• Tidak ada hasil yang ditemukan

BAB II SENI TRADISIONAL KARINDING KAWUNG JEUNG HÉRMÉNEUTIKA SUNDA. Pikeun nyieun watesan ngeunaan seni tradisional, saméméhna perlu

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "BAB II SENI TRADISIONAL KARINDING KAWUNG JEUNG HÉRMÉNEUTIKA SUNDA. Pikeun nyieun watesan ngeunaan seni tradisional, saméméhna perlu"

Copied!
46
0
0

Teks penuh

(1)

BAB II

SENI TRADISIONAL KARINDING KAWUNG JEUNG HÉRMÉNEUTIKA SUNDA

2.1 Seni Tradisional

Pikeun nyieun watesan ngeunaan seni tradisional, saméméhna perlu dipedar naon nu dimaksud seni katut ajén-inajénna, jeung naon ma‟na tradisional anu sabenerna.

2.1.1 Wangenan Seni

Nepi ka waktu ieu, kecap seni dianggap sarua hartina jeung kecap ars tina basa Yunani, atawa art tina bahasa Inggris nu hartina kamahéran, kaparigelan atawa kaahlian (Art is skill in making or doing). Ku lantaran kitu dina awal kamekaranana sajumlahing kaparigelan atawa kaahlian manusa ngagunakeun istilah seni; kaparigelan perang disebut seni perang, kaparigelan nulis disebut seni nulis, kaparigelan moro disebut seni moro, kaparigelan tatanén disebut seni tatanén, jsté. Manusa nu mibanda kamahéran, kaparigelan, atawa kaahlian téa disebutna artés atawa artésta (dina bahasa Indonesia disebutna artis).

Wangenan atawa watesan ngeunaan seni geus aya ratusna, sarta taya hiji ogé watesan nu ditarima (ragem) ku sakumna pihak (watesan nu universal). Watesan ngeunaan sato nu disebut sapi ogé bisa béda-béda, komo ieu seni atawa kabudayaan nu mangrupa pamahaman nilai (ajén). Filsuf Nietzche nétélakeun,

(2)

“ngan anu teu mibanda kasang tukang sajarah nu bisa dibéré watesan”. Sedengkeun seni jeung kabudayaan mibanda kasang tukang sajarah jeung kamekaran. Ku lantaran kitu, seni bakal sulit diwatesanan. Saha waé nu méré watesan ngeunaan seni salawasna bakal tinggaleun, lantaran sabada éta watesan dijieun, seni geus kaburu robah (Soemardjo, 2000:49).

Dina basa Sangsakerta istilah seni téh sarua jeung cilpa nu hartina aya warnaan. Sucilpa hartina diwarnaan, dilengkepan atawa dipapaés/dipasieup ku nu éndah. Cilpacastra mangrupa istilah kana buku padoman pikeun para cilpin, nya éta tukang atawa ahli nu ayeuna disebut seniman.

Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI, 2003:1038) istilah seni téh ngawengku tilu ma‟na nya éta:

1) Seni hartina lemes, leutik jeung lemes, ipis, halimpu ngeunah didéngéna, mungil (camperenik, jeung éndah),

2) Seni hartina kaahlian nyieun hiji karya dumasar kana kaéndahan jeung kalemesanana, jeung

3) Seni hartina kasanggupan akal pikeun nyiptakeun hal-hal nu luhur ajénna.

Kecap seni dina bahasa Indonesia asalna tina basa Melayu-Tinggi (pikeun ngabédakeun jeung Melayu-Rendah dina jaman kolonial), nu hartina kecil (leutik). Dina taun 1936, dina sajakna “Sesudah Dibajak” Sutan Takdir Alisyahbana masih ngagunakeun kecap seni nu hartina leutik, dina ungkara sajakna “...sedih seni mengiris kalbu ...”. Dina taun 1941, Taslim Ali dina sajakna

(3)

“Kepada Murai” ogé ngagunakeun kecap seni nu hartina leutik dina ungkara “... hiburkan hati unggasku seni....”. Dina majalah ’Pujangga Baru’ 10 April 1935 dina ésséy karya R.D. (Pergerakan ‟80) geus dipaké kecap seni anu maksudna jiga ayeuna, sarua jeung kecap art dina bahasa Inggris. Dina jaman sanggeus kamerdékaan, kecap seni nu ngawakilan art beuki mindeng dipaké sarta nepi ka ayeuna kecap seni (dina basa-basa di Indonesia) sacara resmi jadi harti tina kecap art (dina basa Inggris). Malah dina taun 1955, aya majalah husus nu dingaranan majalah ‟Seni‟, sanajan umurna ngan ukur sataun (Soemardjo, 2000:41-43).

Nurutkeun Ki Hajar Déwantara (Purnomo, 2010:2) seni téh sakumna tindakan (jijieunan) manusa nu muncul tina persaanana nu sipatna éstetis (éndah) nepi ka bisa ngagerakkeun jiwa. Dibandingkeun jeung sababaraha pamanggih séjén, di dieu mah wangenan seni téh jadi teu lega teuing ambahanana. Aya hal nu jadi tetekon pikeun ngabédakeun kaparigelan manusa nu disebut seni jeung kaparigelan nu teu dianggap seni. Hal nu dimaksud nya éta éstétika (kaéndahan) jeung éksprési (kedalan jiwa, penjiwaan). Jadi seni nu dimaksud di dieu mah nya éta: éksprési (kedalan jiwa) manusa nu diwujudkeun dina wangun (wujud) anu éstétis (éndah).

Naon-naon nu disebut seni mémang mangrupa hiji wujud anu bisa di-indra. Karya seni mangrupa hiji barang atawa artéfak nu bisa ditempo, didéngé, atawa sakaligus bisa ditempo jeung didéngé (visual, audio, jeung audio-visual). Tapi satemenna, nu disebut seni téh ayana di luar barangna, sabab seni mah mangrupa nilai (ajén-inajén). Naon nu dimaksud éndah, alus, adil, basajan, atawa bungah, éta kabeh mangrupa ajén. Tapi nu dimaksud ajén dina seni mah

(4)

rélativitasna luhur, nu disebut éndah ku hiji jalma, bisa jadi teu éndah pikeun nu séjén (Soemardjo, 2000:45).

Hal poko anu salawasna jadi tatapakan dina méré watesan kana seni sakurang-kurangna aya opat perkara, nya éta: 1) seni téh karya manusa, 2) seni téh wujud tina éksprési jiwa, 3) seni téh éstétis (éndah), jeung 4) seni téh ngandung ajén nu luhung. Upama dihijikeun, watesan seni anu dianggap universal téh kurang leuwih saperti kieu: Seni téh nya éta éksprési jiwa manusa nu diwujudkeun dina karya nu éstétis (éndah) sarta ngandung ajén nu luhung.

2.1.2 Wangun, Eusi, jeung Ajén Seni

Unggal karya seni (naon waé widangna) bisa ditalaah aspék wangun jeung eusina. Dina ieu hal, ajén-inajén nu nyangkaruk dina wangun seni katut eusi seni, bakal kaungkab dumasar aprésiasi, pangalaman, jeung paélmuan nu nyampak dina diri hiji jalma salaku aprésiator.

Nurutkeun Soemardjo (2000:47), nu pangheulana katangkep ku aprésiator tina hiji karya atawa barang seni nya éta ajén wangunna. Éta wangun seni nu diwujudkeun ku matérial-médiumna séwang-séwang, ngalantarankeun nu nempo atawa nu ngadéngé gancang kataji/kairut ku daya-pesona indrawina (warna/sora). Éta pisan ajén seni nu sipatna kualitas émpiris, nu ngalantarankeun unggal jalma teu sarua dina méré tanggapan kana hiji karya seni (sipatna subjéktif). Bédana tanggapan jeung pangajén téh bakal nambahan dina waktu wujud-wujud inderawi nu aya dina hiji barang seni ditaliti/dititénan strukturna (susunan atawa salangsurupna). Kagiatan réstrukturisasi (nyusun deui struktur) barang seni ku

(5)

penanggap (aprésiator), bakal ngalahirkeun tapsir/pamahaman seni anu béda-béda.

Nu dimaksud eusi seni, sabenerna nya éta eusining jiwa seniman nu ngawengku rasa jeung intuisina, pikiran jeung gagasanana. Hiji karya seni sacara simultan némbongkeun beungkeutan ajén-ajén ngaliwatan wangunna. Tina éta wangun bakal katangkep eusina (ma‟na jeung tujuanana). Aya dua aliran seniman nu mibanda anggapan béda kana eusi seni. Nu kahiji, nganggap yén eusi teu pati penting dina hiji karya, lantaran nu penting mah wujud-wujudna (wangun-wangunna). Éta aliran nganut paham disinterestedness (ketanpa-pamrihan) nu kamashur ku slogan “seni pikeun seni”. Sedengkeun aliran nu kadua, nekenkeun aspék eusi (leuwih penting) dina seni, sabab seni salawasna ngamasalahkeun ajén-inajén hirup dina kahirupan manusa.

Ku lantaran seni téh masalah komunikasi, masalah rélasi ajén-inajén, mangka hiji hal (wujud/wangun) bisa disebut seni saupama bisa nimbulkeun rélasi seni ku munculkeun ajén-inajén. Ajén seni sipatna subjéktif sarta salawasna mibanda sipat historis (ajén gumantung kana tempat jeung jamanna). Ajén seni ogé sipatna kontékstual (dumasar wangun jeung eusina). Eusi seni diwujudkeun dina wangun seni, sedengkeun éta eusi seni téh ngangkat ajén-ajén masarakat dina jamanna. Dina barang seni ogé, bakal kabawa ajén-inajén nu tumuwuh di jero masarakat Si Seniman, boh satuju boh nolak, atawa méré panapsiran anyar kana éta ajén. Ku lantaran éta pisan, seniman atawa penanggap seni perlu neuleuman sajarah seni anu jadi widangna, sangkan mampu nyiptakeun ajén-inajén anyar,

(6)

atawa (pikeun apresiator mah) sangkan leuwih gampang nimukeun ajén-inajén tina barang seni nu diaprésiasina (Sumardjo, 2000:48)

2.1.3 Wangenan Tradisional

Tradisional hartina “mibanda sipat tradisi”. Kecap tradisional mangrupa rundayan tina kecap dasar tradisi, nu asalna tina basa Latin traditio, hartina diteruskeun atawa kabiasaan. Dina kamekaranana, nu dimaksud tradisi téh nya éta rupaning hal nu geus lila (mindeng) dilakonan, sarta jadi bagian tina kahirupan hiji komunitas (kelompok masarakat). Ku lantaran kitu, tradisi sarua hartina jeung adat-istiadat atawa kabiasaan turun-tumurun nu masih dilakukeun, dipigawé, jeung dimumulé ku hiji komunitas.

Hal nu pangpentingna dina tradisi nya éta ayana informasi nu diteruskeun ti hiji generasi ka generasi satuluyna, boh lisan boh tinulis, lantaran tanpa éta hal, hiji tradisi bisa leungit. Tanpa tradisi hiji kabudayaan moal hirup langgeng, lantaran tradisi téh mangrupa roh anu ngahirup-huripkeun hiji budaya, sanajan hiji tradisi téh gumantung pisan kana situasi jeung kondisi masarakat ahli warisna.

Saterusna, tina konsép tradisi tadi lahir istilah tradisional. Tradisional mah mangrupa sikep méntal (pamadegan), dina ngaréspon (méré tanggapan) kana rupaning pasualan di masarakat. Di jerona nyangkaruk cara mikir jeung cara nyieun tindakan, nu salawasna nyekel pageuh kana ajén-inajén katut norma-norma nu dianut ku masarakatna (Jalius HR, 2011: http/www. Jalius HR. htm).

Seni tradisional, nya éta seni anu ngakar kana adat-istiadat atawa kabiasaan masarakatna. Seni tradisional mindeng dihartikeun seni daérah, nya éta

(7)

seni anu gelar tur mekar di hiji sélér bangsa (hiji étnis) atawa hiji wewengkon nu disebut daérah (wewengkon nu ambahanana diwatesanan ku ciri-ciri budayana). Aya ogé nu nyaruakeun seni tradisional jeung istilah folklore. Contona: Féstival Seni Tradisional Sadunya nu diayakeun saban taun ku CIoF (Comitee International of Folklore) di Eropa, dingaranan International Folklore Festival.

Seni tradisi (tradisional) mangrupa istilah husus Indonésia, sabab di lingkungan bangsa-bangsa nu geus maju mah, seni warisan karuhun (baheula) nu disebut living tradition téh geus kacida langkana. Béda jeung di tatar Nusantara, karya seni tradisi téh angger hirup (aya), dimumulé, dipiara minangka bagian tina kontéks sosio-budaya masarakat (Sumardjo, 2000:338).

2.1.4 Seni Tradisional Sunda

Seni tradisional Sunda atawa kasenian tradisional Jawa Barat (ayeuna jeung Banten), nya éta seni nu lahir jeung mekar di tatar Sunda, mangrupa hasil karya cipta masarakat Sunda, nu ngakar kana budayana. Sakumaha ilaharna wangun seni/kasenian, sategesna nu dimaksud seni tradisional Sunda ogé upama ditilik tina média utamana mah ngawengku lima cabang seni. Cabang seni nu dimaksud nya éta: seni swara, seni tari, seni rupa, seni sastra, jeung seni drama (téater).

Pikeun masarakat Sunda nu awam, istilah seni téh leuwih sering diwakilan ku istilah kasenian, sarta nu dimaksud kasenian atawa seni tradisional téh leuwih nyoko kana seni-seni pintonan wungkul. Seni sastra atawa seni rupa, aya kalana

(8)

dianggap di luar tatanan kasenian, lantaran mibanda wilayah ulikan jeung komunitas husus, anu béda jeung kasenian nurutkeun anggapan awam tadi.

Sakumaha nu disebutkeun dina pedaran saméméhna, tatar Sunda (Jawab Barat jeung Banten) mangrupa wewengkon anu beunghar ku kasenian. Upama ditataan, leuwih ti saratus wangun seni atawa kasenian nu gelar tur mekar di tatar Sunda, ti mimiti anu klasik (buhun, tradisi) nepi ka anu modéren (wanda anyar, kréasi). Dumasar anggapan awam ngeunaan kasenian, dina buku Khasanah Kasenian Jawa Barat (Soepandi, 1977), atawa dina Kamus Istilah Karawitan (Soepandi, 1988), jeung dina WADITRA: Mengenal Alat-alat Kesenian Daérah Jawa Barat (Kubarsah, 1994), disebutkeun ngaran-ngaran kasenian (seni tradisional) Sunda, di antarana: Angklung, Angklung Buncis, Angklung Badud, Angklung Gubrag, Angklung Séréd, Babarongan, Bajidor/Bajidoran, Badawang, Banjet, Bangréng, Bangkong Reang, Bénjang, Beluk, Bobodoran, Buburonan, Calung, Calung Gantung, Calung Rénténg, Calung Tarawangsa, Cianjuran, Ciawian, Cigawiran, Degung, Dogér, Dogdog, Dogdog Lojor, Drama, Drama Suara, Éblég, Gamelan, Gembyung, Gending Karesmén, Hélaran, Iring-iringan, Jaipongan, Janaka Sunda, Jentréng, Kacapian, Kacapi Suling, Karinding, Kawih, Ketuk Tilu, Kiliningan, Kuda Rénggong, Lais, Longsér, Macapat, Mamaos, Pantun, Penca, Rampak Bedug, Rampak Kacapi, Rampak Kendang, Rampak Sekar, Ronggéng, Ronggéng Gunung, Rudat, Sandiwara, Singa Depok, Sisingaan, Silat, Tembang, Terebangan, Terebang Gebés, Terebang Seja, Topéng, Wayang, Wayang Bébér, Wayang Catur, Wayang Cepak, Wayang Gémbol, Wayang Golék, Wayang Ménak, jrrd.

(9)

2.2 Karinding

Karinding kaasup salahsahiji kasenian tradisional Sunda anu buhun. Lian ti ngaran tina hiji wangun kasenian Sunda, karinding ogé mangrupa ngaran tina alat kasenian (waditra) anu dipaké dina seni Karinding. Jigana, salahsahiji kabiasaan urang Sunda (baheula), upama méré ngaran kana hiji kasenian (utamana seni karawitan) sok diala gampangna, cukup diluyukeun jeung ngaran waditrana baé. Conto séjénna: seni Angklung ngagunakeun waditra angklung, seni Calung ngagunakeun waditra calung, seni Tarawangsa ngagunakeun waditra tarawangsa, atawa seni Terebang nu ngagunakeun waditra terebang.

2.2.1 Wangenan Karinding

Dina Kamus Umum Basa Sunda disebutkeun yén Karinding téh sabangsa tatabeuhan tina hinis palapah kawung, atawa tina beusi, maké pangharus ruas awi (KUBS, 2007:207). Sedengkeun dina Kamus Istilah Karawitan Sunda, nu disebut Karinding téh nya éta waditra idiophone (tatabeuhan) nu disadakeun ku teunggeulan ramo, dijieunna tina palapah kawung atawa tina hinis awi, ngagunakeun baham jeung ruas awi/lawong (Soepandi, 1988:86)

R.A. Danadibrata (2006:322) dina Kamus Basa Sunda nu disusunna, nétélakeun nu disebut Karinding saperti ieu di handap.

“Karinding ngaran tatabeuhan tina hinis awi atawa hinis palapah kawung nu ipis pisan; lamun rék dipaké gigirna dicepét ku biwir luhur jeung handap saperti argol, jeung harusna ku hawa anu diseuseup jeung digeboskeun ku sungut; supaya sorana bisa luhur-handap lamun éta karinding keur ngeleter nu nganteng di tengah-tengah karinding lantaran hawa diseuseup atawa digeboskeun, tungtung beulah katuhu sok ditoélan lalaunan sangkan ngeleterna beuki gancang atawa ngendoran; sora nu

(10)

kaluar tina karinding lalaunan tapi ngeunah kadéngéna matak nengtremkeun haté; aya ogé karinding nu dijieunna tina beusi leutik; karinding di urang ayeuna méh teu aya.

2.2.2 Wangun Karinding

Karinding atawa waditra nu sajenis jeung karinding, mibanda wangun anu kawilang leutik. Panjangna 15 – 20 cm (kurang ti sajeungkal), lébarna teu leuwih ti 2 cm (sagedé jempol jalma déwasa). Sanajan wangunna loba diréka-réka (diukir, dibentuk cucuk kondé, diréka kujang, jsté.), tapi sacara umum, waditra karinding jeung nu sajenis karinding téh, mibanda wangun dasar anu sarua. Karinding ngabogaan tilu bagéan penting nu disebut: 1) hulu/puhu 2) beuteung/bujal/tengah, jeung 3) buntut/tungtung. Dina bagéan hulu aya beungbeurat (dikandelkeun) pikeun nakol, noél, atawa nyadakeun karinding. Dina beuteung ogé aya beungbeurat (bujal), minangka bandul nu ngatur amplitudo (simpang-geter), sarta di tungtungna aya buntut lisa nu ipis-leutik minangka sumber geter (sora). Di bagéan buntut aya gagandet minangka wates panyekelan. Gagandetna aya anu kandel, aya anu ngan ukur ngageret. Biasana, bagéan buntut ieu nu sok diréka-réka, luyu jeung pangaresep anu nyieunna.

Sanajan dina KUBS (2007:207) jeung dina Kamus Basa Sunda (Satjadibrata, 2010:186) disebutkeun yén karinding aya anu dijieunna tina beusi, tapi husus di tatar Sunda, nu kapaluruh nepi ka kiwari, karinding téh dijieunna ngan tina palapah kawung jeung tina awi. Di sagigireun éta, boh karinding tina kawung boh karinding tina awi, di masarakat mah disebutna téh karinding wungkul, tara dikantétan ku katerangan kawung atawa awi. Sangkan leuwih

(11)

jéntré, wangun waditra Sunda nu dingaranan karinding téh bisa dititénan dina ieu gambar di handap.

Gambar 2.1. Karinding Kawung

Gambar 2.2 Karinding Awi

(dokumen pribadi: Komunitas Karinding (KOKAR) Jepang)

2.2.3 Rupa-rupa Karinding

Dumasar kana sababaraha literatur, boh nu mangrupa buku boh mangrupa tulisan nu sumebar di internét, barang atawa waditra nu wangun jeung sorana méh sarua jeung karinding, lain ngan ukur aya di Tanah Sunda, tapi sumebar ampir di

(12)

sakuliah dunya. Nu béda téh ngaran jeung bahanna, sarta cara nyadakeunana. Sedengkeun wangun dasar jeung sumber sora nu dihasilkeunana mah rélatif sarua.

Waditra saperti kitu, ku parapanalungtik seni tradisi (folklore) dingaranan Zeus Harp (harpa Déwa Zeus) atawa Mouth Harp (harpa mulut). Sabagian panalungtik nyebutkeun, yén ieu waditra téh kaasup hasil kabudayaan primitif (dipibanda ku suku frimitif di Afrika, suku Dani di Papua, suku Aborigin di Australia). Nurutkeun hasil panalungtikan dina jaman kiwari, ieu waditra sumebar di sababaraha nagara, kaasup di Indonesia, ngan pédah di unggal wewengkon ngaranna béda-béda. Upamana waé Génggong (di Bali), Rinding di (Jawa Tengah), Karinding (di Sunda), jsté. Kitu deui bahanna ogé béda-béda, gumantung ka nu aya tur gampang dipaluruh di wewengkonna séwang-séwangan, aya nu tina kai, tina awi, tina kuningan, jeung tina beusi. Tapi kudu jadi hiji catetan, ditilik tina bahanna, hiji waditra bisa dibandingkeun jeung waditra séjénna, nepi ka dipikanyaho waditra nu mana anu gelarna leuwih tiheula.

Dumasar bahanna, geus disebutkeun yén karinding nu hirup di tatar Sunda téh aya dua rupa, nya éta karinding tina kawung jeung karinding tina awi. Tapi salian ti éta, ditilik tina wangunna karinding nu sumebar di tatar Sunda téh aya dua rupa, nya éta:

1) Karinding Bikang

Disebut karinding bikang atawa karinding wadon, lantaran ieu karinding téh biasana dijieun jeung dipakéna ku awéwé. Saliwat mah wangunna méh sarua baé, tapi upama diilikan (disidik-sidik), tétéla aya bédana. Nu

(13)

disebut karinding bikang, buntut lisana (bagian nu gageterna) ngan hiji, henteu nyagak.

Karinding bikang biasana dijieun tina awi.

2) Karinding Jalu

Karinding jalu atawa karinding lanang, biasana dijieun jeung dipakéna ku lalaki. Bédana jeung karinding bikang, karinding jalu mah buntut lisana aya dua (nyagak), jiga alat standar nada nu disebut garputala. Karinding jalu biasana dijieun tina palapah kawung.

2.2.4 Cara Nabeuh Karinding

Karinding mibanda sora anu halon. Ku lantaran kitu, dina waktu disadakeunana merlukeun résonator (rohangan pikeun nguatan sora). Sakumaha nu ditepikeun saméméhna, salian ti dingaranan Zeusharp, karinding ogé sok disebut Mouthharp (harpa mulut), hartina karinding ngagunakeun baham (mouth) atawa ditabeuhna dina biwir. Dina hal ieu, baham téh salian ti wahana ngolah sora, ogé minangka résonator utama nu mantuan narikkeun sora karinding.

Karinding kaasup kelompok waditra percusion atawa perkusi, nya éta alat musik nu teu aya nadaan atawa bernada tunggal, anu cara nyadakeunana diteunggeul/ditakol, luyu jeung katerangan ieu di handap.

“Karinding adalah waditra termasuk jenis alat pukul (perkusi), dibunyikan dengan cara dipukul mempergunakan telunjuk atau jari tengah dan mulut sebagai wadah gemanya/résonatornya” (Kubarsyah, 1994:50).

(14)

Sacara prinsip, sakumna alat nu kaasup kelompok perkusi, nyadakeunana téh ku cara ditakol/diteunggeul, kitu deui karinding. Tapi dina prak-prakanana mah, dina nyadakeun karinding téh unggal wewengkon mibanda cara jeung istilah anu béda, aya nu nyebutkeun disintreuk, disentir, ditakol, ditepak, dikenyed, atawa ditoél. Eta cara téh gumantung kana wangun puhu karinding, minangka bagéan utama nu jadi tumpuan (puseur) gerak dina waktu ngageter (ngaluarkeun sora). Sanajan rupa-rupa istilah pikeun nyadakeunana (ditenggeul, ditepak, disintreuk, disentir, dikenyed, ditoél, jsté.), tetep waé dina seuhseuhana mah ditakol. Tujuanana nakol téh, pikeun ngabetrikkeun sumber sora sangkan ngageter.

Supaya leuwih jéntré, cara nyadakeun karinding bisa diilikan dina gambar ieu di handap.

Gambar 2.3 Nyadakeun karinding

(15)

2.2.5 Riwayat Karinding

Di Tatar Sunda hususna, karinding téh kaasup kasenian buhun nu teu kacukcruk ti iraha mimiti ayana. Informasi nu kapanggih nepi ka danget ieu, diantarana waé bahan nu dipaké nyieun karinding ku urang Sunda téh aya dua rupa, nya éta palapah kawung jeung awi. Lian ti éta mah masih dilelebah, lantaran tacan aya panalungtikan sajarah nu khusus ngaguar sajarah gelarna waditra nu disebut karinding.

Tapi sok sanajan kitu, pikeun méré gambaran kumaha langkana katerangan nu patalina jeung asal-usul karinding, di handap ieu diguar sababaraha informasi anu kapanggih ku panalungtik, boh informasi tina buku jeung tulisan-tulisan di média (informasi tinulis), boh tina hasil wawancara jeung palaku senina (informasi lisan).

Ayana Karinding dina khasanah budaya Sunda, di antarana kapanggih dina rajah carita pantun “Badak Pamalang”. Dina éta carita (nu geus ditranskrip tina sastra lisan kana wangun tinulis), disabit-sabit karinding nu dijieunna tina palapah (dahan) kawung. Unina éta ungkara téh kieu:

“... Karinding si kawung hideung, palapah kawung saéran,

tjurug djangkung kolé hideung, haur geulis tjongkol konéng, ka girangkeun.

...”

Carita pantun, sakurang-kurangna geus aya (muncul) di masarakat Sunda saméméh taun 1518, sakumaha anu disebutkeun dina naskah heubeul Siksa Kanda Ng Karesian. Kurang-leuwih tahun 1400-an, seni pantun geus dipikawanoh ku

(16)

masarakat Sunda (Saini KM dina Soemardjo, 2003:5). Jadi hiji hal anu kacida mungkinna, upama karinding ogé geus aya dina mangsa éta. Malah teu nutup kamungkinan, karinding geus aya (jauh) saméméh budaya pantun dipikawanoh ku masarakat Sunda.

Aya sisindiran anu sumebar di masarakat Sunda, anu di jerona ngandung ungkara kecap karinding. Upamana dina ieu sisindiran di handap.

1) Sada ketuk sada goong Sada karinding jeung suling Sada nu batuk sada nu ngomong Sada hariring nu kuring

2) Ku naon karinding jalir Da potong buntut-lisana Ku naon nu ginding ngagilir Da potol indung-bapana

Sisindiran di luhur mangrupa sastra lisan anu gelarna bisa waé saméméh carita pantun (carita lisan nu leuwih panjang). Anu jelas, sastra lisan leuwih tiheula gelarna tibatan sastra tinulis anu buhun saperti wawacan jeung carita babad. Ku lantaran kitu, sumebarna dua sisindiran di luhur, bisa dijadikeun ciri geus heubeulna karinding dipikawanoh ku masarakat Sunda.

Dina Babad Kawung (koropak: 104 E KFH 4-10 kaca 6), lebah ngabahas gunana kawung, disebutkeun yén palapah kawung téh bisa dijieun karinding.

“... Haroepatna dipaké kalam koe santri2 pikeun noelis kitab aksara arab, koelit palapahna didjieun paser soempit atawa dipaké karinding, haté palapahna didjieun tjotjok botol, njéréna didjieun sapoe njéré ....”

Malah dina Babad Kawung Galuh (koropak: SD 101) dina nataan jenis kawung disebutkeun aya jenis kawung nu ngaranna Kawung Karinding.

(17)

“Ditjaritakeun tina kaajaannana kawoeng di dijeu ari kawoeng eta aja 3 warna:

Dingaranan kawoeng karinding roepana eta kawoeng gěde jangkoeng ngarangkadak, sarta daroweh, kaitoeng kawoeng panghadena.

Dingaranan kawoeng songgom roepana palapahna hareuras djeung palapahna tjokrom, ka loehoer tangkalna mah ngan beda saeutik bae ti kawoeng karinding. Ijeu kawoeng songgom rada handap djeung leutik, kawoeng sěděng bae handapna kawoeng karinding. ...”

Sanajan teu aya penjelasan, yén kawung karinding téh jenis kawung nu sok dipaké bahan nyieun karinding, saeutik-lobana éta naskah geus nepikeun gambaran yén masarakat dina jaman éta geus wanoh jeung kecap karinding. Aya kecap aya ma‟na, aya maksud, atawa aya barangna. Ku lantaran kitu, hiji kamungkinan karinding (salaku barang) geus aya di éta wewengkon, dina jaman harita.

Sanajan saméméhna disebutkeun yén karinding aya nu dijieunna tina awi, tapi (iwal dina kamus basa Sunda, jeung tulisan béh dieu utamana nu sumebar dina média internét) tacan kapanggih literatur heubeul saperti carita pantun jeung naskah di luhur, anu nyabit-nyabit karinding nu dijieunna tina awi. Jigana waé, upama nilik ka dinya mah, karinding awi téh gelarna leuwih anyar, turta mangrupa kamekaran tina karinding kawung nu geus aya saméméhna.

Kecap karinding nu dipaké ngaran pikeun Mouthharp urang Sunda, nepi ka kiwari masih jadi bahan padungdengan kumaha asal-usulna. Tapi lamun seug niténan étimologi kecap-kecap basa Sunda, kabiasaan urang Sunda méré ngaran kana hiji waditra, kalolobaanana gumantung kana sorana. Upamana baé anu [pung-pungan] disebut Celempung, anu [kukurulungan] disebut Calung atawa Angklung, anu [dug-dugan] disebut Bedug, anu [tréng-tréngan] disebut Jentréng;

(18)

anu [tok-tokan] disebut kolotok; jsté., bisa jadi kecap karinding ogé dicokot tina sora [ker-keran] jeung [ding-dingan].

2.2.6 Fungsi Karinding

Masarakat Sunda atawa urang Sunda, lolobana dumuk di wewengkon Jawa Barat beulah kidul, nu kondisi geografis-na (rupabumina) berbukit-bukit (mangrupa pasir anu jujumplukan), ngandelkeun hirup tina ngahuma (masarakat huma). Mékanisme sosial masarakat huma nu dimaksud, kiwari masih natrat dina kahirupan urang Kanékés/Baduy (Sumardjo, 2003:39).

Karinding nu hirup di Tatar Sunda raket pisan patalina jeung kahirupan urang Sunda minangka masarakat huma. Salian jadi alat karawitan (seni musik tradisional) pikeun ngabeberah dirina dia mangsa reureuh magawé, ceuk sakaol mah sora karinding téh dipaké nyinglar hama nu ngaganggu kana pepelakan (utamana paré) di huma. Ngan upama dina jaman modéren ayeuna, manusa nyarieun alat keur ngusir sasatoan (utamana serangga) ngagunakeun sora berfrékwensi rendah (low désible), hartina manusa Sunda (primitif) mah geus maké alat sarupa kitu (nya éta karinding) mangratus-ratus taun saméméhna. Éta katerangan luyu jeung nu ditétélakeun dina Wikipedia Google nu unina:

“Karinding adalah sejenis alat musik/perkusi khas suku Sunda yang

terbuat dari kulit kawung (batang pohon aren) dan bambu. Konon alat ini berfungsi sebagai alat untuk mengusir hama dengan suara yang dihasilkannya yang dapat membuat hama padi tidak mendekat karena suaranya membuat takut hama tersebut” (http://id.wikipedia.org/wiki/ karinding).

(19)

Salian ti éta, aya nu nétélakeun yén karinding téh mibanda sora nu bisa mikat haté (pangirut ati). Sok sanajan lolobana ditepikeun sacara lisan (tatalépa ti generasi nu hiji ka generasi satuluyna), disebutkeun yén karinding dina kahirupan urang Sunda, lain ngan saukur waditra nu fungsina individual pikeun panglipur dirina, tapi mibanda fungsi sosial pikeun komunikasi antar-individu. Karinding jadi alat nu nyambungkeun komunikasi antara jajaka jeung wanoja Sunda dina jamanna.

Ngirutna sora karinding hésé dijelaskeunana, ibarat kagugahna haté waktu ngadéngé gelikna sora suling jeung jentréngna sora kacapi. Rupa-rupa kajadian nu timbul, saperti timbulna kawaas, rasa kagagas, ngangres, ngalimba, malah nepi ka ngeclakeun cimata, éta kabéh aya kalana teu bisa dibéré penjelasan atawa alesan anu tangtu.

2.2.7 Pintonan Seni Karinding

Seni karinding dina wangun pintonan, ti baheula oge mémang langka. Komo seni karinding anu enya-enya tradisional mah, kacida langkana. Dina ayana ogé bisa diitung ku ramo, sarta ngan midang dina acara-acara husus nu diayakeun dina raraga ngungkab atawa ngaludang kasenian-kasenian buhun, boh pikeun diwanohkeun ka masarakat, boh pikeun tujuan-tujuan anu tangtu.

Tapi sok sanajan kitu, dina kamekaranana, kiwari dug-deg grup (kelompok) seni karinding atawa anu ngaku grup karinding di sababaraha wewengkon di Jawa Barat, di antarana di Bandung, di Sumedang, di Cianjur, din Tasik, di Ciamis, di Subang, jeung di Garut.

(20)

2.2.8 Grup Seni Karinding

Grup seni karinding nu diwangun ku tilu urang atawa leuwih, pikeun kapentingan hiji pagelaran, (sanajan langka) saenyana geus aya ti béh ditu kénéh. Tapi grup-grup seni karinding dina jaman baheula mah tara dingaranan, teu jiga grup-grup musik jaman kiwari (Ki Koha, wawancara ka-3). Atawa bisa jadi aya ngaranna mah, ngan geus ilang raratan, ku lantaran lolongkrang waktu ti mimiti kaluli-lulina karinding nepi ka nguniang deui ayeuna, éta waktu téh kacida anggangna.

Dina kamekaranana ayeuna, sabada nguniang deui (± taun 2000), mémang kacatet sababaraha grup seni karinding atawa kelompok seni anu maké ngaran karinding, diantarana:

1) Sekar (Seni Karinding) Komara Sunda, Cinéam-Tasikmalaya, 2) Giri Kéréncéng (Karinding Abah Olot), Sumedang,

3) Karinding Attack (KARAT), Ujung Berung- Bandung, 4) Karinding Militan (KARMILA), Bandung,

5) Karinding Sauyunan Saréréa (KASURA), Panjalu- Ciamis,

6) KOKAR (Komunitas Karinding) Sukmasunda, Cinéam-Tasikmalaya, 7) KOKAR Jepang, Tokyo-Jepang,

8) Karinding Langen Sari (KALASAR), Lémbang-Bandung, 9) Karinding Towél (KARTO), STSI Bandung,

10) Karinding Cipta Gelar, Sukabumi, 11) Karinding Buhun (KARUHUN), jeung 12) Karinding Titisan Karuhun Sunda.

(21)

Istilah grup atawa kelompok dina basa Sunda, mindeng dianggap sarua jeung pakumpulan atawa paguyuban. Nu dimaksud pakumpulan seni karinding, nya éta hiji komunitas/kelompok seni anu (sakuduna) nempatkeun karinding minangka waditra utamana.

Dina awal kamekaranana mah mémang grup seni karinding téh ngan ngagunakeun karinding minangka waditrana. Tapi ku ayana kréativitas jeung pangabutuh pentas, ngalantarankeun dianggap perluna waditra séjén pikeun panglengkep. Waditra nu dipaké ngalengkepan pintonan karinding teh di antarana suling, celempung, siter (kacapi), jeung waditra séjén anu sorana ngimbangan kana sora halon karinding.

2.3 Kawung

Kawung dina kahirupan urang Sunda ngandung ajén anu kacida luhurna, sarta dianggap tangkal anu loba pisan gunana. Kawung jadi perlambang kahirupan anu kacida istiméwana, nu mindeng dipatalikeun jeung mitos Nyi Pohaci Sanghyang Sri (Déwi Sri), Déwi Paré dina kapercayaan masarakat Sunda primordial. Kawung téh (ngaran) tangkal anu gedé gunana pikeun kahirupan jelema, di antarana: leungeunna disadap dijieun gula, carulukna (buahna) dijieun cangkaléng, pucukna dikerok digaringkeun jadi ududeun, buluna dijieun kawul, haté tangkalna dijieun aci. Péndékna mah injukna, harupatna, daunna, palapahna, jll. éta kabéh gedé gunana (Danadibrata, 2006:329)

Kawung nurutkeun KUBS (2007:211) nya éta “ngaran sarupa palem nu réa gunana: lahangna, injukna, daunna, buahna, ruyungna, jsté”. Sedengkeun dina

(22)

Kamus Basa Sunda (R.Satjadibrata, 2010:189), kawung nya éta “ngaran sarupa palem nu sok disadap lahangna (dijieun gula), pucukna dijieun roko; ngabuah kawung (sisindiran): nyuruluk cipanon”.

Kawung kaasup kelompok tangkal palem (palmacéaé) sajenis jeung kalapa, jambé, dahon, atawa kiray, anu dina istilah latinna disebut arenga pinnata. Dina Kamus Istilah Biologi (Yatim, 2007:76) ditétélakeun naon nu disebut kawung saperti ieu di handap.

“Aren atau arenga pinnata termasuk jenis palmaceae. Daunnya untuk atap dan sapu. Dari pangkal tandan buah muda yang dipotong dapat disadap air nira untuk dibuat tengguli, gula, atau diragikan jadi tuak atau cuka. Batangnya yang berempulur lunak diperas menjadi santan, yang kalau didiamkan semalam akan terbentuk endapan tepung yang disebut sagu. Ijuk, bulu pelepah, adalah serat hitam yang menyalut pangkal pelepah, digunakan untuk atap dan saringan air minum. Daunnya untuk atap. Buahnya yang masih muda direbus jadi kolang-kaling untuk campuran minuman atau dibuat manisan”.

Tapi tina sakitu lobana jenis palem (palmacéaé), kawung minangka hiji-hijina tangkal anu unik, lantaran dina cara jadi jeung bijil buahna (leungeun caruluk) béda jeung kailaharan tangkal nu sajenis dina kelompok palem. Kawung mah aya mangsana eureun jadi (mepet), nu dicirian ku teu kaluarna deui pucuk. Sanggeus mepet kitu, kakara bijil (leungeun) pibuaheun, sarta jadina éta leungeun patungturun tina tapak kalokop pangluhurna maju ka handap. Sedengkeun kailaharan jenis palem mah, kabéh ogé bijil kembang (pibuaheun) téh tina kolokop handap maju ka luhur, sarta teu kungsi ngeureunan jadina pucuk-pucuk daun anyar. Iwal kiray, anu kembangna bijil tina pucuk, sarta upama buahna geus

(23)

kolot (maruragan), tangkalna langsung pugur atawa paéh teu béda jeung tangkal cau (tina wawancara jeung Iskandar).

Pamangih di luhur, dideudeul ku katerangan nu kapanggih dina sababaraha literatur nu mangrupa naskah heubeul, jeung obsérvasi langsung ka lapangan. Sakurang-kurangna aya tilu naskah heubeul di Perpustaakaan Nasional di Jakarta anu eusina husus ngabahas ngeunaan kawung. Éta naskah, nurutkeun katerangan nu ditulis ku Pleyte, ditulisna kurang leuwih dina ahir abad-19. Naskah nu dimaksud nya éta: Babad Kawung koropak 104 E KFH 4-10, Babad Kawung Baduy koropak SD 99, jeung Babad Kawung Galuh koropak SD 101.

Dina kahirupan sapopoé, langka pisan nu apal pasti kana umur hiji tangkal kawung, saha nu melakna, komo apal ti mana binihna lantaran lolobana mah tangkal kawung nu aya di kebon-kebon atawa di leuweung téh jadi sorangan (dipelak ku careuh). Langka anu pirajeunan melak siki/tangkal kawung, ari lain mindahkeun petétan (nu jadi) tina tai careuh mah. Sakumaha anu dijelaskeun dina ungkara ieu di handap.

“... Ari di dijeu (Kanekes) kawoeng henteu biasa dipelak aja kawoeng djadi oge asal tahi tjareuh bae, saha djělěma noe heula manggih

[2]

Toeloej ditjaangan di handapna sarta noe ngabogaan teu beunang diala koe sedjen djělěma, sarta eta kawoeng tara dipindahkeun djeung tangkalna hěnteu dipiara.

Ari sěboetanana kawoeng mimiti djadi disěboetna pětet di mana geus opat palapahna diěeboetna tjoemangkok geus kitoe heuleut 10-12 taoen sakira tangkalna eta kawoeng geus teu ngagědean deui diseboetna tjatjawenean, ti dinja di mana geus bidjil barěng 4 poetjoek sarta papak djat jang ka

(24)

loehoer disěboetna měpět, sanggeus měpěk/t bidjil tongkol, eta tongkol kira-kira saboelan toeloej moeraj nja eta djadi langgari tjaroeloek.

Babad Kawung Baduy, koropak SD 99)

Dina Babad Kawung nu séjénna disebutkeun cara-cara melak tangkal kawung nu asalana tina caruluk/cangkaléng nu dihakan ku careuh (tai careuh).

“... Babakoena anoe sok dipĕlak nja eta tjangkaléng asal tai tjareuh anoe geus djadi pĕtetan, tapi anoe oemoerna geus 6-8 boelan eta beunang dipindahkeun dipĕlak ari ngalana dipoetĕr, koedoe kabawa taneuhna, oelah diroengkadkeun, ari pĕtana mĕlak koemaha asalna tadi bae, basa keur dipoetĕr arek dipindahkeun, eta bibit kamana tjondongna nja eta: mĕlakna koedoe saasal deui, lamoen teu kitoe sok bantoet tara moeloes djadina, make gĕring heula, ari ngasoepkeunnana kana lombang make djangdjawokan kijeu pokna: Boemi pamit titip tanĕm djaja sia djaja aing, sia poelih aing hoerip aboes donghok bidjil montok, ah montok, ah montok, ah montok.”

(Babad Kawung, koropak: 104 E KFH 4-10)

Nurutkeun éta cutatan, tétéla kudu apik jeung teu sagawayah melakkeun petétan kawung mah. Teu anéh upama salila ieu di tatar Sunda can kabéjakeun aya kebon kawung nu husus jiga kebon kalapa, kebon jati, atawa kebon-kebon kai séjénna. Malah tina hasil wawancara jeung tukang nyadap atawa nu baroga kebon nu aya tangkal kawungan, kawung nu aya di kebonna téh dianggap jadi ku manéh, teu pernah dipelak. Nu disebut kebon kawung ku masarakat, dina kanyataanana mah kebon nu dipinuhan ku rupa-rupa tangkal (teu béda ti leuweung) ngan pédah loba tangkal kawungna.

Nurutkeun informasi ti Dinas Pertanian Tanaman Pangan Tasikmalaya (wawancara jeung Dayat, pagawé Dinas Pertanian Tanaman Pangan Kabupatén Tasikmalaya), di sababaraha wewengkon kacamatan di Kabupatén Tasikmalaya,

(25)

tangkal kawung téh nungtut ngurangan, lantaran loba ditaluaran diala acina, sedengkeun anu melakna langka. Ku lantaran kitu, pikeun ngajaga punahna tangkal kawung, saenyana di Jawa Barat (baca: tatar Sunda) geus aya uji-coba ngabibitkeun kawung, malah jeung melakna di lahan-lahan anu merlukeun réboisasi/penghijauan, saperti di DAS (Daérah Aliran Sungai) Citarum, Bandung. Di wilayah Kabupatén Tasikmalaya, uji-coba pembibitan kawung saperti kitu, kungsi diayakeun di Kacamatan Karangnunggal dina taun 1995, nu ngahasilkeun leuwih ti 10.000 binih kawung siap-tanam.

Sedengkeun di luar Jawa, nya éta di Kabupatén Nunukan (Kalimantan), salian ti aya husus pembibitan kawung, dina taun 2008 geus aya perkebunan kawung nu husus (kebun aren Nunukan), anu tujuanana pikeun ngungkulan kakurangan produksi gula nasional. Kiwari, kebun aren Nunukan geus ngarintis ngungkulan krisis énérgi, ku cara ngolah lahang kawung jadi bahan bakar pengganti minyak/béngsin nu disebut bioéthanol (Kusmanto, 2008).

Tapi tina dua conto kagiatan pembibitan kawung di luhur, tetep peran careuh dina budidaya kawung teu bisa disapirakeun. Siki kawung tina tai careuh, perséntaseu jadina (tuwuhna) antara 80% nepi ka 95 %, sedengkeun tina siki nu dibibitkeun tina caruluk asak (nu di olah ku manusa), perséntaseu jadina ngan ukur 45% nepi ka 75%.

2.3.1 Rupa-rupa Kawung

Sanajan ngaranna sarua (tangkal Kawung), tapi dumasar kana ciri-ciri tangkal atawa babagian tangkal, kagunaan sarta kualitasna, tangkal kawung nu

(26)

jadi di tatar Sunda téh aya sababaraha rupa. Katambah-tambah, masarakat di saban wewengkon béda-béda dina méré ngaran kana jenis kawung nu aya di lingkunganana.

Nurutkeun Djajaredja dina naskah Babad Kawung (koropak 104 E KFH 4-10), jenis tangkal kawung nu kapanggih di wewengkon Cimahi téh aya opat rupa, nya éta Kawung Gedé, Kawung Gading, Kawung Saéran, jeung Kawung Kembang. Ciri-cirina saperti ditétélakeun ieu di handap.

1) Kawung Gedé

Disebut Kawung Gedé lantaran tangkalna gedé jeung jangkung, béda ti kawung séjénna. Ciri séjénna, bukuna (tapak palapahna) rada aranggang, tapi palapahna sarengkek (pondok), daun mimiti dina palapah deukeut pisan kana tangkalna sarta semu nangtung, daunna rubak jeung kandel, injukna ogé panjang jeung rubak.

Ieu kawung pangalusna disadap (diala lahangna) lantaran loba (juuh) lahangna. Jaba ti éta, ieu kawung dina sakali bijil leungeunna bisa nepi ka tilu, sarta sanajan tliuanana disadap dibarengkeun ogé moal matak ngurangan lahangna.

2) Kawung Gading

Nu disebut Kawung Gading tangkalna leuwih leutik batan Kawung Gedé. Bukuna baréké, palapahna rada pondok jeung semu condong, daunna aripis alus jang daun kawung pamungkus bako (dipaké

(27)

ngaroko). Lian ti éta, injuk Kawung Gading leuwih heureut batan injuk Kawung Gedé.

3) Kawung Saéran

Nu dingaranan Kawung Saéran tangkalna leutik sarta handap (pendék) kacida. Palapahna laleutik parondok jeung semu jocong (heuras) rancung ka luhur. Rupa daunna semu konéng jeung heuras kacida, ngan ukur cumpon dijieun bungkus bonjoran gula.

Lian ti éta injuk Kawung Saéran mah semu konéng, koléas (henteu hideung meles jiga injuk kawung séjénna), sarta cocogna ngan dipaké pikeun mijahkeun lauk di balong.

Ieu kawung langka nepi ka gedé (jangkung), lolobana mah kaburu paéh, lantaran sok diarala humbutna (pucuk nu pangngorana) pikeun ubar pahinum (jamu) awéwé nu tas ngajuru (ngalahirkeun).

4) Kawung Kembang

Nu disebut Kawung Kembang tangkalna béda saeutik ti Kawung Gading, palapahna nangtung semu kocop (pondok), daunna semu konéng ngan kandel jeung heuras. Injukna ogé sarua jeung Kawung Gading.

Ieu kawung langka carulukan, ngan sakalina bijil kembang bisa nepi ka 4 atawa 5 leungeun. Tina opat atawa lima leungeunna, minangka anu bener disadapna mah tara leuwih ti dua leungeun.

(28)

Nurutkeun Surawidjaja dina Babad Kawung Galuh (koropak: SD 101) kawung nu hirup di tatar Sunda wewengkon Kawali mah aya tilu rupa, nya éta Kawung Karinding, Kawung Songgom, jeung Kawung Saéran. Ciri-cirina sakumaha anu ditétélakeun ieu di handap.

1) Kawung Karinding

Nu dingaranan Kawung Karinding, rupana éta kawung gedé-jangkung, ngarangkadak, sarta darowéh/daroéh (daunna jébrag, ngagapuy, ngangsar). Ieu kawung minangka kawung nu panghadéna (pikeun disadap).

2) Kawung Songgom

Nu dingaranan Kawung Songgom palapahna hareuras tur cokrom ka luhur. Gedé tangkalna béda saeutik jeung Kawung Karinding, kitu deui jangkungna sahandapeun Kawung Karinding.

3) Kawung Saéran

Nu disebut Kawung Saéran, rupana pendék jeung leutik, palapahna paranjang, lembut (leutik), daun jeung palapahna semu konéng. Kawung Saeran minangka kawung nu pangpendékna jeung pangleutikna di antara jenis kawung nu aya.

Dina Babad Kawung Baduy (koropak: SD 99) nu nyaritakeun kawung di wewengkon Kanékés jeung Cibéo (Baduy), jenis kawung téh sarua jeung di Kawali aya tilu rupa ngan béda ngaranna, nya éta Kawung Bener, Kawung

(29)

Saéran, jeung Kawung Banén. Ciri-cirina sakumaha anu ditétélakeun ieu di handap.

1) Kawung Bener

Nu dingaranan Kawung Bener tangkalna gedé, luhur (jangkung), daunna panjang jeung rubak, injukna kandel mungkus tangkalna, harupatna gedé tur panjang, leungeunna ogé gedé jeung panjang.

2) Kawung Saéran

Nu disebut Kawung Saéran tangkalna leutik, luhur (jangkung), palapahna panjang, injukna ipis patepung, harupatna leutik panjang jeung bobo (getas, regas, babari potong), leungeunna leutik panjang, buahna/carulukna ogé laleutik.

3) Kawung Banén

Nu disebut Kawung Banén, tangkalna leutik handap (pendék), injukna kandel jembet tapi leutik ngan ukur nakop (nyakop, naplok, napel) sarubakna palapah. Palapahna parondok leutik, leungeunna ogé parondok leutik.

Upama niténan ciri-ciri rupaning tangkal kawung dina tilu tulisan di luhur, bisa dicindekkeun yén jenis kawung nu aya (jadi) di tatar Sunda téh kaitung loba, sanajan katitén aya jenis kawung nu sarua ciri-cirina, tapi béda ngaranna. Upamana waé: nu disebut Kawung Gedé di wewengkon Cimahi dingaranan Kawung Karinding di wewengkon Kawali, dingaranan Kawung Bener di

(30)

wewengkon Baduy. Atawa sabalikna, aya nu sarua ngaranna tapi béda ciri-cirina, saperti nu disebut Kawung Saéran, di wewengkkon Cimahi jeung Kawali mah cirina téh tangkalna leutik jeung pendék, sedengkeun di wewengkon Baduy mah leutik jeung luhur (jangkung). Kawung nu tangkalna leutik jeung pendék, di Baduy mah ngaranna Kawung Banén.

2.3.2 Mangpaat Kawung

Sok sanajan baheulana kawung lain tangkal anu ngahaja dipelak (dianggap “jadi ku manéh”), sarta teu dipiara ilaharna kebon tatangkalan séjénna, tapi kawung téh tétéla loba pisan guna jeung mangpaatna. Unggal bagian tangkal, ti mimiti akarna, papaganana, galugurna, ruyungna, haténa, injukna, harupatna, kawulna, leungeunna, kembangna, buahna, langarina, palapahna, nyéréna, daunna, pucukna, nepi ka humbutna, kabéh mangpaat pikeun kahirupan manusa (hususna urang Sunda).

Mangpaat tangkal kawung dina kahirupan masarakat Sunda di saban wewengkon di Jawa Barat, utamana pisan mah diala lahangna (disadap) pikeun dijieun gula (baca: gula beureum). Iwal upama geus teu produktif (lahangna saeutik atawa saat pisan), tangkal kawung sok dituar, dimangpaatkeun tangkalna pikeun kaperluan séjén.

Teu saeutik pakakas urang Sunda nu ngagunakeun tangkal kawung (ruyung kawung) minangka bahan utama atawa pangrojongna, upamana waé: salumat (paranti mesék kalapa), paseuk, cucutik (cocolék paranti masak), gagang kampak, gagang congkrang, gagang kujang, imah sugu, halu, jsté. Aya ogé

(31)

bagian-bagian tina tangkal kawung anu bisa dijieun tamba (obat), papaés imah, pakarang, barang-barang, karajinan, jsté. Malah tangkal kawung jadi bahan anu wedel, tahan bubuk (tunggeu/toko, hama kai), sarta jadi bahan nu artistik dina wawangunan imah Sunda.

Dina Babad Kawung (koropak: 104 E KFH 4-10) disebutkeun gunana tangkal kawung dina kahirupan urang Sunda jaman baheula, saperti ieu di handap.

“... Sajaba ti dinja hal kapakena tangkal kawoeng eta mangpaat pisan ka djalma anoe radjin djidjieunan, roejoengna dipake pananggeuj imah, atawa iga leuit, kloewoeng tjai, djeung barera paranti ninoen, ari pihargaeunnana 1 barera tangtu pisan 25 sen nĕpi ka 50 sen. Hatena didjieun sagoe sagantang f. 0.50 sen. Akarna [hal.6] didjieun pĕtjoet paranti njamboet, atawa dipake oebar peureuh djalma noe anjar ngadjoeroe, kawoelna paranti neker ngala seuneu keur oedoed, atawa didjoeal ka Batawi, sakati 30 cent. Pakangna keur tali oeseup ngala laoek tjai, baloekangna keur soeloeh, indjoekna keur woewoeng imah, atawa hateup, kitu deui didjieun tambang sadeupa 2/... hargana dina sakakab 2 nĕpi ka 3 cent. Haroepatna dipake kalam koe santri2 pikeun noelis kitab aksara arab, koelit palapahna didjieun passer soempit atawa dipake karinding, hate palapahna didjieun tjotjok botol, njerena didjieun sapoe njere hargana sahidji sapoe 2 ½ cent, daoenna anoe ngora dipake oedoed hargana 100 lambar f. 0,05 cent, daoen anoe kolot didjieun wajoet wadah heutjak, tjaroeloekna anoe beunang nganakan 2 mangkok 1 cent langgarina didjieun iteuk hargana 5 cent, tjangkalengna dipake oedjian barang2 mas perak, atawa didjieun tasbe diboeboet hargana 100 f 0.25, didjieun kantjing hidji sasent sakodi 15 cent. Hoemboetna hidji 5 cent atawa 20 cent. Dipake pahinoem, anoe anjar ngadjoeroe. ...”

2.4 Hérméneutika

2.4.1 Hérméneutika Umum

Sacara jembar, nu dimaksud Hérméneutik téh nya éta hiji widang élmu tafsir atawa interprétasi, hususna kana hiji téks, bahasa, atawa hasil budaya sacara umum. Éta istilah asalna tina basa Yunani kuno hérméneuénin (napsirkeun),

(32)

nyoko kana tokoh métodologi kuno Yunani „Hérmes‟, nu pancénna narjamahkeun bahasa-bahasa Tuhan ti gunung Olympus, kana basa manusa nu dipikaharti ku bangsa Yunani harita. Dina kamekaranana, hérméneutik jadi dianggap sarua jeung métode penafsiran/interprétasi, nya éta prosés ngarobah hiji hal atawa situasi, tina teu dipikaharti jadi pikahartieun.

Nurutkeun Saini K.M. dina Jakob Sumardjo (2004:VII), hérméneutika nya éta pilsapat atawa élmu ngeunaan (métoda) penafsiran sacara ilmiah. Napsirkeun sacara ilmiah, hartina napsirkeun dumasar métode anu tangtu, nu diaku (dirageman) kasohéhanana ku komunitas anu tangtu, nya éta komunitas élmu (sosial). Dina upaya napsirkeun hiji hal ngagunakeun élmu hérméneutik, nu jadi dadasarna nya éta hukum kausal (sabab-akibat), jeung téori katut data anu sohéh. Téori nu dijadikeun péso bedah dina ngaanalisis hiji hal, kudu mibanda wibawa (otoritas) nu diaku (disapukan) ku sabagéan gedé élmuwan-élmuwan séjén.

Hérméneutika mangrupa élmu ngeunaan aturan-aturan mikawanoh ma‟na (die Bedeutung) tanda-tanda, anu tujuanana pikeun nangkep pikiran-pikiran hiji jalma, boh dituliskeun boh dilisankeun, sakumaha kahayangna éta jalma. August Wolf (1759-1824) ngararancang hérméneutika nu praktis, faktual, sarta (sipatna) regional, dina unggal objék (sajarah, hukum, teologi, karya sastra, jsté.) mibanda aturan séwang-séwangan (mandiri). Tugas hérméneutika dirumuskeun dina tilu wangun pamahaman, nyaéta: pamahaman matéri karya, pamahaman basa, jeung pamahaman roh karya (Poespoprodjo, 2004:21-22).

Nurutkeun Schleiermacher (Abdul Hadi WM, 2008:45), hérméneutika mangrupa hiji tiori pamahaman. Ku lantaran pokok pamahamanana mangrupa

(33)

téks nu ditulis (basa), basa jadi bagian nu kacida pentingna tina sagemblengna sistem hérméneutika. Ku lantaran basa téh raket patalina jeung kabudayaan, maham kana hiji téks sarua jeung ngupayakeun hiji tarékah maham hiji budaya.

Patalina jeung pamahaman dina hérméneutika, nurutkeun Scheilermacher dina Poespoprodjo (2004:30), pikeun maham hiji hal téh teu cukup ngandelkeun logika biasa. Perlu diayakeun hiji kagiatan ngabandingkeun jeung hiji ambahan nu sipatna intuitif, nu leuwih lega tibatan pikiran rasional.

Dina prakprakanana, hérméneutika mibanda tilu kata kunci (keyword) nu perlu diperhatikeun, nya éta meaning (harti, ma‟na), téks (gejala, fakta), jeung kontéks (lingkungan). Ma‟na tina hiji gejala, fakta, atawa téks ngan bisa kapanggih atawa nyangkaruk dina patalina (hubungan) gejala, fakta salaku téks, jeung lingkunganana atawa konteksna.

Gadamer (Abdul Hadi, 2008:124) ngajukeun opat konsép pikeun ngajembaran hiji pamahaman, nya éta bildung, sensus communis, practical judgment, jeung taste.

1) Bildung; tina kecap bild dina basa Jerman nu pihartieunana gambar. Maksudna gambar atawa gambaran dina pikiran jeung jiwa nu dibentuk ngaliwatan prosés pembelajaran ngeunaan tradisi atawa kabudayaan. Éta gambaran ngawangun cakrawala dina jiwa, nangtukeun sawangan jeung pamikiran manusa ngeunaan nilai (ajén) jeung pandangan (sawangan) hirup (way of life)

(34)

Dina pengertian eksistensial Heideger, konsép bildung ngandung harti yén saban diri manusa téh hakékatna mah pangarang, nu nyiptakeun karya pikeun ngangkat dirina kaluar tina lingkungan kodrat alamina, ngajugjug tahapan karohanian jeung éksisténsina. Dihontalna ku cara nyiptakeun basa, tradisi, étika, éstétika, jsté., nu isuk jaganing pagéto bakal jadi milikna.

Tina jihat séjén, bildung bisa dihartikeun kumpulan ingetan atawa cita-cita ngeunaan hiji hal nu hadé, bener, jeung éndah.

Ieu pamadegan Gadamer luyu jeung pamanggih Ibnu Arabi nu nyebutkeun ta’wil (hérméneutika Islam) minangka tajdid al-mutsul nu pihartieunana pama‟naan nu anyar sacara tuluy-tumuluy kana simbol-simbol (mitsal). Dina prakték/prosés hérméneutika, miwanoh bildung atawa kabudayaan nu ngawengku tradisi-éstétik, aliran seni, jeung nu séjénna, kacida diperlukeunana pikeun ngajembaran pamahaman jeung panapsiran hiji jalma.

2) Sensus communis; hiji istilah nu digunakeun ku Aristoteles dina abad ka-4 SM, nu saterusna dina abad ka-18 dipaké ku Imanuel Kan dina bukuna “Critique of Judgment”. Ieu istilah ngandung gagasan ngeunaan pengertian/pemahaman bersama, maksudna pamahaman ngeunaan hiji hal téh kudu bisa dibagikeun ka nu séjén, pikeun ngungkulan subjektivitas.

Sensus communis jadi hiji kakuatan pikeun nyieun tinimbangan, pangajén, jeung pamahaman nu saenyana, sacara kodrati ngungkulan

(35)

subjektivisme atawa rasa subjéktif. Dina sensus communis, dipiharep hiji jalma bisa nempatkeun dirina salaku nu lian (jalma séjén). Dina diri manusa, sensus communis sipatna reflektif, ngajak nu séjén ngalakukeun perenungan babarengan, pikeun ngawujudkeun pamahaman nu universal.

3) Practical judgment; pertimbangan atawa kearifan praktis. Konsép ieu aya patalina jeung sensus communis, lantaran tinimbangan mangrupa kamampuh pikeun maham hal-hal nu husus, salaku modél nu umum atawa universal, sarta éta kamampuh téh ngadumaniskeun perasaan, gagasan, prinsip-prinsip katut aturan nu bisa dijadikeun sarana pamahaman. Tujuan tinimbangan praktis, nya éta nyegah pamahaman subjektif jeung pema‟naan nu relatif teuing.

4) Taste atawa pirasa. Pirasa atawa daya-rasa, mangrupa hasil tina kasaimbangan ngagunakeun indra jeung kabébasan intelektual. Pirasa bisa ngalantarankeun hiji jalma mundur tina hal-hal anu satadina dipikaresep, ku lantaran manggihan kasalahan atawa hal nu teu luyu jeung rasana. Pirasa bisa ngayakinkeun hiji individu dina nyieun tinimbangan. Dina pamahaman jeung panapsiranana, hiji jalma nu hadé daya-rasana kana karya-karya nu luhur ajénna, bakal mampuh méré ajén jeung tinimbangan nu bener dibandingkeun jeung nu daya-rasana handap.

Patalina jeung opat konsép pikeun ngajembarkeun pamahaman di luhur, hérméneutika nurutkeun Gadamer diwangun dumasar opat tahapan prosés

(36)

pamahaman. Opat tahapan tadi aya hubunganana jeung anggapan yén dina prosés pamahaman, sacara epistemologis, dina seuhseuhanana mah hiji jalma teu mibanda otonomi kana bebeneran; iwal subjékna raket patalina sacara historis jeung objék atawa réalitasna. Upamana baé, hiji kritikus teu bisa nétélakeun yén hiji-hijina realitas (kanyataan) nya éta naon-naon anu yakin ceuk dirina sorangan. Opat tahapan nu dimaksud nya éta: 1) kasadaran sajarah anu efektif, 2) pamahaman anu teu leupas tina wengkuan hérméneutik, 3) hérméneutik dianggap hiji game/permainan, jeung 4) peleburan (ngahijikeun) cakrawala pikiran jeung cakrawala téks (fakta).

Dina medar atawa ngabahas seni jeung sastra ngagunakeun hérméneutika minangka péso bedahna, nurutkeun Dilthey lain ngan saukur museur kana bentuk-bentuk lahir tina éksprésina. Tapi kudu leuwih neueul kana struktur batinna, utamana wawasan éstétik jeung sawangan dunya (weltanshaung), nu ngadadasaran diciptakeunana karya seni (Hadi WM, 2008:65). Sajarah hiji bangsa ngawengku dua aspék, nya éta aspék lahir jeung aspék batin. Aspék lahiriah sajarah hiji bangsa, bisa mangrupa peristiwa-peristiwa politik atawa peperangan ngalawan bangsa asing. Sedengkeun aspék batinna nyaéta kamekaran sistem kapercayaan, pamikiran pilsapat jeung kaagamaan, ideu-ideu kamasyarakatan jeung kabudayaan, sarta éksprési-éksprési dina wujud karya seni katut paélmuan. Hérméneutika nu dimekarkeun ku Dilthey, nya éta pamahaman/panapsiran nu ngadumaniskeun sajarah, pilsapat jeung psikologi.

Kajian Hérméneutik bakal ngait jeung kajian Heuristik, saupama nu jadi objék panalungtikan mangrupa barang atawa peristiwa sajarah. Sakumaha nu

(37)

dijelaskeun ku Dilthey dina Poespoprodjo (2004:55) yén historikalitas mangrupa tatapakan hérméneutika modérn. Dina waktuna ngamimitian ngalakukeun pamahaman (sacara hérméneutik), nya harita pisan muncul masalah historikalitas. Nurutkeun pamikiran Dilthey, historikalitas (sipat kasajarahan hirup) kudu jadi cecekelan, lantaran mun leupas ti dinya hartina bakal méngkol kana pamahaman nu sipatna objéktivitas ilusif. Manusa nu mibanda ciri historikal, teu mungkin bisa dipahami sakumaha kuduna (saujratna), tapi wilayah (tatanan) historikal satemenna mangrupa kanyataan (fakta), sarta saban jalma (individu) teu saukur merhatikeun ti luar, lantaran dirina aya dina jero éta tatanan. Sajarah dianggap hiji sarana pikeun mikanyaho manusa, salaku mahluk nu mibanda pikiran, rasa, kahayang, jeung nyipta (nyieun) hal-hal nu tumuwuh, atawa lumangsung dina alur sajarah kahirupan. Sakumna pernyataan (ungkapan) manusa, mangrupa bagian tina hiji prosés nu kudu dijelaskeun, ngaliwatan pengertian-pengertian nu ngandung ajén kasajarahan. Lembaga sosial, nagara, kulawarga, malahan manusana sorangan, teu bisa dikonsépsikeun sacara abstrak, sabab cirina béda-béda dina jaman anu béda. Jaman jeung pribadi anu béda-béda tadi, ngan bisa dipikaharti ku cara asup kana wilayah (prespektif) pamikiran maranéhna anu husus (khas). Ku cara kitu (ku ditonjolkeunana aspék kasajarahan), hérméneutika jadi sadar kana diménsi-témporalna, pikeun kamekaranana dina mangsa nu bakal datang. Dina ieu hal, hérméneutika bakal raket patalina jeung heuristika, minangka élmu pikeun nyusud, nyungsi, jeung ngumpulkeun tapak lacak sajarah.

(38)

Dina panalungtikan sajarah (historical resesarch), heuristika minangka widang élmu anu pamianganana tina ngalakukeun tarékah anu daria, enggoning ngumpulkeun tapak lacak sajarah, atawa ngumpulkeun dokumén-dokumén kasajarahan. Tujuan heuristika ngumpulkeun sajumlah data, nya éta pikeun mikanyaho sagala rupa peristiwa atawa kajadian dina mangsa anu geus kaliwat.

Sacara étimologis, heuristik téh hartina sarua jeung seni atawa élmu pangaweruh pikeun nimukeun hiji hal. Kajian heuristik atawa heuristika téh métode pikeun nimukeun léngkah anyar sacara ilmiah enggoning ngaréngsékeun hiji pasualan (heuriskein dina basa Yunani) bandingkeun jeung kecap heureka anu pihartieunana “kuring geus bisa nimukeun” (Bakker & Achmad CZ., 1990:52).

Heuristika téh teu bisa ngan saukur diapalkeun, sarta maksudna lain ngan ukur ngalakukeun sajumlah léngkah sacara mékanis. Di séjén pihak, heuristika ogé teu sakadar kajian nu sipatna irasional atawa emosional (van Peursen; 103-112, dina Bakker & Achmad CZ., 1990:52-53). Heuristika bener-bener mampu ngatur timbulna pembaharuan ilmiah, jeung sakurang-kurangna méré sababaraha kaidah pikeun panalungtikan, nu ngawengku: a) Perumusan sistematis, b) Penyelidikan asumsi dasar, c) Penemuan alternatif, d) Penelaahan pikeun inkonsistensi, jeung e) Kepekaan kana rupaning pasualan.

Kajian Heuristik dina ieu panalungtikan, maksudna kajian nu ngagunakeun dasar mikir heuristik, minangka hiji métode nu dianggap kompetén, dina ngaludang, ngungkab, tapak lacak sajarah nu diperlukeun ku ieu panalungtikan. Nu dimaksud tapak lacak sajarah, salian ti dokumén-dokumén (tinulis), ogé ngawengku barang-barang budaya, saperti rupa-rupa pakakas, perhiasan,

(39)

wawangunan, kaasup seni jeung adat istiadat (pola tingkah laku), nu kagambar di hiji masarakat. Hal ieu nyoko kana pamadegan yén sumber panalungtikan sajarah téh ngawengku tilu hal, nya éta: 1). Sumber lisan, 2). Sumber tinulis, jeung 3). Sumber barang.

Karinding kawung salaku barang budaya, dina seuhseuhanana mah bisa dijadikeun sumber panalungtikan sajarah, pikeun ngungkab hiji peristiwa nu kungsi lumangsung dina mangsa katukang. Lebah dieu perluna Hérméneutik salaku élmu pangaweruh jadi alat anu handal pikeun ngabedah sakumna data nu kapanggih dina panalungtikan budaya.

Nurutkeun Dilthey (Poespoprodjo, 2004:60), prespektif hérméneutika bakal kaungkab ku cara ngabebenah pikiran dina maham hirup tina kahirupanana, ngaliwatan aspék historikal jeung kaparigelan mikir, sarta kamampuh métodika élmu alam, nu ngagelarkeun paradigma objéktivitas nu sipatna materialis-determinis-behaviouris-positivis.

Masalah hérméneutika, nya éta masalah ngeunaan harti anu nyamuni, ku lantaran aya hal nu jauh anu kudu dideukeutkeun, aya hiji hal nu „asing‟ nu kudu dipikawanoh (diungkulan), sarta ayana peupeuntasan nu kudu diwangun, pikeun nepungkeun hal nu geus kajadian (baheula) jeung ayeuna (Poespoprodjo, 2004:132).

Panapsiran atawa pamahaman hérméneutik kacida jembarna, lain ngan saukur kana widang basa atawa nu patalina jeung basa, barang budaya, adat istiadat, jeung pola tingkah laku, tapi ogé asup kana tataran élmu pasti, nya éta

(40)

pamahaman kana angka-angka, lantaran angka ogé mangrupa bagian tina basa. Sakumaha anu ditétélakeun ku Sampayya (2007:16) yén angka téh nyawana matématika, sedengkeun matématika mangrupa basa murni élmu pangaweruh (lingua pura).

Peran matématika (élmu ngitung) dina kahirupan manusa, pernah ditepikeun saabad saméméh lahirna Rosulullah Muhammad SAW, ku ahli pilsapat sakaligus ahli matématika jeung numerologi nu ngaran Phitagoras, nu nétélakeun yén “angka-angka teh ngatur sagalana”. Saabad sabadana Nabi Muhammad SAW lahir, Galileo ti Galilea (1564-1642 M) nétélakeun yén “Mathematics is the linguage ini wich God wrote the univers” (matématika nya éta basa nu dipaké ku Pangéran pikeun nuliskeun alam dunya). Matématika lain ciptaan manusa-manusa nu intelegensina luhur saperti Phitagoras, Aristoteles, Ptolemy, Erosthatenus, Al-Khawarizme, Galileo, Kepler, Einstein, jsté., atawa ilmuwan nu sohor dina ieu abad saperti Stephen Hawking. Maranéhna nu ditataan tadi, ngan saukur nimukeun ayana aturan atawa persamaan matématis dina sagala hal nu diciptakeun ku Allah, minangka basa nu universal di ieu jagat-raya.

Ahli Fisika terkenal, Frank Drake, mibanda kayakinan yén angka atawa bilangan prima mangrupa bahasa dasar nu nyambungkeun komunikasi antar-bintang jeung mahluk-mahluk nu intelegensina luhur di ieu jagat raya. Kayakinanana diwujudkeun dina hiji proyék nu disebut SETI (Search Extraterrestrial Intellegence).

Dumasar anggapan di luhur, dina kajian hérméneutik bisa waé pamaham dilakukeun dumasar analisis numerologi, nya éta widang paélmuan nu nalungtik

(41)

perkara ma‟na patali jeung angka-angka (itungan), boh sacara matematis boh sacara mistis. Sacara matematis, numerologi jadi dadasar prinsip ngeunaan proporsi, kateraturan, jeung keselarasan semesta, jadi dasar pamikiran pikeun maham hiji istilah dumasar itungan (angka-angka), sarta poténsi naon anu nyangkaruk di jerona pikeun kahirupan manusa (Sukma, 2005:6).

2.4.2 Hérméneutika Sunda

Nilik kana sawangan umum nu dipedar di luhur, nu dimaksud Hérméneutika Sunda téh minangka widang élmu panapsiran anu ngait tur ngakar kana rupaning aspék-aspék hirup-huripna urang Sunda di tatar Sunda, utamana latar budaya, adat istiadat, agama, ahlak, jeung simbol-simbol kahirupan nu mekar di lingkungan masyarakat Sunda ti mangsa ka mangsa.

Masarakat Sunda baheula, kitu deui masarakat suku-suku séjénna di Nusantara mangarupa manusa nu hirup dina alam pikiran spiritual. Fokus budaya maranéhna lain élmu pangaweruh jeung téhnologi jiga masarakat modéren dina jaman kiwari nu leuwih nyoko kana paham matérialisme, tapi leuwih nyindekel kana hal-hal réligi nu nyoko kana paham spiritualisme.

Patalina jeung pamahaman spiritualisme, nurutkeun téori kosmologi Sunda mah pola pikir manusa Sunda ngeunaan kahirupan téh napak kana azas pamahaman Triloka (tilu buana). Dunya atawa buana numutkeun paham urang Sunda kabagi jadi tilu, nya éta buana luhur, buana tengah, jeung buana handap. Ieu paham salawasna dilarapkeun atawa dipatalikeun kana rupaning kahirupan sapopoé, di antarana dina ngajalankeun kagiatan ritual réligina, atawa saperti nu

(42)

dilarapkeun kana wangun imah Sunda kabahaleuaan. Hal ieu luyu jeung nu diguar dina pilsafat Islam Al-Ghazali ngeunaan tilu alam/masa nu disorang ku manusa nya éta al-mulk, al-jabarut, jeung al-malakut. Upama dipapandékeun kana mangsa nurutkeun kosmologi Sunda, urang sunda ogé ngabagi mangsa jadi tilu; nyaéta mangsa bihari, kiwari, jeung baringsupagi (jaga).

Pamahaman saperti kitu, saéstuna nuduhkeun luhungna pola pikir budaya bangsa Sunda dina alam harita. Cara mikir saperti kitu, disebut cara mikir budaya mitis-spiritual nya éta cara mikir sintétik nu béda jeung cara mikir modéren anu analitik. Cara mikir sintétik mangrupa cara mikir totalitas (anu gembleng), yén sakumna objék di luar diri manusa mibanda hubungan nu dalit jeung dirina. Manusa téh bagian tina alam, alam téh manusa, manusa téh alam. Alam dunya mangrupa bagian alam spiritual. Manusa, alam dunya, jeung alam spiritualna, mangrupa hiji beungkeutan nu teu bisa dipisahkeun (Sumardjo, 2003:46)

Umumna urang Sunda reueus kana idéntitas budayana. Tapi mindeng pasalia paham upama ditalék naon nu dimaksud idéntitas budaya Sunda téh. Satemenna, budaya Sunda téh ngandung harti sakumna hal anu dikedalkeun, diwujudkeun, dilakukeun ku masarakat Sunda, ti mimiti aya nepi ka kaayaanana dina jaman kiwari; mangrupa éksprési gagasan, pikiran, jeung pangalaman. Ciri-ciri kasundaan bakal kapanggih upama sakabéh artéfak budaya Sunda dikumpulkeun sarta ditéangan pola-pola khas nu jadi dadasarna (Sumardjo, 2003:297).

Salaku mahluk sosio-tradisional, lain kajadian nu langka tepungna hiji jalma (manusa ayeuna) jeung hiji hal nu datangna ti hiji jaman (baheula), nu béda

(43)

dunya pangalamanana, aya ruang-jarak-waktu, anéh, teu dipikawanoh, jsté., tapi ngandung amanat, harti, atawa tujuan. Rupa-rupa naskah ngeunaan aspék kahirupan, kitab-kitab suci, karya seni, karya sastra, jeung karya-karya séjénna nu mangarupa éksprési kajiwaan manusana, ngarep-ngarep diaprésiasi kalawan daria (Poespoprodjo, 2004:60).

Ngaliwatan kajian nu didadasaran ku élmu Hérméneutik, di antarana bakal kapanggih kacindekkan yén urang Sunda (baheula) kacida dalitna jeung alam. Ngaliwatan kajian kana pola hirup hiji komunitas urang Sunda, nu dianggap mikukuh kénéh kana adat kabaheulaanana (heubeul, buhun), kapanggih yén maranéhna ngamangpaatkeun alam téh muhit kana aturan silih untungkeun (simbiosis mutualisme). Sagala nu patalina jeung ngamangpaatkeun alam salaku sasama makhluk anu kumelip (gelar di alam dunya), éstuning henteu sagawayah, aya wates-wates (pamali) nu teu meunang dirempak, kaasup ngitung waktu anu dianggap hadé. Sésa pilosofis urang Sunda dina maké atawa ngagunakeun hasil alam pikeun kahirupan téh, nepi ka kiwari aya kénéh, natrat dina pola hirup masarakat Baduy (di Kabupatén Lebak, Banten) atawa masarakat Kampung Naga (di Kabupatén Tasikmalaya).

Patalina jeung pamahaman sacara numerologi, dina ngajalankeun kahirupanana, urang Sunda baheula masih mikukuh kana palsapah Tritangtu di buwana nya éta tuhu ka Ratu (pamingpin), taat ka Rama (kolot), gumati ka Resi (guru). Atawa asas tritunggal sakumaha nu disebutkeun dina naskah heubeul, yén nu disebut tritangtu téh ngawengku Resi (pamingpin agama), Rama (pamingpin rakyat padésaan) jeung Prebu (raja nu ngawasa sakabéh wilayah).

(44)

Ngeunaan asas tritangtu atawa tritunggal, Atik Soepandi, S.Kar. dina Sumardjo (2003:249-252), geus ngadata ayana 32 katégori tritunggal dina khasanah kabudayaan Sunda, saperti tripurusa, triloka, tribuana, triwarna, tribrata, tripatet, jrrd. Ku lantaran kitu, tritangtu, tritunggal, atawa nu disebut tangtutelu dina kahirupan urang Sunda, mangrupa pola khas nu kudu diteuleuman lantaran méré ciri nu mandiri kana kasundaan. Pola has saperti kitu lain sakadar jijieunan tanpa karancagéan mikir, tapi minangka gambaran kaluhungan budi, idéntitas karuhun Sunda nu mundel ku silib-siloka, guareun jeung pibekeleun anak-incuna (turunanana), nu dipiharep nuluykeun kahirupan luyu jeung tapak-lacakna. Dina hal ieu, angka 3 (tilu) salaku bilangan ganjil ogé bilangan prima, di antarana geus nempatan posisi nu sakuduna, dina tatanan kahirupan masarakat Sunda, disawang tina jihat numerologi.

Sawangan trilogi dina kahirupan manusa, saenyana lain ngan milik urang Sunda wungkul. Pamahaman spiritual saperti kitu umumna nyampak dina diri sakabéh manusa (baheula) nu hirup dina alam pikir sintetis atawa pola pikir budaya mitis-spiritual. Jakob Sumardjo (2003:21) nepikeun gambaran ngeunaan trilogi nu dianggap tritunggal kesetaraan dina kahirupan manusa, saperti ieu di handap. DUNIA ATAS Uranis Perempuan Kepala Langit DUNIA TENGAH Manusia Laki-perempuan Badan Manusia DUNIA BAWAH Khtonis Laki Ekor Bumi

Gambar

Gambar 2.1. Karinding Kawung
Gambar 2.3  Nyadakeun karinding

Referensi

Dokumen terkait

Kasta pekerja merupakan anggota yang sangat penting dalam koloni rayap,.. dengan jumlah populasi tidak kurang

Tingkat Kepercayaan D iri Wasit Sebelum, Selama D an Sesudah Memimpin Pertandingan Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.. DAFTAR

Dalam penulisan ilmiah ini, penulis membuat program animasi dengan menggunakan Macromedia Flash MX karena pemakaiannya yang relatif lebih mudah serta kemampuannya yang mengagumkan

yang dilakukan dapat disimpulkan bahwa pemberian pupuk anorganik, organik dan mulsa jerami padi tidak berpengaruh terhadap pengamatan komponen pertumbuhan yakni

More than ever possible before, the Internet increases the quantity and expands the richness of information in real-time to a much wider set of participants and thereby

Hasil penelitian menunjukkan bahwa peresepan antibiotik oral yang sesuai dengan Formularium Rumah Sakit sebanyak 1139 resep, dengan persentse 98,70%, peresepan antibiotik oral

Sekuntum Bunga dari Taman Sunnah 14 Berhato-Hatilah dalam Pergaulan 16. Sang Peminang Bidadari

- Inference engine (motor inferensi) : program yang berisi metodologi yang digunakan untuk melakukan penalaran terhadap informasi-informasi dalam basis