• Tidak ada hasil yang ditemukan

MÉDIA DIARY PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS PANGALAMAN PRIBADI : Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MÉDIA DIARY PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS PANGALAMAN PRIBADI : Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014."

Copied!
31
0
0

Teks penuh

(1)

MÉDIA DIARY PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS PANGALAMAN PRIBADI

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013-2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat pikeun nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah

ku

RISKA NURAENI PUSPITASARI 1006853

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

MÉDIA DIARY PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS PANGALAMAN PRIBADI

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013-2014)

Oleh

Riska Nuraeni Puspitasari

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar

Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Riska Nuraeni Puspitasari 2014

Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)
(4)

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MÉDIA DIARY PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS PANGALAMAN PRIBADI

(Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)1)

Riska Nuraeni Puspitasari2)

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan meningkat atau tidaknya kemampuan menulis pengalaman pribadi siswa setelah menggunakan média diary.

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh pentingnya média pembelajaran untuk digunakan dalam kegiatan pengajaran bahasa Sunda, serta kegiatan menulis yang dianggap susah khususnya menulis dalam bahasa Sunda yang menyebabkan kemampuan siswa dalam menulis pengalaman pribadi dalam bahasa Sunda masih kurang. Metode yang digunakan dalam penelitian ini yaitu metode kuasi eksperimen dengan One-group pretest-posttest design dan téhnik tés. Instrumén yang digunakan dalam penelitian ini adalah lembar tes. Penelitian ini dilaksanakan di SMP Negeri 5 Bandung kelas VII F dengan jumlah siswa 29 orang, diantaranya yaitu 19 orang siswa perempuan dan 10 orang siswa laki-laki. Dari hasil penelitian bisa disimpulkan bahwa secara umum kemampuan menulis pengalaman pribadi siswa setelah menggunakan media diarymeningkat, hasil uji gain menunjukkan bahwa ada beda yang signifikan antara kemampuan menulis pengalaman pribadi siswa sebelum dan setelah menggunakan media diary yaitu meningkat dari 21% menjadi 76% dengan selisih 55%, dan dari uji hipotésis hasil (12,5) (2,47). Kesimpulannya, hipotesis dari penelitian ini yaitu ada beda antara kemampuan siswa kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013-2014 dalam menulis pengalaman pribadi sebelum dan setelah menggunakan media

diary diterima dalam taraf signifikasi 99%. Artinya, média diary dapat

meningkatkan kemampuan menulis pengalaman pribadi siswa kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013-2014.

(5)

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

THE USE OF DIARY MEDIA IN ORDER TO IMPROVE

STUDENT

’S

ABILITY IN WRITING PERSONAL RECOUNTS

(A Quasi-experimental Study Conducted to Student Class

VII F of SMP Negeri 5 Bandung)

1)

Riska Nuraeni Puspitasari2)

ABSTRACT

This study concerned the use of diary media in order to improve student’s ability in writing personal recounts. It aimed to determine whether or not diary media could enhance students’s ability in writing personal recounts. This study was motivated by the importance of instructional media that were used in the Sundanese language teaching activities, and by the thought that writing activities were considered difficult by most Sundanese language students, leading to conclusion that students’ ability in writing, particularly in the research site, was lacking. Therefore, the study on this topic is significant to conduct. The method used in this study was quasi- experimental method with one - group pretest - posttest design and test techniques. The instrument employed in this study was a test sheet. Further, this study involved 29 of class VII F SMP Negeri 5 Bandung. Before the study was conducted, the hypothesis was set, stating that there was difference in the ability of writing personal recounts of those class VII F students before and after the diary media was used. The finding of the study revealed that there was a significant difference in the students’s ability in writing personal recount before and after the diary media was applied. It was illustrated in the test results, showing that tcalculated (12.5 ) > ttabél (2.47) and there was an increase in terms of precentace score from 21 % to 76 % with a difference 55 %. It implies that the hypothesis is received. The study concluded that diary media could be used as one of the alternatives to improve student’s ability in writing personal recount.

(6)

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR EUSI

DAFTAR SINGGETAN ... . xii

BAB I BUBUKA ... 1

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, SARTA ASUMSI JEUNG HIPOTÉSIS PANALUNGTIKAN ... 7

2.1 Ulikan Tiori ... 7

2.1.1 Nulis ... 7

2.1.1.1 Wangenan Nulis ... 7

2.1.1.2 Fungsi Nulis ... 8

2.1.1.3 Rupa- rupa Tulisan ... 11

(7)

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.2 Média Diary ...13

2.1.3 Pangajaran nulis Pangalaman Pribadi maké Média Diary di SMP ...17

2.1.4 Léngkah-léngkah Pangajaran Nulis Pangalaman Pribadi Maké Média Diary ... 19

2.2 Raraga Mikir ... 20

2.3 Asumsi jeung Hipotésis ... 21

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ...24

3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 24

3.1.1 Populasi ... 24

3.1.2 Sampel ... 24

3.2 Desain Panalungtikan ...24

3.3 Métode Panalungtikan ... 25

3.4 Wangenan Operasional ...25

3.5 Instrumén Panalungtikan ...26

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ...27

3.7 Téhnik Ngolah Data ...28

3.7.1 Uji Sipat Data ... 31

3.7.2 Uji Normalitas Data ...32

3.7.3 Uji Homogénitas ...34

3.7.4 Uji Gain ... 34

3.7.5 Uji Hipotésis ...35

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEMBAHASAN ...37

(8)

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2 Kamampuh Siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung dina

Nulis Pangalaman Pribadi Sanggeus Maké Média Diary... 41

4.3 Béda Kamampuh Siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Saméméh jeung Sanggeus Maké Média Diary ... 47

4.3.1 Uji Sipat Data ...47

4.3.1.1Uji Normalitas Data ...48

4.3.1.1.1 Uji Normalitas Data Kamampuh Siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Saméméh Maké Média Diary ...48

4.3.1.1.2 Uji Normalitas Data Kamampuh Siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Sanggeus Maké Média Diary ...51

4.3.2 Uji Homogénitas ...55

4.3.3 Uji Gain ...57

4.3.4 Uji Hipotésis ...60

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ...62

5.1 Kacindekan ... 62

5.2 Saran ...62

DAFTAR PUSTAKA ...64

LAMPIRAN ...66

(9)

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Aya opat kaparigelan dina makéna basa nya éta ngaregepkeun, nulis, nyarita jeung maca. Éta Opat kaparigelan téh, mangrupa hiji beungkeutan anu disebut caturtunggal. Kalawan silih lengkepan sarta silih pangaruhan. Kaparigelan nulis umumna dianggap kaparigelan panghéséna ku siswa sabab dina nulis siswa kudu bisa ngébréhkeun naon-naon anu aya dina pikiranana kana wangun tinulis, nu tangtuna waé siswa diarahkeun loba maca buku sangkan loba référensi pikeun bahan tulisan. Beuki loba buku anu dibaca, beuki jembar pangaweruh siswa, leuwih loba deui caritaan atawa hal anu bisa dijadikeun bahan tulisan ku siswa.

Nulis mangrupa kecap nasal tina tulis nu hartina nya éta barangjieun aksara, angka, /. Serat; nulis ku mangsi dina keretas, aya nulis maké gerip, patlot, kapur dina bor, péso pongot dina daun lontar (Danadibrata, 2006, kc. 713).

Unggal jalma anu mimiti nulis pasti ngalaman héngkér dina ngamimitian atawa muka caritaan. Aya sababaraha hal anu ngalantarankeun éta hal di antarana waé kabeungharan kosa kécap anu dipimilik sarta masih kaku sabab can biasa nulis. Éta hal mangrupa pancén utama guru dina ngabiasakeun siswa sangkan daék nulis sarta kamampuhna bisa ngaronjat.

Tulisan siswa tangtu bakal hadé lamun siswa geus maham kana basa Sunda. Maham di dieu hartina siswa geus biasa maké basa Sunda dina kahirupan sapopoé sarta kosa kecap nu dipimilik geus loba. Saupama siswa can maham dina ngalarapkeun basa Sunda sarta kosa kecap nu dipimilik ngan saeutik tangtu karangan atawa tulisan anu dihasilkeun bakal kurang nyugemakeun. Biasana loba campur kode jeung basa Indonésia.

(10)

2

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

a. Kabeungharan kosa kecap basa Sunda siswa SMPN 5 Bandung bisa disebutkeun kurang sabab méh sakabéh siswa maké basa indonésia dina kahirupan sapopoéna boh di lingkungan kulawarga boh di lingkungan sakola. b. Kurang mahamna kana basa jeung budaya Sunda nyababkeun siswa kurang

kairut pikeun diajar soson-soson, sabalikna siswa acuh jeung nganggap yén pangajaran basa Sunda téh teu penting.

c. Kurang kairutna siswa pikeun nulis pangalaman pribadi maké basa Sunda. Hal ieu bisa disababkeun ku sababaraha hal, di antarana métode pangajaran anu dipaké pikeun pangajaran nulis contona métode ceramah can bisa ngirut siswa pikeun nulis karangan maké basa Sunda.

d. Siswa teu boga kahayang pikeun bisa basa Sunda. Ieu hal dilantarankeun kurangna motivasi ti diri sorangan sarta dorongan boh ti guru, babaturan, boh ti kulawarga.

Sababaraha hal di luhur ngabalukarkeun guru teu bisa sagemblengna nepikeun pangajaran basa Sunda maké basa Sunda tapi campur jeung basa Indonésia. Ieu hal ngahambat pisan kana kalancaran prosés diajar sabab kurang mahamna kana basa Sunda nyababkeun prosés diajar jadi méh lambat. Pikeun ngungkulan ieu masalah, guru salaku pangajar dipiharep kudu miboga stratégi sangkan kabeungharan kosa kecap siswa bisa ngaronjat. Salian ti éta guru kudu milih média anu éféktif pikeun nepikeun pangajaran sangkan siswa ngarti jeung tangtuna kudu bisa ngirut karep siswa sangkan daék nulis kalawan bisa nyieun tulisan basa Sunda anu hadé. Lamun geus maham kana basa Sunda, siswa bakal leuwih kairut pikeun diajar basa Sunda jeung budaya Sunda sabab manéhna ngarti kana naon anu dipedar.

Ayana pangajaran nulis pangalaman pribadi geus katitén dina Kurikulum KTSP. Saluyu jeung SKKD Mata Pelajaran Bahasa jeung Sastra Sunda, pangajaran nulis pangalaman pribadi téh aya jeung diajarkeun di kelas VII (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2007, kc. 94).

(11)

3

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Nepi ka kiwari aya sababaraha panalungtikan anu kungsi dilakukeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis pangalaman pribadi téh nya éta ieu di handap.

1. “Modél Kontruktivisme dina pangajaran nulis carita pangalaman (Studi Kuasi

Ékspérimén ka Siswa Kelas X2 SMA Negeri 1 Bandung Taun Ajaran 2011/2012).

2. The use of Diary Writing to Improve Students skills’ in writing Recount Text ( classroom action research of Tenth Year of SMA Ma’rif Karangawen in the

academic year 2011 / 2012.

3. Asti Kurnianingsih, 2201405567 (2009) Writing Diary as an Alternative

Technique in Teaching Written Recount Text. A Final Project. Under

Graduates thesis, Universitas Negeri Semarang.

4. Using Diaries To Improve English Writing Skill For The Third Year Students

Of Smpn 1 Lamongan.

Panulis miboga karep ngalarapkeun ieu media diary pikeun panalungtikan

anu judulna “Média Diary pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman

Pribadi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII F SMPN 5 Bandung Taun

Ajaran 2013/2014)”.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

Masalah dina ieu panalungtikan perlu diidéntifikasi sangkan leuwih museur sarta perlu dirumuskeun sangkan leuwih jéntré.

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

(12)

4

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.2.2 Rumusan Masalah

Masalah-masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun patalékan saperti ieu di handap.

a. Kumaha kamampuh siswa kelas VII F SMPN 5 Bandung dina nulis pangalaman pribadi maké basa Sunda saméméh maké media diary ?

b. Kumaha kamampuh siswa kelas VII F SMPN 5 Bandung dina nulis pangalaman pribadi maké basa Sunda sanggeus maké média diary?

c. Naha aya bédana kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus maké média diary?

1.3. Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung tujuan husus saluyu jeung anu dijéntrékeun ieu di handap.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngungkulan pasualan atawa masalah dina pangajaran nulis pangalaman pribadi di siswa kelas VII F SMPN 5 Bandung.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: a. Kamampuh nulis pangalaman maké basa Sunda siswa kelas VII F SMPN 5

Bandung saméméh maké media diary;

b. Kamampuh nulis pangalaman maké basa Sunda siswa kelas VII F SMPN 5 Bandung sanggeus maké média diary;

(13)

5

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4Mangpaat Panalungtikan

Tangtuna dina unggal panalungtikan anu dipigawé miboga mangpaat. Panalungtikan ieu ogé tangtuna miboga mangpaat boh sacara tioritis boh sacara praktis, kalawan dipedar ieu di handap.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun anu mikabutuh pangaweruh ngeunaan média pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis pangalaman pribadi maké basa Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan di antarana sakumaha dipedar ieu di handap.

a. Siswa, ngaronjatkeun kamampuh nulis pangalaman pribadi maké basa Sunda sarta kamampuh dina ngébéhkeun ide dina wangun tinulis leuwih bisa kalatih ku dipakéna ieu média diary.

b. Guru, ieu média diary bisa dijadikeun alternatif pikeun dipaké ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis karangan basa Sunda.

c. Paélmuan, nambahan variasi média dina népikeun pangajaran ngarah leuwih variatif sangkan henteu monoton.

d. Panalungtik, nambahan pangaweuh ngeunaan kamampuh nulis pangalaman maké basa Sunda siswa saméméh jeung sanggeus maké média diary, ngalatih kamampuh dina nalungtik, nambahan référénsi média dina népikeun pangajaran pikeun prak-prakan ngajar di lapangan.

e. Nu maca, nambahan pangaweuh ngeunaan média diary dina ngaronjatkeun kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa maké basa Sunda.

1.5 Raraga Tulisan

(14)

6

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

diayakeunna ieu panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. Bab II medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar leuwih jero ngeunaan média diary, kaparigelan nulis, jeung pangalaman pribadi. Salian ti éta, dina ieu bab aya anggapan dasar jeung hipotésis anu miboga tujuan pikeun méré anggapan awal kana hasil panalungtikan.

Bab III mangrupa bab anu eusina medar ngeunaan métode panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan. Eusina ngawengku léngkah-léngkah panalungtikan, prak-prakan ieu panalungtikan, jeung cara ngolah data tina hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun. Bab IV mangrupa bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan anu geus dilakukeun. Eusina mangrupa sagemblengna hasil tina panalungtikan anu geus dilakukeun, ngawengku prak-prakan panalungtikan jeung data hasil panalungtikan ngeunaan Média Diary

pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi.

(15)

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Populasi

Populasi nya éta sakabéh objék anu ditalungtik (Arikunto, 2013, kc. 173). Nilik kana pamadegan di luhur, bisa dicindekeun yén populasi tina ieu panalungtikan téh nya éta siswa kelas VII SMP Negeri 5 Bandung taun ajar 2013/2014, anu jumlahna aya 259 siswa.

3.1.2 Sampel

Sampel nya éta sabagéan atawa wawakil tina populasi anu ditalungtik (Arikunto, 2013, kc. 174).

Jumlah kelas VII di SMP Negeri 5 Bandung téh aya sabelas kelas (VII A –

VII K). Pikeun nangtukeun sampel anu rék ditalungtik, panulis maké cara purpose

atawa sampel anu dipilih dumasar tinimbangan guru basa Sunda di éta sakola. Ti dinya ditangtukeun yén kelas anu jadi sampel téh nya éta kelas VII F. Ku sabab kitu, anu jadi sumber data tina ieu panalungtikan téh nya éta siswa kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung taun ajar 2013/2014 anu jumlahna aya 29 urang, 19 urang awéwé jeung 10 urang lalaki. Dipilihna kelas VII F jadi sampel panalungtikan nya éta lantaran di kelas VII F masih loba kénéh siswa nu héngkér dina nulis pangalaman pribadi.

3.2 Desain Panalungtikan

Desainanu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pre-test jeung post-test.

O1 X O2

(16)

25

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Katerangan : ékspérimén atawa éksperimén semu. Panalungtikan ékspérimén kuasi atawa ékspérimén semu diartikeun mangrupa panalungtikan nu hampir sarua jeung panalungtikan ékspérimén. Nurutkeun Sukardi (Syamsuddin jeung Damaianti, V S., 2011, kc. 23) jenis panalungtikan ieu loba dipaké dibidang atikan atawa bidang séjén nu subjék panalungtikanna nya éta jalma anu teu bisa dimanipulasi jeung dikontrol sacara inténsif. Tujuanna nya éta pikeun meunang informasi kalawan maké métode kuasi ékspérimén.

Kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa diukur dua kali, nya éta saméméh (pre test) jeung sanggeus dibéré perlakuan ku cara maké média diary

(post test).

3.4 Wangenan Operasional

a. Média diary nya éta salasahiji média anu ngamangpaatkeun catetan sapopoé atawa diary salaku alat pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Ku dipakéna média ieu siswa bisa kalatih kamampuh nulisna hususna nulis pangalaman pribadi maké basa Sunda.

(17)

26

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

hiji kaparigelan basa nu dipaké pikeun komunikasi sacara teu langsung. Nulis mangrupa hiji kagiatan nu produktif jeung éksprésif. Dina kagiatan nulis, nu nulis kudu parigel ngamangpaatkeun grafolegi, struktur basa, jeung kosa kecap (Tarigan, 2008, kc. 3).

c. Tulisan pribadi nya éta ébréhan tina gagasan-gagasan sarta naon nu dirasakeun ngeunaan pangalaman nu ditulis, boh pikeun kapentingan sorangan, atawa kapentingan kulawarga atawa babaturan (Tarigan, 2008, kc. 32). Karangan pangalaman kaasup kana wangun karangan narasi. Karanganna mangrupa runtuyan atawa beundeulan kajadiana. Narasi eusina bisa fakta, bisa ogé fiksi atawa rékaan anu diréka-réka ku pangarangna. Anu eusina fakta bisa mangrupa biografi, otobiografi jeung carita pangalaman. Sedengkeun anu mangrupa karangan fiksi nya éta novel jeung carita pondok.

Jadi maksud tina judul “Média Diary pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh

Nulis Pangalaman Pribadi” nya éta tarékah dina ngaronjatkeun kamampuh nulis

pangalaman pribadi siswa maké média diary. Siswa diarahkeun pikeun latihan nulis pangalaman anu kungsi karandapan ku manéhna dina buku diary. Satuluyna kamampuh siswa dina ngamekarkeun eusi karangan, milih kecap sarta pamakéan éjahan basa Sundana bakal kalatih ku dipakéna média diary.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Nyusun instrumén mangrupa salasahiji hal penting dina léngkah panalungtikan. Éta nu nyababkeun nyusun instrumén data kudu dipigawé sacara serius sangkan meunang hasil nu luyu jeung pungsina. Lamun nalika ngumpulkeun data aya kasalahan, hal éta bakal mangaruhan kana hasil kasimpulanana (Kuswari, 2008, kc. 19). Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta lembar soal anu eusina paréntah ka siswa pikeun nuliskeun pangalaman anu kungsi karandapan ku maranéhna kalawan merhatikeun eusi karangan, organisasi, kosa kecap, basa, jeung mékanik.

Dina ieu panalungtikan aya dua tés nya éta tés saméméh jeung sanggeus

(18)

27

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pribadi siswa ari tés kadua tujuanna pikeun mikanyaho pangaruh média diary

kana kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa.

Ieu di handap soal tés anu dipaké dina panalungtikan.

Soal Pre tést

1. Pék tuliskeun deui pangalaman boh pangalaman nu pikasediheun, gumbira, pikaéraeun, pikalucueun anu kungsi karandapan ku hidep kalawan maké kekecapan nu merenah!

Soal post tést

1. Pék tuliskeun deui pangalaman boh pangalaman nu pikasediheun, gumbira, pikaéraeun, boh pikalucueun anu kungsi karandapan ku hidep kalawan merhatikeun eusi karangan, organisasi, kosa kecap, basa jeung mékanik (éjahan)!

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik dina ieu panalungtikan téh maké téhnik tés. Tés di dieu mangrupa alat ukur pikeun mikanyaho kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa saméméh jeung sanggeus maké média diary. Dina ieu panalungtikan maké dua kali tés. Tés

awal atawa pre-tes tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa saméméh di treatment maké média diary ari tés ahir atawa post tes

tujuanna pikeun ngukur kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa sanggeus di

treatment kalawan maké média diary.

Léngkah- léngkah ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan baris dipedar ieu di handap.

1. Siswa nuliskeun pangalaman pribadi anu mangrupa pre-test pikeun mikanyaho kamamapuh awal siswa saméméh dibéré treatement média diary.

2. Sanggeus mikanyaho kamampuh nulis awal siswa, panalungtik méré

(19)

28

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3. Sanggeus méré treatement, panalungtik ngayakeun post tést ka siswa pikeun mikanyaho ngaronjat henteuna kamampuh siswa sanggeus di treatement maké média diary.

Ngaronjat henteuna kamampuh siswa bisa ditempo ku cara ngabandingkeun hasil pre-test jeung post-test.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan baris dipedar ieu di handap.

1) Mariksa hasil tés awal jeung tés ahir karangan pangalaman pribadi siswa ku cara nyirian kekecapan anu kurang merenah, éjahan nu kurang merenah, eusi karangan anu perlu dimekarkeun deui, organisasi karangan, sarta basa anu dipaké.

2) Méré peunteun kana hasil tés awal jeung tés ahir karangan pangalaman pribadi siswa. Cara meunteun hasil karangan siswa baris dipedar ieu di handap.

a. Skor atah = Skor nu dihontal X

Skor maksimal

Katerangan :

KKM : 75

Peunteun maksimal : 100

Katégori : peunteun ≥ 75, siswa dianggap mampuh nulis pangalaman pribadi anu bener.

Peunteun ≤ 75, siswa dianggap can mampuh nulis

pangalaman pribadi anu bener.

(20)

29

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.1

Kritéria Meunteun karangan Pangalaman Pribadi Siswa

Aspék Kamampuh Nulis

Skor Kritéria

(1) (2) (3)

Eusi 4 Hadé pisan (Sampurna, hartina maham pisan, mekarkeun kecap koncina relevan/luyu jeung judul sarta pasoalan anu dipedar )

3 Cukup-Hadé (Maham pisan, mekarkeun kecap koncina relevan/luyu jeung judul sarta pasoalan nu dipedar tapi kurang lengkep)

2 Sedeng-Cukup (Pamahamanna kurang, mekarkeun kecap koncina kurang saluyu sarta pasoalan nu dipedarna heureut)

1 Kurang Hadé (Teu maham kana eusi, teu mekarkeun kecap konci, teu cukup pikeun diajén)

Organisasi 4 Hadé Pisan (Éksprési lancar, gagasan anu diungkabkeun jéntré, padat, rapi, runtuyanna logis jeung kohésif)

3 Cukup-Hadé (Éksprési kurang lancar, kurang terorganisir, tapi gagasan utama jéntré, kurang rapi, bahan anu ngarojong kawatesanan, runtuyanna logis tapi teu lengkep)

2 Sedeng-Cukup (Éksprési teu lancar, gagasanna teu jéntré, kapotong-potong, runtuyan jeung mekarkeunna teu logis)

1 Kurang Hadé (Heunteu komunikatif, teu terorganisir, teu cukup pikeun diajén)

(21)

30

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(1) (2) (3)

3 Cukup-Hadé (Kurang jembar, kecap éféktif, milih kecap jeung ngungkabkeun kecapna kadang-kadang teu merenah tapi heunteu ngaganggu)

2 Sedeng-Cukup (Sedeng, kurang éféktif, milih kecapna kawatesanan jeung maké kosa kecapna

sering salah anu ngabalukarkeun ma’nana ogé

salah)

1 Kurang Hadé (Teu éféktif, milih kosa kecap padu waé, pangaweruh ngeunaan kosa kecap kurang pisan, teu cukup pikeun diajén)

Basa 4 Hadé Pisan (Ngawasa pisan tata basa, saeutik kasalahan dina maké jeung nyusun kalimah jeung kecap )

3 Cukup-Hadé (Pamakéan jeung nyusun kalimah sarta kecapna sederhana, saeutik kasalahan tata

basa, teu ngaleungitkeun ma’na)

2 Sedeng-Cukup ( Hésé dina maké jeung nyusun

kalimah sederhana, kasalahan tata basa, ma’nana

ngabingungkeun)

1 Kurang Hadé (Teu ngawasa pamakéan jeung panyusunan kalimah, teu komunikatif, teu cukup pikeun diajén)

Mékanik 4 Hadé Pisan (Ngawasa aturan panulisan, tapi aya sababaraha kasalahan éjahan)

3 Cukup-Hadé (Kurang ngawasa aturan panulisan, kadang-kadang aya kasalahan éjahan tapi teu

ngarobah ma’na)

2 Sedeng-Cukup (Kurang ngawasa aturan

panulisan, sering kajadian salah éjahan, ma’nana

ngabingungkeun)

(22)

31

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(1) (2) (3)

panulisan, loba kasalahn éjahan, tulisan hésé dibaca, teu cukup pikeun diajén )

(Hartfield, dkk, 1985, kc. 91; Nurgiyantoro, 1988, kc. 305-306 dina Kuswari, 2010, kc. 182-183), kalayan diropéa rentang skorna.

3) Ngasupkeun peunteun tés awal jeung tés ahir nulis karangan pangalaman pribadi siswa.

Tabél 3.2

Peunteun Tés Awal Jeung Tés Ahir

No. Ngaran Siswa Peunteun Tés

Awal

Peunteun Tés Ahir

3.7.1 Uji Sipat Data

Uji sipat data dipigawé sabab ayana sarat anu kudu dicumponan saacan panalungtik nangtukeun téhnik analisis statistik. Uji sipat data dina ieu panalungtikan aya dua, nya éta uji normalitas jeung uji homogénitas. Uji normalitas nya éta pikeun nguji normalitas sampel. Data anu miboga distribusi normal diolah ku cara analisis paramétik kalawan maké t-test. Data anu distribusina teu normal diolah maké analisis non paramétik kalawan maké

(23)

32

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7.1.1Uji Normalitas Data

Dina Statistik Paramétrik miboga sarat yén dianalisis kudu miboga distribusi normal. Ku kituna kudu ngayakeun uji normalitas data. Pikeun nguji distribusi hiji data normal atawa henteuna bisa maké rumus chi kuadrat (X2).

Léngkah-léngkah nu kudu dipigawé saméméh maké chi kuadrat saperti ieu handap.

a) Nangtukeun skor panggedéna jeung pangleutikna. Éta skor ngacu kana hasil nulis pangalaman pribadi siswa.

b) Néangan batas-batas interval : nangtukeun rentang skor kalawan maké rumus

r = skor pangluhurna – skor panghandapna.

c). Nangtukeun lobana kelas (K) kalawana maké rumus:

K = 1+33 log N

d). Nangtukeun panjangna kelas (P) kalawan maké rumus:

P =

e). Nyieun tabél distribusi frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir kalawan maké tabél:

Tabél 3.3

Distribusi Frékuénsi peunteun

No Interval Fi Xi xi2 fi.xi fi.xi2

Katerangan:

(24)

33

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

f). Pikeun néangan rata-rata peunteun maké rumus:

: ∑fi.xi

fi

g). Pikeun néangan standar déviasi kalawan maké rumus:

SD =

h). Pikeun ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi (perkiraan)

Tabél 3.4

Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékunsi Ékspéktasi Kelas

Interval Oi BK Zitung Ztabél L Ei

(Oi – Ei)2 Ei

Katerangan

Oi : Frékuénsi Obsérvasi

BK : Batas Kelas

Zitung : Transformasi normal

Ztabél : Standard normal

L : legana unggal kelas interval Ei : Frékuénsi ékspéktasi

X2 : Chi kuadrat

X2 = ∑

(Sudjana, 2005, kc. 273) i) Pikeun nangtukeun derajat kebebasan (dk) maké rumus:

dk= k-3

(25)

34

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

j). Nangtukeun harga X2 tabél

k). Nangtukeun normalitas data kalawan maké kritéria ieu di handap. x2 itung x2 tabél hartina distribusi data normal

x2 itung x2 tabél hartina distribusi data teu normal

3.7.1.2 Uji Homogénitas

Salian nguji normal henteuna distribusi data hiji sampel, panalungtik ogé perlu nguji homogénitas ka sababaraha sampel, nya éta seragam henteuna variansi sampel-sampel nu dicokot tina populasi nu sarua (Arikunto, 2013, kc. 363).

Ieu di handap mangrupa léngkah-léngkah ngitung uji homogénitas dina ieu panalungtikan.

a). Ngitung variansi masing-masing kelompok pre-test jeung post-test maké rumus:

Sx2 = n.∑ x2–(∑x)2 Sy2 = n.∑ y2–(∑y)2

n (n-1) n(n-1)

b). Hasil tina varians diasupkeun kana distibusi F maké rumus:

F = Sbesar Skecil

c). Nangtukeun derajat kebebasan

dk = n-1

d). Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu dihandap.

Fitung Ftabél , hartina data teu homogén Fitung Ftabél, hatina data homogén

3.7.1.3 Uji Gain

(26)

35

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nuliskeun pangalaman pribadi sanggeus dibéré treatement. Pikeun migawé uji gain bisa maké tabél saperti ieu di handap.

Tabél 3.5

Uji Gain (D) Tingkat Kamampuh Siswa Nulis Pangalaman Pribadi Maké Média

Diary

3.7.1.4 Uji Hipotésis

Saumpama data hasil uji normalitas nunjukeun distribusi data normal, mangka nguji hipotésis maké kaidah-kaidah statistik paramétik kalawan maké uji

t-test. Anapon léngkah-léngkahna saperti ieu di handap.

a. Nangtukeun Mean tina béda tés awal jeung tés ahir (Md) kalawan maké rumus:

Md = ∑d N

(Arikunto, 2013, kc. 350)

b. Nangtukeun Derajat Kebebasan (db) kalawan maké rumus: dk = n-1

(Sudjana, 2005, kc. 293)

c. Nangtukeun kuadrat deviasi kalawan maké rumus :

∑x2 d= ∑d2 (∑d)2

N

(Arikunto, 2013, kc. 351)

No. Kode

Siswa

Peunteun Tés Awal

Peunteun

Tés Ahir D d

(27)

36

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d. Nangtukeun t kalawan maké rumus:

t = MD ∑x2d

N(N-1)

(Arikunto, 2013, kc. 350)

Ditarima henteuna hipotésis dumasar kritéria di handap:

a. Lamun titung ttabél hartina hipotésis ditarima, yén média diary bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung .

b. Lamun titung ttabél hartina hipotésis ditolak, yén média diary teu bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung .

(28)

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan Média Diary pikeun

Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi (Studi Kuasi Ékspérimén

ka Siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014),

dicindekeun saperti ieu di handap:

1) Kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung saméméh maké média diary nya éta 21% siswa mampuh, sésana 79% can mampuh nulis pangalaman pribadi;

2) Kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung sanggeus maké média diary nya éta 76% siswa mampuh, sésana 24% can mampuh nulis pangalaman pribadi;

3) Dumasar kana hasil titung 12,5

>

ttabél 2,47 katitén yén aya béda anu signifikan

antara hasil pre-test jeung post-test nulis pangalaman pribadi siswa. Ku kituna dicindekeun yén média diary bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung .

5.2Saran

Tina hasil ieu panalungtikan, aya sababaraha rékoméndasi anu baris ditepikeun ku panalungtik. Éta rékoméndasi saperti ieu di handap.

1. Ku sabab hasil panalungtikan yén média diary bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis pangalaman pribadi, ku kituna dirékoméndasikeun média diary ieu pikeun dijadikeun alternatif média dina ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa.

(29)

63

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(30)

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. C dan Alwasilah, S. (2013) Pokoknya Menulis. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Arikunto, S. (2013) Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Cobagasak kelompok-dua. (2013) Pengalaman Liburan Sekolah. [Online]. Tersedia di: http://walaharcageur.blogspot.com/2013/04/pengalaman-pribadi.html. [Diakses 10 Maret 2014].

Danadibrata, R.A. (2009) Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat (2007) Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.

GM, J. (2012) Yuk, Menulis Yuuuk Diary, Cerpen & Naskah Drama. Yogyakarta: Araska.

Kuswari, U. (2008) Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: UPI.

Kuswari, U. (2010) Evaluasi Pembelajaran Bahasa. Bandung : CV. Wahana Karya Grafika.

Ningsih, N. (2011) Modél Konstruktivisme Dina Pangajaran Nulis Carita Pangalaman (Studi ékspérimén ka Siswa Kelas X2 SMANegeri 1 Bandung Taun

Ajaran 2011/2012 ). Skripsi, Jur Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas

Pendidikan Indonesia.

Nurjanah, N. (1992) Dasar-dasar Tiori Nulis. Bandung. Tidak diterbitkan.

Nurjanah, N. ( 2009) Teori Nulis. Bandung. Tidak diterbitkan.

Oxford Learners Pocket Dictionary. (2008) China : Oxford University Press.

Sudjana. (2005) Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.

Sukiman. (2011) Pengembangan Media Pembelajaran. Yogyakarta: Pustaka Insan Madani.

Sumardjo, J dan Saini. (1986) Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

(31)

65

Riska Nuraeni Puspitasari, 2014

Média Diary Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Pangalaman Pribadi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bandung: Remaja Rosdakarya.

Tarigan, H G. (2008) Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa Bandung.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013) Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Referensi

Dokumen terkait

3 UP3ST memeriksa substansi dan format usulan pengabdian 7 hari 5 Dosen mengirimkan usulan pengabdian 4 eksemplar ke UP3ST 1 hari Propo sal Penga bdian 6 UP3ST mengajukan

PENGARUH PENILAIAN PRESTASI KERJA DAN PENGEMBANGAN KARIR TERHADAP KINERJA PEGAWAI PADA BIRO REKTOR.. UNIVERSITAS

Berdasarkan latarbelakang diatas, maka yang menjadi permasalahan dalam penelitian ini yaitu, “Apakah penggunaan Model Pembelajaran Team Quiz dapat meningkatkan motivasi

Jika ditinjau dari KAM siswa, untuk kemampuan berpikir kritis, hanya siswa dengan kelompok tengah pembelajaran kooperatif tipe co-op co-op yang memiliki pencapaian

Halaman 1 RINCIAN APBD MENURUT URUSAN PEMERINTAHAN DAERAH, ORGANISASI, PENDAPATAN, BELANJA DAN

Instrumen dalam penelitian ini menggunakan dua instrumen, yaitu lembar observasi keterampilan kihon UKT FORKI (Federasi Olahraga Karate Do Indonesia) dan Self

Pasien kanker paru mempunyai gejala klinis yang paling tinggi adalah sesak nafas yaitu sekitar 54,2%, dengan jenis pekerjaan yang paling utama meningkatkan resiko

Peraturan Pemerintah Republik Indonesia No.20 tahun 1990 tentang Penggolongan Air : Tidak diterbitkan.. Peraturan Pemerintah No.82 tahun 2001 tentang pengelolaan