• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1102800 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1102800 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

90

Dianawati, 2015

INVÉNTARISASI JEUNG ANALISIS STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA JINGKANG KACAMATAN

TANJUNGMEDAR KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Tujuan panalungtikan anu judulna Invéntarisasijeung Analisis StrukturPuisi

Mantra di Désa Jingkang Kacamatan Tanjungmedar Kabupatén Sumedang

pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Sastra di SMA nya éta pikeun mikanyaho

jeung nganalisis 1) aya sabaraha puisi mantra anu kapanggih sarta papasinganana;

2) kumaha strukturna (purwakanti, wirahma, babalikan jeung citraan); jeung 3)

kumaha larapna puisi mantra pikeun bahan pangajaran sastra di SMA. Tiori anu

digunakeun dina papasingan puisi mantra nya éta ngagunakeun tiori Rusyana,

sedengkeun dina nganalisis puisi mantrana ngagunakeun tiori strukturalisme puisi

nu ngawengku unsur purwakanti, wirahma, babalikan jeung citraan. Métode dina

ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun métode déskriptif analisis, dilakukeun ku

cara nganalisis tuluy didéskripsikeun dumasar kana fakta-faktanu aya.

Hasil invéntarisasi puisi mantra di Désa Jingkang Kacamatan Tanjungmedar

Kabupatén Sumedang, mantra anu kapanggih jumlahna aya 45 ti 6 urang

narasumber.Puisi mantra anu geus dibéré kode mantra, tuluy dipasing-pasing

dumasar kana tiori Rusyana. Papasingan puisi mantra Rusyana éta dumasar kana

fungsi atawa tujuan makénamantra anu ngawengku genep golongan nya éta 12

asihan, 8 jangjawokan, 6 ajian, 8 singlar, 1 rajah, sarta10jampé.

Puisi mantra nu aya di Désa Jingkang jumlahna aya 45 mantra, anu dianalisis

mung satengahna nya éta 23 mantra dumasar kana tiori struktural (purwakanti,

wirahma, babalikan sarta citraan). Mantra nu dianalisis ngawengku 6 asihan, 4

jangjawokan, 3 ajian, 4 singlar, 1 rajah jeung 5 jampé.Sabada dianalisis, mantra ti

Désa Jingkang dicindekkeun yén purwakanti nu dipaké nganalisis mantra

ngawengku purwakanti adusari jeung aduraras wiwit, adusari jeung aduraras welit

sarta adusari jeung aduraras wekas.Purwakanti anu mindeng kapanggih nya éta

purwakanti aduraras wiwit jeung aduraras wekas (konsonan di awal jeung di ahir).

Wirahma mantra anu geus dianalisis polana henteu matok, jumlah engang, jumlah

randegan jeung pola engang dina unggal padalisan béda jumlahna. Jumlah engang

(2)

5-91

Dianawati, 2015

INVÉNTARISASI JEUNG ANALISIS STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA JINGKANG KACAMATAN

TANJUNGMEDAR KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.Babalikan anu mindeng kapanggih nya éta babalikan runtuy, nu ngawengku

runtuy puhu (kecap nu dibalikan aya di puhu jajaran), runtuy tengah (kecap nu

dibalikan aya di tengah jajaran), sarta runtuy pungkas (kecap nu dibalikan aya di

pungkasan).Citraan nu kapanggih dina mantra nu geus dianalisis nya éta aya

citraan rasa, citraan panempo jeung citraan pangrungu. Citraan nu mindeng

kapanggih dina mantra nya éta citraan rasa sarta citraan gabungan, boh tina dua

citraan atawa tina tilu citraan

Puisi mantra nu geus dianalisis, aya sababaraha anu bisa dijadikeun alternatif

pikeun bahan pangajaran Sastra Sunda di sakola SMA.Éta nilik kana segi basa,

segi psikologi jeung kasang tukang budaya.Puisi mantra anu dipilih pikeun

dijadikeun alternatif bahan pangajaran nya éta puisi mantra anu judulna asihan

Dewi Sinta, asihan si Kembang Haréndong, Jangjawokan paranti ngarih béas

anyar, ajian kajayaan, singlar sahadat, rajah paranti ka walungan jeung jampé

sangkan teu karacunan.

5.2 Saran

Panalungtikan ngeunaan mantra ngandung mangpaat anu kawilang gedéna,

sabab bisa ngeuyeuban pangaweruh karya sastra Sunda. Ku kituna, aya saran

pikeun Lembaga Kabudayaan Kabupatén Sumedang, murid; mahasiswa; guru;

jeung masarakat umum.

Lembaga Kabudayaan Kabupatén Sumedangdipiharep bisa

ngainvéntarisir seni jeung budaya Sunda nu aya di Kabupatén Sumedang nu

sakitu euyeubna, nu engkéna baris di dokuméntasikeun jeung dibukukeun sangkan

dipikanyaho ku balaréa. Murid di sakola SMA dipiharep ieu panalungtikan bisa

jadi alternatif bahan ajar sastra jeung budaya Sunda sarta ngahudang kana karep

diajar. Mahasiswa mudah-mudahan kahareupna bisa nalungtik deui ngeunaan

puisi mantra kana garapan anu leuwih husus sangkan kaguar hal-hal séjénna

ngeunaan puisi mantra di Sumedang.Guru dipiharep bisa ngalarapkeun tina hasil

ieiu panalungtikan sangkan digunakeun jadi bahan ajar di sakola-sakola. Sarta

Masarakat umum mugia ngajadikeun ieu panalungtikan salaku élmu anu bisa

nambahan pangaweruh ngeunaan karya sasrta Sunda jeung ngajaga tur ngariksa

Referensi

Dokumen terkait

Sahabat MQ/ Gerakan menentang Facebook/ muncul di Australia/ menyusul meninggalnya dua remaja di negara tersebut/ yang disinyalir akibat situs jejaring sosial

Analisis data yang dicari melalui rumus statistika karya Sudjana (2001) yaitu, rata-rata kelompok 1 sebesar 4,62 dengan simpangan baku 1,68 dan rata-rata kelompok 2

Satu pajak tambahan sebesar 25% dari pajak yang harus dibayar dikenakan apabila kegagalan mengirimkan pembayaran pajak sampai tanggal jatuh tempo pembayaran sebagai akibat

manufacturing personnel that acquired the cleaning verification samples. It was 

Metodologi Penelitian Bisnis untuk Akuntansi dan Manajemen , Edisi Kedua, USU press, Medan.. “ Aplikasi Analisis Multivariate dengan

1 Perilaku sosial dalam kecenderungan perilaku peran remaja tunadaksa yang menggunakan jejaring sosial facebook di sekolah. Menurut pandangan ibu, bagimanakah siswa

Tujuan penelitian adalah: (1) mengungkap kemampuan foto udara pankromatik hitam putih skala 1:50.000 dalam mendukung kajian gerak massa; (2) mengetahui potensi,

Perilaku sosial remaja tunadaksa yang menggunakan jejaring sosial Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu..