77
Dina ieu panalungtikan aya dua sumber data anu dipaké, nya éta buku kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga. Ieu dua buku kumpulan carpon mangrupa hasil para wanoja pangarang anggota Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem. Ieu di handap mangrupa déskripsi data anu ngawengku data jeung sinopsis 30 carpon.
4.1.1 Data Carpon
Guriang Tujuh anu disusun ku Tini Kartini saparakanca mangrupa antologi carpon munggaran anu ditulis ku para wanoja pangarang dina kasusastraan Sunda. Ieu buku medal taun 1984, kalawan dikaluarkeun ku pamedal Rahmat Cijulang Bandung. Ukuran bukuna 17,3 cm x 12,1 cm jeung kandelna 252 kaca. Eusi carpon dina ieu antologi aya 19 judul, anu ditulis ku 19 urang anggota Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem, nya éta “Emang jeung Alo” karya Tini Kartini, “Nu Beunghar” karya Ningrum Djulaeha, “Hatur Nuhun Ibu” karya Ami Raksanagara, “Angin Sawah” karya Mumun Munayah, “Guriang Tujuh” karya Tetty Suharti, “Harga Hiji Surat” karya Tika Gartika, “Kanyaah” karya Neneng Daningsih, “Kiplik-kiplik” karya Yati Maryati Wiharja, “Gagak Ngelak di Majingklak” karya Hanna Rohana Suwanda, “Deudeuh Teuing” karya Suci De Wiharja, “Indung” karya Aam Amilia, “Nyiram” karya Sukaesih Sastrini, “Korsi Hoé” karya Sum Darsono, “Milangkala” karya Cucu Siti Nurjanah, “Gurat-gurat Dampal Leungeun” karya Yooke Tjuparmah, “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” karya Tety S. Nataprawira, “Ngobor” karya Holisoh M.E, “Mama Haji” karya Cicih Kurniasih, jeung “Tatangga” karya Tetti Hodijah.
Béda jeung antologi saméméhna, pamedal ieu antologi nya éta Kiblat. Lantaran jumlah pangarang anu nulis dina ieu antologi saeutik, kandelna ogé ngan 97 kaca. Tapi, ukuranna leuwih gedé, nya éta 20,8 cm x 14,3 cm. Eusina aya sabelas carpon, nya éta “Aki Sasmita” karya Aam Amilia, “Surat keur ka Sawarga” karya Ami Raksanagara, “Dongéng Sakotrét” karya Dyah Padmini, “Mulang” karya Etti R.S., “Wasiat Pa Mantri” karya Holisoh M.E., “Handapeun langit Hideung” karya Naneng Daningsih, “Hama” karya Risnawati, “Nu Mulang ti Panyabaan” karya Sum Darsono, “Nu Datang Wanci Sareupna” karya Tetti Hodijah, “Bulan Mabra di Madinah” karya Tetty Suharti, jeung “Nunun” karya Yooke Tjuparmah S. Komarudin.
4.1.2 Sinopsis
Pikeun maluruh struktur, semiotik, jeung ajén-inajén sosial budaya anu nyangkaruk dina 30 carpon karya sastrawati Sunda Patrem, ieu di handap diébréhkeun sinopsis tina sakabéh carpon.
1) “Emang jeung Alo” (GT-01)
Emang Ki Ahmad anu boga sikep poksang sarta lamun nyarita sok tara maké adab, boh ka sasama, boh ka sahandapeun. Lantaran kitu, emang Ki Ahmad dipikasieun di lemburna. Dipikasieun téh lain pédah sok sahaok kadua gaplok, tapi lantaran omonganna anu mindeng pikanyerieun.
Hiji mangsa manéhna ngamuk lantaran rapot si Husén goréng, ngitungna ngan meunang peunteun tilu. Ceuk pamikirna, pamohalan peunteun budak bisa uclag-aclog kitu, da peunteun ngitung keur di kelas duana mah meunang dalapan. Pajarkeun téh guru jaman ayeuna anu teu barisaeun ngajar cenah. Manéhna ngabandingkeun guru jaman ayeuna jeung guru jaman manéhna sakola anu barutak lantaran pinter pisan.
Ki Ahmad anu geregeteun kana pamadegan emangna méré patalékan yén naha budakna maké disakolakeun lamun teu percaya ka guruna mah. Jawabna téh pajar tamba gandéng di imah, da ngajar maca jeung ngitung mah mangrupa pagawéan énténg. Prak manéhna metakeun cara ngitung ka si Husén. Si Husén dibéré soal sina ngitung 8 x 17, lamun bisa ngajawab cenah rék dipangmeulikeun karéta mesin balap. Tapi, batan bener ngajawab Husén kalah ceurik lantaran disentakan jeung dicarékan.
Ningali peta emangna anu modél kitu, Ki Ahmad méré deui kamandang yén jadi guru téh teu énténg saperti anu aya dina pikiranna. Najan bari nyentak ka Ki Ahmad ogé, emang Ki Ahmad éléh déét rumasa manéhna lain guru jeung rumasa ogé yén pagawéan guru anu ngajar murid nu jumlahna puluhan téh henteu gampang.
2) “Nu Beunghar” (GT-02)
Ieu carita dimimitian palaku Kuring jeung salakina anu nyémah ka imahna Nini (nini ti gigir). Ieu Nini digambarkeun kacida beungharna, tapi lantaran geus boseneun cicing di gedong sigrong jeung sagala dicukupkeun ku kaméwahan, manéhna nyaung-nyaung di luar kota.
Ti mimiti gék diuk di éta imah, loba pisan hal-hal anu ditepikeun ku Nini ka ieu salaki pamajikan. Ti mimiti élmu ngeunaan étika dahar, cara diuk, nepi ka élmu ngeunaan perhiasan. Salila anu tiluan ieu ngawangkong, sok diselang heula ku si Nyai atawa indungna anu pareng mawa amparan atawa suguhkeuneun.
mimiti profésor, pajabat anu tinggeuleuyeung marawa mobil, nepika anu nikreuh leumpang bari nanggung sakur hasil tatanén.
Nini ogé nyaritakeun yén geus nyieun sababraha pabrik di luar kota. Kuring jeung salakina kungsi boga sangkaan goréng yén Nini kacida sarakahna, sangkilang geus sakitu beungharna masih kénéh néangan pakaya. Tétéla Nini boga niat hayang méré pangupa jiwa ka dulur-dulur teu baroga anu perlu ditulungan ku jalma anu leuwih beunta, dina hal ieu Nini.
Ahir carita teu dipungkas ku balikna Kuring jeung salaki ti imah Nini, tapi dipungkas ku kacindekan yén hiji jalma teu bisa disebut beunghar lamun saukur beunghar ku harta, tapi ogé kudu beunghar haté, daék nulung ka nu butuh jeung tatalang ka nu susah.
3) “Hatur Nuhun Ibu” (GT-03)
Ieu carpon nyaritakeun palaku “abdi”, wanoja kampung anu bubujang di kota. Saméméh panggih jeung “Ibu”, di dunungan saméméhna “abdi” teu weléh ngarandapan katunggara, lantaran mindeng narima katugenah tina ucap ogé paripolah dununganna anu galak, gedé ambek, jeung goréng budi. Lantaran kitu, “abdi” kabur tug nepi ka dipanggihkeun jeung “ibu” dununganna kiwari.
Salila cicing di imah “Ibu”, “abdi” éstu ngarasa betah gawé betah hirup. Kituna téh duméh “Ibu” kacida bageur jeung tulaténna. “Ibu” kacida mikanyaah “abdi”, dianggap kulawarga sarta dibéré pangaweruh-pangaweruh anyar ngeunaan kaparigelan ogé ngeunaan sawangan-sawangan kana kahirupan.
4) “Angin Sawah” (GT-04)
Dina mimiti carita kacaritakeun palaku Ilah anu getol ngepél jeung rapékan ngurus imah jeung mantuan kolot. Sarta ditétélakeun ogé parigelna Ilah ngolah dahareun, ti mimiti ngisikan ti cai, mirun seuneu, nyieun sambel oncom, ngagoréng asin, nyieun ulukutek leunca, jeung nyangu.
Ilah téh wanoja kampung anak patani anu umurna geus sawawa keur jatukrami, tétéla masih ngarasa bingung. Manéhna bingung lantaran kudu milih antara Alan anu urang kota, kasép, jeung boga kalungguhan anu luhur di kantor BRI tempatna gawé, atawa Otang pamuda kampung anu pada-pada patani tapi getol gawé sarta satia nungguan Ilah ti baheula sanajan Ilahna ngolémbar.
Kabigung Ilah mimiti aya kelemengna basa Acih, babaturanna ulin ka imah Ilah. Harita Ilah keur di dapur, masak keur nganteuran jeung Otang anu keur garawé di kebon. Acih méré sawatara pamadegan jeung kamandang ngeunaan goréngna kalakuan Alan, duméh manéhna kungsi nyaksian Alan jeung awéwé lian. Acih ogé ngingetan yén Otang geus nungguan Acih ti barang manéhna sakola SD kénéh. Sanajan Ilah ngarasa meunang kelemeng tina pasualanna, tapi haténa masih can panceg.
Ilah ngarasa yén Alan jalma anu bageur jeung nyaah ka kolot, sanajan kungsi boga niat goréng ka manéhna. Harita Ilah keur sorangan di imah, alan ulin ka imah, manéhna ngolo Ilah sangkan daék nganteur kahayangna. Hadéna, harita bapana buru-buru balik nepi ka Ilah salamet, tapi ti harita Alan teu nepungan deui Ilah.
5) “Guriang Tujuh” (GT-05)
Nyaritakeun palaku Embu, nya éta hiji indung anu salawasna mikamelang jeung mikadeudeuh anak-anakna. Lantaran umurna beuki ngolotan, beuki loba pikiran minangka kahariwangna ka anakna anu tujuh. Manéhna kungsi mikir, upama manéhna maot, rék ka saha mihapékeun anak-anakna? Éta kahariwang manjang jeung jadi pikir anu jadi rasa sieun. Sieun anak cikal jeung minantuna teu nyaaheun ka adi-adia, sieun upama adi-adina ngalakukeun kasalah Si Cikal jeung pamajikanna teu daék ngahampura.
Lantaran ayana kahariwang anu pohara, manéhna mutuskeun nyieun hiji surat dina buku harianna keur Karna, anakna nu cikal téa. Eusi suratna mangrupa carita rékaan, manéhna ngalalakonkeun mangsa-mangsa ngandung ku anakna anu tujuh. Tujuanna dijieun ieu carita rékaan nyé éta sangkan Karna bisa ngahampura sipat jeung kalakuan adi-adina upama hiji mangsa ngalakukeun kasalahan.
Ti mimiti Karna anu dikandung keur dina mangsa teu micinta salakina, nepi ka manéhna jadi anak kameumeut. Satiawati anu teu kaopan duméh basa keur dikandung, manéhna loba dipungpang kahayang ku salakina. Damayanti antepan jeung resep ngaludah lantaran basa keur ngandung ku manéhna, Embu teu kaopan ngambeu minyak atawa sangu téh sok babalongkéngan waé. Susilawati anu réngkak paripolahna siga lalaki, lantaran basa keur dikandung, Embu hayang pisan boga budak lalaki. Mustikawati anu gering bronchitis lantaran basa keur dikandung, Embu sieun ku cai. Nuraini anu dipikanyaah salaku awéwé lantaran sieun boga sipat siga lalaki. Nepi ka Si Bungsu salaku anak pangleutikna.
yén salaku lanceuk kudu nyaah ka adi, jeung salaku anak wajib tuhu jeung mikanyaah kolot.
6) “Harga Hiji Surat” (GT-06)
Ratna jeung Ilham nya éta salaki pamajikan anu keur dibéré cocoba. Ilham jadi pangangguran lantaran pausahaan tempat manéhna digawé bangkrut. Kurang teuwih dua bulan manéhna ngaligeuh teu boga gawé. Pangubutuh di imah geus teu bisa deui dicumponan ku hutang injeum ka tatangga. Kabutuhan utama nya éta dahar. Kungsi sapoé jeput Ratna teu saeutik-eutik acan kararaban sangu lantaran teu boga béas, katambah maranéhna boga budak tilu anu keur meujeuhna rarewog dahar.
Kungsi Ilham nitah Ratna sangkan ngagadékeun baju-bajuna anu aralus ka pagadé kuriling. Tapi Ratna boga pamadegan yén daripada manéhna kudu rudin dangdangan, leuwih hadé nahan peurih beuteung, manéhna embung milu prihatin.
Teu lila Ratna meunang gawé di hiji pausahaan gedé, jadi sekretaris diréktur. Ratna beuki jarang aya di imah, anakna anu tilu dibawa ku indung jeung bapana Ratna bari ulaheun disambat deui. Sanajan Ilham ngarasa jadi teu boga harga diri, tapi manéhna teu bisa kumaha. Ratna beuki sibuk di kantor, beuki loba tugas ka luar kota. Upama ti kantor teu balik peuting, manéhna balik wanci subuh.
Hiji poé, Ilham kadatangan sémah awéwé anu ngaku pamajikan dunungan Ratna. Éta awéwé némbongkeun bukti-bukti salingkuhna Ratna jeung Diréktur Pausahaanana, salaki éta awéwé téa. Ilham ngarasa dihina ku pamajikan.
ditalak ku Ilham kalawan jangji upama manéhna ditalak ku Ilham rék méré duit sajuta rupia. Lantaran Ilham ngarasa dihina, antukna duanana paséa nepi ka Ilham ngamuk. Ilham kalepasan malédogkeun botol peupeus kana beungeut Ratna. Sanggeus kitu, awak Ratna dihanca ku seuseukeut kaca nepi ka kapiuhan. Lantaran reuwas jeung sieun, Ilham maéhan manéh ku sesemplékan kaca anu ditancebkeun kana palebah jantungna. Sedengkeun nyawa Ratna bisa salamet, tatu-tatu dina awak jeung beungeutna teu ngalantarankeun manéhna ngaleupaskeun nyawa. Tapi céda dina beungeutna bakal jadi tapak talajakna Ratna dina kahirupan.
7) “Kanyaah” (GT-07)
Popon keur baluweng mikiran hayang imah kontrakan anu murah tapi can meunang. Manéhna ngarasa teu genah haté upama cicing waé di imah bibina. Sanajan manéhna ti leuleutik digedékeun jeung diurus ku emang jeung bibina, tapi ari geus laki rabi jeung Mumu mah, karasana béda jeung kararagok. Manéhna kungsi boga niat ngahiji jeung mitohana di Banjaran, tapi sanggeus dipikir-pikir loba rugi batan untungna.
Salian ti hayang mandiri imah-imah sorangan, Popon ogé hayang ngawarah anak-anakna bibi anu kedul, sabab sagala pagawéan imah dipasrahkeun ka manéhna kabéh. Éta hal lantaran bibina ngogo pisan anak-anakna nepi ka tara daék barang gawé.
Beuki lila, pagawéan di imah beuki loba, Popon ogé sok mindeng nyareri awak. Tapi sangeus dileukeunan mah, anak-anak bibi daraékeun nyeuseuh bajuna séwang-séwang, sahenteuna pagawéan Popon rada énténg. Tapi aya pasualan séjén, kabéhdieunakeun Popon mindeng kaleungitan duit. Basa Popon nanyakeun ka Iwa, manéhna teu ngaku nyokot duit sanajan Popon apal lantaran geus sababaraha kali kanyahoan. Tina éta pasualan, kaayan di imah mingkin tegang, nepi ka Mumu ngampleng di banjaran.
Balik ti Banjaran, manéhna nyieun kaputusan yén rék cicing di imah mitohana. basa éta maksud ditepikeun, bibina teu ngomong nanaon. Iwa, anu polos ngomong ka indungna yén enya manéhna anu nyokot duit ti kamat Popon téh. Bibina ménta dihampura bari ceurik, tapi teu ieuh ngendagkeun niatna. Manéhna indit ka Banjaran, nyorang hirup bagja jeung salaki ogé mitohana.
8) “Kiplik-kiplik” (GT-08)
Nina keur gering panas basa manéhna teu bisa saré sabab ngarasa sepréna anu paas. Nina ditungguan ku bapana geus aya tilu peuting. Nina ngarasa hanaang tapi teu bisa nyarita. Salila ngararasakeun kahanaang jeung kategenah awakna, Nina ngalamun ka mangsa-mangsa baheula. Mangsa bapana ejueng indungna masih ngahiji, mangsa lanceuk-lanceukna masih kénéh bisa ulin suka bungah.
Lamunan Nina, sok balik deui kana kaayaan manéhna keur gering. Tapi panineunganna balik deui ka mangsa Mamah, indungna masih kénéh aya deukeut manéhna jeung mikanyaah sakabéh kulawarga. nina inget, waktu bapana nampiling indungna nepi ka paséa rongkah. Ahirna, Nina jeung lanceuk-lanceukna dibawa ka imah gedong, imah mamih, indung téréna ayeuna.
Di éta imah, Nina jeung lanceuk-lanceukna éstu dilimpudan kasieun, teu meunang katengtreman, teu meunang kanyaah ti indung. Kanyaah bapana ogé karasa jadi barobah. Sipat indungna Nina jeung sipat indung téréna éstu jauh pisan. Indungna anu “lembut” jeung mikanyaah béda jeung indung téréna anu “kasar” jeung apilain.
Nina ngarasa awakna kacida hampang malah nepi ka bisa ngapung tur jangjangan bakat ku ngarasa hampang. Nina ngapung jauh pisan, ninggalkeun bapana jeung lanceuk-lanceukana. Nina moal balik deui.
9) “Gagak Ngelak di Majingklak” (GT-09)
Nyi Lasem, mojang asal Kalipucang anu sok dagang cai mangrupa anak pamayang. Manéhna boga beubeureuh, Ki Jaka. urang Karanganyar anu bubuara jeung Ki Arsim (akin) di Majingklak. Ki Jaka anu kacida micinta laut, boga prinsip anu pengkuh salaku pamayang anu hirupna patali jeung lauk, laut, angin barat nu matak bangkrut, jeung Juragan parahu nu telenges.
Kacaturkeun geus aya tilu bulan pamayang di Majingklak teu beubeunangan lantaran laut ngadadak miskin ku lauk. Pangna kitu, lantaran di deukeut Palawangan aya kapal asing anu jaringna unggal menit ditarik nepi ka teu ngagéhan lauk keur pamayang-pamayang di Majingklak. Loba pamayang anu arindit ti lembur naréangan pagawéan di kota. Tapi Ki Jaka embung ingkah ti lemburna, manéhna tetep percaya yén masih kénéh aya lauk anu bisa nyangsang dina jaringna. Lantaran panasaran, peuting harita manéhna turun ka laut sorangan.
Tapi nepi ka isukna, Ki Jaka teu balik-balik. Barang aya anu nyusulan, kur manggih parahu Ki Jaka anu kosong. Ceuk nu néanganna, Ki Jaka geus taya dikieuna, kasapu lambak anu motah sapeupeuting.
Nyi Lasem anu kanyenyerian ditinggalkeun ku Ki Jaka, balik ka Kalipucang. Kiwari tinggal Ki Arsim anu ngarasa keueung lantaran manéhna bener-bener nunggelis teu sanak teu kadang.
10) “Deudeuh teuing” (GT-10)
teu éling-éling, barang éling walahwah-weuleuhweuh nepi ka leungitna ti imah. Pangna Atin teu siap narima kanyataan, lantaran Atin kapiduit teuing. Basa mimiti kawin ka salakina, manéhna niatna lantaran duit jeung harta dunya. Salaki Atin kacaritakeun jalma beunghar, tapi goréng lampah. Ngaranna Dédén, jelema bangor jeung lacur leuwih ti misti. Lantaran Atin ngancam rék ngagantung manéh lamun dihulag, kapaksa diijinan. Tapi, sanggeus kaalaman ku sorangan, yén lampah salakina siga kitu, Atin teu narima.
Nunung jeung salakina geus béak déngkak, sakuliah Bandung geus dikulibek néangan Atin, tapi teu hasil. Nepi ka Nunung jeung salakina balik deui ka Ciamis, Atin teu kapanggih.
11) “Indung” (GT-11)
Kuring keur ngabandungan Maman jeung Budi ker sasapu di buruan. Ditungguan ku Ema dina korsi di téras imah bari nyieun strimin. Kuring ngarasa kagugu ku polah adi-adina anu getol mantuan indungna. Kuring rumasa kedul jeung teu boga kaparigelan sanajan disakolakeun nepi ka paguron luhur.
Ngabandunganadi-adina sasapu, kuring ningali cara méré atikan jeung motivasi pikeun mandiri ti Ema ka adi-adina. Basa adi-adina ngarasa seunggah lantaran runtah kalakay meunang maranéhna nyapukeun balatak deui ku angin, indungna ngahariring nitah angina reureuh heula, mangmeunangkeun Maman jeung Budi.
Salian ti éta, sangkan adi-adina leuwih sumanget, Ema nunda duit saratus rupia di handapeun tangkal cengkéh, nepi ka adi-adina ngarasa bungah duméh ceuk pamikirna manggih duit. Adi-adina ogé leuwih sumanget sasapu. Kuring masih nyérangkeun ti kamarna basa Ema ngarérét ka lebah manéhna.
12) “Nyiram” (GT-12)
weléh ditedunan matak pikabitaeun Anih. Naon waé anu dipikahayang ku Néng Marti, manéhna gé pasti hayangeun tuluy ngurihit ka salakina. Ti mimiti pais suung, anggur, korsi, bupét, risbang, toilet, kiték, pamulas pipi, jeung lipstik kabéh hayang.
Hiji poé, basa salakina balik, Anih kasampak keur ngaheruk, teu bisa ditanya. Salakina hariwangeun bisi aya kahayang deui, kabita ku nu dipikahayang ku Néng Marti. Tapi Anih teu némbalan. Kakara kedal, basa salakina rék nyanggupan naon waé anu kadada kaduga saperti nu karandapan ku Néng Marti. Batan leler, Anih kalah ceurik, tapi tuluy nyarita yén salaki Néng Marti rék kawin deui.
13) “Korsi Hoé” (GT-13)
Ieu carpon nyaritakeun lalakon korsi hoé anu dibeuli ku Ema taun ’56. Kuring, anakna Ema anu pundah-pindah waé imah kontrakan, teu weléh mamawa éta korsi. Korsi hoé dibeuli ku indungna meunang ngumpulkeun lila pisan. Barang geus kabeuli, Ema getén pisan ngelapan éta korsi.
Éta korsi jadi saksi mangkak rumajana anak-anak Ema, sabab lamun aya bébéndé atawa beubeureuhna anak-anak Ema, dariukna dina éta korsi. Malah, basa Ema geus gering lantaran kakolotan, éta korsi dijadikeun tempatna dzikir ka Alloh. Tapi nepi ka maotna, kahayang Ema pikeun boga imah sorangan tue kungsi laksana, salawasna imah téh bati ngontrak waé pundah-pindah.
Lantaran pangraksa Ema, éta korsi bisa awét nepi ka turun ka kuring. Sanajan ku babaturan kuring éta korsi geus dilédék, tapi lantaran lalakonna anu panjang kuring can daék ngaganti éta korsi. Sanajan aya kereteg, upama boga milik, rék meuli korsi modél panganyarna, tapi korsi hoé titinggal Ema mah moal dileupaskeun.
14)“Milangkala” (GT-14)
manéhna tibatan milu ka bapana. Basa hiji waktu Ibu keur nyieun tulisan, manéhna butuh klise tangkal ganja keur bahan tulisanna. Sanggeus ditéangan, klise teu kapanggih.
Manéhna néangan Aji jeung Santi, budak téré anu dipikanyahna. Sanajan geus dibantuan ku Éni (adina), Aji jeung Santi teu kapanggih kénéh. Antukna Éni anu indit ka imah Lily téh, niatna rék nginjeun klise tangkal ganja.
Basa Éni bébéja yén teu panggih jeung Aji ogé Santi, manéhna boga panyangka yén barudak téh geus teu baretaheun deui cicing jeung manéhna nepi ka luas kabur ninggalkeun imah. Manéhna ceurik, lantaran geus salapan taun cicing jeung barudak téh. Upamana rék indit, naha teu bébéja?
Barang barudak baralik, katingali pisan siga nu carapéeun. Barang geus diomongan, tétéla arinditna Aji jeung Santi téh lain lantaran ngarasa teu betah cicing jeung manéhna, tapi mareuli kado meuli kado keur milangkala manéhna. Manéhna bagja lain dikira dipikanyaah ku barudak téh.
15) “Gurat-gurat Dampal Leungeun” (GT-15)
Ine, bibina Ati anu masih can tepung jeung jodona. Padahal umurna geus kolot, karir suksés salaku psikolog anu mindeng pisan indit ka luar nagri keur panalungtikan, jeung digambarkeun salaku wanoja pinter. Hiji waktu Ati ngajak Ine sangkan daék diramal ku Emod, tukang norah anu dijurukeun di India nepi ka dilandih Si India.
Ine anu masih kénéh ngerem di kamar, ningali buku Palmistry meunang meuli di Paris. Ceuk pikirna, tangtu kabéh hasil tukang norah bakal sarua upama norahna tina gurat dampal leungeun mah, sabab sumberna ngan hiji. Ine sumerah ka Pangéran lantaran manéhna yakin kana jangji Gusti anu bakal méré kabagjaan.
16) “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” (GT-16)
Nyaritakeun Asti anu keur ngalamun, manéhna masih kénéh hayang sosorangan, sanajan manéhna ngarasa yén hiji waktu manéhna kudu daék narima lalaki dina kahirupanna. Lamunana kagareuwahkeun ku Idah, adina. Idah téh geus papacangan jeung Yayat kalawan sérius, rék aya rencana kawin dina waktu deukeut.
Asti ngarasa bungah idah rék kawin téh, tapi indungna mah kacida sedihna. Indungna miharep anu kawin tiheula téh Asti salaku anak anu panggedéna. Tapi, Asti sorangan can hayang kawin, sanajan ari rasa cinta mah kungsi ngalaman, jeung kiwari gé keur sono ka Dinan, lalaki anu kungsi deukeut jeung manéhna. Semet deukeut, teu kungsi aya hubungan nanaon. Dinan anu harita keur ngajauhan Amalia lantaran kolotna Amalia teu doaeun, ngadeukeutan Asti. Tapi, lantaran Asti kaasup awéwé anu tara némbongkeun kasono jeung kabungahna upama keur deukeut jeung Dinan, Dinan mundur nepi ka pleng tilu taun teu manggihan deui.
Basa sawatara lalaki ngadeukeutan Asti, manéhna angger teu hayang micinta sasaha. Asti hayang nyorangan, najan embung sorangan salilana. Asti jangji hiji waktu manéhna kudu bisa mopohokeun Dinan keur kabagjaan manéhna, indungna, jeung Idah.
17) “Ngobor” (GT-17)
Sanggeus sagalana siap, nu limaan muru ka sawah, mapay-mapay galengan. Tapi, lantaran harita keur caang bulan, nu limaan teu meunag belut hiji-hiji acan. Sabab pada-pada embung balik upama can beubeunangan, Oyon méré usul. Sanggeus kabéh sapuk, bring saréréa ngajugjug balong nu bapana Oyon. Sanggeus meunang lauk emas anu garedé, tuluy diasakan di imah Oyon. Kabéh dalahar sangu liwet jeung lauk emas. Subuh-subuh, bapana Oyon ribut yén cenah lauk pesenan Bapa Wadana aya nu maok.
18) “Mama Haji” (GT-18)
Nyaritakeun Sukri, jalma bengal, bedegong jeung wanian. Upama aya anu ngalakukeun kasalahan, tara aya ampun. Bageurna téh iwal ka kulawargana waé, saperti ka incuna. Saperti basa harita kungsi aya meri anu ngarencah pabinihanna, teu loba mikir, éta meri ditalian kana awi tuluy ditanceb-tancebkeun dina sawah anu ledok. tapi, lantaran éta meri téh anu incuna, kapaksa dilaanan deui, cacak lamun nu batur mah tangtu bakal diantep tinggulantung nepi ka paéh.
Hiji waktu, mangsa keur usum loba gorombolan ngaranjah lembur, Sukri ditéangan ku gorombolan. Basa gorombolan datang ka imah Sukri, sakilat manéhna asup kana liang deukeut hawu anu brasna ka balong gigireun imahna. Tapi teu kungsi lila bedil didérédédkeun ka sakuriling balong. Sukri anu keur nyempod di para masjid tétéla salamet. Kitu deui anak jeung pamajikanna.
Sapoé sanggeus éta kajadian, Sukri pindah ka kota nyéwa imah anu bari teu kungsi lila geus boga gedong. Sawatara taun ti harita, Sukri jeung pamajikanna ka Mekah. Balik ti Mekah, ngaranna ganti jadi Haji Sukur, pamajikanna jadi Hajah Zenab. Sukri anu jadi haji Sukur jadi jelema bageur tur akuan ka sasaha. lantaran pada mikolot, urang lembur nyebutna Mama Haji.
19) “Tatangga” (GT-19)
Carpon GT-19 nyaritakeun palaku Éma salaku kuring, ibu rumah tangga anu sapopoé ngurus imah, ngarasa hayang nganjang ka imah Bu Érni, tanggana anu geus ampir sataun imahna pahareup-hareup jeung manéhna. Salila éta, Kuring can kungsi nganjang, lantaran aya kasieun teu ditarima ku Bu Érni upama rék micongah. Kuring ngarasa jadi awéwé kampung anu teu wanoh jeung dunya atikan ogé dunya pagawé siga Bu Érni.
Kuring kabita saperti Bu Érni anu katingalina siga bungah waé. Komo upama aya babaturanna, teu weléh sempal guyon. Kuring nganaha-naha, manéhna unggal poé ngan ukur masak jeung beberesih di imah, teu boga babaturan anu bisa diajak suka bungah saperti kitu.
Hiji waktu, kalawan dijurung ku salakina, kuring ngawani-wanikeun nganjang ka imahna Bu Érni bari ngirim urab bayem. Jauh tina panyangka, Bu Érni daréhdéh, bari tuluy ngawangkongkeun kagoréngan babaturanna anu tadi katingalina siga anu alakur. Sanggeus balik ti imahna Bu Érni, kuring nyindekkeun yén sipat jeung paripolah hiji jalma teu saukur katingali tina gelar atawa kaayaan luarna wungkul, tapi tina kapribadianana.
20) “Aki Sasmita” (SKKS-01)
Ieu carpon nyaritakeun ngeunaan palaku nu ngaranna Aki Sasmita, manéhna mikiran nasib masarakat di lembur anu keur merjoangkeun tanahna. Mimiti kajadianna tina tanah rahayat nu di taksir ku insinyur ti kota pikeun dijadikeun lapangan golf.
tanah nu sésana can dibayar teu dilunasan waé. Kaasup tanah na Aki Sasmita. Masarakat mindeng ngayakeun démonstrasi pikeun merjoangkeun hakna, tapi wakil rahayat euweuh nu maliré.
Nepi hiji mangsa masarakat geus teu bisa nahan sabar kana jangji-jangji wakil rahayat nu can waé ditedunan. Masarakat ngayakeun démonstrasi deui tur poé harita bakal dipatotoskeun kumaha hasilna.
Basa sawala antara wakil rahayat jeung masarakat pilemburan geus dipatotoskeun, masarakat loba nu kuciwa, sabab hasilna ngarugikeun masarakat. Éta hasil sawala nétélakeun yén sésa harga tanah bakal dilunasan upama tanah masarakat téh aya sértipikatna. Éta sértipikat téh jadi bukti yén tanah téh geus dijual. Sedengkeun kabiasaan dipilemburan, nalika meuli tanah tara dibarengan ku sértipikat, cukup ku kuitansi jeung tanahna diwatesan ku tatangkalan. Di antara réana masarakat, ngan tilu urang tanahna nu miboga sértipikat, harita kénéh langsung dilunasan, sedengkeun nu lainna bati colohok.
21) “Surat Keur Ka Sawarga” (SKKS-02)
Ieu carpon nyaritakeun ngeunaan tokoh “abdi” nu nulis surat keur “abah” nu mangrupa mitohana nu geus tilar dunya. Dina eusi suratna nyaritakeun pangalaman-pangalamana basa keur ngora ti mimiti rumah tangga jeung “budakna abah” nepika “abah” maot.
Ieu carpon ogé nyaritakeun kahadéan abah jeung kulawargana nu mangrupa urang lembur nu hirup saaya-ayana di lembur, hirup basajan, soméah, jeung handap asor ka jalma anyar dina kulawarga. Sedengkeun palaku abdi nya éta urang kota nu bageur, nu mikaresep kana kaayaan di pilemburan
22) “Dongéng Sakotrét” (SKKS-03)
Ieu carpon nyaritakeun ngeunaan lamunan hiji palaku nu katelah “manéhna”. “Manéhna” nu keur aya di kamar hotél di Slany, Cekoslowakia ngimpleng jajaka nu dipikacintana, nya éta Walangsungsang. Tuluy harita “manéhna” ngalalamun ngalanglang ka bumi Nusantara, nepungan Walasungsang di tutugan Gunung Gedé. Sanggeus paamprok, Walangsungsang jeung manéhna teu wasa meuraykeun kasono nu geus puluhan windu. Duanana silih pataréma, bangun sieun pukah deui.
Salila nu duaan sosonoan, “manehna” ngimpleng mangsa katukang. Harita Walangsungsang ragrag supata, sabab “manéhna” nu dipikacinta ku Walangsungsang geus diistrénan jeung nu jadi lanceuk Walangsungsang, nya éta Raja Pakuan. Ti harita, Walangsungsang jeung “manéhna” susulumputan upama rék panggih. Basa supatana ragrag, harita alam Mandalawangi ngariyeg. Raja Pakuan nu nyahoeun yén Walangsungsang geus ragrag supata tuluy nepungan Walangsungsang nu keur sosonoan jeung “manéhna”. Raja Pakuan ngélingan ka Walangsungsang kana polahna nu geus dilakonan, tapi Walangsungsang kalah beuki ngudarkeun jangjina, alam milu nyaksian kana jangjina. Bumi beuki ririyegan, nu ahirna ngahudangkeun lamunan anu keur naghuleng sajongjonan handapeun jandéla hotél kamar Atlas di Slany.
23) “Mulang” (SKKS-04)
Carpon “Mulang” nyaritakeun hiji jalma nu keur diriung ku kulawarga, tatangga, jeung kolégana alatan manéhna rék balik ka kalanggengan. Dina ieu carita nu jadi puseur caritaanana kahirupan kuring. Kuring dina ieu carita nya éta nu diriung téa.
ngadéngé deui naon nu aya di sabudeureun. Anapon kitu, kiwari mah kuring geus teu bisa naon-naon deui. Nu bisa téh ngan nungguan nu rék mapagkeun bada lohor.
24) “Wasiat Ti Pa Mantri” (SKKS-05)
Nyaritakeun Pa Mantri, kapala sakola anu rék pangsiun. Manéhna geus ngarasa capé jadi mantri di sakola, tungtungna manéhna ménta pangsiun sanajan can waktuna. Sabada éska pangsiun turun, manéhna ngarasa hanjelu. Di rohangan Kapala Dinas, babaturanana silih ngawilujengkeun. Di dinya ogé aya omongan ngeunaan Pa Teguh nu hayang ngangkat anak buahna kalawan nyogok.
Pa Mantri tuluy ka sakola, rék amitan ka guru-guru jeung mapagahan hal-hal séjén keur kalumangsungan pangajaran di sakola. Di rohangan kantor, manéhna ngomat-ngomatan yén upama manéhna geus teu di sakola éta deui, disiplin waktu jeung administrasi masih kénéh kudu dituluykeun. Manéhna ogé mihapékeun Mang Dana, panjaga sakola sangkan diperhatikeun, sabab gajihna leutik pisan. Sanggeus pada ngawilujengkeun ku guru-guru, manéhna amitan, bari nepikeun paniatanna minggu hareup rék ka sakola deui, rék sosonoan heula jeung barudak.
25) “Handapeun Langit Hideung” (SKKS-06)
Carpon “Handapeun Langit Hideung” nyaritakeun ngeunaan kapercayaan masarakat kampung ka hiji jalma nu sok muja. Harita, warga kampung keur ngumpul di imah Ijah, nyaritakeun Si Ujang nu keur ulin jeung Cép Entu, anakna Gan Wiria. Ti dinya obrolanna beuki manjang, nyaritakeun Gan Wiria cenah sok numbalkeun budak sangkan beunghar.
Nyi Anah néang dukun, Si Ujang dimandian tengah peuting. Sabada diubaran téh Si Ujang teu cageur, isukna Si Ujang geus euweuh di kieuna.
26) “Hama” (SKKS-07)
Ua Istri mangrupa salah sahiji jalma pangjegudna di kampung kuring. Anjeunna boga sawah nu kacida lobana. Tapi éta sawah téh geus tilu usum kakeunaan ku hama waé. Sabenerna henteu ngan Ua Istri hungkul anu ngalaman ieu kajadian téh, méh sakabéh warga ngalaman.
Ua Istri ngarasa handeueul kana kalakuan beurit nu salila ieu jadi hama paré, nya atuh anjeunna téh ngajadikeun sabagéan sawahna nu tilu ratus bata jadi balong. Éta balong tuluy dipelakan lauk emas jeung lélé dumbo. Kaputusan Ua ngajadikeun sawahna jadi balong téh angger waé katarajang ku hama. Ayeuna mah hamana téh bayawak. Nya atuh lantaran keuheul, balong nu salima-lima téh dibedahkeun.
27) “Nu Mulang Ti Panyabaan” (SKKS-08)
Ieu carpon nyaritakeun palaku Ahmad anu mulang ti panyabaanana nya éta di mana manéhna usaha pikeun néangan duit keur anak jeung pamajikanana. Tapi nalika manéhna aya niat balik ku sabab geus hasil, tepina diburuan imah, Ahmad meunang kareuwas sabab di imahna réa jelema, parabotan dikalaluarkeun, sarta aya nu ngaji anu mangrupa tahlilan.
Nyatana yén anu maot téh lain Ahmad, tapi jelema anu maling lokét Ahmad nalika rék mulang ka imahna. Ku sabab kajadian éta Ahmad sujud jeung sukur kana kakawasaan Pangéran, sarta ngalaksanakeun sukuran dina raraga sukur ni’mat kahirupanana.
28) “Nu Datang Wanci Sareupna” (SKKS-09)
Ieu carita nyaritakeun palaku Danang jeung kulawargana anu satatus sosialna jalma leutik, ku lantaran kaayaan ékonomina pas-pasan keur kabutuhan hirupna malah mah mindengna kurang. Danang teu miboga pagawéan anu tetep sanajan Danang geus sarjana tapi manéhna henteu jadai pagawé di kantor mana waé, sanajan jadi pagawé Danang ukur jadi titahan batur dina nulis pagawéan batur anu boga kakawasaan.
Dina pangalamana ka tukang Danang kadatanangan Pa Arman anu mangrupa wakil kapala di kantorna, anjeunna dititah niyieun buku sangkan naék jabatan jadi kapala ngagantikeun pa Sasmita anu téréh pangsiun. Ku sabab Pa Arman lain pituin urang Sunda, anjeunna mercayakeun tugasna nyieun buku ka Arman anu pituin urang Sunda, anjeunna méré waktu dua minggu ka Danang. Sanajan waktu anu samporét ku sabab kaleukeunan Danang dibantuan ku pamajikanana ngetik éta pagawéan nulis buku téh parat dina waktuna.
Saeunggeus Pa Arman dibenum jadi kapala, anjéunna jalma balabah ka karyawan jeung nu lainna. Kitu ogé loba anu barang béré ka anjeunna boh dina barang, duit, atawa jasana. Ku lantaran kajadian éta pa Arman dituding korupsi nepi ka anjeunna disidang, tapi teu kabuktian anjeunna korupsi. Tidinya pa Arman dipecat jadi kapala di kantor.
29) “Bulan Mabra di Madinah” (SKKS-10)
Ieu carpon nyaritakeun palaku “kuring”, nya éta anu bébésan jeung indungna Eulis anu ayeuna geus maot, kakuciwa jeung kakeuheul “kuring” ka bésan nepi ka ayeuna masih kénéh karasa, sanajan geus lima taun Eulis maot, tapi “kuring” mangkeuheulkeun lantaran Eulis budak anu soléh diusir jeung “dibuang” tina jajaran kulawarga bésan ku sabab teu nurut kana kahayang kolot.
Salila jadi pamajikan Si Jalu, Eulis bageur pisan, daék dibawa sangsara ku salaki jeung bageur ka mitoha, naon anu dibikeun ku salaki jeung mitoha pasti ditampanan, nepi ka salaki kitu ogé “kuring” mitohana nyaah pisan ka Eulis. Sanajan geus lima taun kaliwat, tapi “kuring” henteu bisa poho ka Eulis, saha waé awéwé anu keur kakandungan jeung degdeganana sarua jeung Eulis pasti “kuring” ceurik lantaran inget ka Eulis minantu anu soléh téa.
Pisaminggueun deui ka lebaran “kuring” jeung Jalu nganjang ka imah bésan nganteurkeun bingkisan, bésan ngabéjaan rék munggah haji, atuh “kuring” toh pisan ninggali bésan bisa indit jarah, sanajan dina haté masih cangcaya yén nu rék indit jarah mah kudu bararesih lahir-batinna, kudu geus lunas utang-piutang. “kuring” ras ka bésan anu boga jangji rék nanggung ongkos rumah sakit, tapi teu aya embusanana, “kuring” mung bisa ngadua mugia teu aya mamala nanaon bésan munggah hajina sarta geus nganggap hutangna lunas.
Basa dina waktuna bésan balik munggah haji, manéhna nyartita panggih jeung “kuring” nu ngajak gumujeng ka bésan, tidinya bésan sadar kana dosana sarta ménta hampura ka “kuring” jeung Jalu. Najan ukur sakecap pangakuan, “kuring” atoh Jaludiaku ku ‘indungna’. Nuhun Gusti.
30) “Nunun” (SKKS-11)
playboy anu ngarogahala Nunun, tapi teu pantes disebut ngarogahala ku lantaran duanana pada-pada suka antara Nunun jeung éta lalaki playboy.
Paripolah Nunun robah tisaprak gaul jeung geng Tina anu sok ulin jeung lalaki playboy jeung kabiasaan anu goréng. Nunun jadi wani kabur ti imah ku lantaran ngarasa bosén jeung kahirupanana anu ngan ngadeluk maca buku jeung ngapalkeun, sarta ku lantaran Akang anu jadi lanceukna tara nganteur ka sakola jeung nongton.
Ku sabab Akang hariwang jeung melang ka Nunun, Akang nyusulan Nunun ka markas koboy anu di Bandung. Astagfirullah geus Nunun téh dijadikeun cocooan lalaki playboy, tapi Nunun henteu ngalawan kitu ogé basa dirogahala Nunun henteu pisan ngalawan. Ku lantaran ambek jeung nyaah ninggali paripolah Nunun, Akang wani-wani maéhan lalaki playboy anu nyababkeun Akang ditahan di pangbérokan.
4.2 Analisis Data
Prosés nganalisis data ngawengku analisis struktur, semiotik, jeung ajén-inajén sosial budaya anu nyangkaruk dina 30 carpon kaya Sastrawati Sunda Patrem.
4.2.1 “Emang jeung Alo” (GT-01) 4.2.1.1 Struktur Carita GT-01
a. Téma
Téma carpon “Emang jeung Alo” nya éta téma kamanusaan. Konsép kamanusaan dina ieu carpon nyoko kana ayana pamadegan-pamadegan pangarang ngeunaan rasa hormat ka guru. Upama ditilik tina sawangan anu leuwih lega, ieu carpon ngébréhkeun téma atikan dina mangsa ieu carita gumelar. Konsép atikan mangsa taun 1980-an anu museur kana perkara maca, nulis, jeung ngitung. Dina prakna nembrakkeun carita, eusina patali ogé jeung ajén linuhung martabat manusa.
“… Mémangna kétang guru jaman ayeuna mah sok asa pinter, tapi ari digawé teu balener… Ieuh guru déwék mah baheula, sirahna ogé barutak tanda guru pinter.” (13/4)
“Matak pusing nya Mang ngajar téh? Angot geura upami mayunan kelas mah. mangkaning budak anu saur emang”goblog” téh aya puluhna.” (13/7)
Sanajan dina ngébréhkeun témana ngaliwatan kalimah langsung anu mangrupa pamadegan palaku, tapi nu maca bisa nuluykeun interprétasina yén lain kudu satuju kana pamadegan éta palaku, tapi kudu bisa ngajénan sarta ngahormat ka guru lantaran pagawéanna éstu teu énténg.
b. Fakta Carita 1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktu, carpon “Emang jeung Alo” kaasup kana galur maju/mérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka tungtung carita.
Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan waktuna bisa katitén saperti ieu di handap.
A --- B --- C --- D --- E
(b) Dumasar Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlahna, ieu carpon maké galur tunggal, nya éta ngagunakeun hiji galur pikeun museurkeun panitén nu maca kana eusi carpon. Éta hal katitén ti mimiti carita nepi ka ahir carita éstu nyaritakeun palaku emangna Ki Ahmad. Dina konflik ogé leuwih didominasi ku emangna Ki Ahmad tibatan ku Ki Ahmad. Nu maca diajak nuturkeun palaku emang Ki Ahmad ti mimiti, pasipatan, paripolah, pakasaban, jeung pamadegan-pamadeganna ngeunaan kahirupan sarta alam sabudeureunna.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Carpon “Emang jeung Alo” kaasup kana galur padet, éta dumasar kritéria kepadatanna. Pangna kitu lantaran kajadian-kajadian anu diébréhkeun ku pangarang dalit patalina jeung inti carita, dina ieu hal tangtuna waé kajadian anu aya hubunganna jeung emang Ki Ahmad salaku palaku utama.
(d) Dumasar Eusi
2) Palaku
Dina carpon “Emang jeung Alo” aya dalapan urang palaku, opat urang palaku méré pangrojong kana eusi katut gaur carita, sésana saukur disebut dina narasi pangarang jeung kalimah langsung tina paguneman palaku tapi euweuh pangaruhna kana eusi carita.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, aya dua urang palaku utama dina ieu carpon, nya éta emang Ki Ahmad (GT-01:11/1) jeung Ki Ahmad salaku alo (GT-01:13/1). Salian ditilik tina jejer ieu carpon, ieu dua urang palaku utama bisa katitén tina inti carita basa Ki Ahmad jeung emangna pagedrug pamikiran ngeunaan cara diajar siswa jeung cara ngajar guru (kaca 13). Sanajan kitu, palaku emang Ki Ahmad tetep miboga kalungguhan anu leuwih luhur (dominan) dibandingkeun palaku Ki Ahmad.
Salian ti éta, dumasar kalungguhanna ogé aya palaku tambahan, nya éta Husén (anakna emang Ki Ahmad) jeung tukang béca. Ieu dua urang palaku tambahan miboga peranna séwang-séwang. Palaku tukang béca dipaké pikeun nguatkeun karakter palaku utama emang Ki Ahmad jeung status sosialna di masarakat. Éta hal bisa katitén dina ieu cutatan,
“Lamun keur nyetiran mobil, pék hareupeunana aya tukang béca dugal-dugil ngaboséh da puguh nanjak, haok baé, “Minggir lu! hayang kojor?!” (12/4)
“Puguh baé tukang béca téh tibuburanjat, jaba reuwas ku sora tuter téh jeung ceuli deuih panas asa disebit. Polotot baé ti dituna mah rék ngalawan, tapi ana rék kana béntang anu tinggurilap dina taktak emang Ki Ahmad , kulahék baé, ngan ukur “Samber koléra! Dilebok méong!” cenah gegerenceman.” (12/5)
Béda jeung palaku tambahan Husén, anakna emang Ki Ahmad anu ngalaman prosés interaksi leuwih loba. Ieu hal duméh Husén jadi palaku tambahan pikeun aya dina konflik carita.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina ieu carpon nya éta Ki Ahmad (GT-01:13/1), Husén (GT-01:12/5), jeung tukang béca (GT-01:12/4). Sedengkeun anu jadi palaku antagonisna nya éta palaku utama, emang Ki Ahmad (GT-01:11/1).
Pangna kaasup kana palaku antagonis hiji-hijina dina ieu carpon lantaran emang Ki Ahmad miboga sikep jeung paripolah anu goréng. Éta hal katitén tina sawatara cutatan ieu di handap.
“Da éta mah emang Ki Ahmad, méh ku saban jalma dipikasieun, dipikarisi, dipikagigis.” (11/1)
“Da poksangna beak ti karep, ceplak pahang garihal sugal jeung kasar.” (11/2)
“Montong calecengiran, Monyét!” (11/5)
“Minggir lu! Hayang kojor?!” (12/4)
Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén palaku utama dina ieu carpon, penampilanna antagonis. Sikep goréng séjénna bisa katitén tina gambaran eusi pamikiran emang Ki Ahmad anu teu weléh maksakeun pamadeganna sanajan salah atawa henteu merenah. Saperti katitén tina ieu cutatan:
“… Sugan guruna waé euweuh kanyaho! Naha teu diilikan peunteun budak téh keur di kelas duana? Dasar guru jaman ayeuna!” (13/2)
“… Aya mangsana ti nu ieu maju, ti nu ieu mundur. Kapan aya hukum perkembangan.” (13/3)
Pikeun negeskeun kaantagonisan emang Ki Ahmad, pangarang nguatkeun pamadegan palaku anu tuluy dibandingkeun jeung pertélaan yén guru jaman ayeuna jeung guru jaman baheula mah béda.
“… Mémangna kétang guru jaman ayeuna mah sok asa pinter, tapi ari digawé teu balener… Ieuh, guru déwék mah baheula, sirahna ogé barutak tanda guru pinter.” (13/4)
Ti dinya, bisa katitén sikep égois emang Ki Ahmad anu embung éléh sanajan pertélaanna teu merenah. Sikep kasar ogé ditémbongkeun emang Ki Ahmad ka Husén, anakna. Cara ngatik jeung nyarita ka budakna diébréhkeun dina ieu cutatan,
“Bodo! Moal enya 8 x 17 saratus genep! ...” (15/7)
“Goblog! Geus moal tulus dibéré karéta mesin téh …” (15/9)
“Ituh-ituh kalah ka méwék! Si Bodo! Nyatu waé ka itu di dapur! …” (15/11)
Palaku Husén, anakna emang Ki Ahmad jeung palaku tukang béca sabenerna teu bisa disebutkeun protagonis, duméh sikepna teu goréng-goréng teuing jiga emang Ki Ahmad. Éta hal lantaran pangarang teu nembrakkeun sacara atra sikep jeung eusi pikiran ieu dua urang palaku. Lantaran ieu dua urang palaku miboga kalungguhan salaku palaku tambahan, tangtuna waé pangarang teu ngébréhkeun ayana palaku-palaku antagonis jeung protagonis séjén. Éta hal miboga tujuan sangkan nu maca museurkeun paniténna ka palaku utama.
(c) Dumasar Watek
sipatna dinamis, teu ngan miboga hiji watek. Hiji waktu manéhna gedé ambek, babari émosional upama aya anu nyigeung perasaanna, tapi di waktu anu séjén manéhna ogé bisa ngontrol émosi sangkan teu ngagunakeun kakuatan fisik pikeun ngébréhkeun émosina. Hartina, sanajan omonganna kasar jeung garihal, tapi ari neunggeul atawa nampiling éstu tara pisan. Pangarang ngébréhkeun ieu hal saperti dina ieu cutatan,
“Sarieuneunana téh lain pédah sok nampiling atawa nyabok ngagitik, tara nyintreuk-nyintreuk acan. Ieu mah éta sarieuneun ngadéngé omonganana. Da poksangna béak ti karep, ceplak pahang garihal sugal jeung kasar.” (12/2)
Paripolah anu robah dina sawatara situasi carita ogé ngébréhkeun yén palaku emang Ki Ahmad masih miboga jiwa humanis. Dina bubuka dicaritakeun kumaha watek emang Ki Ahmad saperti cutatan di luhur, dituluykeun ku gambaran sikepna ka alona anu teu kaopan. Aya ogé gambaran situasi basa emang Ki Ahmad nyarékan tukang béca. Nincak kana tengah carita, digambarkeun watek emang Ki Ahmad anu leuwih kuat, nya éta basa manéhna ngamuk lantaran raport anakna goréng. Ditambahan ku situasi adu pamadegan jeung Ki Ahmad ngeunaan cara guru ngajar jeung kamampuh budak dina nyangkem pangajaran. Gambaran-gambaran saperti kitu atra pisan katingali watek emangna Ki Ahmad anu heuras.
Tapi sikepna anu sarupa kitu téh kungsi teu katingali basa manéhna ngageroan anakna, saperti katitén dina ieu cutatan di handap,
“… Sén, Husén! Ka dieu Jang, urang diajar ngitung ku Bapa” (14/3)
kanyaah ngageroan budakna ku sebutan “Jang” atawa pondokna tina “Ujang”. Dina hubungan pancakaki Sunda, sesebutan saperti kitu tanda nyaah ti kolot atawa saluhureun ka budak atawa sahandapeun. Lian ti éta, palaku ogé ngabapakeun, henteu nyebut déwék saperti sasari lamun pareng nyebutkeun gaganti ngaran sorangan. Ti dieu bisa katitén robahna watek palaku ti nu kasar jadi leuwih leuleuy.
Béda jeung palaku basajan anu statis, palaku emang Ki Ahmad robah deui watekna jadi watek anu heuras sarta gedé ambek. Ieu hal dirojong ku situasi anu aya dina carita. Kacaritakeun Husén teu bisa ngajawab soal ngitung ti manéhna, tangtuna waé emang Ki Ahmad ambekeun pisan. Kaambekna diébréhkeun ku cara nyentak jeung ngageubig-geubig awak Husén. Saperti anu katitén dina ieu cutatan di handap.
“Bodo! Moal enya 8 x 17 saratus genep! ...” (15/7)
“Goblog! Geus moal tulus dibéré karéta mesin téh…” (15/9)
“… Cing uteuk téh paké! Ieuh, dalapan kali tujuh belaaaas sabarahaaaa?” bari ngageubig-geubig sirah budak, méh baé budak téh tijengkang.” (15/9)
Sikep leuleuy anu geus ditémbongkeun saméméhna, ayeuna balik deui lantaran teu bisa ngontrol émosina sanajn ka nu jadi anak. Éta hal katurug katutuh, emang Ki Ahmad éléh pamadegan jeung Ki Ahmad ngeunaan guru jeung kamampuh budak dina diajar. Ieu di handap mangrupa cutatan anu ngarojong éta hal,
“Matak pusing nya Mang ngajar téh. Angot geura upami mayunan kelas mah. Mangkaning budak anu saur emang ‘goblog’ téh aya puluhna.” (15/13)
Tina cutatan di luhur, katitén yén watek emang Ki Ahmad di ahir carita tétéla balik deui kana sipat égoisna, sanajan manéhna apal yén éta téh salah tapi tangtu waé moal daék ngaku, cukup ku pertélaan saperti dina cutatan kadua di luhur (16/2). Jadi, bisa dicindekkeun yén palaku emang Ki Ahmad anu kompléks miboga ogé watek anu dinamis, hartina bisa robah sawaktu-waktu luyu jeung situasi ogé konflik carita.
Parapalaku basajan jauh leuwih statis, saperti Ki Ahmad jeung Husén anu sacara ésénsial teu ngalaman parobahan watek, angger, datar jeung teu mekar nepi ka ahir carita. Palaku tukang béca dina ieu carita ogé miboga watek anu basajan kalawan teu mekar atawa statis. Lantaran palaku tukang béca ngan muncul sakali dina ieu carita, pangarang teu ngébréhkeun watek atawa pasipatanana.
(d) Dumasar Pencerminan
Ditilik tina pencerminan palakuna, Ki Ahmad, emang Ki Ahmad, jeung Husén mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun tukang béca kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat, waktu, jeung sosial.
Tabel 4.1 Data Latar GT-01
No. Kode Data Data Tpt. Latar Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. GT-01/9:12/4 Jalan 
2. GT-01/2:12/7 Tengah imah 
3. GT-01/10:12/4 Kelas handap 
4. GT-01/10:12/5 Masarakat kelas luhur 
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
6. GT-01/3:13/1 Kwartal kahiji 
7. GT-01/8:13/2 Jaman ayeuna 
8. GT-01/5:15/11 Dapur 
Kat:
Tpt. : Tempat Wkt. : Waktu Sos. : Sosial
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat, waktu, jeung sosial.
(a) Tempat
Aya opat latar tempat dina carpon “Emang jeung Alo”, nya éta jalan, tengah imah, dapur, jeung Jakarta. Latar tempat jalan (GT-01:12/4) teu diébréhkeun sacara éksplisit, tapi saukur digambarkeun dina situasi basa emangna Ki Ahmad nyarékan tukang béca duméh ngahalangan mobilna waktu manéhna keur nyetir. Sangkan leuwih jelas, bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
“Lamun keur nyetiran mobil, pék hareupeunana aya tukang béca dugal-dugil ngaboséh da puguh nanjak, haok baé, “Minggir lu! hayang kojor?!” (12/4)
“Atuh puguh baé tukang béca téh tibuburanjat, jaba reuwas ku sora tuter téh jeung ceuli deuih panas asa disebit. Polotot baé ti dituna mah rék ngalawan, tapi ana rét kana béntang anu tinggurilap dina taktak emang Ki Ahmad, kulahék baé, ngan ukur “Samber koléra! Dilebok méong!” cenah gegerenceman.” (12/5)
tengah imah lumangsung konflik antara Ki Ahmad, emang Ki Ahmad, jeung Husén. Di dinya, Ki Ahmad jeung emangna pagedrug paham ngeunaan kamampuh diajar budak jeung kapinteran guru dina ngajar. Di dinya ogé emang Ki Ahmad nyarékan Husén (budakna) lantaran teu bisa ngajawab soal itungan 8 x 17.
Salian ti éta, aya ogé latar dapur (GT-01:15/11) anu dijadikeun tempat ngusir Husén ti tengah imah lantaran teu bisa ngajawab soal itungan. Ieu latar mangrupa latar tambahan, lantaran teu kacaritakeun Husén waktu geus di dapur, ieu tempat saukur disebutkeun ku palaku utama ngaliwatan kalimah langsung dina paguneman.
(b) Waktu
Aya tilu latar waktu anu aya dina ieu carpon, nya éta kwartal kahiji 01:13/1), jaman ayeuna 01:13/2), jeung hiji mangsa (GT-01:12/6). Éta tilu latar waktu kaasup kana latar waktu anu henteu faktual, lantaran upama teu ditingali kontéks caritana, bakal teu jelas iraha-irahana. Sanajan kitu, tilu latar waktu tadi jadi bahan informasi keur nu maca. Upamana kwartal kahiji, mangrupa istilah anu dipaké dina dunya atikan sakola mangsa taun 80-an pikeun ngébréhkeun waktu diajar anu dibagi kana tilu kwartal dina sataun ajaran. Ieu latar waktu dipaké pikeun nétélakeun waktu diajar Husén anu kakara kwartal kahiji di kelas tilu SD. Pangna disebutkeun sacara éksplisit, duméh nilik kana eusi galur carita anu nyaritakeun yén peunteun ngitung Husén keur kelas dua téh dalapan, ari nincak ka kelas tilu kwartal kahiji bet jadi peunteun tilu. Hartina, aya rentang waktu anu sakeudeung tapi mangaruhan kana peunteun raportna Husén.
mangrupa latar lumangsungna inti carita basa emangna Ki Ahmad ngamuk lantaran raport Husén goréng.
(c) Sosial
Latar sosial dina ieu carpon aya anu mangrupa status sosial jeung cara mikir palaku. Éta tilu latar nya éta gambaran masarakat kelas luhur jeung kelas handap, gambaran guru anu dianggap euweuh kanyaho, jeung ayana pamadegan ngeunaan budak ngora anu dianggap pipinteranan.
Gambaran ayana masarakat kelas luhur jeung masarakat kelas handap katitén tina ayana palaku emang Ki Ahmad anu bisa jadi mangrupa aparat (ABRI/Polisi), éta hal ditepikeun kalawan implisit ngaliwatan tanda béntang anu tinggurilap dina taktak emang Ki Ahmad. Sabalikna, masarakat kelas handap diwakilan ku tukang béca anu kungsi dicarékan ku emang Ki Ahmad.
Latar sosial séjén anu kagambar dina ieu carpon nya éta ngeunaan cara mikir palaku Ki Ahmad jeung emang Ki Ahmad. Cara mikir emang Ki Ahmad ngeunaan guru-guru ngora anu euweuh kanyaho didadasaran ku ayana perkara peunteun raport Husén anu goréng. Salian ti éta, manéhna ogé nganggap guru jaman ayeuna anu henteu barutak nandakeun teu pinter, béda jeung guru jaman baheula anu barutak tandana pinter. Manéhna ngukur pinter jeung henteuna hiji jalma kawilang heureut. Béda jeung cara mikir alona, Ki Ahmad. Manéhna boga pamadegan yén budak boga kamampuh anu teu angger, lantaran aya hukum perkembangan. Kitu deui ngeunaan kamampuh guru anu geus dibekelan élmu pikeun ngondisikeun atawa ngajar puluhan murid dina sakelas, anu tangtuna waé moal bisa kagéroh kabéh, éta hal gumantung kana prosés siswa nyangkem pangajaran.
4.2.1.2 Unsur Semiotik GT-01
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-01 ngan aya anu mangrupa ikon imagis wungkul. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.2
Analisis Unsur Ikon GT-01
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-01:12/4 Ngaboséh  Kecap ngaboséh, sacara langsung nyitrakeun objék anu ditujuna, nya éta béca.
Bisa katitén dina cutatan ieu di handap: … tukang béca dugal-dugil ngaboséh da puguh nanjak… 2. GT-01:11/2
Nyintreuk-nyintreuk
nyintreuk-No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
hideung. Dina ieu kontéks bisa katitén tina cutatan ieu dihandap.
“Ka dieu Négro, déwék pencétan!”
Katerangan:
Img. : ikon imagis (citra) Mfr. : ikon métaforis Dgm. : ikon diagramatis
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-01 aya anu mangrupa indéks gejala fisik, aktualisasi, jeung zat. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.3
Analisis Unsur Indéks GT-01
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-01:11/4 Pikanyerieun Gejala fisik Pikanyerieun mangrupa tanda indéks tina ayana hiji hal anu ngabalukarkeun rasa nyeri. Dina ieu kontéks, rasa nyeri anu karandapan
balukar tina omongan emangna Ki Ahmad anu matak pikanyerieun haté. Cutatanna bisa katitén ieu di handap.
… tapi ari matak nyungkelit mah angger wé
pikanyerieun.
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
… ka alona nu kulitna rada-rada sawo tutung.
3. GT-01:12/3 Si Beuki
Méwék Aktualisasi Si Beuki Méwék mangrupa indéks tina jalma anu henteu disebutkeun ngaranna lantaran miboga kabiasaan ceurik, jadi dilandih sesebutanna. Ieu hal bisa katitén tina cutatan ieu di handap.
Calukan Si Beuki Méwék, sugan moal jebléh ari dibéré soklat mah.
4. GT-01:13/4 Butak Gejala fisik Butak mangrupa tanda indéks tina kontéks pamahaman yén sirah anu butak nandakeun jelema anu pinter. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap.
Ieuh, guru déwék mah baheula, sirahna ogé barutak tanda guru pinter. 5. GT-01:13/7 Beungeut
bareureum Gejala fisik Beungeut bareureum mangrupa tanda indéks tina rasa ambek jeung éra anu karandapan ku hiji jalma sacara biologis. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap.
Beungeut Ki Ahmad mimiti bareureum, haténa mimiti panas.
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
cutatan di handap.
Beungeut Ki Ahmad mimiti bareureum, haténa mimiti panas.
7. GT-01:15/2 Ngahuleng Aktualisasi Ngahuleng mangrupa tanda indéks tina sikep cicing bari mikiran hiji hal. Dina ieu kontéks, ngahuleng dilakukeun ku Husén lantaran keur mikiran jawaban tina soal ngitung 8 x 17. Éta hal katitén dina cutatan ieu di handap. Aéh-aéh ngitung téh kalah ngahuleng…
8. GT-01:14/3 Ka dieu Aktualisasi Ka dieu mangrupa tanda indéks anu nuduhkeun (demonstrative) prosés pindah ti hiji tempat ka tempat séjén. Ieu bisa katitén tina cutatan di ahandap:
Ka dieu Jang urang diajar ngitung ku Bapa!
9. GT-01:14/4 Bapa Aktualisasi Bapa mangrupa tanda indéks tina gaganti jalma pikeun ngébréhkeun status hubungan pancakaki antara Husén jeung emang Ki Ahmad. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap.
Ka dieu Jang urang diajar ngitung ku Bapa!
c. Simbol
Tabél 4.4
Analisis Unsur Simbol GT-01
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-01:11/6 Monyét Monyét mangrupa simbol tina sato anu sok mindeng teu daék cicing. Dina ieu kontéks, monyét dilarapkeun ka barudak anu keur saleuseurian. Monyét ogé jadi simbol kaambek hiji jalma, saperti anu katitén tina cutatan ieu di handap.
Montong calecengiran, monyét! 2. GT-01:12/5 Béntang Béntang mangrupa simbol tina jabatan
atau kalungguhan palaku dina tataran militér. Ieu katitén tina cutatan di handap.
… tapi ari rét kana béntang nu tinggurilap dina taktak emang Ki Ahmad, kulahék baé…
4.2.1.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-01
Kaayaan sosial dina hiji kelompok masarakat gumantung kana prosés sosialna. Ieu hal bisa katitén tina ayana hubungan antarindividu dina hiji kelompok sosial.
a. Ajén Sosial
Pikeun maluruh ajén sosial anu nyangkaruk dina carpon GT-01, bisa katitén tina tabél data ieu di handap.
Tabél 4.5
Data Ajén Sosial GT-01
No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan
Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. GT-01:13/3 Kapinteran budak 
No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
3. GT-01:13/2 Guru euweuh kanyaho  4. GT-01:13/6 Teu percaya ka guru 
Katerangan:
Bnr. : Ajén Bebeneran Mrl. : Ajén Moral Énd. : Ajén Kaéndahan Agm. : Ajén Kaagamaan
Dumasar kana data tabél 4.5 di luhur, bisa katitén aya hiji data anu ngandung ajén sosial bebeneran jeung tilu ajén sosial moral.
1) Ajén Bebeneran
Data GT-01:13/3 ngébréhkeun ayana konsép ngeunaan kapinteran budak/siswa di sakola dumasar kana sawangan saurang guru. Ieu data kapanggih dina cutatan ieu di handap.
“Atuda mang, kapinteran budak téh tara angger. Aya mangsana ti nu itu maju, ti nu ieu mundur. Kapan aya hukum perkembangan.”
Palaku nyoba maluruh ngeunaan konsép bebeneran ngeunaan ayana hukum perkembangan di dunya atikan. Bisa ogé ditétélakeun yén ayana palaku Ki Ahmad miboga kalungguhan pikeun ngabenerkeun cara mikir palaku emang Ki Ahmad ngeunaan kamampuh siswa, anu ku manéhna dianggap bodo. Pertélaan dina cutatan di luhur ogé ngébréhkeun yén lain sagemblengna salah budak upama peunteun ngitung dina raportna turun.
2) Ajén Moral
(emang Ki Ahmad), utamana kana kalakuan jalma (guru) anu dianggap goréng. Lantaran aya persépsi saperti kitu ti palaku, nu maca bisa ningali konsép séjén anu leuwih réalitas rék ditepikeun ku pangarang ngeunaan moral hiji jalma anu salawasna diajén jeung diperhatikeun ku jalma séjén, kaasup nu maca bisa ngajén palaku emang Ki Ahmad jeung Ki Ahmad ngaliwatan interprétasina séwang-séwang. Sanajan kitu, luyu jeung data anu geus kapanggih dina analisis palaku dumasar penampilanna, bisa katitén yén palaku emang Ki Ahmad miboga watek anu goréng, sedengkeun palaku Ki Ahmad miboga watek hadé.
b. Ajén Budaya
Pikeun maluruh ajén budaya anu nyangkaruk dina carpon GT-01, bisa katitén tina tabél data ieu di handap.
Tabél 4.6
Data Ajén Budaya GT-01
No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan
T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-01:13/3 Kapinteran budak
teu angger 
2. GT-01:13/3 Hukum
perkembangan  3. GT-01:15/13 Ngajar téh teu
gampang 
4. GT-01:12/4 Nyetiran mobil 
5. GT-01:12/4 Maréntah sina nyisi  6. GT-01:13/2 Guru jaman ayeuna  7. GT-01:14/3 Nitah ka tengah
imah 
8. GT-01:15/11 Nitah ka dapur 
9. GT-01:16/1 Ngajénan guru-guru
Katerangan:
T : Ajén Téori Sn. : Ajén Seni
É :Ajén Ékonomi K : Ajén Kawasa
A : Agama Sl. : Ajén Solidaritas
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél 4.6 di luhur, katitén aya tilu ajén téori, hiji ajén ékonomi,opat ajén kawasa jeung hiji ajén solidaritas. Ajén téori nyoko kana pamadegan yén manusa mikawanoh ayana téori anu jadi konsép dina prosés ngajén alam sabudeureun. Dina ieu hal, situasi anu diajénna nya éta situasi pangajaran di sakola. Salian ti éta, ajén téori ogé disawang tina pamadegan-pamadegan palaku ngeunaan kahirupan jeung cra ngatik antara kolot jeung guru anu kudu silih rojong.
1) Ajén Téori
Data GT-01:13/3 jeung GT-01:13/3 ngébréhkeun ayana téori hukum perkembangan dina prosés pangajaran. Hukum perkembangan pikeun siswa SD miboga wirahma anu ngalaman pasang surut. Upamana dina ieu hal, Husén anu keur di kelas duana ngitung meunang peunteun alus, tapi di kelas tilu peunteunna jadi goréng, sabenerna lain perkara bodo jeung pinterna budak, sakumaha anu ditétélakeun ku bapana. Tapi, ieu hal patali jeung irama perkembangan budak dina umur antara genep nepi ka sabelas taun. Data GT-01:15/13 ngébréhkeun dipakéna téori prosés pangajaran. Ieu téori nétélakeun yén guru miboga konsép jeung rarancang ogé kaparigelan anu geus ditataharkeun samaméh ngajar. Hartina, guru teu bisa ujug-ujug ngajar saperti anu dipikirkeun ku palaku emang Ki Ahmad dina ieu carpon GT-01.
2) Ajén Ékonomi
anu nyetiran mobil jeung tukang béca anu ngaboséh bécana. Ti dinya bisa dicindekkeun kaayaan ékonomi éta dua urang palaku.
3) Ajén Kawasa
Ajén kawasa mangrupa ajén budaya anu panglobana dina ieu carpon. Ieu ajén dominan lantaran nilik kana analisis struktur palaku jeung galur carita, ieu carpon didominasi ku gambaran watek palaku utama (emang Ki Ahmad). Ieu hal nyoko kana ayana patali antara hiji jalma jeung pamadegan jalma séjén. Jalma bakal ngarasa sugema lamun jalma séjén nurut kana paréntah jeung pamadeganna. Dina ieu carpon 01, data 01:12/4, GT-01:14/3, jeung GT-01:15/11 ngébréhkeun ayana paréntah-paréntah ti hiji palaku ka palaku séjén. Data GT-01:14/3 ngébréhkeun ayana kahayang ti palaku emang Ki Ahmad sangkan pamadeganna ngeunaan guru anu euweuh kanyaho dirojong atawa dienyakeun. Tapi, lantaran éta pamadegan teu merenah, palaku Ki Ahmad ngarasa perlu némbongkeun hiji situasi anu bisa ngarobah pamadeganna sakaligus bisa ngabéla guru-guru lian sangkan henteu disakompétdaunkeun.
4) Ajén Solidaritas
Anu dilakukeun ku palaku Ki Ahmad ngabalukarkeun ayana ajén budaya solidaritas, lantaran sacara teu langsung geus nulungan jalma séjén tina kurang merenahna pamadegan hiji jalma, dina ieu kontéks emangna Ki Ahmad.Ieu hal luyu jeung data GT-01:16/1 anu némbongkeun solidaritas Ki Ahmad kana profési guru.
4.2.2 “Nu Beunghar” (GT-02) 4.2.2.1 Struktur Carita GT-02
a. Téma
nu beunghar bisa inget ka nu sangsara, teu saukur ngudag kabeungharan pribadi tapi ogé ngutamakeun karaharjaan balaréa ku cara hirup basajan jeung teu poho ka baraya. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta téma.
… Saur Ema mah cenah, anjeunna téh geus boseneun calik di gedong sigrong, icikibung dina kaméwahan. Nya tuluy masisian, nyaung-nyaung di luar kota. (17/4)
“Yeuh, geulis, bageur, pinter…, nini-nini mah ngadegkeun pabrik di ditu di dieu sotéh gegedéna mah itung-itung méré pangupa jiwa ka dulur-dulur urang nu teu mampuh!” (26/7)
“Ceuk nini gé, urang ningali téh ulah ngan ukur ka baraya-baraya nu jareneng baé! Tuh tingali, di ditu di dieu teu saeutik dulur-dulur urang,babarayaan urang anu teu garaduh, nu pikarunyaeun, rék ku saha ditulunganna ari lain ku urang nu kasebutna leuwih beunta?” (27/3)
“Matak Nini mah ngahaja imah-imah di pasisian kieu téh, imah butut kieu, da ari ka gedongan mah baraya nu teu boga tara daraékeun unggah, sérabun ku imah.” (27/8)
Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén téma ieu carpon mémang museur ka saurang palaku anu beunghar, luyu jeung judulna. Kontéks anu dipidangkeun ngeunaan beunghar dina ieu téma bisa jadi ngandung dua harti, jalma anu beunghar harta jeung beunghar haté.
b. Fakta Carita 1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-02 ngagunakeun galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.
tatangkalan, nepi ka srogna ka tepas imah anu dibagéakeun ku piribumi (A).
Sanggeus dititah diuk, tuluy ngamimitian ngawangkong ngalér ngidul. Eusi wangkonganna nyaritakeun ngeunaan mangsa-mangsa baheula Nini keur ngora (D1). Ieu mangrupa téhnik flash back, anu nyaritakeun mangsa bihari dina waktu kiwari. Ieu téhnik digunakeun upama aya hubungan atawa patula patalina hal anu karandapan baheula jeung kajadian ayeuna. Lantaran dina ieu carpon téhnik flash back digunakeun dina sela-sela wangkongan, tangtu waé upama ngawangkong sok aya eureunna. Ieu waktu eureun (jeda tina flash back) digunakeun ku pangarang pikeun malikeun deui pangacian anu maca ka mangsa kiwari, kitu satuluyna (B). Carita balik deui ka mangsa Nini meuli imah jeung nyieun pabrik keur kahirupan dulur-dulurna (D2). Upama ayah al anu teu sapadegan jeung Kuring, Kuring langsung nyempad wangkongan, ieu hal salaku galur anu mulangkeun pangacian anu maca kana mangsa kiwari (C). Pangarang mungkas carita ku museurkeun ka mangsa kiwari anu keur karandapan ku palaku Kuring jeung salakina anu keur nyémah. Teu kacaturkeun balik atawa amitan ti imahna Nini, ngan nepi ka ayana hiji kacindekan ti palaku Kuring ngeunaan palaku Nini, jalma beunghar anu hirup basajan (E).
Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap.
A --- D1 --- B --- D2 --- C --- E
(b) Dumasar Jumlah
dina carita anu ngagunakeun téhnik campuran dina midangkeun eusi caritana.
(c) Dumasar Kepadatan
Ditilik tina padet henteuna, ieu galur kaasup kana galur anu anggang. Ieu galur anggang, midangkeun caritana sacara kendor sarta hubungan antarkajadianna ogé teu dalit. Sanajan kitu, pangarang kawilang anca dina nembrakkeun runtuyan carita, tapi ogé dina bagian mimiti carita, eusi sacara gemblengna geus bisa katingali. Kajadian-kajadian anu diébréhkeun dina galur flash back ogé teu miboga hubungan anu sacara langsung karandapan ku para palaku dina mangsa kiwari.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar kana eusina, ieu carpon GT-02 ngagunakeun galur pemikiran. Upama niténan eusi carita sacara gembleng, eusina mangrupa hal-hal anu jadi bahan pamikiran pikeun nu maca. Sawatara hal anu jadi bahan pamikiran diantarana nya éta ngeunaan loba kénéh kalangan masarakat anu sangsara atawa teu boga pagawéan. Di sisi lianna, aya anu beunghar tapi malah nyaung-nyaung sisi kota. Hal séjén ngeunaan perhiasan anu dipaké ku palaku Nini, éstu nyurup jeung pangawakanna. Aya ogé hal anu jadi bahan pikiraneun nya éta ngeunaan konsép duduluran jeung babarayaan ngaliwatan prosés silaturahmi.
2) Palaku