Tabél 4.7 Data Latar GT-
3) Ajén Kaagamaan
Ajén kaagamaan GT-02:27/4 mangrupa ajén dasar anu ditepikeun ku pangarang ka nu maca, yén upama hiji jalma dina hirupna loba bangbaluh atawa karerepet, dina ibadah gé moal jongjon. Ieu katitén dina cutatan di handap.
… Kana ibadahna ogé moal tiasaeun jongjon ari salamina diudag-udag baé ku karerepet mah. (27/4)
b. Ajén Budaya
Ajén budaya anu aya dina carpon GT-02, bisa katitén dina tabél ieu di handap.
Tabél 4.12
Analisis Ajén Budaya GT-02
No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan
T É A Sn. K Sl. (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) 1. GT-02:18/3 Ngabagéakeun sémah 2. GT-02:18/5 Dipan 3. GT-02:18/6 Lampit 4. GT-02:19/1 Amparan 5. GT-02:19/7 Ngaku baraya 6. GT-02:20/2 Perhiasan
7. GT-02:20/5 Niat meuli cincin 8. GT-02:21/4 Tanggung jawab istri
9. GT-02:21/8 Ulin babarengan
10. GT-02:21/8 Tutunggulan
11. GT-02:22/5 Aya nu bogoheun
12. GT-02:22/11 Ngagondang
No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan T É A Sn. K Sl. (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) 14. GT-02:23/11 Babarayaan 15. GT-02:25/2 Kabeungharan 16. GT-02:25/3 Lini 17. GT-02:25/3 Hawa bayeungyang 18. GT-02:25/7 Imah nu dieusian ku dulur 19. GT-02:26/2 Sarakah
20. GT-02:27/1 Pangupa jiwa pikeun
dulur
21. GT-02:27/4 Sangkan teu boga
karerepet
22. GT-02:27/6 Pijalaneun hirup
23. GT-02:27/8 Baraya anu sérab ku
imah
Dumasar kana tabél di luhur, ajén téori anu aya dina carpon nya éta GT-02:21/4 jeung GT-02:25/3.
1) Ajén Téori
Téori GT-02:21/4 nya éta ngeunaan ayana kasaimbangan antara kapinteran sacara intéléktual jeung kaparigelan saurang pamajikan dina prak-prakanna ngambah sagara rumah tangga. Jadi, awéwé lain wungkul kudu bisa pinter, tapi ogé kudu parigel ngurus imah. Éta bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
“Enya, nutu! Teu ménak, teu cacah, awéwé baheula mah kudu pinter nutu, pinter ngéjo, pinter masak, pinter ngawulaan salaki, lain ngan ukur bisa maca!” (21/4)
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi anu aya dina ieu carpon aya tilu, nya éta GT- 02:20/2, GT-02:20/5, jeung GT-02:25/2. Data GT-02:20/2 jeung GT- 02:20/5 ngébréhkeun ngeunaan dipimilikna sawatara rarangkén atawa perhiasan ku palaku Nini nepi ka Kuring ngarasa kabita. Data GT-02:25/2 ngeunaan konsép beunghar anu dicindekkeun dumasar puseur sawangan
Kuring, Nini mangrupa jalma beunghar lantaran imahna anu di Bandung téh gedong sigrong, boga loba pabrik di luar kota, pakakas di imahna loba anu lakop emas, jeung rarangkén anu narapel dina awakna éstu reunceum. 3) Ajén Seni
Ajén seni anu kapanggih dina ieu carpon nya éta aya dina data GT- 02:21/8 jeung GT-02:22/11. Seni tutunggulan jeung ngagondang nya éta seni tradisi anu ilaharna lumangsung di saung lisung, paranti sawatara awéwé narutu paré. Halu anu dipaké pikeun nutuna sok dikelentrungkeun kana lisung sangkan ngawirahma, ieu miboga tujuan sangkan anu nutu teu ngarasa capé. Lila-lila ieu jadi hiji kasenian anu dipagelarkeun minangka hiburan urang lembur.
4) Ajén Kawasa
Ajén kawasa kapanggih tina data GT-02:23/3, anu ngébréhkeun kakawasaan kolot ka anakna. Anak kudu sagala nurut ka kolot, kaasup soal milih lalaki keur pisalakieun.
5) Ajén Solidaritas
Ajén solidaritas mangrupa ajén anu panglobana kapanggih dina ieu carpon, aya 13 ajén solidaritas nya éta GT-02:18/3, GT-02:18/5, GT- 02:18/6, GT-02:19/1, GT-02:19/7, GT-02:21/8, GT-02:22/5, GT-02:23/11, GT-02:25/7, GT-02:27/1, GT-02:27/4, GT-02:27/6, jeung GT-02:27/8. Data mangrupa tradisi masarakat Sunda anu ilahar bisa katitén dina hirup kumbuh sapopoé upama aya datang nyémah ka imah. Ditilik tina ajén budayana, dina ieu hal aya prosés silih ajénan antara sémah jeung piribumi. Data GT-02:18/5, GT-02:18/6, jeung GT-02:19/1 mangrupa barang-barang anu aya di imah anu gunana pikeun diuk. Ilaharna di imah panggung, tempat diuk anu digunakeun nya éta dipan anu biasana ditunda di tepas imah. Upama teu diuk dina dipan, bisana diuk dina lampit atawa papan. Sangkan teu kotor, biasana sok diampara ku samak. Pangna ieu data miboga ajén solidaritas nya éta ditilik tina sémah anu masih kénéh
ngora, ngarasa teu sopan upama diuk satata jeung kolot anu sakitu dipiajrihna. Data GT-02:19/7, GT-02:23/11, GT-02:25/7, GT-02:27/1, GT- 02:27/4, GT-02:27/6, jeung GT-02:27/8 mangrupa gambaran ayana kasugema anu dirasakeun ku palaku Nini lantaran bisa mantuan baraya- barayana anu kurang mampuh ku cara sina nyicingan imah anu kosong jeung nyieun pabrik minangka jalan hirup. Data GT-02:21/8 jeung GT- 02:22/5 mangrupa ajén anu béda jeung konsép solidaritas saméméhna, lantaran dina ieu kontéks nyaritakeun ngeunaan Nini anu keur ngora sok ulin babarengan jeung sobatna di saung lisung bari nutu. Konsép hubungan intarindividu ogé katitén tina ayana gambaran rasa cinta ti lalaki ka awéwé dina mangsa harita, mangsa lalaki tara wanieun nanyaan lantaran unggal budak awéwé geus dijodokeun ku kolotna.
4.2.3 “Hatur Nuhun Ibu” (GT-03) 4.2.3.1 Struktur Carita GT-03
a. Téma
Téma carpon GT-03 nya éta kaadilan sosial, ieu téma nyoko kana gambaran status sosial palaku anu aya dina ieu carpon. Jalma beunghar jeung jalma teu boga diébréhkeun sacara langsung pikeun meunangkeun gambaraan kaayaan sosialna. Upama diteuleuman, ieu carpon ogé miboga gambaran ngeunaan kamanusaan. Ieu téma kaadilan sosial ogé katingali tina latar tempat lembur jeung kota dina mangsa taun 1980-an (mangsa ieu carpon medal).
Tina téma anu diébréhkeun, pangarang miharep nu beunghar kudu nyaah aka nu teu boga jeung kudu inget ka nu sangsara. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta téma.
… Kénging sasasih abdi kumawula di dunungan anu ti payun téh. Harita mah sadinten-sadinten téh karaosna asa lami…(31/3)
… Abdi mah ti lembur, ngadon milarian pangalaman ka kota. Gok tepang sareng ibu anu sakitu mikadeudeuhna ka abdi… (32/3)
Ieu téma diébréhkeun ku palaku utama, Abdi. Manéhna ngabéjérbéaskeun sagala rasa jeung pangalaman anu karandapanana ngaliwatan puseur sawangan jalma kahiji anu ngajén situasi dumasar pamadeganna. Tapi, sanajan palaku Abdi miboga otoritas ngeunaan pamadeganna, nu maca “dipaksa” satuju kana éta pamadegan lantaran dianggap bener ku hiji kelompok masarakat.
b. Fakta Carita 1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon kaasup kana galur mundur (flash-back), nya éta galur carita anu dimimitian tina mangsa kiwari dituluykeun ku nyaritakeun mangsa kamari. Abdi anu peuting harita keur ngalamun, dina lamunana pinuh ku rupa-rupa carita anu geus kalarung.
Carita dimimitian ku gambaran palaku Abdi anu keur nginget- nginget mangsa manéhna mimiti datang ka imah Ibu (dununganna). Galur bras kana sabab-musabab manéhna bisa datang kadinya. Dicaritakeun pangalaman sabulan saméméh manéhna panggih jeung Ibu, basa manéhna masih kénéh sok disiksa di dunungan saméméhna. Carita maju kana mangsa salila cicing di imah Ibu nepi ka peuting ayeuna, peuting pamungkas di imah Ibu lantaran isukna Abdi kudu mulang ka lembur.
D1 mangrupa mangsa peuting ayeuna basa Abdi ngalamun. A, B, jeung C mangrupa waktu lumangsungna kajadian-kajadian anu kaalaman ku Abdi ti mimiti gawé di dunungan anu kahiji nepi ka kabur tuluy gawé di imah Ibu. D2 mangrupa waktu basa Abdi nyieun kaputusan rék balik ka lembur. E mangrupa ahir carita anu ngagambarkeun beuratna haté Abdi rék ninggalkeun imah Ibu.
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén saperti di handap.
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku Abdi anu ngalaman rupa-rupa pasualan hirup ti mangsa ka mangsa.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang.. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku abdi anu indit ka kota rék néngan pagawéan, disiksa ku dunungan nu galak, panggih jeung dunungan anu bageur, nepi ka kudu balik deui ka lembur mangrupa kajadian-kajadian anu raket patalina.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Abdi. Kajadian-kajadian anu tumiba ka Abdi salila sababaraha taun ti mimiti indit ti lembur nepi ka rék balik deui ka lembur diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna.
2) Palaku
Dina carpon GT-03, aya 12 urang palaku, nya éta Ibu (GT-03:29/2), Abdi (GT-03:29/2), dunungan (GT-03:29/2), rerencangan (GT-03:29/2), putra dunungan (GT-03:30/2), pun adi (GT-03:30/3), wargi (GT-03:30/3), sadérék dunungan (GT-03:31/3), Pun bapa (GT-03:33/2), pun biang (GT-03:33/2), bungsu (GT-03:33/2), jeung tatangga (GT-03:33/2). Tujuh urang palaku méré pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana lima urang palaku ngan disebut ku palaku utama minangka bagian tina pangalaman anu dilakonan.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Ibu jeung Abdi mangrupa palaku utama. Sanajan euweuh paguneman anu sacara langsung ngébréhkeun prosés interaksi antara Ibu jeung Abdi, tapi ngaliwatan pertélaan Abdi ngeunaan Ibu anu jadi objék utama, ieu carita bisa hirup.
Sapuluh palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu ngarojong palaku utama nya éta GT-03:29/2,GT-03:30/2,GT-03:31/3, jeungGT-03:33/2. Parapalaku anu ngan salaku panglengkep carita atawa ngarojong carita kalawan teu langsung nya éta GT-03:29/2, GT-03:30/3 (pun adi jeung wargi),GT-03:33/2, jeungGT-03:33/1.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina ieu carpon nya étaIbu, Abdi, pun bapa, jeung pun biang. Sedegkeun anu kaasup kana palaku-palaku antagonis nya éta dunungan, anak dunungan, jeung sadérék dunungan.
Palaku Ibu mangrupa palaku protagonis lantaran digambarkeun miboga sipat anu hadé, anu bisa dijadikeun panutan ku nu maca. Kahadéan-kahadéan Ibu bisa katitén dina sawatara cutatan ieu di handap.
… Geuning ibu mah tara seueur saur. Upami abdi lepat téh prak ku anjeun dicontoan, sareng éta conto téh ku abdi diregepkeun pisan. (31/4)
… Naha pédah ibu mah ageung kaasih waé ka abdi téh. Ari abdi aya kalepatan, ibu ngawurukan… (32/3)
… Ku ibu abdi dipaparin kasempetan maca rupi-rupi perkawis anu aya patalina sareng abdi salaku awéwé… (33/1)
Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén palaku Ibu miboga sipat hadé lantaran nyaah ka Abdi sanajan salaku réncang di imahna. Salian Ibu, palaku protagonis lianna nya éta Abdi. Salaku palaku utama,
abdi miboga sipat anu hadé, éta bisa katitén dina sawatara cutatan ieu di handap.
… Sanaos abdi ti kampung, atanapi sareng sanaos abdi disebut jalmi bodo, ku margi ari ngaji mah abdi téh da ti leuleutik, ari kana nu haram mah nya sebel baé… (30/2)
… Abdi sok miconggah ka ibu, nanging dina batin abdi tetep waé ajrih… (32/3)
… Hoyong abdi gé janten jalmi anu beunghar, hoyong méré mawéh ka nu teu gaduh… (34/1)
Palaku protagonis séjén nyaéta pun bapa jeung pun biang kolot Abdi anu di lembur. Ieu dua palaku teu digambarkeun sacara jelas kaprotagonisanna, tapi ngaliwatan déskripsi palaku utama saperti dina cutatan ieu di handap.
Ibu téh mariksa, bilih abdi dipaksa kawin ku pun bapa sareng pun biang. Hatur nuhun kana kahariwang ibu. Saleresna sanés kawin paksa margi abdi téh parantos kenal ti aalit sareng pisalakieun abdi téh... (33/3)
Tina cutatan di luhur katitén yén kolotna Abdi teu maksa sangkan kawin jeung hiji lalaki, tapi Abdina sorangan geus apal, matak daék narima sanajan kudu ninggalkeun Ibu.
Salian palaku protagonis, dina ieu carpon ogé aya palaku antagonis, nya éta dunungan, anak dunungan, jeung dulurna dunungan. Cutatan anu ngébréhkeun kaantagonisanana bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
… Mangga waé galih ku ibu, haok ngamprong ka bujang, goréng budi, komo éta mah putrana anu pameget, da wantun najong sagala rupi ari abdi nuju ngepél téh. (30/2)
… Éstuning abdi téh seubeuh ku sentak seubeuh ku dibaeudan. (31/3)
… Éta sadérék dunungan ku sok pipilueun ngabaeudan atanapi nyarékan… (31/3)
Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna, teu kapaluruh protagonis jeung antagonisna.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya tilu urang palaku anu miboga watek basajan euweuh palaku anu watekna kompléks. Palaku anu miboga watek basajan nya éta Ibu, dunungan, jeung Abdi. Sanajan ibu kaasup kana palaku utama, tétéla watekna mah basajan jeung statis. Ieu katitén tina mimiti Ibu panggih jeung Abdi nepi ka rék ditinggalkeun ku Abdi, watekna angger bageur jeung miasih ka Abdi. Kabageuranna éstu angger, teu robah jadi galak atawa jadi teu mikanyaah deui Abdi. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
… Abdi gé rumaos seueur katuna, nanging piwuruk ibu ti saprak abdi dongkap dugi ka ayeuna abdi badé wangsul, éstu nyerep kana ati sanubari … (31/4)
Palaku Ibu anu ti mimiti panggih jeung Abdi teu elat mapatahan kana hal-hal kahadéan, nepi ka Abdi rék balik deui ka lembur masih kénéh mikanyaah.
Salian ti Ibu, palaku dunungan ogé watekna statis, kalakuanna nu goréng ti mimiti dipanggihkeun jeung Abdi nepi ka Abdi kabur ti imahna angger galak. Euweuh parobahan sikep anu matak ngarobah pamadegan Abdi salaku palaku utama. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
Kénging sasasih abdi kumawula di dunungan anu ti payun téh. Harita mah sadinten-sadinten téh karaosna asa ku lami pisan… (31/3)
Palaku dunungan miboga watek goréng, salian ti mindeng nyarékan jeung ngahina téh, manéhna sok mindeng ogé ningalikeun budi anu teu soméah. Éta lumangsung salila sabulan, tuluy-tumuluy nepi ka Abdi eureun gawé di éta dununganna.
Abdi salaku palaku anu watekna teu mekar kalawan dinamis, teu matak ngabalukarkeun statisna eusi carita. Ieu hal lantaran watek-watek parapalaku anu basajan diébréhkeun dina eusi carita anu kompléks. Kajadian-kajadian anu kaalaman ku parapalaku miboga hubungan anu dalit ngawangun hiji carita anu gembleng. Jadi, sanajan euweuh palaku kompléks anu danamis, ieu carpon miboga eusi carita anu hadé.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Ibu, Abdi, jeung dunungan mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun réréncangan,putra dunungan,pun adi,wargi,sadérék dunungan,pun bapa,pun biang,bungsu, jeung tatangga kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat, waktu, jeung sosial.
Tabél 4.13 Data Latar GT-03
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos. (1) (2) (3) (4) (5) (6) 1. GT-03:29/1 Kamari 2. GT-03:29/2 Waktos éta 3. GT-03:29/2 Harita 4. GT-03:29/2 Dunungan 5. GT-03:29/2 Réncang
No. Kode Data Data Latar Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
6. GT-03:29/2 Tamatan SD mah ngarasa bodo
7. GT-03:30/2 Kampung
8. GT-03:30/2 Ngaji
9. GT-03:30/2 Ngarasa gedé dosa upama cicing di tempat pidorakaeun
10. GT-03:31/1 Bumi dunungan
11. GT-03:31/2 Kota
12. GT-03:31/2 Kabiasaan di lembur, béda jeung kabiasaan kota 13. GT-03:32/2 Bumi Ibu 14. GT-03:32/2 Rumah Sakit 15. GT-03:33/2 Tilu taun 16. GT-03:33/1 Dapur 17. GT-03:33/1 Kamar tamu 18. GT-03:33/1 Jamban 19. GT-03:33/1 Pangkuleman
20. GT-03:33/3 Jadi jalma bagja
21. GT-03:34/1 Braga
22. GT-03:34/1 Toko sarinah
23. GT-03:34/1 Dibawa balanja ka toko gedé
24. GT-03:34/2 Ayeuna
(a) Tempat
Aya sabelas latar tempat dina carpon GT-03 ieu, nya éta kampung(GT-03:30/2) anu mangrupa tempat asal palaku Abdi,bumi dunungan (GT-03:31/1) anu mangrupa tempat gawé Abdi anu teu pikabetaheun, kota (GT-03:31/2) tempat Abdi ngadu nasib gawé bubujang,bumi ibu (GT-03:32/2) anu mangrupa tempat Abdi gawé sanggeus kabur ti imah dunungan saméméhna,Rumah Sakit (GT-03:32/2) nya éta temapat Ibu dirawat basa keur udur. Latardapur (GT-03:33/1), kamar tamu (GT-03:33/1), jamban (GT-03:33/1), jeung pangkuleman (GT-03:33/1) mangrupa tempat-tempat Abdi diajar bébérés. Braga (GT-
03:34/1) jeung Toko Sarinah (GT-03:34/1) mangrupa tempat paranti Ibu balanja.
Tina sabelas latar anu luyu jeung tabél di luhur, leuwih diheureutan deui jadi ngan aya tujuh latar tempat, lantaran data GT-03:33/1, mangrupa babagian rohangan di imah Ibu. Jadi geus kawengku ku data latar bumi ibu (GT-03:32/2).
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya lima latar, nya éta, kamari(GT- 03:29/1), waktos éta (GT-03:29/2), harita (GT-03:29/2), tilu taun (GT- 03:33/2), jeungayeuna (GT-03:34/2). Kamari jeung waktos éta mangrupa waktu basa Abdi mimiti datang ka imah Ibu. Waktu kamari lain mangrupa poé saméméh poé ayeuna, tapi waktu mangtaun-taun anu geus kaliwat tapi lantaran betah nepi ka karasana asa karék kamari.
Waktu harita nya éta waktu basa Abdi masih kénéh gawé di imah dunungan anu baheula. Tilu taun mangrupa frekuensi waktu lilana Abdi gawé di imah Ibu. Waktu ayeuna nya éta waktu Abdi kudu niggalkeun Ibu, balik deui ka kampung.
(c) Sosial
Dumasar kana tabél 4.13 di luhur, bisa katitén yén aya dalapan latar sosial dina ieu carpon. Éta dalapan latar sosial aya anu mangrupa kabiasaan hirup, saperti ngaji (GT-03:30/2). Aya ogé anu patali jeung status sosial saperti dunungan (GT-03:30/2) jeung réncang (GT-03:29/2) anu ngagambarkeun ayana status sosial hiji jalma anu beunghar atawa kelas menengah ka luhur jeung anu kurang mampuh atawa masarakat kelas handap. Salian ti éta latar sosial anu mangrupa sawangan hirup diébréhkeun dina data GT-03:29/2, Abdi boga anggapan yén upama hiji jalma disakolakeun luhur bakal pinter, teu siga manéhna anu ngan tamatan SD nepi ka ngarasa bodo teu bisa nanaon ukur gawé bubujang. Manéhna ogé sawangan yén kabiasaan di kota béda jeung di lembur (GT-03:31/2).
Konsép séjén anu mangrupa sawangan hirup Abdi nya éta ngeunaan kahayangna hayang jadi jalma beunghar anu bisa nulungan jeung méré ka dulur-dulurna di lembur (GT-03:33/3). Data GT-03:34/1, ngébréhkeun kagiatan dunungan jeung Abdi anu balanja ka toko-toko gedé. Latar sosial anu mangrupa kayakinan ébréh dina data GT-03:30/2, Abdi miboga kayakinan yén manéhna ngarasa gedé dosa upama cicing di tempat pidorakaeun.
4.2.3.2 Unsur Semiotik GT-03
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-03 ngawengku dalapan ikon, 14 indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-03 mangrupa ikon imagis jeung ikon métaforis. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.14
Analisis Unsur Ikon GT-03
No. Kode Data Réferent
Tipe Interprétasi Ctr Dgm. Mfr. (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) 1. GT-03:29/1 Lalayu sekar Ngupamakeun baju kumel/belél anu dipaké ku palaku Abdi. Ieu katitén dina cutatan di handap.
Dina lahunan dikeukeuweuk tas plastic alit. Eusina mung baju dua setél, kitu gé parantos lalayu sekar. 2. GT-03:29/2 Tiis kana
ati
Ngaupamakeun katengtreman ati anu karaa ku palaku Abdi barang mimiti tepung jeung Ibu. Ieu katitén dina cutatan di handap.
No. Kode Data Réferent
Tipe Interprétasi
Ctr Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Barang ibu mukakeun panto payun téh, ngamanggakeun ka nu ngabantun abdi, ujug-ujug nyep waé karaos tiis kana ati. 3. GT-03:30/2 wuwuh
lami wuwuh ngarasa dosa
Nyitrakeun kana kontéks
waktu anu beuki lila. Palaku Abdi ngarasa beuki lila gawé di dununganna, ngarasa beuki loba dosa. Ieu katitén dina cutatan di handap.
Malih wuwuh lami wuwuh asa ageung dosa cicing baé di tempat anu seueur
pidorakaeun mungguh ceuk dina agama Islam mah. 4. GT-03:31/2 Sakola
hirup
Diajar ngeunaan kahirupan. Lantaran rumasa ti lembur sarta loba kateunyaho, palaku Abdi miboga kahayang sangkan gawéna di kota téh bari nimba pangabisa néangan pangaweruh anyar. Tapi waktu di dununganna nu baheula, hal-hal anu teu bisa dipigawé téh lain
ngabalukarkeun jadi bisa lantran dipapatahan, tapi malah jadi panyiksa. Ieu katitén dina cutatan di handap.
Atuh abdi téh seueur katuna. Upami abdi diwurukan mah, haté bingah nu aya, panginten étang-étang sakola bé di kota téh. Sakola hirup.
5. GT-03:31/4 Satutup umur
Bakat ku ngarasa narimakeun pisan kana kahadéan palaku Ibu, Abdi ngarasa moal mopohokeun éta kahadéan saumur hirup manéhna. Ieu
No. Kode Data Réferent
Tipe Interprétasi
Ctr Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
katitén dina cutatan di handap.
Abdi moal hilap ka ibu
satutup umur. Upami parantos téa mah abdi téh asa dijait tina naraka.
6. GT-03:31/4 Nyerep Nyerep ilaharna dibasakeun kana cai anu asup saeutik- saeutik kana jero taneuh. Dina ieu kontéks, nyerep ngandung harti tembresna kahadéan palaku Ibua kana haté Abdi (éstu katarimakeun). Ieu katitén dina cutatan di handap.
Abdi gé rumaos seueur katuna, nanging piwuruk ibu ti saprak abdi dongkap dugi ka ayeuna abdi badé wangsul, éstu nyerep kana ati sanubari. 7. GT-03:33/2 Kembang
buruan
Meujeuhna cooeun antara 2-4 taun. Anu disebut kembang bururan dina ieu kontéks nya éta budak bungsu palaku Ibu anu geus diurus ti leuleutik ku Abdi. Ieu katitén dina cutatan di handap.
Tilu taun abdi nyarengan ibu. Murangkalih anu bungsu ayeuna parantos kembang buruan.
8. GT-03:34/1 Clik putih clak hérang
Imagis tina rasa nu wening. Palaku Ibu éstu mikanyaah Abdi kalawan daria. Ieu katitén dina cutatan di handap.
Sok beuki karaos waé ibu