DENA SETIAWAN, 2014
TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Métode Panalungtikan
Unggal panalungtikan tangtuna waé kudu dirojong ku métode-métode anu luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Métode anu dipaké bakal mangaruhan kana léngkah-léngkah panalungtik dina ngumpulkeun jeung ngolah datana. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode gawé filologi édisi naskah tunggal ngaliwatan édisi naskah standar. Dina ngaguar struktur jeung eusi téks tina naskah
Palintangan, panalungtik ngagunakeun métode deskriptif-analitis.
Ieu panalungtikan maké éta métode naskah tunggal (codex unicus) ngaliwatan édisi naskah standar (editio criticia). Édisi standar nya éta migawé transliterasi ku cara ngoréksi tulisan anu henteu konsistén atawa kasalahan-kasalahan leutik séjénna dumasar kana palanggeran éjahan, sarta nyieun tafsiran kana bagéan anu sakirana perlu dipedar. Ieu hal dimaksudkeun sangkan nu maca leuwih gampang dina maca jeung mikaharti eusi téks (Baried, 1985, kc. 69).
Métode déskriptif nya éta métode panalungtikan anu miboga tujuan pikeun ngungkabkeun hiji fakta émpiris sacara objéktif tur ilmiah. Ieu métode dumasar kana logika paélmuan, prosedur, tur kudu nyoko kana métodologi katut kajian tiori anu saluyu jeung disiplin élmuna (Mukhtar, 2013, kc. 29).
3.2 Desain Panalungtikan
DENA SETIAWAN, 2014
TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
Gambar 3.1
Desain Panalungtikan Naskah Palintangan
3.3 Sumber data
Sumber data nya éta sajumlahing informasi atawa data-data anu sakirana bisa dipaké ku panalungtik pikeun dijadikeu sumber primer atawa sekunder (Mukhtar, 2013, 107). Sumber data bisa dimeunangkeun ti lembaga, subjék informan, jeung hasil dokuméntasi lembaga. Data-data anu dimeunangkeun kudu dipilah-pilah heula disaluyukeun jeung kabutuhan panalungtikan.
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta Naskah Palintangan. Ieu naskah mangrupa koléksi Iis Sugiarti ti Jatiwangi, Majaléngka. Ieu naskah ditulis dina basa Sunda-Cirebon kalawan maké aksara Cacarakan. Kertas anu dipaké nya éta kertas pabrik, kandelna 68 kaca sarta teu kapanggih watermark dina kertasna. Ieu sumber data dijadikeun sumber utama.
NASKAH TRANSLITERASI
SUNTINGAN TARJAMAHAN
NGOLAH DATA
KAJIAN TÉKS
DENA SETIAWAN, 2014
TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
3.4 Wangenan Operasional
Ieu di handap dipedar istilah-istilah anu patali jeung ieu panalungtikan, nya éta:
1. Transliterasi nya éta ngaganti jenis tulisan, ti aksara nu hiji ka aksara séjénna tapi hentu ngarobah basa jeung eusina. Istilah transliterasi ngan dipaké pikeun nalungtik naskah.
2. Kajian téks nya éta kagiatan nala’ah atawa neuleuman kandungan eusi dina
jero naskah. Téks diwincik jadi dua bagian, nya éta eusi (ide atawa amanat), jeung wangun (bungkeuleukan tulisan anu rék dibaca atawa dipaluruh). 3. Naskah nya éta karangan anu maké tulisan asli. Baheula, naskah sok ditulis
dina daun lontar, kawung, nipah, atawa kalapa. Alat tulis nu dipakéna péso pangot. Daluang jeung kertas Éropa mulai dipaké kurang leuwih abad ka-19, pakakas tulisna nya éta kalam kalawan maké mangsi hideung.
4. Palintangan nya éta élmu pangaweruh pikeun nangtukeun hadé-goréng dina migawé hiji kagiatan anu nyoko kana prosés itung-itungan, boh naktu, boh pasaranna, jrrd. Palintangan ogé sok disebut paririmbon.
3.5 Instrumén Panalungtikan
DENA SETIAWAN, 2014
TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
Pedoman Wawancara 1. Ti saha jeung di mana éta naskah dimeunangkeun?
2. Naha aya sarat-sarat atawa ritual husus pikeun bisa ngapimilik naskah? 3. Kumaha kalungguhan éta naskah dina kahirupan masarakat?
4. Naon fungsi éta naskah? Naha nepi ka kiwari masih dipaké atawa henteu? 5. Naha aya ritual husus pikeun ngariksa éta naskah?
6. Naha aya carita husus anu patali jeung éta naskah?
3.6 Téhnik Panalungtikan 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data panlungtikan nya éta téhnik observasi (studi lapangan), wawancara (interview), dokuméntasi, jeung studi pustaka. Téhnik observasi jeung wawancara dipaké pikeun néangan naskah anu aya di masarakat atawa individu anu miboga koléksi naskah. Naskah anu kapanggih tur luyu pikeun jadi bahan panalungtikan difoto (studi dokuméntasi gambar). Ieu prosés dipilampah sangkan henteu hésé dina prosés maca katut migawé transliterasi téksna. Sedengkeun studi pustaka dipaké pikeun ngeuyeuban data anu patali jeung garapan panalungtikan.
Léngkah anu dipaké mimiti pikeun ngumpulkeun data nya éta maca naskah
Palintangan. Léngkah anu saterusna nya éta migawé transliterasi naskah. Sabada
ditransliterasi, naskah ditarjamahkeun kana basa Sunda ngarah leuwih kaharti.
3.6.2 Téhnik Ngolah Data
DENA SETIAWAN, 2014
TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu