• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA."

Copied!
43
0
0

Teks penuh

(1)

Respi Lestari,2013

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT) DINA PANGAJARAN MACA WARTA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

ku Respi Lestari

0900509

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2013

(2)

Respi Lestari,2013

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Modél Number Head Together (NHT) dina Pangajaran Maca Warta (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung

Taun Ajaran 2012/2013)

Oleh Respi Lestari

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Respi Lestari 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Respi Lestari,2013

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA

(4)

Respi Lestari,2013

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

i

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT) DINA PANGAJARAN MACA WARTA

(Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)1

Respi Lestari2

ABSTRAK

The study is titled "Model Number Head Together (NHT) dina Pangajaran Maca Warta (Studi Kuasi Ékspérimén ka Kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)". The study is motivated by the importance of the learning model in teaching and learning activities and the importance of reading, especially reading the news. This study aimed to describe the student's ability to read the news before and after using the model Number Head Together (NHT). Methods that used in this study is quasi-experimental methods with one group pretest-posttest design. Data collection techniques that used is in the form of a written test, and data processing techniques namely normality test, homogeneity test, gain test, and hypotheses test. Data source of this study were students of class X-1 SMA Negeri 13 Bandung year academic 2012/2013. Based on the result of this study concluded that (1) student’s ability to read the news before using the model Number Head Together (NHT) is still below the minimum completeness criteria, with an average value of 68,9; (2) student’s ability to read the news after using the model Number Head Together (NHT) increased to 79,6; (3) the results of hypothesis test with α = 0,01 and dk = 37 obtained , meaning that the research hypothesis that there is a significant

difference between the ability to read the news class X-1 SMA Negeri 13 Bandung before and after using the model Number Head Together (NHT) is accepted. Thus, the model Number Head Together (NHT) could increase comprehension reading skills, especially in reading the news.

Kata kunci: model Number Head Together (NHT), warta

(5)

Respi Lestari,2013

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

ii

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT) DINA PANGAJARAN MACA WARTA

(Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)1

Respi Lestari2

ABSTRACT

Penelitian ini berjudul “Modél Number Head Together (NHT) dina Pangajaran Maca Warta (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)”. Penelitian ini dilatarbelakangi dengan pentingnya model pembelajaran dalam kegiatan belajar mengajar dan pentingnya kegiatan membaca, khususnya membaca berita. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan kemampuan siswa dalam membaca berita antara sebelum dan sesudah menggunakan model Number Head Together (NHT). Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen dengan desain one group pretest-posttest design. Teknik dalam pengumpulan data yaitu berupa tes tulis, serta teknik mengolah data berupa uji normalitas, uji homogenitas, uji gain serta uji hipotesis. Adapun yang menjadi sumber data dari penelitian ini adalah siswa kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung tahun ajaran 2012/2013. Hasil dari penelitian dapat disimpulkan bahwa (1) kemampuan membaca berita siswa sebelum menggunakan model Number Head Together (NHT) masih di bawah Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM), yaitu dengan nilai rata-rata kelas 68,9. (2) kemampuan membaca berita siswa setelah menggunakan model Number Head Together (NHT) mengalami peningkatan menjadi 79,6. (3) dari hasil uji hipotesis dengan dan dk=37 diperoleh (9,69) >

(2,70), artinya hipotesis penelitian bahwa ada perbedaan yang signifikan

(6)

Respi Lestari,2013

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

iii

Key word: model Number Head Together (NHT), news

(7)

Respi Lestari,2013

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

1.1Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3Tujuan Panalungtikan... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5Raraga Tulisan ... 5

BAB II MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT),MACA WARTA, SARTA ANGGAPAN DASAR JEUNG HIPOTÉSIS ... 7

2.1Modél Number Head Together (NHT) ... 7

2.1.1 Wangenan Modél Pangajaran ... 7

2.1.2 Wangenan Modél Pangajaran Kooperatif ... 8

(8)

vi

2.1.4 Modél NHT dina Pangajaran Maca Warta ... 10

2.2MacaWarta ... 13

2.2.1 Maca ... 13

2.2.1.1Wangenan Maca ... 13

2.2.1.2Tujuan Maca... 14

2.2.1.3Aspék-aspék Maca ... 16

2.2.1.4Wanda Maca... 16

2.2.1.5Maca Pamahaman ... 19

2.2.2 Warta ... 23

2.2.2.1Wangenan Warta ... 23

2.2.2.2Kritéria Warta... 24

2.2.2.3Jenis-jenis Warta ... 25

2.2.2.4Unsur-unsur Warta ... 26

2.2.2.5Ciri-ciri Basa Jurnalistik ... 27

2.2.2.6Kamekaran Kalawarta Sunda ... 28

2.2.2.7Maca Pamahaman Warta... 29

2.3Anggapan Dasar jeung Hipotésis ... 29

2.3.1 Anggapan Dasar ... 29

2.3.2 Hipotésis ... 29

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 31

3.1Métode jeung Variabel Panalungtikan ... 31

3.1.1 Métode Panalungtikan ... 31

3.1.2 Variabel Panalungtikan ... 31

3.2Desain Panalungtikan ... 31

3.3Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan ... 32

3.3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 32

3.3.2 Lokasi Panalungtikan ... 32

3.4Wangenan Operasional ... 32

3.5Instrumén Panalungtikan ... 33

3.5.1 Tés ... 33

(9)

vii

3.5.1.2Uji Instrumén ... 34

3.5.2 Pedoman Obsérvasi ... 38

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data ... 40

3.7Téhnik Ngolah Data ... 40

3.7.1 Meunteun Jawaban Siswa ... 41

3.7.2 Uji Sipat Data ... 41

3.7.2.1Uji Normalitas Data ... 41

3.7.2.2Uji Homogénitas ... 45

3.7.3 Uji Gain ... 46

3.7.4 Uji Hipotésis ... 47

3.8Prosedur Panalungtikan ... 48

BAB IVDÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL PANALUNGTIKAN ... 50

4.1Kamampuh Maca Warta Siswa Kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung Saméméh Ngagunakeun Modél NHT ... 50

4.2Kamampuh Maca Warta Siswa Kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung Sabada Ngagunakeun Modél NHT ... 52

4.3Béda anu Signifikan antara Kamampuh Maca Warta Siswa Kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél NHT ... 54

4.3.1 Uji Sipat Data ... 55

4.3.1.1Uji Normalitas ... 56

4.3.1.2Uji Homogénitas ... 62

4.3.2 Uji Gain ... 63

4.3.3 Uji Hipotésis ... 67

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 69

5.1Kacindekan ... 69

5.2Saran ... 69

DAPTAR PABUKON ... 71

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 73

(10)
(11)

ix

DAPTAR TABÉL

Tabél Kaca

2.1 Sintak Modél NHT ... 11

3.1Kisi-kisi Soal ... 33

3.2 Hasil Perhitungan Uji Validitas ... 36

3.3 Pedoman Obsérvasi ... 38

3.4 Déskripsi Peunteun Siswa ... 41

3.5 Frékuénsi Peunteun Pratés Siswa ... 42

3.6 Frékuénsi Obsérvasi jeung Ékspéktasi Pratés ... 43

3.7 Frékuénsi Peunteun Pascatés Siswa ... 44

3.8 Frékuénsi Obsérvasi jeung Ékspéktasi Pascatés ... 45

3.9 Uji Gain ... 47

4.1 Déskripsi Peunteun Pratés Siswa ... 50

4.2 Déskripsi Peunteun Pascatés Siswa ... 52

4.3 Kategori Kamampuh Siswa... 54

4.4 Kategori Siswa dina Aspék Literal ... 55

4.5 Kategori Siswa dina Aspék Literal ... 55

4.6 Frékuénsi Peunteun Pratés ... 56

4.7 Frékuénsi Obsérvasi jeung Ékpéktasi Pratés... 58

4.8 Frékuénsi Peunteun Pascatés... 59

4.9 Frékuénsi Obsérvasi jeung Ékspéktasi Pascatés ... 61

(12)

x

DAPTAR BAGAN

Bagan Kaca

2.1 Wanda Maca... 17

(13)

xi

DAPTAR GRAFIK

Grafik Kaca

4.1 Paningkatan Kamampuh Maca Warta Siswa ... 65

4.2 Paningkatan Aspék ... 66

4.3 Paningkatan Aspék Literal ... 66

(14)

xii

DAPTAR LAMPIRAN

Lampiran Kaca

1 Surat-surat Kalengkepan Skripsi ...74

2 Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) ...78

3Instrumen Tés (Pratés jeung Pascatés) ...83

4 Bahan Ajar ...91

5 Lembar Jawaban Pratés ...98

6 Lembar Jawaban Pascatés ...109

7 Pedoman Obsérvasi ...120

8Dokuméntasi Panalungtikan...122

9Tabél Uji Instrumén ...124

10 Tabél z ...127

11 Tabél t...128

12 Tabél chi-kuadrat ...129

(15)

Respi Lestari,2013

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

penting. Leuwih-leuwih dina nyanghareupan arus Teknologi Informasi jeung

Komunikasi saperti kiwari. Maca, hususna warta, geus jadi hiji kabutuhan dasar

(basic need) pikeun masarakat modérn.

Jaman globalisasi mangaruhan kana arus informasi anu ngabalukarkeun

jalma kudu miboga pamikiran kritis. Diperlukeun kaparigelan maca anu leuwih

hadé dina waktu anu kawatesanan. Lantaran upama teu bisa nyaluyukeun, hiji

jalma bisa waé kabawa sakaba-kaba ku éta arus informasi. Ku kituna, maca téh

lain perkara anu gampang.

Di Indonesia minat macana masih handap dibandingkeun jeung

nagara-nagara séjén. Minat maca urang Indonesia masih kurang alatan kurangna

kasadaran kana pentingna maca. Masarakat Indonesia leuwih resep méakeun

waktu sapopoé di hareupeun televisi ti batan maca. Upama masarakat geus sadar

kana pentingna maca, tangtu maca bisa jadi kabutuhan sapopoé sarta bakal

kawangun kabiasaan maca anu positif.

Di Jepang, koran-koran anu kawentar saperti Asahi Shimbun produksina

unggal poé bisa nepi ka dalapan juta éksemplar (édisi isuk-isuk), sarta tilu juta

(édisi soréna). Sedengkeun Yomiuri Shimbun, koran Jepang ogé, malah

sirkulasina bisa nepi ka 14 juta unggal poé (taun 2005; taun paling luhur). Upama

unggal 1000 urang Jepang, mangka aya 634 koran. Béda jeung di Indonésia anu

sakoran bisa ku sapuluh urang.

Warta nya éta informasi anyar atawa laporan anu medar hiji hal anu keur

kajadian, sipatna aktual, faktual, ngirut, tur penting pikeun dipikanyaho ku

(16)

2

Warta kudu ngandung unsur 5W+1H nya éta what (naon), who (saha), when

(iraha), where (di mana), why (kunaon), jeung how (kumaha).

Tina maca warta, aya informasi atawa pangaweruh anyar jeung aktual ti

lingkungan sabudeureun anu bisa dicangking pikeun ngalatih daya nalar sangkan

bisa mikir kritis jeung sistematis dina ngungkulan pasualan-pasualan. Éta hal

penting pisan pikeun nataharkeun individu global anu intelektual, personal, jeung

sosial.

Nurutkeun Harras (1997: 1.11) aya dua hal anu kudu diperhatikeun ku

guru. Anu kahiji, guru kudu sadar yén maca mangrupa hiji hal anu diajarkeun, lain

insidéntal. Maca ogé lain prosés instinktif atawa bawaan ti lahir. Maca mangrupa

prosés anu dibeunangkeun ngaliwatan diajar sarta bakal gumantung kacida kana

usaha anu dilakukeun sacara prosedural.

Anu kadua, nya éta kayakinan yén maca téh lain subjék tapi prosés. Guru

teu bisa nyawang yén mata pelajaran anu dikokolakeun téh mangrupa tujuan ahir,

tapi mangrupa alat pikeun ngahontal tujuan. Ku kituna mata pelajaran kudu ngirut

jeung layak. Maca kudu disawang salaku alat, lainna pancén. Jalma anu ngawasa

tingkatan prosés maca bakal ngarasakeun maca salaku pitulung pangpentingna

dina nyanghareupan sagala pasualan kahirupan.

Saluyu jeung kanyataannana, loba siswa anu kurang minat kana maca

warta, anu matak siswa kurang parigel hususna dina néangan pasualan utama anu

aya dina warta. Ku kituna, di sagédéngeun kamahéran dina ngajar, guru kudu

maké modél pangajaran anu inovatif pikeun mantuan siswa sangkan parigel.

Joyce jeung Weil (Sudaryat jeung Rahman, 2009: 3) ngadéfinisikeun

modél pangajaran salaku hiji rarancang anu digunakeun dina nyusun kurikulum,

ngatur matéri pangajaran, sarta méré pituduh ka pangajar di kelas dina setting

pangajaran atawa setting lianna.

Modél pangajaran mangrupa hiji pola atawa padoman pikeun

ngararancang kagiatan pangajaran. Modél pangajaran anu luyu mangrupa

salasahiji instrumén pikeun ngahontal tujuan pangajaran sakumaha anu dipiharep

tina Pendidikan Berkarakter sarta mangrupa tarékah dina nyiptakeun

(17)

3

Modél pangajaran Number Head Together (NHT) atawa Diskusi Kelompok

Bernomor nya éta modél pangajaran anu leuwih ngutamakeun aktivitas siswa dina

néangan, ngokolakeun, jeung ngalaporkeun informasi tina rupa-rupa sumber

pikeun diprésentasikeun di hareupeun kelas saluyu jeung nomerna dina kelompok.

Ieu modél luyu pikeun pangajaran maca pamahaman, anu dina hal ieu nya

éta maca pamahaman téks warta. Ngaliwatan ieu modél sakabéh siswa bisa aktif

lantaran miboga rasa tanggung jawab kana pancén individuna. Salian ti éta, bisa

ngalatih gawé bareng, nimbulkeun rasa toléransi jeung saling ngabutuhkeun antar

anggota kelompokna.

Di Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia, anu kungsi nalungtik

maca warta nya éta Herlin Agustina (2008), judulna “Pembelajaran Membaca Ekstensif Teks Berita dengan Menggunakan Teknik Jigsaw (Kuasi Eksperimen

terhadap Siswa Kelas VIII SMP Negeri 12 Bandung Tahun Ajaran 2007/2008)”.

Hasilna nya éta aya béda anu signifikan antara hasil tés kamampuh maca éksténsif

téks warta siswa kelas VIII SMP N 12 Bandung sameméh jeung sabada dibéré

perlakuan ngagunakeun teknik Jigsaw.

Di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, geus aya anu nalungtik nulis warta,

saperti Fandy Purnama (2012) anu judulna “Efektivitas Média Movie Maker dina Pangajaran Nulis Warta (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas IX E SMP

Negeri 1 Manonjaya)”. Hasilna nya éta aya béda anu signifikan antara hasil tés nulis warta saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker. Sedengkeun

dina maca warta, hususna “Model Pangajaran Number Head Together (NHT) dina Pangajaran Maca Warta (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas X-1 SMA

Negeri 13 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)”, dina danget ayeuna acan aya anu kungsi nalungtik.

Modél pangajaran anu digunakeun dina prosés diajar-ngajar taya nu

dianggap pangalusna pikeun diterapkeun, sabab unggal modél pangajaran

mibanda karakteristik séwang-séwangan. Hiji modél mungkin waé éféktif keur

hiji poko bahasan, tapi can tangtu éféktif pikeun poko bahasan lianna.

Dumasar kana pasualan-pasualan anu geus diébréhkeun di luhur, ieu

(18)

4

Pangajaran Maca Warta (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas X-1 SMA

Negeri 13 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)”.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Ieu panalungtikan baris maluruh pangaruh hiji modél kana maca

pamahaman warta. Warta mangrupa bagian tina jurnalistik. Nurutkeun F. Fraser

Bond, sacara gurat badag jurnalistik kabagi jadi dua nya éta warta (news) jeung

opini (view). Sedengkeun warta (news) kabagi jadi dua nya éta straigth news

(warta langsung) jeung feature (warta kisah).

Jadi, masalah anu rék dipedar dina ieu panalungtikan diwatesanan nya éta

modél pangajaran Number Head Together (NHT) dina maca pamahaman warta

jenis straight news (warta langsung) jeung feature (warta kisah).

1.2.2 Rumusan Masalah

Masalah ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya

ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh maca warta siswa kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung

saméméh ngagunakeun modél pangajaran Number Head Together (NHT)?

2) Kumaha kamampuh maca warta siswa kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung

sabada ngagunakeun modél pangajaran Number Head Together (NHT)?

3) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh maca warta siswa kelas X-1

SMA Negeri 13 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél

pangajaran Number Head Together (NHT)?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, sacara umum tujuan ieu

panalungtikan nya éta pikeun ngarékoméndasikeun modél pangajaran anu luyu

pikeun pangajaran maca warta.

(19)

5

Sacara husus, tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

1) kamampuh maca warta siswa kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung saméméh

ngagunakeun modél pangajaran Number Head Together (NHT);

2) kamampuh maca warta siswa kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung sabada

ngagunakeun modél pangajaran Number Head Together (NHT); jeung

3) béda anu signifikan antara kamampuh maca warta siswa kelas X-1 SMA

Negeri 13 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran

Number Head Together (NHT).

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta hasil ieu panalungtikan

dipiharep bisa ngarojong kana panalungtikan séjénna, hususna dina mekarkeun

kamampuh siswa dina maca warta.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat tina ieu panalungtikan dipiharep bisa méré konstribusi anu hadé,

di antarana:

1) bisa mekarkeun pangaweruh hususna dina pangajaran kamahéran basa,

utamana pikeun ngungkulan masalah-masalah anu aya dina widang maca;

2) bisa dijadikeun salasahiji padoman dina milih modél pangajaran, hususna

pikeun ngaronjatkeun kaparigelan siswa dina maca warta; jeung

3) bisa sadar kana kauntungan maca warta pikeun muka wawasan jeung

nambahan kaweruh kana hal-hal anyar anu aya di lingkungan sabudeureun.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi eusina ngawengku lima bab. Dina bab I dipedar kasang tukang

masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat

panalungtikan, jeung raraga tulisan.

Dina bab II dipedar hakékat maca, kamampuh maca pamahaman, wangenan

(20)

6

anggapan dasar jeung hipotésis.

Dina bab III dipedar métode jeung variabel panalungtikan, desain

panalungtikan, sumber data jeung lokasi panalungtikan, wangenan operasional,

instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

Dina bab IV dipedar déskripsi jeung analisis hasil panalungtikan maca

pamahaman warta ngagunakeun modél pangajaran Number Head Together (NHT)

ka siswa kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung.

Dina bab V dipedar kacindekan sarta saran atawa rékomendasi ka panalungtik

jeung ka unggal pihak anu patali jeung ieu panalungtikan.

Lampiran-lampiran anu aya dina ieu skripsi di antarana Rencana Pelaksanaan

(21)

Respi Lestari,2013

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

31

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Métode jeung Variabel Panalungtikan 3.1.1 Métode Panalungtikan

Sacara umum dina widang panalungtikan Champbell jeung Stanley

ngabagi panalungtikan ékspérimén jadi dua: ékspérimén sabenerna atawa

ékspérimén murni (true experiment) jeung ékspérimén teu sabenerna atawa kuasi

ékspérimén (quasi experiment) (Arikunto, 2010: 209-210). Métode kuasi

ékspérimén nya éta métode anu digunakeun ku cara ngayakeun percobaan pikeun

mikanyaho kalungguhan kausal antara variabel-variabel anu ditalungtik.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi

ékspérimen. Saluyu jeung tujuan panalungtikan, métodé ieu digunakeun pikeun

ngukur kaéféktifan modél NHT dina pangajaran maca warta ka siswa kelas X-1

SMA Negeri 13 Bandung.

3.1.2 Variabel Panalungtikan

Variabel nya éta objék panalungtikan atawa sagala hal anu jadi puseur

panitén dina hiji panalungtikan (Arikunto, 2006: 116). Dina panalungtikan anu

maluruh salasahiji perlakuan (treatment) aya anu disebut variabel bébas jeung

variabel kauger.

Saluyu jeung pamadegan di luhur, anu jadi variabel bébas dina ieu

panalungtikan nya éta métode NHT salaku faktor anu mangaruhan, sedengkeun

variabel kaugerna nya éta kamampuh maca pamahaman warta siswa kelas X-1

SMA Negeri 13 Bandung.

3.2Desain Panalungtikan

(22)

32

design, nya éta ékpérimén anu dilaksanakeun ka hiji kelompok wungkul kalawan

taya kelompok pembanding (Arikunto, 2010: 212). Desainna nya éta saperti ieu:

O1 X O2

X : perlakuan anu dilakukeun tur ditingali pangaruhna dina éta ékspérimén.

Perlakuan nu dimaksud nya éta modél Number Head Together (NHT).

O1 : tés anu dilaksanakeun saméméh perlakuan dilumangsungkeun (pratés).

O2 : tés anu dilaksanakeun sabada perlakuan dilumangsungkeun (pascatés).

3.3Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan 3.3.1 Sumber Data Panalungtikan

Anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas

X-1 SMA Negeri X-13 Bandung anu jumlahna 38 siswa, anu ngawengku siswa X-15

lalaki jeung 23 siswa awéwé.

3.3.2 Lokasi Panalungtikan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di SMA Negeri 13 Bandung anu

pernahna di Jln. Raya Cibeureum nomer 52 Bandung.

3.4Wangenan Operasional

Sangkan henteu nimbulkeun salah tapsir baris ditétélakeun sawatara

wangenan operasional anu digunakeun dina ieu panalungtikan, di antarana:

1) Modél Number Head Together (NHT)

Modél NHT nya éta modél pangajaran anu ngutamakeun kana aktivitas siswa

dina néangan, ngokolakeun, jeung ngalaporkeun informasi sacara kelompok

anu ahirna bakal diprésentasikeun di hareupeun kelas kalawan bagilir saluyu

jeung nomerna dina kelompok.

2) Kamampuh Maca Warta

Kamampuh maca warta nya éta kabisa atawa pangaweruh siswa dina

(23)

33

atawa média éléktronik ngeunaan topik, jeung gagasan utama, gagasan

pangécés, jeung informasi anu ngawengku 5W+1H.

3.5Instrumén Panalungtikan

Instrumén ngumpulkeun data mangrupa alat bantu anu dipilih tur

digunakeun ku panalungtik dina kagiatanna ngumpulkeun data sangkan

kagiatanna jadi leuwih sistematis jeung gampang. Sakumaha nu ditétélakeun ku

Arikunto (2010: 170), sacara umum instruménanu digunakeun dina ngumpulkeun

data bisa dibédakeun jadi: (1) instrumén tés, jeung (2) instrumén lain tés (bisa

mangrupa angkét, skala, daftar cocok, pedoman pengamatan, pedoman

wawancara, daftar jeung tabél). Sedengkeun instrumén anu digunakeun dina ieu

panalungtikan nya éta instrumén tés jeung pedoman pengamatan (obsérvasi).

3.5.1 Tés

Instrumén tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés tinulis

(paper and pencil). Tujuanna nya éta pikeun mikanyaho kumaha kamampuh

siswa dina maca pamahaman warta. Tés tinulisna mangrupa soal objéktif anu

ngawengku 20 soal pilihan ganda anu ngawengku topik, gagasan utama, jeung

informasi penting anu ngawengku 5W+1H.

3.5.1.1Kisi-kisi Soal

Sangkan gampang dina panyusunan instrumén, perlu digunakeun kisi-kisi

instrumén. Sakumaha anu geus diébréhkeun saméméhna yén anu hayang diukur

tina kamampuh maca pamahaman siswa ngawengku aspék literal jeung

inférénsial. Ku kituna, kisi-kisi soalna nya éta saperti ieu di handap.

Tabél 3.1

Kisi –kisi Soal

Warta Aspék Indikator Jenjang kognitif Jumlah

C1 C2 C3 C4 C5 C6

(24)

34

Literal Nafsirkeun kalimah 19 1

Inferen-Uji instrumén dilakukeun pikeun mikanyaho kualitas instrumén anu

digunakeun. Instrumén anu valid jeung reliabel bakal ngahasilkeun panalungtikan

anu valid jeung réliabel ogé. Ku kituna, saméméh digunakeun ieu soal diujikeun

(25)

35

data ti réspondén téh diuji validitas jeung réliabilitasna.

1) Uji Validitas

Validitas hiji tés nunjukeun katepatan hiji tés pikeun ngukur naon anu

kudu diukur. Pikeun nangtukeun tingkat validitas kritérium hiji instrumen,

diitung koéfisién korélasi antara nilai-nilai hasil uji coba tina instrumén anu

bakal diuji validitasna. Dina néangan koéfisién validitas hiji instrumén tés,

digunakeun korélasi product moment Pearson ngagunakeun angka kasar.

Rumusna nya éta:

√ ∑ ∑ ∑ ∑

Katerangan:

= koéfisién korélasi antara variabel X jeung variabel Y.

n = jumlah subyék

̅ , simpangan rata-rata tina data dina kelompok variabel X.

̅ , simpangan rata-rata tina unggal data dina kelompok variabel Y.

Kritéria koéfisién validitas nurutkeun Guilford nya éta ieu di handap.

validitas luhur pisan validitas luhur validitas sedeng validitas handap validitas handap pisan

teu valid

Uji validitas dilakukeun ngagunakeun bantuan Microsoft Excel. Hasil

perhitungan koéfisién korélasi tina 20 butir soal ditétélakeun dina ieu tabél

(26)

36

Tabél 3.2

Hasil Perhitungan Uji Validitas

No. Butir Koéfisién Korélasi Kritéria

1. 0,58 Sedang

2. 0,51 Sedang

3. 0,36 Rendah

4. 0,45 Sedang

5. 0,38 Rendah

6. 0,52 Sedang

7. 0,43 Sedang

8. 0,37 Rendah

9. 0,36 Rendah

10. 0,44 Sedang

11. 0,55 Sedang

12. 0,45 Sedang

13. 0,45 Sedang

14. 0,51 Sedang

15. 0,44 Sedang

16. 0,76 Tinggi

17. 0,31 Rendah

18. 0,32 Rendah

19. 0,51 Sedang

20. 0,51 Sedang

Nurutkeun Masrun (Sugiyono, 2012: 188), biasana sarat minimum

(27)

37

korélasi antara butir jeung skor total kurang ti 0,3, hartina butir dina

instrumén téh teu valid.

Ku kituna lantaran koéfisién korélasi tina sakabéh butir soal dina

instrumén > 0,3, hartina sakabéh butir soal dina ieu instrumén téh valid.

2) Uji Réliabilitas

Réliabilitas nya éta katetapan hiji tés pikeun ngukur naon anu kudu

diukur. Pikeun ngukur réliabilitas digunakeun Teknik Belah Dua Ganjil

Genap. Mimitina hasil tés dibagi dua nepi ka jadi skor nomer ganjil jeung

skor nomer genap. Koefisien reliabilitas belahan dinotasikeun ku sarta

bisa diitung ngagunakeun rumus korélasi angka kasar Pearson. Tuluy

koéfisién reliabilitas sagemblengna ( ) diitung maké rumus Spearman

Brown:

Kritéria interprétasi koéfisién réliabilitas nurutkeun Guilford nya éta

ieu di handap.

derajat reliabilitas luhur pisan

derajat reliabilitas luhur

derajat reliabilitas sedeng

derajat reliabilitas handap

derajat reliabilitas handap pisan

Uji réliabilitas instrumén dilakukeun ngagunakeun bantuan Microsoft

Excel (salengkepna tingali dina lampiran uji réliabilitas). Hasilna, koéfisién

réliabilitas belahan ( ) = 0,82, sedengkeun koéfisién sagemblengna ( ) =

0,90. Nurutkeun kritéria koéfisién réliabilitas di luhur hartina ieu soal tés téh

(28)

38

Dumasar kana hasil uji validitas jeung réliabilitas di luhur, instrumén

soal tés dina ieu panalungtikan geus nyumponan kritéria valid jeung réliabel.

Hartina ieu instrumén bisa digunakeun pikeun alat ngumpulkeun data dina ieu

panalungtikan.

3.5.2 Pedoman Obsérvasi

Obsérvasi anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta obsérvasi

terstruktur. Obsérvasi terstruktur nya éta observasi anu dirarancang sacara

sistematis. Rarancang gawé dijieun dina wangun Rencana Pelaksanaan

Pembelajaran (RPP) anu disaluyukeun jeung léngkah-léngkah modél NHT.

Sedengkeun instrumén pangajénna ngagunakeun pedoman obsérvasi ieu handap.

Tabél 3.3

Pedoman Obsérvasi

Poé, ping:

No Aktivitas Prosés Katerangan

Aya Henteu

1. Guru ngalakukeun présénsi jeung

apersépsi ngeunaan maca pamahaman

warta

Guru ngajelaskeun tujuan

pembelajaran anu diharep bisa

dihontal ku siswa

2. Guru ngabagi siswa jadi dua

kelompok gedé anu dibéré ngaran

Kinanti jeung Sinom anu dijerona

kabagi deui jadi kelompok-kelompok

leutik nu anggotana 1-4 urang sarta

unggal anggota dibéré nomer anu

(29)

39

Siswa ngaréngsékeun pancén maca

téks warta anu dibéré ku guru kalayan

katangtuan: kelompok gedé Kinanti

meunang 10 patalékan ngawengku

pamahaman kana Téks Warta 1,

sedengkeun kelompok gedé Sinom

meunang 10 patalékan ngawengku

pamahaman kana Téks Warta 2.

Siswa ngaréngsékeun pancén maca

téks warta anu dibéré ku guru

Guru nunjuk siswa anu nomerna sarua

pikeun présentasi/ngadiskusikeun

hasil jawabanna di hareupeun kelas

nepi ka unggal nomer kabagian

Siswa geus présentasi terus balik deui

ka kelompokna pikeun ngahijikeun

jawaban hasil diskusina jadi laporan

kelompok

3. Guru méré penegasan jeung

macakeun kacindekkan

Siswa migawé tés pamahaman bacaan

kana téks warta anu geus dibaca

(30)

40

...

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta di handap.

1) Tés

Tés tinulis digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina maca

pamahaman warta. Ieu tés ngawengku (1) pratés, nya éta tés maca warta pikeun

ngukur kamampuh siswa saméméh ngagunakeun modél NHT jeung (2)

pascatés, nya éta tés maca warta pikeun ngukur kamampuh siswa sabada

ngagunakeun modél NHT. Tés tinulis ngawéngku 20 soal objéktif anu kudu

diijawab ku siswa.

Ieu tés dilakukeun pikeun ngumpulkeun data-data kongkrit tina hasil diajar

siswa antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél NHT.

2) Obsérvasi

Dina raraga ngumpulkeun data, panalungtik ngalakukeun obsérvasi

partisipatif atawa langsung ancrub dina kagiatan anu ditalungtik. Pikeun

maluruh pangaruh modél NHT, dilakukeun uji coba ku cara méré perlakuan ka

siswa. Perlakuanna mangrupa nepikeun pangajaran maca pamahaman warta

ngagunakeun modél NHT saperti anu geus dirarancang saméméhna.

Nalika ngalaksanakeun uji coba, dilakukeun penilaian ku saurang obsérver

dina pedoman obsérvasi. Obsérverna bisa rekan atawa guru Basa Sunda di

SMA Negeri 13 Bandung.

3.7Téhnik Ngolah Data

Sabada meunangkeun data tina hasil panalungtikan, kagiatan satuluyna

nya éta ngolah data pikeun néangan jawaban-jawaban kana masalah anu

(31)

41

digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan téh ngagunakeun statistik

paramétris, lantaran hasil tina uji sampel bakal diberlakukeun kana populasi. Dina

statistik paramétris kudu nyumponan heula sawatara asumsi kayaning data anu

diuji distribusina kudu normal sarta datana kudu homogén (Sugiyono, 2012: 210).

Léngkah-léngkahna nya éta:

3.7.1 Meunteun Jawaban Siswa

Prak-prakan dina meunteun jawaban siswa nya éta saperti ieu di handap.

1) Mariksa jawaban siswa hasil pratés jeung pascatés.

2) Méré peunteun kana jawaban siswa hasil pratés jeung pascatés ngagunakeun

rumus:

Kategori peunteun:

Peunteun 75 siswa dianggap mampuh

Peunteun 75 siswa dianggap acan mampuh

3) Ngasupkeun data pratés jeung ahir kana tabél di handap.

Tabel 3.4

Déskripsi Peunteun Siswa

No. Subjék Skor Peunteun Kategori

3.7.2 Uji Sipat Data 3.7.2.1Uji Normalitas Data

Uji normalitas nya éta uji sipat data nu fungsina pikeun mikanyaho normal

(32)

42

digunakeun rumus chi-kuadrat ( ). Léngkah-léngkah ngitung chi-kuadrat nya éta

ieu di handap.

1) Uji Normalitas Data Pratés

a) Nyieun tabél frékuénsi peunteun pratés siswa

Tabel 3.5

Frékuénsi Peunteun Pratés Siswa

Peunteun ( ) Frékuénsi ( )

b) Ngitung rata-rata (mean) pratés jeung pascatés ngagunakeun rumus:

c) Ngitung standar déviasi (SD)

√ ∑ ∑

d) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung ékspéktasi.

(1) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna.

(2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus:

r = peunteun panggedéna - peunteun pangleutikna

(3) Nangtukeun jumlah kelas (k) ngagunakeun rumus:

(4) Ngitung panjang kelas (p) ngagunakeun rumus:

(33)

43

(5) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi)

(6) Nangtukeun batas kelas (BK)

(7) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)

(8) Nangtukeun (tina Daftar F)

(9) Ngitung legana kelas interval (L)

(10)Ngitung frékuénsi ékspéktasi (Ei)

(11)Nangtukeun nilai (chi kuadrat)

Tabél 3.6

Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés

Kelas

Interval Oi

Batas

Kelas L Ei

(12) Nangtukeun derajat kabébasan (dk)

(13) Nangtukeun harga (tina daftar H)

(34)

44

Lamun , hartina distribusi data normal

Lamun , hartina distribusi data teu normal

2) Uji Normalitas Data Pascatés

a) Nyieun tabél frékuénsi peunteun pascatés siswa

Tabel 3.7

Frékuénsi Peunteun Pascatés Siswa

Peunteun ( ) Frékuénsi ( )

b) Ngitung rata-rata (mean) pratés jeung pascatés ngagunakeun rumus:

c) Ngitung standar déviasi (SD)

√ ∑ ∑

d) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung ékspéktasi.

(1) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna.

(2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus:

r = peunteun panggedéna - peunteun pangleutikna

(3) Nangtukeun jumlah kelas (k) ngagunakeun rumus:

(4) Ngitung panjang kelas (p) ngagunakeun rumus:

(35)

45

(5) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi)

(6) Nangtukeun batas kelas (BK)

(7) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)

(8) Nangtukeun (tina Daftar F)

(9) Ngitung legana kelas interval (L)

(10)Ngitung frékuénsi ékspéktasi (Ei)

(11)Nangtukeun nilai (chi kuadrat)

Tabél 3.8

Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pascatés

Kelas

Interval Oi

Batas

Kelas L Ei

(12) Nangtukeun derajat kabébasan (dk)

(13) Nangtukeun harga (tina daftar H)

(14) Nangtukeun normalitas nagunakeun kritéria:

(36)

46

Lamun , hartina distribusi data teu normal

3.7.2.2Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu fungsina pikeun mikanyaho

varian populasi data nu diujikeun mibanda varian anu homogén atawa henteu.

Léngkah-léngkah uji homogénitas nya éta:

1) Nangtukeun variabel x masing-masing kelompok pratés jeung pascatés

Variabel x pratés

∑ = ...

∑ = ... Variabel x pascatés

∑ = ...

∑ = ...

2) Ngitung varians ( ) masing-masing kelompok

Varians pratés

∑ ∑

Varians pascatés

∑ ∑

3) Ngitung harga varians (F)

4) Ngitung derajat kabébasan (dk)

5) Nangtukeun harga (tina daftar I)

6) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria:

(37)

47

Hipotésis mangrupa jawaban samentara kana rumusan masalah

panalungtikan. Disebut samentara lantaran kakara didadasarkeun kana téori anu

rélevan, acan kana fakta émpiris anu dibeunangkeun tina ngumpulkeun data

(Sugiyono, 2012: 96). Pikeun ngabuktikeun ditolak atawa ditarimana hipotésis

anu geus dirumuskeun, dilakukeun uji hipotésis ngagunakeun statistik paramétrik

anu léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

1) Ngitung nilai tengah (median) tina béda antara skor pratés jeung pascatés.

2) Ngitung darajat kabébasan (dk).

dk = n-1

(38)

48

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil pratés dan pascatés

∑ = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subjék dina sampel

4) Nangtukeun harga (tina Daftar G)

5) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria:

Lamun hartina hipotésis panalungtikan ditarima

Lamun hartina hipotésis panalungtikan ditolak

3.8Prosedur Panalungtikan

Léngkah-léngkah anu dilakukeun dina ieu panalungtikan ngawengku:

1) Tahap Perencanaan

Léngkah-léngkah anu dilakukeun dina ieu tahap nya éta:

a) Ngalakukeun idéntifikasi masalah;

b) Ngararancang pangajaran;

c) Nyusun instrumén anu baris digunakeun; jeung

d) Uji coba instrumén pikeun mikanyaho kualitasna.

2) Tahap Pelaksanaan

Saluyu jeung desain panalungtikan anu geus ditangtukeun, léngkah-léngkah

anu dilakukeun nya éta:

a) Pratés (Tés Awal)

(1) Nepikeun matéri anu baris ditépikeun nya éta ngeunaan warta;

(39)

49

(3) Ngabagikeun soal pratés anu mangrupa soal objéktif ngeunaan warta

anu geus dibaca;

b) Perlakuan (Treatment)

Guru nerapkeun modél NHT dina maca warta anu léngkah-léngkahna:

(1) Ngabagi siswa jadi sababaraha kelompok sarta tiap anggota miboga

nomer anu béda jeung anggota kelompok séjén;

(2) Ngabagikeun téks warta anu béda jeung nalika pratés;

(3) Méré pancén ‘terstruktur’ anu mangrupa patalékan anu kudu

diréngsékeun;

(4) Nunjuk siswa anu nomerna sarua pikeun ngalakukeun présentasi;

(5) Nyusun laporan kelompok;

(6) Ngabagikeun soal ka siswa anu béda jeung soal pratés.

c) Pascatés (Tés Ahir)

Guru nerapkeun modél NHT dina maca warta saperti nalika perlakuan,

tapi ngagunakeun téks warta sarta soal anu sarua jeung nalika pratés.

3) Tahap Analisis Data

a) Ngolah data anu geus kacangking tina hasil panalungtikan;

b) Nganalisis data maké papagon anu geus ditangtukeun saméméhna;

4) Tahap Penyusunan Laporan

Laporan hasil panalungtikan disusun dumasar kana data hasil panalungtikan

(40)

Respi Lestari,2013

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

69

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan modél Number Head

Together (NHT) dina pangajaran maca warta siswa kelas X-1 SMA Negeri 13

Bandung, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh maca warta siswa kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung saméméh

ngagunakeun modél NHT téh masih kurang nyugemakeun, katitén tina

rata-rata peunteun pratés siswa nya éta 68,9. Lantaran rata-rata-rata-rata peunteun siswa

masih kurang ti Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) anu 75, hartina siswa

dianggap aya dina kategori acan mampuh maham kana warta.

2) Kamampuh siswa kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung sabada ngagunakeun

modél NHT téh ngaronjat, rata-rata peunteun pascatésna nya éta 79,6.

Lantaran rata-rata peunteun siswa geus nyumponan kana Kriteria Ketuntasan

Minimal (KKM) anu 75, hartina siswa dianggap aya dina kategori anu geus

mampuh maham kana warta.

3) Aya béda anu signifikan antara kamampuh maca warta siswa kelas X-1 SMA

Negeri 13 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél NHT.

Katitén tina uji hipotésis anu hasilna nya éta Ha (hipotésis gawé) ditarima

sarta Ho (hipotésis nol) ditolak. Hartina, aya bébédaan anu signifikan antara

kamampuh maca warta siswa kelas X-1 SMA Negeri 13 Bandung saméméh

jeung sabada ngagunakeun modél NHT. Jadi, bisa dicindekkeun yén modél

NHT bisa ngaronjatkeun kamampuh maca warta siswa kelas X-1 SMA

Negeri 13 Bandung.

(41)

70

Dumasar kana panalungtikan anu geus dilakukeun, aya sababaraha saran

anu baris ditepikeun tina ieu panalungtikan, di antarana:

1) Modél NHT bisa ngaronjatkeun kamampuh maca warta. Ku kituna, modél

NHT bisa dijadikeun salasahiji alternatif pikeun guru dina pangajaran maca

pamahaman warta. Éta hal mangrupa salasahiji tarékah sangkan siswa henteu

bosen nalika diajar, miboga rasa percaya diri, sarta miboga motivasi pikeun

mikir aktif lantaran miboga tanggung jawab ka kelompokna.

2) Ayana panalungtikan ngeunaan modél pangajaran NHT pikeun matéri

pangajaran lianna salian ti maca warta. Éta lantaran modél pangajaran téh

penting pisan kalungguhanna dina prosés diajar-ngajar. Disagédéngeun

udagan pikeun ngahontal tujuan akademik, dipiharep ogé pangajaran téh bisa

numuwukeun karakter siswa anu hadé.

3) Pikeun anu rék ngalarapkeun modél NHT, dipiharep sangkan leuwih asak

dina ngararancang pangajaran. Misalna dina perkara ngabagi-bagi alokasi

waktu, nyiapkeun matéri atawa bahan ajar anu rék ditepikeun, nyiapkeun

sarana pangrojong saperti lembar gawé, sarta nyiapkeun nomer pikeun

(42)

Respi Lestari,2013

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

71

DAPTAR PABUKON

Agustina, Herlin. 2008. Pembelajaran Membaca Ekstensif Teks Berita dengan Menggunakan Teknik Jigsaw (Kuasi Eksperimen terhadap Siswa Kelas VIII SMP Negeri 12 Bandung Tahun Ajaran 2007/2008). Skripsi di FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Arikunto, Suharsimi. 2010. Manajemen Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. 2010. Bahasa Jurnalistik. Jakarta: Rineka Cipta.

Haerudin, Dingding. 2012. Penerapan Model Diskusi Kelompok Bernomor dalam Pembelajaran Membaca Pemahaman. Makalah dina Forum Ilmiah FPBS, Bandung.

Herdian. 2009. Model Pembelajaran NHT (Numbered Heads Together). [Online]. Tersedia: http://herdy07.wordpress.com/2009/04/22/model-pembelajaran-nht-numbered-head-together/. [20 Desember 2012]

Harras, K.A. jeung Sulistianingsih, Lilis. 1997. Membaca 1. Jakarta: Bagian Proyek Penataran Guru SLTP Setara D-III Depdikbud.

Hernawan. 2009. Peningkatan Kemampuan Membaca Bahasa Indonesia Menggunakan Model Pengalaman Berbahasa Terkonsentrasi (Concentrated Language Encounter)(Stuasi Eksperimen pada Siswa Kelas VII SMP Negeri 1 Wanayasa Kabupaten Purwakarta Tahun 2008/2009). Tesis dina Sekolah Pascasarjana UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Isjoni. 2007. Cooperative Learning Efektifitas Belajar Kelompok. Bandung: Alfabeta.

Kuswari, Usep. 1995. Handout Tiori Maca. Bandung: IKIP JPBD.

LBSS. 1975. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Liye, Darwis Tere. 2012. Kebiasaan Membaca. [Online]. Tersedia: http://www. facebook.com/notes/darwis-tere-liye/kebiasaan-membaca/4679217432583 99 [4 Desember 2012].

Maimunah. 2012. Tujuan Membaca Pemahaman. [Online]. Tersedia: http://id.shvoong.com/social-sciences/education/2250146-tujuan-membaca-pemahaman/ [19 Januari 2013].

(43)

Respi Lestari,2013

MODÉL NUMBER HEAD TOGETHER (NHT)DINA PANGAJARAN MACA WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

72

Rahman. 2007. Model Mengajar dan Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqaprint Jatinangor.

Ruhaliah. 2002. Diktat Kuliah Sajarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Sudaryat, Yayat. jeung Rahman. 2009. Model-model Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Sudjana. 2005. Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.

Soedarso. 2010. Speed Reading Sistem Membaca Cepat dan Efektif. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Umum.

Sugiyono. 2012. Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Penerbit Alfabeta.

Sumadiria, AS. Haris. 2005. Jurnalistik Indonesia Menulis Berita dan Feature Panduan Praktis Jurnalis Profesional. Bandung: Simbiosa Rekatama Media.

Suprijono, Agus. 2009. Cooperative Learning Teori dan Aplikasi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Gambar

Grafik
Tabel 3.4 Déskripsi Peunteun Siswa
Tabel 3.5 Frékuénsi Peunteun Pratés Siswa
Tabel 3.7 Frékuénsi Peunteun Pascatés Siswa

Referensi

Dokumen terkait

pribadi sosial untuk mereduksi perilaku agresif siswa yang berfokus pada. pencapaian kematangan sosial remaja berupa pengembangan layanan

Implikasi secara praktis berkenaan dengan pengembangan dan pembuatan program bimbingan karir untuk mengembangkan kemampuan keputusan karir siswa, yakni guru

[r]

o Developing an economic model to estimate current impact of tourism expenditure in.. the economy and forecast potential of

Kategoria boot liu iha fontes reseitas seluk mak reseitas husi eletrisidade e e rekolla husi Ministeriu Obras Publika (uluk rekolla husi EDTL)a. Previzaun e e halo husi

Tesis yang berjudul “Perbedaan Keberhasilan Model Pembelajaran Problem Based Learning Dengan Model Pembelajaran Sains Teknologi Masyarakat Terhadap Peningkatan

Kemampuan peserta didik dalam tahap persiapan pembuatan desain motif. batik tulis yaitu persiapan alat

Layanan Dasar Bimbingan Untuk Mengembangkan Survival And Safety Skills Peserta Didik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu..