• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1000056 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1000056 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

84 I Wahyudi Sofyan, 2014

Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data dina bab opat,

ngeunaan kasalahan léksiko-semantik dina karangan siswa kelas VII-C SMP

Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014, kasalahan anu

panglobana nyaéta interférénsi basa Indonesia kana basa Sunda, kasalahan

ngalarapkeun undak-usuk basa Sunda (UUBS), jeung kasalahan struktur léksikal.

a. Interférénsi basa Indonesia kana basa Sunda aya 171 kecap (84,65%), anu

wincikanana: (1) interférénsi fonologis aya 4 kecap (1,98%), contona kecap

parintah kuduna paréntah, jeung kecap sholat kuduna solat; (2) interférénsi

morfologis aya 94 kecap (46,53%), anu ngawengku a) interférénsi morfologis

kecap rundayan aya 71 kecap (35,14%), contona kecap besokna kuduna

isukna, jeung jantanna kuduna jaluna; b) interférénsi morfologis kecap

rajékan aya 13 kecap (6,43%), contona kecap makan-makan kuduna dahar,

jeung kecap bérés-bérés kuduna bébérés, jeung c) interférénsi kecap kantétan

aya 10 kecap (4,95%), contona kecap menjelang siang kuduna maju ka

beurang, jeung kecap matahari kuduna panonpoé, (3) interférénsi léksikal

basa Indonesia kana basa Sunda aya kecap (36,13%), contona kecap pulang

kuduna balik, jeung kecap rumah kuduna imah.

b. Kasalahan ngalarapkeun undak-usuk basa Sunda (UUBS) aya 14 kecap (7%),

anu wincikanana: (1) kasalahan ngalarapkeun kecap lemes keur sorangan aya

8 kecap (3,96%), contona ngadangu kuduna nguping; (2) kasalahan

ngalarapkeun kecap lemes keur batur aya sakecap (0,49%), contona dongkap

kuduna sumping; jeung (3) kasalahan ngalarapkeun basa budak aya 5 kecap

(2,47%), contona, kecap ibak kuduna mandi.

c. Kasalahan struktur léksikal aya 17 kecap (8,41%), anu wincikanana: (1)

(2)

85

I Wahyudi Sofyan, 2014

Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kuduna kuduna pun aki; (2) kasalahan homonim patumpuk aya 11 kecap

(5,44%), conto kecapna nyaéta indah kuduna éndah, jeung kecap puas

kuduna sugema.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sababaraha rékoméndasi anu perlu

ditepikeun patali jeung ieu panalungtikan.

a. Ieu panalungtikan téh ngan ukur nganalisis kasalahan léksiko-semantik dina

wangun karangan tinulis. Ku kituna, perlu aya panalungtikan

léksiko-semantik dina wangun lisan sangkan hasilna leuwih munel.

b. Objék anu ditalungtik ngan sakelas, tangtu baé data anu kapanggihna ogé

kawatesanan. Ku ayana éta hal, panalungtik miharep aya panalungtik séjén

nu ngulik kasalahan léksiko-semantik anu leuwih jembar.

Salian ti éta, pikeun guru anu notabene ilubiung langsung dina prosés

Referensi

Dokumen terkait

Laku basa dina rohang status facebooktéh némbongkeun ciri atawa karakteristik anu tangtu, boh patali jeung adeganana boh patali jeung ma’nana. Salian ti éta, aya

Saluyu jeung pamarekan kualitatif katut métode déskritif, galur panalungtikan ngawéngku léngkah-léngkah: (a) ngarumuskeun masalah anu patali jeung kasalahan morfologis, (b)

Naskah anu kapanggih tur luyu pikeun jadi bahan panalungtikan difoto (studi dokuméntasi gambar). Ieu prosés dipilampah sangkan henteu hésé dina prosés maca katut

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho naha aya béda anu signifikan atawa henteu antara kamampuh nyaritakeun lalampahan siswa kelas VIII-H SMP Negeri

sacara lisan. Dina prosés panalungtikan kapanggih sawatara ajén éstétika saperti ajén éstétis atawa ajén murni jeung ajén ékstra éstétis atawa ajén tambahan. Éta ajén

Kritéria anu jadi dadasar dina milih Mojang Jajaka nya éta 3B anu mangrupa singgetan tina kecap Behaviour, Brain and Beauty, atawa sikep jeung paripolah,

1) Métode dramatic reading téh geus kabuktian kaéféktifanana. Ku kituna, ieu métode disarankeun sangkan dijadikeun salasahiji alternatif pikeun guru- guru dina ngajar maca.

Satuluyna, kasalahan morfologis nu baris ditalungtik nyoko kana, (1) kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rundayan, (2) kasalahan ngalarapkeun wangun kecap kantétan, (3)