• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1000242 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1000242 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

138

Marlina Senja Utami, 2014

Analisis Folklor Toponimi di Kacamatan Tegalwaru Kabupatén Karawang pikeun Bahan Pangajaran Maca Sajarah Lokal di SMAN 1 Pangkalan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data dina bab IV, analisis

toponimi tempat di Kacamatan Tegalwaru Kabupaten Karawang pikeun bahan

pangajaran maca sajarah lokal di SMAN 1 Pangkalan téh aya sababaraha

kacindekan, nya éta dipedar di handap ieu.

1) Tina salapan désa kacatet aya 80 kampung nu aya di Kacamatan Tegalwaru.

Tina 80 kampung éta téh kapanggih 54 carita rayat, toponimi 26 kampung

séjénna ngan saukur nyoko kana talajak alam nu nyampak dina éta tempat.

2) Asal-usul ngaran tempat di Kacamatan Tegalwaru Kabupatén Karawang

umumna dikasangtukangan ku carita rayat nu sumebar di masarakat. Carita

rayat éta raket patalina jeung lalakon ngajanggélékna éta tempat.

3) Tina 54 carita rayat nu di Kacamatan Tegalwaru Kabupatén Karawang,

kapanggih 30 carita rayat nu ngandung sajarah. Dumasar jamanna, sajarah nu

kapanggih ti jaman karajaan aya opat carita, jaman panjajahan Walanda aya

salapan belas carita, jaman panjajahan Jepang aya lima carita, jaman Agrési

Militér Walanda aya dua carita, jaman pemberontakan DI/TII aya dalapan

carita, sarta jaman pasca Orde Baru aya hiji carita. Ku kituna, tina

jaman-jaman nu dijelaskeun tadi, umumna sajarah nu aya di Kacamatan Tegalwaru

Kabupatén Karawang patali jeung panjajahan Walanda.

4) Hasil tina panalungtikan ieu luyu dijadikan alternatif bahan pangajaran dina

maca sajarah lokal, nu asup kana KD maca dongéng di SMAN 1 Pangkalan,

(2)

139

Marlina Senja Utami, 2014

Analisis Folklor Toponimi di Kacamatan Tegalwaru Kabupatén Karawang pikeun Bahan Pangajaran Maca Sajarah Lokal di SMAN 1 Pangkalan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Saran

Sabada diayakeun panalungtikan, aya sawatara saran nu ditujukeun ka

masarakat, nonoman, instansi pamaréntahan, guru, jeung siswa.

1) Masarakat

Saran pikeun masarakat, tong nepi ka ngaleungitkeun atawa mopohokeun

sajarah nu aya di sabudeureunana, sabab lamun nu apal kana sajarah di hiji

tempat tilar dunya, éta sajarah bakal leungit bareng jeung dikuburna manusa

nu apal kana sajarah.

2) Nonoman

Saran pikeun sakumna nonoman nu aya di Kacamatan Tegalwaru, kudu boga

rasa nyaah jeung reueus kana sajarah tempat nu aya di sabudeureunana.

Sabab nonoman teu ngajaga éta sajarah bisa ngabalukarkeun sajarah téh

leungit jeung pareumeun obor.

3) Instansi Pamaréntahan

Saran pikeun pamaréntah désa jeung kacamatan, kudu bisa ngajaga sajarah di

daérahna séwang-séwangan, tong nepi ka pembangunan daerah jadi alesan

pamaréntah ngaleungitkeun sajarah, boh caritana, boh bukti sajarahna. Salian

ti éta, ka sakabéh instansi pamaréntahan, kudu boga data-data administrasi nu

lengkep jeung jelas dumasar ruang lingkupna séwang-séwangan.

4) Guru

Saran pikeun guru nya éta kudu apal kana sajarah lokal nu aya di

sabudeureunana pikeun alternatif bahan pangajaran maca dongéng di tempat

ngajarna.

5) Siswa

Saran pikeun siswa nya éta kudu mikanyaho kana sajarah panganjrekanana

Referensi

Dokumen terkait

Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Dumasar kana ieu judul panalungtikan nya éta “ Ajén Budaya dina Kasenian Gésrék di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut. pikeun Bahan Pangajaran

TRADISI HAJAT BUMI DI DÉSA JAGABAYA KACAMATAN PANAWANGAN KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

TRADISI HAJAT BUMI DI DÉSA JAGABAYA KACAMATAN PANAWANGAN KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Ku kituna ieu panalungtikan anu dibéré judul “Kasenian Angklung Buncis di Kacamatan Cigugur Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII (Tilikan

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX.. Universitas Pendidikan Indonesia