Tabél 4.17 Data Ajén Sosial GT-
4) Ajén Solidariras
Ajén-ajén solidaritas dina ieu carpon nya éta GT-03:32/3,GT- 03:32/3, GT-03:34/1, GT-03:34/2, GT-03:33/1, jeung GT-03:33/1. Dua data GT-03:32/3 ngébréhkeun kanyaah Ibu salaku dunungan ka Abdi ku cara mapatahan hal-hal anu can bisa dipigawé ku Abdi. Upamana salah, Iu tara ngambek malah sok ngabenerkeun jeung mapatahan deui. Data GT- 03:34/1 mangrupa kahayang Abdi upama jadi jalma beunghar hayang méré jeung nulugan ka nu teu boga. Data GT-03:34/2 miboga ajén solidaritas lantaran ngébréhkeun kanyaah anak ka kolotna ku cara jadi jelema anu bagja sangkan kolotna ogé bagja. Dina dua data GT-03:33/1, ngébréhkeun ayana ajén solidaritas anu mangrupa silih ajénan jeung jalma lianna, dina ieu hal tatangga atawa sémah anu datang ka imah. Jadi, konsép kanyaah jeung silih ajénan jeung papada jalma, lantaran unggal individu dina hiji kelompok masarakat hirup babarengan sacara sosial.
4.2.4 “Angin Sawah” (GT-04) 4.2.4.1 Struktur Carita GT-04
a. Téma
Téma ieu carpon nya éta téma kamanusaan anu patali jeung rasa cinta antara lalaki jeung awéwé. Konsép kamanusaan ngeunaan cinta dina ieu carpon, mangrupa konsép heureut. Nilik kana sinopsis di luhur, eusi caritana ngeunaan wanoja anu mikahayang hiji lalaki, tapi lalaki séjén anu
mikahayangna teu diperhatikeun sanajan kanyaahna geus katarima ku manéhna jeung kolotna. Ahirna ieu wanoja milih lalaki anu mikanyaah manéhnana, sabab lalaki anu dipikanyaah ku manéhna malah salingkuh. Téma saperti kieu mangrupa téma basajan anu ilahar kapanggih dina karya-karya sastra lianna.
Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma kamanusaan dina konsép rasa cinta sapasang manusa.
“Emh, resep nya, kang Otang mah bageur! Sagala ngabantu ka pimitohaeun téh!” (37/5)
“Tah… tah, pédah boga nu anyar, nyah? Lain sirik Acih mah, ngan kadé Ilah sing asak pamilih, ulah abong kéna it u aya onjoyna ti Kang Otang… (38/3)
Seblak… haté Ilah nyeblak. Boa enya Alan téh boga deui kabogoh matak tara embol-embol gé… (39/8)
… Tétéla Alan téh jeung mojang geulis. Mun kitu, omongan Acih téh lain jijieunan… (41/3)
… Daun paré tingkérésék, kararas patingkorosak, tangkal jagong tingarulang, kawas nu ngabagéakeun ka waruga nu kungsi midua haté. (43/7)
Téma cinta karasa tina sawatara cutatan di luhur, anu ngébréhkeun ayana panyangka, rasa timburu, jeung haté anu paheut kana kaputusanna. Nu maca ogé diajak nyindekkeun yén teu salawasna anu leuwih onjoy téh anu panghadéna.
b. Fakta Carita 1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-04 ngagunakeun galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.
Ieu carita dimimitian ku gambaran kagiatan palaku Ilah di dapur (A). Basa aya Acih datang, maranéhna ngawangkongkeun perkara Otang jeung Alan, dua jajaka anu ngadeukeutan Ilah. Salila ngawangkong, lamunan Ilah pulang-anting ka Alan jeung Otang, ieu mangrupa téhnik flash back (D1). Palaku Acih miboga kalungguhan keur malikkeun galur ka mangsa kiwari (B), upama Ilah anteng teuing ngalamun. Téhnik flash back loba dipaké keur nyusun galur mundur, ogé pikeun méré gambaran ngeunaan kajadian-kajadian anu geus kaalaman ku palaku (D2). Sanggeus kitu maju deui ka mangsa kiwari (C), tuluy dipungkas ku Ilah anu nangtukeun pilihan haténa ka Otang (E). Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap.
A --- D1 --- B --- D2 --- C --- E (b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlahna, ieu carpon maké galur tunggal, nya éta ngagunakeun hiji galur pikeun museurkeun paniténnu maca kana eusi carpon.Éta hal katitén ti mimiti carita nepi ka ahir carita éstu nyaritakeun palaku Illah. Dina konflik ogé mangrupa konflik batin anu kaalaman ku Ilah salaku palaku utama. Nu maca diajak nuturkeunkajadian-kajadian anu kaalaman ku palaku nepi ka ahir carita.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Carpon GT-04 kaasup kana galur padet, éta dumasar kritéria kepadatanna. Lantaran kajadian-kajadian anu diébréhkeun ku pangarang dalit patalina jeung inti carita, dina ieu hal tangtuna waé kajadian-kajadian anu aya hubunganna antara Ilah, Alan, jeung Otang.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur kana palaku utama nya éta Ilah. Sanajan aya palaku séjén nya éta Alan jeung Otang, tapi
tujuan dimunculkeunna ieu dua palaku nya éta pikeun ngarojong konflik anu kaalaman ku Ilah. Palaku Acih ogé digunakeun pikeun ngahangkeutkeun konflik anu aya dina ieu carita.
2) Palaku
Dina ieu carpon GT-04 aya sapuluh urang palaku, opat urang palaku méré pangrojong kana eusi katut gaur carita, sésana saukur disebut dina paguneman palaku, tapi euweuh pangaruhna kana galur utama carita.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, aya saurang palaku utama dina ieu carpon GT-04, nya éta Ilah. Pikeun ngarojong konflik palaku utama, aya palaku Alan, Otang, jeung Acih anu aktif ngarojong pasualan dina ieu carita. Ilah nya éta wanoja anu keur bingung nyokot kaputusan milih pisalakieun. Otang anubageur daék babantu tatanén ka kolot, tapi teu siga Alan anu kasép jeung boga kalungguhan di kantorna. Acih, palaku tambahan anu ngahangkeutkeun pamadegan Ilah ngeunaan dua urang lalaki anu deukeut jeung Ilah. Acih méré gambaran ngeunaan Alan anu sok ngaheureuykeun awéwé jeung Otang anu sakitu bageurna ka pimitohaeun. Sanajan aya dina paguneman jeung palaku utama, palaku Abah jeungEma teu méré kontribusi kana inti galur carita.
Palaku-palaku tambahan lianna, saperti ibu Camat,Kang Eman,Ceu Oti,jeung mojang geulis,mangrupa palaku pasif anu saukur disebut ku palaku aktif dina eusi paguneman antartokoh. Ieu hal bisa katitén dina sawatara cutatan paguneman di handap.
… “Tah… tah, enya Panca tugas téa, nu kamari dipidatokeun ku ibu Camat, nya!” (36/9)
“Tapi kamari basa Acih ngaliwat ka hareupeun bale désa, Alan keur diuk pagégéyé jeung mojang geulis…” (39/7)
“Teuing atuh… da Kang Éman téh teu beunang dipercaya. Luak-léok teu puguh. Pajar cenah sok ngalékor baé di imah Ceu Oti, randa urang kulon téa.” (40/6)
Tina cutatan-cutatan di luhur bisa katitén yén euweuh prosés interaksi antara palaku utama jeung palaku-palaku tambahan anu disebutkeun dina eusi paguneman.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina ieu carpon nya étaIlah,Acih, jeungOtang. Sedengkeun anu jadi palaku antagonisna nya éta Alan. Palaku Ilah anu protagonis bisa katitén tina gesitna nataharkeun kadaharan keur nganteuran kolotna di kebon. Katitén ogé dina waktu keur mapatahan Acih, saperti dina ieu cutatn di handap.
“Ih… sing sabar wé, sing pasrah, keun tong mikiran baé Kang Éman da mun bener mah pijodoeun Acih engké gé moal kamana jigna!” (41/1)
Palaku Acih anu protagonis méré gambaran sikep déwasa dina nyanghareupan pasualan babaturanna, manéhna ogé bisa méré bongbolongan kana pasualan anu keur karandapan ku Ilah, ieu bisa katitén tina cutatan ieu di handap.
“Ceuk pikiran Acih mah geus wé tongdipikiran Alan mah! Mending gé sanghareupan Kang Otang. Leuwih hadé mun buru-buru kawin. !”
Palaku Otang anu kaasup kana palaku protagonis digambarkeun ku palaku séjén, saperti katitén dina cutatan ieu di handap.
“Emh… resep nya, Kang Otang mah bageur! Sagala ngabantu ka pimitohaeun téh.” (37/5)
“Geuning… basa di kulon keur kuriak, Kang Otang mah ngaleu wé magawé di sawah Ilah!” (37/7)
Palaku antagonis dina ieu carpon nya éta Alan, lalaki kasép jeung boga kalungguhan anu ngadeukeutan Ilah. Tapi, manéhna boga kalakuan anu goréng, nya éta cunihin jeung nganggap awéwé saukur kaulinan anu bisa dideukeutan jeung dijauhan sangeunahna, malah nepi ka kungsi kajadian Alan boga niat goréng ka Ilah. Ieu bisa katitén dina sawatara cutatan di handap, anu mangrupa pertélaan pangarang, ungkara palaku séjén, jeung eusi pikiran palaku utama.
“Tah… tah, pédah boga nu anyar, nyah? Lain sirik Acih mah, ngan kadé Ilah sing asak pamilih, ulah abong kéna it u aya onjoyna ti Kang Otang. Can puguh Lah, boa manéhna mah ngan ukur hayang ngulinkeun wungkul!” (38/3)
“Sing percaya, Kang Alan moal jalir jangji, asal Ilah ulah linghas teuing atuh!” pokna beuki haroshos. Manéhna teterejelan, tapi éléh tanaga, teu bisa nandingan tanaga lalaki Alan nu sakitu sembadana. Manéhna teu walakaya… (38/4) “Tapi kamari basa Acih ngaliwat ka hareupeun bale désa, Alan keur diuk pagégéyé jeung mojang geulis…” (39/7)
Seblak… haté Ilah nyeblak. Boa enya Alan téh boga deui kabogoh matak tara embol-embol gé… (39/8)
… Tétéla Alan téh jeung mojang geulis. Mun kitu, omongan Acih téh lain jijieunan… (41/3)
Palaku-palaku séjén teu kaasup kana palaku protagonis atawa antagonis. Lantaran pangarang teu nembrakkeun sikep jeung eusi pikiran palaku tambahan lianna. Éta hal miboga tujuan sangkan nu maca museurkeun paniténna ka palaku utama.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya saurang palaku anu watekna kompléks jeung tilu urang palaku anu wateknabasajan. Ilah mangrupa palaku anu miboga watek kompléks. Paripolah jeung pamadegan Ilah anu barobah ngébréhkeun kompéksitas watekna. Dina hiji waktu, Ilah jadi awéwé anu déwasa, bisa ngawasa konsép pangaweruh
salaku awéwé. Ilah ogé bisa jadi awéwé anu miboga pamikiran matérialistis duméh kairut ku Alan. Tapi salaku awéwé anu boga haté sénsitif, manéhna tetep ceurik waktu ningali kanyataan anu pikanyerieun haténa. Pangarang ngébréhkeun ieu hal saperti dina sawatara cutatan ieu di handap.
“Hih… pan urang mah awéwé, calon ibu rumah tangga. Ngurus imah, salah sahiji kawajiban ibu rumah tangga. Pan salaku wanita urang kudu bisa ngalaksanakeun pancatugas.” (36/8) Watek Ilah anu kagambar dina cutatan di luhur nya éta watek anu tangguh jeung tanggung jawab. Manéhna sadar yén salaku awéwé anu bakal jadi ibu rumang tangga, manéhna boga kawajiban pikeun ngurus imah. Tapi, karakterna robah jadi awéwé anu matré sabab sérab ku jabatan Alan anu boga kalungguhan di tempat gawéna. Ieu katitén dina cutatn di handap.
… tuda Alan mah lain jalma joré-joré. Nya kasép nya urang kota, ditambah boga kadudukan lumayan salaku mantra BRI. Saha mojangna nu teu bakal kapincut. (39/8)
Salaku awéwé anu leuwih dominan ngagunakeun haté daripada logika, basa Ilah panggih jeung Alan babarengan jeung hiji mojang, manéhna ngarasa dihina jeung diheureuykeun ku Alan nepi ka ceurik lantaran ambek. Ceurikna Ilah ogé lantaran ngarasa hanjakal lantaran geus teu nganggap Otang. Ieu hal bisa katitén dina cutatan di handap.
… Basa Alan ngaliwat ka hareupeun Ilah manéhna ukur ngarérét meueusan, tuluy ngabalieur… Teu karasa cipanonna bet ngalémbéréh mapay pipi… (41/3)
Tina sawatara cutatan di luhur, katitén watek Ilah anu mekar sacara dinamis. Parapalaku basajan watekna leuwih statis, saperti Acih, Alan jeung Otang anu sacara ésénsial teu ngalaman parobahan watek, angger, datar jeung teu mekar nepi ka ahir carita. Sanajan saméméhna palaku Alan kacaritakeun bageur tuluy robah jadi atah anjang, éta lain mangrupa
parobahan watek lantaran bageurna Alan mangrupa cara keur meunangkeun Ilah jeung hayang kaalem ku bapana Ilah.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Ilah, Acih, Otang, jeung Alan mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun ibu Camat, Kang Éman, jeung Ceu Oti kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita carpon GT-04, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat, waktu, jeung sosial.
Tabél 4.19 Data Latar GT-04
No. Kode Data Data
Latar Tpt. Wkt. Sos. (1) (2) (3) (4) (5) (6) 1. GT-04:35/1 Cai 2. GT-04:35/2 Dapur 3. GT-04:35/2 Hareupeun hawu 4. GT-04:36/1 Tonggoheun imah 5. GT-04:37/8 Pipir hawu 6. GT-04:37/7 Kulon 7. GT-04:37/7 Sawah 8. GT-04:38/4 Kampung 9. GT-04:38/4 Kota 10. GT-04:38/4 Engké 11. GT-04:38/4 Ayeuna 12. GT-04:38/4 Saminggu ka tukang 13. GT-04:38/4 Imah ilah 14. GT-04:39/2 Sataun ka tukang 15. GT-04:41/2 Kebon 16. GT-04:41/3 Jalan aspal 17. GT-04:42/3 Bale-balé saung
No. Kode Data Data Latar Tpt. Wkt. Sos. (1) (2) (3) (4) (5) (6) 18. GT-04:42/8 Landeuh 19. GT-04:43/7 Beurang (a) Tempat
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén yén aya opat belas latar tempat dina ieu carpon GT-04, nya éta cai (GT-04:35/1) anu mangrupa tempat Ilah ngisikan jeung ngala cai,dapur anu ngawengku pipir hawu jeunghareupeun hawu (GT-04:35/2) mangrupa tempat Ilah nataharkeun asakan keur nganteuran kolotna. Ieu latar ogé jadi salah sahiji tina dua tempat utama lumangsungna carita. Dapur mangrupa tempat Ilah jeung Acih ngawangkongkeun pasualan ngeunaan Alan, Otang, Éman, jeung hal-hal lianna anu patali jeung maranéhna salaku awéwé.
Latar tonggoheun imah (GT-04:36/1) mangrupa tempat Acih ngageroan Illah. Kulon (GT-04:37/8) mangrupa tempat ayana imah Otang.Sawah (GT-04:37/7) mangrupa tempat tatanén kolotna Ilah anu sok dibantuan ku Otang. Kampung jeung kota (GT-04:38/4) mangrupa tempat anu jadi babandingan kahirupan. Kampung mangrupa lembur tempat Ilah jeung Otang matuh. Kota nya éta tempat asal Alan.Imah Ilah (GT-04:41/2) dina ieu data nya éta tempat nyaritakeun Alan anu nganjang ka Ilah.Kebon (GT-04:41/2) nya éta tempat Abah jeung Emana Ilah digawé. Jalan aspal (GT-04:41/3) mangrupa jalan anu diliwatan ku Ilah basa rék nganteuran ka kebon. Di jalan ogé Ilah panggih jeung Alan bari ngaboncéng awéwé.Bale-balé saung (GT-04:42/3) mangrupa tempat Ilah ngécagkeu aisan jeung téko, di dinya ogé nu garawé rék dalahar. Landeuh (GT- 04:42/8) mangrupa tempat utama anu kadua dina ieu carpon, di landeuh Otang jeung Ilah pada-pada sadar yén maranéhna ngarasa salah geus midua haté. Di éta tempat rasa cinta tumuwuh deui.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya lima latar, tilu latar miboga kode GT-04:38/4 anu sarua lantaran aya dina paragrap anu sarua, nya éta engké, ayeuna, jeung saminggu ka tukang. Data GT-04:39/2 nya éta sataun ka tukang, anu mangrupa waktu Ilah mimiti wawuh ka Alan. Waktu beurang (GT-04:43/7) nya éta waktu Ilah nganteuran kolotna jeung Otang di kebon. Ieu waktu ogé mangrupa lumangsungna kajadian inti.
Engké mangrupa waktu anu boa bakal karandapan ku palaku Alan, ninggalkeun Ilah di kampung. Ayeuna, mangrupa mangsa alan geus ngajauhan Ilah bari ngolémbar ka awéwé lian. Saminggu ka tukang mangrupa waktu umangsungna kajadian basa Alan ngolo Ilah sangkan daék nganteur kahayangna.
(c) Sosial
Carpon GT-04 miboga dua latar sosial, nya éta Alan nu jadi mantri BRI miboga status sosial anu luhur, jeung kaayaan kulawarga Ilah anu patani. Ieu ststus sosial anu béda ngabalukarkeun béda ogé pola pikir jeung cara nyawang kahirupan dumasar puseur sawangan palakuna.
4.2.4.2 Unsur Semiotik GT-04
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-04 ngawengku genep ikon, jeung salapan indéks. Teu kapanggih unsur simbol dina ieu carpon.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-04 ngan aya anu mangrupa ikon imagis jeung ikon métaforis. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.20
Analisis Unsur Ikon GT-04
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-04:38/3 Nu anyar Mangrupa tanda ikon anu ngébréhkeun ngeunaan
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
lalaki atawa kabogoh anyar. Ieu katitén dina cutatan di handap.
Tah… tah, pédah boga nu anyar nyah?...
2. GT-04:38/3 Ngulinkeun Teu enyaan, mikabogoh ngan keur heureuy
wungkul. Ilah anu ngarasa can yakin bisa narina Otang, keur deukeut jeung Alan. Tapi Acih ngomat- ngomat sangkan teu gampang percaya ka Alan. Ieu katitén dina cutatan di handap.
… Can puguh Lah, boa teuing manéhna mah ngan hayang ngulinkeun
wungkul.
3. GT-04:38/3 Asak Dina ieu kontéks, asak
mangrupa tanda tina hangkeutna hasil mikir anu bener-bener. Ieu katitén dina cutatan di handap.
… lain sirik Acih mah, ngan kadé Ilah sing asak pamilih, ulah abongkéna itu aya onjoyna ti Kag Otang.
4. GT-04:40/12 Luak-léok Dina ieu kontéks ditujukeun ka palaku Kang Éman,
beubeureuhna Acih anu teu beunang dipercaya lantaran sok mindeng ka imah Ceu Oti. Ieu katitén dina cutatan di handap.
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Teung atuh da Kang Éman téh teu bia dipercaya. Luak-léok teu puguh. Pajar cenah sok ngalékor baé di imahna Ceu Oti, randa urang kulon téa. 5. GT-04:40/14 Aya maksud Sangakn teu togmol
nyebutkeun puasa, ilaharna cukup ku nyebutkeun aya maksud upama ditiah dahar. Nu nawaran geus ngarti yén éta magrupa tanda tina puasa. Ieu katitén dina cutatan paguneman di handap.
Pék atuh Acih bisi rék dahar!
Ah, moal! Keur aya maksud.
6. GT-04:43/7 Angin beurang
Angin beurang mangrupa ikon tina ayana hiliwih hawa anu matak niiskeun awak. Dina ieu kontéks, angin beurang mangrupa tanda ayana kabagja anu bakal kasorang sanggeus haté jeung pikiran pada- pada panas jeung sumpek. Angin asih ti Otang keur Ilah. Ieu katitén dina cutatan di handap. Otang ngojéngkang ngadeukeutan. Deukeut pisan. Hiur angin
ngahiliwir. Angin beurang nu mépés rasa
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-04 aya anu mangrupa indéks réngkak paripolah, gejala fisik, jeung aktualisasi. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.21
Analisis Unsur Ikon GT-04
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-04:37/8 Tulus Réngak paripolah
Kontéks tulus dina ieu pertélaan mangrupa istilah séjén pikeun kawin atawa dilamar. Acih nanya ka Ilah lantaran manéhna ningali yén Ilah jeung Otang geus tingal ngajadikeun. Ieu katitén dina cutatan
paguneman Ilah jeung Acih di handap.
“Rék iraha tulusna, Lah?” “Naon téa?”
“Kawinan…!” 2. GT-04:38/3 Madeg
mayong Réngak paripolah Mandeg mayong mangrupa tindakan jalma anu teu bisa nyokot kaputusan lantaran patali jeung pilihan. Dina ieu kontéks carita, Illah anu mandeg mayong téh, lantaran can bisa milih pisalakieun antara Otang jeung Alan. Ieu katitén dina cutatan di handap.
Teuing atuh, asa mandeg mayong.
3. GT-04:39/8 Nyeblak Aktualisasi Nyeblak mangrupa rasa anu dibalukarkeun ku ayana katugenah lantaran inget atawa mikanyaho hiji hal anu matak
tugenah. Dina ieu kontéks, anu nyeblak téh nya éta
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Ilah lantaran meunang béja ti Acih, Alan kungsi katingali diuk pagégéyé jeung mojang geulis. Ieu katitén dina cutatan di handap.
Seblak… haté Ilah nyeblak. Boa enya Alan téh boga deui kabogoh matak tara embol-embol gé.
4. GT-04:39/8 Panas Aktualisasi Panas mangrupa tanda tina ayana rasa anu ngahéab tina sumberna. Dina ieu
kontéks, panas anu karasa ku Ilah nya éta panas haténa lantaran timburu, Alan kanyahoan jeung awéwé séjén. Ieu katitén dina cutatan di handap. Boa enya Alan téh boga deui kabogoh matak tara embol-embol gé. haténa asa panas.
5. GT-04:39/8 Handeueul Aktualisasi Rasa handeueul anu kaalaaman ku Ilah mangrupa balukar tina salingkuhna Alan jeung mojang séjén. Salian ti éta, anu manghanjakalkeunna téh, ku Ilah Alan geus dianggap lain lalaki sambarangan anu kasép, urang kota, jeung boga kalungguhan di tempat gawéna. Ieu katitén dina cutatan di handap. Aya rasa handeueul anu nyangkark dina dadana. Tuda Alan téh lain jalma
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
joré-joré. Nya kasép nya urang kota, ditambah boga kadudukan lumayan salaku mantra BRI. 6. GT-04:41/3 Ngarérét meueusan, tuluy ngabalieur Réngak paripolah
Gerak panon anu ngarérét bari tuluy ngabalieur mangrupa paripolah anu nandakeun ayana katugenah, tapi teu
dibasakeun kalawan lisan. Dina ieu kontéks, basa Ilah papanggih jeung Alan nu keur ngaboncéng awéwé séjén, Alan ukur ngarérét meueusan bari tuluy ngabalieur geus jadi jawaban yén Alan geus embung deui miboga hubungan jeung Ilah. Katarimana ku Ilah, éta paripolah téh karasa mangrupa hinaan jeung cara pikeun
ngaheureuykeun haténa wungkul. Ieu katitén dina cutatan di handap.
… Basa Alan ngaliwat ka hareupeun Ilah manéhna kur ngarérét meueusan, tuluy ngabalieur. Nyel haté Ilah keuheul, asa dihina jeung diheureuykeun. 7. GT-04:41/3 Keuheul Aktualisasi Kakeuheul Ilah
dibalukarkeun lantaran panggih jeung Alan anu nyapirakeun manéhna. Disebut nyapirakeun duméh manéhna geus lila teu nepungan, sakali panggih geus jeung awéwé lian. Ieu katitén dina cutatan di handap.
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Nyel haté Ilah keuheul, asa dihina jeung diheureuykeun. 8. GT-04:41/3 Leumpang beuki ngungkug Réngkak paripolah
Paripolah jalma anu
leumpang mémang miboga ma’na anu béda. Saperti dina ieu kontéks,
ditétélakeun Ilah anu leumpangna beuki ngungkug sanggeus panggih jeung Alan anu