Sadar kusorangan
kacaritakeun aya barudak anu resep, basa gaulnamah ngefans ka artis korea, eta artis teh arek konser di indonesia, manehna hayang nonton eta konser tapi teu boga duit jeung maneh na erek nyangharepan ujian.
Kacaritakeun di sakola:
Bu Guru: kade barudak ulah poho terus ayeunamah kudu ngapalkeun, ereunan hela ngoprek
hp , pikiran arek ujian 2 bulan deui.
Barudak: Enyaa Buuuu!!!
Bu Guru : ulah kawas si Riha tah pagaweanna teh malaweng wae,nya riha??Riha (bari di
alungan kertas)
Hartini : Riha .... (bari nepak si Riha)
Riha: (rewaseun) Naon buuu??
Bu Guru : teu, geus ayeunamah bagean istirahat, kade ulah poho ereunan tah eta ulin!!
Assalamualaikum...
Barudak : Waalaikum salam ...
Keur istirahat si Rihamah di jero kelas bari malaweung, jebul si hartini nyamperkeun si riha,
Hartini : Riha ari maneh ku naon atuh malaweung wae?
Riha: keur galau urang teh tin hayang apal mah ....
Hartini: hahay deuhh, neng riha galau ceunah, kunaon atuh neng riha ?
Riha: hayang nonton konser urang teh tin, ngan masalahna teu boga duit
Hartini : ampun ari maneh suganteh galau kunaon ... yeuh riha ceuk bu nunung oge
ayeunamah kudu ngaheulakeun hela di ajar jang engkeu ujian ulah mikiran anu sejen komo deui nonton konser,,
Riha: ahh... gandenglah da manehmah moal ngarti !!
Hartini : ihhh biasa we da urang mah cuman ngabejaan hungkul.
Riha : nya dukung atuh kahayang urangteh .. (indit bari ngagebrgkeun meja)
Saenggesna sakola manehna balik ka imah
Riha : Assalamualaikum..
Indung Riha: waalaikum salam,, kunaon ari maneh riha ?
Riha : emakk,, ayeunamah duit jang jajan riha teh tambahan nya!!!
Indung riha : emang kunaon atuh make jng hayang di tambahan?
Riha: atuhdaa ... riha teh hayang ngumpulkeun duit jang nonton konser..
Indung Riha : ari amneh riha suganteh jang nabung ...
Riha : ihhh kunaon sih meni eweuh nu ngadukung pisan kahayang rihateh, teu babaturan, teu indung
Indung Riha : lain teu hayang ngadukung riha, da aing ngara nonton konser teh kudu boga
duit gede, atuh ari emak duit timana ?
Riha : nya mak tambahan??
Indung riha : nya moal riha, emak mah lamun arek nambahan mun riha di ajar ngapalkeun
jang ujian..
Riha : enya mak riha janji bakal rajin di ajar ..
Indung riha : laaaaaaahhhhhhhh .... (bari indit )
Riha : ihh saruana pisan
Isukna di sakola
Hartini : Riha, engges can pr ?
Riha : can, bae lahhhh
Hartini : ihh maneh riha ayeunamah jadi ngedul kitu.. pasti maneh mikiran konser nya ? riha
ayeunamah pikiran ujian we hela anu sakedeng deui , konsermah lila keneh kan ?
Riha : 2 bulanan deui mun teu salah mah , yeuh tinn hayang apalmah poe ayeuna urang teh masih galau keneh mikiran kumaha carana menang duit gede salama dua bulan jang nonton konser tapi urangge mikiran jan ujian oge , jadi pusing sabener namah.. tapi lamun di pikiran deui moal mungkin salama dua bulan langsung menang duit loba. Ayeunamah arek mikiran ujian heula.
Riha : nya ayeunamaha rek konsen kana di ajar hela jang ujian tapi heunegg keneh teu bisa nonton..