• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1105451 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1105451 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun adegan, ma’na, jeung

maksim kasopanan kalimah impositif anu aya dina novél Baruang ka nu Ngarora

karangan D.K. Ardiwinata. Dumasar kana analisis jeung déskripsi data, hasil tina

panalungtikan jumlahna aya 187 data kalimah impositif. Ieu data kawengku kana adegan, ma’na jeung maksim kasopanan. Hasil tina panalungtikan katitén aya dua pola adegan, nya éta adegan kalimah impositif sampurna jeung teu sampurna, aya

salapan ma’na kalimah impositif, jeung aya genep maksim kasopanan kalimah

impositif. Di handap dipedar sacara rinci hasil panalungtikan dumasar tilikan adegan, ma’na jeung maksim kasopanan.

Kahiji, adegan pragmatis kalimah impositif nya éta wangunan nu ngéntép

seureuh, ngulik patali harti jeung kontéks omongan, sarta ngadumaniskeun adegan

basa jeung nu makéna, éta adegan ngawujud pola-pola téhnis. Dumasar kana

hasil analisis data jumlahna aya dua bagian, nya éta adegan kalimah impositif

sampurna jeung adegan kalimah impositif teu sampurna, anu masing-masing

ngawengku opat pola adegan kalimah impositif sampurna jeung lima pola adegan

kalimah impositif teu sampurna. Pola 1 nya éta: (1) pola 1: Kal Imp S, jumlahna

aya 70 (37,43%) data adegan kalimah impositif, (2) pola 2: Kal Imp S, jumlahna

aya 34 (18,18%) data adegan kalimah impositif, (3) pola 3: Kal Imp S, jumlahna

aya dalapan (4,28%) data adegan kalimah impositif, jeung (4) pola 4 : Kal Imp S,

jumlahna aya dalapan (4,28%) data adegan kalimah impositif. Pola 2 nya éta: (1)

pola 1: Kal Imp TS, jumlahna aya dua (1,07%) data adegan kalimah impositif, (2)

pola 2: Kal Imp TS, jumlahna aya 47 (25,13%) data adegan kalimah impositif, (3)

pola 3 : Kal Imp TS, jumlahna aya tilu (1,60%) data adegan kalimah impositif,

(4) pola 4: Kal Imp TS, jumlahna aya 11 (5,88%) data adegan kalimah impositif,

jeung (5) pola 5: Kal Imp TS, jumlahna aya opat (2,14%) data kalimah imposif.

(2)

62

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kalimah impositif nu panglobana, nya éta pola 1 adegan kalimah impositif

sampurna nu jumlahna 70 (37,43%), sedengkeun pola nu pangsaeutikna, nya éta

pola 1 adegan pragmatis kalimah impositif teu sampurna nu jumlahna dua

(1,07%).

Kadua, ma’na pragmatis nya éta réalisasi maksud paréntah anu dipatalikeun

jeung kontéks situasi omongan anu jadi kasang tukangna. Dumasar kana hasil analisis data ma’na kalimah impositif jumlahna aya salapan ma’na, nya éta: (1) kalimah impositif nitah, jumlahna aya genep (3,21%), (2) kalimah impositif

ménta, jumlahna aya 28 (14,97%), (3) kalimah impositif ngadesek, jumlahna aya

18 (9,63%), (4) kalimah impositif miharep, jumlahna aya 19 (10,16%), (5)

kalimah impositif nyarék, jumlahna aya 10 (5,35%), (6) kalimah impositif ngajak,

jumlahna aya salapan (4,81%), (7) kalimah impositif ngageuri, jumlahna aya 14

(7,49%), (8) kalimah impositif ngajurung, jumlahna aya 36 (19,25%), jeung (9)

kalimah impositif ngawawadian, jumlahna aya 46 (24,60%). Hasil tina

panalungtikan di luhur bisa dicindekkeun, yén ma’na pragmatis kalimah impositif

nu panglobana, nya éta kalimah impositif ngawawadian nu jumlahna 46 (24,60%), sedengkeun ma’na pragmatis kalimah impositif nu pangsaeutikna, nya éta kalimah impositif nitah nu jumlahna genep (3,21%).

Katilu, maksim kasopanan mangrupa tingkat kasopanan omongan/wacana

antara panyatur jeung pamiarsa dina maké basa. Dumasar kana hasil analisis data

maksim kasopanan jumlahna aya genep maksim kasopanan, nya éta: (1) maksim

impositif kawijaksanaan, jumlahna aya 80 (61,07%), (2) maksim impositif

katumarima, jumlahna aya 24 (18,32%), (3) maksim impositif pujian, jumlahna

aya opat (3,05%), (4) maksim impositif handap asor, jumlahna aya hiji (0,76%),

(5) maksim impositif pangcocog, jumlahna aya opat (3,05%), jeung (6) maksim

impositif kasimpatian, jumlahna aya 18 (7,63%). Hasil tina panalungtikan di luhur

bisa dicindekkeun, yén maksim kasopanan pragmatis kalimah impositif nu

panglobana, nya éta maksim impositif kawijaksanaan nu jumlahna 80 (61,07%),

sedengkeun maksim kasopanan pragmatis kalimah impositif nu pangsaeutikna,

(3)

63

Rahmalia Ulfah, 2015

Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana hasil data di luhur ébréh yén adegan, ma’na jeung maksim

kasopanan kalimah impositif aya dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan

D.K. Ardiwinata.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sawatara rékoméndasi anu perlu

ditepikeun patali jeung ieu panalungtikan.

Kahiji, ieu panalungtikan téh ngulik ngeunaan kalimah impositif anu aya dina

karya sastra novél pedalan buhun, nya éta Baruang ka nu Ngarora. Ku kituna,

perlu aya panalungtikan séjén anu ngulik kalimah impositif anu sumberna tina

karya sastra novél pedalan anyar, sangkan saluyu jeung basa nu dipaké ku

masarakat dina jaman ayeuna.

Kadua, ieu panalungtikan masih kénéh sacara murni nganalisis jeung

ngadéskripsikeun kalimah impositif tina adegan jeung ma’nana. Ku kituna, perlu

aya panalungtikan séjén anu ngulik kalimah impositif (paréntah) dipatalikeun

kana bahan katut prosés pangajaran di sakola, sangkan nambahan référénsi pikeun

guru di lapangan.

Katilu, dina ieu panalungtikan ngan saukur ngulik ngeunaan maksim

kasopanan, masih aya kénéh aspék pragmatis anu can kaungkab, nya éta maksim

gawé bareng (maksim kuantitas, kualitas, rélévansi jeung pelaksanaan). Ku

kituna, perlu aya panalungtikan séjén anu nalungtik jeung maksim gawé barengna

Referensi

Dokumen terkait

Sumber data nu dipaké dina panalungtikan kualitatif téh nya éta data lapangan.. nu mangrupa foto, anu satuluyna dianalisis, bisa ogé mangrupa

data, tur dianalisis, tuluy nu pamungkas nya éta nyindekkeun hasil panalungtikan. Dina ahir panalungtikan, panalungtik miboga tujuan pikeun ngungkulan masalah. anu geus dipilih éta,

Instrumén nya éta pakakas anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data. Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta format buku, kartu data, tabel. data, sangkan babari

Sanggeus data dikumpulkeun, léngkah séjén nu kudu dilaksanakeun nya éta ngolah data atawa nganalisis data. 278), gurat badagna analisis data téh ngaliwatan tilu léngkah

Husus pikeun tés préstasi diajar nu biasa dipaké di sakola bisa dibédakeun jadi dua, nya éta (1) tés buatan guru, jeung (2) tés terstandar. Tés nu dipaké dina ieu panalungtikan

nya éta obsérvasi anu dilaksanakeun sacara langsung kana objék nu ditalungtik. Tés dilakukeun dua kali, nya éta saméméh jeung sabada maké média facebook. 3.4

Partisipan nya éta jalma jeung objék nu dijadikeun narasumber dina ngumpulkeun data panalungtikan. Nu bisa jadi partisipan dina hiji panalungtikan nya éta unsur

diwatesanan, nya éta: unsur eusi ngawengku: poko tulisan jeung amanat; unsur basa ngawengku: kecap jeung kalimah; unsur pupuh ngawengku: guru lagu jeung guru