N0. 707/ FPBS/ 0251/ 2014
Susi Susanti , 2014
Unsur semiotic dina upacara rewahan di desa taraju kac.sindangagung kab.kuningan pikeun pangajaran maca artikel budaya di sma kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
UNSUR SÉMIOTIK DINA UPACARA REWAHAN
DI DÉSA TARAJU KAC. SINDANGAGUNG KAB. KUNINGAN
PIKEUN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA
DI SMA KELAS XII
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah
ku Susi Susanti NIM 1006177
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
BANDUNG
UNSUR SÉMIOTIK DINA UPACARA REWAHAN
DI DÉSA TARAJU KAC. SINDANGAGUNG KAB.
KUNINGAN
PIKEUN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA
DI SMA KELAS XII
Oleh Susi Susanti
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Susi Susanti 2014 Universitas Pendidikan Indonesia
Februari 2014
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
N0. 707/ FPBS/ 0251/ 2014
Susi Susanti , 2014
Unsur semiotic dina upacara rewahan di desa taraju kac.sindangagung kab.kuningan pikeun pangajaran maca artikel budaya di sma kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu LEMBAR PENGESAHAN
SUSI SUSANTI NIM 1006177
UNSUR SÉMIOTIK DINA UPACARA REWAHAN
DI DÉSA TARAJU KAC. SINDANGAGUNG KAB. KUNINGAN PIKEUN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA
DI SMA KELAS XII
Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,
Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 196411101989032002
Pangaping II,
Dr. Retty Isnendes, M.Hum. NIP 197212021999032001
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
Susi Susanti , 2014
Unsur semiotic dina upacara rewahan di desa taraju kac.sindangagung kab.kuningan pikeun pangajaran maca artikel budaya di sma kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1,2,3
UNSUR SÉMIOTIK DINA UPACARA REWAHAN
DI DÉSA TARAJU KAC. SINDANGAGUNG KAB. KUNINGAN PIKEUN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA
DI SMA KELAS XII1)
Susi Susanti2)
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya pengetahuan masyarakat Desa Taraju terhadap upacara rewahan. Masyarakat tidak mengetahui arti dan ma’na yang terkandung dalam upacara rewahan. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan: 1) sejarahupacararewahan di DesaTaraju, 2) pelaksanaanupacararewahan, 3) unsursemiotikdalamupacararewahan, dan 4) hasilpenelitianuntukbahanpembelajaranmembacaartikelbudaya di SMA. Metode yang digunakandalampenelitianiniadalahdeskriptifkualitatif, denganmenggunakantekhnikobservasi, wawancara, dandokumentasi. Instrumen yang digunakanpadapenelitianiniadalahhandycam, kameradigital, danpedomanwawancara. Hasilnya menunjukkan bahwasejarahupacararewahandiadakandaritaun 1417 H, karena Rama EyangSunanManyakmeninggalpadatanggal 15 Rewah 1417 Hijriah, olehsebabitusetiaptanggal 15 Rewahdiadakanupacararewahan. Pelaksanaanupacararewahandimulai dengan menyembelihkambingsebagainazarmasyarakatDesaTaraju, dilanjutkandengando’abersama, sebagaipenutupdiadakanmakanbersamadanmembagikanberekatkepadamasyarakat yang ikutdalamupacaraini. Upacararewahanterdapat 56 unsursemiotikyang yangterdiridari 6 ikon, 8indeks, dan 42simbol.Unsursemiotiktersebutterdapatpadawaktupelaksannaan, tempatpelaksaan,
perlengkapanupacara, dansesajen.
Hasilpenelitianinidapatdigunakansebagaibahanpembelajaranmembacaartikelbudaya di SMA kelas
XII. Selain itu, diharapkandapatmenambahpengetahuan,
danmasyarakatmerasabanggaterhadapkebudayaan yang ada di lingkungansekitarnya. MasyarakatSundaharusbersama-samamenjagadanmelestarikankebudayaan yang ada di tatarSunda, agar terjagadantetaphiduptakterkalahkanolehjaman
Kata Kunci: unsursemiotik, upacararewahan, bahanpembelajaran membaca
1
Penyusunanskripsiini di bawahbimbingan Dr. Ruhaliah, M.Hum, danDr. RettyIsnéndés, ,M.Hum.
SEMIOTIC ELEMENTS IN REWAHAN CEREMONY IN TARAJU VILLAGE SINDANGAGUNG DISTRICT
KUNINGAN REGENCY
AS A LEARNING MATERIAL OF READING CULTURE ARTICLES IN XII GRADE OF SENIOR HIGH SCHOOL1)
Susi Susanti2)
viii
DAPTAR EUSI
Kaca
PERNYATAAN ... i
ABSTRAK ... ii
PANGJAJAP ... iii
TAWIS NUHUN ... iv
DAPTAR EUSI ... viii
DAPTAR SINGGETAN ... xii
DAPTAR BAGAN ... xiii
DAPTAR GAMBAR ... xiv
DAPTAR TABEL ... xvi
DAPTAR LAMPIRAN ... xvii
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3
1.2.1 Watesan Masalah ... 3
1.2.2 Rumusan Masalah ... 3
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 3
1.3.1 Tujuan Umum ... 3
1.3.2 Tujuan Husus ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4
1.5 Raraga Tulisan ... 5
BAB II SÉMIOTIK, UPACARA REWAHAN, JEUNG PANGAJARAN MACA ARTIKEL 2.1 Sémiotik ... 6
Susi Susanti , 2014
Unsur semiotic dina upacara rewahan di desa taraju kac.sindangagung kab.kuningan pikeun pangajaran maca artikel budaya di sma kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.1.2 Kamekaran Sémiotik ... 7
2.1.3 Sémiotik Modél Charles Sander Peirce ... 8
2.1.3.1Ikon ... 9
2.1.3.2Indéks ... 9
2.1.3.3Simbol ...10
2.2 Upacara Rewahan ...12
2.2.1 Watesan Upacara ...12
2.2.2 Aspék-aspék Upacara Adat ...13
2.2.3 Unsur-unsur Upacara Adat ...14
2.2.4 Upacara Rewahan ...15
2.3 Pangajaran Maca Artikel ...15
2.3.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 15
2.3.1.1Tujuan Pangajaran ...16
2.3.1.2 Kriteria Milih Bahan Pangajaran ...16
2.3.1.3Metode Pangajaran ...16
2.3.1.4Nyusun Bahan Pangajaran ...17
2.3.2 Maca ...17
2.3.2.1Watesan Maca ...17
2.3.2.2Tujuan Maca ...18
2.3.2.3Wanda Maca ...19
2.3.2.4Kamampuh Maca ...21
2.3.3 Pangajaran Maca dina SKKD Basa jeung Sastra Sunda ...22
2.3.4 Artikel ...23
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data ...24
3.1.1 Lokasi Géografis Tempat Panalungtikan ...24
x
Susi Susanti , 2014
Unsur semiotic dina upacara rewahan di desa taraju kac.sindangagung kab.kuningan pikeun pangajaran maca artikel budaya di sma kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.2 Desain Panalungtikan...25
3.3 Métode Panalungtikan ...26
3.4 Wangenan Operasional ...28
3.5 InstruménPanalungtikan...29
3.6 Téhnik Panalungtikan ...31
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ...31
3.6.2 Téhnik Ngolah Data ...32
BAB IV DÉSKRIPSI UNSUR SÉMIOTIK DINA UPACARA REWAHAN DI DÉSA TARAJU KAC. SINDANGAGUNG KAB. KUNINGAN PIKEUN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII 4.1 Sajarah Upacara Rewahan ...33
4.1.1 Ngaran Upacara ...33
4.1.2 Tujuan Upacara Rewahan ...34
4.1.3 Waktu Upacara Rewahan ...34
4.1.4 Tempat Upacara Rewahan ...35
4.1.5 Pihak-pihak anu Ilubiung kana Upacara Rewahan ...35
4.2 Prak-prakan Upacara Rewahan ...36
4.2.1 Saméméh Upacara ...37
Susi Susanti , 2014
Unsur semiotic dina upacara rewahan di desa taraju kac.sindangagung kab.kuningan pikeun pangajaran maca artikel budaya di sma kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.3.1 Tempat Lumangsungna Upacara Rewahan ...57
4.3.2 Waktu Lumangsungna Upacara Rewahan ...58
4.3.3 Jalma nu Ilubiung dina Upacara Rewahan ...58
4.3.4 Prak-prakan Upacara Rewahan ...59
4.3.5 Kalengkepan/Pakakas Upacara rewahan ...61
4.3.6 Sasajén ...63
4.3.6.1Sasajén Kadaharan ...63
4.3.6.2Sasajén Inuman ...74
4.3.6.3Sasajén nu Séjénna ...79
4.4 Hasil Panalungtikan pikeun Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA ...84
4.4.1 Pangajaran “Maca Artikel Budaya” ...84
4.4.2 Matéri Pangajaran Maca ...85
4.4.3 Évaluasi ...89
4.4.3.1 Latihan Soal ...89
4.4.3.2 Konci Jawaban...91
4.4.4 Silabus Pangajaran “Maca Artikel Budaya” ...92
4.4.5 Conto Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) “Maca Artikel Upacara” ...93
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 101
5.1 Kacindekan ... 101
5.2 Saran ... 103
DAPTAR PUSTAKA ... 104
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 107
Susi Susanti , 2014
Unsur semiotic dina upacara rewahan di desa taraju kac.sindangagung kab.kuningan pikeun pangajaran maca artikel budaya di sma kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Upacara rewahan aya di Désa Taraju Kacamatan Sindangagung Kabupatén Kuningan. Upacara rewahan mangrupa upacara pikeun miéling poé panday. Lian ti éta, disebut ogé upacara pikeun miéling ulang taun jeung maotna Rama Éyang Sunan Manyak. Disebut upacara rewahan lantaran diayakeun dina bulan Rewah, nyaéta dina tanggal 15 Rewah (Sya’ban). Tempat diayakeun upacara rewahan nyaéta di Pasaréan Rama Éyang Sunan Manyak.
Upacara rewahan nu aya di désa Taraju penting ditalungtik, lantaran ieu upacara miboga unsur sémiotik. Nurutkeun Van Zoest (Hermawati, 2006, kc. 38), sémiotik nyaéta studi ngeunaan tanda jeung sagala anu aya patalina jeung tanda: cara pungsina, hubungan jeung tanda-tanda séjén, kumaha ngirim jeung narima ku nu makéna. Nurutkeun Peirce (Sobur, 2009, kc. 157-158) ngabédakeun tilu rupa tanda nurutkeun sipat patalina antara pananda jeung petanda, nyaéta ikon, indéks, jeung simbol. Kitu deui unsur sémiotik nu aya dina upacara rewahan nyaéta gambaran maksud jeung tujuan nu aya dina upacara adat anu disilokakeun ngaliwatan ikon, indéks, jeung simbol. Lian ti éta, ieu panalungtikan pikeun mikanyaho kumaha lumangsungna upacara rewahan, pikeun mikanyaho unsur sémiotik dina upacara rewahan, pikeun nambahan pangaweruh, jeung pikeun ngamumulé budaya nu aya di sabudeureun panalungtik.
wewengkonna sewang-sewangan. Kurangna kasadaran ti unggal jalma pikeun milu ngajaga éta adat-istiadat nu hirup di masarakat, jadi salah sahiji pasualan nu ngabalukarkeun adat-istiadat teu dipaliré, boh ku budak boh ku kolot.
Pikeun ngungkulan éta pasualan dilakuken panalungtikan ngeunaan upacara rewahan. Nu jadi kasang tukang dipilihna upacara rewahan pikeun objèk panalungtikan, lantaran ayana unsur sémiotik nu ngawengku ikon, indéks, jeung simbol dina éta upacara. Éta unsur sémiotik penting pikeun dipikawanoh ku masarakat, boh ku kolot boh ku budak ngora. Ieu upacara miboga ikon, indéks, jeung simbol nu miboga harti nu husus pikeun cecekelan paripolah kahirupan masarakat, hususna pikeun barudak sakola, sangkan barudak sakola nu bakal jadi sihung bangsa maham kana unsur sémiotik nu aya dina éta upacara. Hartina éta unsur sémiotik perlu dianalisis jeung dihartikeun, sangkan éta upacara bisa kanyahoan eusi jeung udaganana, sarta bisa dijadikeun pangajaran maca artikel budaya di SMA kalayan jéntré.
Hasil panalungtikan ngeunaan unsur sémiotik jeung upacara adat geus loba nu nalungtik, di antarana “Upacara Panjang Jimat di Karaton Kasepuhan Cirebon (Tilikan Sémiotik) ku Thohir (2006), “Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Tradisi Hajat Makam di Kampung Kawungatén Kacamatan Cikaum Kabupatén Subang”
(Ulikan Struktural Sémiotik) ku Déasy Hapsari Suciati Harsono (2008), “Simbol -simbol Budaya nu Nyampak dina Kasenian Cingcowong di Désa Luragung Landeuh
kec. Luragung kab. Kuningan pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMA” ku Ikin
Sodikin (2013), “Ulikan Sémiotik Kana Kumpulan Carpon Surat Keur ka Sawarga
Karangan Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem” ku Yesi Hermawati (2006), “Simbol -simbol nu Nyampak dina Upacara Sérén Taun di Désa Sirna Resmi Kacamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi” ku Nining Restianti Winarti (2010), jeung “Ajén
Simbolis dina Pakéan Pangantén Sunda “Kebesaran” Has Sumedang Pikeun Salah
Sahiji Alternatif Bahan Ajar Maca di Kelas XI SMA (Ulikan Semiotika-Struktural)”
3
ayeuna teu apal kana unsur sémiotik dina budaya Sunda. Nilik kana éta hal, panalungtikan unsur sémiotik jeung upacara adat nu geus aya saméméhna, jarang dipatalikeun jeung bahan pangajaran di SMA. Lian ti éta, bédana jeung panalungtikan saméméhna, nyaéta béda upacara adat, béda tempat, jeung béda tujuan nu ditalungtik. Tacan aya nu maluruh ngeunaan ikon, indéks, jeung simbol dina upacara rewahan di Désa Taraju Kacamatan Sindangagung Kabupatén Kuningan anu dipatalikeun jeung pangajaran maca artikel di SMA. Ku kituna panalungtikan anu judulna “Unsur Sémiotik dina Upacara Rewahan di Désa Taraju Kacamatan Sindangagung Kabupatén Kuningan pikeun Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII” perlu
dilaksanakeun.
1.2Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah
Dumasar kana kasang tukang di luhur, lega pisan masalah anu perlu ditalungtik dina upacara adat téh. Sangkan leuwih museur, ieu panalungtikan diwatesanan ngan medar sajarah upacara rewahan, prak-prakan upacara rewahan, unsur sémiotik dina upacara rewahan, jeung hasil panalungtikan pikeun pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina sababaraha patalékan, ieu di handap:
1) kumaha sajarah upacara rewahan? 2) kumaha prak-prakan upacara rewahan?
3) kumaha unsur sémiotik dina upacara rewahan?
1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan umum
Tujuan umum nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan téh nyaéta pikeun: 1)nganalisis kamajuan paélmuan budaya Sunda;
2)mikanyaho gambaran budaya dina jaman kiwari; jeung
3)nambahan pangaweruh ngeunaan budaya nu aya di sabudeureun urang Sunda.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan téh nyaétapikeun ngadéskripsikeun:
1) sajarah upacara rewahan; 2) prak-prakan upacara rewahan;
3) unsur sémiotik dina upacara rewahan; jeung
4) hasil panalungtikan pikeun pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.
1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat téoritis ieu panalungtikan nyaétasangkan bisa méré pangaweruh ka masarakat dina hal kabudayaan, hususna ngeunaan upacara adat nu aya di tatar Sunda.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis anu dipiharep bisa dihontal tina ieu panalungtikan nyaéta: 1) pikeun masarakat, bisa numuwuhkeun kareueus kana budaya Sunda nu aya di
sabudeureunana, bisa numuwuhkeun karep pikeun ngajaga jeung ngariksa upacara adat Sunda;
5
3) pikeun siswa, bisa mikawanoh upacara adat nu aya di sabudeureunana jeung maham kana simbol-simbol dina upacara rewahan; jeung
4) pikeun panalungtik, bisa mikanyaho leuwih teleb ngeunaan upacara rewahan, jeung numuwuhkeun kareueus kana budaya Sunda hususna upacara tradisional nu aya di sabudeureun panalungtik.
1.5 Raraga Nulis
Sanggeus data réngsé dianalisis, tahap ahir dina ieu panalungtikan nyaéta nyusun laporan dina wangun skripsi. Anapon sacara gurat badag dina nyusun skripsi kabagi jadi lima bab, anu bisa diwincik saperti ieu di handap.
BAB I bubuka, eusina ngawengku kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga nulis.
BAB II tatapakan tiori dipedar ngeunaan sémiotik, upacara rewahan, jeung pangajaran maca artikel.
BAB III métode panalungtikan, dipedar ngeunaan lokasi géografis tempat panalungtikan jeung sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.
BAB IV déskripsi unsur semiotik budaya dina upacara rewahan, medar sajarah upacara rewahan, prak-prakan upacara rewahan di Désa Taraju, jeung hasil panalungtikan pikeun pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.
Susi Susanti , 2014
Unsur semiotic dina upacara rewahan di desa taraju kac.sindangagung kab.kuningan pikeun pangajaran maca artikel budaya di sma kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Lokasi jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Tempat Panalungtikan
Désa Taraju téh tempat anu dipilih ku panalungtik pikeun ngayakeun panalungtikan. Jumlah penduduk Désa Taraju taun 2013 aya 3.957 urang, anu ngawengku lalaki 2.004 urang jeung awéwé 1.953 urang. Jumlah penduduk kabagi jadi 1.111 kepala keluarga. Désa Taraju aya di wilayah Kacamatan Sindangagung Kabupatén Kuningan. Désa Taraju kaasup daérah Kuningan bagéan wetan. Sacara géografis aya di daérah suku gunung, hawana tiis tur masih kénéh asri, sarta dikurilingan ku pasawahan. Luas daérah Désa Taraju kurang leuwih 115.913 ha/�2. Wates Désa Taraju nyaéta:
1) beulah kulon diwatesan ku Désa Widarasari; 2) beulah kalér diwatesanan ku Désa Cimaranten;
3) beulah wétan diwatesan ku Désa Pasir Muncang; jeung 4) beulah kidul diwatesan ku Désa Dukuhlor.
Gambar 3.1
Peta Tempat Panalungtikan
PETA KECAMATAN SINDANGAGUNG*
Taraju
Katerangan:
25
3.1.2 Sumber Data
Sumber data dina panalungtikan nyaéta subjék nu bisa dipaké nyangking data (Arikunto, 2010, kc. 172). Sumber data nu dipaké dina ieu panalungtikan, saperti ieu di handap.
1) Kuncén upacara rewahan anu leuwih apal ngeunaan upacara rewahan di Désa Taraju, sangkan panalungtik bener-bener wanoh kalayan jero kana hal nu bakal ditalungtik.
2) Sesepuh Désa Taraju anu apal kana upacara rewahan ti jaman baheula nepi ka kiwari.
3) Sesepuh panday di Désa Taraju anu apal jeung geus lila ngayakeun upacara rewahan.
4) Para panday anu ilubiung dina lumangsungna upacara rewahan.
5) Aparat Désa Taraju anu anu ilubiung dina lumangsungna upacara rewahan. 6) Masarakat Désa Taraju anu ilubiung dina lumangsungna upacara rewahan.
Anapon format data narasumber waktu lumangsungna kagiatan wawancara nyaéta saperti ieu di handap.
Tabél 3.1 Data Narasumber No. Poto/
Wasta
Umur Alamat Atikan Agama Pakasaban Kalungguhan dina Upacara
3.2 Desain Panalungtikan
Desain ieu panalungtikan ngawengku tatahar panalungtikan, ngumpulkeun data, ngolah data, jeung nyusun laporan. Desain panalungtikan di luhur bisa diébréhkeun dina bagan ieu di handap.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.3 Métode Panalungtikan
Nurutkén Sugiyono (2012, kc. 3), métode panalungtikan nyaéta cara ilmiah pikeun nyangking data anu miboga tujuan jeung mangpaat nu tangtu. Cara
Tatahar
Ngumpulkeun data
Ngolah data
Nyusun laporan TUJUAN PANALUNGTIKAN
Ngadéskripsikeun:
1. sajarah upacara rewahan 2. prak-prakkan upacara rewahan 3. tujuan upacara rewahan
4. unsur sémiotik dina upacara rewahan
27
ilmiah hartina kagiatan panalungtikan kudu dumasar kana cicirén kaélmuan, nyaéta rasional, émpiris, jeung sistematis. Rasional hartina nyaéta kagiatan panalungtikan kudu asup kana akal manusa. Émpiris nyaéta cara anu dilaksanakeun ngagunakeun alat indera manusa, nepi ka jalma nu séjén bisa mikanyaho cara-cara anu dipaké dina panalungtikan. Sistematis nyaéta dina prosés panalungtikan ngagunakeun léngkah-léngkah nu tangtu jeung ngaruntuy (Sugiyono, 2012, kc. 3). Ku kituna, dina panalungtikan diperlukeun métode anu luyu jeung data nu rék ditalungtik, sangkan hasil panalungtikan bisa luyu jeung kaayaan nu aya di lapangan. Dumasar kana tujuan ieu panalungtikan, métode anu dipaké nyaéta métode déskriptif kualitatif.
Kecap déskriptif asalna tina bahasa Inggris to describe, nu hartina ngajéntrékeun hiji hal, misalna kaayaan, kondisi, situasi, peristiwa, kagiatan, jrrd (Arikunto, 2010, kc. 3). Ku kituna, panalungtikan deskriptif dipaké pikeun nalungtik kaayaan, kondisi, situasi, peristiwa, jeung kagiatan nu aya di lapangan, anu sipatna anyar sarta luyu jeung data anu aya di lapangan.
Métode kualitatif nyaéta metode panalungtikan anu dumasar kana filsafat postpositivisme, dipaké pikeun nalungtik kondisi objek anu alamiah (Sugiyono, 2012, kc. 15). Filsafat positivisme disebut salaku paradigma interpretif jeung konstruktif, anu miboga sawangan yén kaayaan sosial salaku hiji hal anu utuh, dinamis, kompleks, pinuh ku ma’na, jeung miboga hubungan anu sipatna interaktif (Sugiyono, 2012, kc. 14). Métode panalungtikan kualitatif sering disebut métode panalungtikan naturalistik, lantaran panalungtikanana dilaksanakeun dina kaayaan alamiah (natural setting); disebut ogé salaku métode étnographi, lantaran ieu métode leuwih loba dipaké pikeun panalungtikan antropologi budaya; disebut métode kualitatif, lantaran data anu kakumpul jeung analisisna leuwih miboga sipat kualitatif (Sugiyono, 2012, kc. 14).
Dina ieu panalungtikan, métode panalungtikan déskriptif kualitatif miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajéntrékeun unsur sémiotik dina upacara rewahan nu aya dina waktu lumangsungna upacara rewahan, prak-prakan upacara rewahan, kalengkepan upacara rewahan, jeung kadaharan atawa sasajén upacara rewahan anu miboga harti séwang-séwangan, sangkan kaguar harti jeung tujuan diayakeun upacara rewahan.
3.4 Wangenan Operasional
Wangenan operasional nyaéta tarjamahan tina unggal variabel luyu jeung kabutuhan observasi, keterukuran, manipulasi, kontrol jeung pengetesan unggal variabel (Suyatna, 2002, kc. 9).
Judul ieu panalungtikan nyaéta “Unsur Sémiotik dina Upacara Rewahan di Désa Taraju Kacamatan Sindangagung Kabupatén Kuningan pikeun Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII”. Sangkan leuwih jéntré, ieu judul diwincik saperti ieu di handap.
1) Sémiotik nya eta élmu anu maluruh sistem tanda, sagala hal anu aya patalina jeung tanda, napsirkeun tanda-tanda, jeung cara makéna tanda, sarta éta tanda miboga harti. Dina ieu panalungtikan ngagunakeun sémiotik modél Peirce nu ngawengku tilu unsur nu aya dina unsur sémiotik, nyaéta ikon, indéks, jeung simbol. Unsur sémiotik dina upacara rewahan aya dina waktu lumangsungna upacara rewahan, prak-prakan upacara rewahan, kalengkepan upacara rewahan, jeung sasajén upacara rewahan, anu miboga harti séwang-séwangan.
29
3) Pangajaran maca artikel nyaéta karangan anu eusina paktual atawa ngarinci sacara lengkep jeung panjang, sarta dijieun pikeun dipublikasikeun ngaliwatan média (koran, majalah, buletin, jsb). Hasil panalungtikan anu dijadikeun pangajaran maca artikel budaya nyaéta ngeunaan “Unsur Sémiotik dina Upacara Rewahan di Désa Taraju Kacamatan Sindangagung Kabupatén Kuningan”.
3.5 InstruménPanalungtikan
Instrumén panalungtikan nyaéta alat anu dipaké pikeun ngukur fenomena alam atawa kajadian sosial anu ditalungtik (Sugiyono, 2012, kc. 148). Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan, di antarana handycam, kaméra digital, jeung pedoman wawancara.
1) Handycam
Handycam dipaké pikeun ngarékam prosés lumangsungna upacara rewahan ti mimiti nepi ka réngsé upacara rewahan.
2) Kaméra Digital
Kaméra digital dipaké pikeun ngahasilkeun gambar dina prak-prakan upacara rewahan di Désa Taraju.
3) Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara dipaké pikeun ngawawancara masarakat Taraju nu ilubiung dina upacara rewahan. Pedoman wawancara panalungtikan disusun saperti ieu di handap.
Tabél 3.2 Pedoman Wawancara
No Rumusan Patalékan dina Pernyataan
1) Sajarah Upacara 1) Ngaran upacara.
2) Alesan dingaranan Upacara Rewahan. 3) Sajarah Upacara Rewahan.
6) Nu munggaran mimpin Upacara Rewahan.
7) Mamala upama Upacara Rewahan teu diayakeun.
2. Prak-prakan Upacara 8) Kagiatan saméméh diayakeun Upacara Rewahan.
9) Pihak nu ilubiung dina Upacara Rewahan. 10) Cara milih kuncén dina ieu upacara. 11) Alesan kudu lalaki nu jadi kuncén.
12) Jalma nu nyieun sasajén dina ieu upacara.
13)Prak-prakan Upacara Rewahan.
14)Ritual anu dilaksanakeun dina Upacara Rewahan.
15)Mamala upama dina runtuyan acara aya nu kaliwat.
16)Pakakas nu digunakeun dina Upacara Rewahan.
17)Pungsi tina pakakas anu dipake dina Upacara Rewahan.
18)Tempat lumangsungna Upacara Rewahan. 19)Pantrangan dina Upacara Rewahan. 3. Simbol Upacara 20)Simbol-simbol dina Upacara Rewahan.
21)Alesan kudu meuncit embé. 22)Mamala upama teu meuncit embé.
23) Simbol husus teu dina Upacara Rewahan. 24)Harti tina unggal simbol dina Upacara
Rewahan.
31
3.6 Téhnik Panalungtikan
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik panalungtikan nyaéta salah sahiji usaha kumaha cara (prosedur) nu kudu dilaksanakeun kalawan ngagunakeun métode nu tangtu, sangkan tujuan sasaran nu dipiharep dina hiji panalungtikan bisa kahontal (Suyatna, 2002, kc. 19).
Luyu jeung pamadegan di luhur, bisa dicindekkeun yén ieu panalungtikan téh ngagunakeun téhnik observasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi. 1) Téhnik obsérvasi
Téhnik obsérvasi nyaéta hiji kagiatan anu dilaksanakeun langsung ka lapangan. Tujuanana pikeun nyangking informasi sacara langsung anu aya di masarakat. Panalungtik milih ieu téhnik lantaran panalungtik sacara langsung turun ka lapangan pikeun néangan data ngaliwatan obsérvasi. Dina ieu panalungtikan panalungtik ilubiung langsung dina lumangsungna upacara rewahan, pikeun nyangking data nu nyata aya di lapangan.
2) Téhnik Wawancara
Téhnik wawancara nyaéta hiji cara pikeun maluruh data anu dilaksanakeun ngaliwatan komunikasi sacara langsung ka narasumber. Wawancara dilaksanakeun ku cara ngawawancara narasumber anu ilubiung dina kagiatan ieu upacara, di antarana aparat désa, panata calagara upacara rewahan, sawatara warga Désa Taraju.
3) Téhnik Dokuméntasi
Téhnik dokuméntasi nyaéta cara pikeun nyangking data panalungtikan nu aya dina prosés lumangsungna upacara. Dokuméntasi dilaksanakeun pikeun motoan kagiatan nu aya patalina jeung upacara rewahan.
3.6.2 Téhnik Ngolah Data
Data nu geus kapanggih diketik, tuluy diolah dumasar kana téhnik-téhnik nu geus dipedar di luhur. Léngkah-léngkahna nyaéta:
2) milah-milah data nu nuduhkeun bagian-bagian sajarah upacara rewahan, prak-prakan upacara rewahan, jeung unsur sémiotik dina upacara rewahan. 3) ngadéskripsikeun data anu mangrupa sajarah upacara rewahan, prak-prakan
Susi Susanti , 2014
Unsur semiotic dina upacara rewahan di desa taraju kac.sindangagung kab.kuningan pikeun pangajaran maca artikel budaya di sma kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Unsur sémiotik nu aya dina upacara rewahan nya éta gambaran maksud jeung tujuan nu aya dina upacara adat anu disilokakeun ngaliwatan ikon, indéks, jeung simbol. Lian ti éta, ieu panalungtikan pikeun mikanyaho kumaha lumangsungna upacara rewahan, pikeun mikanyaho unsur sémiotik dina upacara rewahan, pikeun nambahan pangaweruh, jeung pikeun ngamumulé budaya nu aya di sabudeureun panalungtik.
Pikeun nyangking data ngeunaan unsur sémiotik dina upacara rewahan, panalungtik ngagunakeun téori sémiotik modél Pierce. Éta modél Pierce ngawengku tilu unsur nu aya dina unsur sémiotik, nya éta ikon, indéks, jeung simbol. Dina ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif kualitatif, nu miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajéntrékeun unsur sémiotik dina upacara rewahan nu aya dina waktu lumangsungna upacara rewahan, prak-prakan upacara rewahan, kalengkepan upacara rewahan, jeung kadaharan atawa sasajén upacara rewahan anu miboga harti séwang-séwangan, sangkan kaguar harti jeung tujuan diayakeun upacara rewahan.
Dumasar kana hasil panalungtikan, ieu panalungtikan ngagambarkeun ngeunaan: (1) sajarah upacara rewahan, (2) prak-prakan upacara rewahan, (3) unsur semiotik dina upacara rewahan, jeung (4) hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran di SMA kelas XII.
Sajarah upacara rewahan dimimitian ku Rama Éyang Sunan Manyak dina tanggal 15 Rewah 1417 Hijriah. Ku kituna, upacara rewahan diayakeun pikeun miéling ulang taun jeung wapatna Rama Éyang Sunan Manyak. Lian ti miéling ulang taun jeung wapatna Rama Éyang Sunan Manyak, ieu upacara ogé pikeun miéling wapatna panday Jaya Wiguna, nya éta panday nu munggaran aya di ieu wewengkon.
15 Rewah (24 Juni 2013) diayakeun Sidaroha. Isukna meuncit embé, tuluy dipisahkeun daging jeung hulu embéna. Hulu embéna dibeuleum tuluy dijadikeun sasajén, dihijikeun jeung sasajén nu séjénna, ditunda di gigireun Pasaréan Rama Éyang Sunan Manyak. Ari daging embéna diasakan ku juru pasak, tuluy dijieun saté. Acara inti dina upacara rewahan nya éta ngado’a babarengan, ngado’a
pikeun arwah karuhun nu geus maraot. Dimimitian ku acara solawatan, maca surat Yasin, jeung do’a-do’a séjénna. Acara panutup dipungkas ku do’a, tuluy
masarakat nu ilubiung dina upacara rewahan asup pikeun jarah ka makam Rama Éyang Sunan Manyak. Sanggeus beres tuluy ngabagikeun sasajén jeung daging embé nu disaté ka masarakat nu mawa tumpeng jeung kadaharan.
Data nu mangrupa tempat upacara rewahan, waktu upacara rewahan, jeung sasajén dianalisis dumasar sémiotik modél Sander Pierce, anu ngawengku ikon, indéks, jeung simbol. Dumasar hasil analisis kapanggih aya 56 unsur sémiotik, nu ngawengku 6 ikon, 8 indéks, jeung 42 simbol. Unsur sémiotik dina upacara rewahan aya dina tempat upacara rewahan, waktu lumangsungna upacara rewahan, prak-prakan upacara rewahan, kalengkepan upacara rewahan, jeung sasajénna upacara rewahan, anu miboga harti séwang-séwangan. Tina hasil analisis unsur sémiotik, kapaluruh. Ikon nu kapaluruh tina tempat upacara rewahan, pakakas jeung jalma nu ilubiung dina ieu upacara, indéks aya dina waktu lumangsungna jeung prak-prakan upacara rewahan. Ari simbol lolobana aya dina prak-prakan jeung sasajén. Pakakas anu digunakeun dina upacara Rewahan di antarana bedog, kawali, suluh, jeung kaén bodas atawa nu sok disebut boéh. Lian ti éta, dina simbol-simbol dina Upacara Rewahan aya dina sassajén, di antarana congcot, hulu embé, daging embé, endog asin, sangu ketan jeung endog asin, sangu konéng jeung goréng endog, kupat keupeul, sangu tumpeng jeung goréng hurang, jsb. Éta simbol nu aya dina pakakas anu digunakeun jeung dina
sasajén miboga ma’na sewang-sewangan.
Hasil panalungtikan ngeunaan unsur sémiotik dina upacara rewahan di Désa Taraju Kacamatan Sindangagung Kabupatén Kuningan bisa dijadikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA. Lantaran dina simbol-simbol nu aya dina
103
5.2 Saran
Sanggeus ditalungtik loba pisan mangpaat tina upacara rewahan, boh keur nu nyusun boh keur masarakat Désa Taraju. Panalungtik bisa mikawanoh unsur sémiotik dina upacara rewahan. Lian ti éta panalungtik bisa mikawanoh sajarah upacara rewahan jeung kumaha prak-prakan upacara rewahan. Sangkan ieu panalungtikan bisa dimangpaatkeun aya sababaraha saran nu ditujukeun ka: (1) masarakat, (2) guru, jeung (3) siswa.
1) Masarakat, dipiharep leuwih reueus kana kabudayaan nu aya di sabudeurnana. Lian ti éta, masarakat Sunda dipiharep babarengan ngariksa jeung ngamumulé kabudayaan nu aya di tatar Sunda, sangkan tetep hirup jeung teu éléh ku waktu.
2) Guru, dipiharep bisa nambahan pangaweruh dina ngamekarkeun bahan pangajaran maca ku cara maké simbol-simbol dina upacara rewahan jadi bahan pangajaran.
3) Siswa, dipiharep bisa mikawanoh upacara adat nu aya di sabudeureunana jeung maham kana simbol-simbol dina upacara adat Sunda; jeung
Susi Susanti , 2014
Unsur semiotic dina upacara rewahan di desa taraju kac.sindangagung kab.kuningan pikeun pangajaran maca artikel budaya di sma kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA
Apriliyani, N.Y.A. (2012). “Ajén simbolis dina pakéan pangantén Sunda
“Kebesaran” has Sumedang pikeun salah sahiji alternatif bahan ajar maca di kelas XI SMA (Ulikan sémiotika-struktural)”. Bandung: Skripsi JPBD. UPI.
Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian suatu pendekatan praktek. Jakarta: Rineka Cipta.
Basrowi, & Suwardi. (2008). Penelitian kualitatif. Jakarta: Rhineka Cipta. Budiman, K. (2005). Ikonitas. Yogyakarta: Buku Baik.
Danadibrata, R.A. (2006). Kamus basa Sunda, Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. (2007). Standar kompetensi dan
kompetensi dasar mata perlajaran bahasa dan sastra Sunda. Bandung: Dispen Jabar.
Énsiklopedia Sunda. (2010). Jakarta: Pustaka Jaya
Fathurrohman, P & Sorby, S. (2011). Strategi belajar mengajar. Bandung: PT. Reflika Aditama.
Hermawati, Y. (2006). “Ulikan sémiotik kana kumpulan carpon surat keur ka sawarga karangan paguyuban sastrawati Sunda Patrem”. Bandung: Skripsi JPBD. UPI.
Isnendes, C.R. (2009a). Panyawangan sastra (Hand Out Perkuliahan Teori Satra), Bandung.
Isnendes, C.R. (2010b). Kajian sastra. Bandung: Daluang.
Kementrian Kebudayaan dan Pariwisata Bandung (2004). Énsiklopedia Nasional. Bandung: Kemenbudpar.
Koenjtaraningrat. (1985a). Kebudayaan mentalitas dan pembangunan. Jakarta: PT. Gramedia.
Koenjtaraningrat. (2009b). Pengantar ilmu antropologi. Jakarta: PT. Rhineka Cipta.
105
Sodikin, I. (2013). “Simbol–simbol budaya nu nyampak dina kasenian cingcowong di Désa Luragung Landeuh Kec. Luragung Kab. Kuningan pikeun pangajaran maca bahasan di SMA”. Bandung: Skripsi JPBD. UPI. Sudaryat, Y. (2000a). Élmuning basa. Bandung: Walatra.
Sudaryat, Y. (2010b). Ulikan Semantik sunda. Bandung: CV. Geger Sunten
Sudaryat, spk. (2008c). Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press Bandung.
Sudijono. A. (1995). Pengantar evaluasi pendidikan. Jakarta: PT Rajagrafindo Persada
Sudjiman, P & Van Zoest, A. (1991). Serba-serbi semiotika. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka.
Sudjana, N. 2011. Dasar-dasar proses belajar mengajar. Bandung: Sinar Baru Algensindo.
Sugiyono. (2012). Metode penelitian pendidikan. Bandung. Alfabeta, cv. Sukyadi, D. (2011). Teori dan analisis semiotika.bandung. Riéqi Press.
Suyatna, A. (2002). Pengantar metodologi penelitian pendidikan dan pengajaran bahasa. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia dan Daerah. Tarigan. (2009). Manusia-memaknai-simbol. [Online]. Tersedia di:
http://tariganism.blogspot.com/2009/03/manusia-memaknai-simbol.html?m=1. Diakses 11 Oktober 2013.
TIM Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2009). Kurikulum & pembelajaran. Bandung.
TIM Redaksi Kamus Besar Bahasa Indonesia. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia Edisi Keempat. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman penulisan karya ilmiah. Bandung: UPI