• Tidak ada hasil yang ditemukan

Pujian dan Salam

N/A
N/A
Muhammad Harun Al-Rasyid

Academic year: 2023

Membagikan "Pujian dan Salam"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

Assalamu’alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh

Alhamdulillah wa syukrulillah wa sholatu wa sallamu ‘ala rasulillah sayyidina wamaulana Muhammadin wa ‘ala alihi wa shahbihi wa mawwalah, amma ba’dah.

Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka dzat Illahi Robbi Alloh SWT, kumargi ku kersaning mantena urang ayeuna tiasa kempel di ieu wewengkon kalayan aya dina rohmat salamet sadayana.

Salam miwah sholawat mugia salawasna dipaparinkeun ka jungjunan urang sadaya. Ka Habibana Nabiyana Muhammad SAW, kasadaya kulawargina, ka para sahabatna, kasadayana Tabi’in ogé Tabi’ut tabi’ina, kasadayana anu sami tumut manut kana ajarana. Kalayan mugia urang sadaya kénging syafaatna engké di yaumil ahir, Amin ya robbal ‘alamin.

Haturan wilujeng sumping kasadayana Ibu ibu, Bapa bapa, nonoman istri sinareng pameget ogé ka sepuhna ti rombongan calon pangantén pameget, anu ku simkuring dihormat pisan. Teu hilap ka sepuhna calon pangantén Istri, ka sadayana kulawargina ogé sesepuhna anu sami dipihormat.

Simkuring salaku panata calaraga dina ieu kasempetan baris ngadugikeun naon rupi acara anu parantos dibadantenkeun sateuacana, nyaéta:

Jauh jauh hari atau minimal sebelum acara dimulai, run down acara harus diketahui oleh kedua belah fihak calon pengantin terutama orang yang terlibat langsung dalam urutan acara seperti siapa orang yang mewakili calon pengantin pria dan wanita, durasi dsb. Seperti telah di bahas pada artikel sebelumnya.

Lajengkeun deui conto biantarana

Anu kahiji mangrupi bubuka anu sakantenan ku simkuring ayeuna nuju didugikeun

Anu kadua Maos ayat suci Al Qur’an

Anu baris didugikeun ku pangersa Ibu/Bapa/ Ustadz… (Sebutkan nama orangnya)

Anu ka tilu mangrupi nyérénkeun ti wakil atanapi sesepuh calon pangantén Pameget Anu baris didugikeun ku pangersa Ibu/Bapa/Ustadz… (Sebutkan nama orangnya)

Acara ka opat panampian ti wakil atanapi sesepuh calon pangantén Istri

Anu baris didugikeun ku pangersa Ibu/Bapa/Ustadz… (Sebutkan nama orangnya)

(2)

Ka lima acara Simbolis

Anu badé didugikeun ku wakil atanapi Ibu Ramana calon pangantén pameget, sakantenan langsung ditampi ku wakil atanapi Ibu Ramana calon pangantén Istri

Ka genep mangrupi acara anu utami Akad Nikah/Ijab Kobul Anu badé dipingpin ku patugas ti Kantor Urusan Agama (KUA)

Anu salajengna acara pamungkas dina ieu acara sérén tampi, mangrupi Du’a anu baris didugikeun ku simkuring sakantenan nutup acara.

Hadirin anu sami lenggah dina ieu acara, hayu urang sami ngamangpaatkeun waktos. Acara urang kawitan ku Maos ayat suci Al Qur’an. Ka pangersa Ibu/Bapa/Ustadz…(Sebutkan nama) mangga dihaturanan.

Setelah selesai pembacan ayat suci Al qur'an

Hatur nuhun ka pangersa Ibu/Bapa/Ustadz...(Sebut namanya), anu nembé réngsé ngadugikeun maos ayat suci Al Qur'an. Mugia rohmah sinareng barokahnya dipaparinkeun ka anjeuna anu maosna, hususna ka dua calon pangantén, umumna kanggo urang sadaya, Amin ya robbal 'alamin.

Catatan

Acara berlanjut sesuai urutan yang telah disebutkan di atas, dan hal terpenting setiap selesai yang diberi kewenangan menyampaikan tugasnya masing masing. Pengatur Acara (MC) memberikan ulasan singkatnya minimal mengucapkan terimakasih atas sambutanya.

Akan tetapi jangan mengulas terlalu dalam, karena dalam serah terima calon pengantin biasanya ada unsur “Jual Beli” Bahasa dan istilah. Yang sudah menjadi tanggung jawab masing masing petugasnya (Ulah pacorok kokod/Intervensi/Overlapping :D)

Sampai pada acara pokok Walimatun Nikah

Sebelum acara akad nikah dimulai MC/Pembawa Acara harus sudah mengetahui dari hasil

perundingan kedua belah pihak. Apakah calon pengantin Istri akan diikut sertakan dalam acara ijab kobul atau tidak. Tergantung hasil musyawarah antara keluarga kedua calon pengantin

(3)

Lajengkeun deui conto biantarana

Alhamdulillah ayeuna nincak kana acara anu utama Ijab Kobul Akad Nikah. Namung sateuacana acara dilajengkeun, simkuring umajak ka sadayana anu hadir. Urang sami nyakséni kalayan panyuhun pangrojong du'a, mugia sagala rupina aya dina lungsur langsar.

Mangga ka calon pangantén pameget ogé ramana calon pangantén Istri dihaturanan linggih di tempat anu parantos disayogikeun, ka para saksi ti kadua beulah pihak supados tatan tatan, ka kaméramén photo sareng vidéo mangga milari tempat anu merenah kanggo ngadokumentasikeun ieu acara.

Ka parawargi sadaya hayu urang sami nyakséni lumangsungna ieu acara, namung hapunten anu kasuhun ka wargi anu kagungan murangkalih supados ditertibkeun, ogé saéna hapé dipareuman atanapi dijemplingkeun (Silence).

Hiji deui anu kalintang pentingna, sabadana Ijab Kobul Akad Nikah panyuhun ulah kaleprok DA SANÉS JAPATI dikeprokan. (Mangga heureuy mung ulah nyéépkeun waktos :D)

Langkung payus kedal lisan ku du'a sakedikna Alhamdulillah Barokalloh.

Baarakallaahu laka, wa baaraka 'alaika, wa jama'a baynakumaa fii khair.

Sampai disini acara hampir selesai dan untuk do'a penutup silahkan cari sendiri.

Artikelnya takut kepanjangan dan penulispun mau "Nutupkeun Jandéla" karena menulisnya menjelang Maghrib, kacai heula ah.

Demikian semoga bermanfaat dan mohon ma'af jika ada yang kurang tepat. Semua kekurangan dan kesalahan murni keterbatasan pengetahuuan penulis.Terimakasih, hatur nuhun.

Wassalamu'alaikum warrohmatulloh wabarokatuh.

Referensi

Dokumen terkait

Alhamdulillah, Puja dan puji syukur atas segala limpahan rahmat karunia ALLAH SWT dan sholawat serta salam kepada Nabi ALLAH Nabi Muhammad SAW suri tauladan

Alhamdulillahirabbil’alamin, puji dan syukur atas kehadirat Allah SWT, sholawat serta salam kepada Nabi Muhammad SAW sehingga penulis dapat menyelesaikan karya

Dengan segala kerendahaan hati dan ucapan syukur kehadirat Allah Subhanahu Wata’ala atas Rahmat dan Karunia serta sholawat dan salam kepada Nabi Muhammad SAW

Sholawat serta salam kami haturkan kepada junjungan kita Nabi Agung Muhammad SAW dan para sahabatnya, yang telah memberikan tauladan baik sehingga akal dan fikiran penyusun mampu

Sholawat serta salam kami haturkan kepada junjungan kita Nabi Agung Muhammad SAW dan para sahabatnya, yang telah memberikan tauladan baik sehingga akal dan fikiran penyusun mampu

Sholawat serta salam pun kami haturkan kepada junjungan kita Nabi Besar Muhammad SAW dan para sahabatnya, yang telah memberikan tauladan baik sehingga akal dan pikiran penyusun mampu

Sholawat serta salam kami haturkan kepada junjungan kita Nabi Besar Muhammad SAW dan para sahabatnya, yang telah memberikan tauladan baik sehingga akal dan fikiran kami mampu

Sholawat serta salam kami haturkan kepada junjungan kita Nabi Agung Muhammad SAW dan para sahabatnya, yang telah memberikan teladan baik sehingga akal dan pikiran penyusun mampu