• Tidak ada hasil yang ditemukan

Pelajari tentang Angkat Sakola

N/A
N/A
Kita Bijaksana

Academic year: 2023

Membagikan "Pelajari tentang Angkat Sakola"

Copied!
1
0
0

Teks penuh

(1)

Soal carita pikeun nomoer 21-25 jeung 40 PAT Bahasa Sunda Kelas 5

Angkat Sakola

Hawa isuk anu tiis maturan lengkah gurung gusuh Siti ka sakola. Di jalan, anjeunna ningali rea rerencangan angkat ka sakola nganggo motor, angkot, atawa kandaraan sejenna.

Sakapeung mah Siti ge hayang angkat ka sakola bari nyalse, teu kudu lulumpatan kawas kieu.

Siti sumping di sakola pas pisan bel disada. Mun telat samenit, anjeunna moal tiasa lebet ka sakola.

Karek ge rek asup ka kelas, salah saurang rencangna ngagorowok tarik pisan.

“Siti! Kabiasaan ih telat wae. Matakan mun angkat ka sakola teh ari teu boga motor mah naek angkot, béh teu kabeurangan. Untung we can aya guruna.”

Siti cicing teu nembalan cariosan rencangna. Hayanga mah kitu Siti ge, mung anjeunna kudu hemat sangkan tiasa nabung keur mayar biaya sakola.

Saatos diuk dina korsina, ka kupung deui ku Siti sababaraha babaturan sakelasna ngomongkeun.

“Uyuhan ih telat wae. Ceuk kuring mah coba manehna the naek angkot,” celetuk rencangna nu hiji.”

“Heueuh ih. Padahal da ongkos naek angkot mah teu sapira atuh. Meuni pelit,”

tembal nu lain.

Manah Siti asa nyeri. Hayang ceurik harita keneh, mung anjeunna kudu kuat.

Isukanna, Siti angkat ka sakola Subuh keneh. Langit ge poek keneh. Anjeunna hayang ngabuktikeun yen anjeunna moal kabeurangan deui. Anehna, poe eta jalan teh macet.

Kandaraan taya nu maju. Kitu oge kendaraan rerencangan Siti, taya nu maju hiji ge. Teras we Siti mapah di sisi jalan.

Di tungtung jalan, katingali ku Siti yen di jalan the keur dibenerkeun, eta anu nyababkeun macet. Untung we Siti teu naek angkot.

Siti sumping di sakola lima belas menit sateuacan bel disada. Di kelas ngan saukur aya sababaraha urang, teu saperti biasana. Siti diuk dina korsina teras ngaluarkeun buku pangajaranna.

Bel disada, nu aya di kelas ngan sapuluh siswa, kaasup Siti.

“Kamarana nu lainna?” Taros Bu Minah.

“Teu acan sumping Bu. Saurna mah kapegat macet,” jawab salah saurang rencangan Siti.

Dua puluh menit saatos bel, rea nu daratang. Siti ngarasa bungah kusabab anjeunna teu kabeurangan deui jeung teu kudu ngaraosan macetna jalan.

Referensi

Dokumen terkait