• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1104898 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1104898 Chapter3"

Copied!
10
0
0

Teks penuh

(1)

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu 39

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi anu dipaké panalungtikan nya éta SMPN 44 Bandung, nu perenahna di

Jl. Cimanuk No. 1, Kelurahan Citarum, Kacamatan Bandung Wetan, Kota

Bandung. SMPN 44 Bandung terakreditasi A. Ieu sakola ngadeg taun 1949, sedengkeun taun operasi na nya éta taun 1994. Status bangunan SMPN 44 Bandung nya éta boga pamaréntah jeung status taneuhna hak milik. Ieu sakola legana 2.020 meter, sedengkeun lega sakabéh bangunanana nya éta 3560 meter.

Lokasi ieu sakola nya éta di Bandung Wetan, tepatna di puseur kota Bandung.

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan

Nu dimaksud sumber data dina panalungtikan nya éta subjek timana éta data

bisa dimeunangkeun. Lamun panalungtikan ngagunakeun kuesioner atawa

wawancara dina pangumpulan datana, maka sumber data disebut respondén, nya

éta jalma nu ngaréspon atawa ngajawab patalékan-patalékan ti panalungtik, boh

patalékan dina wangun tinulis atawa lisan (Arikunto, 2006, kc. 129).

Sumber data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta genep puluh urang

siswa, wawakil ti sapuluh kelas nya éta kelas VII A nepika VII J. Sakelasna

dicokot genep urang, nya éta tilu awéwé jeung tilu lalaki nu miboga tingkat

préstasi kamahéran basa sundana nu alus, sedeng jeung kurang . Éta katilu aspék

nu jadi tolak ukur nya éta nu kahiji nu miboga tingkat kamahéran basa sunda nu

alus, nu kadua miboga tingkat kamahéran basa sunda nu sedeng, jeung nu katilu

tingkat kamahéran basa sunda nu kurang. Salian ti siswa aya ogé sumber data

lianna nya éta kapala sakola, tilu belas guru atawa staf pengajar SMPN 44

Bandung, hususna pengajar kelas VII. Aya ogé saurang padagang kantin, saurang

(2)

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu 3.2Desain Panalungtikan

Nurutkeun Sugiyono (2008, kc. 2) métode panalungtikan dina dadasarna mah

mangrupa cara ilmiah pikeun meunangkeun data saluyu jeung tujuan jeung

mangpaat nu tangtu. Cara ilmiah miboga harti kagiatan panalungtikan dumasar

kana ciri-ciri kaélmuan, nya éta rasional, empiris, jeung sistematis. Rasional nya

éta kagiatan panalungtikan nu dilakukeun ku cara- cara masuk akal sahingga bisa

katepian ku penalaran manusa. Émpiris miboga harti cara-cara nu dilakukeun jeung bisa ditilik ku indera manusa, nepika jalma lian nisa nilik jeung mikanyaho

cara-cara nu digunakeun. Sistematis hartina, prosés nu digunakeun dina

panalungtikan nu ngagunakeun léngkah-léngkah nu tangtu nu sipatna logis.

Métode panalungtikan mangrupa hiji cara atawa jalan pikeun meunangkeun

deui pemecahan kana sagala masalah nu karandapan (Subagyo, 1991, kc. 2). Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngagunakeun pamarekan kualitatif jeung métode

deskriptif korélasional.

Kecap déskriptif asalna tina bahasa Inggris to describe, nu hartina ngagambarkeun hiji hal, misalna kaayaan, kondisi, situasi, peristiwa, kagiatan,

jrrd (Arikunto, 2010, kc. 3). Ku kituna, panalungtikan deskriptif nya éta

panalungtikan nu dimaksudkeun pikeun nalungtik hiji kaayaan, kondisi, atawa

hal-hal séjén nu disebutkeun, nu hasilna dijelaskeun dina wangun laporan

panalungtikan. Panalungtikan korélasi atawa panalungtikan korélasional nya éta

panalungtikan nu dilakukeun ku panalungtik pikeun mikanyaho tingkat hubungan

antara dua variabel atawa leuwih, tanpa ngalakukeun parobahan , tambahan atawa

manipulasi, kana data nu geus aya (Arikunto, 2010, kc. 5).

Nurutkeun Kirk jeung Miller (dina Moleong ,2002, kc. 3) panalungtikan

kualitatif nya éta “tradisi tertentu dalam ilmu pengetahuan sosial yang secara fundamental bergantung dari pengamatan pada manusia baik dalam kawasannya maupu dalam peristilahannya” . Dina ieu panalungtikan ngagunakeun métode

panalungtikan kualitatif deskriptif korélasional sabab akibat nu miboga tujuan

pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajéntrékeun ngeunaan hubungan lingkungan

(3)

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

sikep basa diwangun ku dalapan patalékan, nu ngawakilan tina masing-masing

sikep basa nu disebut diluhur.

Desain panalungtikan ngawengku nangtukeun masalah, ngawatesanan jeung

ngarumuskeun masalah, nangtukeun jeung nyieun instrumén, ngumpulkeun data,

nganalisis data, ngadéskripsikeun data, nu pamungkas nyieun kacindekan.

Dumasar kana katerangan diluhur, desain panalungtikan nu geus disebutkeun

diluhur ngagambarkeun galur panalungtikan, saperti ébréh dina bagan ieu di

(4)

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu Bagan 3.1

Desain Panalungtikan

Nangtukeun Masalah

- kaayan lingkungan SMPN 44 Bandung

- lingkungan atikan sakola SMPN 44 Bandung

- Sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung

- Pangaruh lingkungan atikan kana sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung.

Ngumpulkeun Data

- Téknik obsérvasi - Téknik wawancara - Téknik dokuméntasi

Instrumén Panalungtikan

- Alat rekam - Kaméra digital - Pedoman wawancara

Ngolah Data

- Téknik Analisis unsur langsung

(5)

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

panalungtikan kualitatif bisa dihartikeun métode panalungtikan dumasar kana

filsafat postpositivisme, nu digunakeun pikeun nalungtik kana objék nu alamiah.

(Sugiyono,2012, kc. 9).

3.4 Ngumpulkeun Data

3.4.1 Instrumén Pangumpul Data

Instrumén panalungtikan nyaéta alat anu dipaké pikeun ngukur fenomena alam atawa kajadian sosial anu ditalungtik (Sugiyono, 2012, kc. 148). Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan, di

antarana alat rekam, kaméra digital, jeung pedoman wawancara. a. Alat Rekam

Alat rekam nu digunakeun mangrupa handphone nu miboga fungsi pikeun ngarekam jawaban-jawaban tina patalékan nu diajukeun atawa pikeun

wawancara.

b. Kaméra Digital

Kaméra digital digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun sagala kagiatan

panalungtikan dina wangun foto atawa video.

c. Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun kagiatan wawancara nu miboga

tujuan pikeun meunangkeun data ku cara nepikeun sagala patalékan-patalékan

ka respondén. Salian ti ngawawancara, panalungtik ogé nuliskeun eusi jawaban

réspondén sacara gurat badag dina pedoman wawancara. Aya opat pedoman

wawancara pikeun meunangkeun data. Éta kaopat pedoman wawancara

(6)

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu Tabel 3.1

Kisi-kisi Pedoman Wawancara pikeun Siswa

No Komponén Sub Komponén No. Soal

1 Kasatiaan basa

(language

Loyality)

Tarékah pikeun ngagunakeun

basa sunda dina kahirupan

sapopoé

Pentingna undak-usuk basa

dina komunikasi (sopan

santun)

1 – 8

4 Aféktif Sikep ngeunaan basa 1-10

Tabel 3.2

Kisi-kisi Pedoman Wawancara pikeun Satpam, penjaga sakola, staff TU, jeung

penjaga pabukon

No Komponén Sub Komponén No. Soal

1 Kasatiaan basa

(language

Loyality)

Tarékah pikeun ngagunakeun

basa sunda dina kahirupan

sapopoé

Pentingna undak-usuk basa

dina komunikasi (sopan

santun)

(7)

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu Tabel 3.3

Kisi-kisi Pedoman Wawancara pikeun padagang kantin

No Komponén Sub Komponén No. Soal

1 Kasatiaan basa

(language

Loyality)

Tarékah pikeun ngagunakeun

basa sunda dina kahirupan

sapopoé

Pentingna undak-usuk basa

dina komunikasi (sopan

santun)

3 jeung 5

4 Konatif Dipaluruh paripolah sapopoéna 4

Tabel 3.3

Kisi-kisi Pedoman Wawancara pikeun Guru jeung Kapala Sakola

No Komponén Sub Komponén No. Soal

1 Kasatiaan basa

(language

Loyality)

Tarékah pikeun ngagunakeun

basa sunda dina kahirupan

sapopoé

Pentingna undak-usuk basa

dina komunikasi (sopan

santun)

(8)

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu norm)

4 Kognitif Dipaluruh dina alam mikir

(uteuk)

-

5 Afektif Sikep ngeunaan basa -

6 Konatif Dipaluruh paripolah sapopoéna 8 jeung 9

3.4.3 Téhnik Ngumpulkeun Data

Ngumpulkeun data mangrupa prosedur nu sistematik ku cara merhatikeun

penggarisan nu geus ditangtukeun. Ieu hal miboga maksud pikeun nyingkahan data nu teu kapaké kusabab jauhna informasi nu dimeunangkeun jeung

kabutuhanana (Subagyo, 1991, kc. 38). Dina ieu panalungtikan ngagunakeun dua

téhnik ngumpulkeun data, nya éta téhnik observasi, jeung téhnik wawancara.

a. Téhnik Observasi

Observasi nya éta pengamatan nu dilakukeun sacara sangaja, sistematis

ngeunaan fenomena sosial jeung gejala-gejala psikis pikeun salanjutna dilakukeun

pencatatan (Subagyo, 1991, kc. 63). Observasi nu dilakukeun ku panalungtik kaasup kana observasi partisifatif, nu hartina observer ngan saukur nyokot

sabagian nu dianggap perlu pikeun dilakukeun pangamatan (Subagyo,1991, kc.

64).

Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngagunakeun observasi sacara terbuka,

kusabab dina ngajalankeun kagiatanna hubungan antara responden jeung

panalungtik silih interaksi. Dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan, panaluntik

saméméhna nataharkeun sagala rupa pikeun meunangkeun data ku cara observasi.

Léngkah-léngkahna saperti ieu di handap:

1) Ngalaksanakeun pengamatan kana lingkungan sakola SMPN 44 bandung, sakaligus ngalaksanakeun mata kuliah PPL.

2) Ngajéntrékeun maksud jeung tujuan panalungtik ka piha-pihak nu aya

(9)

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu ngadokuméntsikeun).

4) Nyadiakeun alat instrumén kaasup kana pedoman wawancara pikuen

meunangkeun data nu dipikahayang.

b. Téhnik Wawancara

Wawancara salaku hiji prosés pikeun ngumpulkeun data ku cara

nanyakeun patarosan-patarosan nu geus ditataharkeun saacanna. Hasilna di catet,

kusabab bisa meunangkeun informasi nu penting ti respondén. Panalungtik

ngalakukeun tanya jawab ka réspondén nu lumangsung sacara interaktif.

Léngkah-léngkah ngumpulkeun data, saperti ieu di handap;

1) Ngajéntrékeun tatacara jeung maksud tina wawancara nu dilakukeun ka

réspondén.

2) Ngajéntrékeun sacara gurat badag ngeunaan maksud tina éta wawancara.

3) Ngawawancara langsung ka unggal réspondén saluyu jeung pedoman

wawancara nu disiapkeun.

4) Nyusun catetan hasil wawancara ti kelas A nepika kelas J, sarta idéntitas ti

unggal réspondénna.

c. Téhnik Dokuméntasi

Dina ngalaksanakeun métode dokumentasi, panalungtik nalungtik

barang-barang tinulis saperti buku-buku, majalah, dokumen, peraturan-peraturan, notulen

rapat catetan poéan, jsb) (Arikunto, 2010, kc. 201). Dina ieu panalungtikan, aya

sababaraha data nu jadi bahan pikeun ngarojong kana data-data nu ditalungtik.

3.5 Téhnik Ngolah Data

Data tina hasil panalungtikan nu geus kakumpulkeun tuluy dianalisis maké

téknik analisis unsur bawahan langsung . Anu didéskripsikeun nya éta hubungan

lingkungan atikan kana sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung Taun

Ajaran 2014/2015. Léngkah-léngkah nu dilaksanakeun dina ngolah data

panalungtikan, saperti di handap:

1) Niténan deui data-data nu geus kakumpulkeun.

(10)

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu 3) Ngayakaeun transkripsi hasil rekaman wawancara.

4) Nyieun papasingan data dumasar kana bagian per bagian tina pedoman

wawancara, data nu dipasingkeun téh nya éta pedoman wawancara siswa,

guru, kapala sakola, staff tu, satpam, penjaga sakola, jeung padagang kantin. 5) Nganalisis tur ngadéskripsikeun data dumasar kana rumusan masalah.

Gambar

Tabel  3.1
Tabel 3.3 Kisi-kisi Pedoman Wawancara pikeun padagang kantin

Referensi

Garis besar

Dokumen terkait

Tujuan reformasi birokrasi adalah membangun kepercayaan masyarakat (public trust building) dan menghilangkan citra negatif birokrasi pemerintahan dengan membentuk aparatur negara

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Fakultas Pendidikan Ilmu Pengetahuan Sosial. © Ellisa Febrialin 2015

Identify Role Of Learning Style Towards Students’ Cognitive Achievement And Creativity On Optics Instrument Concept.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Badan Pengawas Pemilihan Umum provinsi yang selanjutnya disebut Bawaslu provinsi adalah badan yang dibentuk oleh Bawaslu yang bertugas mengawasi penyelenggaraan

ANALISIS KEPUASAN NASABAH TERHADAP KUALITAS PELAYANAN PADA SALAH SATU BANK DI MEDAN.. DENGAN

Menguji cara aplikasi bahan organik pada piringan kelapa sawit yang dapat. meningkatkan populasi

Azizah, N. Institut Agama Islam Negeri Sunan Kalijaga, Yogyakarta. Penerapan Kebijkan Represif Pemerintah Rusia Terhadap Gerakan Separatis Chechnya. Universitas

Kombinasi produk yang optimal adala h yang sudah berjalan yaitu tempe panjang 48 unit dan tempe kotak 170 unit, maka kesimpulan yang dapat diambil adalah apabila pemilik ingin