• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODÉL PEMBELAJARAN MAKE A MATCH DINA PANGAJARAN NULIS SURAT RESMI : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas IX-F SMP Negeri 1 Sukaraja, Kabupaten Sukabumi. Taun Ajaran 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODÉL PEMBELAJARAN MAKE A MATCH DINA PANGAJARAN NULIS SURAT RESMI : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas IX-F SMP Negeri 1 Sukaraja, Kabupaten Sukabumi. Taun Ajaran 2013/2014."

Copied!
35
0
0

Teks penuh

(1)

MODEL PEMBELAJARAN

MAKE A MATCH

DINA PANGAJARAN NULIS SURAT RESMI

(Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas IX-FSMP Negeri 1 Sukaraja, Kabupaten Sukabumi, Tahun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan sarat ujian sidang Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Nabila Azmi Agustina NIM 1002731

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

BANDUNG

(2)

MODEL PEMBELAJARAN

MAKE A MATCH

DINA PANGAJARAN NULIS SURAT RESMI

(Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas IX-FSMP Negeri 1 Sukaraja, Kabupaten Sukabumi, Tahun Ajaran 2013/2014)

Oleh

Nabila Azmi Agustina

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Nabila Azmi Agustina 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak cipta dilindungi undang-undang.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

NABILA AZMI AGUSTINA NIM 1002731

MODEL PEMBELAJARAN

MAKE A MATCH

DINA PANGAJARAN NULIS SURAT RESMI

(Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas IX-FSMP Negeri 1 Sukaraja, Kabupaten Sukabumi, Tahun Ajaran 2013/2014)

disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd NIP 195901186011001

Pangaping II,

Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd NIP 196707101991022001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MODÉL PEMBELAJARAN MAKE A MATCH

DINA PANGAJARAN NULIS SURAT RESMI

Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas IX-F SMP Negeri 1 Sukaraja, Kabupaten Sukabumi. Taun Ajaran 2013/2014(1)

NABILA AZMI AGUSTINA(2)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya kemampuan menulis siswa dalam pembelajaran surat resmi. Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui kemampuan siswa dalam menulis surat resmi dengan menggunakan model pembelajaran Make A Match dan daya beda antara kemampuan sebelum dan sesudah menggunakan model pembelajaran Make A Match. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode Kuasi Ekspérimén dengan desain one group pretest-postest design. Sumber data dari penelitian ini adalah siswa kelas IX-F SMP Negeri I Sukaraja yang berjumlah 30 orang. Tehnik dalam mengolah data yang digunakan adalah uji sipat data yang di dalamnya terdapat uji nomalitas, uji homogenitas, uji gain, dan uji hipotesis. Hasil dari penelitian ini adalah (1) kemampuan menulis surat resmi siswa kelas IX-F sebelum menggunakan model

pembelajaran Make A Match menghasilkan rata-rata 70.67, dan termasuk kedalam kategori belum mampu. Sedangkan setelah menggunakan model pembelajaran Make A Match menghasilkan rata-rata 83.73, dan termasuk kedalam kategori mampu; (2) adanya peningkatan kemampuan menulis surat resmi antara sebelum dan sesudah menggunakan model pembelajaran Make A Match dengan kemampuan awal 70.67 dan kemampuan akhir 83.73 dengan beda kemampuan 13.07; dan (3) adanya perbedaan yang signifikan antara kemampuan menulis surat resmi sebelum dan sesudah menggunakan model pembelajaran Make A Match hal ini bisa dilihat t hitung > t tabél nyaitu 12.32 > 2.46. Hal ini menyatakan bahwa hipotesis kerja (Ha) yang berbunyi modél pembelajaran Make A Match signifikan dalam meningkatkan kemampuan nulis surat resmi diterima dan hipotesis (H0) yang berbunyi model pembelajaran Make A Match tidak signifikan dalam meningkatkan kemampuan nulis surat resmi ditolak.

Kata kunci: Modél Pembelajaran Make A Match, menulis, dan surat resmi.

_________________________________

1)

Skripsi di bawah ini adalah bimbingan Bapak Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd dan Ibu Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd

(5)

MAKE A MATCH LEARNING MODEL

IN TEACHING WRITING FORMAL LETTER

(Study Quasi Eksperiment in Student Class IX-F SMP Negeri 1 Sukaraka, Sukabumi Academic Year 2013/2014).(1)

NABILA AZMI AGUSTINA(2)

ABSTRAK

This research is motivated by derogate students’ ability in writing a formal letter. This study aims to determine students' ability in writing a formal letter by using Make A Match learning model. The method used in this study was quasi-experimental with one group pretest-posttest design. The technique used in the data analysis was data testing which includes normality test, homogeneity test, gain test, and hypotheses test. The results found that (1) the mean score of students’ ability in writing a formal letter before using Make A Match learning model was 70,67, and the ability was categorized as incapable. Meanwhile, after using Make A Match learning model, the mean score was improved to 83,73, and the ability was categorized as capable; (2) there was an improvement of students’ ability in writing a formal letter before and after using Make A Match learning model with the first score was 70, 67 and the last score was 83, 73 with the significant difference 13, 07; and (3) there was a significant difference between the students’ ability in writing a formal letter before and after using Make A Match learning model, with t value > t table which means 12.32 > 2.46. It could be concluded that the research hypotheses (Ha) is accepted that the Make A Match learning model could improve students’ ability in writing a formal letter significantly and the null hypotheses (Ho) is rejected that the Make A Match learning model could not significantly improve students’ ability in writing a formal letter.

Keywords: Make A Match learning model, writing and formal letter.

_____________________

1) Skripsi di bawah ini adalah bimbingan Bapak Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd dan Ibu Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd

(6)

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR EUSI

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Khusus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Praktis ... 5

1.4.2 Mangpaat Tioritis ... 5

1.5 Sistematika Panulisan ... 6

BAB II RARAGA TIORI, RANGAKAY MIKIR, TUR ANGGAPAN DASAR JEUNG HIPOTESIS ... 7

2.1 Raraga Tiori ... 7

2.1.1 Modél Pangajaran ... 7

2.1.1.1Wangenan Modél Pangajaran ... 7

2.1.1.2Ciri-Ciri Modél Pangajaran ... 8

2.1.1.3Fungsi jeung Tujuan Model Pangajaran ... 8

2.1.1.4Rupa-Rupa Modél Pangajaran ... 8

2.1.2 Modél Pembelajaran Make A Match ... 10

2.1.2.1Oriéntasi Modél Pembelajaran Make A Match ... 10

2.1.2.2Prinsip-Prinsip Dasar ... 11

2.1.2.3Syntax Modél pembelajaran Make A Match ... 11

(7)

2.1.2.5Dampak Intruksional jeung Sosial ... 13

2.1.2.6Kahéngkéran jeung Kaonjoyan ... 13

2.1.3 Konsep Nulis ... 14

2.1.3.1Wangenan Nulis ... 14

2.1.3.2Fungsi Nulis ... 15

2.1.3.3Tujuan Nulis ... 15

2.1.4 Konsep Surat Resmi ... 16

2.1.4.1Wangenan jeung Fungsi Surat Resmi ... 16

2.1.4.2Rupa-rupa Surat ... 17

2.1.4.3Tujuan Surat Resmi ... 18

2.1.4.4Redaksi Surat Resmi ... 18

2.1.4.5Wangun Surat Resmi... 24

2.1.5 Pangajaran Nulis Surat Resmi dina KTSP Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda SMP/Mts taun 2013/2014. ... 39

2.1.6 Model Make A Match dina Pangajaran Nulis Surat Resmi ... 42

2.2 Rangkay Mikir ... 45

2.3 Anggapan Dasar jeung Hipotesis ... 47

2.3.1 Anggapan Dasar ... 47

2.3.2 Hipotésis ... 47

BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 48

3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 48

3.2 Desain Panalungtikan ... 48

3.3 Métode Panalungtikan ... 49

3.4 Wangenan Opérasional ... 49

3.5 Instrumen Panalungtikan ... 50

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 52 BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARANNA ... 64

4.1 Kamampuh Awal Siswa dina Nulis Surat Resmi saméméh ngagunakeun modél Pangajaran Make A Match ... 64

(8)

ix

4.3 Analisis Kamampuh Nulis Surat Resmi Saméméh jeung

Sabada NgagunakeunModél Pangajaran Make A Match ... 73

4.3.1 Béda antara Pretest jeung Postest Dumasar kana Aspek anu Diajén . 91 4.4 Uji Sifat Data Nulis Surat Resmi ... 92

4.4.1 Uji Normalitas ... 92

4.4.1.1Uji Normalitas Data Pretest ... 92

4.4.1.2Uji Normalitas Data Postest ... 97

4.4.2 Uji Homogénitas ... 101

4.4.3 Uji Gain ... 103

4.4.4 Uji Hipotésis ... 105

4.5. Pedaran Hasil Panalungtikan ... 107

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 110

5.1 Kacindekan ... 110

5.2 Saran ... 111

DAFTAR PUSTAKA ... 112

LAMPIRAN ... 114

(9)
(10)

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Kamajuan téhnologi kiwari geus jadi luang pikeun masarakat dina nyangking informasi sacara otonom, hartina unggal individu miboga aksés sacara bébas dina nyangking sumber informasi. Ieu hal ngalantarankeun masarakat leuwih kritis jeung résponsitif kana kajadian nu lumangsung disabudereunana.

Kamajuan téhnologi pikeun dunya atikan gé mawa pangaruh anu sipatna positif jeung pangaruh nu sipatna negatif. Conto pangaruh positif tina kamajuan téhnologi dina dunya atikan nyaéta bisa ngarojong kana prosés pangajaran, hususna dina pangajaran basa Sunda. Conto pangaruh negatif tina kamajuan téhnologi dina dunya atikan nyaéta héngkérna kamampuh siswa dina kaparigelan basa, khususna dina kaparigelan nulis. Siswa leuwih milih ngagunakeun e-mail atawa sms pikeun ngabéwarakeun kagiatan, tibatan kudu nulis surat. Ieu hal anu ngajadikeun kagiatan nulis laun-laun ditinggalkeun ku siswa.

Nulis kaasup kana salah sahiji kaparigelan basa anu miboga sipat produktif hartina kagiatan anu ngahasilkeun hiji karya (Nurjanah, 2008, kc. 1). Nurutkeun Tarigan (2008, kc. 22) “nulis nyaéta kagiatan nurunkeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun basa hiji jalma, nepi ka jalma lian bisa nyangking basa tina gambaran grafik tadi”. Nulis miboga maksud pikeun ngawangun konsep pamikiran jeung kahayang kana wangun tinulis.

Dina pangajaran basa Sunda tingkat SMP, aya salah sahiji matéri nulis anu diajarkeun nyaéta nulis surat resmi. Surat resmi nurutkeun Wiyasa (1992, kc.2)

“nyaéta sarana komunikasi pikeun nepikeun informasi sacara tinulis ti hiji pihak ka pihak nu séjén”. Dumasar kana eusina, tujuan surat resmi nyaéta ngawawarkeun, ngondang, permohonan, pangéling-ngéling, paréntah, usulan, jeung paménta barang.

(11)

2

sistematikana, diajar ngagunakeun basa anu formal, jeung bisa ngagunakeun éjahan anu saluyu.

Bangbaluh nu karandapan dina nulis surat resmi pikeun tingkat SMP nyaéta: (1) masih loba siswa nu nganggap yén nulis surat resmi téh hésé; (2) kurangna pangaweruh siswa dina sistematika nulis surat resmi; (3) siswa can bisa ngagunakeun éjaan jeung kekecapan nu merenah pikeun dilarapkeun dina surat resmi. Aya sababaraha faktor anu ngajadikeun ieu bangbaluh diantarana: kurangna pangaweruh siswa dina ejaan jeung kekecapan anu merenah, kurangna pangaweruh siswa dina sistematika nulis surat resmi sarta kaéléhkeunna surat resmi ku e-mail jeung sms.

Modél pangajaran anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan diajar nulis surat resmi kahontal nyaéta modél pembelajaran Make A Match. ieu modél digunakeun sangkan bisa ngaréngsékeun bangbaluh anu disangharepan nalika nulis surat resmi. Modél pembelajaran Make A Match nyaéta model néangan pasangan anu ngagunakeun media kartu. Ieu modél ngajadikeun pangajaran leuwih dipikaresep ku siswa, siswa bisa leuwih aktif dina diajar, siswa bisa mikir sacara kritis, jeung siswa diajar gawé baréng pikeun ngaréngsékeun pasualan.

Tujuan digunakeunna modél pembelajaran Make A Match sangkan nyiptakeun suasana diajar anu leuwih aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung pikaresepeun. Inti tina modél pangajaran Make A Match nyaéta siswa sacara kelompok nyocogkeun dua rupa kartu anu eusina beda. Kartu kahiji eusina patalékan, kartu kadua eusina jawaban, tuluy siswa kudu bisa nyocogkeun kadua rupa kartu dina waktu anu geus diwatesanan.

Saméméhna geus aya dua panalungtikan ngeunaan modél pembelajara

Make A Match. Anu ka hiji ti jurusan bahasa Jepang judulna nyaéta Skripsi Efektivas Penerapan Modél Pembelajaran Tipe Make A Match Dalam Penguasaan Kosakata Bahasa Jepang (Penelitian Terhadap Siswa Kelas XI Bahasa SMA Negri 15 Bandung Tahun Ajaran 2011/2012) ku Triani Rizky Chairunissa. Sedengkeun anu kadua ti jurusan basa Daerah judulna nyaéta

(12)

3

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Aksara Sunda (Panalungtikan Ékspérimén ka Siswa Kelas X SMAN I Sukaresmi Tahun Ajar 2012/2013) ku Elsi Juliar.

Tina dua judul panalungtikan anu geus aya, panalungtikan ngeunaan modél pembelajaran Make A Match masih perlu dilaksanakeun. Bédana panalungtikan ieu jeung nu saacanna nyaéta dina métode panalungtikan nu dipaké, ari métode nu dipaké ku panalungtik sacanna nyaéta métodé panalungtikan ékspérimén murni, sedengkeun nu dipaké ku panulis nyaéta métode panalungtikan kuasi ékspérimen. Objék panalungtikanna dina panalungtikan saacanna di kelas X, sedengkeun anu jadi objék panalungtikan panulis nya éya kelas IX anu saluyu jeung SKKD basa Sunda.

Dumasar kana panalungtikan di luhur, ku kituna panalungtikan anu judulna Modél Pembelajaran Make A Match dina Pangajaran Nulis Surat Resmi siswa kelas IX-F SMP Negeri 1 Sukaraja, Kabupaten Sukabumi perlu dilaksanakeun.

1.2Identifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Identifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan miboga maksud pikeun nalungtik kamampuh nulis surat resmi siswa di kelas IX-F SMP Negeri 1 Sukaraja, Kabupaten Sukabumi taun ajaran 2013/2014. Dina nulis surat resmi siswa diperdih sangkan bisa nulis surat resmi anu saluyu jeung wangun surat, ejaan jeung tanda baca anu saluyu jeung palanggéran basa, kalengkepan bagian-bagian surat, jeung patalina eusi jeung tujuan surat.

Surat resmi mangrupa surat anu digunakeun ku hiji instansi ka hiji instansi nu séjén. Surat resmi miboga sababaraha ciri anu kudu diperhatikeun nyaétakudu ayana puhu surat, No. Surat, lampiran, perkawis, titimangsa, salam bubuka jeung panutup, ngagunakeun basa nu sifatna resmi jeung ngagunakeun stempél atawa cap lembaga resmi.

(13)

4

resmi nyaéta: (1) kasaluyuan wangun; (2) pamilihan kecap (diksi); (3) bagian surat; (4) ejaan jeung tanda baca; jeung (5) patalina eusi surat jeung tujuan surat. Siswa anu mampuh nyumponan aspék-aspék menteun nulis surat resmi bisa dianggap mampuh dina nulis surat resmi, sedengkeun siswa anu can bisa nyumponan aspék-aspék menteun nulis surat resmi dianggap can mampuh dina nulis surat resmi. Siswa anu can mampuh nyumponan aspék-aspék nulis surat resmi, guru bisa nerapkeun modél Make A Match pikeun ngungkulan pasualan ieu. Ngaliwatan modél Make A Match siswa bisa gawé bareng jeung kelompokna pikeun masangkeun kartu anu cocog. Tujuan dilarapkeunna ieu modél sangkan nyiptakeun suasana diajar nu aktif, dipikaresep, jeung ngaronjatkeun motivasi siswa pikeun maham kana materi pangajaran, khususna dina pangajaran nulis surat resmi.

Dumasar kasang tukang, masalah anu baris ditalungtik dina ieu panalungtikan nyaéta kamampuh nulis surat resmi siswa saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Make A Match

1.2.2 Rumusan Masalah

Ngarumuskeun masalah dina panalungtikan mangrupa hiji hal anu kacida pentingna. Ku kituna, éta rumusan masalah bakal jadi pituduh dina ngumpulkeun data. Dumasar kana identifikasi masalah ieu panalungtikan di rumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nulis surat resmi siswa di kelas IX-F, saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Make A Match?

2) Kumaha kamampuh nulis surat resmi siswa di kelas IX-F, sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Make A Match?

(14)

5

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Dumasar kana kasang tukang jeung rumusan masalah anu dipidangkeun. Sacara umum, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nguji modél pangajaran

Make A Match dina pangajaran nulis surat resmi.

1.3.2 Tujuan Khusus

Sacara khusus ieu panalungtikan miboga tujuan ngadeskripsikeun:

1) kamampuh nulis surat resmi kelas IX-F, saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Make A Match;

2) kamampuh nulis surat resmi kelas IX-F, sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Make A Match; jeung

3) beda anu signifikan antara kamampuh nulis resmi siswa kelas IX-F, saméméh jeung sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Make a Macht.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun kamékaran téori modél pangajaran dina dunya atikan, hususna anu bisa digunakeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa. sarta nambahan pangaweruh ngeunaan modél-modél pangajaran anu éféktif pikeun pangajaran nulis, hususna dina nulis surat resmi.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Salian ti mangfaat téoritis, ieu panalungtikan ogé miboga mangfaat praktis diantarana:

1) pikeun dunya atikan, bisa ngaronjatkeun kualitas pangajaran basa jeung sastra Sunda, hususna dina ngaronjatkeun kualitas kaparigelan nulis;

(15)

6

3) pikeun guru, ieu modél bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pangajaran sangkan prosés pangajaran leuwih variatif, jeung nambahan élmu pangaweruh ngeunaan modél pangajaran anu bisa digunakeun dina pangajaran nulis, khususna pangajaran nulis surat resmi

4) pikeun siswa, sangkan pangajaran nulis surat resmi leuwih dipikaresep, jeung siswa bisa leuwih aktif dina kagiatan proses diajar.

5) pikeun paélmuan, kamékaran tiori modél pangajaran dina dunya atikan, hususna modél pangajaran anu bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa.

1.5Sistematika Panulisan

Dina skripsi ieu aya lima bab, anu diwincik sapértos kieu:

Bab I Bubuka, anu ngawengku kasang tukang masalah, idéntifikasi masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar jeung hipotesis, metodé jeung téhnik panalungtikan, sarta sistematika panyusunan skripsi;

Bab II Raraga tiori, rangkay mikir jeung hipotesis, anu ngawengku Tiori ngeunaan modél pangajaran Make A Macht sarta nulis surat resmi, rangkay tiori jeung hipotesis panalungtikan;

Bab III Metode Panalungtikan, anu ngawengku métodé panalungtikan, wangenan operasional, instrumént panalungtikan jeung téhnik ngolah data;

Bab IV Deskripsi jeung Analisis Hasil Panalungtikan, anu ngawengku analisis data;

(16)

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Sumber data Panalungtikan

Data dina ieu panalungtikan nyaéta sakabeh siswa kelas IX SMPN 1 Sukaraja nu jumlah kelasna aya dua belas kelas. Nu jadi alesan pangna siswa kelas IX nu dijadikeun sumber data, lantaran disaluyukeun jeung kurikulum KTSP 2006, nu nétélakeun yén pangajaran nulis surat resmi diajarakeun pikeun siswa kelas IX dina kaparigelan nulis.

Pikeun nangtukeun sumber data tina ieu panalungtikan digunakeun téhnik random (acak). Carana dikocok kawas arisan, kertas meunang nyoékan, tuluy kertas digulung sarta diasupkeun kana gelas aqua, tuluy dikocok nepi kaluar hiji kertas. Sabada ngalakukeun éta, tina hasil kocokan arosan éta nu kaluar kelas IX-F. Sumber data tina ieu panalungtikan nyaéta siswa kelas IX-F SMPN 1 Sukaraja, anu jumlahna 30 urang. Alesanna nyokot sakelas tina sakabéh kelas IX dina ieu panalungtikan ku sabab ieu kelas bakal jadi kelas ékspérimen jeung jadi sumber data Postést.

3.2Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimen kalayan desain.

One group pretést and posttést design.

O1 X O2

Keterangan: O1 = Pretést O2 = Posttést

X = mangrupa prosés diajar-ngajar ngagunakeun modél pangajaran Make A Match.

(17)

saméméh treatment dilumangsungkeun. Sedengkeun O2 nyaéta tés anu dilaksanakeun sabada treatmen dilumangsungkeun. Pangaruh treatment X bisa dipikanyaho kalayan ngabandingkeun antara hasil O1 jeung O2.

3.3Metodé Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi ékspérimén. Métode kuasi éskpérimén nyaétamétode anu dipaké ku cara ngayakeun kagiatan percobaan pikeun mikanyaho hubungan kausal antara variable-variabel anu ditalungtik.

Ku dipakéna ieu métode, katitén kamampuh siswa dina nulis surat resmi saméméh ngagunakeun model pangajaran Make A Match jeung sabada ngagunakeun model pangajaran Make A Match. Data dikumpulkeun, dianalisisa, tuluy dibandingkeun naha aya parobahan anu signifikan atawa henteu.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksudna, tujuan, sarta udaganna. baris ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan

1) Modél pangajaran Make A Match, model ieu téh mangrupa model pangajaran anu inti tina ieu modél nyaétasiswa sacara berkelompok nyocogkeun dua rupa kartu anu eusina beda, nu kahiji kartu anu eusina patalékan, anu kadua eusina ngeunaan jawaban. Anu geus disiapkeun saacanna ku guru, dina watés waktu anu geus ditangtukeun saacanna. Point reward bakal dibérékeun ka siswa anu bisa nyocogkeun kartuna sacara benér saacan waktu anu geus ditangtukeun. 2) Nulis Surat resmi, surat resmi nyaéta surat anu dijieun ku hiji instansi ka

(18)

50

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5Instrumen Panalungtikan

Instrument anu digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngumpulkeun data nyaéta téhnik tés prestasi. téhnik tés prestasi (achievement tést) nya éta (tés buatan guru) tés nu disusun ku guru dumasar kana prosedur anu geus tangtu. Ieu tés ngawengku pretest jeung post test.

Anapon lengkah-lengkah dina ieu tés tinulis tengetan pituduh ieu di handap:

1) guru ngajelaskeun heula materi surat resmi

2) guru nyiapkeun dua jenis kartu, sebagian kartu mangrupa kartu soal, sedengkeun satengahna deui mangrupa kartu jawaban, jumlah kartu saluyu jeung jumlah siswa anu aya dikelas

3) guru ngabagikeun kartu-kartu anu geus disiapkeun ka unggal siswa 4) siswa mikirkeun jawaban atawa soal tina kartu anu dicepengna.

5) siswa diberé waktu pikeun neangan pasangan anu miboga kartu anu cocok jeung kartu anu dicepengna.

6) siswa nyocogkeun kartu jeung babaturanna dina batas waktu anu geus ditangtukeun, dina tahap ieu sacara teu langsung siswa ngajieun kelompok jeung pasanganna jeung siswa sacara teu langsung gawé bareng jeung pasanganna.

7) siswa anu bisa neangan pasanganna saacan batas waktu meunangkeun poin penghargaan.

8) sabada sababak, kartu dikocok deui sangkan sakabeh siswa meunangkeun kartu anu beda, jeung bisa gawé bareng jeung babaturan anu beda ogé 9) siswa nyieun hiji surat resmi tina tema anu geus disadiakeun, siswa bisa

milih salah sahiji tema anu geus disadiakeun.

10)siswa migawéna nepi ka waktu anu geus ditangtukeun. 11) tuluy hasil nulis siswa dipariksa.

(19)

Soal Pretest jeung Postést.

Tés Nulis Surat Resmi

Cing pék ku Hidep jieun conto surat resmi? Hidep bisa ngagunakeun oragnisasi nu aya disakola upamana baé OSIS, atawa organisasi nu aya di lingkungan masyarakat (Karang Taruna atawa DKM). Ngarah Hidep aya cecekelan, pék pilih ieu jejer pasualan di handap! a. Surat ondangan Pentas Seni OSIS ka KM ti unggal kelas; eusina ngondang

sakabéh kelas pikeun ilu biung dina Pentas Seni (Pensi) di sakola.

b. Surat ondangan rapat ti pihak Sakola ka komite sakola jeung sepuh siswa; eusina rék ngabadamikeun persiapan kelas XII nyaghareupan Ujiab Nasional.

c. Surat ondangan rapat Karang Taruna ka réngréngan pengurus; eusina ngabadamikeun kagiatan tujuh belas agustus.

d. Surat ondangan rapat ti Panitia Isra Mi’raj ka ketua RW, RT jeung perwakilan masyarakat; eusina ngabadamikeun kagiatan Isra Mi’raj

Lembar Jawaban Siswa

Ieu media kartu modél pangajaran Make A Match

(20)

52

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ieu dihandap media kartu Make A Match

Pék Téangan kartu patalékan atawa kartu jawaban anu cocok tur dianggap bener?

Kahatur

Rerengrengan Ketua kelas SMPN I SUKARAJA

Assalamu’alaikum wr. Wb,

Ginulur rahayu ginanjar kawilujengan mugia nyarengan urang sadaya dina enggoning mancén damel sadidinten. Amin

Satuluyna?

Pék Téangan kartu patalékan atawa kartu jawaban anu cocok tur dianggap bener?

Unjuk uninga, OSIS SMPN 1 Sukaraja baris ngayakeun kagiatan Pentas Seni (PENSI) anu magrupa salah sahiji program gawé anu sacara rutin dilaksanakeun unggal taun. Insya Allah kegiatan ieu baris dilaksanakeun :

dintén : Senen – Minggu tanggal : 23-29 Desember 2013 tempat : SMPN 1 Sukaraja

Patali sareng éta kagiatan, simkuring asmana panata calaraga PENSI 2013 ngahaturan ka sadaya kelas, pikeun ngirimkeun wawakilna pikeun ilubiung dina ieu kagiatan.

3.6Tehnik Ngumpulkeun Data

(21)

ngukur kamampuh siswa dina nulis surat resmi sabada ngagunakeun model pangajaran Make A Match jeung pikeun mikanyaho beda anu signifikan antara saméméh jeung sabada ngagunakeun model pangajaran Make A Match dina pangajaran nulis surat resmi.

3.7Tehnik Ngolah Data jeung Analisis Data 3.7.1 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data mangrupa kagiatan nganalisis jeung ngolah data anu geus kakumpul. Data anu bakal diolah jeung dianalisa ngawengku data hasil kamampuh (pretést) jeung kamampuh ahir (postést). Aya sababaraha léngkah nya éta:

a) Mariksa hasil tés awal jeung tés ahir siswa. b) Meunteun surat resmi hasil siswa

Pikeun meunteun hasil nulis surat resmi ngagunakeun kategori-kategori anu geus ditangtukeun. Aspék-aspék anu digunakeun pikeun ngajen nulis surat resmi nya éta:

1) Kasaluyuan wangun surat 2) Éjaan jeung tanda baca 3) Bagian-bagian Surat 4) Pilihan kecap

5) Patali eusi jeung tujuan surat

Sangkan leuwih jéntré, bisa ditingali dina tabél ieu di handap Tabél 3.1 Format Skala Peunteun Nulis Surat Resmi

No Aspék nu Diajén Bobot Bobot

Max

Skor

1 2 3 4 5

1. Kasaluyuan wangun 5

2. Ejaan jeung tanda

baca 5

3. Bagian-bagian surat 5

4. Pilihan Kecap 5

5. Patali eusi jeung

(22)

54

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Katerangan aspék anu diajén sarta skorna:

1) Kasaluyuaan Wangun Kecap

Bobot 5 : Wangun surat saluyu pisan jeung struktur surat Bobot 4 : Wangun surat saluyu jeung struktur

Bobot 3 : Wangun surat teu jauh méngpar jeung struktur surat Bobot 2 : Wangun surat kurang saluyu jeung struktur surat. Bobot 1 : Wangun surat teu saluyu jeung struktur surat. 2) Ejaan jeung Tanda Baca

Bobot 5 : éjahan jeung tanda baca sampurna pisan Bobot 4 : éjahan jeung tanda baca geus sampurna Bobot 3 : éjahan jeung tanda baca cukup sampurna Bobot 2 : éjahan jeung tanca baca masih aya nu salah Bobot 1 : éjahan jeung tanda baca teu sampurna pisan. 3) Bagian-bagian Surat

Bobot 5 : maké bagian surat anu lengkep, bagian surat resmi ngawengku salapan bagian Puhu surat (Kop surat, Titimangsa, No Surat, Alamat surat, Perihal, bubuka surat, eusi surat, panutup surat, tanda tangan).

Bobot 4 : maké bagian surat anu rada lengkep, bagian surat resmi ngawengku dalapan bagian (kop surat, titimangsa, alamat surat, perihal, bubuka surat, eusi surat, panutup surat, tanda tangan (anu dijerona ngawengku ngaran perusahaan, nama lengkap jeung jabatan)

Bobot 3 : maké bagian surat anu cukup lengkep, bagian surat resmi ngawengku tujuh bagian (kop surat, titimangsa, perihal, bubuka surat, eusi surat, panutup surat, tanda tangan (anu dijerona ngawengku ngaran perusahaan, nama lengkap jeung jabatan). Bobot 2 : maké bagian surat anu kurang lengkep, bagian surat resmi

(23)

panutup surat, tanda tangan (anu dijerona ngawengku ngaran perusahaan, nama lengkap jeung jabatan))

Bobot 1 : maké bagian surat anu heunteu lengkep, bagian surat resmi ngawengku dua bagian (kop surat jeung eusi).

4) Pilihan Kecap

Bobot 5 : pilihan kecap nu digunakeun mernah atawa keuna kana larapna. Bobot 4 : pilihan kecap anu digunakeun rada mernah atawa rada keuna

kana larapna.

Bobot 3 : pilihan kecap anu digunakeun cukup mernah tur keuna kana larapna.

Bobot 2 : pilihan kecap kurang mernah jeung kurang keuna kana larapna. Bobot 1 : pilihan kecap nu digunakeun henteu mernah pisan jeung teu

keuna kana larapna. 5) Patali eusi jeung tujuan surat

Bobot 5 : eusi surat resmi saluyu jeung tujuan surat .

Bobot 4 : eusi surat resmi hampir saluyu jeung tujuan surat. Bobot 3 : eusi surat resmi kurang saluyu jeung eusi tujuan surat. Bobot 2 : eusi surat resmi heunteu saluyu jeung tujuan surat. Bobot 1 : eusi surat resmi teu saluyu pisan jeung tujuan surat. Skala rata-rata

1-1,9 = goréng 2-3.9 = sedeng

4-5 = alus

Skor anu kahontal ku siswa dirobah jadi skor ahir kalawan ngagunakeun rumus:

P = Peunteun

(24)

56

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.2 Kategori Niléy Dumasar KKM

Peunteun Keterangan

≥ 80 Siswa dianggap mampuh nulis surat resmi kalayan bener ≤ 80 Siswa dianggap can mampuh nulis surat resmi kalayan bener c) Tuluy kamampuh siswa Pretést jeung Postést dianalisis dumasar kana aspék

anu diajen.

Tabél 3.3 Tabél Kamampuh Nulis Surat resmi

Pretést jeung Postést Maké Modél Pangajaran Make A Match

No Absen Kamampuh Aspék nu diajen S P

1 2 3 4 5

Pretést Postést

d) Tuluy data ditabulasikeun, tabulasi data nyaéta ngasupkeun atawa ngalisifikasikeun data peunteun tés awal jeung tés ahir kana ieu tabél di handap, kalawan disusun dumasar kana daftar absén siswa.

Tabél 3.4 Format Peunteun Pretéstt jeung Post tést

No Pretéstt ∑ P

Ka-tego- ri

Post tést P

Ka-tego- ri

1 2 3 4 5 1 2 3 4 5

Katerangan:

No. : No urut siswa

Pretést : Kamampuh awal siswa nulis surat resmi

(25)

1. : Kasaluyuan wangun surat 2. : Éjaan jeung tanda baca 3. : Bagian-bagian Surat 4. : Pilihan Kecap

5. : Patali eusi jeung tujuan surat

∑ : Jumlah

P : peunteun

Data ditabulasikeun tuluy dianalisis maké analisis statistik. Léngkah-léngkah uji sipat data ngawéngku 1) Uji Normalitas, 2) Uji Homogenitas, 3) Uji Gain, jeung 4) Uji Hipotésis.

3.7.2 Uji Normalitas

Uji Normalitas nyaéta uji sifat data anu fungsina pikeun mikanyaho normal heunteuna data populasi anu digunakeun dina panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, léngkah-léngkah uji normalitas, nya éta:

a) Nangtukeun niléy panggédena jeung pangleutikna b) Ngitung rentang ( r ) maké rumus ieu di handap:

c) r = niléypanggédéna – niléy pangleutikna

d) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:

e) k = 1 + log 3,3 log N

f) Nangtukeun kelas panjang interval

g) Nyieun tabél frékuensi peunteun tés awal jeung peunteun tés ahir kalayan maké ieu tabél di handap.

Tabél 3.5 Fomat Frekuensi Peunteun Pretést jeung Postést No Kelas Interval fi xi xi2 fi xi fi xi2

1

2

(26)

58

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

h) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung peunteun tés ahir kalawan rumus ieu di handap:

Keterangan i) Ngitung Standar Deviasi, carana nya éta:

(Sudjana, 2005, kc. 98) j) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéntasi. Carana nya éta:

1. Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspétas

Tabél 3.7 Format Obsérvasi jeung Frékuensi Éspéktasi Pretest jeung

Post test

2. Nangtukeun Oi (frékeunsi obsérvasi) 3. Nangtukeun batas kelas interval (bk)

SD =

(27)

4. Ngitung Z itung (transformasi normasl standar bebas kelas)

5. Nangtukeun Z tabél 1 6. Ngitung lega kelas Interval

7. Ngitung frékuensi ékspéktasi, ku cara:

8. Nangtukeun niléy X2 (chi kuadrat)

(Sudjana, 2005, kc. 273) 9. Nangtukeun derajat kabebasan (dk)

10.Nagtukeun derajat X2 tabél

11.Nangtukeun normalitas ngagunakeun kriteria ieu di handap:

a) Lamun X2 itung < X2 tabél , hartina data atawa populasi distribusina normal b) Lamun X2 itung > X2 tabél , hartina data atawa populasi distribusina teu

normal

Sabada dilaksanakeun uji normalitas, tur data anu dihasilkeun normal, uji anu satuluyna nyaéta uji homogénitas varian anu fungsina pikeun nagtukeun uji paramétik anu luyu.

Z tabél terbesar- Z tabél terkecil

(28)

60

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7.3 Uji Homogénitas

Uji homogenita, uji ieu dilaksankeun pikeun mikanyaho varian populasi data anu diujikeun mibanda varian anu homogén atawa heunteu. Anapon léngkah-léngkah uji homogénitas nyaéta :

a) Ngitung variasi (S2 ) unggal kelompok Variasi tés awal

Variasi tés ahir

b) Ngitung Harga Variasi (F)

c) Ngitung derajat kebebasan

d) Nagtukeun harga Ftabél

e) Nangtukeun homogén heunteuna data dumasar kana kriteria ieu di handap: 1. Lamun F itung < F tabél , hartina variasi sempel homogen.

2. Lamun F itung > F tabél , hartina variasi sempel heunteu homogen. S1 = –

S1 = –

F

=

(29)

3.7.4 Uji Gain

Uji gain dilakukeun pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil pretest jeung post test. Hasil tina uji gain digunakeun salaku gambaran model pangajaran Make A Match dina nulis surat resmi siswa kelas IX-F SMPN 1 Sukaraja Taun ajaran 2013/2014. Lengkah dina uji gain nyaéta maké ieu tabél di handap:

Tabél 3.8 Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun

No. No. urut absén Peunteun postés Peunteun pretést D d2 1

2 ∑

2.7.1 Uji Hipotésis

Uji Hipotésis bisa dilakukeun ku dua langkah, nu kahiji ngagunakeun statistik paramétik, nu kadua ngagunakeun statistik non-paramétik.

A. Statistik Paramétik

Uji hipotésis ngagunakeun statistik paramétik dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:

1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peunteun tés ahir. Rumusna nya éta:

2) Ngitung derajat kebebasan (dk). Rumusna nya éta:

(30)

62

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3) Ngitung jumlah kuadrat deviasi, rumusna nya éta:

4) Ngitung t, rumusna nya éta:

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil postés jeung pestést

= jumlah kuadrat deviasi n = jumlah subyek dina sampel

5) Nangtukeun ditarima heunteuna hipotésis dumasar kana ieu criteria, nya éta: 1) Lamun t itung > t tabél , hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung

hipotésis nol (H0) ditolak, Modél pembelajaran Maké A Match signifikan dina ngaronjatkeun kamampuh nulis surat resmi siswa kelas IX-F SMP Negeri 1 Sukaraja, Taun ajaran 2013/2014.

2) Lamun t itung < t tabél , hartina hipotésis nol (H0) ditarima jeung hipotésis kerja (Ha) ditolak, Modél pembelajaran Maké A Match teu signifikan dina ngaronjatkeun kamampuh nulis surat resmi siswa kelas IX-F SMP Negeri 1 Sukaraja, Taun ajaran 2013/2014.

B. Statistik Non-Paramétik

Statistik non-paramétik digunakeun pikeun nguji hipotésis anu distribusi datana henteu normal. Téhnik statistik anu digunakeun nyaéta Uji Wilcoxon. Nuritkeun Sudjana (dina Agriawan, 2005, kc.45), léngkah-léngkah Uji Wilcoxon

nyaéta di handap ieu:

1) Asupkeun peunteun Pretest siswa kana kolom ka-2 (XA1) 2) Asupkeun peunteun Post test siswa kana kolom ka-3 (XBI)

3) Itung bédana antara Pretest jeung Posttets ku cara XBI-XAI tuluy diasupkeun hasilna kana kolom ka-4.

(31)

4) Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil bédana tina kolom-4 ti mimiti niléy béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna.

5) Sabada diurutkeun, misalna aya niléy anu sarua, éta niléy téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua pikeun nangtukeun jenjangna. Niléytina hasil ngabagi mangrupa hasil jenjangna.

6) Sabada diurutkeun, asupkeun niléy jenjang JB kana kolom ka-5.

7) Ngasupkeun niléy béda anu positif kana kolom-6, misalna aya niléy béda anu negative asupkeun kana kolom ka-7.

8) Nempo kana tabél harga-harga kritis dina Uji wilcoxon, misalna n=23 kalayan ngagunakeun taraf kasalahan 5%, Wtabél = 73.

9) Data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél Uji Wilcoxon, saperti ieu di handap .

Tabél 3.9 Tabél Uji Wilcoxon

No absen XAI XBI Béda Tanda Jenjang

XAI-XBI Jenjang + -

10)Ditarima henteuna hipotésis dina Uji Wilcoxon maké riteria:

a. Lamun Witung < W tabél dumasar taraf nu ditangtukeun hartina hipotésis teu ditarima.

b. Lamun Witung > W tabél dumasar taraf nu ditangtukeun hartina hipotésis ditarima.

(32)

110

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1. Kacindekan

Dumasar kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun ngeunaan modél pangajaran Make A Match dina pangajaran nulis surat resmi, hasil tina ieu panalungtikan bisa dicindekkeun saperti ieu di handap:

1) kamampuh nulis surat resmi saméméh ngagunakeun modél pangajaran Make A Match kaasupkana katégori can mampuh, ieu hal katitén tina rata-rata kelas siswa anu rata-ratana 70.67. tina jumlah 30 siswa ukur salapan urang (30% dina wangun présentasé) anu mampuh, sedengkeun aya 21 urang (70% dina wangun présentasé) anu can mampuh. Rata-rata skor dumasar tina lima aspék anu dipenteun nyaéta: (1) aspék kasalayuan wangun surat kaasup kana kategori sedeng ieu hal katitén tina skor rata-rata kelasna 3.67; (2) aspék éjahan jeung tanda baca kaasup kana katégori sedeng, ieu hal bisa katitén tina skor rata-rata kelasna 3.27; (3) aspék bagian surat kaasup kana katégori sedeng, ieu hal bisa katitén tina skor rata-rata kelasna 3.87; (4) aspék pilihan kecap kaasup kana katégori sedeng, ieu hal bisa katitén tina skor rata-rata kelasna 3.1; jeung (5) aspék patalina eusi jeung tujuan surat kaasup kana katégori sedeng, ieu hal bisa katitén tina skor rata-rata kelasna 3.77.

(33)

aspék patali eusi jeung tujuan surat kaasup kana katégori alus, ieu hal bisa katitén tina skor rata-rata kelasna 3.60.

3) Aya peningkatan kamampuh nulis surat resmi antara saméméh ngagunakeun modél Make A Match jeung sanggeus ngagunakeun modél Make A Match.

Dina kamampuh awalna siswa dikatégorikeun kana can mampuh rata-ratana 70.67, sedengkeun sanggeus ngagunakeun modél Make A Match kamampuh siswa kaasup kana katégori mampuh jeung rata-rata kelasna ningkat jadi 83.73.

4) Aya beda anu signifikan antara kamampuh nulis surat resmi saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél Make A Match. Dumasar kana hasil ngitung jeung katangtuan uji hipotésis, katitén yén t itung > t tabél nyaéta12.32 > 2.46. ku kituna hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. Ieu hal nuduhkeun modél pangajaran Make A Match signifikan dina ngaronjatkeun kamampuh siswa dina pangajaran nulis surat resmi.

5.2. Saran

Dumasar kana data di luhur dina ieu panalungtikan, sababaraha saran anu diteupikeun saperti ieu di handap:

1) Hasil ieu panalungtikan nuduhkeun yén modél Make A Match téh éféktif pikeun ningkatkeun kamampuh nulis surat resmi. Ku sabab kitu ieu modél bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun pangajaran nulis, khususna nulis surat resmi.

2) Implémentasi modél Make A Match kudu merhatikeun proses dilaksanakeunnana ieu modél, ku sabab nalika ieu modél dilaksanakeun suasana kelas bakal ramé, jeung guru kudu bisa ngontrol kelas.

(34)

112

Nabila Azmi Agustina, 2014

Modél Pembelajaran Make A Match Dina Pangajaran Nulis Surat Resmi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2009). Manajemen Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Chairunissa, T. 2011. Efektivas Penerapan Modél Pembelajaran Tipe Make A Kelas XI Bahasa SMA Negri 15 Bandung Tahun Ajaran 2011/2012). Bandung : Jurusan Pendidikan Bahasa Jepang, Universitas Pendidikan Indonesia.

Danadibrata. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Emzir. (2009). Metodologi Penelitian Pendidikan Kuantitatif & Kualitatif. Jakarta: PT Raja Grafindo Persada.

Huda, M. (2012). Cooperative Learning Metode, Tehnik, Struktur dan Modél Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Joyce, B. & Marsha, W. (2009). Models Of Teaching. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Juliar, E. (2013). Efektivitas Modél Make A Match jeung Modél Intruction dina

Pangajaran Nulis Aksara Sunda. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia.

Iqbal. M (2012). Berbagi Informasi. [Online]. Tersedia di: http://m-iqball.blogspot.com/2012/07/surat-resmi. [Diakses 22 April 2013].

Nurjanah, N. (2008). Diktat Dasar-Dasar Teori Nulis. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia press.

Pendidikan provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi Dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Basa dan Sastra Sumda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Rahman, & Yayat, S. (2009) Model-Modél Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia press.

Ridwan. (2013). Dasar-dasar Statistika. Bandung: Alfabeta.

Rusman. (2012). Model-Model Pembelajaran Mengembangkan Profesionalisme Guru.

Depok: PT Raja Grafindo.

Sudjana. (2005). Metode Statistika. Bandung: Tarsino.

(35)

Suprinojo, A. (2009). Cooperative Learning Teori & Aplikasi Paikem. Surabaya: Pustaka Pelajar.

Tarigan, H. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa. Utami, R. (2011). Éféktivitas Modél Writing Workshop dina Pangajaran Kamampuh

Nulis Surat Resmi. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Wiyasa, T. (1992). Pola Dasar Peyusunan Surat-Surat Resmi. Jakarta: PT Pradnya Paramita.

Wikipedia. (2013). Wikepedia. [Online] Tersedia di: http://id.wikipedia.org/wiki/Surat

Gambar

gambaran model pangajaran Make A Match dina nulis surat resmi siswa kelas IX-

Referensi

Dokumen terkait

Manual prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) ini bertujuan ini bertujuan untuk memberi penjelasan mengenai prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) program S1

3 UP3ST memeriksa substansi dan format usulan pengabdian 7 hari 5 Dosen mengirimkan usulan pengabdian 4 eksemplar ke UP3ST 1 hari Propo sal Penga bdian 6 UP3ST mengajukan

Diajukan untuk Memenuhi Sebagian dari Syarat Memperoleh Gelar Sarjana Pendidikan Program Studi Pendidikan Kepelatihan

PENGARUH PENILAIAN PRESTASI KERJA DAN PENGEMBANGAN KARIR TERHADAP KINERJA PEGAWAI PADA BIRO REKTOR.. UNIVERSITAS

Berdasarkan latarbelakang diatas, maka yang menjadi permasalahan dalam penelitian ini yaitu, “Apakah penggunaan Model Pembelajaran Team Quiz dapat meningkatkan motivasi

Adanya motivasi intrinsik pada diri anak tersebut untuk memasuki sekolah futsal akan semakin meningkatkan kemampuannya dan keterlampilannya, karena dengan faktor motivasi

Jadi metode survey explanatory adalah suatu metode penelitian yang mengambil sampel dari suatu populasi dengan menggunakan kuisioner sebagai alat pengumpulan data

This study aimed to know the interpersonal communication process using media between parents and their children in finishing their mini thesis in FISIP USU. The relevant theories