk : batas kelas

Z : transformasi normal standar bébas kelas Ztabél : niléy Z tina tabél distribusi data normal

L : lega kelas interval

Ei : frékuénsi ékspétasi (n x luas Ztabél)

(Subana, 2000, kc. 125)

b. Nangtukeun Oi (frékuénsi observasi), nyaéta lobana data anu asup kana

hiji kelas interval

c. Nangtukeun batas kelas interval (Bk)

d. Ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas)

 

f. Ngitung ambahan legana unggal kelas interval (L) Pikeun nangtukeun L nyaéta selisish antara Ztabél

g. Ngitung frékuénsi ékspétasi (Ei)

(30)

42

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

h. Nangtukeun niléy X2 (Chi kuadrat)

X2

i. Nangtukeun derajat kabébasan (dk)

(Sudjana, 2005, kc. 293)

j. Nangtukeun harga X2 tabél

k. Nangtukeun normalitas ku cara ngagunakeun kritéria ieu di handap: (a) Saupama X2itung < X2tabél, hartina distribusi data normal.

(b) Saupama X2itung > X2tabél, hartina distribusi data teu normal.

b) Uji Homogénitas

Uji homogénitas tujuanana pikeun mikanyaho homogén atawa henteuna populasi data anu diujikeun.

Léngkah-léngkah ngitung uji homogénitas nyaéta saperti ieu di handap: 1) Ngitung variansi masing-masing kelompok

(31)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Variansi tés ahir (postés)

 

 

1

. 2 2 2

2

  

n n

fixi xi

fi n S

(Sudjana, 2005, kc. 95)

2) Ngitung harga variansi (F)

(Sudjana, 2005, kc 250)

3) Ngitung derajat kabébasan (dk)

(Arikuto, 2010, kc. 365)

4) Nangtukeun Ftabél

5) Nangtukeun homogénna henteuna data dumasar kana kriteria ieu di handap: Saupama Fitung < ftabél, harina variansi sampel homogén

Saupama Fitung > ftabél, harina variansi sampel teu homogén

(Sudjana, 2005, kc. 250)

3.7.3 Uji Gain (d)

(32)

44

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Uji gain tujuanana pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil pratés jeung postés. Hasil tina uji gain dipaké minangka gambaran ngeunaan éféktivitas modél pangajaran experiences dina nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 3 SMAN Bandung taun ajaran 2013/2014.

Pikeun ngajawab aya henteuna béda anu signifikan sabada dibéré treatment atawa perlakuan, bisa dirumuskeun saperti ieu di handap:

Ha : xpratés ≠ xpostés hartina aya béda anu signifikan antara jumlah rata-rata pratés

jeung jumlah rata-rata postés.

Ha : xpratés = xpostés hartina teu aya béda anu signifikan antara jumlah rata-rata

pratés jeung jumlah rata-rarta postés. Tabél 3.5

Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Siswa Nulis Carita Pondok

No Ngaran Siswa Pratés Postés d d2

1 ...

3.7.4 Uji Hipotésis

Dina nangtukeun uji hipotésis aya dua cara anu bisa dipaké. Anu kahiji,

saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun miboga distribusi anu normal, cara nguji hipotésisna ngagunakeun statistik paramétrik kalayan maké uji t-tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun miboga distribusi anu teu normal, éta data diuji hipotésisna maké statistik nonparametrik kalayan maké uji

wilcoxon.

1) Statistik Paramétrik

Statistik paramétrik digunakeun saupama miboga data distribusi anu normal. Léngkah-léngkahna ngawengku ieu di handap.

(33)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(Arikunto, 2010, kc. 350)

b. Ngitung derajat kabébasan (dk)

(Arikunto, 2010, kc. 365)

c. Ngitung jumlah kuadrat déviasi

 

(34)

46

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

e. Nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis kana kritéria ieu di handap. a) Saupama titung > ttabél, hartina hipotésis alternatif (Ha) ditarima jeung

hipotésis nol (Ho) ditolak, yén aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran experiences.

b) Saupama titung > ttabél, hartina hipotésis alternatif (Ha) ditolak jeung

hipotésis nol (Ho) ditarima, yén teu aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran experiences.

2) Statisik Non paramétrik

Statistik non paramétrik digunakeun pikeun nguji hipotésis anu distribusi datana teu normal. Téhnik statistik anu dipaké nyaéta uji Wilcoxon.

Nurutkeun John W.Best anu dicutat tina Soepeno (2002, kc. 199) nétélakeun yén aya sababaraha léngkah uji Wilcoxon di antarana.

a. Nangtukeun gedéna d anu nuduhkeun selisih skor pratés jeung postés.

b. Ranking atawa runtuykeun d, ku cara méré ranking kahiji pikeun selisih nu pangleutikna.

c. Unggal ranking dibéré tanda pangabéda plus (+) jeung minus (-).

d. Jumlahkeun ranking anu plus (+), tuluy jumlahkeun ranking anu minus (-). Saupama jumlah ranking anu plus (+) sarua jeung jumlah ranking anu minus (-), bisa dicindekeun yén teu aya béda anu signifikan antara skor pratés jeung skor pretés.

e. Data-data di luhur tuluy ditabulasikeun kana tabél 3.6 ieu di handap.

(35)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Katerangan:

XAI = skor pratés XBI = skor postés

f. Ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxon hipotésis dumasar kana kritéria ieu di handap.

a) Saupama Witung < Wtabél dumasar taraf nu ditangtukeun, hartina Ha

ditarima Ho ditolak yén aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran experiences.

b)Saupama Witung > Wtabél dumasar taraf nu ditangtukeun, hartina Ha ditolak

Ho ditarima yén teu aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran experiences.

1 …….

(36)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.I Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis ngeunaan modél pangajaran

experiences dina nulis carita pondok ka siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung

taun ajaran 2013/2014, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun modél experiences, sacara umum dianggap masih can mampuh. Ku sabab, tina jumlah siswa 36 urang ngan 7 urang (19,4%) anu kakara ngahontal KKM, sedengkeun 29 urang (80,6%) acan bisa ngahontal KKM. Jumlah rata-rata hasil kamampuh awal (pratés) nyaéta 64,7, nu hartina can mampuh ngahontal KKM. Dumasar aspék nu diajén, rata-rata aspék eusi carpon nyaéta 2,75, aspék imajinasi 2,33, aspék tokoh jeung penokohan 2,78, aspék galur 2,75, aspék hubungan antar paragraf 2,75, aspék mékanik (éjahan jeung diksi) 2,61, sarta nu pamungkas aspék gaya nyaéta 2,3.

(37)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) Aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis carita pondok saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran experiences siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung taun ajaran 2013/2014. Sabab, tina hasil uji hipotésis kapaluruh yén titung (14,26) > ttabél (2,44) hartina, hipotésis alternatif (Ha)

ditarima jeung hipotésis nol (Ho) ditolak. Lian ti éta, ieu hal bisa katitén tina hasil uji gain anu ngaronjat 13,27% tina hasil pratés nu 64,7% ngaronjat jadi 78,5%. Hartina modél pangajaran experiences téh bisa ngaronjatkeun nulis carita pondok.

Sakumaha anu geus kaunggel di luhur, bisa dicindekkeun yén modél pangajaran experiences bisa digunakeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung taun ajaran 2013/2014. Ku sabab, aya béda anu signifikan antara kamampuh awal jeung ahirna, ogé ngaronjatna hasil kamampuh awal (pratés) saméméh ngagunakeun modél pangajaran experiences jeung kamampuh ahir (postés) sabada ngagunakeun modél pangajaran experiences.

5.2 Saran

Sabada diayakeun panalungtikan ngeunaan modél pangajaran experiences dina nulis carita pondok siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 Bandung taun ajaran 2013/2014, aya sababaraha saran ti panalungtik anu perlu ditepikeun ieu dihandap.

(38)

84

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(39)

Mutya Dekawati, 2014

Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Aminuddin. (2009). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Arikunto, S. (2005). Manajemen Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta. Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Daérah/Sunda. Bandung: Dinas

Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Hernowo. (2002). Quantum Writing: Cara Tepat nan Bermanfaat untuk

Merangsang Munculnya Potensi Menulis: Bandung: MLC.

Iskandarwassid. (1992). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra

Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Iskandarwassid, spk. (2009). Model-model Pembelajaran Bahasa dan Sastra

Sunda. Bandung: JPBD FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Isnendes, R. (2010). Teori Sastra. Bandung: Daluang.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Majid, A. (2012). Belajar dan Pembelajaran Pendidikan Agama Islam. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Nurgiyantoro, B. (2010). Penilaian dalam Pengajaran Bahasa dan Sastra

Indonesia. Yogyakarta: BPFE.

Nurgiyantoro, B. (2012). Penilaian Pembelajaran Bahasa Berbasis Kompetensi. Yogyakarta: BPFE.

Nurjanah, N. (2010). Tiori Nulis (handout). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Rahayu, S. (2011). Éféktivitas Média Pilem dina Pangajaran Nulis Carita Pondok

(40)

85

Bandung Taun Ajaran 2010/2011). (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Rahman. (2011). Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Sumedang: Alqaprint Jatinangor.

Ruhaliah. (2002). Sajarah Sastra Sunda (diktat kuliah). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Rusyana, Y. (1981). Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.

Soepeno, B. (2002). Statistik Terapan (Dalam Penelitian Ilmu-Ilmu Sosial

Pendidikan. Jakarta: Rineka Cipta.

Subana. (2000). Statistik Pendidikan. Bandung: CV Pustaka Setia. Sudaryat, Y, spk. (2007). Makaya Basa. Bandung: Sonagar Press.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.

Sugiyono. (2013). Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sumardjo, J. & Saini K.M. (1988). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Sumarsono, T. (1986). Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.

Tarigan, H. G. (1984). Prinsip-Prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa.

Referensi

Dokumen terkait

Tujuan : Untuk mengetahui pelaksanaan fisioterapi static contraction dapat mengurangi nyeri dan oedema, memelihara lingkup gerak sendi (LGS) dan kekuatan otot dan

Profil Self Disclosure Peserta didik dan Implikasinya Terhadap Bimbingan Pribadi Sosial (Studi Deskriptif terhadap Peserta didik Kelas VIII SMP Negeri 1 Lembang Tahun

Défice Fiscal financiado através

and Mongolia provide almost universal pension coverage through a mix of social and contributory pensions; East Timor has in place asocial pension for everyone over 60 years;

Penyisipan humor digunakan dalam empat pembelajaran keterampilan berbahasa Inggris yaitu pembelajaran mendengarkan bahasa Inggris (listening) jenis verbal humor berupa

Website Taman Nasional Gunung Gede Pangrango dibuat dengan maksud untuk memberikan informasi mengenai Sejarah, Geografi fisik, Satwa, Vegetasi, Peta, Rute pendakian, Pusat

PUISI, GURINDAM DUA BELAS, KAJIAN SEMIOTIK, DAN PENGAJARAN SASTRA A.. Pengertian

Hasil penelitian ini menunjukkan adanya pengaruh pola asuh orang tua terhadap karakter a nak kelas B di PAUD Nurul Qur’ani Jalan Otonom Gorda Bandung terlihat dari