• Tidak ada hasil yang ditemukan

DAFTAR PUSTAKA

B. Narasumber Kadua (AP)

4) Naon revitalisasi pangajaran berbasis agama di Pasantrén Salafi Maniis pikeun PIPS dina ngawangun karakter santri akhlakul

karimah?

Pasantrén Salafi Maniis salaku lembaga pendidikan Islam anu miboga

ma‟na kaaslian Indonesia (indigenous), posisi pasantrén Salafi bisa dijadikeun

sub sistem pendidikan nasional, sabab, pendidikan pasantrén salafi miboga dasar nu kuat, boh sacara ideal, konstitusional, ogé sacara teologis. Éta landasan ideologi téh dianggap penting pikeun pasantrén salafi, patali jeung eksistensina salaku lembaga pendidikan anu miboga niléy sajarah jeung penunjuk arah pikeun sagala aktivitasna.

Panalungtik nanyakeun, naon kontribusi pangajaran berbasis agama di pasantrén Salafi Maniis pikeun pangajaran PIPS? Nurutkeun AP, kontribusina

téh nya éta sikep ta‟at atawa tuhu para santri ka ajengan, anu nunjukkeun

sistim pangajaran nu leuwih ngutamakaeun kabersihan haté sangkan taqarrub ka Gusti Allah SWT.

Éta kata‟atan para santri ka ajengan téh mangrupa hiji manifestasi

kata‟atan mutlak anu ngaorientasikeun sakabéh aktivitas kadunyaan kana hiji

tatanan Illahiyyah. Kahirupan anu sarwa ibadah éta téh dilarapkeun dina wangun kasadaran pikeun berkorban, bekerja keras pikeun kamajuan agama, adil dina kahirupan masarakat, jeung solidaritas anu luhur.

AP nétélakeun yén kontribusi utama pangajaran pasantrén kana PIPS téh nya éta figur Mama Maniis anu jadi conto pikeun para santrina. Saluyu jeung pamikiran Al-Ghazali anu miboga sawangan yén pendidik mangrupa conto tuladan pikeun para muridna, katuladanan saurang guru anu dipatalikeun

R. Beny Wijarnako K., 2015

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN NILAI BERBASIS KEAGAMAAN D ALAM PEND IDIKAN ILMU PENGETAHUAN SOSIAL

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu jeung profesi ngajar.

Naon mangpaat diajar kitab konéng pikeun pangajaran PIPS? Nurutkeun AP, kitab konéng mangrupa salah sahiji kitab anu dijadikeun kajian di pasantrén Salafi Maniis. Kitab konéng téh eusina ngeunaan tauhid, tasawuf, jeung fiqih, porsi nahwu sorof jeung fiqih leuwih loba. Mama Maniis boga anggapan yén nahwu saraf mangrupa élmu konci. Santri moal bisa maca kitab konéng, lamun can tamat nahwu saraf, sedengkeun fiqih mangrupa élmu anu loba patali jeung kabutuhan masarakat.

Anapon ruang lingkup matéri kitab konéng téh nya éta élmu-élmu agama (Al-ulum ad-diniyyah) anu ditulis ngagunakeun pamarekan naqli jeung aqli. Matéri kitab konéng jeung sagala rupana diprosés ngaliwatan métode-métode nalar anu dikenal dina dunya pendidikan, saperti deduktif, induktif, genetika, jeung dialektika.

Nurutkeun AP, Mama Maniis téh jalma soléh tur zuhud, sarta jalma anu mentingkeun ngamalkeun élmu, sabab élmu mangrupa inti ibadah jeung

dadasar kata‟atan ka Gusti Allah Robbul „Alamiin. Cara Mama Maniis dina

ngadidik santri Téh éstuning ihlas, anjeunna miboga wibawa jeung karisma anu matak kataji para santri jeung jama‟ah. Peran Mama Maniis penting pisan, anjeunna téh dianggap boga pangaruh sacara sosial jeung politik, sabab miboga rébuan santri anu tumut ka anjeunna, jeung boga hubungan primordial jeung masarakat. Landasan kapamingpinan anjeunna has, dumasar kana tradisi anu geus melembaga kalawan hadé diantara para santri jeung jama‟ahna.

Salaku guru, Mama Maniis ditumutkeun sacara mutlak, dipihurmat kaasup ku anggota kulawargana, jeung dipercaya miboga karomah jeung barokah pangaruh ti sepuhna (Mama Maniis). Kacangkemna élmu téh teu ngan saukur ngandelkeun akal, niat usaha sacara soson-soson wungkul, gumantung ogé kana kasucian jiwa (kasufian) jeung upacara ritual kaagamaan, saperti: puasa jeung riadha, sarta karomah ti Mama Maniis.

R. Beny Wijarnako K., 2015

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN NILAI BERBASIS KEAGAMAAN D ALAM PEND IDIKAN ILMU PENGETAHUAN SOSIAL

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

ngamanusakeun manusa, réa jama‟ah anu balik ka jalan Allah balukar tina pangaruh jeung kahadéan Mama Maniis. Wangunan kaélmuan berbasis salafi anu dilakukeun ku anjeunna, ngabalukarkeun kahontalna zuhud ka Gusti Allah SWT. lian ti éta, anjeunna gé dipihurmat ku masarakat ti daérah séjénna.

Hartina, ma‟na penting praktek Islam Mama Maniis téh nya éta kamampuh

ngahijikeun diménsi ketuhanan di hiji pihak jeung kamanusaan di pihak anu béda. Sok sanajan, Mama Maniis leuwih mentingkeun peranna di lingkungan pasantrén, tapi peranna di masarakat ogé teu kabolérkeun. Saperti peran Mama mantuan masarakat dina kapentingan moral atawa material, sarta méré input positif ka masarakat.

Lian ti kitu, Mama miboga sipat anu hadé ka sémah, panampian anu ihlas, ngabalukarkeun réa jama‟ah anu datang ka pasantrén. Unggal poé na téh kurang leuwih aya 20 nepi ka 40 urang jama‟ah anu datang ti rupa-rupa kalangan, aya anu pengusaha, tukang dagang, guru, pagawé negri, jeung réa-réa deui.

Naon mangpaat manaqiban pikeun pangajaran PIPS? Sagédéngeun tina sikep katuladanan Mama Maniis anu jadi figur conto di pasantrén, para santri gé ngalaksanakeun manaqiban anu tujuanna nyokot hikmah jeung suri tauladan hadé ti para aulia. Kagiatan manaqib biasana dipingpin langsung ku Mama Maniis. Manaqib hartina kisah kekeramatan para wali. Anjeunna macakeun kitab Trianaqib, sedengkeun para santri jeung jama‟ah husu ngaregepkeun bari aktif pupujian ka Gusti Allah ngaliwatan ngaran-ngaran dina asmaul husna. Saterusna Mama medar ngeunaan riwayat hirup, kabiasaan, jeung kaonjoyan para waliyullah dina basa Sunda.

AP nétélakeun yén manaqib téh ungkapan kecap jamak tina kecap manaqibah anu miboga harti Attoriqu fiil jabal (jalan ka gunung), hartina hiji pangaweruh ngeunaan ahlak anu hadé atawa akhlakul karimah. Cindekna, manaqib téh hartina salah sahiji tarékah pikeun meunangkeun barokah ti Gusti Allah SWT., ku cara maham kahadéan-kahadéan para Aulia (para wali), sabab

R. Beny Wijarnako K., 2015

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN NILAI BERBASIS KEAGAMAAN D ALAM PEND IDIKAN ILMU PENGETAHUAN SOSIAL

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu aranjeunna dipikanyaah ku Gusti Allah SWT, jeung kitu ogé sabalikna.

Nurutkeun AP, kagiatan manaqib ngagunakeun kitab anu eusina ngeunaan manaqib Syekh Abdul Qodir Jaelani, nu ngawengku: 1) Bahjatul Asror; 2) Khulashah Al Mufakir; 3) Qala Idul Jawahir; 4) Natijah Tahqiq; 5)

An‟Nur Al Burhani Fii Tarjamah Lujain Ad Dani Fii Manaqib Syekh Abdul

Qodir Jaelani; jeung 6) Lubabul Ma‟ani Fii Tarjamah Lujain Ad Dani Fii Manaqib Sayyid Syekh Abdul Qodir Jaelani.