Rahmalia Ulfah, 2015
Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Manusa salaku mahluk sosial jeung mahluk individu salawasna ngayakeun
interaksi enggoning campur gaul di masarakat. Interaksi nu lumangsung téh bisa
antara individu jeung individu, antara individu jeung kelompok, atawa kelompok
jeung kelompok.
Prosés interaksi hakékatna mah mangrupa prosés komunikasi. Makéna basa
mangrupa kagiatan tumuluy anu dilakukeun ku manusa unggal waktu. Maké basa
dina komunikasi lain kagiatan anu hésé, unggal manusa mampuh maké basa
pikeun alat komunikasi. Ari komunikasi dina enas-enasna mah nepikeun amanat
ka nu lian maké basa. Ku kituna, basa minangka alat komunikasi anu dipaké dina
rupa-rupa fungsi jeung naon anu hayang ditepikeun ku panyatur. Sangkan amanat
nepi ka pamiarsa luyu jeung pamaksudan panyatur sarta teu matak pasalia paham,
basa nu dipaké kudu bener tur merenah. Basa anu bener nya éta basa anu dipakéna
kukuh kana aturan atawa kaédah basa. Ari basa anu merenah nya éta basa anu
keuna larapna atawa luyu kana kontéks situasi makéna.
Basa nya éta sistem lambang omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap
manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional)
antar anggota masarakat pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat,
2004, kc. 6).
Basa mibanda adegan jeung cara makéna. Adegan basa dipatalikeun kana
makéna basa, boh lisan (nyarita jeung ngaregepkeun) boh tulisan (nulis jeung
maca), ku kaédah husus anu disebut pragmatik (Sudaryat spk., 2011, kc. 10).
Pragmatik mangrupa dahan linguistik anu maluruh ngeunaan kumaha basa
digunakeun dina komunikasi ogé salaku ulikan ngeunaan ma’na dina hubungana
jeung situasi-situasi ucapan atawa omongan (speech situation) (Leech dina Nadar,
2
Rahmalia Ulfah, 2015
Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kaédah pragmatik dipaké geusan nangtukeun luyu henteuna adegan basa
jeung makéna basa dina hiji kontéks situasi, nangtukeun bener jeung merenah
henteuna komunikasi basa. Pragmatik ngalibetkeun unsur basa pangjembarna nu
disebut wacana. Ku kituna, sistem basa ogé ngawengku pragmatik atawa tata
wacana (Sudaryat spk., 2011, kc. 10).
Dumasar wanda kalimah dina wacana, aya opat rupa kalimah atawa omongan
dina wacana, nya éta kalimah komisif, kalimah impositif, kalimah éksprésif, jeung
kalimah asértif. Sangkan leuwih museur ieu panalungtikan ngeunaan kalimah
impositif dina wacana. Kalimah impositif nya éta kalimah anu fungsina pikeun
ngedalkeun paréntah (Sudaryat spk., 2011, kc. 291).
Mekarna basa hususna basa Sunda tumuwuh saluyu jeung mekarna kahirupan
kabudayaan masarakatna. Mekarna basa Sunda ébréh pangpangna tina kandaga
kecapna. Jaba tina kandaga kecapna, mekar jeung robahna basa Sunda jeung
adegan basana gumantung panyaturna (Sudaryat spk., 2011, kc. 7). Kalimah
dipaké pikeun alat komunikasi, pikeun ngébréhkeun naon-naon anu aya dina
pikiran atawa rasa. Ku lantaran kitu, kalimah téh ngandung naon-naon anu
ditétélakeun, diébréhkeun, dituduhkeun, jeung dipikahayang ku panyaturna
sangkan aya réspon ti pamiarsa. Ku sabab omongan ti panyatur ka pamiarsa
nangtukeun pesen anu ditepikeun, sangkan jadi amanat tur ayana timbal balik ti
pamiarsa ka panyatur.
Teu saeutik panyatur basa Sunda anu hésé maham kana maksud bacaan atawa
omongan nalika komunikasi. Ku kituna, ieu panalungtikan salasahiji tarékah
ngungkulan pasualan di lapangan sarta pikeun nambahan pangaweruh
katatabasaan, ieu panalungtikan ngeunaan kalimah impositif (paréntah) dina novél
“Baruang ka nu Ngarora” anu loba ngawengku kalimah miharep jeung
ngawawadian, anu kaasup kana salasahiji ma’na kalimah impositif.
Panalungtikan anu patali jeung pragmatis kalimah impositif (paréntah) kungsi
dilaksanakeun saméméhna, di antarana waé, “ Kalimah Paréntah dina Kumpulan
Carita Pondok Djurig Karangan Tini Kartini“ ku N Ati Rahmawati, 2002.
“Adegan Pragmatis Kalimah Paréntah dina Kumpulan Carpon Dukun Lepus
3
Rahmalia Ulfah, 2015
Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kalimah Paréntah dina Karangan Paguneman Persuasif Siswa Kelas X SMA
Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran 2010/2011” ku Dian Cesar Maharani, 2011.
“Analisis Kalimah Pragmatis dina Naskah Drama Budah Si Narko Karya Dadan
Sutisna pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP” ku Septiadi Angga Yuda, 2012.
Panalungtikan di luhur miboga sasaruaan nya éta medar ngeunaan ma’na
jeung adegan kalimah pragmatis. Bédana jeung panalungtikan anu baris
dilaksanakeun nya éta ieu panalungtikan henteu saukur ngulik adegan jeung
ma’nana wungkul, tapi ogé jeung maksim kasopanan dina wacana/omongan
sacara husus dina objék anu béda nya éta novél Baruang ka nu Ngarora.
Dumasar masalah di luhur, yén panalungtikan ngeunaan kalimah impositif
anu sacara husus can kungsi aya. Ku kituna, ieu panalungtikan kalayan judul
“Kalimah Impositif dina Novél Baruang ka nu Ngarora Karangan D.K.
Ardiwinata (Tilikan Adegan, Ma’na, jeung Maksim Kasopanan)”.
1.2Rumusan Masalah
Basa téh mangrupa alat komunikasi manusa. Dina maké basa dipangaruhan
ku tata sora, tata kecap, tata kalimah, jeung tata wacana. Henteu saeutik panyatur
basa Sunda anu masih kénéh mangmang dina maham maksud omongan ti
panyatur dina wangun kalimah paréntah dumasar ma’na jeung kasopanan kalimah
anu dipakéna. Ku kituna, ieu panalungtik leuwih museur kana kalimah impositif
(paréntah) ditilik tina adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan anu aya dina
wacana.
Kalimah impositif nya éta kalimah anu fungsina pikeun ngedalkeun paréntah
dumasar kana ma’na jeung adegan kalimahna dina omongan atawa wacana. Kalimah impositif mibanda adegan pragmatis nya éta wangunan nu ngéntép
seureuh, ngulik patali harti jeung kontéks omongan, sarta ngadumaniskeun adegan
basa jeung nu makéna, éta adegan ngawujud pola-pola téknis. Dina kalimah
impositif mibanda ma’na pragmatis nya éta réalisasi maksud paréntah anu dipatalikeun jeung kontéks situasi omongan anu jadi kasang tukangna. Jaba ti éta,
dina kalimah impositif mibanda maksim kasopanan anu mangrupa tingkat
4
Rahmalia Ulfah, 2015
Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan
bisa dirumuskeun dina kalimah pananya di handap.
a. Naon waé kalimah impositif anu kapanggih dina novél Baruang ka nu
Sacara umum ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nganalisis jeung
ngadéskripsikeun adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan kalimah impositif anu
aya dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata.
Sedengkeun sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nganalisis
jeung ngadéskripsikeun:
a. kalimah impositif anu aya dina novél Baruang ka nu Ngarora;
b. adegan pragmatis kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora;
c. ma’na pragmatis kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora;
d. maksim kasopanan kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora.
1.4Mangpaat Panalungtikan
1.4.1Mangpaat Tioritis
Ieu panalungtikan pikeun ngeuyeuban paélmuan tatabasa tur kamekaran élmu
pangaweruh dina widang tatabasa Sunda patali jeung kapragmatisan kalimah
impositif anu aya dina salasahiji karya sastra nya éta novél.
1.4.2Mangpaat Praktis
Ieu panalungtikan miboga mangpaat sacara praktik saperti di handap.
5
Rahmalia Ulfah, 2015
Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
b. Pikeun guru, ieu panalungtikan mangrupa bahan materi pikeun pangajaran
kalimah.
c. Pikeun nu maca, ieu panalungtikan mangrupa pangaweruh ngeunaan salasahiji
wangun tatabasa Sunda nya éta kalimah impositif jadi leuwih jembar, sarta bisa
ngalarapkeunana dina paguneman sapopoé nalika ngedalkeun kahayangna anu
mangrupa kalimah paréntah pikeun jalma lian anu dilengkepan ku maksim
kasopanan pikeun mikanyaho tingkat kasopanan wacana/omonganana.
1.5Sistematika Tulisan
Raraga tulisan dina ieu panalungtikan ngawengku lima bab.
Bab I mangrupa tahap bubuka atawa tahap munggaran dina ieu
panalungtikan. Dina ieu bab eusina ngeunaan kasang tukang panalungtikan,
rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung
sistematika tulisan.
Bab II mangrupa bab anu eusina ngeunaan tiori-tiori anu aya dina
panalungtikan, panalungtikan saméméhna, jeung kalungguhan tioritis
panalungtikan. Tiori anu dipedar nya éta ngeunaan tiori kapragmatisan wacana,
kalimah impositif, jeung maksim kasopanan.
Bab III mangrupa bab anu eusina ngeunaan métode panalungtikan. Ieu bab
mangrupa dadasarna pikeun nyusun bab IV, lantaran dina nyusun bab IV, kudu
aya dadasar atawa strategi pikeun ngaréngsékeun pasualan anu aya dina ieu
panalungtikan, dina bab III eusina ngeunaan desain panalungtikan, data jeung
sumber data panalungtikan, ngumpulkeun data, jeung analisis data hasil
panalungtikan.
Bab IV mangrupa bab anu inti dina ieu panalungtikan, lantaran dina ieu bab
didéskripsikeun hasil panalungtikan jeung pedaranana. Dina ieu bab bakal dipedar
sacara gembleng hasil tina ngolah atawa analisis data dina panalungtikan. Ku
kituna, hasil jeung pedaran tina panalungtikan bakal katitén dina ieu bab.
Bab V mangrupa bab anu eusina ngeunaan kacindekan tina sakabéh pedaran.
Sangkan ieu panalungtikan bisa méré mangpaat pikeun ka hareupna, dina ieu bab
6
Rahmalia Ulfah, 2015
Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata