Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Manusa salaku mahluk sosial nu ngabutuhkeun hal séjén pikeun nyumponan pangabutuhna boh jalma, sato atawa barang nu lianna. Dina hirup kumbuh jeung masarakat, unggal jalma ngahasilkeun produk tina prosés kahirupan. Salasahijina kabudayaan nu mangrupa sagala rupa hasil karya nu diciptakeun ku manusa tina kabiasaan sapopoéna. Kabudayaan nu diciptakeun ku manusa mangrupa seni, sastra boh lisan atawa tulisan. Nurutkeun Koentjaraningrat (1985, kc. 5), aya tilu wujud kabudayaan, nyaéta: 1) wujud kabudayaan salaku hal kompléks tina ide-ide, gagasan, nilai-nilai, norma-norma, aturan, jeung sajabana; 2) wujud kabudayaan salaku hal kompléks aktivitas paripolah manusa nu miboga pola dina masarakat; 3) wujud kabudayaan salaku barang-barang hasil karya manusa.
Taya masarakat nu teu miboga kabudayaan, ogé sabalikna taya kabudayaan tan masarakat salaku wadah nu ngarojongna. Aya sababaraha unsur kabudayaan nurutkeun Koentjaraningrat (2005, kc.81), nyaéta: 1) pakakas jeung kalengkepan hirup manusa (baju, imah, parabot, pakarang, pakakas produksi, jeung sajabana); 2) pakasaban hirup jeung sistem-sistem ekonomi (tatanén, “peternakan”, sistem produksi, sistem distribusi, jeung sajabana); 3) sistem kamasarakatan (pancakaki, organisasi politik, sistem hukum, sistem “perkawinan”); 4) basa (boh lisan boh tulisan); 5) kasenian (seni rupa, seni sora, seni gerak); 6) sistem pengetahuan; 7) religi (sistem kapercayaan).
Sakumaha geus dijéntrékeun di luhur, kasenian kaasup unsur nu ngawangun kabudayaan. Seni minangka salasahiji wangun karya anu teu bisa dipisahkeun tina kahirupan masarakat Sunda, mangrupa kabeungharan budaya anu diwariskeun ti generasi ka generasi. Masarakat nyiptakeun seni pikeun hiburan, sindiran, atawa upacara ritual.
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Seni salasahiji kabeungharan masarakat nu kudu diriksa tur dijaga katumuwuhanana. Hiji kasenian bisa tumpur lamun masarakatna geus teu maliré deui kana éta kasenian. Komo deui dina jaman kiwari, pangaruh téhnologi sacara teu langsung bisa ngaleungitkeun tradisi nu geus aya di masarakat. Masarakat nu kairut ku seni tradisional, saperti wayang golek, carita pantun, jeung wawacan, kiwari leuwih saeutik tibatan masarakat nu kairut ku seni modéren.
Seni tradisional, hususna nu aya di dayeuh Sunda, nu mangrupa tradisi talari kudu diriksa sangkan teu kadéséh ku seni nu jolna ti bangsa deungeun. Nurutkeun Rosidi spk. (2011, kc.18), sabab beuki jarangna aya pagelaran kasenian jeung jarang aya nu nanggap, pembinaan aprésiasi ka nu seni na ogé beuki kurang. Balukarna, budak ngora nu minat jadi seniman ogé beuki saeutik. Seni tradisional kiwari geus kurang dipikawanoh. Loba pisan kabeungharan seni nu dipiboga ku masarakat Sunda, salasahijina Kasenian Surak Ibra, nyaéta kasenian nu asalna ti Kabupatén Garut. Ieu kasenian mangrupa kasenian nu wangunna kelompok. Dina hiji kelompok minimal dilakukeun ku 8 urang, sabagian aya nu mawa alat tatabeuhan, sabagianna deui aya nu ngarumpul keur ngalung-ngalungkeun hiji pamaén bari susurakan.
Kasenian Surak Ibra miboga ajén inajén nu kacida hadéna. Salasahijina, dina ieu kasenian, baheulana dipaké pikeun protés ka pamaréntah. Saeutik nu mikawanoh ngeunaan Kasenian Surak Ibra. Pikeun ngamumulé jeung ngamekarkeun kasenian tradisional, kaum rumaja salaku generasi anyar perlu mikawanoh ieu kasenian. Ku kituna, cara ngawanohkeun seni tradisional nyaéta ku dipatalikeun jeung pangajaran di sakola kalawan maké métode nu bisa ngirut siswa, salasahijina nyaéta pangajaran ngeunaan budaya Sunda.
Siswa bisa nganalisis ajén-inajén nu nyangkaruk dina Surak Ibra nu kaasup kana bahasan budaya nu luyu jeung Standar Kompetensi Kompetensi Dasar dina kurikulum KTSP 2006 di kelas VIII. Standar Kompetensi (SK) 8.1, nyaéta
“Mampu menyimak, memahami dan menanggapi pembacaan berbagai wacana lirik (rumpaka) lagu, biografi, dan pembacaan bahasan”. Kompeténsi Dasar
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(KD) 8.1.3, nyaéta “Menyimak bahasan tentang jenis-jenis kesenian daerah” (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2012, kc. 95).
Saeutik panalungtikan atawa analisis nu medar ngeunaan ajén sosial dina kasenian jeung Kasenian Surak Ibra. Saméméhna geus kungsi aya panalungtikan dina wangun skripsi di antarana: 1) “Kajian Visual pada Kostum dan Gerak Tari kesenian Surak Ibra” ku Melinda Restiani mahasiswa UNIKOM; 2) “Kesenian Surak Ibra di Kampung Sindangsari Desa Cinunuk Kecamatan Wanaraja” ku Gradesi Widya Dara mahasiswa Pendidikan Seni Musik Universitas Pendidikan Indonesia; jeung 3) “Ajén Sosial dina Kasenian Jentréng di Kacamatan Rancakalong pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Pedaran Wanda Kasenian Daérah di SMP Kelas VIII” nu disusun ku Hernita Nurmilasari mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia. Tétéla can aya nu ngaguar perkara ajén sosial kasenian Surak Ibra dina wangun skripsi.
Ku kituna, dumasar sawangan di luhur ieu panalungtikan dijudulan “Ajén Sosial dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP kelas VIII”. Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun kahayang nonoman Sunda sangkan bisa ngariksa budayana sorangan, teu ngan saukur apal seni modéren nu kadang loba pangaruh goréng pikeun kahirupan sosialna.
1.2 Rumusan Masalah
Ieu panalungtikan bisa diidéntifikasi jadi sababaraha masalah anu patalina jeung a) perluna ngamumulé warisan kabudayaan anu sumebar di masarakat sangkan bisa dipikawanoh ku generasi ayeuna tur generasi nu bakal datang, b) jenis warisan kabudayaan nu bisa diwanohkeun, disaluyukeun jeung kurikulum anu dipaké, c) téks kasenian mangrupa salasahiji media anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP, sarta salasahiji tarékah dina ngamumulé warisan kabudayaan.
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dumasar kasang tukang panalungtikan jeung idéntifikasi masalah panalungtikan anu aya di luhur, aya sababaraha rumusan masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan, saperti ieu di handap.
1) Kumaha gambaran umum tempat panalungtikan? 2) Kumaha gelarna Kasenian Surak Ibra?
3) Kumaha prak-prakan Kasenian Surak Ibra?
4) Ajén sosial naon waé nu nyangkaruk dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut?
5) Kumaha bahan ajar nu dijieun pikeun pangajaran ngaregepkeun pedaran kasenian daérah kelas VIII?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Tujuan dina ieu panalungtikan dibagi jadi dua bagian, nyaéta tujuan umum jeung husus.
1.3.1 Tujuan Umum
Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah, ieu panalungtikan miboga tujuan umum nyaéta pikeun nganalisis ngeunaan ajén sosial Kasenian Surak Ibra sarta ngariksa kabudayaan Sunda nu kaasup kabeungharan bangsa Indonesia.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun: 1) gambaran umum tempat panalungtikan;
2) gelarna Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut;
3) prak-prakan gelarna Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut;
4) ajén sosial nu nyangkaruk dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut;
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
5) bahan ajar nu dijieun pikeun pangajaran ngaregepkeun pedaran kasenian daérah kelas VIII.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Saluyu jeung watesan sarta rumusan masalah nu geus dipedar di luhur, ieu panalungtikan miboga mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaatna, di antarana: 1) pikeun panalungtik, nambahan kajembaran pangaweruh ngeunaan kasenian
Surak Ibra nu aya di Desa Sindangsari Kacamatan Wanaraja Kabupaten Garut; 2) pikeun akademik, hasil panalungtikan Kasenian Surak Ibra bisa dijadikeun
pangdeudeul bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII;
3) pikeun masarakat umum, hasil ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan pangaweruh ngeunaan sastra hususna Kasenian Surak Ibra di Desa Sindangsari Kacamatan Wanaraja Kabupaten Garut, sarta jadi motivasi pikeun ngarojong dina usaha ngamumulé kasenian Sunda sangkan teu leungit.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat, di antarana: 1) pikeun panalungtik, bisa nambahan pangaweruh dina widang budaya;
2) pikeun guru, bisa jadi pangdeudeul atawa alternatif pikeun bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda di SMP kelas VIII;
3) pikeun murid, bisa nambahan pangaweruh jeung leuwih wanoh kana kabudayaan sorangan;
4) pikeun masarakat, sangkan ulah mopohokeun kana tradisi atawa kabudayaan di Jawa Barat hususna Kasenian Surak Ibra.
Anisa Chairunisa, 2015
Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bubuka, eusina ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang tina masalah nu ditalungtik, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat praktis, sarta struktur organisasi dina ieu skripsi.
Dina bab II eusina tiori-tiori ngeunaan ajén sosial dina Kasenian Surak Ibra jeung bahan pangajaran nu dibandingkeun sarta dipatalikeun jeung masalah anu ditalungtik, panalungtikan saméméhna, sarta kalungguhan tiori.
Dina bab III eusina ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, boh métode panalungtikan boh prak-prakan ngolah data tina hasil panalungtikan, désain panalungtikan, partisipan jeung tempat panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, sarta analisis data.
Dina bab IV eusina ngeunaan déskripsi hasil panalungtikan, anu ngawengku gambaran umum tempat panalungtikan, sajarah Kasenian Surak Ibraa, prak-prakan Kasenian Surak Ibra, medar ngeunaan ajén sosial dina kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut, sarta ngalarapkeun ajén sosial nu ditalungtik kana bahan pangajaran ngaregepkeun bahasan kasenian daérah di SMP kelas VIII.
Dina bab V eusina ngadéskripsikeun kacindekan jeung rékomendasi kana panalungtikan nu geus aya.