• Tidak ada hasil yang ditemukan

Kisah Pengorbanan dan Keyakinan di Islam

N/A
N/A
Siti Ruhana

Academic year: 2023

Membagikan "Kisah Pengorbanan dan Keyakinan di Islam"

Copied!
4
0
0

Teks penuh

(1)

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

bismillahirrahmanirrahim Pun sampun sampurasuun…

assalamualaikum wr wb

Alhamdulillah wasyukurillah walaahaula walaa quwwata illa billah

asyhadu alla wahdahulaa syariikalah wa asyhaduanna muhammadan ‘abduhu waa rasuluh la nabiyya ba’dah

rabbisrohli sodri wayassirli amri wahlul uqdata millisaaniyaf qahuu qauuli anu ku simkuring di pihormat,

para kiyai, para ustad, para ustadzah, para guru anu insyaAllah di mulyakeun ku Allah SWT

keluarga jembar hormaten simkuring, keluarga jembar ALM.BPK HENDRA PRASETYA kalih IBU ENAH NURJANAH anu linggih di ieu badegaan diiwuwuh ku para sesepuh, pupuhu, para inohong papayung lembur, aparatur pamarentahan ti KP.SOMANG RT/001 RW/004 DESA.AMBARJAYA KEC.CIAMBAR

keluarga jembar hormaten simkuring, keluarga jembar ALM.BPK AJUN kalih IBU UJU anu sumping ka ieu badegaan diiwuwuh ku para sesepuh, pupuhu, para inohong papayung lembur, aparatur pamarentahan ti KP.SOMANG RT/004 RW/001 DESA.AMBARJAYA KEC.CIAMBAR

para sepuh, miwah para wargi sadayana

bapa,, ibu,, kalih kanca mitra panrekean anu sami- sami linggih di ieu haflah anu ku simkuring di pihormat insyaAllah di mulyakeun ku Allah SWT

bismillah nu jadi catur, wiwit lampah disarengan ku rohman rohim-Na Allah SWT, mung Allah puserna jaladri asih, puncakna sagala nikmat, puji syukur ka yang agung pangeran nu murbeng alam Allah SWt ku alatan ridona Qadarullah dina dinten ieu dinten ahad kaping 5 November taun 2023, urang sadayana tiasa riung mungpulung patepung lawung paamprok jonghok patepang waja, atuh mudah mudahan sadayana aya dina ginanjar kawilujengan. pamugi oge riung mungpulungna urang sadayana di ieu badegaan salamina di aping dijaring dijaga diriksa ku rohmat hidayah oge inayahna Allah SWT, Aamiin yaa rabbal alamiin

rohmat tur salam, mugia tetep dilelerkeun dikucurkeun, dikocorkeun kajunjungan urang sadayana kakasih alam rosulullah Muhammad saw, kapara kulawargina, kapara sohabatna, oge kapara umatna tug dugi ka akhir zaman, atuh mudah mudahan urang sadayana anu sami sami hempak di ieu badegaan ka lebet umatna anu mahabbah micinta oge miconto kana tapak karosulannana oge surti harep jaga di yaumil qiyamah, tiasa ka auban syafa’atul ‘uzma ti rosulullah Muhammad saw, aamiin yaa rabbal alamiin

kalayan asmana nu kagungan maksad keluarga jembar ALM.BPK HENDRA PRASETYA kalih IBU ENAH NURJANAH nepangkeun simkuring pun siti ruhana fauziah, anu dina enjing ieu kapapancenan janten juru duum ngahaturkeun salam pangwilujeng, haturan wilujeng sumping kangge keluarga jembar ALM.BPK AJUN kalih IBU UJU anu parantos rurumpaheun linggih ka ieu patempatan. jazakallahu khairun katsiran kana Guntur manahna linggih di ieu patempatan.

oge unjuk nuhun anu kasuhun kana ksumpingan para sepuh miwah palawargi sadaya, mudah mudahan sadayana tiasa linggih kalayan tumaninah.

para sepuh miwah para wargi sadayana hormaten simkuring anu insyaAllah di mulyakeun ku Allah SWt

dina dinten iyeu keluarga jembar bapa ALM.BPK HENDRA PRASETYA sakalih didieu ngaraos bagja anu kacida, bagjatan wates wangen kajabi kahijina tiasa silaturahmi, patepung lawung paamprok jongkok patepang wajah sareng keluarga jembar ALM.BPK AJUN sakalih oge ngaraos bagja anu kacida alatan kukersana luntur manahna keluarga jembar ALM.BPK AJUN sakalihkersa rurumpaheun sumping ka ieu patempatan, kalayan katawis sumpingna henteu nyorangan, katawis sumpingna henteu lengoh, rebo kucacandakan,, alhamdulillahirobbil alamiin… jazakallahu khairon katsiron

nanging para sepuh miwah para wargi sadayana hormaten simkuring kajabi tur rasa bagja anu tan wates wangen IBU ENAH NURJANAH sakalih didieu ngaraos isin, ngaraos ajrih anu kacida alatan, panampianna sakieu buktosna, sanes teu mafhum, sanes teu palay sanes teu terang, kumaha ungerannana nampi tamu anu dianti, sakumaha anu

(2)

diwurukan ku rasulullah saw, nanging katiasa kamampuan kaayaan mung sakieu buktosna

rumaos simkuring sakulawargi didieu suwung tina elmu panempu oge simpe tinu jampe pamake mugi keluarga jembar ALM.BPK AJUN kalih IBU UJU luntur manah wening galih kalih ngahapunten

para sepuh miwah para wargi sadayana

dina dinten ieu urang sadayana baris nyakseni hijji acara sacral pertikahan antawis pala putra urang kaksasih anu jenengannana neng NENAH anu insyaAllah sakedapan deui bakal dipileuleuheungkeun kulalaki pilihan hatena anu jenengannana cep EEP SAEPUDIN teu aya sanes teu gaduh anu di paler mudah mudahan sikasep jang eep saepudin dina waktosna ijab qabul, allah ngaping ngajaring ngalancarkeun lisanna, oge mudah mudahan pala putra urang dina ngawangun rumah tanggana sing tiasa ngawangun rumah tangga anu sakinah, mawadah warrahmah tiasa netekonan rumah tangga anu didasaran ku kaimanan oge katakwaan ka Allah SWT

para sepuh miwah para wargi sadayana

manga urang buka acara patikahan iyeu ku aosan basmalah, bismillahirrahmanirrahim mudah mudahan kuaosan basmalah tadi tiasa janten paranta doa kangge kalancaran acara ti ngawitan dugika rengse. aamiin yaa rabbal alamiin

bisi lempang pareng sabab meun balayar pareng katambias rampang rempeng poekeun jalan sorangan, sangkan manah jadi caang, guligah ku katentreman kalayan maksad ibadah, Sumangga urang sami- sami dangukeun aosan ayat suci alquran anu bade di aoskeun ku kersana ………. manga ka ………. dihaturanan

hatur nuhun kanggo ……….. anu parantos ngaoskeun ayat suci alquran, anu sakitu endahna, mudah mudahan berkah dina aosan nembe dilungsurkeun ku Allah swt khususna kangge ustadz……….. umumna kangge urang sadayana. aamiin yaa rabbal alamiin

SEREN TAMPI

para sepuh miwah para wargi sadayana nu dimulyakeun ku Allah SWT

salajengna sok sanaos urang sadayan parantos sami surti kana pamaksadan kasumpingan keluarga jembar ALM.BPK AJUN kalih IBU UJU di ieu patempatan, nanging kanggo nyumponan tindak tanduk, usik malik urang salaku umat manusia anu dipaparinan rasa manah oge lisan, kantenan sagala tekad teu cekap dipisurti hungkul, kukituna mugia teu janten kekeling panggalih rengat manah saupamina simkuring ngahturanan ka wawakil salaku sesepuh ti keluarga jembar ALM.BPK AJUN kalih IBU UJU kanggo medarkeun naon rupi pamaksadan kasumpingan keluarga jembar ti KP.SOMANG RT/004 RW/001 DESA.AMBARJAYA KEC.CIAMBAR ka ieu patempatan, kantenan sanes lantung tambuh laku, sanes lempang tanpa raratan tapi aya nu dituju ku gerentes qalbu, oge aya nu di panah ku mamatas rasa, kanggo nu kusimkuring dipihormat pangersa bapak ……… (dari besan) dihaturanan.

hatur nuhun ka bapak ……… (dari besan) anu parantos medarkeun naon rupi pamaksadan kasumpingan ka ieu patempatan .

parantos kakuping kusadayana kalayan eces, jentre, mertela, ngembang boled singhoreng simana horeng keluarga jembar ALM.BPK AJUN kalih IBU UJU sumping kadieu the jajap putra kakasih anu jenengannana cep EEP SAEPUDIN anu seja tigin kana jangjina, bela kana subaya, seja ngajadikeun pasinina ka si gelis pujaan ati anu jenengannana neng nyai nenah putri kakasih ibu ENAH NURJANAH

atuh supados jangji ngajirim eusi oge subaya aya nyatana, dina leresan iyeu keluarga jembar ALM.BPK HENDRA PRASETYA kalih IBU ENAH NURJANAH oge baris ngadugikeun pangwalerna, anu baris di dugikeun kusesepuh ti keluarga pribumi, kanggo pangersa bapak ………. (keluarga) di haturanan.

hatur nuhun kanggo pak …….. anu parantos ngadugiken tutur pisaur pangwaler salaku wawakil sesepuh ti keluarga jembar ALM.BPK HENDRA PRASETYA kalih IBU ENAH NURJANAH

para sepuh miwah para wargi sadayana hormaten simkuring

jangji pasini parantos pasti, ucap subaya parantos nyata sapuk saur mufakat sabda, dihin pinasti nampi papasten ti gusti nu maha suci, kulak canggem bagja awak wireh cep EEP SAEPUDIN insyaallah baris ngahiji sareng neng nyai NENAH.

SESERAHAN

atuh tawis ditampina sagala rupi niat sae keluarga jembar ALM.BPK AJUN kalih IBU UJU ku keluarga jembar ALM.BPK HENDRA PRASETYA kalih IBU ENAH NURJANAH baris didugikeun tawis asihna cep EEP SAEPUDIN ka neng nyai NENAH anu baris disanggakeun ku ibu tegesna cep EEP SAEPUDIN nyatana ibu UJU, anu baris ditampi ku ibu tegesna neng nyai NENAH nyatana ibu ENAH NURJANAH, manga linggih di payun

(3)

AKAD NIKAH

para sepuh miwah para wargi sadayana hormaten simkuring

sakedapan deui urang sadayana baris nyakseni acara sakral akad pertikahan antawis palaputra urang cep EEP SAEPUDIN anu insyaAllah baris ngadahup ka neng nyai NENAH, sakumaha nu nembe bade ku simkuring didugikeun akad nikahna baris di laksanakeun di

……….

dina waktosna bapa kalih ibu sadayana sumping kaieu patempatan.

SUNGKEM HUAP LINGKUP

PABETOT BETOT BAKAKAK POTONG KUE

SESI FOTO SAWER

NGAPUNGKEUN BALON

para sepuh miwah para wargi sadayana hormaten simkuring

Alhamdulillah acara ti kawit dugika akhir parantos rengse, tutug rampung tuntas paragat, acara di papag pungkas, mangga urang sami sami rampak ngaos hamdalah sasrengan, Alhamdulillahirabbil alamiin

saninten buah saninten, saninten di parapatan, hapunten abdi hapunten bilih aya kalepatan

(doa sapu jagat) wabilahitaufiq walhidayah… wassalamualaikum wr.wb

PENYAMBUTAN CALON PENGANTIN PRIA PENGALUNGAN BUNGA MELATI

PEMBUKAAN

PEMBACAAN AYAT SUCI ALQURAN PENYERAHAN CALON PENGANTIN PRIA PENERIMAAN CALON PENGANTIN PRIA

PENYERAHAN CINDERA MATA KHUTBAH NIKAH AKAD TIKAH

DOA

SUNGKEMAN HUAP LINGKUNG SAWER

DOA RESTU FOTO KELUARGA RAMAH TAMAH TUTUP

(4)

SUNGKEM

ka dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, sim kuring sateu acan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka, wireh sim kuring sanes pujangga anu ahli ngareka basa, kumargi kitu paralun maklum anu kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana.

Bismillah…

mangga ka pasang panganten, geura lumampah nyaketan pangkonan ibu rama.

Prak, mangga ujang- nyai. Kasep-Geulis, geura nyaluuh kana lahunan indung.

Samemeh hidep duaan bareng penta kanu jadi indung, pek haturanan heula tawis rasa tumarima ngalangkungan basa kaanjeunna. Kalayan dimimitian ku keretegna manah. Uningakeun kanu janteun ibu, kieu unina :”Mamah dina dangeut ieu kalayan sareatna disakseni ku kadang wargi nu hadir didieu hakekatna disakseni ku Allah SWT langkung tipayun abdi seja ngahaturkeun rebu nuhunn laksa ketik kabingahan kana kasaean anu parantos dipaparinkeun ka abdi.

Kasawang ku abdi kasusah mamah, nalika bureuyeungan, senggah gulung gasahan. Patuangan nyelekit beuki narikan. Celekit Dina parindikan, jeletot dina bobokong, renyangrenying teu betah cicing. Dina waktu mamah ngalahirkeun abdi, mamah bajuang dina tungtung hirup tanaga mamah, engapan mamah, kesang mamah, cai soca mamahh, getih mamah nyurugcug maseuhan bumi pikeun melaan anu jadi anak.

Mamah mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngesto tina lelembutan abdi anu pang jerojerona, tina mamaras manah anu sadasar-dasarna abdi neda hampura tina samudaya dosa perdosa. Tinangtos dosa abdi anu jadi putra moal kaetang seueurna. Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, mamah lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi”.

Deudeuh teuing kasep-geulis anak mamah

Saleresna kasedih mamah dina danget ieu lain kusabab kapusingna indung kanu jadi anak. Keun sagala kasalahan anu geus di pilampah ku hidep dina waktu anu katukang tukang ku mamah di hampura.

Naning anu ngalantarankeun mamah sedih danget ieu the nyaeta kabeuran hate indung kanu jadi anak.asa kamari hidep ku mamah diseeh, di akod-akod waktu orok, di memenan waktu budak.

Kiwari ti harita mangsa ngaliwat bari teu karasa. Geuning si kasep anu di hancleung – hancleung ku mamah, si geulis anu di timbang-timbang waktu orok teu sangka geuning geus sawawa, dewasa, manjing milampah rumah tangga. Nyukcruk galur sunnah rosul, mapai lacak papagon agama. Hidep kiwari seja ngamimitian ngabaladan sagara rumah tangga. Geura bral miang, beber layar tarik jangkar ku mamah didu’akeun mugia sing tinemu jeung kabagjaan dunia katut aherat.

Mangga kasep, geulis geura ingkah tina lahunan mamah ngalih kana panggonan Bapa.

Ujang,nyai – kasesp, geullis. Sok paseurkeun panyawang hidep kana kanyaah nu jadi Bapa ka nu jadi anak dina salila ngipayahan, nyumponan kabutuhan hirup nu jadi anak.

Bapa,

Rumaos abdi mindeng musingkeun ka Bapa, dina danget ieu clik putih jatining bersih, clak herang jatining padang, ti luhur sausap rambut, tihanap sausap dampal , geutih sateteh bekan sadami, kiwari abdi neda jembar hampura tinu jadi Bapa.

Bageur kasep, geulis. Malati lingsir na ati, ansana ligar ku mangsa. Hamo lingsir dina wanci, moal ligar dina mangsa kiwari wanci tur mangsana Bapa dumareuda wakca balaka kahidep duaan. Sabenerna, gunung karahayuan, pasir kaasih, sagara kanyaah Bapa kahidep teh memang langka kakedal ku lisan, jarang karaba ku carita. Namung sanajan kitu, ngahunyudna kanyaah Bapa ka hidep teh tinangtos langkng langkung kanyaah.

Sabab, sagaka rupa anu diusahakeun ku Bapa belaan ngadua-duakeun huap, ti sruk-sruk tidugdug belaan poho ka temah wadi, teu aya lian nyaeta melaan nu jadi anak.

Cag, anaking geura tandang makalang, geura milampah babarengan kalalayan diwuwuh ku du’a nu janten sepuh. Dihiad ku panghiap nu jadi Bapa. Montong melang, lengkahkeun sampean bari ngucapkeun niat seja milampah tugas pangeran.

Mangga ujang, nyai, kasep, geulis geura ngalih kana pangkonan ibu mertua.

Baarokallohulaka wabaroka alaika wajama’a baina kuma pikhoir.

Referensi

Dokumen terkait

Hasil dari penelitian ini menunjukkan bahwa dalam kisah Umar bin Khattab terdapat nilai-nilai pendidikan Islam sebagai berikut: Pertama, nilai pendidikan aqidah yaitu

Dari berbagai penjelasan di atas dapat dipahami bahwa yang dimaksud dari interaksi pendidikan Islam dalam Al Qur’an (Kisah nabi Ibrahim dan Ismail adalah gambaran

31 Akan tetapi, tema yang paling jelas muncul dalam tulisan Gus Dur adalah bahwa Islam merupakan keyakinan yang menebar kasih sayang, yang secara mendasar toleran, agama

dua faktor ini bergerak kehadapan secara beriringan dan bersepadu, maka ia akan meningkatkan imej korporat LZS yang akhirnya akan meningkatkan keyakinan masyarakat

Terorisme dan radikalisme yang melakukan jihad dengan kekerasan tentu akan mencoreng nama Islam. Islam yang sebenarnya itu agama yang penuh kasih sayang, tidak kaku serta

Di dalam ajaran islam telah banyak menjelaskan tentang kasih sayang, sikap saling menghormati dan menghargai sesama muslim, apalagi memberikan kasih sayang, saling menghormati

Apabila kita memahami Islam secara komprehensif, maka kita akan menemukan wajah Islam yang sejuk, damai, toleran, dan kasih sayang. Nabi Muhammad s.a.w. sebagai tokoh sentral

Pembahasan pendidikan islam pada pendidikan sosial dalam film munafik 2 Nilai-nilai Islam dalam pendidikan sosial meliputi aspek persaudaraan, kasih sayang, mengutamakan orang lain,