• Tidak ada hasil yang ditemukan

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO-VISUAL PIKEUN PANGAJARAN NGADONGÉNG : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO-VISUAL PIKEUN PANGAJARAN NGADONGÉNG : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013."

Copied!
37
0
0

Teks penuh

(1)

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO-VISUAL

PIKEUN PANGAJARAN MACA DONGÉNG

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

E. Linda Purnamasari NIM 0906982

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

Taun Ajaran 2012/2013)

Oleh

E. Linda Purnamasari

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© E. Linda Purnamasari 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

April 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

E. LINDA PURNAMASARI NIM 0906982

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO-VISUAL

PIKEUN PANGAJARAN MACA DONGÉNG

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd. NIP 195704011984121001

Pangaping II,

Drs. H. O. Solehudin, M.Pd. NIP 195701011980021004

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO-VISUAL

PIKEUN PANGAJARAN NGADONGÉNG

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013) 1)

E. Linda Purnamasari 2)

ABSTRAK

Pembelajaran praktek dongeng dalam pelaksanaannya siswa dituntut untuk mampu berbicara di depan umum (dongeng). Tapi pada kenyataannya masih banyak siswa yang tidak mampu untuk praktek dongeng. Hal itu disebabkan karena siswa tidak paham dengan materi dan tidak paham dengan cara-cara praktek dongeng yang benar. Salah satu cara untuk dapat meningkatkan kemampuan siswa dalam praktek dongeng yaitu dengan menggunakan model ataupun media pembelajaran yang tepat. Untuk itu dilaksanakan penelitian berjudul “Éféktivitas Média Audio-Visual pikeun Pangajaran Ngadongéng (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)” yang bertujuan untuk menguji efektivitas media audio-visual dalam meningkatkan kemampuan praktek dongeng siswa. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen yang tidak menggunakan kelas kontrol. Teknik yang digunakan adalah teknik tes dan teknik observasi. Sumber data yang diambil adalah siswa kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung tahun ajaran 2012/2013 yang berjumlah 34 orang, terdiri dari 18 siswa perempuan dan 16 siswa laki-laki. Untuk mengetahui hasil tes tersebut, maka dilakukan analisis data dengan cara uji normalitas dengan menggunakan chi kuadrat. Uji homogenitas data menggunakan uji F, dan uji hipotesis data dengan menggunakan uji t. Uji normalitas prates menunjukan bahwa distribusi datanya normal. Berdasarkan nilai X2 itung < X2 tabél yaitu 10,21 < 11,34, uji normalitas postes X2 itung < X2 tabél yaitu 4,31 < 11,3, skor uji rata-rata prates adalah 14,8 dan postes 20,1 dengan selisih 5,3. Hasil uji homogenitas distribusi variansi data prates dan postes dengan menggunakan taraf kepercayaan 99% adalah homogen karena Fitung < Ftabel, yaitu 0,7 < 2,46. Melalui hasil uji hipotesis dengan menggunakan taraf kepercayaan 99%, titung > ttabél yaitu 14,72 > 2,46. Karena adanya beda yang signifikan antara prates dan postes jadi Ha diterima, artinya media audio-visual efektif dalam meningkatkan kemampuan praktek dongeng siswa kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung.

Kata kunci: Éféktivitas, média audio-visual, dan dongeng

1)

Skripsi dibimbing oleh Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd. dan Drs. H. O. Solehudin, M.Pd. 2)

(5)

ABSTRACT

In the implementation of learning practice of a fairy tale, the students’ are demanded to speaking fron the public (fairy tale). Even so, the evident shows that there are still many students’ who are not able to practice of a fairy tale. This is because the students’ do not understand the materials that they do not understand about manner practice of a fairy tale in a correct. One way to enhance the students’ ability in practice of a fairy tale is by using an appropriate model or learning media. By that, a research entitled “The Effectiveness of Audio Visual Media for The Teaching of Practice of a Fairy Tale (Quasi Experimental Study to The Students of the VII J Class of SMPN 45 Bandung in the Academic Year of 2012/2013)” was conducted to test the effectiveness of audio visual media in enhancing the students’ ability in practice of a fairy tale. The method used in this research is the quasi experimental method where class control was not applied. The technique used is the test technique and observation technique. The data source was obtained from the students’ of the VII J class of SMPN 45 Bandung in the Academic Year of 2012/2013 which totaled of 34 people, consisted of 18 females and 16 males. To know the outcome of the test, data analysis was conducted by applying the normality test using the chi square. For the data homogeneity test the F test was used, and for the data hypotheses test the t test was used. The normality test shows that the data distribution was normal. Pre-test data normality, X2 itung < X2 tabél, which was, 10,21 < 11,34, post-test data normality, X2 itung < X2 tabél, which was 4,31 < 11,3, the average score for the pretest was 14,8 and for the posttest was 20,1 with the gap of 5,3. The results from the homogeneity variant distribution test the data for the pretest and posttest by using the believe degree of 99% was homogeny because Fitung < Ftabel, which was 0,7 < 2,46. From the result of the hypotheses test by using the believe degree of 99%, titung > ttabél which was 14,72 > 2,46. Because there was a significant difference between the pretest and the posttest, the Ha was accepted, which was that audio visual media effective could enhance the practice of a fairy tale ability of the students of the VII J class.

Key word: The effectiveness, audio visual media, and essay

(6)

DAPTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iv

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR GRAFIK ... xi

DAPTAR SINGGETAN ... xii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Pananglutikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Pananglutikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II MÉDIA AUDIO-VISUAL, MACA DONGÉNG, ASUMSI, JEUNG HIPOTESIS ... 8

2.1 Média Pangajaran ... 8

2.1.1 Wangenan Média Pangajaran ... 8

2.1.2 Ciri-ciri Média Pangajaran ... 10

2.1.3 Rupa-rupa Média Pangajaran ... 10

2.1.4 Fungsi Média Pangajaran ... 13

2.1.5 Mangpaat Média Pangajaran ... 14

2.1.6 Kriteria Milih Média Pangajaran ... 17

2.2 Média Audio-Visual... 17

2.2.1 Wangenan Média Audio-Visual ... 17

(7)

viii

2.2.3 Mangpaat Média Audio-Visual ... 18

2.2.4 Rupa-Rupa Média Audio-Visual ... 18

2.2.4.1Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Média Audio-Visual ... 19

2.3 Tiori Maca ... 20

2.4.1 Wangenan Dongéng ... 26

2.4.2 Ciri-ciri Dongéng ... 27

2.4.3 Sajarah Kamekaran Dongéng ... 27

2.4.4 Fungsi Dongéng ... 28

2.4.5 Unsur-unsur Dongéng ... 29

2.4.6 Papasingan Dongéng ... 31

2.5 Rarancang Média Audio-Visual pikeun Pangajaran Maca Dongéng ... 33

2.5.1 Média Audio-Visual pikeun Pangajaran Maca Dongéng ... 33

2.5.2 Silabus ... 34

2.5.3 Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) ... 35

2.6 Asumsi jeung Hipotésis ... 36

2.6.1 Asumsi ... 36

2.6.2 Hipotésis ... 36

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 37

3.1 Sumber Data ... 37

3.2 Desain Panalungtikan ... 37

3.3 Métode Panalungtikan ... 38

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional ... 39

3.4.1 Variabel Panalungtikan ... 39

3.4.2 Wangenan Operasional ... 39

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 40

3.5.1 Tés ... 40

3.5.2 Obsérvasi ... 44

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 45

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 45

3.7.1 Meunteun Kamampuh Biantara boh Pratés boh Postés ... 46

3.7.2 Uji Sipat Data ... 48

3.7.2.1Uji Normalitas ... 48

3.7.2.2 Uji Homogénitas ... 50

3.7.3 Uji Gain ... 51

3.7.4 Uji Hipotésis ... 52

3.8 Prosedur Panalungtikan ... 53

3.8.1 Tahap Tatahar ... 53

(8)

3.8.3 Tahap Ngolah Data ... 54

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS PANALUNGTIKAN ... 55

4.1 Kamampuh Maca Dongéng Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Saméméh Ngagunakeun Média Audio-Visual ... 55

4.2 Kamampuh Maca Dongéng Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Sabada Ngagunakeun Média Audio-Visual ... 60

4.3 Éféktivitas Média Audio-Visual pikeun Pangajaran Maca Dongéng di Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung ... 65

4.3.1 Uji Sipat Data ... 65

4.3.1.1 Uji Normalitas Pratés ... 65

4.3.1.2 Uji Normalitas Postés ... 69

4.3.1.3 Uji Homogénitas ... 72

4.3.2 Uji Gain ... 74

4.3.3 Uji Hipotésis ... 78

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 82

5.1 Kacindekan ... 82

5.2 Rékoméndasi ... 83

DAPTAR PUSTAKA ... 84

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 86

(9)

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Dina kagiatan diajar ngajar, guru salaku pihak nu miboga pancén pikeun nepikeun amanat atawa pesen ka siswa nu mangrupa matéri pangajaran dipiharep pikeun kréatif dina ngalaksanakeunana. Kréatif di dieu hartina kumaha carana sangkan matéri pangajaran nu ditepikeun bisa kacangkem ku siswa kalayan maksimal. Kréatif di dieu ogé bisa dihartikeun kumaha carana ngungkulan rasa bosén nu karandapan ku siswa nalika kagiatan diajar ngajar di kelas. Pikeun ngungkulanana digunakeun média pangajaran. Média pangajaran loba rupa jeung wangunna. Ti mimiti nu pangbasajan jeung pangmurahna nepi ka nu pangcanggih jeung pangmahalna. Aya nu bisa dijieun ku guru sorangan, aya ogé anu dijieun ku pabrik. Dina ngarancang pikeun digunakeun dina kagiatan diajar ngajar di kelas gumantung kréatifitas ti guru éta sorangan. Jadi, ku aya jeung digunakeunna média pangajaran téh sipatna penting pisan pikeun guru.

Hasil pangajaran basa Sunda kaasup pangajaran ngadongéng téh kurang nyugemakeun. Data 2 taun katukang diantarana taun 2011 rata-rata 68, taun 2012 rata-rata 70, sedengkeun KKM dina pangajaran basa Sunda nu kudu dihontal di kelas VII nya éta 75. Jadi tétéla pangajaran basa Sunda téh can nyugemakeun.

(10)

ngawasana guru dina ngagunakeun média kantenan média éléktronik nya éta di dieu média audio-visual ogé mangrupa bangbaluh nu karandapan. Guru ngan saukur ngagunakeun métode ceramah unggal nepikeun pangajaran di kelas. Éta hal jadi salasahiji faktor anu ngalantarankeun siswa teu jarang ngarasa teu ngarti sarta ngarasa bosen dina kagiatan diajar. Faktor guru jeung média katut bahan pangajaran salaku fasilitator, sakapeung mah teu dipaliré dina prak-prakanana. Dina enas-enasna mah mémang loba bangbaluh nu karandapan ku siswa salaku nu diajar jeung guru salaku fasilitator pangajaran.

Dina hal nepikeun pangajaran maca dongéng basa Sunda, muncul sababaraha masalah boh ti guru boh ti siswana. Loba guru anu kurang parigel dina nepikeun matéri sacara jéntré nu antukna siswa hésé maham kana eusi matéri anu ditepikeun ku guruna. Sora guru anu kawatesanan ogé ngabalukarkeun siswa anu diuk di tukang hésé pikeun nyangking matéri anu di pedar. Ayana siswa anu resep jeung anu teu resep boh kana pangajaran basa Sunda boh kana matéri anu dipedar, sarta kaayaan kelas anu gandéng, panas, jeung pinuh ogé bisa nyababkeun prosés komunikasi anu teu éféktif tur éfisién. Ku kituna dina pangajaran maca ogé perlu aya média sangkan komunikasi antara guru jeung siswa bisa leuwih éféktif.

Audio-visual minangka média pangajaran bisa digunakeun sangkan siswa leuwih maham kana materi nu ditepikeun ku guru. Wanda pangajaran nu ditepikeun dina maca dongéng kaitung réa. Ku ngaliwatan média audio-visual, dipiharep siswa nu asalna can nyangking matéri pangajaran bisa leuwih maham sabada ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran maca dongéng.

Média audio-visual nya éta alat atawa sarana dina wujud tilu diménsi nu bisa digunakeun salaku conto atawa obyék dina pangajaran maca. Média audio-visual nu digunakeun di dieu mangrupa rékaman vidéo maca dongéng nu dijadikeun conto pikeun maca dongéng kalayan bener tur hadé pikeun alternatif.

(11)

3

Nurutkeun Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2007:94), pangajaran maca pikeun kelas VII mibanda SKKD: 7.3 Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi bacaan yang berupa sejarah lokal/cerita babad, teks percakapan, dongeng, dan carita pondok. Sedengkeun salasahiji Kompeténsi Dasarna nya éta 7.3.3 Membaca dongeng. Dumasar kana ébréhan di luhur, maca dongéng mangrupa salasahiji matéri ajar dina pangajaran basa Sunda SMP.

Dumasar kana hasil observasi anu dilaksanakeun di SMP Negeri 45 Bandung ka kelas VII-J, pangajaran maca mangrupa pangajaran anu teu pati dipikaresep ku siswa, sabab dina maca aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun. Fakta di lapangan nunjukkeun yén siswa SMP ayeuna maca wacana biasa ogé masih kénéh can lancar. Antara ngabédakeun maca vokal e, é, jeung eu patukeur kénéh. Komo deui dina pangajaran maca dongéng. Maca dongéng jeung maca wacana biasa tangtu aya bédana. Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina maca dongéng diantarana intonasi, lentong, artikulasi, tekenan, wirahma, randegan, jrrd. Pancén guru di dieu kumaha carana ngajarkeun ka siswa, ngamotivasi siswa sangkan bisa maca dongéng kalayan hadé tur bener, jeung kumaha carana ngajadikeun kagiatan diajar ngajar di kelas sangkan teu bosen nu matak bisa ngirut minat diajar siswa.

(12)

Sedengkeun panalungtikan ngeunaan média audio-visual pikeun ngaronjatkeun kamampuh maca dongéng mah can aya anu nalungtik. Ku lantaran kitu, ieu panalungtikan anu judulna “Éféktivitas Média Audio-Visual pikeun Pangajaran Maca Dongéng (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)” perlu dilaksanakeun.

1.2Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

Aya dua hal nu diguar dumasar kasang tukang di luhur nya éta idéntifikasi masalah jeung rumusan masalah panalungtikan.

1.2.1Idéntifikasi Masalah

Dumasar kasang tukang panalungtikan di luhur, katitén aya sababaraha pasualan nu karandapan dina ieu panalungtikan. Hasil idéntifikasina, kapaluruh loba pisan faktor anu mangaruhan sarta ngalantarankeun pasualan dina prak-prakan maca dongéng nya éta intonasi, lentong jeung siswa nu masih kénéh patukeur dina ngucapkeun vokal e, é, jeung eu.

Sangkan masalah anu baris ditalungtik dina ieu panalungtikan teu lega teuing ambahanna, masalah anu dipedar diwatesanan kana kumaha kamampuh maca dongéng siswa kelas VII SMPN 45 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran maca dongéng di kelas.

1.2.2Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

a. Kumaha kamampuh ngadongéng siswa kelas VII SMP Negeri 45 Bandung saméméh ngagunakeun média audio-visual pikeun pangajaran maca dongéng? b. Kumaha kamampuh ngadongéng siswa kelas VII SMP Negeri 45 Bandung

sabada ngagunakeun média audio-visual pikeun pangajaran maca dongéng? c. Naha média audio-visual éféktif pikeun ningkatkeun kamampuh ngadongéng

(13)

5

1.3. Tujuan Panalungtikan

Sangkan ieu panalungtikan téh museur, sacara jéntré ieu panalungtikan mibanda dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang masalah sarta rumusan masalah, ieu panalungtikan miboga tujuan umum pikeun nguji kaéféktifan média audio-visual pikeun pangajaran ngadongéng.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: a. kamampuh ngadongéng siswa kelas VII SMP Negeri 45 Bandung saméméh

ngagunakeun média audio-visual;

b. kamampuh ngadongéng siswa kelas VII SMP Negeri 45 Bandung sabada ngagunakeun média audio-visual;

c. média audio-visual pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngadongéng di kelas VII SMP Negeri 45 Bandung.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat, hususna pikeun nu nyusun, umumna pikeun masarakat, lembaga, sarta pihak-pihak séjén nu boga kapentingan kana ieu hasil panalungtikan. Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan téh diantarana mangpaat anu sipatna tioritis sarta mangpaat anu sipatna praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

(14)

1.4.2 Mangpaat Praktis a. Pikeun Guru

Bisa nambahan pangaweruh dina milih média pangajaran hususna média audio visual dina pangajaran dongéng, sarta mikanyaho kumaha kamampuh maca dongéng siswa sabada digunakeun média audio visual. Bisa ogé dijadikeun alternatif media pangajaran di kelas sangkan ngahudangkeun minat siswa kana pangajaran basa Sunda.

b. Pikeun Siswa

Siswa mikanyaho mangpaat ngagunakeun média audio visual dina pangajaran ngadongéng sarta ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongéng.

c. Pikeun nu Nyusun

Sanggeus ngalaksanakeun panalungtikan ieu, bisa mikanyaho babandingan kamampuh siswa dina ngadongéng saméméh jeung sabada ngagunakeun média audio-visual.

d. Pikeun nu Maca

Bisa ngeuyeuban pangaweruh, hususna ngeunaan mangpaat média audio-visual dina pangajaran ngadongéng di tingkat SMP.

e. Pikeun Lembaga

Bisa dijadikeun bahan alternatif dina milih média pikeun pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di kelas.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi disusun jadi lima bab, BAB I eusina ngawengku kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan.

(15)

7

pangajaran, jeung wangun audio-visual salaku média pangajaran. Pedaran ngeunaan maca diwengku ku wangenan maca, tujuan maca, aspék-aspék maca, jeung wanda maca. Tuluy dina maca dongéng dipedar ngeunaan wangenan dongéng, ciri-ciri dongéng, sajarah kamekaran dongéng, fungsi dongéng, unsur-unsur dongéng jeung rupa-rupa dongéng. Salaku matéri pamungkas dina BAB II diébréhkeun ngeunaan asumsi jeung hipotésis.

BAB III mangrupa BAB anu medar ngeunaan métode panaglutikan. Eusina ngawengku sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data. Pedaran ngeunaan téhnik ngolah data dimimitian ku méré peunteun maca dongéng siswa, uji sipat data, uji gain, jeung uji hipotésis. Dina uji sipat data dijéntrékeun ngeunaan uji normalitas jeung uji homogénitas.

BAB IV mangrupa BAB anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, anu ngawengku prak-prakan panalungtikan, kamampuh awal jeung ahir siswa tina hasil panalungtikan, sarta ngadéskripsikeun media audio-visual dina maca dongéng siswa.

BAB V eusina medar ngeunaan kacindekan jeung rékoméndasi tina hasil panalungtikan anu ditujukeun ku panulis.

(16)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Sumber data mangrupa sakabéh obyék anu bakal ditalungtik, kaasup aspék-aspék anu dipaluruh sarta ditalungtik salila prosés panalungtikan. Hiji panalungtikan dina nangtukeun obyékna aya nu langsung ditangtukeun jeung aya ogé anu kudu nangtukeun populasi jeung sampel heula. Dina ieu panalungtikan obyék datana langsung ditangtukeun lantaran métode anu digunakeunana nya éta métode kuasi ékspérimén.

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2012/2013 anu jumlahna aya 34 urang. Ngawengku 16 urang lalaki jeung 18 urang awéwé. Hasil tina maca dongéng siswa éta mangrupa data anu satuluyna dijadikeun bahan panalungtikan.

3.2 Desain Panalungtikan

Numutkeun Campbell jeung Stanly dina Arikunto (2010:123) nétélakeun yén sampurna jeung henteuna hiji panalungtikan gumantung kana desain panalungtikan. Desain panalungtikan dibagi jadi dua kelompok:

1) Pre-Experimental Design atawa disebut ogé eksperimen anu can sampurna.

Pre-Experimental Design seringkali dipandang sebagai eksperimen yang

tidak sebenarnya. Oleh karena itu sering disebut juga dengan istilah “quasi eksperimen” atau eksperimen pura-pura.

2) True Experimental Design atawa disebut ogé eksperimen anu sampurna.

Léngkah-léngkah dina ieu panalungtikan nya éta saperti ieu di handap: 1) nangtukeun sumber data;

2) ngalaksanakeun pratés di kelas anu mangrupa sumber data;

(17)

38

4) ngalaksanakeun pascatés salaku léngkah pikeun mikanyaho kamekaran kamampuh anu dipiboga ku siswa sanggeus dibéré perlakuan. Kamekaran siswa ditilik ngaliwatan babandingan skor pratés jeung pascatés;

5) ngolah hasil pratés jeung pascatés nepi ka réngsé; 6) ngitung rata-rata pratés jeung pascatés;

7) nguji hipotesis.

Ditilik tina léngkah-léngkah anu diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik ngumpulkeun data anu carana nya éta tés. Tés kabagi jadi pratés jeung pascatés.

Ku kituna, ieu panalungtikan kaasup kana one group pretest-posttest design, anu digambarkeun saperti ieu dihandap.

Desain panalungtikan pre-test and post test group

(Sugiono, 2011:112) Katerangan:

O1: tés awal saméméh perlakuan (pre-test) O2: tés ahir sabada perlakuan (post-test)

X : perlakuan ngagunakeun média audio-visual

3.3 Métode Panalungtikan

Pamarekan nu dipaké dina ieu panalungtikan mangrupa pamarekan panalungtikan kuantitatif. Nurutkeun Sugiyono (2011:13) métodé kuantitatif dingaranan métode tradisional, ku sabab métode ieu geus lila digunakeun nepi ka geus jadi tradisi dipaké pikeun panalungtikan. Métode ieu salaku métode ilmiah ku sabab geus nyumponan kaidah-kaidah ilmiah nu émpiris, obyéktif, kaukur, rasional, jeung sistematis.

(18)

Dina ngalakukeun panalungtikan perlu pisan ayana métode salaku léngkah gawé panalungtik pikeun nyingkahan ayana salah paham sarta pikeun ngaréngsékeun masalah. Dumasar kana tujuan nu baris dihontal, ieu panalungtikan ngagunakeun métode pré-éksperiméntal atawa ékspérimental semu (quasy eksperimental research) nya éta pananglutikan anu ngagunakeun kelas éksperimén kalawan henteu maké kelas kontrol.

Métode pré-éksperimental mangrupa salah sahiji métode panalungtikan anu produktif, sabab digunakeun pikeun ngajawab hipotesis anu geus dirumuskeun. Dina ieu panalungtikan panyusun ngagunakeun métode kuasi ékspérimén pikeun ngukur kamampuh siswa dina maca dongéng ngagunakeun média audio-visual

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010:161) variabel nya éta objék panalungtikan atawa naon-naon nu jadi pusat perhatian dina hiji panalungtikan. Aya dua variabel dina panalungtikan nya éta variabel bébas (independen variabel) jeung variabel kauger (dependent variabel).

Dumasar kana babagian variabel anu ditétélakeun di luhur, média audio-visual dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel bébas (variabel X), sabab mangrupa variabel anu mangaruhan kana variabel séjén (variabel Y). Ari maca dongéng dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel kauger (variabel Y), sabab mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel séjén atawa variabel bébas (variabel X).

3.4.2 Wangenan Operasional

Wangenan operasional ngawengku kana wangenan sacara umum ngeunaan variabel-variabel, boh variabel bébas boh variabel kauger.

1) Éféktivitas nya éta ukuran kasuksésan salah sahiji hal dina prosés kagiatan diajar sanggeus ditangtukeun tujuanana.

(19)

40

3) Audio-visual nya éta salasahiji produk nu ngabogaan fungsi pikeun mintonkeun informasi atawa wacana ngaliwatan audio (sora) jeung visual (gambar/gambar gerak).

4) Maca nya éta hiji prosés anu dilakukeun sarta digunakeun ku pamaca pikeun meunangkeun pesan, nu baris ditepikeun ku panulis.

5) Dongéng nya éta salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran). Sakapeung sok kaselapan bagian anu dikawihken, umumna parondok. Turun-tumurunna jeung sumebarna ku cara lisan.

Jadi anu dimaksud ku “Efektivitas Média Audio-Visual dina Pangajaran Maca

Dongéng” nya éta gambaran éféktif atawa henteuna média audio-visual dina pangajaran maca dongéng siswa SMP Negeri 45 Bandung.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén nya éta alat bantu pikeun ngumpulkeun data dina panalungtikan. Instrumén mangrupa hal anu penting, sabab hasil henteuna panalungtikan dipangaruhan ku instrumén anu digunakeun. Data anu diperlukeun pikeun ngajawab masalah jeung nguji hipotésis dikumpulkeun ngaliwatan instrumén. Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta mangrupa wangun tés jeung pedoman obsérvasi.

3.5.1 Tés

Tés nya éta runtuyan patalékan atawa alat anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, intelegénsi, kamampuh atawa bakat anu dipiboga ku individu atawa kelompok (Arikunto, 2010:193).

Tés anu digunakeun nya éta tés maca dongéng di hareup kelas. Ieu panalungtikan ngagunakeun instrumén mangrupa format meunteun maca dongéng.

- Format tés

Lawungan ka-1 (pratés)

(20)

Instrumén Pratés

Prak hidep ngadongéng di hareupeun kelas, sing alus lafalna, intonasi, nada, tekenan, pasemon jeung gerak-gerikna!

Katangtuan ngadongéng

1) Siswa saurang-saurang maju ngadongéng di hareupeun kelas 2) Waktu teu leuwih ti 5 menit

3) Komponén nu dipeunteun: I. Maham eusi II. Galur carita III. Lafal IV. Intonasi

V. Nada/tekenan

VI. Pasemon/gerak-gerik

Lawungan ka-2 (postés)

Média jeung sumber pangajaran nu digunakeun nya éta video rékaman maca dongéng Rasdha ti SD Pengadilan 2 Tasikmalaya.

Instrumén Postés

Prak hidep ngadongéng di hareupeun kelas, sing alus lafalna, intonasi, nada, tekenan, pasemon jeung gerak-gerikna saperti conto dina video ngadongéng Rasdha ti SD 2 Pengadilan Tasikmalaya!

Katangtuan ngadongéng

1) Siswa saurang-saurang maju ngadongéng di hareupeun kelas 2) Waktu teu leuwih ti 5 menit

3) Komponén nu dipeunteun: I. Maham eusi

(21)

42

Maca Skor Tingkat Katerangan

Maham eusi 5

maham kana eusi dongéng ngadeukeutan sampurna.

siswa bisa maham kana eusi dongéng, tapi aya saeutik kasalahan, tapi masih bisa ditarima. siswa kurang bisa maham kana eusi dongéng. siswa teu bisa maham kana eusi dongéng.

Galur carita 5

galur carita ngaguluyur, luyu jeung instrumén panalungtikan.

galur carita ngadeukeutan sampurna.

aya saeutik kasalahan, tapi masih bisa ditarima. galur carita kurang luyu jeung instrumén panalungtikan.

galur carita teu luyu jeung instrumén panalungtikan

jéntré, teu aya kasalahan.

lafal siswa méh teu aya kasalahan, ngadeukeutan sampurna.

(22)

Kamampuh

Maca Skor Tingkat Katerangan

2 1

Kurang Kurang pisan

loba kasalahan lafal. loba pisan kasalahan lafal

Intonasi 5

merenah pisan, teu aya kasalahan.

hampir teu aya kasalahan, ngadeukeutan sampurna.

aya saeutik kasalahan intonasi, tapi masih bisa ditarima.

loba kasalahan intonasi jeung ngaganggu. loba pisan kasalahan intonasi

Nada/

merenah pisan, teu aya kasalahan.

hampir teu aya kasalahan, ngadeukeutan sampurna.

aya saeutik kasalahan nada/tekenan, tapi masih bisa ditarima.

loba kasalahan nada/tekenan jeung ngaganggu. loba pisan kasalahan nada/tekenan

Pasemon/

gerak awak geus luwes, henteu kaleuleuwihi, jeung matak kataji.

pasemon/gerak-gerik geus alus, hampir teu aya kasalahan.

pasemon/gerak-gerik kurang alus, tapi masih bisa ditarima.

pasemon/gerak-gerik kaleuleuwihi, kurang

(23)

44

Kacindekan skor Hadé pisan : 30-27 Hadé : 26-23 Sedeng : 22-18 Kurang : 17-12 Kurang pisan : 11-6

Sanggeus méré peunteun dumasar kana aspék anu aya dina tabél di luhur, pikeun nangtukeun jumlah skor murni karangan éséy siswa, digunakeun pedoman meunteun ngagunakeun rumus:

3.5.2 Obsérvasi

Instrumén anu digunakeun nya éta pedoman obsérvasi ieu di handap.

Tabél 3.2 Pedoman Obsérvasi

No. Aktivitas Diajar Éféktifitas Katerangan

Éféktif Teu Éféktif 1. Guru nepikeun matéri pangajaran

maca dongéng

2. Tés kamampuh siswa dina maca dongéng (prétés).

3. Guru méré conto video cara-cara maca dongéng nu bener.

(24)

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés jeung téhnik obsérvasi.

1) Tés

Tés anu dilakukeun jumlahna dua kali. Tés kahiji mangrupa prétés, nya éta tés kamampuh awal saméméh siswa ngalaman prosés diajar ngajar. Prétés mibanda maksud mikanyaho kamampuh siswa dina pangajaran

maca dongéng saméméh meunang “perlakuan” (treatment). Tés kadua mangrupa postés, nu mibanda maksud pikeun mikanyaho kamampuh

siswa dina pangajaran maca dongéng sabada meunang “perlakuan”

(treatment). Anapon tés nu dilakukeun dina panalungtikan mangrupa tés prakték maca dongéng di hareupeun kelas.

2) Obsérvasi

Arikunto (2010:199-200) nétélakeun sawangan ngeunaan obsérvasi saperti ieu di handap.

Di dalam pengertian psikologik, observasi atau yang disebut pula

dengan pengamatan, meliputi kegiatan pemuatan perhatian terhadap sesuatu objek dengan menggunakan seluruh alat indra. Jadi, mengobservasi dapat dilakukan melalui penglihatan, penciuman, pendengaran, peraba, dan pengecap.

Obsérvasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku jalan nyaksian

“penampilan” jejer panalungtikan sacara langsung.

3.7Téhnik Ngolah Data

Data nu bakal diolah jeung dianalisis téh ngawengku data hasil kamampuh awal (prétés) jeung data kamampuh ahir (postés).

Kamampuh awal siswa kudu ditéangan pikeun nangtukeun pangaruh

“perlakuan” (treatment) kana média audio-visual dina pangajaran maca dongéng. Upama kamampuh awal geus katitén tangtu bakal gampang nangtukeun gedé leutikna pangaruh média nu digunakeun.

(25)

46

3.7.1Meunteun kamampuh dongéng boh prétés boh postés. Katangtuan ngajén bisa katitén tina tabél ieu di handap.

Tabél 3.3

Pedoman Ngajén Dongéng

Kamampuh

Maca Skor Tingkat Katerangan

Maham eusi 5

maham kana eusi dongéng ngadeukeutan sampurna.

siswa bisa maham kana eusi dongéng, tapi aya saeutik kasalahan, tapi masih bisa ditarima. siswa kurang bisa maham kana eusi dongéng. siswa teu bisa maham kana eusi dongéng.

Galur carita 5

galur carita ngaguluyur, luyu jeung instrumén panalungtikan.

galur carita ngadeukeutan sampurna.

aya saeutik kasalahan, tapi masih bisa ditarima. galur carita kurang luyu jeung instrumén panalungtikan.

galur carita teu luyu jeung instrumén panalungtikan

jéntré, teu aya kasalahan.

lafal siswa méh teu aya kasalahan, ngadeukeutan sampurna.

aya saeutik kasalahan lafal, tapi masih bisa ditarima.

loba kasalahan lafal. loba pisan kasalahan lafal

Intonasi 5

4

Hadé pisan Hadé

merenah pisan, teu aya kasalahan.

(26)

Kamampuh

Maca Skor Tingkat Katerangan

3

loba kasalahan intonasi jeung ngaganggu. loba pisan kasalahan intonasi

Nada/

merenah pisan, teu aya kasalahan.

hampir teu aya kasalahan, ngadeukeutan sampurna.

aya saeutik kasalahan nada/tekenan, tapi masih bisa ditarima.

loba kasalahan nada/tekenan jeung ngaganggu. loba pisan kasalahan nada/tekenan

Pasemon/

gerak awak geus luwes, henteu kaleuleuwihi, jeung matak kataji.

pasemon/gerak-gerik geus alus, hampir teu aya kasalahan.

pasemon/gerak-gerik kurang alus, tapi masih bisa ditarima.

pasemon/gerak-gerik kaleuleuwihi, kurang

luwes jeung ngaganggu.

Skala Likert (Ridwan, 2007:12) Kacindekan skor

(27)

48

Kurang pisan : 11-6

Sanggeus data hasil panalungtikan bisa dikumpulkeun, saterusna dilaksanakeun kagiatan ngolah data, anu ngawengku sababaraha kagiatan saperti ieu di handap.

3.7.2Uji Sipat Data

Pikeun ngabuktikeun hipotésis perlu ayana sipat data. Data nu diuji téh nya éta gain antara skor tés awal jeung skor tés ahir. Pangna nu diuji téh gain antara skor tés awal jeung skor tés ahir lantaran ieu panalungtikan téh nyoko perkara éféktivitas média audio-visual dina pangajaran maca dongéng upama dipaké di kelas.

Nguji sipat data ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas. 3.7.2.1Uji Normalitas

Tujuan diayakeun uji normalitas nya éta pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa miboga distribusi anu normal salaku sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuh dua rata-rata.

Pikeun nangtukeun yen data téh miboga sipat anu normal atawa henteu nornal, bisa ngagunakeun rumus chi kuadrat (x2).

Dina nangtukeun uji normalitas, aya sababaraha léngkah anu kudu dilakukeun. Léngkah-léngkahna nya éta:

1) Nyieun tabél frekuénsi skor pratés

Tabél 3.4

Frékuénsi Peunteun Pratés

Skor (X) F fx fx2

2) Ngitung rata-rata (mean) skor pratés jeung pascatés

(28)

3) Ngitung standar deviasi (SD)

Katerangan:

SD : Standar Deviasi

N : Jumlah subyék panalungtikan

fx2 : Jumlah frékuénsi x nilai

(∑fx) 2 : Jumlah frékuénsi nilai x dikuadratkeun

4) Nangtukeun jumlah kelas (k)

atawa

5) Nyieun daftar frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspétasi anu ngawengku: (1) Nangtukeun rentang (r) ngagunakeun rumus

(2) Nangtukeun jembar kelas (p) ku cara milis angka ganjil 1.3.5.7.

6) Nangtukeun kelas frékuénsi obsérvasi (Oi)

7) Ngitung Z

8) Nangtukeun ambahan/legana unggal kelas interval (L)

9) Ngitung frekuensi ékspéktasi

(29)

50

10) Nangtukeun chi kuadrat (x2)

11) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspétasi Tabél 3.5

Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspétasi Pratés Kelas Oi BK

Handap

BK

Luhur Z1 Z2 Z1 Tabél Z2 Tabél L Ei x 2

12) Nangtukeun derajat (db)

13) Nangtukeun normalitas

Pikeun nangtukeun normalitas distribusi populasi digunakeun kritéria ieu di handap.

X2itung< X2tabél hartina distribusi data normal X2itung> X2tabél hartina distribusi data teu normal

3.7.2.2Uji Homogénitas

Tujuan tina uji homogénitas nya éta pikeun mikanyaho homogén-henteuna variasi sampel tina populasi anu sarua. Sarua jeung uji normalitas, pikeun nangtukeun homogen-henteuna data ngagunakeun rumus chi kuadrat. Pikeun nangtukeun homogénitas, léngkah-léngkahna nya éta:

1) Nangtukeun variasi masing-masing kelompok - Variasi pratés (SI2)

(30)

- Variasi pascatés (S22)

2) Hasil variasi disupkeun kana distribusi F

(Arikunto, 2006:321)

Katerangan:

F : Harga varian anu rék ditéangan S2b : Variasi nu leuwih gedé

S2b : Variasi nu leuwih leutik

3) Ngitung db

4) Nangtukeun F tabél

Pikeun nangtukeun homogénitas digunakeun kritéria ieu di handap. Fitung< F tabél hartina variasi sampel homogén

Fitung> F tabél hartina variasi sampel teu homogén

3.7.3 Uji Gain

(31)

52

Tabél 3.6

Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Maca Dongéng Ngagunakeun Média Audio-Visual

No. Pratés Pascatés d d2

3.7.4 Uji Hipotésis

Dina uji hipotésis lengkah-lengkahna saperti ieu di handap. (1) Nyieun tabél uji jumlah rata-rata pratés jeung postés

Tabél 3.7

Uji Jumlah Rata-rata Pratés jeung Postés

No Pratés Pascatés d d2 Xd

(d-md)

(2) Ngagunakeun mean tina béda pratés jeung pascatés kalawan ngagunakeun rumus:

(3) Derajat kabébasan (db) kalawan rumus:

(4) Ngitung t kalayan rumus:

(32)

(5) Ngabuktikeun hipotésis

(Arikunto, 2010:350)

(6) Nafsirkeun data (7) Nyieun kacindekan

Ditarima henteuna hipotesis ngagunakeun kritéria ieu di handap. Lamun Fitung< F tabél hartina variasi sampel homogén

Fitung> F tabélhartina variasi sampel teu homogén

a) Lamun titung> t tabél, hartina hipotésis ditarima, yén média audio-visual éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh maca dongéng siswa kelas VII-J SMP Negeri 45 Bandung.

b) Lamun titung< t tabél, hartina hipotésis teu ditarima, yén média audio-visual teu éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh maca dongéng siswa kelas VII-J SMP Negeri 45 Bandung.

3.8Prosedur Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan ngawengku sababaraha léngkah anu kudu dilaksanakeun. Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan ngawengku: (1) tahap tatahar; (2) tahap pelaksanaan; jeung (3) tahap ngolah data.

3.8.1 Tahap Tatahar

Tahap tatahar dina ieu panalungtikan, nya éta:

(33)

54

2) ngajukeun judul skripsi sabada meunang masalah di sakola; 3) ngajukeun proposal skripsi;

4) nyusun silabus jeung Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP);

5) nyusun instrumén panalungtikan pikeun ngalaksanakeun panalungtikan ka

sakola SMAN 1 Pelabuhanratu ngeunaan “Éféktivitas Média Audio-Visual pikeun Pangajaran Maca Dongéng (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)” ; jeung

6) néangan sumber data ngeunaan média audio-visual.

3.8.2 Tahap Pelaksanaan

Tahap pelaksanaan dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) nyiapkeun matéri pangajaran ngeunaan maca dongéng jeung média audio-visual;

2) nyiapkeun alat panalungtikan (instrumén); jeung 3) ngalakukeun panalungtikan ka kelas.

3.8.3 Tahap Ngolah Data

Tahap ngolah data dina ieu panalungtikan, nya éta: 1) ngumpulkeun data anu geus kacangking;

(34)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Sabada ngayakeun panalungtikan éféktivitas média audio-visual pikeun pangajaran ngadongéng di kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung, tétéla yén média audio-visual bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongéng. Sangkan leuwih jéntré dipedar ieu di handap.

1) Média audio-visual digunakeun pikeun ngukur kamampuh ngadongéng nu

diterapkeun dina pratés jeung postés (salaku “perlakuan”) nu dilaksanakeun ka

siswa. Prosés panalungtikanana ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. Lian ti éta téknik ngolah data nu dipaké ngawengku uji sipat data (uji normalitas jeung uji homogénitas pikeun ngukur data normal-henteuna katut homogén-henteuna data pratés jeung postés), uji gain (ngukur béda data hasil analisis pratés jeung postés nu hasilnya nguji ngaronjat-henteuna “perlakuan” sabada

postés, jeung uji hipotésis (ngukur éféktif-henteuna “perlakuan” dina hasil

panalungtikan).

2) Panalungtikan dilaksanakeun di SMP Negeri 45 Bandung kelas VII J anu jumlah siswana nya éta 34 siswa. Dina lawungan kahiji dilaksanakeun pratés pikeun mikanyaho kamampuh siswa saméméh ngagunakeun média audio-visual. Lawungan kadua dilaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun média audio-visual (postés) pikeun mikanyaho kamampuh siswa sabada ngagunakeun “perlakuan”.

3) Kamampuh ngadongéng siswa kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung saméméh ngagunakeun média audio-visual hasilna katitén can nyugemakeun, lantaran masih kénéh loba siswa anu can mampuh dina ngadongéng. Tina 34 siswa, ngan aya 4 (11,5%) siswa anu geus mampuh dina ngadongéng, sedengkeun sésana 30 (88,5%) siswa can mampuh dina ngadongéng. Kamampuh siswa dina pratés bisa katitén tina skor rata-ratana nya éta 14,8.

(35)

83

béda jeung saméméhna. Tina 34 siswa katitén 27 (79,4%) siswa anu geus mampuh ngadongéng, sedengkeun 7 (20,6%) siswa sésana masih can mampuh ngadongéng. Kamampuh siswa dina postés bisa katitén tina skor rata-ratana nya éta 20,1.

5) Aya béda signifikan antara kamampuh siswa dina ngadongéng saméméh jeung sabada ngagunakeun média audio-visual, éta hal bisa katitén tina hasil uji hipotésis data pratés jeung postés anu nuduhkeun yén titung > ttabél (14,72 > 2,46). Ku kituna, bisa dicindekkeun ieu skripsi panalungtikan nu ngagunakeun média audio-visual éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngadongéng siswa kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung.

5.2 Rékoméndasi

Sanggeus diayakeun panalungtikan ngeunaan éféktivitas média audio-visual pikeun pangajaran ngadongéng, aya sababaraha rékoméndasi tina hasil ieu panalungtikan, di antarana:

1) média audio-visual geus kabukti éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh ngadongéng, ku kituna média audio-visual bisa dimangpaatkeun pikeun pangajaran séjén;

2) rékoméndasi pikeun sakola SMP Negeri 45 Bandung, nya éta sangkan bisa ngaoptimalkeun deui fasilitas média nu geus aya di sakola. Fasilitas nu aya di sakola SMP Negeri 45 Bandung kaitung geus lengkep, tinggal ngamangpaatkeun sacara optimal jeung maksimal fasilitas nu aya saperti infocus, laboratorium, buku-buku, jeung média nu séjéna;

3) rékoméndasi pikeun guru basa Sunda SMP Negeri 45 Bandung nya éta sangkan bisa ngamangpaatkeun média nu geus aya jeung geus disadiakeun ku pihak sakola; jeung

(36)

DAPTAR PUSTAKA

 Buku

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Paraktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Arsyad, Azhar. (1997). Media Pembelajaran. Jakarta: RajaGrafindo Persada.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Danandjaja, James. (2007). Folklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Hamalik. (1994). Media Pembelajaran Bahasa dan Sastra. Jakarta: Erlangga.

Iskandarwassid. (1992). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Kustandi, C. & Sutjipto B. (2011). Media Pembelajaran Manual dan Digital. Bogor: Ghalia Indonesia.

Riduan & Sunarto. (2012). Pengantar Statistika: Untuk Penelitian Pendidikan, Sosial, Ekonomi, Komunikasi, dan Bisnis. Bandung: Alfabeta.

Sadiman, Arief S. et al. (1986). Media Pendidikan Pengertian, Pengembangan, dan Pemanfaatannya. Jakarta: RajaGrafindo Persada.

Soleh, Agus Mochamad. et al. (2009). Anggitan Sastra Sunda. Bandung: CV. Dwi Mahendra.

Sudaryat, Yayat. et al. (2007). Makaya Basa Jeung Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Sudjana, Nana & Rivai, Ahmad. (1997). Media Pengajaran. Bandung: Algensindo

Sugiyono. (2011). Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

(37)

85

Tim Penyusun JPBD UPI. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda Édisi Révisi. Bandung: Sonagar Press.

Tim Penyusun UPI. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

 Karya Ilmiah

Roberto, R. Toto. (2012). Éféktivitas Média Audio dina Pangajaran Ngaregepkeun Dongéng (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII SMK Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2011/2012). Skripsi Sarjana Pendidikan pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Winarni, Lilis. W. (2010). Éféktifitas Média Audio Visual pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nepikeun Biantara Siswa Kelas XI MTs Negeri Sukasari Cimahi. Skripsi Sarjana Pendidikan pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

 Online

Nurfarida, Ida. (2007). Ciri-ciri Dongéng. [online]

Tersedia:http://repository.upi.edu/operator/upload/s_bd_0703722_chapter 2.pdf.

[25 Februari 2013]

Tersedia:http://su.wikipedia.org/wiki/Dong%C3%A9ng/fungsi-dongeng.

Referensi

Dokumen terkait

Tingkat kapasitas Koperasi Desa Wisata Pasir Eurih sebagai kelembagaan ekonomi lokal pedesaan yang berkaitan dengan ekonomi berkelanjutan dengan di ukur dengan menggunakan

The study cytotoxic effects of ethylacetate fraction of bangun-bangun leaves were done on Artemia salina Leach larvae using Brine Shrimp Lethality Test (BSLT) method. Data

Pada penelitian ini penulis membangun suatu sistem pakar yang mampu mendiagnosa disleksia pada anak usia 5 tahun keatas menggunakan metode Naive Bayesian (NB)

kasih kepada semua yang telah membantu penulis sehingga skripsi ini dapat.. diselesaikan.Ucapan terima kasih penulis

3 UP3ST memeriksa substansi dan format usulan pengabdian 7 hari 5 Dosen mengirimkan usulan pengabdian 4 eksemplar ke UP3ST 1 hari Propo sal Penga bdian 6 UP3ST mengajukan

Berdasarkan latarbelakang diatas, maka yang menjadi permasalahan dalam penelitian ini yaitu, “Apakah penggunaan Model Pembelajaran Team Quiz dapat meningkatkan motivasi

[r]

Jika ditinjau dari KAM siswa, untuk kemampuan berpikir kritis, hanya siswa dengan kelompok tengah pembelajaran kooperatif tipe co-op co-op yang memiliki pencapaian