• Tidak ada hasil yang ditemukan

DAFTAR PUSTAKA

A. Narasumber Kahiji (KJA)

4) Naon revitalisasi pangajaran berbasis Agama di Pasantrén Salafi Maniis pikeun PIPS dina ngawangun karakter santri akhlakul

karimah?

KJA nétélakeun yén tujuan pangajaran di pasantrén Salafi Maniis téh

nya éta sangkan para santri yakin masrahkeun jeung ngabdikeun dirina ka Gusti Allah SWT, ku cara ngalarapkeun sikep wara, hirup basajan, jeung berakhlakul karimah. Para santri bisa ilubiung jeung méré mangpaat dina kahirupan masarakat, sarta ngahontal hakékat ubudiyah ka Gusti Allah SWT. pikeun ngawangun struktur kahirupan islami luyu jeung syari‟ah, tur

R. Beny Wijarnako K., 2015

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN NILAI BERBASIS KEAGAMAAN D ALAM PEND IDIKAN ILMU PENGETAHUAN SOSIAL

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu dilaksanakeun sangkan nambahan kaimananana.

Naon mangpaat diajar kitab kuning pikeun PIPS? KJA negeskeun yén matéri dina kitab kuning lain ngan saukur medar ngeunaan hubungan manusa jeung nu nyiptakeunana, tapi medar ogé ngeunaan niléy jeung norma etika sosial. Eusi matérina munel, silih deudeul ngajarkeun tradisi anu bener, al-qadim al-salih, anu mertahankeun élmu-élmu agama ti periode klasik jeung pertengahan. Pikeun ngahontal fungsi édukatif, matéri anu diajarkeun di pasantrén téh, sacara konkrit ngarahkeun cara hirup anu ngajadikeun Islam salaku rahmatan lil „alamin. Diantara para santri, aya anu ngahususkeun dirina diajar kana widang anu tangtu, contona, kamampuh nahu sharaf, fiqih, hadits, basa Arab, tasawuf, jeung réa-réa deui. Ku kituna, saurang santri sering pindah ti hiji pasantrén ka pasantrén séjén anu leuwih ngahususkeun kana éta widang pilihanana.

Pengantar kajian kitab téh salian ti ngagunakeun basa Arab, ogé ngagunakeun basa Jawa. Nurutkeun KJA, Mama Maniis percaya yén basa Jawa dianggap pusaka élmu anu terbuka di pasantren salafi Maniis kumargi kagungan kabarokahan.

Panalungtik nalék, naha Mama Maniis dijadikeun conto kontribusi pangajaran PIPS? Narasumber KJA nétélakeun yén kahirupan Mama Maniis henteu leupas tina Al-Quran jeung kitab-kitab anu dipiyakin ku anjeunna. Unggal cariosanana qonaah, naon-naon anu dipedar téh dilaksanakeun, jadi hiji keharusan pikeun para santri jeung jama‟ahna. Mama Maniis gedé pisan peranna dina penanganan iman, bimbingan amaliyah, sumebarna élmu anu diwariskeun, ngatik akhlak, pendidikan amal, mingpin, jeung ngaréngsékeun rupa-rupa pasualan anu disanghareupan ku para santri, jama‟ah, masarakat hususna Desa Karyawangi, sarta masarakat kacamatan Salopa umumna.

Nurutkeun KJA, Mama Maniis miboga peran salaku penyaring arus informasi anu asup ka lingkungan santri, népakeun naon-naon anu mangpaat, jeung ngahulag anu dianggap ngarusak. Salian ti nyangkem pamahaman élmu

R. Beny Wijarnako K., 2015

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN NILAI BERBASIS KEAGAMAAN D ALAM PEND IDIKAN ILMU PENGETAHUAN SOSIAL

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

agama, Mama Maniis gé sok méré bongbolongan tina rupa-rupa pasualan sosial anu disanghareupan ku masarakat.

KJA gé nambahkeun yén salaku guru utama di pasantrén, Mama Maniis ngalaksanakeun tugas kapamingpinan boh sacara edukatif jeung non edukatif, kaasup miboga tanggung jawab kana sakabéh aktivitas di lingkungan pasantrén. Lian ti éta, salaku pingpinan pasantrén, peran Mama Maniis nangtukeun jeung mangaruhan pisan kana hasil pendidikan di pasantrén. Dina harti, Mama Maniis miboga peran salaku mediator, dinamisator, katalisator, motivator, jeung penggerak pasantrén jeung jama‟ahna.

Ngaliwatan jerona kaweruh Mama Maniis ngeunaan Islam, ngabalukarkeun para santri kairut pikeun diajar ka anjeunna, sabalikna Mama Maniis boga anggapan yén para santri téh mangrupa amanah ti Gusti Allah SWT. Antukna, timbul rasa sikep timbal balik antara para santri jeung anjeunna. Para santri nganggap Mama Maniis salaku kulawargana sorangan, sedengkeun Mama Maniis nganggap para santri salaku amanah ti Gusti Allah SWT. anu kudu ditangtayungan. Éta sikep téh nimbulkeun rasa silih nyaah, layeut, jeung rasa tanggung jawab ti pihak Mama Maniis pikeun nyadiakeun pondok pikeun para santri, antukna timbul ogé rasa tuhu ti pihak santri ka Mama Maniis.

Sok sanajan Mama Maniis geus tilar dunya, réa para jama‟ah anu remen datang ka pasantrén. Salah sahiji tarékah salaku tawis katineung kana jasa Mama Maniis anu sok dilaksanakeun téh nya éta kagiatan haol. Éta kagiatan téh dilaksanakeun unggal taun, pikeun miéling tilar dunyana tokoh anu dipihurmat, anu dieusian ku acara jarah ka makam shohibul haul, dzikir,

maca tahlil, du‟a pikeun shohibul haul, ceramah, jeung ngadu‟a pikeun

kasalametan saréréa. Tujuan haol téh salian ti pikeun ngadu‟akeun shohibul haul, nya éta méré mangpaat ka para santri salaku generasi panerus Mama Maniis, pikeun mingpin acara-acara kaagamaan, saméméh solat juma‟ahan, jeung réa-réa deui.

R. Beny Wijarnako K., 2015

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN NILAI BERBASIS KEAGAMAAN D ALAM PEND IDIKAN ILMU PENGETAHUAN SOSIAL

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Panalungtik nalék, naon mangpaat manaqiban dina pangajaran PIPS? Nurutkeun informan KJA, salian ti diajar maham kitab konéng, sikep tuhu ka ajengan, jeung kagiatan wirid, anu jadi ciri has pasantrén Salafi Maniis téh nya éta kagiatan manaqiban. Manaqib nya éta maca carita hikmah ahlak jeung kahadéan sikep jalma-jalma anu mulia, saperti manaqib Umar bin Khatab, Ali bin Abi Thalib, jeung Syekh Abdul Qadir Jaelani.

Tujuan maca manaqib Syekh Abdul Qadir Jaelani téh nya éta: 1) maca sajarah, ngaliwatan maca sajarah hirup tokoh anu dipiconto, ngeunteung kana sikep, élmu, kata‟atan, jeung ahlak éta tokoh, dipiharep bisa nguatkeun haté para santri sangkan leuwih ngaronjatkeun kaimananana ka Gusti Allah SWT.

Informan KJA macakeun ayat Alqur‟an surat Hud ayat 120, anu uni

hartina saperti kieu: “Jeung sakabéh carita Rosul-rosul anu dicaritakeun ka

aranjeun, nya éta carita-carita anu mancegkeun haté aranjeun, kana bebeneran, pangajaran, jeung pangéling-ngéling anu datang pikeun

jalma-jalma nu ariman”. Éta ayat téh, nurutkeun KJA, negeskeun dilaksanakeunna kagiatan manaqib, nya éta maca sajarah hirup Nabi-nabi saméméhna, anu miboga tujuan pikeun nguatkeun haté Kangjeng Nabi Muhammad SAW. sangkan kuat dina ngalaksanakeun pancén risalahna. Tujuan séjén tina manaqib téh nya éta pikeun nguatkeun jiwa bajoang di jalan Allah SWT., sakumaha kakuatan anu dipaparin Gusti Allah SWT. ka guru-guru anu dimanaqibkeun. Éta hal téh saluyu jeung paréntah Allah dina Al-Quran; 2) tawasulan, nalika saurang jalma berwasilah ka Syekh Abdul Qadir Jaelani,

dipiharep éta du‟a-du‟a téh diijabah ku Gusti Allah SWT, sabab anjeunna téh

salah saurang waliyullah; 3) robitho, anu hartina tatali rohani antara murid jeung guru mursyidna. Syekh Abdul Qadir Jaelani nya éta tokoh utama guru-guru mursyid pikeun pasantrén Salafi Maniis anu dijadikeun tatali rohani ti mursyid kiwari nepi ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW.