Tabél 4.17 Data Ajén Sosial GT-
3) Ajén Moral jeung Ajén Kaagamaan
4.2.7.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-07 a Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu ngébréhkeun salapan ajén sosial.
Tabél 4.39 Data Ajén Sosial GT-07
No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan
Bnr. End. Mrl. Agm. (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) 1. GT-07:84/8 Tanggung jawab timbal balik 2. GT-07:85/5 Ngadidik barudak
3. GT-07:96/5 Awéwé hina lamun nyusul-nyusul lalaki
4. GT-07:97/5 Iwa jujur geus maok
duit Popon 5. GT-07:97/2 Satia ka salaki 6. GT-07:78/2 Ngurus jeung ngagedékeun budak
No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
yatim piatu
7. GT-07:82/2 Budak kudu diajar tanggung jawab dina rumahtangga sangkan bisa tanggung jawab di masarakat 8. GT-07:86/6 Maok duit 9. GT-07:81/1 Teu ngawaro ka indung
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya opat data anu ngandung ajén bebeneran, tujuh ajén moral, jeung hiji ajén kaagamaan. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén kaéndahan. Ajén bebeneran dina ieu carpon patali jeung ajén moral sarta kaagaman. Lian ti éta, aya ogé data anu ngébréhkeun hubungan antara ajén bebeneran jeung ajén moral. Hiji data ngébréhkeun hubungan antara ajén moral jeung ajén kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran anu teu miboga hubungan dalit jeung ajén moral atawa kaagamaan, nya éta data GT-07:84/8. Ieu data ngébréhkeun konsép tanggung jawab antara salaki jeung pamajikan. Ceuk pamadegan palaku Popon, yén tanggung jawab téh nya éta aya dina prioritas antara ngurus salaki anu leuwih penting tibatan ngurus kapiadi. Tapi pamadegan kapiadina béda, veuk pikirna yén tanggung jawab anatara salaki jeung pamajikan téh kudu timbal balik, lamun Popon salaku pamajikan kudu bakti ka salaki, salaki ogé kudu daék ngimahan pamajikanna.
Konsép tanggung jawab séjén aya dina data GT-07:82/2, anu ngébréhkeun yén budak kudu diajar tanggung jawab dina rumah tangga sangkan bisa tanggung jawab di masarakat. Ieu pamadegan diébréhkeun ku Popon basa ngabandungan bibina anu ngogo anak-anakna. Lantaran kitu, Popon boga kereteg pikeun ngadidik kapiadi-kapiadina sangkan bisa diajar tanggung jawab jeung mandiri. Ieu hal aya hasilna, anak-anakna bibi
anu garedé geus mimiti daraékeun nyareuseuh baju sorangan, saperti anu nyampak dina data GT-07:85/5.
2) Ajén Bebeneran jeung Ajén Moral
Hubungan antara ajén bebeneran jeung ajén moral aya dina data GT-07:96/5, anu ngébréhkeun pamadegan ngeunaan hinana hiji awéwé upama daék nyusul-nyusul lalaki. Ku palaku bibi, ieu hal dianggap salah lantaran kalungguhan awéwé nu teu pantes néang-néang lalaki. Ieu tangtu waé bisa dianggap bener ku hiji kelompok masarakat upama pertélaanna ngan nepi ka dinya. Tapi pikeun palaku Popon, salaku saurang pamajikan manéhna ngarasa boga tanggung jawab pikeun nyusul salakina anu lila teu balik deui. Pangna kitu, salaku pamajikan sok sieun ayah al-hal anu goréng tumiba ka salaki atawa mitohana. Lantaran kitu, popon nganggap yén hal anu dilakukeun ku manéhna téh bener sacara moral.
3) Ajén Moral
Ajén moral séjén anu teu miboga hubungan jeung ajén lianna nya éta, GT-07:97/5ngeunaan kajujuran Iwa ka Popon jeung indungna yén manéhna geus maok duit Popon. Data séjén nya éta GT-07:97/2, anu ngébréhkeun kasatiaan jeung tuhuna Popon salaku pamajikanka Mumu salaku salakina. Data GT-07:86/6 ngébréhkeun ajén moral anu goréng, komo bari dilakukeun ku budak. Salian ti éta, ajén moral anu goréng ogé témbong dina dataGT-07:81/1anu ngébréhkeun budak anu teu ngawaro ka indungna.
4) Ajén Moral jeung Ajén Kaagamaan
Hubungan antara ajén moral jeung ajén kaagamaan aya dina data GT-07:78/2 anu ngébréhkeun ngeunaan diasuh jeung digedékeunna Popon ku bibina ti saprak kolotna maraot. Sacara moral, anu geus dilakukeun ku bibina Popon téh mangrupa paripolah anu bener jeung alus. Sacara
kaagamaan, ngurus budak yatim mangrupa amalan anu boga ganjaran anu gedé.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya lima belas ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
Tabél 4.40
Data Ajén Budaya GT-07
No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan
T É A Sn. K Sl. (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) 1. GT-07:78/1 Imah séwaan nu mahal 2. GT-07:81/1 TBC lantaran capé
jeung loba pikiran
3. GT-07:84/8 Tanggung jawab timbal balik 4. GT-07:86/1 Sukur Alhamdulillah 5. GT-07:86/1 Kersana Pangéran 6. GT-07:86/5 Pulangan balanja 7. GT-07:87/1 Sapuluh rébu keur
mayar listrik 8. GT-07:89/1 Nyaah indung ka anak 9. GT-07:89/1 Nyaah dunungan ka bujang 10. GT-07:93/4 Ni’mat Pangéran 11. GT-07:94/3 Duit keur ngontrak
dipaké meuli motor
12. GT-07:83/10 Kanyaah salaki ka pamajikan 13. GT-07:97/2 Kanyaah pamajikan ka salaki 14. GT-07:85/5 Kanyaah lanceuk ka adi 15. GT-07:97/8 Kanyaah adi ka lanceuk
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya hiji ajén téori, opat ajén ékonomi, tilu ajén agama, jeung tujuh ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni jeung ajén kawasa.
1) Ajén Téori
Ajén téori dina ieu carpon patali jeung téori kaséhatan, saperti dina data GT-07:81/1, anu ngébréhkeun korélasi antara capé gawé jeung loba pikiran kana panyakit TBC.
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi nyampak dina data GT-07:78/1, anu ngébréhkeun mahalna imah séwaan. Data GT-07:86/5 ngébréhkeun ngeunaan pamulangan balanja anu sok diteundeun dina galar sangkan babari nyokot. Kontéks pamulangan balanja nandakeun jumlah atawa pangaji duit anu teu pira, matak teu ditunda dina lomari. Data GT-07:87/1 nyebutkeun nominal sapuluh rébu rupia anu harita leungit lantaran dicokot ku Iwa. Éta duit anu tadina rék dipaké mayar listrik, ngébréhkeun waragad anu diperlukeun keur mayar listrik imah anu sacara normal mangsa taun 1980-an teu jauh ti harga sapuluh rébu per bulanna. Data séjén GT-07:94/3 ngébréhkeun éfisiénsi waktu jeung transportasi anu kapikiran ku palaku Mumu anu rék meuli motor maké duit anu tadina rék dipaké ngontrak imah. Perkara imah, leuwih hadé cicing di imah indungna heula.
3) Ajén Agama
Data anu miboga ajén agama nya éta dua GT-07:86/1, nétélakeun ayana kersa Pangéran anu ngabalukarkeun rasa syukur ngaliwatan ungkara Alhamdulillah. Data GT-07:93/4 mangrupa rasa syukur ka Pangéran yén kabagjaan anu karandapan ku Mumu jeung Popon téh mangrupa ni’mat ti Pangéran.
4) Ajén Solidaritas
Ajén-ajén solidaritas dina ieu carpon nya éta, GT-07:84/8 anu ngébréhkeun tanggung jawab timbal balik salaku tanda kanyaah antara
salaki jeung pamajikan. Dua data GT-07:89/1 ngébréhkeun konsép kanyaah indung ka anak anu dibadingkeun jeung kanyaah dunungan ka bujang. Data GT-07:83/10 nétélakeun kanyaah salaki ka pamajikan. Data GT-07:97/2 mangrupa data anu ngébréhkeun kanyaah pamajikan ka salaki. Data GT-07:85/5 nétélakeun konsép kanyaah lanceuk ka adi anu hariwang upama adi-adina teu bisa tanggung jawab di kulawarga, maranéhna moal bisa tanggung jawab di masarakat. Data GT-07:97/8 mangrupa ébréhan anyaah adi ka lanceuk jeung kasieunan leungiteun upama lanceukna indit ti imah.
4.2.8 “Kiplik-kiplik” (GT-08) 4.2.8.1 Struktur Carita GT-08
a. Téma
Téma ieu carpon nya éta téma kamanusaan anu patali jeung rasa cinta di kulawarga. Konsép kamanusaan ngeunaan cinta dina ieu carpon, mangrupa rasa cinta anu beresih, lantaran diungkarakeun tina sawangan budak awéwé anu ngaranna Nina, budak leutik anu umurna kira-kira dua taun. Nilik kana sinopsis di luhur, eusi caritana ngeunaan budak anu keur gering tuluy sonoeun ka indungna, sabab ayeuna manéhna cicing jeung indung téré. Lantaran geus tilu peuting gering panas teu dibawa ka rumah sakit, Nina antukna maot. Téma kamanusaan saperti kieu mangrupa téma kompléks anu diébréhkeun kalawan basajan tina polosna pikiran jeung sawangan budak.
Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma kamanusaan dina konsép rasa cinta anak ka kolot.
Mamah émut kénéh henteu? Nina nangis da Mamah dicabok ku Apa… (105/7)
Nina sok nyauran Mamah. Ari badé bobo. Ari gugah bobo. Ari badé emam. Ari badé ibak. Tapi, tara dikedalkeun, sieun dikulub… (109/2)
Da Nina gé tos teu kiat palay ka Mamah. Badé ngapung wé, ah! Badé milarian Mamah… (110/8)
Konsép cinta indung ka anak katitén dina cutatan paguneman antara lanceukna Nina jeung indungna.
“Tétéh gé panggeulisna sareng pangpinterna di sadunya, nuju saageung Nina mah,”
“Ari ayeuna?”
“Ayeuna sok rada bangor. Sok nyumputkeun bonéka Néng Tari jadi wéh henteu panggeulisma di sadunya. Upami bageur deui mah, janten panggeulisna deui di sadunya.” (101/9)
Tina cutatan paguneman di luhur, katitén cara hiji indung ngatik jeung mikanyaah anakna kalawan ngagunakeun cara anu diluyukeun jeung umur anakna.
b. Fakta Carita 1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-08 ngagunakeun galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.
Ieu carita dimimitian ku gambaran kaayaan Nina di anu keur gering panas (A). Salila ngararasakeun panasna awak, Nina ngalamun ka mangsa-mangsa masih kénéh cicing jeung indungna. Ieu mangrupa téhnik flash back (D1). Basa Nina ngarasa kacida hanaang jeung biwirna pareurih, miboga kalungguhan keur malikkeun galur ka mangsa kiwari (B). Téhnik flash back loba dipaké keur nyusun galur mundur, ogé pikeun méré gambaran ngeunaan kajadian-kajadian anu geus kaalaman ku palaku (D2). Sanggeus kitu maju deui ka mangsa kiwari (C), tuluy dipungkas ku teu kuatna Nina nandangan sono jeung gering nepi ka antukna maot (E). Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap.
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku Abdi anu ngalaman rupa-rupa pasualan hirup ti mangsa ka mangsa.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang.. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Nina anu dibawa cicing jeung indung téré lantaran indung jeung bapana papisah, ngarasa kasiksa batinna. Nina anu sono pisan ka indungna, goréngna sikep indung téré nepi ka robahna perhatian bapana mangrupa kajadian-kajadian anu raket patalina dina ieu eusi carita.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Nina. Kajadian-kajadian anu tumiba ka Nina salila masih cicing jeung indungna nepi ka cicing jeung indung téréna diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna.
2) Palaku
Dina carpon GT-08, aya 13 urang palaku, nya éta apa (GT-08:99/2), Nina (GT-08:99/2), mamah (GT-08:99/4), mamih (GT-08:99/4), Aa (GT- 08:100/4), Tétéh (GT-08:100/4), Néng Tari (GT-08:101/11), tukang sate (GT- 08:102/1), Pa Haji Yakub (GT-08:102/13), bibi (GT-08:103/7), nini (GT- 08:105/6), dokter (GT-08:104/2), jeung babu (GT-08:106/4). Genep urang
palaku méré pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana ngan disebut ku palaku utama minangka bagian tina pangalaman anu dilakonan.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Nina mangrupa palaku utama. Dua belas palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu ngarojong palaku utama nya éta apa (GT-08:99/2), Nina (GT-08:99/2), mamah (GT- 08:99/4), mamih (GT-08:99/4), Aa (GT-08:100/4), Tétéh (GT-08:100/4), dokter (GT-08:104/2), jeung babu (GT-08:106/4). Para palaku anu ngan salaku panglengkep carita atawa ngarojong carita kalawan teu langsung nya éta Néng Tari (GT-08:101/11), tukang saté (GT-08:102/1), jeung Pa Haji Yakub (GT-08:102/13).
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina ieu carpon nya éta Nina,mamah,aa, jeungtétéh. Sedegkeun anu kaasup kana palaku-palaku antagonis nya éta apa jeung mamih.
Palaku Nina mangrupa palaku protagonis lantaran salaku anak, digambarkeun miboga sipat anu hadé, anu bisa dijadikeun panutan ku nu maca. Pangna kitu, lantaran sanajan masih kénéh budak tapi miboga sawangan anu jembar ngeunaan kahirupan. Éta hal bisa katitén dina sawatara cutatan ieu di handap.
… Jurig kitu Mamih téh? Tapi, piraku kétang ari jurig mah, da Apa mah henteu sieuneun. Sok bobo sareng, saranjang… (104/3)
Ari Mamah kamana? Naha henteu ngusapan Nina? Naha Mamah henteu terang kitu yén Nina teu damang? Nina téh sok émut waé ka Mamah… (105/6)
Tina cutatan di luhur, bisa katitén yén palaku Nina boga sawangan anu kacida anteb dina niténan kajadian-kajadian sabudeureun, sanajan can bisa nyindekkeun. Nina ngarasa bingung lantaran indungna euweuh, kalah
aya indung téré anu ku lanceuk-lanceukna disebut batur téh bet laeut pisan jeung bapana.
Palaku séjén anu miboga sipat hadé nya éta mamah, indung Nina. gambaran kanyaah Indung ka anak bisa katitén dina sawatara cutatan ieu di handap.
… Geuningan ari Nina nyebat biwir, Mamah sok nyeuseulan. Sakapeung mah sok nyintreuk… (99/4)
… Mamah sok gumujeng. Teras nyium. Bageur, bageur pisan Mamah téh… (100/1)
Ku Mamah mah, ari alim emam téh sok dipangkon, diais bari diemaman. Ditaros, palay kulub endog, palay roti, palay cau? Atawa naon baé. (104/1)
Palaku protagonis séjén nya éta pun Aa jeung Tétéh, salaku lanceuk-lanceuk Nina. Sabenerna teu sacara lugas diébréhkeun protagonis, lantaran masih kénéh barudak, sarta diungkarakeun ku palaku anu masih sahandapeunana, jadi konsép protagonisna leuwih basajan. Ieu bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
Nina rada murungkut, sieun diciwit. Da sok kitu Tétéh mah, ari Nina dialem téh sok nyiwit ari Mamah langah. (101/8)
.. Tara ribut Aa mah. Tara nyiwitan sapertos Tétéh. Paling gé, ari Nina nangis sok néké. Céngéng! Tukang léwéh! Delit! tapi tara nyiwit. (102/7)
… Saé gé keur naon bumi batur ieu mah, saur Aa ka Apa… (106/2)
Tina cutatan di luhur katitén yén Aa jeung Tétéh sabenerna boga perhatian jeung kanyaah ka Nina salaku adina, tapi cara némbongkeuna ngaliwatan cara barudak.
Salian palaku protagonis, dina ieu carpon ogé aya palaku antagonis, nya éta Apa jeung Mamih. Cutatan anu ngébréhkeun kaantagonisan Apa bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
… Éta kitu, mamah téh sieun dicabok deui ku Apa sapertos basa wengi-wengi téa?... (105/6)
… Jung baé rék kawin deui mah, bawa budak kabéh! Saur Mamah ka Apa. (105/6)
… Wengi éta Apa teu bobo di kamer urang tapi di kamer payun bari ngajebrédkeun panto tarik pisan (105/7)
Palaku Mamih ogé kaasup kana palaku antagonis, lantaran boga sipat anu goréng. Éta hal bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
… Tah sangu dina biwir, saurna téh, lamun keur emam aya sangu nu napel na… lambé nya, Mah, sanés biwir? (99/4) Mamih mah tara. Ari alim téh kalah sik nyeuseul, kasar pisan sasauranna téh, Mah. Kajeun, ari embung cageur mah! Keun wé, ambéh dibawa deui ka dokter!... (104/2)
…“Ulah sok diogo teuing budak mah, sok ngalunjak!” saurna ka Apa… (107/4)
Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna, teu kapaluruh protagonis jeung antagonisna.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya dua urang palaku anu miboga watek basajan jeung opat urang palaku anu watekna kompléks. Palaku anu miboga watek basajan nya éta Aa jeung Tétéh, sedengkeun anu watekna kompléks nya éta Nina, Mamah, Apa, jeung Mamih.
Aa jeung Tétéh, salila guluyur carita miboga watek anu basajan salaku budak dina umumna. Sanajan kacaritakeun saméméhna Tétéh sok ménta diogo jeung ngaheureuyan Nina, saprak cicing jeung Mamih mah duanana tara loba ngomong jeung nurut pisan ka Mamih. Tapi, nurutna Aa jeung Tétéh lain lantaran robah watek, tapi lantaran kungsi ngadéngé yén indung téré mah sok ngulub. Jadi, pangna nurut téh sabab ayana rasa sieun.Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
… Jadi bageur Aa sareng Tétéh téh, komo ari aya Mamih mah. Nurut. Nurut kacida. Dipiwarang sagala gé keresa, padahal ka Mamah mah sok sering ngajebian. Pokna téh sieun dikulub! (108/4)
Nina salaku palaku anu watekna kompléks, mekar kalawan dinamis luyu jeung kajadian-kajadian anu karandapan ku manéhna. Nina anu basa keur cicing kénéh jeung indungna ngarasa tengtrem jeung salawasna bungah, robah jadi budak anu borangan sarta loba kapanasaran ngeunaan “sosok” mamih anu aya dina kahirupanana. Palaku Mamah salaku indung Nina anu mimitina bageur jeung “lembut”, jadi “kasar” nepi ka embung katurut ku anak-anakna basa pisah jeung salakina, bapa Nina.
Palaku Apa ogé watekna robah-robah, kacaritakeun jadi bapa anu bageur jeung perhatian, tapi robah ninggalkeun pamajikanna jeung kawn deui ka awéwé séjén anu leuwih beunghar. manéhna ogé ongkoh nyaah ka anak-anakna tapi teu merhatikeun kabutuhna, anak-anakna butuh kanyaah jeung perhatian anu sakuduna katarima ti kolotna. Basa Nina keur gering, bapana kugsi ménta dihampura minangka ungkara kahanjakal manéhna geus misahkeun ana-anakna ti indungna nepi ka batinna kasiksa.
Mamih, palaku anu kompléksitas watekna kabandungan ku Nina minangka puseur sawangan pangarang. Manéhna boga watek anu galak jeung kasar upama nyarita, tapi upama ka salakina mah robah jadi ogoan jeung soméah. Ieu hal karasa jeung katingali sacara langsung ku nina nepi ka ngabalukarkeun konflik batin keur Nina. Aya rasa bingung anu mémang teu kaharti ku budak pantar Nina.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Apa, Nina, Mamah, mamih, Aa, jeung Tétéh mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Néng Tari, tukang saté, Pa Haji Yakub, bibi, nini, dokter, jeung babu kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat, waktu, jeung sosial.
Tabél 4.41 Data Latar GT-08
No. Kode Data Data Latar Katerangan
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6) (8)
1. GT-08:99/1 Kamar Nina
2. GT-08:99/3 Tilu wengi
3. GT-08:102/13 Masjid
4. GT-08:105/2 Jam disada leuwih ti sapuluh kali 5. GT-08:105/2 Wengi harita 6. GT-08:105/7 Kamer urang 7. GT-08:105/7 Kamer payun 8. GT-08:106/2 Gedong 9. GT-08:106/3 Kebon binatang (a) Tempat
Aya genep latar tempat dina carpon GT-08 ieu, nya éta kamar Nina (GT-08:99/1) nya éta kamar di imah mamih anu anu mangrupa latar tempat utama dina ieu carpon. Di éta kamar, Nina keur gering panas bari ngumbar lamunan ka mangsa anu kaliwat. Latar masjid (GT-08:102/13) mangrupa tempat anu disebutkeun ku palaku Aa salaku tempat Pa Haji Yakub biasa ngimaman. Kamer urang (GT-08:105/7) nya éta kamar tempat biasa Nina jeung indung bapana saré di imahna anu baheula. Kamer payun (GT-08:105/7) nya éta kamar tempat Apa saré sanggeus paséa jeung Mamah. Latar gedong (GT-08:106/2) nya éta imahna Mamih, Nina jeung dua lanceukna dibawa pindah ka éta imah ku bapana. Pamungkas latarkebon binatang (GT-08:106/3), ieu latar mangrupa latar
anu ngan disebutkeun ku palaku Apa keur ngabubungah nina nu keur gering.
Tina lima latar tempat anu luyu jeung tabél di luhur, leuwih diheureutan deui jadi ngan aya tilu latar tempat, lantaran dua data GT- 08:105/7, mangrupa babagian rohangan di imah Nina saméméhna. Sedengkeun data GT-08:99/1 mangrupa babagian di imah Mamih anu geus kawengku ku data GT-08:106/2.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon nya lima latar, nya éta, tilu wengi (GT-08:99/3) anu mangrupa frékuénsi lilana Nina gering. Jam anu disada leuwih ti sapuluh kali (GT-08:105/2) mangrupa ungkara anu nandakeun waktu anu geus leuwih ti jam sapuluh peuting. Latar waktu wengi harita (GT-08:105/2) mangrupa waktu basa Mamah jeung Apana Nina paséa rongkah nepi ka Apa nampiling Mamah sarta mutuskeun rék papisah. (c) Sosial
Dumasar kana tabél 4.46 di luhur, bisa katitén yén ngan aya hiji latar sosial dina ieu carpon. Latar sosial anu katitén dina ieu carpon mangrupa status sosial. Kaayaan imah anu disebutkeun alus jeung gedé, disebut gedong (GT-08:106/2) nandakeun luhurna status sosial hiji jalma anu nyicinganana. Dina ieu carpon anu nyicingan éta gedong téh nya éta Mamih, indung téré Nina jeung lanceuk-lanceukna.
4.2.8.2 Unsur Semiotik GT-08
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-08 ngawengku lima ikon jeung 15 indéks. Teu kapanggih unsur simbol dina ieu carpon.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-08 ngan aya anu mangrupa ikon imagis jeung ikon métaforis.
Tabél 4.42
Analisis Unsur Ikon GT-08
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr. (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) 1. GT-08:110/7 Socana ngahérangan Soca nu ngahérangan nandakeun aya cimata anu ngeyembeng piceurikkeun. Ieu katitén dina cutatan di handap. … Socana ngahérangan, teras nyuuh. Damisna baseuh. 2. GT-08:110/8 Jangjang Jangjang nyapertikeun ayana rasa nu ngabalukarkeun harampangna awak, siga aya jangjangan. Ieu katitén dina cutatan di handap. … Tah, tos jangjangan ayeuna gé. 3. GT-08:110/8 Sapertos kukupu Kukupu mangrupa sato anu bisa hiber, ieu dupamakeun ku