• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1202961 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1202961 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

166

Juju Jumanah, 2016

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA DI DÉSA MEKARMUKTI KACAMATAN TALÉGONG KABUPATÉN GARUTPIKEUN BAHAN AJAR APRÉSIASI PUISI DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

Puisi mantra mangrupa salah sahiji wangun karya sastra buhun anu ngandung kakuatan magis. Puisi mantra nu geus kakumpulkeun ti Désa Mekarmukti, Kacamatan Talégong, Kabupatén Garut, jumlahna aya 80 mantra, ti 10 narasumber. Sanggeus kakumpulkeun, ieu puisi mantra téh dibéré kode mantra, tuluy dipasing-pasing dumasar kana papasingan Rusyana, nu ngawengku 24 asihan, 23 ajian, 15 jampé, 7 jangjawokan, 1 rajah, jeung 10 singlar.

Tina 80 mantra nu kakumpulkeun, ditangtukeun 33 mantra pikeun dianalisis strukturna dumasar kana warna papasinganana. Mantra nu dianalisis ngawengku 10 asihan, 9 ajian, 6 jampé, 3 jangjawokan, 1 rajah, jeung 4 singlar. Struktur nu dianalisis téh nya éta wangun jeung wirahma, purwakanti (adusari wiwit, adusari welit, adusari wekas, aduraras wiwit, aduraras welit, jeung aduraras wekas), babalikan (rantay jeung runtuy), sarta citraan (panempo, pangrungu, jeung rasa) nu aya dina puisi mantra.

(2)

167

Juju Jumanah, 2016

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA D I D ÉSA MEKARMUKTI KACAMATAN TALÉGONG KABUPATÉN GARUTPIKEUN BAHAN AJAR APRÉSIASI PUISI D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tina 33 puisi mantra nu geus dianalisis, 23 puisi mantra bisa dijadikeun bahan ajar aprésiasi puisi di SMA kelas XI. Éta puisi mantra nu bisa dijadikeun bahan ajar lantaran nyumponan sababaraha kritéria dina milih bahan ajar nu hadé dumasar kana kritéria nu geus didadarkeun dina bab II.

5.2Saran

Puisi mantra téh mangrupa salah sahiji kabeungharan budaya urang Sunda nu luhung ajénna tur diwangun ku sababaraha unsur pangwangunna. Puisi mantra di masarakat sumebar sacara lisan. Salian ti éta, dina nalungtik ieu mantra téh tangtu réa pisan mangpaatna, utamana bisa nambahan pangaweruh ngeunaan sastra Sunda, hususna sastra Sunda buhun. Ku kituna, aya sababaraha saran anu kudu ditepikeun, nya éta ieu di handap.

Referensi

Dokumen terkait

Aya sababaraha dasar katut aspék nu kapanggih dina munculana ngaran curug di wilayah Purwasuka dumasar carita rayat téh nya éta: (1) Dasar munculna ngaran curug dumasar

Eusi puisi mantra nu ditalungtik biasana mangrupapaménta atawa paréntah sangkan kahayang nu maké jangjawokan éta ditedunan ku nu gaib “Mahluk Gaib” , jeung lian ti

Hasil tina panalungtikan di luhur bisa dicindekkeun yén pola struktur kalimah éksprésif nu panglobana nya éta pola 4 struktur kalimah éksprésif sampurna nu

nu panglobana, nya éta kalimah impositif ngawawadian nu jumlahna 46 (24,60%), sedengkeun ma’na pragmatis kalimah impositif nu pangsaeutikna , nya éta kalimah impositif nitah

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kamampuh ngalarapkeun éjahan, kasalahan-kasalahan éjahan, jeung faktor nu mangaruhan kana

Salian ti éta wangun sisindiran téh kauger ku purwakanti (sasaruaan kecap), jumlah engang dina unggal jajar (padalisan) jeung jumlah padalisan dina unggal

basa jeung sastra Sunda séjénna nu saluyu jeung karakteristik ieu modél, ku kituna hasilna téh leuwih optimal. 3) Pikeun panalungtik lainna nu ngalakukeun panalungtikan sanggeus

Partisipan nya éta jalma jeung objék nu dijadikeun narasumber dina ngumpulkeun data panalungtikan. Nu bisa jadi partisipan dina hiji panalungtikan nya éta unsur