• Tidak ada hasil yang ditemukan

Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah Nu Dipantunkeun Ku Ki Atjeng Tamadipura : kajian struktural greimas dan nilai moral.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah Nu Dipantunkeun Ku Ki Atjeng Tamadipura : kajian struktural greimas dan nilai moral."

Copied!
20
0
0

Teks penuh

(1)

CARITA PANTUN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH NU DIPANTUNKEUN KU KI ATJENG TAMADIPURA

(Tilikan Struktural Greimas jeung Ajén Moral)

TÉSIS

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat ngahontal gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

Jajang Winarya

NIM 1200974

PROGRAM STUDI

PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA

(2)

LEMBAR PENGESAHAN

JAJANG WINARYA NIM 1200974

CARITA PANTUN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH NU DIPANTUNKEUN KU KI ATJENG TAMADIPURA

(Tilikan Struktural Greimas jeung Ajén Moral )

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum NIP 196411101989032002

Pangaping II,

Prof. Dr. Iskandarwassid, M.Pd

Kauninga ku

Pupuhu Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana

Universitas Pendidikan Indonesia,

(3)

==========================================================================

Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah

nu Dipantunkeun Ku Ki Atjeng

Tamadipura

(Tilikan Struktural Greimas jeung Ajén Moral)

Oleh Jajang Winarya S.Pd UPI Bandung, 2011

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

© Jajang Winarya

Universitas Pendidikan Indonesia Juli 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(4)

CERITA PANTUN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH YANG DIPANTUNKAN OLÉH KI ATJENG TAMADIPURA

(Kajian Struktural Greimas dan Nilai Moral)1)

JAJANG WINARYA 2)

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan pantun Mundinglaya Di Kusumah yang dipantunkan oléh Ki Atjéng Tamadipura. Deskripsinya berdasarkan struktur carita aktansial dan Fungsional Greimas, serta nilai-nilai moral kemanusiaan. Dalam penelitian ini menggunakan pendekatan kualitatif dengan metode deskriptif. Data penelitian ini adalah struktur cerita dan nilai-nilai moral dalam cerita pantun Mundinglaya Di Kusumah. Hasilnya adalah dalam tiap aktan ditempati lebih dari satu tokoh dan tiap tokoh menempati lebih dari satu aktan serta struktur fungsionalnya membangun alur yang konvensional. Nilai-nilai moral sadrasa manusia yang terkandung dalam penelitian ini umunnya adalah adalah moral manusia terhadap pribadinya dan moral manusia terhadap manusia lainnya. Selain itu, terkandung juga beberapa nilai moral lainnya seperti moral manusia terhadap tuhannya, moral manusia terhadap alamnya, moral manusia terhadap waktu, dan moral manusia dalam mencapai rasa bahagia lahir dan batin.

Kata kunci: struktural Greimas, ajén moral, cerita pantun Mundinglaya Di Kusumah.

1) Tesis ini dibawah bimbingan Dr. Ruhaliah, M.Hum jeung Prof. Dr. Iskandarwasid, M.Pd 2) Mahasiswa Program Studi Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah

(5)

THE STORY OF PANTUN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH THAT EACH VERSE BY KI ATJENG TAMADIPURA

(An Investigate Greimas’s Structural and Moral Value)1)

JAJANG WINARYA 2)

ABSTRACT

The purpose of this research described a story of pantun Mundinglaya Di Kusumah that suggest by ki Atjeng Tamadipura. The described story of pantun based on story’s structure

aktansial and Greimas’s functional, as well as moral value a humanity. In this research used

qualitative approach whit descriptive method. The data of this research is story’s structure and

moral value in the story of pantun Mundinglaya Di Kusumah. The result of each aktan put more than one character and the character put more than one aktan whit structure functional contructive the plot of story that konvensional. Moral value sadrasa manusa be found in this

research is moral value about themselves and human’s moral about another human. Except it, be

found some another moral value like as human’s moral about their God, human’s moral about their world, human’s moral about their time, and human’s moral to get happily in their life.

Keyword: structural Greimas, the value of moral, story of pantun Mundinglaya Di Kusumah..

1) This thesis is supervisor of Dr. Ruhaliah, M.Hum and Prof . Dr. Iskandarwassid, M.Pd 2) Collage of Magister study programe of Educational Language and Sundanese culture of

(6)
(7)

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN

4.1 Hasil Panalungtikan ………. 55

4.1.1 Ringkesan Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah ... 55

4.1.2 Struktur Faktual Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah ... 60

4.1.2.1 Téma Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah …... 60

4.1.2.2 Galur Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah …... 61

4.1.2.3 Tokoh Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah …... 63

4.1.2.4 Latar Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah …... 65

4.1.3 Struktur Aktansial jeung Fungsional Greimas tina Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah ………... 77

4.2 Analisis Ajén-inajén Moral dina Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah... 90

4.3 Pedaran ………... 128

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan... 132

5.2 Saran... 133

(8)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Carita pantun kaasup kana karya sastra sampakan. Karya sastra nu dianggap asli, ayana carita pantun teu kapangaruhan ku karya sastra séjén (Ruhaliah, 2002: 18). Nurutkeun Ajip Rosidi (2009a: 31) carita pantun téh carita anu dihaleuangkeun atawa didéklamasikeun ku juru pantun dina pagelaran ritual anu disebut mantun. Anu jadi jejer dina pantun téh juru pantun jeung kacapi pantun (pamirig).

Dumasar kana médiana, nurutkeun Iskandarwassid (2003: 102) carita pantun téh kagolong kana carita lisan, turun-tumurun, jeung sumebarna tatalépa. Nu ngalantarankeun wangun lisan mah babari robah, babari leungit jeung versi carita nu béda. Dina cara nyebarkeunana, juru pantun nyaritakeun langsung lalakon pantun ka muridna (teu ngagunakeun média tinulis) tur pikeun ngapalkeunana ogé saukur ngandelkeun ingetan. Matak teu héran lamun aya rupa-rupa vérsi dina hiji judul carita pantun.

Katerangan nu pangkahotna ngeunaan carita pantun aya dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian anu nyabit-nyabit carita pantun. Sok sanajan naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian lain naskah sastra, tapi penting pisan pikeun nyusun tatapakan sajarah sastra. Éta naskah téh titimangsana 1440 Saka atawa 1518 maséhi. Dina éta téks, aya katerangan yén:

hayang nyaho di pantun ma: Langgalarang, banyakcatra, Silihwangi, Haturwangi: prepantun Tanya…

dumasar kalimah di luhur, carita pantun gumelar saméméh taun 1518 Maséhi. Dina éta naskah disebutkeun opat lalakon-lalakon pantun, nya éta Langgalarang, Banyakcatra, Silihwangi, jeung Haturwangi.

(9)

“tidak ada pantun di kebudayaan-kebudayaan lain di Indonesia ini. Ibaratnya pantun adalah cermin budaya Sunda di masa lalunya. Pantun adalah model yang digali dari khazanah budaya masarakatnya.”

Dina sawangan di luhur katitén pisan yén carita pantun mangrupa hasil kréativitas urang Sunda jaman baheula nu jadi ciri gambaran masarakat sunda jaman baheula.

Nilik kana galur caritana, lalakon-lalakon pantun téh nembongkeun épisodeu-épisodeu anu maneuh, lian ti éta, bagian-bagian deskripsina gé geus matok. Lalakon-lalakon carita pantun ilaharna nyaritakeun raja-raja atawa pencaran Pajajaran. Nurutkeun Ajip Rosidi (2009b: 43) réréana carita pantun nyaritakeun ménak Pajajaran nu lunta ngalalana. Upamana lalakon Panggung Karaton, Demung Kalagan, Mundinglaya Di Kusumah jeung lian-lianna.

Carita pantun Mundinglaya Di Kusumah jadi salasahiji lakon pantun nu dipikawanoh ku sakabéh juru pantun. Ku lantaran kitu, carita pantun nu dipublikasikeun ku C.M. Pleyte taun 1907 loba diréka kana wangun genre séjén, di antarana kana: (1)

Narjamahan kana basa Indonésia tina téks C.M Pleyte. Ku Aoh K. Hadimadja taun 1944, (2) Gending Karesmén ku M.A. Salmoen Taun 1955, (3) Roman basa Indonésia ku Ajip Rosidi. (Bandung 1961, citak ulang Jakarta 1968, citakan ka tilu Bandung, 2007), (4) Gending karesmén ku Wahyu Wibisana nu judulna Mundinglaya Saba Langit, dipentaskeun di Bandung taun 1962, (5) Gending Karesmén ku R.T.A. Sunarya, (6) Roman dina basa Indonésia ku Saini K.M. nu judulna Pangeran Sunten Djaya. taun 1970,

Dimuat jadi feuilleton dina Indonésia express, (7) Wawacan M.A. Salmoen taun 1938,

tuluy ditarjamahkeun ka basa Indonésia ku Rustam Sutiasumarga taun 1986, (8) Roman nu ditulis dina tilu basa ku Rosmat Tasdik Al-Garuti judulna Pasini Jangji di Muaraberes.

taun, 2004, (9) Cerita Gambar dina basa Indonésia ku Tommy Widjaya. Dumasar kana pedaran di luhur, katitén pisan yén carita pantun Mundinglaya Di Kusumah jadi salasahiji carita pantun anu réa diréka kana wangun genre sastra séjén.

(10)

sanajan masih ngagambarkeun karakter manusa nu tacan sampurna tapi karakterna rineka warna. Misalna, tokoh Mundinglaya nu tumut ka ibu ramana, aya ogé tokoh jalma cunihin, pikasebeleun, sabar, jail, iri, dengki, jeung wanian. Lalakon Mundinglaya sacara umum ngagambarkeun realita masarakatna tur watek-watek tokoh dina lumangsungna komunikasi salaku mahluk sosial.

Dewey (Budiningsih, 2004: 24) nétélakeun yén moral nya éta hal-hal nu aya patalina jeung ajén-ajén susila atawa hal-hal nu aya patalina jeung hal nu dipahing sarta paripolah anu medar salah jeung bener. Moral teu leupas tina hadé goréngna paripolah manusa, sikep moral atawa moralitas bisa dihartikeun sikep ati nurani nu dikedalkeun ngaliwatan paripolah lahiriah. Moralitas bakal kajadian upama jalma milampah sikep nu hadé kalayan kasadaran jeung tanggung jawabna. Patalina moral jeung étika, nurutkeun Poerwadaminta, moral nya éta atikan ngeunaan hadé-goréngna paripolah, sedengkeun etika nya éta élmu pangaweruh ngeunaan moral. Nurgiantoro (2010: 320-321) nétélakeun yén:

Secara umum moral mengarah pada pengertian (ajaran tentang) baik buruk yang diterima umum mengenai perbuatan, sikap, kewajiban, akhlak, budi pekerti, dan susila. Istilah “bermoral”, misalnya : tokoh bermoral tinggi, berarti memiliki pertimbangan baik dan buruk. Namun, tidak jarang pengertian baik dan buruk itu sendiri dalam hal-hal tertentu bersifat relatif. Artinya sesuatu hal yang dipandang baik oleh orang yang satu atau bangsa pada umumnya belum tentu sama bagi orang lain atau bangsa lain. Pandangan seseorang tentang moral, nilai-nilai dan kecenderungan-kecenderungan biasanya dipengaruhi oleh pandangan hidup, way of life bangsanya.

Dina sawangan di luhur, katitén pisan yén moral mangrupa bagéan tina étika nu medar kana atikan ngeunaan hadé goréngna kalakuan manusa salaku anggota masarakat. Ditilik tina aspék bebeneran manusa, moral mangrupa sawangan hirup ngeunaan paripolah manusa nu bisa ditarima ku masarakat salaku mahluk sosial. Ilaharna ajén-ajén sosial tumuwuh dumasar kana falasifah hirup masarakatna (way of life).

(11)

Nurutkeun Swingewood (Faruq, 2012: 1) élmu sosial atawa sosiologi téh mangrupa ulikan anu ilmiah tur objéktif ngeunaan individu jeung masarakat, lembaga-lembaga kamasarakatan, jeung prosés-prosés sosial. Patalina masarakat jeung karya sastra, karya sastra mangrupa gambaran kahirupan manusa atawa dokumén fiksi nu ngagambarkeun paripolah jelema dina ngalalakon kahirupan di jero masarakat. Sok sanajan karya sastra mangrupa karya nu ngandung unsur imajinasi tur hasil éksprési, tapi éta karya dipangaruhan ku réalitas nu kaalaman ku pangarang.

Kahirupan masarakat tuluy robah ti mangsa ka mangsa nuturkeun parobahan jaman, parobahan téhnologi komunikasi, sarta parobahan téhnologi informasi. Éta parobahan téh mangaruhan interaksi masarakat kana sipat individual. Kaayaan sosial ékonomi anu robah balukar tina modernisasi nyiptakeun masarakat nu leuwih mentingkeun masalah-masalah individu tibatan hal-hal nu bisa dipigawé babarengan. Pangaruh modérn nu serba taktis tur individual ngabalukarkeun kagiatan-kagiatan sosial pikeun kamasarakatan katingali kaséséred ku kaayaan individual manusa nu ngarasa serba bisa ku sorangan. Padahal upama hiji pagawéan dilakukeun sacara babarengan, aya ajén-ajén moral nu bakal kacangking ku tiap individuna. Misalna dina kagiatan gotong royong. Nurutkeun Koentjaraningrat (Budiningsih, 2004: 82) aya tilu ajén nu bakal kahontal ku individu nalika ngalakukeun gotong royong, saperti (1) sadar yén hirupna gumantung ka masarakat, (2) siap sadia babantu masarakat, jeung (3) conform, teu némbongkeun yén

manéhana leuwih unggul ti nu séjén. Kagiatan kamasarakatan saperti gotong royong, mangrupa salasahiji aspék kagiatan kamasarakatan nu aya dina carita pantun Mundinglaya Di Kusumah.

Panalungtikan ngeunaan carita pantun Sunda kiwari teu leuwih réa tibatan panalungtikan ngeunaan téks sastra Sunda tinulis saperti naskah (manuscript:handschript)

kusabab sastra lisan sunda kiwari geus mimiti leungit ku kamekaran jaman. Nurutkeun Ruhaliah (2002: 21) nu geus ngalakukeun panalungtikan ngeunaan carita pantun di antarana waé F.S Eringa nu nulis desertasina ngeunaan carita pantun Lutung Kasarung

(1949), K.A Hidding nu nulis desertasina ngeunaan carita pantun Nyi Pohaci Sanghyang

Sri (1929), Dewi Cahyaningrat nyusun skripsi anu judulna Deskripsi Unsur Carita Pantun

(12)

jeung Kokom K. Nyusun skripsi anu judulna Analisis Carita Pantun Bujang Pangalasan

pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SPG (1987). Lian ti éta, aya sababaraha panalungtikan

nu objékna Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah saperti ti Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran nu nulis Cerita Mundinglaya Di Kusumah. Sebuah Analisis Struktur Cerita

Pantun (1980), Téknik Penciptaan Pantun Unsur Formula Struktur Puisi Pantun

Mundinglaya Di Kusumah Publikasi Ajip Rosidi, 1970 (1981), Aspék Filosofis Cerita

Pantun Mundinglaya Di Kusumah taun 1985, Otong R. Kurdiana nulis Skipsina ngeunaan

“Tokoh Lengser Sebagai Abdi Raja Pribadi yang Setia dalam Cerita Pantun Mundinglaya Di Kusumah Edisi Ajip Rosidi 1970 (1984)”. Dumasar kana data panalungtikan di luhur, tacan aya nu nalungtik perkara ajén moral Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah. Ku kituna, perlu ditalungtik Ajén Moral dina Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah nu dipantunkeun Ki Atjeng Tamadipura tur kumaha struktur carita pantun Mundinglaya Di Kusumah nu dilarapkeun kana struktural naratif Greimas.

1.2Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang, objék dina ieu panalungtikan nya éta carita pantun Mundinglaya Di Kusumah. Aya dua masalah utama anu dipedar dina ieu panalungtikan nya éta struktural naratologi Greimas jeung ajén moral. Struktur Greimas anu diulik nyoko kana pola aktansial jeung fungsional. Ajén moral anu dipedar nyoko kana palasipah hirup urang Sunda atawa Sadrasa kamanusaan (6 rasa kamanusaan), nya éta (1) moral manusa ka gustina, (2) moral manusa salaku pribadina, (3) moral manusa ka manusa séjén, (4) moral manusa ka alamna, (5) moral manusa ka waktu, jeung (6) moral manusa dina ngahontal rasa sugema lahir jeung batin. Dumasar kana idéntifikasi masalah éta, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun pananya ieu di handap.

a. Kumaha struktur carita pantun Mundinglaya Di Kusumah nu ngagunakeun struktural naratif Greimas (aktan jeung fungsional)?

(13)

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngaanalisis tur maluruh struktur Greimas jeung ajén moral nu aya dina carita pantun Mundinglaya Di Kusumah. Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan hayang ngadeskripsikeun:

a. Struktur carita pantun Mundinglaya Di Kusumah nu ngagunakeun struktural naratif Greimas (aktan jeung fungsional);

b. Ajén-ajén moral nu aya dina carita pantun Mundinglaya Di Kusumah.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan nya éta pikeun: a. Bahan tiningbangan pikeun panalungtikan nu sarupa;

b. Ningkatkeun pangaweruh ngeunaan sastra buhun utamana dina widang carita pantun; c. Bisa leuwih ngeuyeuban wawasan, pangalaman, jeung ngeunaan hasil budaya Sunda

dina widang moral karya sastra buhun.

1.5 Stuktur organisasi Tesis

Bab I Bubuka

Dina bab I dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, struktur organisasi tésis.

Bab II Tatapakan Tiori

Dina bab II dipedar leuwih jero ngeunaan carita pantun, strukturalisme A.J. Greimas, jeung ajén moral.

Bab III Métode jeung Téhnik Panalungtikan

(14)

BAB IV Analisis struktur A.J. Greimas jeung ajén moral

Dina bab IV diébréhkeun sagemblengna tina hasil panalungtikan anu dilakukeun ku panalungtik. Hasil atawa henteuna panalungtikan bisa katingali tina ieu bab IV.

BAB V Kacindekan jeung saran

(15)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

Ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun carita pantun Mundinglaya Di Kusumah nu dipantunkeun ku Ki Atjeng Tamadipura. Déskripsina ngawengku struktur carita pantun ku tiori aktansial jeung fungsional Greimas sarta ajén-inajén moral kamanusaan. Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif kalawan métode déskriptif. Téhnik nu dipaké nya éta ulikan pustaka. Ari Datana nya éta struktur carita jeung ajén-inajén moral dina carita pantun Mundinglaya Di Kusumah.

Sabada dianalisis, struktur carita pantun Mundinglaya Di Kusumah ngawangun 20 fungsi Greimas nu sipatna jadi bébas jeung leuwih variatif. Hasil analisis aktansial jeung fungsional Greimasna, nya éta carita pantun dibagi kana dua épisodeu. Épisodeu kahiji ngawangun 5 aktan jeung épisodeu kadua ngawangun 6 aktan. Tiap aktan ditempatan ku leuwih ti hiji tokoh.

Hasil analisis ajén moral dina carita pantun Mundinglaya Di Kusummah nu nyoko kana sadrasa manusa, nya éta (1) Moral manusa ka Gustina kapanggih aya 7 hal, nya éta

(16)

manusa dina ngahontal rasa sugema lahir jeung batin ngawengku 2 hal nya éta rasa sugema lahir jeung rasa sugema batin.

Carita pantun mangrupa manifestasi kabeungharan batin manusa Sunda, loba kénéh nu teu dipikawanoh kana wangun jeung eusina, dipiharep ieu panalungtikan carita pantun Mundinglaya Di Kusumah bisa jadi salah sahiji sumber élmu pikeun mikanyaho kabudayaan Sunda nu museur kana ajén-inajénna turta bisa jadi gambaran atawa babandingan pikeun panalungtikan séjén.

(17)

DAFTAR PUSTAKA

Abdulsyani. 2012. Sosiologi “Skematika, Teori, dan Penerapan”. Jakarta: Bumi Aksara.

Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Budiningsih, Asri. 2004, Pembelajaran Moral berpijak pada karakteristik siswa dan

budayanya, Jakarta : PT Rineka cipta.

Danadibrata, R. A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung : Kiblat.

Darmadi, Hamid. 2006. Dasar Konsep Pendidikan Moral. Bandung: Alfabeta.

Ekadjati, Edi S. 1984. Masarakat Sunda dan Kebudayaannya . Bandung: PT.

Girimukti Pusaka.

Faruq. 2012. Pengantar Sosiologi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra . Bandung: CV. Geger Sunten.

Kartini, Tini. Dkk. 1984. Struktur Cerita Pantun: Alur. Jakarta: Depdikbud.

Kosasih, Engkos. 2008. Kandaga Basa 2. Bandung: Yudhistira.

Koswara, Dedi. 2012. Racikan Sastra ”Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra

Sunda”. Bandung.

Kurniawan, Heru. 2009. Sastra Anak “Dalam Kajian Strukturalisme, Sosiologi,

Semiotik, hingga Penulisan Kreatif”. Yogyakarta: Graha Ilmu.

Moeliono, Anton Moedardo. 1988. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai

Pustaka.

Nurgiantoro, Burhan. 2010. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: UGM Perss.

Puspitaningsih, Desi Endah. 2012. Karakteristik Kapamingpinan dina Carita Pantun

Badak Pamalang (Ulikan Semiotik jeung Struktural). Tesis: Pascasarjana UPI.

Raharja, Rumdi. 2012. Nilai-Nilai Budaya Dalam Sastra Klasik Mundinglaya Di

Kusumah Dalam Kontribusinya Terhadap Pendidikan Karakter serta

Implementasinya pada Pembelajaran Apresiasi Sastra di Kelas IX SMP Pasundan

Subang Tahun Pelajaran 2011/2012. Tesis: Pascasarjana UPI.

Ratna, Nyoman Kutha. 2009. Teori, Metode,dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta:

Pustaka Pelajar.

Rosidi, Ajip. 1970. Mundinglaya Di Kusumah (carita Pantun Sunda nu dipantunkeun

(18)

Rosidi, Ajip. 2007. Mundinglaya Di Kusumah. Bandung: Nuansa.

Rosidi, Ajip. 2009 a. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku

Utama.

Rosidi, Ajip. 2009 b. Manusia Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Ruhaliah. 2002. Sajarah Sastra Sunda. Diktat Kuliah. Bandung.

Salam, Burhanuddin. 2012. Etika Individual ”Pola Dasar Filsafat Moral”. Jakarta: Rineka Cipta.

Saebani, Beni Ahmad. Dkk. 2010. Ilmu Akhlak. Bandung: Pustaka Setia

Setiadi, Elly. Dkk. 2007. Ilmu Sosial dan Budaya Dasar . Jakarta: Kencana Prenada

Media Grup.

Soelaeman, Munandar. 1987. Ilmu Sosial Dasar “Teori dan Konsep Ilmu Sosial”. Bandung: Eresko.

Stanton, Robert. 2012. Teori Fiksi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sudaryat, Yayat. Spk. 2011. Nilai Pendidikan Karakter dan Moral Bangsa dalam

Ungkapan Tradisional Sunda. Bandung: FPBS UPI.

Sudaryat, Yayat. 2015. Wawasan Kasundaan. Bandung: FPBS UPI

Sumardjo, Jakob. 2009. Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda (tafsiran-tafsiran Pantun

Sunda). Bandung: Kelir.

Sumardjo, Jakob dan Saini K. M. 1986. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

Supinah, Upi. 2011. Kajian Analisis Novel “Pudarnya Pesona Cleopatra” Karya

Habiburrahman El Shirazi Berdasarkan Pendekatan Mimetik. Cianjur: Skripsi

Universitas Suryakancana.

Suryalaga, Hidayat. 2009. Kasundaan Rawayan Jati. Bandung: Yayasan Nur Hidayat

Tamsyah, Budi Rahayu. Spk. 1996. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Tamsyah, Budi Rahayu. Spk. 2003. Kamus Lengkap Sunda-Indonesia,

Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Tarigan, Henry Guntur. 1986. Prinsip-Prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa.

Taum, Yoseph Yapi. 2011. Studi Sastra Lisan (sejarah, teori, metode dan pendekatan

disertai contoh penerapanya). Yogyakarta: Lamalera.

(19)

Warnaen, Suwarsih. Dkk. 1987. Pandangan Hidup Orang Sunda Seperti Tercermin

Dalam Tradisi Lisan dan Sastra Sunda. Bandung: Dekdikbud.

Wellek, Rene dan Austin Warren. 2014. Teori Kesusastraan. Jakarta: PT Gramedia

Pustaka Utama.

(20)

DAFTAR PUSTAKA TINA INTERNET

http://atisolechati.blogspot.com/2013/10/nilai-moral-dalam-cerpen-jalan-terakhir.html http://file.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/196408221989 031DINGDING_HAERUDIN/MENGKAJI_NILAI_MORAL_MELALUI_KARY A_SASTRA.pdf

http://g-excess.com/ (diakses pada 15/09/2012)http://artikel2.com/ (diakses pada 15/09/2012)http://kafeilmu.com/ (diakses pada 20/09/2012) 8

http://hedisasrawan.blogspot.com/2012/09/jenis-jenis-nilai-sosial-materi-lengkap.html http://id.wikipedia.org/wiki/Nilai_sosial

http://imungblog.blogspot.com/2012/10/pengertian-etika-dan-moral.html http://rhainy23.blogspot.com/2012/03/pengertian-moral-dan-etika.html http://staff.uny.ac.id/sites/default/files/nilai%20moral.pdf

http://susianty.wordpress.com/2010/09/26/hubungan-antara-etika-moralitas-dan-norma/ http://ucihafx.blogspot.com/2013/06/nilai-sosial-dalam-masyarakat.html

Referensi

Dokumen terkait

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan cerita rakyat di Kabupaten Pemalang yang meliputi: (1) Isi cerita (2) struktur cerita; (3) nilai pendidikan

Tujuan penelitian ini adalah (1) untuk mengetahui struktur pantun Bima (patu Mbojo ) pada grup “ Patu Cambe Mbojo-Dompu NTB ” di Facebook, (2) untuk mengetahui makna pantun

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan (1) jenis pilihan kata; (2) jenis gaya bahasa; (3) jenis citraan; (4) bentuk nilai moral; dan (5) relevansi hasil temuan

Abstrak: Penelitian ini dilakukan di SD N 2 Sanden bertujuan mendeskripsikan Implementasi Trilogi Kepemimpinan Pendidikan Ki Hadjar Dewantara dalam pendidikan

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan: struktur naratif dan ajaran tattwa dalam Cerita Ki GedeBasur Antara Asmara dan Ilmu Hitam. Berdasarkan

Dari kedua tema dalam CPMK tersebut dapat dikembangkan menjadi sebuah amanat yang lebih sepesifik, yaitu (1) manusia hendaknya bersabar dan bertawakal dalam menghadapi

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan: (1) Struktur-struktur novel Pukat karya Tere Liye; (2) Nilai-nilai pendidikan karakter yang terdapat dalam novel Pukat

Prasetyo dan Implikasinya terhadap Pembelajaran Bahasa Indonesia di Sekolah” dalam hasil penelitian bertujuan untuk mendeskripsikan struktur yang membangun, nilai pendidikan moral parah