• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1002612 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1002612 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

74

SITI MUTIARA FHADILATHUSY, 2014

Struktur Instrinsik Jeung Ajén Moral Dina Dongéng Nu Aya Di Kacamatan Cibadak Kabupatén Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dongéng disawang masih kénéh réa di masarakat Cibadak. Cibadak téh

salasahiji kota leutik nu aya di Kabupatén Sukabumi. Matak disebut Cibadak téh cenah mah tina kecap “ci” (cai) jeung “badak”, tapi teu sakabéh masarakat Cibadak apal kana dongéng sasakala Cibadak. Ku kituna, Cibadak miboga poténsi

pikeun dijadikeun lokasi panalungtikan. Ku ieu panalungtikan, dongéng-dongéng

éta bisa diinvéntarisasi tur masarakat bisa apaleun naon waé dongéng nu aya di

Cibadak.

Tujuan umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan téh nyaéta pikeun

ngainvéntarisasi dongéng-dongéng nu sumebar di masarakat Kacamatan Cibadak

Kabupatén Sukabumi, jeung hasilna baris dijadikeun bahan pangajaran maca

dongéng nu aya dina KIKD SMP kelas VII, sedengkeun tujuan hususna nyaéta,

mikanyaho dongéng naon waé anu masih kénéh aya di Kacamatan Cibadak,

mikanyaho struktur instrinsik jeung ajén moral dina dongéngna, jeung mikanyaho

cocog jeung henteuna dongéng anu sumebar jeung KIKD SMP kelas VII.

Téori anu dilarapkeun dina ieu panalungtikan nyaéta ngeunaan dongéng,

pangajaran maca, jeung bahan pangajaran. Métode anu digunakeun nyaéta métode

déskriptif-kualitatif, sedengkeun téhnikna nyaéta obsérvasi, wawancara, jeung

dokuméntasi pikeun bukti panalungtikan.

Dongéng anu kainvéntarisir ti hiji kalurahan sarta lima désa anu aya di

Cibadak téh jumlahna aya 21 dongéng ti lima narasumber. Tina 21 dongéng éta,

19 di antarana kaasup kana dongéng sasakala, dua deui kaasup dongéng sato. Tina

21 dongéng anu ka kumpulkeun, genep diantarana saluyu jeung KIKD tur cocog

pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca bahasa Sunda di SMP. Téma anu aya

dina 21 dongéng anu ka kumpulkeun ieu, nyaéta hiji téma kaagamaan, dalapan

téma sosial, 11 téma sajarah/asal-usul, tur hiji téma kulawarga. Galur anu aya dina

21 dongéng ieu nyaéta galur maju. Ajén moral anu kapanggih tina 21 dongéng

(2)

75

SITI MUTIARA FHADILATHUSY, 2014

Struktur Instrinsik Jeung Ajén Moral Dina Dongéng Nu Aya Di Kacamatan Cibadak Kabupatén Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kahadéan, dua dongéng anu kaasup kana ajén moral ngeunaan kapancegan, opat

dongéng anu kaasup kana ajén moral ngeunaan kayakinan/kapercayaan.

Dongéng téh basa prosa anu miboga alur carita, tokoh, jeung konflik, tapi tina

21 dongéng anu kakumpulkeun ieu, aya sababaraha dongéng anu teu mibanda

tokoh jeung konflik. Padahal dongéng téh mibanda tiang, tiang di dieu nyaéta

carita, dina carita aya konflik. Jadi sababaraha dongéng anu teu miboga tokoh

jeung konflik ieu ngan saukur dongéng salancar.

5.2 Saran

Ieu saran ditujukeun pikeun:

1. Pikeun Panalungtik

Panalungtik ngan saukur ngalakukeun panalungtikan pikeun

ngumpulkeun dongéng naon waé anu masih kénéh aya jeung sumebar di

Kacamatan Cibadak sarta nganalisis unsur instrinsik jeung ajén moral anu

aya dina dongéngna, jadi dipihareup aya anu ngalakukeun panalungtikan

anu leuwih jero.

2. Pikeun Guru

Hasil panalungtikan ngeunaan dongéng anu aya di Kacamatan Cibadak

ieu bisa dijadikeun pikeun bahan pangajaran basa Sunda di SMP. Guru

teu kudu matuh waé ngandelkeun tina LKS jeung buku pakét sabab

dongéng anu aya biasana teu saluyu jeung wewengkon sarta kurang

ngaronjatkeun minat siswa ka wewengkonna sorangan upama

ngandelkeun dongéng anu geus biasa digunakeun dina buku pakét atawa

LKS.

3. Pikeun Pamaréntah Sukabumi

Pamaréntah Sukabumi salian ti merhatikeun pangwangunan fisik jeung

matérialna wungkul tapi ogé kudu merhatikeun kana kabeungharan

(3)

76

SITI MUTIARA FHADILATHUSY, 2014

Struktur Instrinsik Jeung Ajén Moral Dina Dongéng Nu Aya Di Kacamatan Cibadak Kabupatén Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dongéng salaku poténsi jeung ciri hiji masarakat anu aya di éta

Referensi

Dokumen terkait

STUDI KOMPARATIF KEMAMPUAN MANAJEMEN STRATEGIK KEPALA SEKOLAH DI SEKOLAH PENYELENGGARA PENDIDIKAN INKLUSIF SMA NEGERI 6 DAN SMA MUTIARA BUNDA BANDUNG.. Universitas Pendidikan

TA adalah karya ilmiah yang ditulis oleh mahasiswa dari hasil penelitian dan atau pengkajian ilmiah terhadap satu objek yang berkaitan dengan bidang ilmunya pada akhir

Lalu kasus terbanyak yang menyebabkan perdarahan saluran cerna bahagian atas adalah varices esofagus sebanyak 104 kasus (31%), disusul oleh ulkus gaster sebanyak 52

TPTA : menghadiri UTA sesuai undangan, memberikan pertanyaan dari hasil penelitian yang sudah didapat mahasiswa, memberikan penilaian, memberikan keputusan Lulus /

ANALISIS KEBUTUHAN ALAT PRAKTIK UNTUK MENCAPAI TUNTUTAN KOMPETENSI PADA MATA PELAJARAN CHASSIS DAN PEMINDAH TENAGA KENDARAAN RINGAN KELAS XI DI SMK. Universitas Pendidikan Indonesia

Berikut gambar dari standard ruang parkir pada badan jalan berdasarkan peraturan yang telah dibuat oleh Direktur Jenderal Perhubungan Darat, Departemen Perhubungan

Dr Anthony Duckworth-Smith / Australian Urban Design Research Centre ; University of Western Australia, 2013 , Activity Corridor Intensification in Perth and the role of Design

Penera pan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu