• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1303756 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1303756 Chapter1"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

1 Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016

MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Kurangna rojongan pikeun siswa dina mekarkeun kamampuh mikirna

mangrupa salah sahiji masalah dina prosés pangajaran. Dina kanyataan kiwari

siswa dipaksa pikeun nginget rupa-rupa informasi, lain pikeun paham kana éta

informasi dina réalisasi kahirupan sapopoéna. Balukarna, waktu siswa lulus ti

sakola, siswa pinter sacara tioritis, tapi siswa miskin aplikasi (Sanjaya, 2006, kc.

1).

Éta masalah téh jadi salah sahiji tanggung jawab guru di kelas. Guru kudu

bisa nyiptakeun siswa sangkan loba pangaweruhna jeung beunghar cara

ngalarapkeunana. Saluyu jeung pamadegan Syamsu Yusuf, anu nyebutkeun yén

guru jadi palaku utama dina impleméntasi atawa pamakéan program pendidikan di

sakola jeung miboga peran anu strategis dina ngahontal tujuan pendidikan anu

dipiharep (Yusuf & Nani, 2011, kc. 139). Ieu hal ogé dirojong ku Hasbullah anu

nétélakeun yén prosés pendidikan museur kana métodologi ngajar sabab dina diri

peserta didik kudu diwewegan ku konci diajar, motivasi diajar, jeung kapribadian

anu kuat (Hasbullah, 2008, kc. 8).

Salian ti guru, média ogé jadi salah sahiji peran anu penting dina prosés

pangajaran. Sakumaha anu ditétélakeun ku Syaiful jeung Aswan, média miboga

fungsi méré jalan pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Ieu hal didasaran ku

kayakinan yén prosés diajar ngagunakeun bantuan média ngarojong kagiatan

diajar siswa dina waktu anu lila. Hartina, kagiatan diajar siswa anu dirojong ku

média bisa ngahasilkeun prosés jeung hasil diajar anu leuwih hadé (Djamarah &

Aswan, 2002, kc. 138). Masalahna sumber daya manusa ayeuna loba anu teu

miboga kamampuh ngahasilkeun ide kréatif anu dipiharep jadi solusi anu luyu

keur masalah anu aya (VanGundy, 2011, kc. 8)

Dina Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) pangajaran

(2)

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016

MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

laporan lalampahan. Ieu hal katingal dina SK jeung KD pangajaran basa Sunda,

nya éta:

(SK) 8.1 Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keingina n secara lisan

dalam berwawancara, berdiskusi, menyampaikan informasi,

menyampaikan laporan perjalanan, memandu acara, dan memandu

diskusi.

(KD) 8.1.1 Menyampaikan laporan perjalanan

Cara nepikeun laporan lalampahan teu cukup dina wangun tulisan tapi ogé

siswa kudu bisa nepikeun ku cara lisan. Hartina siswa kudu ngalaporkeun atawa

nyaritakeun lalampahanana ka hiji tempat ka babaturan sakelasna. Pentingna

ngalatih kamampuh nyarita siswa téh saluyu jeung pamadegan Izzaty spk. dina

Jurnal Istianingsih nétélakeun yén nyarita mangrupa alat komunikasi anu penting

di lingkungan kelompok, siswa diajar kumaha nyarita anu hadé dina komunikasi

jeung jalma séjén (Jurnal Pendidikan Anak, Vol. II (1), 2014).

Arsjad jeung Mukti nétélakeun yén teu jarang pokok caritaan anu

ditepikeun ku hiji jalma geus hadé, tapi sabab cara nepikeunana kurang ngirut

balukarna hasil anu dihasilkeun teu maksimal. Ku sabab éta, kaparigelan nyarita

kudu terus dilatih. Tarigan dina jurnal anu sarua ogé nétélakeun yén nyarita

mangrupa kaparigelan anu mékanistis. Beuki dilatih nyaritana beuki dikawasa

kaparigelan nyaritana (Jurnal Penelitian Pascasarjana UNDIKSHA, Vol. I (2),

2012). Tina dua pamadegan di luhur bisa dicindekkeun yén anu kudu

diperhatikeun dina kamampuh nyarita téh lain ngan saukur eusi caritaanana

hungkul tapi ogé kumaha cara nepikeun caritana. Nyarita ogé kudu terus dilatih

sangkan kaparigelan nyarita bisa dikawasa kalayan maksimal.

Mind Mapping dianggap salah sahiji métodeu pangajaran bisa dipaké dina

pangajaran basa Sunda, sabab Mind Mapping miboga sababaraha kaonjoyan nya

éta ngirut kana panon jeung uteuk (Buzan, 2006, kc. 35). Éta hal ogé dirojong ku

Said jeung Budimanjaya anu nétélakeun yén Mind Mapping atawa anu sok

disebut péta pikiran nya éta hiji métodeu anu ngamaksimalkeun poténsi pikiran

(3)

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016

MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

Budimanjaya, 2015, kc. 172). Salian ti éta loba pisan pamadegan ahli anu

ngarojong métodeu Mind Mapping jadi salah sahiji métodeu anu cocog pikeun

pangajaran siswa.

Nesbit & Adesope (2006) dina Jones, nyebutkeun Mind maps help

students learn information by forcing them to organize it and add imagesand

color to it. These maps have been shown to lower extrinsic cognitive load because

students are creating a two-dimensional space to tie in ideas and concepts that

relate together. Using mind maps also helps teachers vary their teaching methods

which may be more likely to reach diverse learners. Anu hartina Mind Mapping

ngabantu siswa diajar atawa meunangkeun informasi ku cara ngatur jeung

nambahan warna ku cara ngagunakeun mind mapping, siswa geus ngabuktikeun

nurunkeun beban kognitif sabab siswa nyiptakeun ruang dua diménsi pikeun

ngabeungkeut ide jeung konsép anu silih pakait. Ngagunakeun péta pikiran ogé

ngabantu guru sangkan leuwih variasi dina métodeu pangajaranana anu bisa jadi

leuwih bisa ngarangkul rupa-rupa cara diajar siswa. (International Journal for the

Scholarship of Teaching and Learning,Vol VI (1), 2012).

Panalungtikan anu geus aya ngeunaan Mind Mapping salah sahijina panalungtikan anu dilakukeun ku Lia Marliah di taun 2014 anu judulna “Modél

Mind Mapping pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun P angalaman

(P analungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII E SMP Negeri 3 Lembang

Taun Ajaran 2013/2014). Ieu hasil panalungtikan ogé dijadikeun salah sahiji

acuan penulisan karya tulis ilmiah ku panalungtik, sanajan aya dua hal anu

ngabédakeun nya éta dina métodeu panalungtikan jeung matéri pangajaranana tapi

maksud sarta tujuan mah sarua, nya éta nalungtik naha métodeu Mind Mapping

bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa atawa henteu.

Métodeu panalungtikan anu saluyu jeung masalah anu rék dipedar nya éta

métodeu panalungtikan kuantitatif sabab dina nganalisis ieu hasil panalungtikan

ngagunakeun élmu statistika. Salah sahiji métodeu panalungtikan kuantitatif anu

miboga fungsi medar jeung ngaramalkeun naon anu bakal kajadian dina hiji

variabel lamun dibéré hiji perlakuan anu tangtu nya éta ékspérimén (Wina

(4)

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016

MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

Cindekna, nangtukeun modél pangajaran anu kréatif dipiharep bisa

ngaronjatkeun kamampuh nyarita dina pangajaran nepikeun laporan lalampahan.

Luyu jeung pamadegan sarta masalah-masalah anu geus dipedar di luhur, yén

panalugtikan dina wangun skripsi anu dijudulan, “Mind Mapping (Peta Pikiran)

dina Pangajaran Nepikeun Laporan Lalampahan (Panalungtikan Kuasi

Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-B SMP Negeri 10 Bandung Taun Ajaran

2016/2017)”

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kasang tukang masalah anu dipedar di luhur, aya sababaraha

masalah anu perlu diidentifikasi. Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu

panalungtikan ogé perlu diwatesanan, ngawengku kana sababaraha hal anu patali

jeung métodeu pangajaran Mind Mapping. Panalungtik ngaidentifikasi sababaraha

masalah, nya éta ieu di handap.

1) Pangajaran nepikeun laporan lalampahan umumna ngan ditepikeun

ngaliwatan media tulis, siswa teu ngalaporkeun sacara langsung di kelas. Ku

kituna pangajaran nepikeun laporan lalampahan ngaliwatan kaparigelan

nyarita, dipiharep bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita dina nepikeun

laporan lalampahan. Dina nepikeun laporan lalampahan aya dua aspék poko

anu jadi bahan penilaian, nya éta linguistik jeung non-linguistik. Dina bagéan

linguistik anu bakal dipaluruh kontéks basana. Contona, kekecapan, kalimah,

jeung ucapan atawa eusi caritaan, sedengkeun non-lingustik nya éta: kontéks

non-basa anu eusina kontéks anu teu kaasup kana unsur kabasaan, contona,

cara nepikeunana atawa kalancaran ucapan jeung lentongna.

2) Métodeu Mind mapping can loba diterapkeun dina pengajaran nyarita.

Lolobana ieu metode téh dipaké dina pangajaran anu hubunganana jeung

kamampuh nulis. Mind mapping dianggap bisa jadi salah sahiji métodeu

pikeun ngalatih kamampuh nyarita siswa, sabab cara anu dipaké dina ieu

(5)

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016

MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

moal nyiptakeun suasana diajar anu kitu-kitu waé (membosankan) sabab dina

ieu métodeu ngagunakeun imajinasi jeung kréativitas siswa anu teu

diwatesan. Siswa bébas milih warna-warni jeung gambar-gambar saluyu

jeung kahayang siswa éta sorangan. Alat jeung bahan anu dipaké dina ieu

métodeu ogé teu hésé meunangkeunana, nya éta keretas bodas jeung

spidol/pensil warna/ krayon. Cara nyieunna ogé teu hésé, dimimitian ku nulis

matéri pokok atawa judul matéri di tengah-tengah keretas tuluy jieun

cabang-cabang anu ahirna bakal minuhan di unggal sisi tulisan matéri pokok.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar identifikasi masalah anu tos dipedar, jadi rumusan masalah ieu

panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah tanya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nepikeun laporan lalampahan saméméh ngagunakeun

Mind Mapping siswa kelas VIII-B SMP Negeri 10 Bandung?

2) Kumaha kamampuh nepikeun laporan lalampahan sanggeus ngagunakeun

Mind Mapping siswa kelas VIII-B SMP Negeri 10 Bandung?

3) Naha ngaronjat atawa henteu kamampuh nepikeun laporan lalampahan

sanggeus ngagunakeun Mind Mapping siswa kelas VIII-B SMP Negeri 10

Bandung?

4) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nepikeun laporan lalampahan

saméméh jeung sanggeus ngagunakeun Mind Mapping siswa kelas VIII-B

SMP Negeri 10 Bandung?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum Panalungtikan

Sacara umum, tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji ngaronjat

atawa henteuna kamampuh nyarita dina nepikeun laporan lalampahan ku cara

ngagunakeun métodeu Mind Mapping dina diajar Basa Sunda siswa kelas

(6)

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016

MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu 1.3.2 Tujuan Husus Panalungtikan

Sacara husus ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun

ngadéskripsikeun:

1) kamampuh nepikeun laporan lalampahan saméméh ngagunakeun métodeu

Mind Mapping;

2) kamampuh nepikeun laporan lalampahan sanggeus ngagunakeun métodeu

Mind Mapping;

3) ngaronjatna kamampuh nepikeun laporan lalampahan sanggeus ngagunakeun

métodeu Mind Mapping; jeung

4) béda anu signifikan kamampuh nepikeun laporan lalampahan saméméh jeung

sanggeus ngagunakeun métodeu Mind Mapping.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, mangpaat tina hasil panalungtikan nya éta bisa

ngajembaran khasanah pengembangan paélmuan hususna dina hal pangajaran

basa Sunda materi laporan lalampahan, sarta bisa dijadikeun bahan référénsi jeung

rujukan pikeun panalungtikan anu séjén.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, mangpaat tina hasil panalungtikan nya éta:

1) pikeun siswa, jadi resep kana pangajaran basa Sunda. Sarta ngaronjatna

kamampuh nyarita di hareupeun kelas,

2) pikeun guru, jadi bahan référén pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita di

hareupeun kelas,

3) pikeun nu nalungtik, ngajembaran paélmuan anu keur ditalungtik.

(7)

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016

MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

Eusi ieu skripsi disusun ku lima bab, anu dina unggal bab medar pasualan

jeung pedaran ngeunaan naon-naon waé anu saluyu jeung judul bab sacara

sistematis. Dina bab kahiji nya éta bab bubuka medar ngeunaan kasang tukang

panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan umum jeung tujuan

husus panalungtikan, mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, dipungkas ku

sistematika penulisan. Dina bab kadua nya éta bagéan ulikan pustaka anu medar

métodeu pangajaran, métodeu mind mapping, kaparigelan nyarita dina pangajaran,

laporan lalampahan, jeung métodeu mind mapping dina pangajaran nepikeun

laporan lalampahan. Tuluy pedaran ti panalungtik ngeunaan panalungtikan

saméméhna, kalungguhan tioritis panalungtikan dipungkas ku raraga mikir jeung

hipotésis panalungtik.

Bab katilu nya éta métodologi panalungtikan. Eusi ieu bab ngawengku

desain panalungtikan, sumber data, instrumén panalungtikan, jeung téhnik ngolah

data. Dina bab kaopat medar ngeunaan hasil panalungtikan nya éta kamampuh

nepikeun laporan lalampahan saméméh ngagunakeun métodeu Mind Mapping,

kamampuh nepikeun laporan lalampahan sanggeus ngagunakeun métodeu Mind

Mapping, ngaronjatna kamampuh nepikeun laporan lalampahan sanggeus

ngagunakeun métodeu mind mapping jeung uji gain, sarta bédana kamampuh

nepikeun laporan lalampahan saméméh jeung sanggeus ngagunakeun métodeu

mind mapping anu ngagunakeun uji sifat data, uji homogénitas, jeung uji

hipotésis. Anu pamungkas dina bab kalima dipedar ngeunaan kacindekan,

Referensi

Dokumen terkait

Keputusan hakim yang menyatakan seseorang bersalah atas perbuatan pidana yang dimaksud dalam pasal 13, menentukan pula perintah terhadap yang bersalah untuk

Objektif pengauditan dijalankan adalah untuk menilai sama ada pengurusan Tanah Rizab Melayu (TRM) oleh Jabatan Tanah Dan Galian Negeri Perlis telah dilaksanakan

Dari analisis diatas data yang telah dilakukan menunjukkan bahwa hipotesis pertama yang diajukan yakni ada perbedaan abnormal return sebelum dan sesudah peristiwa mundurnya

Tampak bahwa perlakuan atau pemberian mikoriza telah mampu mening-katkan produksi berat kering tanaman terutama pada asosiasi satu jenis rumput dengan satu jenis legum..

Hal ini terbukti bahwa para sahabat telah terlibat dalam perbedaan penafsiran sejak masa kenabian, sehingga saat ini kaum Muslimin hendaknya tidak saling mengkafirkan hanya

Tubektomi (Metode Operasi Wanita/ MOW) adalah metode kontrasepsi mantap yang bersifat sukarela bagi seorang wanita bila tidak ingin hamil lagi dengan cara mengoklusi tuba

posisi fitur pada wajah seperti mata, hidung, dan mulut sehingga peran dari blok pre- processing cukup vital dalam sistem pengenalan wajah yang telah dibuat,

Hasil uji statistik 0,000 maka dapat disimpulkan ada perbedaan signifikan antara pretest tingkat kelelahan mata sebelum dilakukan senam mata dan post test 4 tingkat kelelahan