• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1104589 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1104589 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

Yan Priyana, 2015

TOPONIMI NGARAN-NGARAN CURUG DI WILAYAH PURWASUKA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di wilayah Purwasuka nu ngawengku Kabupatén Purwakarta, Subang, Karawang. Tilu Kabupatén ieu baheulana mah ngan sakabupatén nya éta Kabupatén Karawang, sabab léga teuing tuluy dipisah jadi tilu Kabupatén. Sacara géografis wilayah Purwasuka aya di beulah kalér Propinsi Jawa Barat, sarta katelah wilayah Pantura (Pantai utara). Satiap Kabupatén di wilayah Purwasuka miboga objék wisata Curug.

Di wilayah Purwasuka aya tujuh belas curug nu miboga sasakala séwang-séwang, di antarana: di Purwakarta aya Curug Cipurut, Curug Ciséoh, Curug Gandasoli, Curug Panembahan. Di Subang aya Curug Cijalu, Cimuja, Curug Cilampér, Curug Cikondang, Curug Guha Badak, Curug Karémbong, Curug Sadim, Curug Saga, Curug Pamandian Tuan. Di Karawang aya Curug Bandung, Curug Cigentis, Curug Panundaan, Curug Peuteuy.

Aya sababaraha dasar katut aspék nu kapanggih dina munculana ngaran curug di wilayah Purwasuka dumasar carita rayat téh nya éta: (1) Dasar munculna ngaran curug dumasar aspék jalma, kapangiha aya salapan curug nu muncul ngarana didadasaran ku ayana aspék jalma nya éta; Curug Ciséoh, Gandasoli, Panembahan, Cimuja, Sadim, Saga, Pamandian Tuan, Bandung, Cigentis. (2) Dasar munculna ngaran Curug dumasar Aspek Ékologis, di sawang tina jihat ékologis, munculna toponimi curug di wilayah Purwasuka nyoko kana tilu aspék, nyaéta: aspék misato, aspék mituwuhan, jeung aspék mibarang. Aya dua toponimi curug anu sipatna misato atawa didadasaran ku aspék sato, nya éta; Curug Cijalu jeung Curug Guha Badak. Sarta aya tilu toponimi curug anu di kasang tukangan ku aspék mituwuhan, nya éta; Curug Cipurut, Curug Cikondang, jeung Curug Peuteuy. Sedengkeun aya tilu toponimi curug anu sipatna mibarang atawa didadasaran ku aspék barang, nya éta; Curug Karémbong, Curug Cilampér jeung Curug Panundaan

(2)

75

Yan Priyana, 2015

TOPONIMI NGARAN-NGARAN CURUG DI WILAYAH PURWASUKA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dicirian ku tilu pola, nya éta; (1) Pola toponimi salancar, (2) Pola toponimi rundayan, jeung (3) Pola toponimi kantétan.

Kapanggih aya genep curug di wilayah Purwasuka nu kaasup kana pola toponimi salancar nya éta; (1) Pola toponimi salancar dua engang (Curug Sadim, Curug Saga, Curug Bandung, Curug Peuteuy), (2) Pola toponimi salancar tilu engang (Curug Karémbong), (3) Pola toponimi salancar opat engang (Curug Gandasoli).

Aya dua curug di wilayah Purwasuka nu kaasup kana pola toponimi rundayan paN—an + KP nya éta Curug Panembahan jeung Curug Panundaan..

Toponimi curug di wilayah Purwasuka aya nu ka asup kana kecap barang kantétan.Kecap barang kantetan diwangun ku dua kecap nya éta: kecap barang jeung kecap barang (KB+KB), kecap barang jeung kecap sipat atawa pagawéan (KB+KS/KB+KP).

Aya dalapan curug nu ka asup kana pola kecap barang kantétan nu diwangun ku kecap barang+kecap barang (KB+KB) di antarana; Curug Cipurut, Ciséoh, Cijalu, Cilampér, Cikondang, Guha Badak, Pamandian Tuan jeung Cigentis. Sarta aya hiji curug nu ka asup kana pola kecap barang kantetan nu diwangun ku kecap barang jeung kecap pagawéan nya éta Cimuja.

5.2 Rékomendasi

Sabada di talungtik, réa pisan mangpaat toponimi ngaran curug téh hususna pikeun panalungtik. Sarta dipiharep hasil panalungtikan ieu bisa méré gambaran sarta bisa nambahan pangaweruh ngeunaan toponimi curug di wilayah Purwasuka kanu macana. Panalungtik ngarasa panalungtikan ieu jauh kénéh kana kasampurnaan. Kacida hadéna garapan samodél kieu dituluykeun kalawan leuwih écés. Dina ieu panalungtikan aya sababaraha rékomendasi:

(3)

76

Yan Priyana, 2015

TOPONIMI NGARAN-NGARAN CURUG DI WILAYAH PURWASUKA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Keur Disparbud Kabupatén Purwakarta, Subang, jeung Karawang mugia ieu panalungtikan jadi inventaris data sajarah ngaran-ngaran curug di wilayah Purwasuka.

Referensi

Dokumen terkait

Gambar kolase nya éta média anu nganteur siswa ngajieun carita pondok. Gambar kolase anu dipaké dina ieu panalungtikan téh aya hiji frame anu unggal. gambar miboga

mah anu dipaluruh téh perkara biografi pangarang ngaliwatan pamarekan sosiologi sastra anu dipatalikeun jeung fakta carita dina éta novel. Ieu panalungtikan béda

Dumasar pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén ieu panalungtikan aspék sosiologi sastra dina novel Saéni karangan Hadi AKS, nu ngawengku tilu aspék: (1) sosiologi pangarang; (2)

di éta tempat. Aspék tatakrama masarakat sunda anu nyampak dina éta babasan jeung paribasa téh..

panlungtikan ngagunakeun sumber data nya éta naskah carita Babad Galuh.. Sumberna ieu naskah téh nya éta ti Ibu Tétét Widiyanti, perenahna di

Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék ngeunaan kasatiaan, kareueus ngagunakeun basa Sunda, jeung kasadaran ayana norma basa, bisa katitén yén rata-rata siswa

Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV, bisa dicindekkeun yén novél Saéni diwangun ku unsur-unsur struktural (téma, fakta carita, jeung sarana carita) jeung unsur semiotik

Sacara tioritis mangpaat panalungtikan téh nya éta pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan wangun, fungsi, ma’na , katut kasalah makéna, utamana kecap panyambung