• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1000508 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1000508 Chapter3"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjek Panalungtikan

3.1.1 Lokasi

Kacamatan salem mangrupa salah sahiji ti 17 kacamatan nu aya di kabupatén Brebes sarta mangrupa salasahiji ti 7 kacamatan anu ngagunakeun basa Sunda, tapi Kacamatan Salem mangrupa hiji-hijina kacamatan anu sakabéh désana ngagunakeun basa Sunda. Jumlah pendudukna kurang leuwih 56.763 jiwa. Ieu kacamatan mangrupa kacamatan anu keur ngalaman kamekaran dina rupa-rupa widang, salian ti séktor tani, anu katempo pisan sarta bisa langsung dirasakeun ku masarakatna nyaéta dina widang atikan jeung fasilitas atawa wangunan-wangunan anu dijieun pikeun ngagampangkeun masarakatna.

Sacara géografis wilayah kacamatan Salem mangrupa daerah pagunungan (400-900 mdpl) anu dikurilingan ku leuweung sarta pagunungan-pagunungan. Ku kituna, sacara militer wilayah salem mangrupa daerah pertahanan anu efektif. Eta nu jadi sabab pangna sabagian prajurit karajaan Pajajaran nalika perang bubat lumpat, nyamuni sarta netep diditu.

Ngeunaan wates wilayahna, Kacamatan Salem miboga wates nyaéta: Beulah kalér : Kacamatan Banjarharjo, Ketanggungan

Beulah wétan : Kacamatan Bantarkawung Beulah kidul : Kabupaten Cilacap

Beulah kulon : Kabupatén Kuningan

(2)

jeung Jawa Tengah (Jawa). Ku kituna, bakal aya kecap-kecap tinangtu anu has, unik anu digunakeun nalika masarakatna komunikasi jeung masarakat di saluareun daérahna.

3.1.2 Subjék Panalungtikan

Ari nu dijadikeun populasi dina ieu panalungtikan nyaéta masarakat di kacamatan Salem Kabupatén Brebes. Lian ti éta sampelna anu aya dina ieu panalungtikan mangrupa sampel total nyaéta 8 désa anu aya di Kacamatan Salem anu informanna dicokot dumasar pasaratan anu geus ditangtukeun, tilu informan ti hiji désa anu aya. Ari pasaratanana minangka kritéria informanna nyaéta lalaki atawa awéwé, umurna ± 25 nepi ka ± 70 taun, jeung budak atawa rumaja umurna ± 14 nepi ka ± 20 taun, dilahirkeun jeung gedé di éta désa, bisa ngagunakeun basa Sunda, jeung séhat jasmani tur rohani (alat ucap sampurna).

Tina éta populasi dijaring kecap-kecap nu dipaké dina kahirupan sapopoé masarakatna. Kecap-kecap dialék di éta tempat dikumpulkeun dumasar kana (1) Istilah pancakaki, (2) Kecap gaganti jeung sesebutan, (3) Kadaharan jeung inuman, (4) Tutuwuhan jeung bungbuahan, (5) Kecap Sasatoan, (6) Sesebutan babagéan imah, (7) Pakakas, (8) Kaayaan alam jeung usum, (9) Budi Parangi, (10) Kecap pagawéan, (11) Kecap Kaulinan, (12) Kecap sipat, jeung (13) Kecap pananya, panambah, panganteb jeung panyambung.

3.2 Desain Panalungtikan

(3)

Bagan 3.2 Desain panalungtikan

3.3 Métodé Panalungtikan

Dina ngalaksanakeun panalungtikan perlu pisan ayana métode salaku léngkah gawé panalungtik pikeun ngagampangkeun dina ngalaksanakeun panalungtikan sarta pikeun nyingkahan ayana salah paham jeung pikeun méréskeun masalah.

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métodé déskriptif. Métode deskriptif nyaéta métodé panalungtikan anu ngagambarkeun sacara sistematik, jeung akurat. Metode ieu ogé ngainterpretasikeun obyék saayana (Azwar, 2012, kc.7).

Jadi, tujuan dipakéna métode deskriptif nyaéta pikeun meunangkeun gambaran ngeunaan basa Sunda dialék Brebes anu aya di Kacamatan Salem nu ngéntép seureuh, faktual, jeung akurat.

Nangtukeun wilayah nu rék dijadikeun sampel panalungtikan

Nangtukeun instrumén panalungtikan

Nangtukeun kandaga kecap lulugu nu dijadikeun instrumén

panalungtikan

Kandaga kecap lulugu dipasing-pasing dumasar kelompok istilah Analisis dialék

(4)

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré, dina ieu panalungtikan perlu ayana wangenan istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan.

a. Basa Sunda Dialék Brebes

Basa Sunda nyaéta basa indung urang Sunda anu diparaké ku masarakat Sunda boh di tatar Sunda boh luareun tatar Sunda. Basa Sunda dialék Brebes nyaéta ragam basa Sunda nu dipaké ku masarakat Brebes pikeun ngabédakeun dirina jeung warga masarakat séjénna. Ieu basa Sunda téh teu dipaké disakuliah Brebes, tapi ngan di Kecamatan Salem sarta disababaraha daérah Brebes séjénna.

b. Bahan Pangajaran Maca

Bahan pangajaran nyaéta salah sahiji komponén tina sistem pangajaran . Hasil tina ieu panalungtikan, pikeun sosialisasi deui ka masarakatna sorangan hususna pikeun siswa-siswa di sakola sangkan mikaweruh basana sorangan ku kituna hasil tina ieu panalungtikan Basa Sunda Dialék Brebes téh satuluyna dijadikeun bahan pangajaran maca dina wangun Karangan Bahasan.

Jadi, nu dimaksud basa Sunda dialék Brebes di Kacamatan Salem pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP nyaéta mangrupa inventaris kekecapan basa Sunda di wewengkon Kecamatan Salem Kabupaten Brebes anu satuluyna bakal dianalisis sarta dijadikeun bahan ajar di SMP.

3.3 Instrumen Panalungtikan

Pikeun ngumpulkeun data panalungtikan diperlukeun ogé instrumen panalungtikan pikeun ngarojong kana hasil panalungtikan.

(5)

a. Padoman Wawancara

Interview sok disebut ogé wawancara atawa kuesioner lisan, nyaéta mangrupa dialog sacara langsung anu dilaksanakeun ku panalungtik pikeun meunangkeun informasi ti informan (Arikunto, 2002, kc. 132).

Tabel 3.5 Padoman wawancara

No Kandaga Kecap Dipikawanoh Dipaké Kecap Séjén

nu dipaké

(1) (2) (3) (4) (5)

1. Pancakaki

2. Gaganti jeung Sesebutan

3. Kahirupan Désa jeung Masarakat 4. Imah jeung babagianna

5. Pakakas

6. Kadaharan jeung Inuman 7. Panyakit

8. Pagawéan

9. Tutuwuhan jeung bungbuahan 10. Sasatoan

11. Kanyataan alam jeung usum 12. Budi Parangi

13. Kaulinan

14. Kecap Pagawéan

15. Pananya, Panyambung, Panambah jeung Panganteb

(6)

b. Angkét

Angkét nyaéta sajumlahing pananya tinulis nu digunakeun pikeun ngajaring informasi ti responden ngeunaan hal-hal nu dipikanyahona. Arikunto (2002, kc. 12)

KUESIONER INFORMAN

Kampung :... Désa...

Kacamatan: Salem Kabupaten : Brebes

1. Ngaran:... Jenis Kelamin: L/P

2. Umur:...Taun...Tempat lahir...

(di jero/ luar kampong/désa/kacamatan/kabupatén)

3. Atikan:...

4. Pakasaban:...

5. Matuh di désa ti mimiti:...

6. Kungsi/ teu kungsi cicing di luar désa/kacamatan/kabupatén

di...ti mimiti...Nepi ka...

7. Kawin/ teu kawin

8. Basa nu dipaké di imah

a. Basa...

b. Basa...

9. Basa ti masarakat:...

10. Basa di tempat pagawéan:...

11. Basa lain nu digunakeun:...

Dina kasempetan...

Wawancara tanggal...2014

(7)

c. Pedoman Observasi

Observasi dilaksanakeun pikeun mikanyaho kekecapan nu biasa dipaké ku unggal masarakatna. Tujuanna sangkan panalungtik meunangkeun data anu leuwih lengkep ti informan ku cara nuliskeun kekecapan anu dianggap béda jeung masarakat séjénna.

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu dipaké pikeun ngumpulkeun data nyaéta Téhnik wawancara, Téhnik Kuesioner, jeung Téhnik Observasi, Tilu téhnik ieu bakal dijéntrékeun saperti dihandap ieu, diantarana :

a. Téhnik Wawancara

Wawancara atawa interview nyaéta cara pikeun meunangkeun data kalayan ngayakeun dialog langsung antara individu jeung individu séjénatawa individu jeung kelompok nu tangtu. (Ratna, 2010, kc. 222).

Sedengkeun sasaran wawancara dina ieu panalungtikan nyaéta informan anu nyumponan pasaratan nu geus ditangtukeun ku panalungtik nyaéta kategori dewasa boh lalaki boh awéwé umurna 25 nepi ka 70 taun, sarta kategori budak atawa rumaja umurna 14 nepi ka 20 taun anu dibabarkeun jeung gedé di éta désa.

b. Téhnik Angket atawa Kuesioner

Kuesioner nyaéta tehnik ngumpulkeun data ngaliwatan patalékan-patalékan tinulis anu disanrungsum kalayan telik, patali jeung tujuan, mangpaat, tiori jeung masalah inti dina panalungtikan. (Ratna, 2010, kc. 239).

c. Téhnik Observasi

Observasi nyaéta téhnik anu matalikeun antara dua hal, nyaéta observer (paniten) jeung informan atawa jalma séjén anu dititénan kalayan kalungguhanna salaku nu méré informasi. (Ratna, 2010, kc. 217) .

(8)

Dina ngumpulkeun data aya sababaraha tahapan anu kudu dipilampah di antarana:

1) Datang ka lokasi nepungan warga 2) Ngalaksanakeun observasi

3) Ngayakeun wawancara

4) Nyatet kecap-kecap nu ditanyakeun ka informan

3.5 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data, digunakeun téhnik analisis tina kecap-kecap Basa Sunda Dialék Brebes nu geus dikumpulkeun nalika wawancara. Anapon léngkah-léngkah ngolah datana nyaéta:

(1) Mariksa jeung ngaidentifikasi data kucara ngolektifkeun data tina hasil wawancara nu geus dilaksanakeun

(2) Nganalisis kecap basa dialék Brebes di Kacamatan Salem tina data nu aya

(3) Nyieun peta géografis dumasar kana kecap-kecap basa Sunda dialék Brebes dumasar kana sebaran pamakéan istilah basa nu aya di daérah panalungtikan. (4) Nyieun bahan pangajaran Basa Sunda pikeun siswa SMP ngagunakeun

kecap-kecap Basa Sunda dialék Brebes.

Gambar

Tabel 3.5 Padoman wawancara

Referensi

Dokumen terkait

Bentuk dan Prosedur Neraca Lajur Susun Neraca Saldo pada neraca lajur Masukkan data penyesuaian Masukkan saldo yang sudah disesuakian Tempatkan saldo yang sudah disesuaikan

PERBANDINGAN MODEL PEMBELAJARAN KOOPERATIF TIPE JIGSAW DENGAN STUDENT TEAM ACHIEVMENT DIVISION (STAD) TERHADAP KETERAMPILAN BERMAIN DALAM PERMAINAN BOLA BASKET..

[r]

Sasaran utama olahraga kesehatan yaitu memelihara dan/atau meningkatkan kapasitas aerobik. Setiap orang yang tidak teratur berolahraga akan memiliki kapasitas aerobik yang

[r]

Menggunakan uji Anova dua jalur, untuk mengetahui perbedaan peningkatan pemahaman konsep geometri dan kemampuan tilikan ruang antara siswa yang menggunakan pembelajaran

Website Taman Nasional Gunung Gede Pangrango dibuat dengan maksud untuk memberikan informasi mengenai Sejarah, Geografi fisik, Satwa, Vegetasi, Peta, Rute pendakian, Pusat

yang menggunakan kooperatif tipe STAD disertai tugas bentuk superitem,. meliputi; terampil dalam mengikuti pembelajaran, terampil dalam