• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1105845 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1105845 Chapter1"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

Rini Sutanti, 2015

Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Nurutkeun Baried (1985, kc. 1) filologi nya éta pangaweruh ngeunaan

sastra. Dina harti nu jembar, ieu cabang paélmuan ngawengku widang kabasaan,

kasusastraan, jeung kabudayaaan. Harti kabudayaan dina éta sawangan nya éta

kabiasaan, kapercayaan, tur ajén-ajén nu dipaké ku masarakat pikeun nyaluyukeun

jeung kaayaan jaman.

Nurutkeun Iskandarwassid, (2003 kc. 90), naskah dina ulikan sastra nya éta

wacana (téks) hasil tulisan leungeun, ilaharna dibeundeul atawa dibukukeun (lain

hasil citak), atawa buku anu eusina wacana dina tulisan leungeun. Kitu deui,

Baried, spk. (1985, kc. 4), ngécéskeun yén naskah téh mangrupa pamikiran, rasa,

jeung pangaweruh masarakat atawa kelompok sosial jaman harita. Ku kituna,

naskah mangrupa hasil kabudayaan kongkrit nu bisa méré rupa-rupa informasi.

Dokuméntasi karya sastra buhun nu sipatna tinulis aya dina wangun naskah.

Saméméh aya buku anu dicitak, masarakat Sunda geus wanoh kana wangun

naskah. Salah sahiji naskah anu méré rupa-rupa informasi ngeunaan kabudayaan

nya éta aya naskah Kumpulan Mantra. Nurutkeun Rosidi (dina Jamil, 2006, kc.

199), ieu naskah téh kaasup kana naskah paririmbon atawa mujarobat. Naskah

Mantra ngadéskripsikeun ngeunaan cara atawa jampé pikeun hiji tujuan anu

tangtu sarta pikeun meunangkeun kasalemetan jeung kamaslahatan. Kagiatan anu

ditataan dina ieu naskah Kumpulan Mantra teu jauh jeung kabiasaan-kabiasaan

hirup kumbuh masyarakat sapopoéna, saperti pakasaban, kamasarakatan,

kaagamaan, hubungan sosial anu patalina jeung napsu birahi, pikeun mikat awéwé

nu dipikaasih, pikeun meunangkeun rizki, pikeun nu ngajuru, pagawéan rumah

tangga saperti (waktu rék ngukus) jeung panduan nangtukeun naktu.

Nurutkeun Iskandarwassid (2003, kc. 138) karya sastra nya éta karya seni

(2)

Rini Sutanti, 2015

Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sastra téh salawasna dicipta napak dina usaha ngolah unsur-unsur éstétis

(kaéndahan sastra).

Karya sastra téh mangrupa ébréhan (éksprési) jiwa anu gelar dina wangun

basa. Wangun basa nu dipaké dina karya sastra éstuna ragam basa anu éndah,

miboga ajén éstétis sarta bisa ngahudang rasa nu maca dina néangan ajén

bebeneran. Anu dimaksud ajén bebeneran nya éta gambaran tina kahirupan

sapopoé nu diolah deui sarta disaluyukeun jeung imajinasi pangarang.

Saenyana mah karya sastra téh geus dipikawanoh ti béh ditu kénéh, sacara

teu sadar maranéhna geus kungsi nyieun karya-karya nu mangpaat pikeun

mekarkeun kabudayaanna. Hasil kabudayaan nu dijieunna gé tangtu rupa-rupa,

sarta hasil kabudayaanana kudu dimumulé ku urang salaku urang Sunda nu masih

reueus kana kamekaran karya sastrana sorangan.

Istilah-istilah asihan, pupujian, sésébréd, balada, alegori, babad, roman

sajarah, jsté, nuduhkeun golongan-golongan karya sastra dumasar kana eusina.

Dumasar kana umurna, karya sastra dibagi dua, nya éta: aya anu kagolong karya

sastra buhun, aya anu kagolong karya sastra modern. Nilik mediana ogé dibagi

dua, nya éta: aya anu kagolong karya sastra lisan, jeung sastra tulisan. Sastra lisan

nya éta sastra nu hirupna (tumuwuhna, mekarna jeung sumebarna) dina média

lisan sakurang-kurangna dina mangsana. Sedengkeun karya sastra tulisan nya éta

anu hirupna dina média tulis. Kaayeunakeun, karya sastra loba nu diadaptasi jadi

pidangan atawa pagelaran média éléktronik (radio, kasét, televisi). Iskandarwasid

(1996, kc. 139).

Mantra téh warna puisi (ugeran) buhun (tradisional) anu eusina jajampéan,

jangjawokan, parancah, singlar, jeung asihan (Iskandarwasid, 1996, kc. 80).

Mantra téh kaasup puisi buhun nu teu ngawujud carita (naratif) sarta sumebarna

sacara lisan. Dina kahirupan masarakat baheula mantra raket patalina jeung

kahirupan agama sarta kapercayaan masarakatna. Mantra mangrupa do’a husus nu

ditepikeunna ngagunakeun basa sarta miboga maksud nu tangtu. Mantra bakal

(3)

Rini Sutanti, 2015

Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ngagunakeun mantra ogé teu sagawayah, tapi aya padikana. Tujuan makéna

mantra ogé rupa-rupa. Kitu deui jalma nu ngagunakeun mantra kudu nyumponan

sarat nu geus ditangtukeun.

Mantra bisa tetep aya, mekar, atawa bisa ogé tumpur, luyu jeung kahirupan

manusa nu makéna. Manusa nu ngagunakeun mantra pikeun tujuan magis kiwari

geus jarang. Kitu deui nu miboga mantrana gé ngan ukur golongan kolot.

Saupama aya nu ngora, meureun ngan saukur warisan ti karuhunna. Minat jeung

panitén masarakat kana naskah ayeuna geus kurang, hal éta katitén tina héséna

manggih naskah. Salian ti éta, karya sastra buhun kurang dipikaresep lantaran can

loba digarap jadi bacaan nu gampang dipaham jeung ditarima ku balaréa. Ku

ayana hal éta panalungtik miboga karep pikeun nalungtik sarta nganalisis Naskah

Kumpulan Mantra. Éta naskah mangrupa titinggal karuhun baheula anu ayeuna di

wariskeun ka salasahiji dulurna.

Saenyana mantra mangrupa bagian tina budaya jeung sastra anu perlu

diriksa sarta dimumulé, lantaran mantra mangrupa salasahiji titinggal karuhun

baheula nu miboga ajén luhung ogé kudu dipiara. Pikeun masarakat Sunda,

naskah buhun masih boga fungsi kultural dina kahirupan masarakatna, lantaran

masih aya kénéh sababaraha masarakat Sunda nu nganggap sakral kana hiji

naskah buhun. Hal ieu téh didadasaran kusabab masih kénéh ayana kapercayaan

masarakat ka karuhunna.

Geus teu anéh deui yén masarakat Sunda miboga hasil budaya anu jembar.

Ieu hal bisa katitén tina rupa-rupa hasil budayana, boh anu ngawujud boh anu

abstrak. Wangun budaya anu mangrupa artéfak réa jirimna, diantarana prasasti,

naskah kuna, candi, waditra, jeung musik. Salahsahiji jinis artéfak anu gedé

pangaruhna pikeun studi atawa panalungtikan nya éta naskah (manuscript).

Nurutkeun Ekadjati (2006, kc. 198), sacara gurat badag klasifikasi eusi

naskah Sunda ngawengku: (1) sajarah; anu diwincik deui jadi sajarah Jawa Barat,

sajarah Jawa jeung mitologi; (2) ajaran agama islam; (3) sastra; (4) paririmbon

(4)

Rini Sutanti, 2015

Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pentingna panalungtikan filologi perlu dimekarkeun pikeun ngajaga jeung

ngariksa naskah-naskah buhun anu aya di masarakat nu geus teu kapaliré deui,

katambah ku kurangna minat masarakat kana naskah buhun. Salian ti éta, karya

sastra buhun kurang dipikaresep lantaran can loba digarap pikeun jadi bahan

bacaan nu gampang dipaham ku balaréa. Ku kituna, diayakeun panalungtikan

ngeunaan naskah pikeun maliré hasil kabudayaan kolot baheula sangkan

masarakat kiwari jeung masarakat nu bakal datang teu pareumeun obor kana karya

sastra buhun.

Dina kahirupan masarakat Sunda, naskah buhun dianggap masih miboga

fungsi kultural. Aya sawatara masarakat anu masih boga anggapan yén naskah

buhun téh boga ajén sakral, pangpangna mah ku lantaran masarakat Sunda masih

leket kapercayaan kana karuhunna.

Naskah Sunda loba nu geus leungit atawa ruksak lantaran prosés alam,

atawa teu kariksa (ruksak ku rayap, bobo lantaran kabeueusan), malah ngahaja

dimusnahkeun. Naskah Sunda ogé aya di masarakat, boh anu dipaké pikeun

kahirupan sapopoé, boh anu dijieun pusaka atawa koléksi (Ruhaliah, 2005, kc.

54).

Tarékah pikeun ngagarap naskah-naskah heubeul terus dilakonan sangkan

eusi tina naskah téh bisa kasalametkeun jeung kacangking. Inventarisasi jeung

pencatatan mangrupa salah sahiji tarékah sangkan naskah-naskah Sunda anu

sumebar di masarakat bisa dipikanyaho. Sanajan kitu, tarékah ku cara inventarisir

jeung nyutat dirasa kurang cukup lamun henteu dibarengan ku transliterasi, jeung

édisi téks naskah. Sangkan gampang ngaguar eusi téksna, naskah leuwih heula

ditransliterasikeun kana aksara Latén. Kagiatan samodél kitu asup kana garapan

filologi, sabab objék kongkrit filologi mangrupa téks tulisan. Kagiatan

panalungtikan filologi ieu kudu terus dimekarkeun jeung di rojong pikeun

ngungkabkeun informasi nu aya dina naskah-naskah heubeul (Baried dina

(5)

Rini Sutanti, 2015

Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Aya sawatara hasil panalungtikan ngeunaan Kajian Filologis jeung analisis

kana mantra di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI diantarana: 1) Puisi

Mantra di Kecamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi: Analisis Déskriptif Téks

jeung Kontéks meunang Retty Isnéndés (1998); 2) Kajian Filologis jeung Analisis

Struktur Wawacan Raja Ayaban ku Siti Rukoyah (2007); 3) Kajian Filologis

jeung Analisis Silsilah Téks Sajarah Turunan Parakanmuncang ku Diqi Munawar

Shodiq (2008); jeung 4) Analisis Struktural Puisi Mantra Di Désa Cenggal

Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi

Puisi Di SMA ku Ayu Aningsih (2013).

Ieu naskah kumpulan mantra kapanggih di Dusun Péréng, Désa Talun,

Kecamatan Ibun, Kabupatén Bandung. Ieu naskah can pernah ditalungtik

saacanna. Panalungtikan kalawan maké métode transliterasi, analisis téks kana ieu

naskah, dipiharep bisa méré informasi anu mangpaat pikeun masarakat atawa

panalungtik séjénna. Lian ti éta, ieu panalungtikan penting pikeun ngeuyeuban

panalungtikan saacanna. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Ulikan Filologi

Naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun

Kabupatén Bandung”.

1.2Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, ieu panalungtikan

dirumuskeun dina wangun patalékan nu kaunggel ieu di handap.

1) Kumaha déskripsi naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun

Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung?

2) Kumaha transliterasi naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun

Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung?

3) Kumaha analisis eusi mantra Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun

Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung?

4) Kumaha klasifikasi mantra dina naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng

(6)

Rini Sutanti, 2015

Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga tujuan nu ngawengku tujuan umum jeung tujuan

husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Panalungtikan ngeunaan kajian filologis naskah Kumpulan Mantra ti Dusun

Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung miboga tujuan pikeun

mekarkeun kabudayaan Sunda ku cara ngamumulé karya sastra buhun titingal ti

karuhun, sangkan kanyahoan jeung bisa diaprésiasi ku masarakat jaman kiwari.

Panalungtikan ieu ogé nambahan pangaweruh pikeun urang salaréa salaku

masarakat Sunda nu reueus kana budayana, ogé sangkan ngahudang kasadaran

masarakat sarta kalangan akademis ngeunaan kabudayaan Sunda, utamana kanaa

naskah Sunda buhun.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus tina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun:

1) Ngadéskripsikeun naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun

Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung.

2) Nyusun transliterasi naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun

Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung.

3) Nganalisis eusi mantra Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun

Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung.

4) Klasifikasi naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan

Ibun Kabupatén Bandung.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis anu

(7)

Rini Sutanti, 2015

Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan téh dipiharep miboga mangpaat pikeun

nambahan élmu pangaweruh ngeunaan karya sastra buhun hususna dina kajian

filologis sarta analisis naskah, ogé ngalengkepan kajian-kajian sarta analisis

ngeunaan naskah Sunda.

1.4.2 Manfaat Praktis

Mangpaat praktis anu dipiharep dina ieu panalungtikan, diantarana: (1)

Pikeun méré informasi ngeunaan deskripsi jeung eusi naskah Kumpulan Mantra ti

Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung sangkan teu

mopohokeun kabudayaan Sunda nu mangrupa karya sastra titinggal karuhun, tur

bisa ngaaprésiasi éta karya sastra; (2) bisa nambahan pangaweruh sarta bisa

dijadikeun bahan babandingan dina medar jeung ngaguar karya sastra Sunda

hususna naskah sastra.

1.5Sistematika Penulisan

Bab 1

Bab 1 mangrupa bab anu munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab

dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, identifikasi masalah, rumusan

masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika nulis

skripsi.

Bab II

Bab II mangrupa bab anu medar ngeunaan téori-téori anu aya dina

panalungtikan. Dina ieu bab dipedar leuwih jero ngeunaan filologi, transliterasi,

analisis téks, jeung klasifikasi téks.

(8)

Rini Sutanti, 2015

Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bab III mangrupa bab anu ngabahas ngeunaan kumaha métode

panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan

métode panalungtikan, desain panalungtikan, sumber data, instrumén

panalungtikan, téhnik panalungtikan, sarta analisis data.

Bab IV

Bab IV eusina medar ngeunaan déskripsi naskah, transliterasi, analisis téks

sarta klasifikasi téksna. Eusi téks dianalisis sabada prosés transliterasi. Dina ieu

bab dipedar sagemblengna hasil tina analisis panalungtikan anu dilaksanakeun.

Hasil panalungtikan bisa katitén dina ieu bab.

Bab V

Bab V mangrupa kecindekan tina sakabéh pedaran. Salian ti éta, aya saran

nu ditepikeun keur nu maca. Éta saran téh tujuanna sangkan panalungtikan

kahareupna bisa leuwih hadé.

Referensi

Dokumen terkait

mantra disusun pikeun bahan pangajaran Basa jeung Sastra Sunda. Ku kituna ieu panalungtikan nu judulna “Invéntarisasi Puisi Mantra Tatanén di Kacamatan Cisitu

Dina ieu panalungtikan anu didéskripsikeun téh nyaéta babasan jeung paribasa ditilik tina wangun stilistika anu mangrupa ulikan gaya basa ngupamakeun sarta harti

kawengku tina jangjawokan. 1) Ngadéskripsikeun puisi mantra naon waé anu ayadi Kecamatan Kebonpedes.. 2) Ngadéskripsikeun wangun, eusi, jeung fungsi puisi mantra nu aya

KUMPULAN CARPON GEULANG KORONCONG KARANGAN HOLISOH M.E PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS IX (ULIKAN FÉMINISME).. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

WANDA KALIMAH ÉKSPRÉSIF DINA NOVÉL KEMBANG-KEMBANG PETINGAN KARYA HOLISOH M.É.: Ulikan Struktur jeung Pragmatik.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Ieu panalungtikan téh museur kana ulikan struktural jeung féminis novél Handeuleum ‘na Haté Beureum karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun bahan pangajaran maca

ngaguar rumpaka kawih Doel Sumbang nu museur semiotik jeung ajén moralna. Deui-deui, najan sarua objék ulikan ieu panalungtikan jeung Niknik, tapi nu diulikna mah

Laboratorium UPI kapanggih ayana kasalahan nuliskeun aksara?;.. Naha dina nulis warta karya siswa kelas IX SMP Percontohan. Laboratorium UPI kapanggih ayana kasalahan