• Tidak ada hasil yang ditemukan

BUKU GURU SUNDA KLS 1 2014

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "BUKU GURU SUNDA KLS 1 2014"

Copied!
88
0
0

Teks penuh

(1)

Buku Tuturus Guru SD/MI

Kelas I

BASA SUNDA

KIKD Kurikulum 2013

Pamekar Diajar

(2)

PANYUSUN:

Rarancang Eusi : Yoshi Sukadar

Rarancang Jilid :Edi laish

Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

Dipedalkeun ku:

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap) 978-602-1300-16-9 (Jilid 1)

Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT) Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat

Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

BASA SUNDA

KIKD Kurikulum 2013

Pamekar Diajar

(3)

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.

Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.

(4)

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013

Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA

(5)

PANGBAGÉA

KEPALA BALAI

PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.

Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid.

Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca,

sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintiik sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintiik sareng

penilaian auténtik dina prosés pangajaran.

(6)

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.

Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman.

Bandung, Désember 2013 Kepala Balai

Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd

NIP. 196110051986031014

(7)

PANGJAJAP

Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda.

Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda.

Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina pangajaran tématis SD/MI nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak SD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya, nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun).

Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama.

Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu ibu téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

(8)

DAFTAR EUSI

PANGBAGEA:

1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _iii 2. Kepala Balai Pengembangan

Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v PANGJAJAP _vii

DAPTAR EUSI _viii

BAB I PITUDUH UMUM _1

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2 B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2 C. Tatapakan Formal _4

D. Sistem, Prinsip, jeung pamarekan pangajaran _4

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5 F. Proses Pangajaran _5

G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) _6

A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) _72

B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) _72

C. Rubrik Meunteun Sikep _73 D. Rubrik Meunteun Latihan _73 E. Rubrik Meunteun Maca _74 F. Rubrik Meunteun Nembang _74 G. Rubrik Meunteun Biantara _74 H. Daftar Peunteun Murid _75 I. Daftar Peunteun Murid _76 Glosarium _77

Daftar Pustaka _79

(9)

Bab

1

(10)

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru

Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.

1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan.

2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir.

3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah

hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir ngilimiah (saintiik), kamampuh ngaréngsékeun

masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda. 4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid.

5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid. 6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing) antara guru jeung kolot barudak,

anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar murid di imahna séwang-séwangan.

7. Pituduh maké buku babon murid.

Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku: 1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya,

ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.

2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun. 3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal

diulikna.

4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép. 5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.

6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.

B. Padika Maké Buku Tuturus Guru

Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku babon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih.

Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku.

1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut.

2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma.

(11)

4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun, pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola.

5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung kacana.

6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.

7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa waé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.

8. Guru dipiharep mekarkeun:

a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAIKEM); b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;

d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.

9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda.

10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat téma (matéri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda.

11. Tiap-tiap téma (matéri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan). 12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif

(ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid.

13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola.

14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan kompeténsi.

15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid.

16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réleksi sanggeus

hiji téma atawa bahan réngsé.

17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisaeun.

(12)

C. Tatapakan Formal

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasar kana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda).

Hususna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana.

Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedaran, ulikan, jeung latihan dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran 1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui dina ulikan jeung latihan.

Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1 atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid.

(13)

Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL)

Rabah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/MA/MAK

Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun

Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.

Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. Proses Pangajaran

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintiik. Ari léngkah-léngkahna keiu.

1. Niténan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton 2. Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala

3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain 4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen)

5. Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan)

(14)

G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD)

Kelas I SD/MI

KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

6.1 Menerima, menghargai, dan menjalankan ajaran agama yang dianutnya

6.1.1 Menerima anugrah Tuhan Yang Maha Esa atas penciptaan bahasa Sunda sebagai bahasa daerah dan unsur budaya bangsa serta alat komunikasi masyarakat penuturnya melalui teks narasi, deskripsi, pupuh, dongeng, dan pidato.

6.2 Memiliki perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, santun, peduli, percaya diri dalam berinteraksi dengan keluarga, teman, tetangga, dan guru

6.2.1 Memiliki perilaku peduli terhadap penyelamatan makhluk sebagai ciptaan Tuhan YME melalui teks narasi (Tema 1) 6.2.2 Memiliki perilaku santun dalam

memelihara dan membina persatuan dalam perbedaan bangsa melalui teks pupuh. (Tema 2)

6.2.3 Memiliki perilaku peduli terhadap tokoh dan penemu melalui teks narasi (Tema 3) 6.2.4 Memiliki perilaku tanggung jawab dan

peduli menghadapi pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia melalui teks deskripsi. (Tema 4) 6.2.5 Memiliki perilaku tanggung jawab, peduli,

dan disiplin dalam berwirausaha melalui teks deskripsi. (Tema 5)

(15)

6.3 Memahami pengetahuan

6.3.1 Memahami teks narasi tentang penyelamatan makhluk.

(Tema 1)

6.3.2 Memahami teks pupuh tentang kehidupan berbangsa dan bernegara (Tema 2)

6.3.3 Memahami teks narasi tentang tokoh dan penemu secara mandiri kemudian mengolah dan menuliskannya kembali dengan kata-kata sendiri

(Tema 3)

6.3.4 Memahami teks deskripsi tentang

pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia. (Tema 4)

6.3.5 Memahami teks deskripsi tentang berwirausaha. (Tema 5)

6.3.6 Memahami teks pidato tentang meme-lihara kesehatan masyarakat. (Tema 6) 6.4 Menyajikan pengetahuan

faktual dalam bahasa yang jelas dan logis dan sistematis, dalam karya yang

6.4.1 Menyusun teks carita pondok tentang penyelamatan makhluk dengan bahasa Sunda yang baik. (Tema 1)

6.4.2 Melantunkan teks pupuh tentang kehidupan berbangsa dan bernegara (Tema 2)

6.4.3 Menyusun teks narasi tentang tokoh dan penemu secara mandiri. (Tema 3)

6.4.4 Menyusun teks deskripsi tentang

pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia. (Tema 4)

6.4.5 Menyusun teks deskripsi tentang berwirausaha. (Tema 5)

(16)

H. Tema jeung Bahan Ajar

Tema 5 : Pangalaman Bahan : Déskripsi Tema 6 : Lingkungan

Sabudeureun Bahan : Déskripsi Tema 7 : Miara barang

jeung mikanyaah sasatoan katut tatangkalan Bahan : Déskripsi

Tema 1 : Ngurus Diri Sorangan Bahan : Déskripsi Tema 2 : Pangaresep Bahan : Déskripsi

Tema 3 : Kagiatan Bahan : Déskripsi

TEMA & BAHAN AJAR

Tema 8 : Kajadian Alam Bahan : Déskripsi

(17)

Bab

2

(18)

PANGAJARAN 1

Tema : Ngurus Diri Sorangan

Bahan : Téks jeung gambar

Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

Diajar basa Sunda di kelas I dimimitian ku aspék ngaregepkeun. Dina hal ieu, anu diregepkeun téh carita pikeun ngawadahan téma Ngurus Diri Sorangan. Ti dinya disambung ku aspék nyarita, maca, jeung mungkaskeunana nulis. Tangtu waé éta aspék anu opat téh ukur dina tahapan basajan.

Dina Pangajaran I, murid mimiti diwanohkeun kana foném vokal: a, i, u, é, jeung o, jeung fonem konsonan: p, b, m, d, n, k, l, h, s, r, j, jeung t. Matéri anu diajarkeun henteu méngpar tina éta fonem.

A. NGAREGEPKEUN CARITA

No. Kagiatan

1. Guru nitah ka murid sangkan maruka buku. Kabéh diroris heula bisi aya anu salah mukana.

2. Guru némbongkeun gambar budak keur mandi, meunang ngagedékeun tina buku. Gambarna mah bisa dina karton sanggeusna digedékeun ku cara difoto kopi atawa di-scan, bisa ngaliwatan in focus.

3. Guru nerangkeun yén éta budak nu aya dina gambar téh ngaranna Tisna, sok disebut Aa. Aa téh sakolana kelas hiji. Aa boga adi, ngaranna Jayadi, sok disebut Ii. Aa téh budak apik jeung berséka.

(19)

B. NGAREGEPKEUN PEDARAN NGARIKSA BADAN

No. Kagiatan

5. Guru nerangkeun yén Aa téh budak apik, tur geus baku ngariksa badanna sorangan. Ciri-cirina budak apik téh tara poho mandi, sapoé dua kali. Mandina maké sabun.

6. Guru bisa nyelang nanya heula ka murid, upamana: a) Ari hidep mandi sok iraha waé?

b) Naha geus bisa mandi sorangan, atawa sok dimandian kénéh ku ibu? c) Kumaha karasana lamun geus mandi?

7. Saterusna guru nerangkeun hal séjénna anu kaasup kana hirup apik dina ngariksa badan, nyaéta huntu kudu dikosok jeung kuku kudu dikeureutan ulah sina kalotor. Ngosok huntu ogé sarua, sakurang-kurangna dua kali dina sapoé. Lamun huntu langka dikosok engkéna bakal katerap nyeri huntu. Kitu deui lamun kuku teu dikeureutan, komo mun bari kalotor, engkéna bakal nularkeun kuman kana dahareun dina waktuna urang dahar.

8. Dina ngariksa badan téh kaasup kudu apik barangdahar deuih. Ulah sok tambarkan atawa sagal didahar, pangpangna kadaharan anu lada, sabab bisi katerap nyeri beuteung.

9. Sangkan séhat, urang kudu nyeuseup hawa nu beresih. Éta pangna jandéla kamar kudu dibuka, sangkan hawa beresih tur seger bisa asup ka kamar. Mana komo lamun ku mukakeun jandéla kamar téh cahaya panonpoé bisa asup. Éta téh matak séhat pikeun urang.

C. NGAREGEPKEUN TEMBANG

No. Kagiatan

10. Satutas ngaregepkeun carita ngeunaan Aa dina sapopoéna, saterusna murid sina ngaregepkeun tembang. Eusina ngébréhkeun miara badan, minangka bagian tina rasa sukur ka Gusti Nu Maha Agung, sabab hirup séhat. Kaséhatan téh kacida pentingna. Éta pangna wajib ngariksa sakujur badan. Lain waé nu mangrupa bagian tina jasmani atawa lahiriahna, tapi deuih rohanina.

(20)

12. Mimitina ku guru digalantangkeun heula, sapadalisan-sapadalisan. Saterusna ku guru ditembangkeun sagemblengna, murid sina ngabarandungan. Dina hal ieu, guru kudu geus bisa nembangkeunana. Mun ku guru geus dicontoan, murid sina nurutan nembangkeunana, babarengan. Bakal leuwih alus mun guru bisa ngacapi, pikeun pamirig murid anu keur narembang.

D. NGALISANKEUN JAWABAN

No. Kagiatan

13. Pangajaran ngalisankeun jawaban patali jeung kamampuh nyarita. Murid sina ngajawab pertanyaan anu matérina patali jeung pedaran guru saméméhna. Kahiji, carita ngeunaan tokoh Aa, jeung kumaha kabiasaan dina sapopoéna. Kadua, pedaran guru ngeunaan ngariksa badan sangkan séhat.

14. Jawaban tina pertanyaan anu dipidangkeun dina buku téh lolobana cukup ku sakecap, tur kabéh ogé nyampak dina pedaran guru saméméhna.

15. Pertanyaanana dibaca guru, masing antaré jeung masing jéntré. Mimitina murid sina ngajawab babarengan, geus kitu saurang-saurang.

16. Pertanyaan jeung jawaban salengkepna téh kieu: 1. budak nu kumaha ari aa téh

jawabanana: budak apik

2. sok kumaha aa méméh ka sakola

jawabanana: sok maké mandi heula

3. sok iraha aa mandina téh

jawabanana: mandina isuk soré

4. naha ari huntu kudu dikosok

jawabanana: supaya beresih

5. naha mandi kudu maké sabun

jawabanana: supaya beresih

6. bakal kumaha mun kuku kotor

jawabanana: bakal mawa kuman

7. naha ulah sok dahar anu lada

(21)

8. jandéla kamar naha kudu dibuka

jawabanana: supaya hawa seger asup

9. naha hirup maké kudu muji sukur

jawabanana: sabab badan séhat

10. kudu kumaha ari dina saban téh téh

jawabanana: ngurus sakujur badan

E. DIAJAR MACA 1

No. Kagiatan

17. Guru némbongkeun gambar Aa, Ii, Uu, Apa, Ibi, jeung Mumu, pikeun

ngawanohken inem vokal “a”, “i”, “u”, jeung fonem konsonan “p”, “b”,

“m”. Saterusna némbongkeun gambar Émi, Oni, Nina, jeung Dani, pikeun ngawanohkeun fonem vokal “é” jeung “o”, jeung konsonan “n” jeung “d”. 18. Murid mimiti diajar ngéjah aksara, dimimitian ku mikawanoh fonem vokal a

heula. Ku guru dituduhkeun gambar budak ngaran Aa, terus dicontoan ngéjah aksarana dumasar kana metodeu maca struktur analisis sintesis atawa SAS. Mimiti diwanohkeun fonem vokal a. Lamun éta vonem diréndonkeun jeung foném vokal a deui, dibacana jadi aa. Ieu kagiatan dilaksanakeun sababaraha kali, kabéh murid dipapay sina nurutan ngucapkeunana, tepi ka lancar.

19. Mimiti diwanohkeun kana foném konsonan p. Lamun p diréndonkeun jeung a, dibacana jadi pa. Lamun a diréndonkeun jeung pa, dibacana jadi apa. Aa jeung apa ngahaja disajajarkeun sangkan murid arapaleun bédana.

20. Pola engang anu mimiti diwanohkeun nyaéta V-V, terus V-KV. Ieu pola minangka tarékah anu dianggap babari dina ngawanohkeun foném vokal jeung konsonan.

21. Dina ngawanohkeun foném konsonan m, sakaligus mimiti ngawanohkeun pola engang KV-KV deuih. Ari cara ngajarkeunana mah sarua waé anu saméméhna.

(22)

F. NULISKEUN AKSARA 1

No. Kagiatan

22. Murid diwanohkeun kana aksara tulis. Guru kudu nyadiaken heula alat peraga pikeun ngajarkeun cara nulisken fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha anu geus diajarkeun.

23. Dina tahap munggaran, anu dipigawé ku murid sina nyalin fonem vokal jeung fonem konsonan. Lamun geus lancar, terus ditingkatken kana nuliskeun kecap skumaha anu geus diajarkeun dina pangajaran saméméhna.

24. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

G. DIAJAR MACA 2

No. Kagiatan

25. Maca Munggaran 2 téh terusna tina Maca Munggaran 1. Pola engang nu diajarkeun masih KV-KV. Bédana, dina Maca Munggaran 2 mah murid mimiti diwanohkeun jeung kecap anu nuduhkeun barang.

26. Murid diwanohkeun kana foném konsonan j dina kecap laja, méja, jeung jara. Kecap anu kudu diéjah teu diwuwuh ku ilustrasi gambar, anu dipalar sangkan murid mimiti wanoh kana konsép basa sacara mandiri.

27. Foném vokal anu diajarkeun aya anu sarua, contona a – a dina laja jeung jara. Lian ti éta mimiti diwanohkeun dua foném vokal anu béda:

a – u dina palu jeung halu a – i dina dasi

o – i dina roti jeung topi i – a dina bima

a – o dina nako a – é dina saté é – a dina méja u – a dina kupa

(23)

H. NULISKEUN AKSARA 2

No. Kagiatan

29. Pangajaran Nuliskeun Aksara 2 téh tuluyna ti pangajaran Nuliskeun Aksara 1. Bédana, dina pangajaran ieu mah taya latihan nuliskeun fonem vokal rangkap kawas dina Diajar Maca 1.

30. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

I. NUDUHKEUN GAMBAR

No. Kagiatan

31. Murid sina nuduhkeun barang sakumaha nu ditugaskeun dina buku pangajaran.

32. Alusna mah guru nyadiakeun gambar minngka alat peraga anu ngebrehkeun rupa-rupa barang sakumaha anu aya dina buku pngajaran.

33. Guru anu méré paréntahna, terus ku murid sina dituduhkeun, bagilir saurang-saurang.

J. DIAJAR MACA 3

No. Kagiatan

34. Dina Maca Munggaran 3, murid diwanohkeun kana pola engang V-KVK. Cara ngéjahna angger ngagunakeun metodeu SAS.

(24)

K. DIAJAR MACA 4

No. Kagiatan

37. Dina Diajar Maca 4, murid mimiti diwanohkeun kana pola engang KV-KVK. Kecap anu dipaké conto dina diajar ngéjah ngawengku ngaran barang kongkrit, tur diwuwuh ku ilustrasi gambar.

38. Dina ngajarkeun pola engang KV-KVK, posisi saban fonem boh vokal boh konsonan mimiti dilegaan. Aya kecap anu sarua vokalna, tapi béda konsonanana.

1. Dua kecap anu ngandung dua vokal tur sarua susunananana, tapi béda konsonanana,

contona:

é – a : pérak – létak a – u : manuk – balur i – a : jidar – rikat a – i : rakit – kasir o – a : solar – solat

2. Dua kecap anu béda vokalna, tapi sarua susunan konsonanana, contona:

l – t – k : létak – loték j – k – t : jukut – jékét

3. Dua kecap anu diwangun ku savokal, tapi béda konsonanana, contona:

a – a : dahar – sabar i – i : mikir – kirim u – u : subur – jukut é – é : bérés – lébér o – o : botol – lohor

(25)

L. LATIHAN NULIS

No. Kagiatan

40. Pangajaran 1 dipungkas ku latihan nulis. Anu kudu disalin ku murid téh kalimat anu diwangun ku tilu engang, kabéhna aya sapuluh kalimah.

(26)

PANGAJARAN 2

Tema :

Bahan : Téks jeung gambar

Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

Tatahapan dina Pangajaran 2 masih kénéh sarua jeung dina pangajaran saméméhna. Dimimitian ku aspék ngagunakeun basa nu pangbasajanna, nyaéta ngaregepkeun. Ti dinya disambungku aspék nyarita, terus maca, jeung mungkaskeunana nulis.

Dina pangajaran maca, murid diwanohkeun kana fonem vokal “e”, jeung fonem konsonan “p”, “g”, “c”, “w”, jeung “y”. Dina diajarna, murid mimiti diwanohkeun kana konsép kabasaan anu leuwih kompléks. Dina diajar maca, teu salawasna dicukangan ku gambar, tapi langsung kana ungkara kecapna.

A. NGAREGEPKEUN CARITA

No. Kagiatan

1. Guru nerangkeun, ayeuna urang dialajar deui basa Sunda. Mimitina urang nyaritakeun pangaresep. Murid sina maruka buku pangajaranana. Ku guru diroris heula bisi aya anu salah muka kacana.

2. Guru némbongkeun gambar japati jeung kelenci. Ti dinya terus nanya ka murid, ari ieu gambar naon? Ku guru dijelaskeun heula yén ieu téh japati jeung kelenci bogana Tisna nu sok biasa disebut Aa téa. Tisna téh karesepna ngukut sasatoan.

3. Guru maca téks nu judulna “Resep Miara Sato”. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu gé sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana.

(27)

5. Guru nanya ka murid, saha anu di imahna ngukut sasatoan? Sato naon waé anu dikukut téh? Jawaban murid tangtuna gé rupa-rupa. Mungkin aya anu ngukut hayam, manuk, lauk, jeung sajabana. Jawaban murid téh pikeun nyukangan pedaran matéri saterusna.

B. NGEDALKEUN OMONGAN

No. Kagiatan

6. Satutasna ngabandungan carita ngeunaan Tisna anu karesepna miara sasatoan, murid sina ngajarawab pertanyaan patali jeung eusi éta carita.

7. Pertanyaanana dibaca ku guru, sina bagilir dijawab ku murid. Jawabanana téh aya anu persis sakumaha ceuk dina wacana, aya deuih anu dumasar kana kaweruh murid.

8. Hiji pertanyaan bisa waé dijawab ku sababaraha murid. Pertanyaan jeung jawaban salengkepna kieu:

1. miara sato naon waé tisna téh

jawabanana: japati jeung kelenci

2. ari anak japati disebut naon

jawabanana: piyik

3. hidep apal naon ari parab japati

jawabanana: jagong, bangsal, atawa béas

4. kelenci tisna téh paméré ti saha

jawabanana: paméré ti komar

5. kumaha ari warna buluna

jawabanana: barodas

6. naon maksudna sajodo téh

jawabanana: jalu jeung bikang

7. kumaha tisna téh miara satona

jawabanana: mani tulatén

8. matak jadi kumaha mun elat maraban

(28)

C. DIAJAR MACA 1

No. Kagiatan

9. Dina Diajar Maca 1, murid diwanohkeun kana fonem vokal “e”, fonem konsonan “p”, “g”, “c”, “w”, jeung “y”.

10. Saméméh prak diajar maca, guru némbongkeun/nuduhkeun gambar emur, peti, sugu, cau, sawah, jeung kuya, bari disebutkeun hiji-hijina.

11. Guru mimiti ngéjah aksara sakumaha anu aya di handapeun gambarna, ngagunakeun métodeu SAS, murid sina nurutan. Mimiti anu nurutan maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.

12. Guru nugaskeun murid tanpa dicontoan heula pikeun ngéjah aksarana. Mimiti anu maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.

D. NULISKEUN AKSARA

No. Kagiatan

13. Murid diwanohkeun kana aksara tulis. Guru kudu nyadiaken heula alat peraga pikeun ngajarkeun cara nulisken fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha anu geus diajarkeun. Kecap anu kudu ditulis téh nyaéta anu ngandung fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha nu geus diajarkeun dina Diajar Maca 1.

14. Murid sina nyalin kecap dina buku tugas masing-masing. Saméméhna ku guru dicontoan heula cara nulisna.

15. Fonem vokal “e” ukur bisa nempatan awal atawa tengah kecap, teu bisa dina posisi tungtung. Ari fonem konsonan “p”, “g”, “c”, “w”, jeung “y” mah bisa nempatan posisi di awal, di tengah, jeung di tungtung kecap.

16. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

E. DIAJAR MACA 2

No. Kagiatan

(29)

18. Guru nyontoan macana, kalawan prak-prakanana kawas pangajaran anu ti heula waktu ngajarkeun diajar maca. Murid sina ngaregepkeun, terus sina nurutan ngucapkeun. Mimitina babarengan, terus saurang-saurang.

F. DIAJAR MACA 3

No. Kagiatan

19. Mun dina diajar maca saméméhna ngagunakeun gambar pikeun alat peragana, dina Diajar Maca 3 mah langsung waé kana ungkara kecap.

20. Anu kudu diéjah téh kecap tilu engang, polana KV-V-KV (piala), KV-KV-V (radio), AK-KV (aksara), V-KVK-KV (arimbi), VK (kiloan), KV-KVK-KV (karamba), KV-KV-KVK-KVK (tarumpah), jeung KV-KVK-KV-KVK (komputer).

21. Guru nyontoan macana, kalawan prak-prakanana kawas pangajaran anu ti heula waktu ngajarkeun diajar maca. Murid sina ngaregepkeun, terus sina nurutan ngucapkeun. Mimitina babarengan, terus saurang-saurang.

G. NGUNIKEUN KECAP

No. Kagiatan

22. Ieu pangajaran téh tujuanana pikeun ngalatih murid dina ngunikeun kecap, tepi ka sora fonem vokal nu diucapkeun téh tétéla bédana. Dina hal ieu, béda antara ngunikeun “é” jeung “e”, upamana dina kecap dua engang “kéré” jeung “keré”. Aya kecap anu foném vokalna “é – é”, “e – é”, jeung “e – e”. 23. Ku guru dicontoan cara ngucapkeunana, geus kitu murid sina babarengan

nurutan, terus saurang-saurang.

H. MACA KALIMAH

No. Kagiatan

(30)

25. Dina ieu pangajaran murid mimiti diwanohkeun kana prosés robahna kecap, nyaéta tina kecap barang jadi kecap pagawéan (poé – moé, baju – dibaju), tur kumaha larapna dina kalimah. Tangtu waé hal éta mah teu kudu diterangkeun, ukur pikeun kaweruh guru wungkul. Murid mah cukup sina maca wungkul, tur éta ogé bari dituyun ku guru.

26. Kalimahna ku guru dibaca, terus sina diturutan ku murid. Mimitina murid ngucapkeun kalimahna babarengan, geus kitu terus sina saurang-saurang.

I. LATIHAN NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

27. Pangajaran Latihan Ngalengkepan Kalimah téh sina dipigawé sacara tinulis dina buku tugas séwang-séwangan.

28. Murid ngan kari nuliskeun kecap dina bagian anu dikosongkeun sangkan kalimahna jadi lengkep. Dina buku pangajaran geus disayagikeun conto cara migawéna. Saméméhna ku guru diterangkeun heula cara-carana kalawan jéntré. 29. Ieu latihan téh pikeun ngukur kamampuh murid dina nuliskeun kecap, tepi ka

tétéla bédana antara vokal “é” jeung “e”.

30. Hasil pagawéan murid kudu dipariksa ku guru, jeung kudu dibéré peunteun. Anu jadi patokan dina meunteun téh bener-henteuna nuliskeun kecap.

J. LATIHAN NYALIN KALIMAH

No. Kagiatan

31. Murid mimiti diwanohkeun kana pangajaran nyalin sagemblengna kalimah, sok sanajan ukur kalimah basajan anu diwangun ku tilu kecap, tur saban kecapna diwangun ku dua engang. Ieu pangajaran téh patali jeung aspék nulis dina kagiatan ngagunakeun basa.

32. Anu kudu disalin kabehna aya dalapan kalimah. Aya anu polana subyék jeung prédikat wungkul, aya deuih anu ditambahan ku obyék.

33. Murid migawéna dina buku tugas masing-masing. Saméméhna ku guru dicontoan heula cara migawéna. Ieu tugas téh bisa waé sina dipigawé di imah, tur minggu hareupna dipariksa.

(31)

K. NYARITAKEUN GAMBAR

No. Kagiatan

35. Murid sina diajar nyarita sanggeus maranéhna niténan gambar anu patali jeung migawé pangaresep. Ku guru ditémbongkeun/dituduhkeun heula gambarna. Aya tilu budak, nyaéta Nastiti, Koswara, jeung Soléh.

36. Ku guru diterangkeun, Nastiti karesepna ngurus taman hareupeun imahna. Di taman téh loba tangkal kembang. Saban poé ku Nastiti sok dicébor. Kembangna sok dipetikan, terus dipaké papaés dina luhur méja tamu. Ari Koswara mah karesepna kana langlayangan. Sok nyieun sorangan, tara meuli. Biasana pasosoré Koswara sok ngapungkeun langlayangan di lapang. Di dinya téh tempat ngumpulna barudak anu ngadon arulin. Ari Soléh mah karesepna ulin paparahuan di sisi balong. Sarua Soléh ogé sok nyieun paparahuan sorangan. Lain paparahuan meunang meuli.

37. Sajeroning dicaritakeun téh, ku guru bari ditémbongkeun/dituduhkeun gambarna, murid sina ngabarandungan. Geus kitu murid sina nyaritakeun deui, ngagunakeun basana sorangan.

38. Saban murid dibéré tugas nyarita, ku guru dipeunteun, tepi ka lebah mana kamampuh maranéhna dina napsirkeun gambar.

L. LATIHAN NULISKEUN PANGARESEP

No. Kagiatan

39. Sanggeus diajar nyarita, saterusna murid sina diajar nuliskeun pangaresep masing-masing. Anu ditulis ku murid téh ukur dina tahap anu paling basajan. Dina nuliskeunana téh bari dicukangan heula. Cindekna murid mah ngan kari nuliskeun sakecap, sangkan kalimahna jadi lengkep.

40. Murid sina niténan contona, bari ku guru terus diterangkeun, kumaha cara nuliskeunana. Anu dipaké nyukangan murid nuliskeun pangaresepna téh aya lima kalimah, nyaéta:

(32)

41. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Murid dibéré kasempetan pikeun nanyakeun atawa ménta bantuan ka kolotna atawa ka lanceukna. Minggu hareupna, pagawéan murid dipariksa ku guru.

(33)

PANGAJARAN 3

Tema : Kagiatan

Bahan : Téks jeung gambar

Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

Téma dina Pangajaran 3 téh ngeunaan kagiatan. Maksudna, kagiatan anu patali jeung diri murid. Pikeun nyumponn éta téma, anu diajarkeun téh ngeunaan kagiatan saban isuk dina rék indit ka sakola, jeung kagiatan salila diajar. Lian ti éta, dina wacana séjénna diwanohkeun wacana anu midangkeun kagiatan olahraga. Pikeun ngalengkepanana, ditambahan ku téks paguneman.

Dina pangajaran ayeuna, hususna dina Diajar Maca, murid diwanohkeun kana vokal “eu” jeung konsonan “ng”. Prak-prakan ngajarkeunana teu béda ti pangajaran saméméhna.

A. NGAREGEPKEUN CARITA

No. Kagiatan

1. Murid maruka buku pangajaran basa Sunda. Ku guru diroris heula bisi aya anu salah muka kacana.

2. Guru némbongkeun gambar barudak di buruan sakola, jeung gambar dua budak keur laleumpang, indit ka sakola. Ku guru dijelaskeun heula yén ieu téh Tisna atawa nu sok biasa disebut Aa téa. Tisna téh indit ka sakolana sok bareng jeung Oki, batur sakelasna.

3. Guru maca téks nu judulna “Indit ka Sakola”. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu gé sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana. 4. Saréngséna ngaragepkeun téks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun

(34)

B. NYARITAKEUN KAGIATAN

No. Kagiatan

5. Pikeun ngukur tepi ka mana kamampuh murid dina mahamkeun carita, maranéhna sina ngajawab pertanyaan patali jeung eusi téks anu dibaca ku guru.

6. Éta pertanyaan sina bagilir dijawab ku murid. Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid. Kabéh murid kudu meunang giliran. Sabot aya murid nu ngajawab, murid séjénna sina ngabarndungan.

7. Pertanyaan jeung jawabanana téh kieu: 1. saha nu disampeur ku tisna téh

jawabanana: oki

2. naha inditna sok laleumpang

jawabanana: sabab deukeut

3. naon sababna tara kabeurangan

jawabanana: sabab tara léléda

4. kumaha mun keur kagiliran pikét

jawabanana: inditna sok tanginas

5. kumaha ngabagi giliran pikét téh

jawabanana: kabéh kagiliran saminggu séwang

6. naon sababna diajar kudu saregep

jawabanana: sabab diajar mah teu meunang bari heureuy

7. naha di kelas teu meunang garandéng

jawabanana: matak ngaganggu kana diajar

8. naha di kelas ulah silih balédog

jawabanana: bisi matak cilaka

8. Anu diregepkeun ku murid, katut jawaban maranéhna kana saban pertanyaan di luhur kabéh gé patali jeung kagiatan tokoh Tisna katut Oki. Saterusna murid sina nyaritakeun pangalaman kagiatan dirina sorangan. Pok-pokan guru dina nugaskeun nyaritakeun kagiatan, upamana:

“Kumaha ari kagiatan hidep sapopoé? Cing pék ku hidep caritakeun. Carana mah jawab waé pananya anu aya di handap. Tangtu hidep bakal bisa nyaritakeun kagiatan sorangan.”

9. Kagiatan anu dicaritakeun ku murid tangtu moal persis sarua. Éta nu dipiharep,

(35)

10. Matéri pertanyaan pikeun nyukangan murid sina nyaritakeun kagiatan nu karandapan ku dirina téh kieu:

1. tabuh sabaraha hidep ka sakola 2. sok bareng jeung saha ari inditna 3. jauh henteu ti imah ka sakola téh 4. méméh ka kelas sok naon heula 5. terus ka mana bubar ti sakola téh 6. di imah naon waé nu dipigawé 7. iraha hidep ulin jeung babaturan 8. hidep resep kana kaulinan naon

11. Alus pisan mun saban murid boga kasempetan ngajawab sakabéh pertanyaan, sabab bakal kagambar leuwih écés naon waé kagiatan maranéhna sapopoé. Tapi dina kondisi waktu teu nyukupan, bisa wé saban murid ukur ngajawab dua pertanyaan.

C. DIAJAR MACA 1

No. Kagiatan

12. Ngajarkeun matéri Diajar Maca 1 masih kénéh dituyun ku guru. Dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana vokal “eu”. Dina basa Sunda, ieu vokal téh bisa nempatan posisi di hareup (eurih), di tengah (careuh), jeung di tukang (sampeu).

13. Guru némbongkeun gambar eurih, careuh, jeung sampeu, katut katerangan kecapna. Ku murid sina ditengetan, terus guru nanya, “Ari ieu gambar naon?” bari nuduhkeun. Murid sina ngajarawab.

14. Guru mimiti ngéjah aksara sakumaha anu aya di handapeun gambarna, ngagunakeun métodeu SAS, murid sina nurutan. Mimiti anu nurutan maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.

15. Guru nugaskeun murid tanp dicontoan heula pikeun ngéjah aksara. Mimiti anu maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.

16. Mun katimbang geus lancar, ngéjahna diteruskeun kana anu dua kecap. Ieu ogé sarua, mimitina saréréa sina bareng, geus kitu sina saurang-saurang. 17. Saterusna guru ngawanohkeun konsonan “ng”. Pikeun nyukanganana, guru

némbongkeun gambar buah jeung gambar bango.

(36)

D. NGUCAPKEUN KECAP

No. Kagiatan

19. Ieu pangajaran Ngucapkeun Kecap téh maksudna mah sangkan murid béntés dina ngunikeun sora-sora basa, utamana vokal “eu” jeung konsonan “ng”. 20. Ku guru dibaca per kecap, sina diturutan ku murid. Mimitina diturutanana téh

ku saréréa, terus sina ku saurang-saurang.

E. MACA KALIMAH 1

No. Kagiatan

21. Murid diwanohkeuh kana pangajaran maca kalimah basajan. Ieu pangajaran téh patali jeung anu saméméhna, nyaéta latihan ngucapkeun kecap kalawan béntés. Utamana ngabédakeun kecap anu ngagunakeun vokal “é”, “e”, jeung “eu”. 22. Kecap anu dipaké conto téh nyaéta: lebet jeung leubeut, bener jeung beuneur,

énténg jeung eunteung, hideng jeung hideung”.

23. Conto kecap anu bieu ditataan téh mimitina diucapkeun heula ku guru, sina diturutan ku murid. Kudu diperhatikeun sangkan anu diunikeun ku murid téh tétéla bédana.

24. Saterusna guru maca kalimahna, sina dibarandungan ku murid. Guru maca per kalimah, terus sina diturutan ku murid. Mimitina murid anu nurutan téh saréréa, geus kitu sina ku saurang-saurang.

F. LATIHAN NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

25. Pangajaran Latihan Ngalengkepan Kalimah téh sina dipigawé sacara tinulis dina buku tugas séwang-séwangan.

26. Murid ngan kari nuliskeun kecap dina bagian anu dikosongkeun sangkan kalimahna jadi lengkep.

27. Ieu latihan téh pikeun ngukur kamampuh murid dina nuliskeun kecap, tepi ka tétéla bédana antara vokal “é”, “e”, jeung “eu”.

(37)

G. DIAJAR MACA 2

No. Kagiatan

29. Dina pangajaran Diajar Maca 2 anu kudu diéjah téh kecap anu diwangun ku opat engang, nyaéta balédésa, kacapanon, panonpoé, sandiwara, olahraga, babakaur, katumbiri, jeung majaléngka.

30. Anu kudu dibaca téh kecap kantétan anu diwangun ku dua kecap. Ngajarkeunana masih kénéh kudu dituyun ku guru. Kecapna dibaca ku guru, murid sina nurutan. Prak-prakan ngajarkeunana mah teu béda ti anu enggeus-enggeus.

H. MACA KALIMAH 2

No. Kagiatan

31. Tina diajar maca kecap kantétan, saterusna murid dibéré deui pangajaran maca kalimah anu kecapna aya anu diwangun ku opat engang.

32. Kalimah anu kudu dibaca téh kabéhna aya dalapan. Prak-prakanana teu béda ti nu enggeus-enggeus.

I. MACA BEDAS

No. Kagiatan

33. Murid diwanohkeun kana téks winangun wacana. Témana masih ngébréhkeun kagiatan, dina hal ieu nyaéta olahraga.

34. Ieu wacana téh sina dibaca bedas ku murid. Prak-prakanana dituyun ku guru. Dibaca sajajar-sajajar, murid sina nurutan.

35. Saluyu jeung judulna, eusi ieu wacana téh nyaéta nyaritakeun gunana olahraga: penting pikeun kaséhatan, ngalantarankeun urang jadi gumbira, nambahan kawawuhan, jeung ngaraketkeun duduluran.

(38)

J. NGEDALKEUN JAWABAN

No. Kagiatan

37. Pikeun ngukur kamampuh dina nyangkem eusi wacana, murid sina ngajarawab pertanyaan sacara lisan.

38. Pertanyaanana dibaca ku guru, terus sina dijawab ku murid, saurang-saurang. Hiji pertanyaan bisa waé diasongkeun ka sababaraha murid.

39. Jawaban murid kudu dipeunteun. Pikeun patokan guru dina meunteun bisa dititénan ieu di handap.

1. di mana senam poé ahad téh tempatna

jawabanana: di lapang balédésa

2. tabuh sabaraha nu rék senam karumpulna

jawabanana: tabuh tujuh

3. sok maraké naon anu mariluan senam téh

jawabanana: maraké baju jeung sapatu olahraga

4. naha ari barudak ogé sok miluan senam

jawabanana: sabab barudak ogé resepeun

5. penting pikeun naon ari olahraga téh

jawabanana: pikeun kaséhatan

6. mun olahraga naha matak jadi gumbira

jawabanana: sabab bisa nambah kawawuhan

7. penting henteu mun urang loba sobat

jawabanana: penting

8. naon waé gunana mun urang loba sobat

jawabanana: pikeun silih tulungan

9. ari kagiatan hidep sapopoé naon waé

jawabanana dipasrahkeun kana pangalaman murid séwang-séwangan

10. di mana tempatna mun hidep olahraga

(39)

K. MACA PAGUNEMAN

No. Kagiatan

40. Murid diwanohkeun kana téks winangun wacana paguneman. Kabéhna aya dua judul. Kahiji, judulna “Miluan Senam”, palakuna papada awéwé, nyaéta Yanti jeung Sinta. Kadu, judulna “Piknik ka Ciwidéy”, palakuna papada lalaki, nyaéta Pandu jeung Irman.

41. Ku guru ditémbongkeun/dituduhkeun heula gambarna, bari diterangkeun éta téh gambar naon waé.

42. Guru nyontoan maca saban wacana, ku murid sina diturutan ngucapkeunana, babarengan. Geus kitu sina diturutan ku saurang-saurang.

L. LATIHAN PAGUNEMAN

No. Kagiatan

43. Saterusna guru méré tugas molahkeun paguneman di hareupeun kelas. Pikeun paguneman kahiji, anu dibéré tugas téh murid awéwé, saha anu jadi Yanti, jeung saha anu jadi Sinta. Pikeun paguneman kadua, anu dibéré tugas téh murid lalaki, saha anu jadi Pandu, jeung saha anu jadi Irman.

44. Alus pisan mun dina kagiatan molahkeun paguneman téh murid sina maca téks sorangan. Tapi pikeun murid anu tacan lancar mah bisa bari dituyun ku guru.

(40)

PANGAJARAN 4

Tema : Kulawarga

Bahan : Téks jeung gambar

Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

Saluyu jeung témana ngeunaan kulawarga, dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana lingkungan anu leuwih lega. Maranéhna dipiharep bisa nataan anggota kulawargana masing-masing. Lian ti éta, dina ngipuk karakter positif, murid bisa nempatkeun dirina kalawan bener dina kahirupan kulawargna, utamana dina nerapkeun étika.

Dina diajar maca, murid mimiti diwanohkeun kana fonem konsonan “ny”. Ti dinya ditéma ku latihan nuliskeunana. Masih kénéh dina diajar maca, murid dilalanyahan sina maca bedas, dumasar kana anggapan yén maranéhna geus bisa ngéjah aksara

A. NGAREGEPKEUN CARITA

No. Kagiatan

1. Murid maruka buku pangajaran basa Sunda. Ku guru diroris heula bisi aya anu salah muka kacana.

2. Guru némbongkeun gambar kulawarga Tisna anu keur tumpak délman. Aya lanceukna, aya adina, aya ibuna, jeung aya apana. Ku guru dijelaskeun heula yén ieu téh kulawarga Tisna, terus dituduhkeun hiji-hijina.

3. Guru maca téks nu judulna “Kulawarga Tisna”. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu gé sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana.

(41)

B. NGABANDUNGAN PIWURUK

No. Kagiatan

5. Pedaran ngeunaan piwuruk utamana pikeun nyumponan Kompeténsi Dasar 1.2.4 anu némbongkeun ayana sikep miduli jeung mikanyaah anggota kulawarga. Pedaran guru téh miangna tina wacana “Kulawarga Tisna”.

6. Guru nerangkeun hubungan dina lingkungan kulawarga. Aya indung jeung bapa, aya adi jeung lanceuk. Diterangkeun deuih kumaha sesebutan pikeun anak di hiji lingkungan kulawarga. Aya anu disebut cikal, panengah, jeung bungsu.

7. Saterusna guru nerangkeun kawajiban anggota kulawarga, boh kawajiban ka indung-bapa boh kawajiban ka dulur. Pikeun nyukanganana, guru bisa ngadadarkeun kaayaan di kulawarga Tisna, upamana waé:

Tisna sadudulur layeut jeung alakur. Lanceuk kudu ngéléhan ka adi. Daék ngaping tur jadi picontoeun. Lanceuk ulah sok nyeurikan adi. Kitu deui adi ogé ulah ngalawan jeung maséaan lanceuk. Ulah bedegong atawa mawa karep sorangan.

Tisna ka dulurna tara korét. Ka batur sarua tara kitu deuih. Hidep ogé kudu béréhan jeung daék tutulung. Dibarung ku iklas. Jalma nu resep dipuji sok adigung. mun nyarita sok sombong.

Hidep ogé tangtu sarua kitu. Ari jeung dulur teu meunang paséa. Nya jeung batur gé sarua ulah kitu peta. Jalma nu resep paséa téh goréng kacida. Komo mun bari jeung harak atawa resep ngaganggu batur mah. Engkéna moal aya nu daékeun maturan.

8. Guru terus nerangkeun kawajiban lanceuk ka adi, jeung kawajiban adi ka lanceuk, upamana: Mun hidep jadi lanceuk kudu picontoeun adi. Ulah bangor jeung carékeun. jeung ulah sok ngaheureuyan adi deuih. Malah mun adi ceurik téh kudu gancang sina répéh. Kudu daék ngasuh deuih. Pék ajakan ulin tapi ulah nu matak jadi cilaka.

(42)

9. Saterusna, anu paling utama, nerangkeun kawajiban anak ka indung-bapana. Anu paling penting urang kudu nurut ka indung jeung ka bapa. Naséhat indung bapa téh jadi tuduh jalan kana kahadéan. Urang kudu hormat némbongkeun sopan santun. Ulah sok mungpang atawa ngalawan. Komo mun wani nyentak mah. Apan éta téh kolot urang. Kanyaah indung jeung bapa taya watesna. Sakur piwurukna kudu diregepkeun jeung dipigawé. Éta téh sangkan urang salamet dunya ahérat. Indung jeung bapa tangtu miharep urang jadi budak anu soléh. Di sakola jadi murid anu pinter.

10. Pedaran ngeunaan piwuruk téh bakal kasabit deui dina bagian saterusna. Murid dibéré tugas sina ngébréhkeun pamanggihna ngeunaan kautamaan hirup di lingkungan kulawarga.

C. NGAJAWAB PANANYA

No. Kagiatan

11. Murid dibéré tugas ngajawab pertanyaan sacara lisan, pikeun ngukur kamampuh maranéhna dina nyangkem eusi wacana anu dibaca ku guru. Lian ti éta, ogé pikeun mikweruh sikep murid dina ngalaksanakeun kawajibanana dina kahirupan kulawarga.

12. Pertanyaanana dibaca ku guru, sina dijarawab ku murid, bagilir. Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid.

13. Pertanyaan jeung jawaban anu kudu dipigawé ku murid téh kieu: 1. sabaraha urang dulurna tisna téh?

jawabanana: duaan

2. saha anu nyeplés pisan ka tisna?

jawabanana: jayadi

3. naon anu dimaksud anak cikal?

jawabanana: anak panggedéna

4. naon anu dimaksud anak bungsu?

jawabanana: anak pangleutikna

5. kumaha ari tisna sadudulur téh?

jawabanana: layeut alakur

6. kudu kumaha ari lanceuk ka adi?

(43)

7. kudu kumaha ari adi ka lanceuk?

jawabanana: kudu nurut jeung ulah ngalawan

8. alus henteu ari jalma korét téh?

jawabanana: henteu

9. naséhat saha anu wajib diturut téh?

jawabanana: naséhat indung jeung bapa

10. bakal jadi kumaha mun urang nurut?

jawabanana: bakal salamet dunya ahérat

D. NGANGGEUSKEUN KALIMAH

No. Kagiatan

14. Murid dibéré tugas nganggeuskeun kalimah dumasar kana pedaran guru ngeunaan piwuruk anu patali jeung kawajiban anggota kulawarga. Anu kudu dipigawé ku murid téh kabéhna aya sapuluh sual.

15. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Gedé kamungkinan dina migawéna téh bakal bari dituyun ku kolotna atawa ku lanceukna. Dina minggu hareupna, hasil pagawéan murid dipariksa saurang-saurang, terus dipeunteun. 16. Pikeun padoman dina méré peunteun, bisa dititénan ieu di handap:

1. ari jeung dulur teu meunang paséa

2. budak harak moal aya nu maturan

3. lanceuk kudu bisa méré conto ka adi

4. ari ka adi urang téh kudu daék ngasuh

5. lanceuk ulah sok bangor jeung carékeun

6. urang ulah ulin anu matak jadi cilaka

7. mun lanceuk keur digawé kudu dibantuan

8. alus pisan mun bisa ngapalkeun babarengan

9. mun urang dibantuan kudu nyebut nuhun

(44)

E. DIAJAR MACA

No. Kagiatan

17. Dina pangajaran ayeuna, murid diwanohkeun kana fonem konsonan “ny”. Ku guru dituduhkeun heula, bari dicontoan cara ngucapkeunana.

18. Kecap anu maké fonem konsonan “ny” dilarapkeun kana kalimah. Éta kalimah téh meunang nyutat tina matéri anu dipidangkeun saméméhna. Ku kituna, dina diajar maca ayeuna mah murid mimiti dilalanyahan ngéjah kalimah. 19. Ku guru dicontoan heula cara macana, murid sina nengetan. Geus kitu

maranéhna sina nurutan sakur anu dibaca ku guru.

20 Murid dibéré tugas sina ngalalanyahan diajar maca sorangan, utamana dina ngéjah kecap anu ngandung fonem konsonan “ny”. Alusna mah sakabéh murid meunang giliran, sangkan bisa kanyahoan kamampuh macana.

F. NGÉJAH AKSARA BARI NUDUHKEUN GAMBARNA

No. Kagiatan

21. Aya dua tujuan nu kudu dihontal dina pangajaran ayeuna, nyaéta murid bisa maca, jeung sakaligus bisa nuduhkeun gambar dumasar kana kecap anu dibacana. 22. Aksara anu kudu diéjah téh aya dina kecap kantétan, kabéhna aya dalapan.

Saméméhna ku guru ditémbongkeun/dituduhkeun heula gambar anu patali jeung éta kecap kantétan.

23. Anu kudu diéjah téh kecap anu diwangun ku dua jeung tilu engang, anu polana sakumaha anu geus diajarkeun dina pangajaran saméméhna.

(45)

G. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH

No. Kagiatan

25. Ieu pangajaran téh pikeun ngalatih murid dina ngucapkeun kalimah. Kahiji, dina lebah artikulasina tepi ka jéntré dina ngucapkeun saban fonem. Kadua, ngalatih dina ngagunakeun lentong atawa intonasi.

26. Kecap-kecap anu aya dina kalimah téh aya anu diwangun ku saengang, dua engang, jeung tilu engang. Dina saban kalimah aya kecap anu ngagunakeun fonem konsonan “ny”.

27. Guru ngucapkeun saban kalimah, terus ku murid sina diturutan. Mimiti babarengan, terus dipentés saurang-saurang.

H. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

28. Dina ieu pangajaran, murid sina ngeusikeun kecap kana bagian kalimah anu dikosongkeun. Kecap anu kudu dieusikeun téh geus disadiakeun, tur kabéhanana ngagunakeun fonem konsonan “ny”. Sina dipigawé dina buku tugas masing-masing.

29. Kecap anu ngagunakeun fonem konsonan “ny” dina ieu tugas téh aya dua rupa. Dina kelompok kahiji, sagemblengna kecap asal, kayaning penyu, anyar, konyal, nyiruan, jeung saterusna. Ari dina kelompok kadua mah kecap anu geus dirobah ku ngagunakeun rarangkén nasal, kayaning sugu jadi nyugu, susun jadi nyusun, surung jadi nyurung, jeung sajabana. Kadé murid bisi salah migawéna, anu kudu dieusikeun téh kecap anu geus maké rarangkén nasal, lain kecap asalna.

30. Ku guru dicontoan heula cara migawéna. Bagian kalimah anu kosong dieusian ku kecap, tepi ka jadi kalimah lengkep. Sanggeus kitu éta kalimah téh dibaca ku guru, sina dibarandungan ku murid.

31 Sakabéh murid migawé tugas, ku guru kudu diroris bisi aya anu tacan merenah dina prak-prakanana.

(46)

I. MOLAHKEUN PAGUNEMAN

No. Kagiatan

33. Dina ieu pangajaran aya opat wacana anu kudu dipolahkeun ku murid. Kahiji, prak-prakan narima sémah. Kadua, nginjeum barang. Katilu, dititah balanja ka warung. Kaopat, diajakan piknik ku bibi. Ieu paguneman téh lumangsung dina basa ragam hormat, pikeun ngalatih murid dina ngagunakeun étika basa. Dipolahkeunana mah sacara basajan waé, teu kudu dibarung ku peta, tapi cukup dina lentongna.

34. Ku guru dicontoan heula cara ngucapkeun sakur paguneman, murid sina ngabarandungan. Paguneman anu kahiji ukur diwangn ku opat kalimah. Paguneman kadua jeung saterusna dipanjangan ku cara nambahan kalimahna. 35. Ku guru tangtukeun heula murid anu molahkeun hiji tokoh dina paguneman.

Murid anu jadi tokoh paguneman téh sina maéa téksna, patémbalan. Lamun katimbang murid tacan lancar macana, ku guru dituyun heula.

36 Sajeroning murid molahkeun hiji tokoh dina paguneman, ku guru dititénan cara ngucapkeun saban kalimahna.

J. MACA BEDAS

No. Kagiatan

37. Dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana sesebutan di lingkungan kulawarga. Ieu téh pikeun ngabiasakeun murid ngagunakeun étika basa di lingkungan kulawarga.

38. Guru nuduhkeun/némbongkeun bagan kulawarga. Di dinya ditétélakeun aya aki jeung nini, indung jeung bapa, jeung barudakna.

39 Guru maca téks anu judulna “Sesebutan di Lingkungan Kulawarga”, murid sina nurutan ngucapkeunana.

40. Guru nerangkeun pancakaki di éta lingkungan kulawarga dumasar kana éta gambar. Pedaran ngeunaan hal ieu diébréhkeun dina buku pangajaran anu ku murid sina dibaca bedas.

(47)

K. NATAAN KULAWARGA JEUNG DULUR

No. Kagiatan

42. Satutasna meunang katerangan ngeunaan hubungan pancakaki katut sesebutanana, murid dibéré tugas nataan kaayaan kulawarga maranéhna masing-masing. Anu kudu disebutkeun téh ngaran indung-bapa, jumlah dulur katut ngaranna masing-masing, ngaran aki jeung nini, ngaran emang jeung bibi, jeung ngaran uwa.

43. Ieu tugas mun katimbang rada hésé, bisa waé sina dipigawé di imah masing-masing. Ku kituna, murid bisa nanyakeun heula ka kolotna. Jawabanana bisa waé dituliskeun dina buku tugas. Dipariksa ku guru dina minggu hareupna. 44 Hasil pagawéan murid sina dibaca, dibarandungan ku anu séjén. Ku guru kudu

dipeunteun, dumasar kana lengkep henteuna jawaban anu ditulis terus dibaca. Bisa waé aya murid anu teu bogaeun emang jeung bibi, atawa teu bogaeun uwa. Bisa waé teu bogaeun adi, atawa teu bogaeun lanceuk deuih. Hal éta teu kudu matak ngurangan peunteun.

L. NATAAN KAAYAAN DI IMAH JEUNG SABUDEUREUNANA

No. Kagiatan

45. Patali jeung tugas nataan anggota kulawarga, murid sina sakalian nataan kaayaan di imah jeung sabudeureunana.

46. Anu ditanyakeun téh alamat imah, anggangna ka sakola, di buruan imah aya naon waé, ari keur di imah sok migawé naon, di mana ari diajar ngaji, kaulinan naon anu dipikaresep, jeung saha waé ulinna, jeung di mana tempatna.

(48)

PANGAJARAN 5

Tema : Pangalaman

Bahan : Téks jeung gambar

Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

Pangjaran 5 henteu dimimitian ku kagiatan ngaregepkeun sakumaha biasana, tapi langsung kana maca bedas. Dina prakna maca geus teu ngagunakeun deui ngéjah maké métodeu SAS. Anu diéjah langsung kana engang. Kitu deui di antara kecap anu diéjah téh aya anu diwangun ku opat engang.

Saluyu jeung pameredih kompeténsi dasar, matéri anu dipidangkeun dina ieu pangajaran ngutamakeun aspék nyarita. Dina hal ieu, nyaritakeun hal-hal nu patali jeung pangalaman, hususna anu karandapan langsung ku diri murid.

Dina bagian panutupna, murid sina dialjr nembangken pupuh magatru

A. MACA BEDAS

No. Kagiatan

1. Téks anu kudu dibaca téh judulna “Nyaba ka Panyirapan”. Eusin nyaritakeun Tisna diajakan nyaba ka lembur akina di pilemburan. Ku maca ieu téks dipiharep kaweruh murid ngeunaan kaayaan lingkungan alam katut eusina bisa nambahan.

2. Guru méré conto ku maca sawatara kalimah dina téks, sina dibarandungan ku murid, terus sina nurutan.

3. Murid dititah maca téks, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu séjénna ngabarandungan. Mimitina macana téh cukup sakalimah-sakalimah waé, ti dinya terus ditingkatkeun jadi dua kalimah, dua kalimah.

(49)

5. Saréngséna maca, eusi téks ku guru diterangkeun saliwat, utamana matéri nu patali jeung kaayaan alam. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar leuwih lega dina pangajaran saterusna. Kahiji, dina ngabandungan pedaran pangalaman. Kadua, dina nyaritakeun pangalaman anu kungsi karandapan.

B. NGABANDUNGAN PEDARAN PANGALAMAN

No. Kagiatan

6. Dina ieu bagian, guru nerangkeun anu dimaksud pangalaman nyanyabaan, anu tangtu waé ku sakabéh murid ogé kungsi karandapan. Nyanyabaan téh di antarana aya anu patali jeung silaturahmi, upamana nganjang ka dulur atawa baraya. Lian ti éta, nyanyabaan bisa waé pikeun tujuan rékréasi atawa darmawisata.

7. Pangalaman Tisna diajak nyaba ka Panyirapan ku uana bisa dipedar leuwih lengkep, sakumaha anu dipidangkeun dina buku pangajaran. Matérina ngan kari dibaca ku guru, sina dibarandungan ku sakabéh murid.

8. Dina medar lalakon Tisna nyaba ka Panyirapan bisa waé ku guru divariasikeun jeung aspék séjénna, upamana kumaha pentingna miara alam.

9. Guru bisa tumanya ka murid, upamana saha waé anu kungsi nyaba, ka mana ngajugjugna, jeung kumaha resep henteuna. Ieu téh pikeun nyukangan kana pangajaran saterusna, waktu murid dibéré pancén nyaritakeun pangalaman anu karandapan ku dirina.

C. NYARITAKEUN PANGALAMAN

No. Kagiatan

10. Dina ieu bagian, murid dités kamampuhna, tepi ka mana maranéhna nyangkem eusi téks anu geus dibaca bedas. Carana sina ngajawab pertanyaan patali jeung pangalaman Tisna diajakan nyaba ka Panyirapan.

(50)

12. Éta pertanyaan katut jawabanana téh kieu: 1. ka mana tisna téh diajak nyabana

jawabanana: ka panyirapan

2. saha ari ngaran nini jeung akina tisna téh

jawabanana: nini rahmi jeung aki suganda

3. naon anu dipigawé ku akina tisna

jawabanana: ngebon melak palawija

4. tangkal naon waé nu diarah buahna

jawabanana: alpuket nangka peuteuy jeung limus

5. naon waé gunana tatangkalan téh

jawabanana: miara sumber cai

6. kumaha di tempat nu taya tatangkalan

jawabanana: hawana beresih tur seger jeung nambahan éndah pamandangan

7. naha kanyaho tisna jadi nambahan

jawabanana: sabab jadi nyaho kana kaayaan alam

8. naon sababna tisna betaheun di lembur akina

jawabanana: sabab akina sok ngadongéng ngeunaan alam

9. naha tisna maké kudu mulang deui ka dayeuh

jawabanana: sabab waktu peréna geus béak

10. rék kumaha mun engké tisna peré deui sakola

jawabanana: rék nyaba deui ka lembur akina

8. Pikeun ngahudang minat murid dina nyaritakeun pangalaman nyanyabaan anu kungsi kaalaman ku dirina, guru bisa nerangkeun kieu heula:

Anu dibaca bieu ku hidep téh pangalaman Tisna salila peré sakola. Tisna téh apan imahna di dayeuh atawa di kota. Ari akina Tisna matuh di lembur anu jauh ti kota. Kaayaan di kota mah ramé, béda jeung di lembur. Tapi najan kitu Tisna ngarasa betah. Hawana seger sabab loba tatangkalan. Kitu deui kaayaan alamna ogé éndah.

Kanyaho Tisna jadi nambahan. Akina nerangkeun rupa-rupa tatangkalan. Loba gunana geuning tatangkalan téh. Miara tatangkalan sarua jeung miara lingkungan. Ngaruksak tatangkalan sarua jeung ngaruksak alam.

(51)

9. Naon anu kudu dicaritakeun ku murid ngeunaan pangalaman anu kungsi karandapan ku dirina, dicukangan ku dalapan pertanyaan. Sakur murid sina ngajawab sacara lisan, dibagilirkeun saurang-saurang. Anu séjénna sina ngabarandungan.

1. harita hidep nyaba ka mana

(murid sina nyebutkeun ngaran lokasi anu dijugjugna) 2. di mana éta téh tempatna

(murid sina nyebutkeun wewengkonna aya di kabupatén mana) 3. jeung saha hidep inditna

(murid sina nyebutkeun saha waé anu indit bareng jeung manéhna) 4. kumaha ari kaayaan di jalanna

(murid sina nyaritakeun kaayaan anu katempo di jalanna) 5. aya naon waé di tempat anu dituju

(murid sina nyaritakeun rupa-rupa obyek di tempat anu dijugjug) 6. naon waé anu nyababkeun hidep ngarasa resep

(murid sina nyebutkeun alesan pangna resep ka tempat anu dijugjugna)

7. meunang oléh-oléh naon hidep ti tempat nyaba

(murid sina nataan oléh-oléh naon waé ti tempat anu dijugjugna) 8. naha hidep hayang deui nyaba ka éta tempat

(murid sina nyebutkeun minat nyaba ka tempat anu dijugjugna) 10. Kamampuh murid dina nyaritakeun pangalaman dirina kudu dipeunteun.

Aspék nu dipeunteunna di antarana ngawengku: sikep dina nyarita, kamampuh lancar henteuna nyarita, jeung matéri anu dicaritakeunana.

D. NYARITAKEUN GAMBAR

No. Kagiatan

11. Anu dimaksud gambar di dieu téh saenyana potrét. Pangna milih potrét téh sangkan leuwih auténtik dina nyaritakeun kaayaan anu diébréhkeun dina éta potrét.

(52)

13. Guru nyaritakeun pangalaman Wéndi jeung Yunita patali jeung éta potrét. Wéndi piknik ka kebon binatang, diajakan ku lanceukna. Loba sasatoan anu asalna Wéndi teu nyaho. Geuning mani rupa-rupa pisan. Kaasup sasatoan anu geus langka. Di kebon binatang téh aya maung, gajah, banténg, biruang, uncal, jeung rupa-rupa sato lianna. Ari Yunita mah piknikna ka basisir. Pamandangan di sisi laut kacida éndahna. Yunita diajakan tumpak parahu. Saméméh balik Yunita meuli heula barang karajinan tina kerang keur oléh-oléh. Pangalaman Wéndi jeung Yunita bisa dititénan dina gambar. Kumaha ari kaayaan di kebon binatang, jeung kumaha ari pamandangan di sisi laut.

14. Sajeroning nyaritakeun pangalaman Wéndi jeung Yunita téh ku guru bari dituduhkeun potrétna. Murid sina saregep ngabandungan.

15. Saterusna guru méré tugas ka murid sangkan nyaritakeun deui pangalaman Wéndi jeung Yunita dumasar kana potrétna. Prak-prakanana mah bagilir waé saurang-saurang.

16. Dina waktu salah saurang murid keur nyarita, anu séjénna sina ngabarandungan.

E. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH PANANYA

No. Kagiatan

17. Ieu pangajaran téh pikeun ngalatih murid dina ngalisankeun kalimah pananya. Kahiji dina lentong atawa intonasina. Kadua, sangkan murid bisa ngagunakeun kecap pananya kalawan merenah.

18. Aya dua kecap pananya anu diajarkeun, nyaéta “saha” jeung “naon”. Ku guru diterangkeun gunana éta kecap pananya. Saha digunakeun pikeun nanyakeun jalma. Ari naon digunakeun pikeun nanyakeun barang atawa hiji kajadian nu patali jeung barang.

19. Mimitina dipidangkeun heula kalimah wawaran, terus disambung ku kalimah pananyana. Ku cara kieu dipiharep murid meunang gambaran anu jelas dina ngagunakeun kalimah pananya.

20. Boh kalimah wawaranana boh kalimah pananyana, ku guru dibaca heula, terus sina diturutan ku murid dina ngalantangkeunana. Saterusna mah bisa waé sina langsung dibaca ku murid.

Gambar

gambar. Pedaran ngeunaan hal ieu diébréhkeun dina buku pangajaran anu ku

Referensi

Dokumen terkait

Gambar kolase nya éta média anu nganteur siswa ngajieun carita pondok. Gambar kolase anu dipaké dina ieu panalungtikan téh aya hiji frame anu unggal. gambar miboga

4. Guru nugaskeun murid maca bedas. Carana mah bagilir waé saurang-saurang. Saban murid cukup maca saparagraf tina sagemblengna bacaan. Tangtu kamampuh saban murid téh

Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu maca jero haté, ngajawab pananya, néangan harti kecap dina kamus, ngalarapkeun kecap sawanda, kecap tina basa Arab, maca

Rumusan masalah dina panalungtikan mangrupa hiji hal anu penting. Rumusan masalah dina ieu panalungtikan ditétélakeun saperti ieu di handap. 1) Kumaha kamampuh siswa kelas

Jadi anu dimaksud “Analisis Kecap Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda di SMA” dina ieu panalungtikan téh nya éta

Dina ieu hal, kahirupan ngawengku hubungan antarmasarakat, antarmanusa, antarkajadian anu lumangsung dina batin hiji jalma (tokoh). Ku kituna, kritéria/palanggeran

Rumusan masalah dina panalungtikan mangrupa hiji hal anu penting. Rumusan masalah dina ieu panalungtikan ditétélakeun saperti ieu di handap. 1) Kumaha kamampuh siswa kelas

Penilaian portofolio minangka pangajén anu dumasar kana informasi ngeunaan kamekaran kamampuh murid dina hiji periode. Eta informasi téh bisa mangrupa karya murid tina hiji