• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODÉL INVÉSTIGASI KELOMPOK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK: Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran 2014/2015.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODÉL INVÉSTIGASI KELOMPOK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK: Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran 2014/2015."

Copied!
13
0
0

Teks penuh

(1)

MODÉL INVÉSTIGASI KELOMPOK

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK (Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas XI MIA 2

SMA Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran 2014/2015)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat

nyangking gelar sarjana pendidikan departemen pendidikan bahasa daerah

ku

Andri Tri Sulistian NIM 1100740

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

(2)

LEMBAR PENGESAHAN

ANDRI TRI SULISTIAN NIM 1100740

MODÉL INVÉSTIGASI KELOMPOK

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK

(Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8

Bandung Taun Ajaran 2014/2015)

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd. NIP 195704011984121001

Pangaping II,

Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. NIP 196707101991022001

Kauninga ku

Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia,

(3)

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Modél Invéstigasi Kelompok pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak (Studi Kuasi

Eksperimen ka Siswa Kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran 2014/2015)” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya sendiri, dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai

dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan

ini, saya siap menanggung resiko/sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila

kemudian ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya

saya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, 8 Februari 2015

Yang membuat pernyataan

(4)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Nulis sajak memang sok aya anggapan hésé pikeun nu awam mah.Luyu jeung

fakta dilapangan, contona di sakola masih kénéh loba siswa anu can bisa nulis sajak.

Sajak mangrupa hiji karya sastra. Sastra téh teu béda jauh tina karya seni anu

miboga unsur éstétis nu nyangkaruk dina tulisanna. Ku kituna dina nulis sajak

kudu bisa ngahirupkeun basa nu digunakeun dina tulisanna. Nulis sajak

ngabutuhkeun kréativitas, intuisi, imajinasi sarta pangaweruh jeung pangalaman

nu nulis. Dina nulis sajak kudu bisa ngébréhkeun gagasan nu aya dina pikiran nu

antukna ngajanggélék jadi hiji tulisan. Saacan jadi tulisan kudu ngaliwatan heula

prosés mikir pikeun ngébréhkeun eusi gagasan nu satuluyna éta gagasan téh

mangrupa hiji téma. Dina prosés mikir éta sok mindeng loba bangbaluh pikeun

ngalaksanakeunana.

Pangajaran nulis memang geus aya dina kurikulum. Salah sahiji anu kaasup

kana pangajaran nulis nya éta nulis sajak. Pangajaran nulis sajak geus kaunggel

dina Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra

Sunda. KIKD éta aya dina Peraturan Gubernur Jawa Barat No.69 taun 2013, anu

nétélakeun yén pangajaran Bahasa dan Sastra Daérah kaasup kana kelompok B

(wajib) di unggal jenjang pendidikan (Peraturan Gubernur Jawa Barat, 2013, kc.

23). Salah sahiji kompetensi dina pangajaran nya éta siswa kudu miboga

kaparigelan nulis. Dina nulis téh siswa kudu mampuh ngébréhkeun eusi pikiran,

rasa sarta kahayang sacara tinulis dina wangun nulis sajak. Luyu jeung salah sahiji

KD nya éta 11.4.2 Menanggapi dan mengekspresikan sajak sesuai dengan

kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan(Kurikulum Tingkat Daerah Muatan

Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda Berbasis Kurikulum 2013, 2013,

kc. 57). Hasil ahir tina éta KD nya éta siswa bisa nyieun sajak buah tina pikiran

jeung perasaan siswa anu diébréhkeun dina wangun tulisan.

Stratégi pangajaran anu hadé nya éta bisa nyiptakeun kondisi diajar anu

éféktif pikeun ngahontal tujuan pendidikan.Dina hal ieu guru miboga peran

(5)

2

pangajaran ogé kudu hadé. Tangtuna waé loba cara pikeun ngamaksimalkeun

pangajaran di kelas contona ngalarapkeun modél pangajaran. Rahman(2007, kc.

1) ngadéfinisikeun, modél pangajaran (model of teaching) nya éta rarancang dina

nyusun kurikulum, ngatur matéri pangajaran, sarta méré gambaran pikeun guru

dina setting pangajaran di kelas. Modél pangajaran anu digunakeun kudu luyu

jeung matéri nu rék diajarkeun. Tapi dina kanyataanna di lapangan panalungtik

masih kénéh manggih guru anu ngalarapkeun modél pangajaran tradisional atawa

modél pangajaran anu monoton salah sahijina ngagunakeun téhnik ceramah.

Antukna siswa kurang kamotivasi jeung karep diajarna kurang. Anu jadi

bangbaluh dina pangajaran nulis sajak nya éta siswa masih kénéh can bisa

ngébréhkeun eusi pikiranna kana hiji tulisan anu mangrupa sajak. Siswa can bisa

ngetrukkeun krátifitas, intuisi jeung imajinasina dina nulis sajak contona nyokot

tina pangalaman anu karandapan ku siswa. Dina hal ieu guru kudu bisa jadi

fasilitator anu ngaping sarta méré jalan pikeun siswa ngahontal éta kompeténsi.

Éta kompeténsi bisa kahontal kalawan hadé upama stratégi pangajaranna luyu

jeung tujuan pangajaranna, salah sahijina bisa ngalarapkeun modél

pangajaran.Modél pangajaran kudu ngirut siswa sangkan siswa leuwih kataji

jeung daria dina diajarna. Tangtuna waé ngalarapkeun modél pangajaran kudu

kréatif jeung variatif. Hal ieu dibuktikeun ku panalungtik ngaliwatan

panalungtikan ngeunaan nulis sajak di kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8

Bandung.

Kondisi kelas anu ngirut bakal ngarojong kana kaaktifan siswa nulis. Ku

kituna, siswa pelru disodorkeun suasana kelas anu dinamis jeung variatif. Dina hal

ieu modél pangajaran jadi pamiangan pikeun ngahirupkeun suasana diajar di

kelas. Modél pangajaran Invéstigasi kelompok dipiharep jadi bongbolongan

pikeun numuwuhkeun karep siswa dina prosés diajar nulis. Modél pangajaran

Invéstigasi kelompok disebut ogé modél pangajaran kooperatif. Pangajaran

kooperatif ngondisikeun sakabéh siswa sangkan bisa aktip dina nuntaskeun

pasualan atawa masalah matéri anu dibikeun ku guru sacara kelompok.

Asumsi-asumsi anu jadi dadasar pikeun ngamekarkeun pangajaran kooperatif

(cooperatitive learning) nya éta : 1) hubungan anu ditingkatkeun dina gawé

(6)

3

lingkungan kompetitif individual; 2) anggota-anggota kelompok kooperatif bisa

silih diajar antar anggota anu lianna, 3) interaksi anggotana bakal ngahasilkeun

aspék kognitif saperti kompléksitas sosial, nyiptakeun aktivitas inteléktual anu

bisa ngamekarkeun pangajaran; 4) gawé babarengan ningkatkeun rasa positif,

ngaleungitkeun rasa sosoranganan, sarta ngawangun hubungan anu positif; 5)

gawé babarengan ningkatkeun ajén diri, teu ngan ukur dina pangajaran anu mekar

tapi ngaliwatan rasa silih ajénan ka nu lian dina hiji lingkungan; 6) siswa anu

ngerjakeun pancén sarta ngarasa kudu gawé babarengan, bisa ngaronjatkeun

karepna dina gawé sacara produktif; 7) siswa bisa diajar tina latihan-latihan

pikeun ngaronjatkeun kamampuhna dina gawé babarengan (Joyce, spk, 2009, kc.

302).

Modél pangajaran invéstigasi kelompok dipilih sabab dina hakékatna modél

pangajaran Invéstigasi kelompokmangrupa stratégi dina prosés ngajar pikeun

ngarojong guru dina nepikeun matéri, sangkan siswa bisa aktip sarta bisa

ngahirupkeun kelas tur matéri anu ditepikeun ku guru bisa leuwih kacangking ku

siswa sacara maksimal.

Panalungtikan anu ngalarapkeun modél investigasi kelompok (Group

Investigation) pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téh geus aya nu nalungtik

saacanna. Panalungtikan Skripsi Rahmat Hidayat (2011) ngeunaan “Éféktivitas

Modél Invéstigasi Kelompok (Group Investigation) pikeun Ngaronjatkeun

Kamampuh Ngalarapkeun Éjahan dina Nulis Pedaran (Studi Kuasi Ékspérimén ka

Siswa Kelas IXB SMP Sekolah Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran

2010/2011)” anu hasilna ngaronjat 32,67%. Panalungtikan Skripsi Rita Meilani(2010) ngeunaan“Évéktifitas Modél Group Investigation dina Nulis

Tarjamahan pikeun siswa kelas X SMA Negeri 1 Cicalengka Kab. Bandung” anu

hasilna ngaronjat 76%.

Miang tina masalah-masalah ngeunaan kurangna kamampuh siswa dina nulis

sajak, ku kitunaperlu pisan ngaronjatkeun sarta ngamekarkeun kamampuh guru

dina ngokolakeun kelas sangkan kacipta suasana kelas anu ngirut pikeun prosés

diajar siswa. Utamana pikeun numuwuhkeun kualitas guru dina cara ngajarna ku

cara ngalarapkeun modél-modél pangajaran anu leuwih modern, variatif, kréatif

(7)

4

kana sababaraha hal anu geus diébréhkeun di luhur,ieu panalungtikan

dijudulan“Modél Invéstigasi kelompokpikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis

Sajak (Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8

Bandung Taun Ajaran 2014/2015)”.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

Ieu di handap dijéntrékeun masalah jeung rumusan masalah.

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Aya sababaraha masalah dina ieu panalungtikan anu katampung dina

idéntifikasi masalah, nya éta:

1) kurangna kaweruh siswa dina nulis sajak;

2) kurangna kamampuh siswa dina ngajembarkeun téma anu dipilih;

3) kurangna inovasi guru dina nepikeun pangajaran anu ngabalukarkeun kurangna

motivasi jeung karep siswa kana diajar;

4) pangajaran di sakola masih monoton.

1.2.2 Rumusan Masalah

Rumusan masalah dina ieu panalungtikan nya éta:

1) kumaha kamampuh siswa dina nulis sajak saacan dilarapkeun modél

InvéstigasiKelompok?

2) kumaha kamampuh siswa dina nulis sajak sabada dilarapkeun modél

Invéstigasi Kelompok?

3) naha aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa kelas XI MIA 2 SMA

Pasundan 8 Bandung dina nulis sajak saacan jeung sabada dilarapkeun modél

Invéstigasi Kelompok?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Ieu panalungtikan miboga tujuan umum nya éta pikeun ngalarapkeun modél

(8)

5

ti éta, pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa sarta dipiharep bisa leuwih

ngaronjatkeun deui kualitas pangajaran basa Sunda di kelas.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus ieu panalungtikan pikeun ngadéskripsikeun:

1) kamampuh siswa dina nulis sajak saacan dilarapkeun modél Invéstigasi

kelompok.

2) kamampuh siswa dina nulis sajak, naha aya parobahan sabadadilarapkeun

modél Invéstigasi kelompok.

3) signifikansi antara kamampuh siswa kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8

Bandung dina nulis sajak saacan jeung sabada dilarapkeun modél Invéstigasi

kelompok.

1.4.2 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan tangtuna ngahasilkeun sababaraha mangpat. Diantarana

aya mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dilakukeun pikeun ngeuyeuban stratégi dina prosés ngajar

sangkan matéri anu ditepikeun ku guru bisa leuwih maksimal. Sarta jadi bahan

référénsi dina prosés ngajar sarta sangkan pangajaran basa Sunda leuwih

dipikaresep.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan nya éta:

1) pikeun siswa

Dipiharep bisa jadi motivasi sakaligus pangalaman anu anyar sarta bisa

nambahan pangaweruh dina nulis sajak.

2) pikeun guru

Bisa jadi nambahan pangalaman dina ngalarakeun modél pangajaran nalika

(9)

6

3) pikeun panalungtik

Nu nalungtik bisa mekarkeun kamampuh dina pangajaran nulis ku cara

ngalarapkeun modél pangajaran anu variatif, sangkan gancang maham kana

prosés nulis sajak.

4) pikeun paélmuan

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran atawa pangaweruh nu

leuwih jembar ngeunaan pangajaran nu maké modél Invéstigasi kelompokkana

pangajaran nulis sajak, sarta dijadikeun référénsi ngeunaan modél Invéstigasi

kelompokanu bisa diterapkeun kana rupa-rupa widang pangajaran.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bubuka anu ngawengku

kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan

panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

Bab II mangrupaulikan pustaka, panalungtikan saméméhna, kalungguhan

tioritis panalungtik, raraga mikirjeung hipotésis, anu ngawengku hakékat modél

pangajaran, rumpun modél pangajaran, komponén-komponén modél pangajaran,

oriéntasi modél, konsép dasar model invéstigasi kelompok, léngkah-léngkah

modél pangajaran invéstigasi kelompok, dampak instruksional, wangenan nulis,

fungsi nulis, tujuan nulis, mangpaat nulis, wangenan sajak, jenis-jenis sajak,

unsur-unsur sajak, sarat nulis sajak, léngkah-léngkah nulis sajak, kamampuh nulis

sajak, modél pangajaran invéstigasi kelompok dina nulis sajak, panalungtikan

saméméhna, kalungguhan tioritis panalungtik, raraga mikir jeung hipotésis

panalungtikan.

Bab III mangrupa métodologi panalungtikan anu ngawengku sumber data

panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, variabel jeung

wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung

analisis data.

Bab IV mangrupa déskripsi jeung analisis data anu ngawengku kamampuh

(10)

7

kelompok, uji sipat data anu ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas, uji

gain, uji hipotésis jeung kacindekkan analisis data.

Bab V mangrupa panutup anu ngawengku kacindekan tina hasil

panalungtikan jeung saran pikeun panalungtikan anu dilaksanakeun sabada ieu

(11)

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG SARAN

Dina ieu bab diébréhkeun kacindekan tina hasil panalungtikan. Dumasar kana

éta kacindekan, dipedar ogé implikasi jeung saran anu aya patalina jeung judul

panalungtikan.

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV, hasil ieu panalungtikan bisa

dicindekkeun yén kamampuh nulis sajak siswa kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8

Bandung taun ajaran 2014/2015 saméméh dilarapkeun modél pangajaran

invéstigasi kelompok aya dina kritéria can mampuh. Skor rata-ratana nya éta 65,9.

Dumasar hasil analisis data, tina 30 siswa kakara 3 urang anu geus aya dina

kritéria mampuh nulis sisindiran. Upama diperséntasekeun, 10% siswa anu geus

mampuh nulis sajak, sedengkeun 90% siswa anu can kaasup dina kritéria mampuh

nulis sajak.

Kamampuh nulis sajak siswa kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung taun

ajaran 2014/2015 sabada dilarapkeun modél pangajaran invéstigasi kelompok

geus aya dina katégori mampuh. Skor rata-ratana nya éta 86,8. Dumasar hasil

analisis data, tina 30 siswa ukur 3 urang anu masih aya dina kritéria can mampuh

nulis sajak. Upama diperséntasekeun, 90% siswa nu geus mampuh nulis sajak,

sedengkeun 10% siswa anu masih keneh aya dina kritéria can mampuh nulis

sajak.

Kamampuh nulis sajak siswa saméméh jeung sabada dilarapkeun modél

pangajaran invéstigasi kelompok, tétéla hsilna ngaronjat. Kamampuh nulis sajak

siswa kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung taun ajaran 2014/2015

saméméh dilarapkeun modél pangajaran invéstigasi kelompok masih aya dina

kritéria can mampuh, sedengkeun sabada dilarapkeun modél pangajaran

invéstigasi kelompok hasilna ngaronjat, jadi aya dina kritéria mampuh.

Ngaronjatna kamampuh nulis sajak siswa sabada dilarapkeun modél invéstigasi

kelompok, katitén tina ayana parobahan skor rata-rata siswa tina hasil pretest

(12)

72

antara kamampuh nulis sajak siswa kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung

taun ajaran 2014/2015 saméméh dilarapkeun modél pangajaran invéstigasi

kelompok. Ieu hal dumasar kana ui hipotésis anu ngahasilkeun yén ti ng nya éta

16,35 sedengkeun t él tina db (29) kalawan kapercayaan 99% nya éta 2,46.

Mangka ti ng (16,35) > t él (2,46), hartina hipotésis ditarima. Jadi modél

pangajaran invéstigasi kelompok bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa

kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung.

5.2 Implikasi

Modél pangajaran invéstigasi kelompok dilarapkeun pikeun ngaronjatkeun

kamampuh nulis sajak. Ieu hal meunang réspon anu positif pikeun prosés

pangajaran. Sabab dina prak-prakanna, modél invéstigasi kelompok ngalibetkeun

siswa diajar aktip jeung miboga peran penting dina hiji lingkungan. Modél

invéstigasi kelompok munjulkeun prosés démokrasi jeung interaksi sosial pikeun

ngungkulan pasualan ngaliwatan invéstigasi. Ku cara gawé bareng, éta bisa jadi

salah sahiji lolongkrang pikeun siswa leuwih mekarkeun gagasanna sarta siswa

bisa leuwih percaya diri yén dirina miboga peran penting di hiji lingkungan sosial.

Kukituna, dina migawé pancén ngaliwatan invéstigasi kelompok, hususna pikeun

nulis hiji sajak siswa bisa mekarkeun ide, jeung ngalegaan gagasanna pikeun

diébréhkeun kana tulisan dina wangun sajak sarta miboga rasa empati pikeun silih

ngabantuan jeung siswa nu séjénna.

5.3 Saran

Sabada ngalaksanakeun ieu panalungtikan anu dijudulan Modél Invéstigasi

Kelompok pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak (Studi Kuasi

Éksperimén ka Siswa Kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran

2014/2015) aya sababaraha saran anu patali jeung ieu panalungtikan nya éta,

dumasar hasil panalungtikan, modél pangajaran invéstigasi kelompok bisa

ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak, ku kituna modél pangajaran invéstigasi

kelompok bisa dijadikeun alternatif dina nepikeun pangajaran nulis sajak pikeun

(13)

73

Saupma modél pangajaran invéstigasi kelompok rék dilarapkeun dina

pangajaran nulis sajak, aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun nya éta guru

kudu ngabagi kelompok anu hétérogén sangkan siswa bisa silih bantuan, téma anu

dipilih pikeun nulis sajak kudu anu luyu jeung kamampuh atawa pangaweruh

siswa sangkan siswa bisa leuwih ngamekarkeun jeung ngajembaran deui sajakna

dumasar kana téma anu geus ditangtukeun.

Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén, ku kituna perlu

diayakeun deui panalungtikan ngeunaan ieu modél ku ambahan anu leuwih lega,

teu ukur ngagunakeun métode kuasi ékspérimen tapi ngagunakeun métodé

Referensi

Dokumen terkait

nyaéta siswa ngarasa hésé diajar basa Sunda, utamana dina pangajaran nulis sajak, jeung kurangna minat siswa kana pangajaran nulis, utamana nulis sajak, sarta masih

Sabada ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan téhnik transformasi carita pondok pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII RPL A SMK Puragabaya taun ajaran

Penelitian ini berjudul Modél Debate pikeun Ngaronjatkeun Pangaweruh jeung Kamampuh Maké Undak Usuk Basa Sunda dina Nyarita (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B

Research entitling MODÉL THINK-TALK-WRITE (TTW) PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS GUGURITAN Studi Kuasi Ékspérimén Ka Siswa Kelas VIII-13 SMP Negeri 9 Bandung

MÉDIA GAMBAR KOLASE PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS CARPON Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.. MÉDIA

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS GUGURITAN (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung. Taun

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII C SMPN 12 Bandung. Taun

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA DINA NULIS SAJAK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung. Taun Ajaran