MÉTODE DRAMATIC READING
DINA PANGAJARAN MACA DONGÉNG
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya Taun Ajaran 2013/2014)
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan
salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan
ku
Ade Irma Tripani NIM 1000973
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
Métode
Dramatic Reading
dina Pangajaran Maca Dongéng
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X
MAN Awipari Kota Tasikmalaya
Taun Ajaran 2013/2014)
Oleh
Ade Irma Tripani
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat
memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Ade Irma Tripani 2014
Universitas Pendidikan Indonesia
Februari 2014
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
LEMBAR PENGESAHAN
ADE IRMA TRIPANI
MÉTODE DRAMATIC READING DINA PANGAJARAN MACA DONGÉNG
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya Taun Ajaran 2013/2014)
disaluyuan jeung disahkeun ku:
Pangaping I,
Dr. Ruhaliah, M. Hum. NIP 196411101989032002
Pangaping II,
Agus Suherman, S. Pd., M. Hum.
Kauninga ku
Ketua Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
MÉTODE DRAMATIC READING
DINA PANGAJARAN MACA DONGÉNG (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya Taun Ajaran 2013/2014)
Ade Irma Tripani , Ruhaliah , Agus Suherman
Email: adeirmatripani@yahoo.com, ruh_2006@yahoo.com,
agussuherman@yahoo.com
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya kemampuan siswa dalam membaca dongéng. Dengan adanya métode dramatic reading diharapkan siswa mampu menyelesaikan persoalan itu. Tujuan dari penelitian ini adalah mendéskripsikan kemampuan siswa kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya tahun pelajaran 2013/2014, dalam pembelajaran membaca dongéng sebelum dan sesudah menggunakan métode dramatic reading, dan meperbedaan signifikan dari metode ini. Métode yang digunakan dalam penelitian ini adalah studi kuasi ékspérimén dengan menggunakan one group pretes and post-test design, dengan instrument tés membaca nyaring dongéng. Hasil penelitian menunjukan bahwa nilai rata-rata siswa naik dalam membaca dongeng, dari nilai 63,9 naik menjadi 82,36 setelah posttest, dengan beda rata-rata nilai 18,46. Berdasarkan uji hipotésis, menunjukan yaitu 14,65>2,46, ini berarti ada perbedaan yang signifikan antara pretest dan posttest siswa kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sabada ngagunakeun métode dramatic reading.
MÉTODE
DRAMATIC READING
DINA PANGAJARAN MACA DONGÉNG
(Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas X
MAN Awipari Kota Tasikmalaya Taun Ajaran 2013/2014)
Ade Irma Tripani
1, Ruhaliah
2, Agus Suherman
3Email: adeirmatripani@yahoo.com, ruh_2006@yahoo.com,
agusuherman@yahoo.com
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia
ABSTRACT
This research is motivated by the lack of a ability of the students to read a fairy tale. With the dramatic of reading, students are expected to able to resolve the issue. The purpose of this research was to describe the ability of class X MAN Awipari Tasikmalaya academic year 2013/2014 in learning to read fairy tales before and after using the dramatic reading of method, and also to determine significant differences of these method. Study is quasi experimental or ane group pre and posttest design. Data gathering technique is to test, using test instruments loud reading fairy tale. The results showed an average pretest score of students in reading fairy tales is 63.9, while the average value of the posttest is 82.36. Based on the hypothesis test, that tcount> ttable ie 14.57> 2.46, this means that there is a significant difference between pretest and posttest class X-8 MAN Awipari Tasikmalaya before and after using the dramatic reading.
Key Word: dramatic reading, lessons of fairy tale
1 Writer
2 Corespondent Writer 1 3
DAFTAR ISI
PERNYATAAN ………...……… i
ABSTRAK ………. ii
PANGJAJAP ……….. iii
DAPTAR EUSI………. iv
DAPTAR TABÉL ……… v
DAPTAR BAGAN ……… vi
DAPTAR LAMPIRAN ……… vii
BAB I BUBUKA……… 1
1.1 Kasang Tukang………. 1
1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah……….. 4
1.3 Tujuan Panalungtikan………... 5
1.4 Mangpaat Panalungtikan………... 5
1.5 Raraga Tulisan……….. 6
BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTESIS……… 7
2.1 Ulikan Tiori………... 7
2.1.1 Métode Pangajaran……….. 7
2.1.2 Dramatic Reading……… 10
2.1.3 Maca………. 12
2.1.4 Dongéng………... 17
2.2 Raraga Mikir………. 21
2.3 Hipotesis………... 22
BAB III METODE PANALUNGTIKAN 23 3.1Desain Panalungtikan………. 23
3.2 Wangenan Operasional……….. 23
3.3 Instrumén Panalungtikan………... 24
3.4 Sumber Data……….. 28
3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data……… 29
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN
4. 1 Kamapuh Siswa Kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya dina
Pangajaran Maca Dongéng saméméh Ngagunakeun Métode
Dramatic Reading……….. 37
4. 2 Kamapuh Siswa Kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya dina Pangajaran Maca Dongéng sabada Ngagunakeun Métode Dramatic Reading……….. 45
4.3 Signifikansi Métode Dramatic Reading dina Pangajaran Maca Dongéng……… 53 BAB V KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI………... 67
5.1 Kacindekan……….. 67
5.2 Rekomendasi...………... 68
DAPTAR PUSTAKA………….……….. 69
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Dina lumangsungna kahirupan, manusa moal bisa lésot tina komunikasi,
nyatana silih béré informasi ti hiji jalma ka jalma lianana. Dina enas-enasna jalma
téh mangrupa mahluk sosial nyaéta jalma anu silih pikabutuh tur silih lengkepan
enggoning nyumponan pangabutuh nu hiji jeung nu lianna.
Wangun kedalna informasi nyaéta ku cara nyarita jeung nulis, sedengkeun
wangun katarimana informasi bisa ngaliwatan maca jeung ngaregepkeun. Contona
waé jalma bisa méré talatah atawa pesen ka nu séjén, boh ku cara biantara boh ku
cara méré surat. Sedengkeun pikeun nyangking informasi contona waé bisa ku
cara maca buku jeung ngaregepkeun warta.
Tarékah sangkan hiji informasi bisa katarima sacara éféktif, di antarana
bisa ngaliwatan maca. Maca mangrupa salasahiji hal anu kudu dilakonan sangkan
bisa nyangking informasi. Ku cara maca, tangtu manusa bakal boga sawangan anu
leuwih mekar tur jembar.
Bahan bacaeun téh téks fiksi jeung nonfiksi. Téks fiksi bisa mangrupa
dongéng, carpon, novel, sajak, drama, jsb. Sedengkeun, téks nonfiksi diantarana
artikel, essay, berita, karya ilmiah, jsb.
Maca dongéng mangrupa salah sahiji pagawéan maca fiksi. Dongéng téh
sumebar dina wangun lisan tur minangka karya sastra anu buhun, tapi kiwari loba
dongéng anu dibukukeun jeung dimuat dina media massa, ku kituna merelukeun
jeung ngahudang nu maca.
Dongéng nyaéta hiji genre karya sastra lisan anu sok ngandung unsur
pamohalan, biasana nyaritakeun kahirupan rahayat biasa, asal-muasal hiji hal,
sasatoan, sajarah, jeung hal anu goib. Dongéng ogé mangrupa média pikeun
nepikeun ésénsi kahirupan ka budak ku cara nyelapkeun unsur-unsur pamohalan
sangkan budak kairut pikeun ngadéngékeun jeung maca dongéng. Ku kituna,
2
Ku robahna jaman, dongéng-dongéng téh méh leungit alatan geus jarang
didongéngkeun deui, ku kituna dongéng geus jadi produk folklore anu tangtu
kudu diwanohkeun ka generasi anyar. Salah sahiji tarékah sangkan dongéng teu
leungit, bisa diselapkeun dina pangajaran di sakola.
Dina Kurikulum 2013, Kompetensi dasar anu patali jeung dongéng aya
dina Kompetensi dasar 1.1.1 anu unina:
“Mensyukuri anugerah Tuhan akan keberadaan bahasa Sunda dan menggunakannya sebagia sarana komunikasi dalam mengolah, menalar dan menyajikan informasi lisan dan tulis melalui teks biantara, paguneman, biografi, otobiografi, aksara Sunda, dongéng, pupuh, dan sisindiran”
Anu perenahna aya dina pangajaran pikeun siswa kelas X di tingkat
SMA/SMK/MA/MAK.
Siswa di sakola teu salawasna mampuh ngahontal kaparigelan maca
dongéng. Sok sanajan geus jéntré pisan yén pangajaran maca dongéng téh
mangrupa salasahiji kamampuh kaparigelan basa anu kudu dipiboga ku siswa.
Aya sababaraha hal anu ngabalukarkeunna, di antarana siswa ngan saukur maca
alatan pancén atawa kawajiban anu dikudukeun ku guruna, jeung kurangna
pamahaman jeung kasadaran siswa kana eusi dongéng. Bangbaluhna di antarana
waé teu ngarti kana galur éta dongéng atawa horéam maca tur teu kairut pikeun
maca dongéng.
Kiwari kamekaran téhnologi geus méré pangaruh anu kacida gedéna, boh
pangaruh anu hadé boh pangaruh anu goréng. Siswa mindeng dideukeutkeun kana
pangaruh-pangaruh anu goréng ku ayana kamekaran téhnologi. Dina internet
maranéhanana leuwih kairut pikeun muka akun media sosial tibatan muka
pangajaran, ieu hal tangtu ngurangan kahayang siswa pikeun maca pangajaran di
sakola, boh di kelas boh di perpustakaan.
Maca nyaéta prosés anu dilakonan ku nu maca pikeun nyangking
informasi anu ditepikeun ku nu nulis ngaliwatan media kecap-kecap atawa basa
tinulis (Tarigan, 1979, kc. 7). Ku kituna saupama siswa geus teu kairut deui
pikeun maca tangtu éta siswa moal meunang informasi. Tétéla ieu jadi pasualan
3
Dina pangajaran maca, hususna pangajaran maca dongéng, loba pisan
bangbaluh anu ditepikeun ku siswa, diantarana maca dongéng mah matak tunduh,
horéam jeung sajabana. Pangajaran anu kitu deui-kitu deui atawa monoton bisa
jadi cukang lantaran kurang ngirutna pangajaran dongéng anu ditepikeun ku
guruna, nu ngalantarankeun respon siswa kurang nyugemakeun nalika diajak
diajar maca dongéng.
Nilik kana kaayaan nu bieu dipedar, dibutuhkeun pisan guru anu kréatif tur
inovatif anu mampuh jeung miboga métode-métode pangajaran anu merenah
pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina maca dongéng. Merenah jeung
henteuna métode anu digunakeun ku guru dina prosés diajar-ngajarna mangaruhan
pisan kana kasuksésan pangajaran di kelas.
Métode jeung modél dina pangajaran dongéng téh loba pilihanana, di
antarana dramatic reading. Metode dramatic reading mangrupa métode drama
anu dipintonkeun bisa ku sorangan, ku duaan bisa ogé ku lobaan tapi bari maca
naskah/lakon anu didramakeun. Saupama dina paélmuan seni téater, reading
mindeng dipaké latihan-latihan dasar saméméh nincak kana blocking. Reading di
dieu minangka hiji tarékah pikeun aktor-aktor sangkan bisa leuwih maham kana
eusi naskah saméméh kana latihan-latihan satuluyna.
Dramatic reading minangka salasahiji métode anu bisa dilarapkeun dina
pangajaran dongéng. Kalayan ngagunakeun téks dongéng salaku naskah, ieu
métode dianggap leuwih ngirut sabab siswa bisa leuwih éksprésif dina ngedalkeun
émosi kana eusi éta dongéng. Kajaba ti éta siswa bisa leuwih mikaresep dina milu
pangajaran dongéng.
Ku ayana dramatic reading siswa bisa leuwih aktif dina pangajaran basa
jeung sastra, ku ieu metode ogé siswa bisa ngéksprésikeun éta dongéng maké
réngkak, pasemon, jeung leuwih komunikatif waktu maca éta dongéng.
Ieu métode can kungsi ditalungtik éféktif henteuna dina nepikeun materi
pangajaran dongéng. Ku kituna panalungtikan “Metode dramatic reading dina
Pangajaran Maca Dongéng (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X MAN
4
1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Identifikasi Masalah
Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan medar kumaha
efektifitas métode dramatic reading dina ngaronjatkeun pangajaran maca dongéng
pikeun siswa MAN Awipari Kota Tasikmalaya (studi kuasi eksperimen ka siswa
kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya taun pangajaran 2013/2014). Masalah
dina ieu panalungtikan diwatesanan, nyaéta ngawengku:
1) Kamampuh siswa kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya kana maca
dongéng, kalayan kritéria kabasaan jeung kedaling. Kritéria kabasaan di
antarana lentong, pelafalan, jeung volume sora. Tuluy kritéria kedaling
nyaéta mimik, réngkak jeung penghayatan;
2) Béda signifikan antara saméméh jeung sabada ngagunakeun métode
dramatic reading ka siswa kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya dina
pangajaran maca dongéng.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan
dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh maca dongéng siswa kelas X MAN Awipari Kota
Tasikmalaya taun pangajaran 2013/2014saméméh ngagunakeun métode
dramatic reading?
2) Kumaha kamampuh maca dongéng siswa kelas X MAN Awipari Kota
Tasikmalaya taun pangajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun métode
dramatic reading?
3) Kumaha béda signifikan antara saméméh jeung sabada ngagunakeun métode
dramatic reading siswa kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya taun
5
1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Dumasar pasualan nu dipedar, ieu panalungtikan miboga tujuan umum,
nyaéta hayang nguji metode dramatic reading dina ngaronjatkeun kamampuh
siswa kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya dina pangajaran maca dongéng.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus tina ieu panalungtikan, nyaéta pikeun ngadéskripsikeun:
1) Kamampuh maca dongéng siswa kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya
saméméh ngagunakeun métode dramatic reading;
2) Kamampuh maca dongéng siswa kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya
sabada ngagunakeun métode dramatic reading;
3) Béda anu signifikan antara saméméh jeung sabada ngagunakeun métode
dramatic reading ka siswa kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya dina
pangajaran maca dongéng;
1.4.2 Mangpaat Panalungtikan 1.4.2.1 Mangpaat Téoritis
Sacara teoritis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun:
1) Nambahan hasanah paélmuan, hususna dina métode-métode pangajaran
maca dongéng,
2) Ngalarapkeunna métode dramatic reading sacara éféktif tur inovatif
sangkan siswa bisa nyumponan kompetensi dasar.
14.2.1 Mangpaat Praktis
Sacara praktis mangpaat tina ieu panalungtikan, nyaéta:
1) Pikeun lembaga, bisa jadi référénsi pikeun guru dina ngaronjatkeun
pangajaran maca dongéng, sangkan siswa bisa ngudag tur nyumponan
kompetensi dasar dina pangajaran basa Sunda, jeung miharep siswa
6
2) Pikeun siswa, dipiharep bisa nambahan kaweruh ngeunaan dongéng, jeung
henteu bosen deui nalika diajar maca dongéng, sarta bisa numuwuhkeun
kaaktifan siswa dina milu diajar di kelas;
3) Pikeun nu maca, dipiharep bisa nambahan kaweruh hususna ngeunaan
mangpaat métode dramatic reading dina pangajaran dongéng di
SMA/SMK/MA/MAK;
4) Pikeun nu nulis, ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan kaweruh tur
kajembaran mikir dina widang paélmuan.
1.5 Raraga Tulisan
Ieu skripsi ditulis kalayan lima bab, di antarana:
1) Bab I
Bab I mangrupa bab munggaran, anu eusina nyaéta medar kumaha kasang tukang masalah ayana ieu panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah anu dijieun, tujuan jeung mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. 2) Bab II
Bab II mangrupa bab anu medar ngeunaan: (1) tiori-tiori anu patali jeung ieu
panalungtikan, dina ieu bab ogé dipedar leuwih jero ngeunaan pangajaran
maca, istilah dina pangajaran, dramatic reading, jsb; (2) raraga mikir; (3)
anggapan dasar.
3) Bab III
Bab III mangrupa bab anu medar kumaha métodologi anu dipaké dina ieu
panalungtikan, medar léngkah-léngkah panalungtikan, tur téhnik
ngumpulkeun jeung ngolah data pikeun nganalisis data hasil panalungtikan.
4) Bab IV
Bab IV mangrupa bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan.
5) Bab V
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi ékspérimén
atawa ékspérimén semu, kalayan desain panalungtikan one group pre-test and
post-test design. Nurutkeun Arikunto (2006: 85), desain pre-test and post-test
miboga pola saperti ieu di handap.
O1 X O2
Bédana antara O1 jeung O2 nyaéta O1-O2 diasumsikeun mangrupa éfék tina
perlakuan. Katerangan saperti ieu di handap.
1) Pre-test (O1) dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina maca
dongéng saméméh perlakuan métode dramatic reading dilakasanakeun,
2) Treathment (X) (perlakuan) atawa aplikasi tina métode dramatic reading ka
siswa pikeun pangajaran maca dongéng,
3) Post-test (O2) dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina maca
dongéng sabada perlakuan métode dramatic reading dilaksanakeun.
Sakumaha ngaran desainna nyaéta one group pre-test and post-test design,
ieu obsérvasi dilakukeun dua kali, nyaéta saacan jeung sabada ngalaman X
(treathment) atawa perlakuan. Pre-test nyaéta O1 atawa ékspérimén saméméh
ngalaman perlakuan, jeung O2 atawa ékspérimén sabada ngalaman perlakuan
disebut post-test.
3.2 Wangenan Operasional
Aya sababaraha wangenan operasional anu patali jeung ieu panalungtikan
anu kudu dipedar, sangkan ieu panalungtikan henteu nyababkeun ayana salah
tafsir, di antarana:
1) Dramatic reading mangrupa salasahiji pamanggih dina widang sastra, anu
bisa dijadikeun alternatif pikeun pangajaran. Wangun dramatic reading
nyaéta drama anu ngan saukur maca naskah tur maké blocking sakuduna.
24
dipintonkeun langsung. Ieu métode ngawengku kaparigelan basa dina maca,
dipintonkeun ku cara maca naskah kalayan ngadramatisasikeun maké
kabasaan jeung éksprési anu merenah. Dramatic reading pikeun nguji
rangkayan hipotésa kalawan ngagunakeun léngkah-léngkah anu tangtu dina
ngahontal tujuan pangajaran.
2) Pangajaran maca dongéng nyaéta kagiatan diajar ngajar di sakola kalayan
nepikeun materi dongéng. Udaganana sangkan siswa mikanyaho dongéng
katut eusina ku cara maca, tur sangkan guru mikanyaho kamampuh siswa
dina maca dongéng.
3.3 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan nangtukeun pisan ukuran hasil atawa henteuna
panalungtikan. Ku ayana instrumén bisa jadi tolak ukur, naha sumber data bisa
nyumponan kritéria atawa henteu, sarta béda signifikan ieu panalungtikan.
Instrumén miboga pungsi pikeun ngajawab masalah-masalah anu disodorkeun
jeung pikeun nguji hipotésis.
Kaajén pisan yén instrumén téh kawilang penting pikeun ngudag tujuan
panalungtikan. Ku kituna, instrumén salaku alat dina ngumpulkeun data, kudu
dirarancang kalawan sistematis sangkan data anu ditarimana objéktif. Instrumén
anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta tés lisan.
Sangkan leuwih tétéla, ieu di handap dipedar instrumén anu digunakeun
pikeun ngumpulkeun data.
Tés dilakukeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina maca dongéng. Siswa
dités dua kali, nyaéta saméméh jeung sabada narima perlakuan métode dramatic
reading, nyatana di awal jeung di ahir observasi ka siswa.
Kriteria anu dipaké pikeun meunteun kamampuh siswa dina ieu
panalungtikan nyaéta kritéria ajén nyarita, sabab leuwih condong kana makéna
métode dramatic reading. Kritéria anu dipaké nyaéta kritéria meunteu nyarita
nurutkeun Haérudin (2009, kc. 59). Sabab leuwih merenah pikeun meunteun
25
Data tina hasil tés lisan dipeunteun dumasar kana ugeran meunteun
kamampuh nyarita anu ngawengku genep aspek (intonasi, artikulasi,volume sora,
penghayatan, gesture, jeung mimic), nyaéta merenah jeung henteuna kabasaan ogé
kedaling atawa éksprési anu ditepikeun ku siswa dina waktu ngadongéng.
Tabél 3.1
Kriteria Ajén Nyarita
Aspek Bobot Jumlah
dongéng kalayan maké metode dramatic reading kalawan skala nurutkeun
26
Katerangan:
Skala Peunteun
5: Alus pisan
4: Alus
3: Cukup
2: Kurang
1: Gagal (Arikunto: 2006)
Déskriptor pedoman dina meunteun maca dongéng, katangtuanna nyaéta ieu
di handap.
1) Intonasi
Dina ieu kritéria, hal anu diajénna nyaéta merenah jeung henteuna lentong anu
dipaké ku siswa dina waktu maca dongéng. Hal anu jadi udagan dina ieu kritéria
nyaéta luhur-handapna sora , wirahma, jeung randegan dina nepikeun carita. Skala
peunteunna:
5: Merenah pisan dina makéna lentong nalika maca dongéng 4: Lentong anu diucapkeun ku siswa méh euweuh kasalahan. 3: Lentong anu diucapkeun sakapeung kurang merenah
2: Sering ngalaman kaalahan dina makéna lentong nalika ngucapkeun caritaan.
1: Loba pisan kasalahan dina makéna lentong. 2) Artikulasi
Artikulasi nyaéta kamampuh jéntré jeung henteuna dina ngucapkeun foném.
Skala peunteunna:
5: Artikulasi jelas jeung euweuh kasalahan.
4: Artikulasi anu dilafalkeun méh euweuh kasalahan 3: Aya kasalahan dina artikulasi tapi teu loba. 2: Sering salah dina artikulasi foném
27
3) Volume Sora
Aspék anu dipeunteunna nyaéta bedas henteuna sora dina waktu ngucapkeun
carita. Skala peunteunna:
5: Volume sora bedas ti mimiti nepi ka ahir tur merenah. 4: Volume sora bedas tapi sakapeung aya nu alonan. 3: Volume sora kadang bedas kadang laun.
2: Volume sora anu diucapkeun kurang bedas
1: Volume sora kaleuleuwihi (boh bedasna boh launna). B. Kedaling Ekspresi
1) Gerak atawa réngkak
Anu diajén dina ieu kritéria nyaéta merenah jeung henteuna réngkak siswa
dina nepikeun dongéng. Skala peunteunna:
5: Réngkak merenah, jelas jeung euweuh kasalahan
4: Réngkak dina nepikeun dongéng méh euweuh kasalahan. 3: Aya kasalahan dina réngkak, tapi bisa kénéh ditarima. 2: Sering aya kasalahan dina gesture sarta ngaganggu 1: Loba pisan kasalahan réngkak/peta.
2) Mimik/pasemon
Anu diajén dina ieu kritéria nyaéta merenah jeung henteuna pasemon nalika
nepikeun dongéng. Skala peunteunna:
5: Pasemon luyu tur merenah ti mimiti nepi ka hir 4: Pasemon luyu, ampir merenah euweuh kasalahan 3: Aya pasemon anu kurang merenah
2: Sering ngalaman kasalahan mimik nalika nepikeun dongéng 1: Loba pisan kasalahan dina mimik nalika nepikeun dongéng. 3) Penghayatan
Hal anu diajén dina ieu aspék nyaéta tingkat ngajiwaan kana palaku atawa
tokoh dina éta dongéng. Skala peunteunna:
5: Alus pisan dina ngajiwaan palaku/tokoh katut eusi éta dongéng 4: Penghayatan tokoh/palaku méh sampurna
28
2: Sering ngalaman kasalahan dina penjiwaan
1: Loba pisan kasalahan dina penghayatan tokoh/palaku katut eusi.
3.4 Sumber Data
Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta hasil diajar maca dongéng siswa
kelas X 8 MAN Awipari Kota Tasikmalaya taun ajaran 2013/2014 ngagunakeun
métode dramatic reading anu jumlahna aya 30 urang.
Tabél 3. 2
DAFTAR NAMA SISWA KELAS X 8 MAN AWIPARI KOTA TASIKMALAYA
TAUN AJARAN 2013/2014
No. Wasta L/P Katerangan
1 Ayi Nurazizah P
2 Ayu Juhrotus Sopiah P
3 Dede Aah L
4 Dede Mansyur L
5 Dewi Andriyani P
6 Dian Mujahid L
7 Dien Saefuddaulah L
8 Dini Widiani P
9 Endang Jeje Jamaludin L
10 Farwati Oktaviani P
11 Gesanto Repanansyah L
12 Hani Komalasari P
13 Hikmat Romdoni L
14 Irfan Sahid L
15 M Fariqul Ma'as L
16 Mira Mutiara P
17 Muh. Rifki Ali L
18 Mutia Sofa P
29
20 Revi Padilah P
21 Sani Rohmatulloh P
22 Septi Alawiyah P
23 Sergi Pratama Putra L
24 Siti Nurhandayani P
25 Siti Rohmah P
26 Tia Nurul Mutia P
27 Tina Suriatin P
28 Tri Suhestra L
29 Yuliani Safitri P
30 Adji Maulana Yusup L
Jumlah Lalaki 14 Urang Siswa
Jumlah Awéwé 16 Urang Siswa
JUMLAH TOTAL 30 Urang Siswa
3.5 Téhnik Ngumpulkeun data
Téhnik dikudukeun dina ngumpulkeun data. Ku kituna téhnik anu merenah
jeung luyu dilarapkeun pikeun ngumpulkeun data kacida mangaruhanana kana
kaberhasilan panalungtikan. Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu
panalungtikan nyaéta tés.
Tés nyaéta saruntuyan patanyaan atawa latihan anu digunakeun pikeun
ngukur kaparigelan, pangaweruh, kamampuh atawa bakat nu dipibanda ku
individu atawa kelompok (Arikunto, 2006, kc. 139).
Pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina maca dongéng, ieu
panalungtikan ngalaman dua kali tés. Tésna nyaéta tés awal jeung tés ahir atawa
pre and post test. Dina tés awal, digunakeun pikeun mikanyaho kamampuh siswa
dina maca dongéng saacan ngalaman perlakuan, sedengkeun tés ahir digunakeun
pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina maca dongéng sabada ngalaman
perlakuan (treathment) métode dramatic reading, naha aya parobahan atawa
henteu.
30
1) Nyusun instrumén panalungtikan dina wangun tés;
2) Pre-test atawa tés awal;
3) Treatment atawa perlakuan kana pangajaran maca dongéng, anu mangrupa
métode dramatic reading;
4) Post-test atawa tés ahir;
5) Ngumpulkeun hasil tés.
3.6 Prosedur Ngolah Data
Téhnik ngolah data mangrupa cara dina nganalisis tur ngolah data anu geus
dipiboga atawa katarima. Tujuanana nyaéta pikeun néangan jawaban tina pasualan
dina ieu panalungtikan. Léngkah-léngkah anu kudu dilakonan dina ngolah data,
nyaéta:
(1) meunteun,
(2) uji sifat data,
(3) uji gain, jeung
(4) uji hipotésis.
3.6.1 Meunteun
Pikeun maham eusi bacaan bisa diukur ku cara ngitung présentasi tina
jawaban anu bener ngeunaan eusi bacaan (Aslihi 2009 : 34). Ku kituna bisa
dijieun rumus.
Rumus anu dipaké pikeun présentasi tina jawaban anu bener ngeunaan eusi
bacaan nyaéta ieu di handap.
SKOR
PEUNTEUN = _______________ X 100%
SKOR TOTAL
Tina tés awal jeung tés ahir bakal dihasilkeun nilai siswa anu satuluyna
bisa diolah datana kana tabél ieu di handap, anu tujuanna pikeun nangtukeun
31
Tabel 3.2
Skor Pretest Métode Dramatic Reading dina Pangajaran Maca Dongéng
N
Skor Posttest Métode Dramatic Reading dina Pangajaran Maca Dongéng
N
32
3.6.2 Uji Sifat Data 3.6.2.1 Uji Normalitas
Uji normalitas tujuanana pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa téh
miboga distribusi anu normal. Pikeun ngabuktikeun yén data téh miboga sipat anu
normal ngagunakeun rumus chi kuadrat ( ).
Léngkah-léngkah dina uji normalitas nyaéta ieu di handap.
1) Nyieun tabél frékuensi peunteun
Tabel 3.4 Frékuensi Nilai
Skor ( ) f
(1) (2) (3) (4)
∑
2) Ngitung rata-rata peunteun pretest and post-test
3) Ngitung standar déviasi (SD)
√
4) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi
3.5 Tabél Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi
Kelas O1 Bk Z Z
(tabél)
L Ei
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
Léngkah-léngkahna di antarana:
a) Nangtukeun jumlah kelas
K = 1+3,3 log n
b) Nangtukeun rentang
33
c) Ngitung panjang kelas (p)
d) Ngitung nilai tengah antara interval nu handap jeung nu luhur (bk)
e) Ngitung Z
̅
f) Nangtukeun legana kelas (L)
g) Ngitung frékuénsi observasi (Oi)
h) Ngitung frékuénsi ékspéktasi
i) Nangtukeun chi kuadrat
7) Nangtukeun normalitas
Ieu di handap mangrupa kritéria pikeun nangtukeun normal henteuna
distribusi data, nyaéta:
Upama hartina distribusi data normal
Upama hartina distribusi data teu normal
3.6.2.2 Uji Homogénitas
Uji homogénitas ieu miboga tujuan pikeun mikanyaho homogen henteuna
variasi sampel tina populasi nu sarua. Léngkah-léngah anu dilakukeun nyaéta ieu
di handap.
1) Nangtukeun skor variable x masing-masing kelompok pretes jeung posttest.
a) Variabel x pretes
………..
………
b) Variabel x posttest
………..
34
2) Nangtukeun variansi masing-masing kelompok
a) Variansi pretest
b) Variansi posttest
3) Hasil tina variansi diasupkeun kana distributor F
4) Ngitung darajat kabébasan (db)
5) Nangtukeun F tabel
6) Uji homogénitas
Pikeun nangtukeun homogénitas digunakeun kritéria ieu di handap:
hartina variasi sampel homogén
hartina variasi sampel teu homogén
3.6.3 Uji Gain
Uji gain dilaksanakeun pikeun nangtukeun aya atawa henteuna béda antara
pretest jeung posttest. Tina ieu uji gain, aya gambaran ngeunaan pangaruh métode
dramatic reading kana kamampuh maca dongéng siswa kelas X MAN Awipari
Kota Tasikmalaya taun pangajaran 2013/2014.
Tabel 3.6 Uji Gain
Maca Dongéng Ngagunakeun Dramatic Reading
No Prétest Post-tést ∑ d
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
35
3.6.4 Uji Hipotésis
Uji t digunakeun pikeun nguji signifikansi béda dua rata-rata.
Léngkah-léngkahna nyaéta:
1) Nyieun tabél uji jumlah rata-rata pretes jeung posttest
Tabél 3.7 Uji Jumlah Rata-rata Pretes jeung Posttest
No Prétest Post-tést d Xd (d-Md)
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
2) Nangtukeun béda mean prates jeung posttest, kalayan rumus:
3) Ngitung darajat kabébasan (db), rumusna nyaéta:
db = n-1
4) Nangtukeun t itung, rumusna nyaéta:
5) Nangtukeun hipotésis kalawan rumus:
BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1 Kacindekan
Tina hasil data pretest siswa dina pangajaran maca dongéng, tétéla siswa
dina pangajaran maca dongéng can mampuh pikeun ngahontal Kriteria Ketuntasan
Minimal. Katitén yén kamampuh siswa masih kénéh handap. Tina jumlah 30
urang siswa, anu geus mampuh maca dongéng nyaéta ukur 3 urang siswa. Kaitung
10 % geus mampuh dina maca dongéng, sedengkeun 90% siswa atawa 27 siswa
dianggap can mampuh dina pangajaran maca dongéng.
Sabada dilarapkeun métode dramatic reading, peunteunna ngaronjar tur
perséntasi ketuntasanna gé ngaronjat jadi 100%. Tétéla métode dramatic reading
dina pangajaran maca dongéng siswa kelas X-8 MAN Awipari Kota Tasikmalaya
dina taun ajaran 2013/2014 téh bisa mangaruhan kana kamampuh diajar siswa
dina maca dongéng. Ieu hal dijieun kacindekan tina hasil ngitung uji sifat data
(uji normalitas, pikeun nangtukeun normal atawa henteuna data anu geus katarima
jeung uji homogénitas pikeun nguji homogén henteuna data), satuluyna uji gain
pikeun nangtukeun éféktifitasna.
Tina hasil ngitung uji sifat data pretest jeung posttest siswa dina pangajaran maca
dongéng, tétéla datana téh normal jeung homogén. Dumasar hasil ngitung uji
normalitas dina tarap kapercayaan 99% tur derajat kabébasan 29, bisa diitung yén
hasil prétés nyaéta (-95,65 9,21), sedengkeun hasil
postés nyaéta (-94,49 tétéla distribusi data téh
normal. Kitu ogé dina hasil uji homogénitas data pretest jeung posttest siswa dina
maca dongéng, tétéla datana téh homogén lantaran dina tarap kapercayaan 99%
jeung derajat kabébasan 29, katitén yén (1,02 ≤ 8,02).
Aya béda anu signifikan antara hasil data pretest jeung posttest. Ieu hal
dumasar kana uji gain data. Dina pretest siswa rata-rata peunteunna nyaéta 63,9.
Sabada dilarapkeun perlakuan métode dramatic reading peunteun rata-rata
67
dina pangajaran maca dongéng ngagunakeun métode dramatic reading di kelas X
8 MAN Awipari Kota Tasikmalaya nyaéta 18, 46.
Anu pamungkas nyaéta uji hiotésis. Dina tarap kapercayaan 99% kalawan
darajat kabébasan 29, katitén yén nyaéta 14,65 > 2,46. Hartina
hipotésis dina ieu panalungtikan ditarima, tétéla métode dramatic reading éféktif
pikeun pangajaran maca dongéng siswa kelas X 8 MAN Awipari Kota
Tasikmalaya taun ajaran 20013/2014
5.2 Rékoméndasi
Sabada dilaksanakeunna ieu panalungtikan, aya sababaraha rékoméndasi
di antarana:
1) Métode dramatic reading téh geus kabuktian kaéféktifanana. Ku kituna, ieu
métode disarankeun sangkan dijadikeun salasahiji alternatif pikeun
guru-guru dina ngajar maca.
2) Ieu métode dramatic reading téh munggaran ditalungtik, hususna di Jurusan
Pendidikan Bahasa Daérah Ku kituna, leuwih hadé aya panalungtikan anu
leuwih jembar sangkan bisa nambahan paélmuan.
3) Guru hadéna apal kana warna maca. Tujuanana sangkan bisa diwanohkeun
deui ka siswa, sabab lian ti maca ngilo, horéng kaparigelan maca bedas
jeung maca pamahaman ogé kudu bisa kacangking ku siswa.
4) Siswa kudu leuwih resep maca kana téks basa Sunda, sangkan henteu loba
DAFTAR PUSTAKA
Arikunto, S. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.
Aslihi, F. F. (2009). Babandingan Kamampuh Maca Carpon (basa Sunda) jeung
Cerpen (basa Indonesia) Siswa Kelas X SMA 1 Margahayu kabupatén Bandung Taun Pelajaran 2008/2009. Skripsi FPBS UPI Bandung.
Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Utama.
Gustiar, M. L. (2011). Éféktivitas Métode Sosiodrama dina Pangajaran Maca
Bedas Wacana Paguneman. Skripsi FPBS UPI Bandung.
Haerudin, D. (2009). Padika Nyarita Basa Sunda. Bandung: JPBD UPI Bandung.
Sopandi, A. (2012). Analisis Struktural Semiotik Dongéng-dongéng di Desa
Panjalu Kacamatan Panjalu Kabupatén Ciamis pikeun Pangajaran Maca di SMP. Skripsi FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.
Sudrajat, A. (2008). Pengertian Pendekatan, Stratégi, Metode, Tehnik, dan Model
Pembelajaran. Diaksés tina
http://akhmadsudrajat.wordpress.com/2008/09/12pendekatan-strategi-metode-tehnik-dan-model-pembelajaran/model [20 Novémber 2013]
Suryatin, E. et al. (2002). Padika Pangajaran Kamahéran Maca-Ngaregepkeun,
dina Kurikulum Muatan Lokal Pendidikan Dasar di Wilayah Provinsi Jawa Barat. Bandung: Disdik.
Tarigan, H.G. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Tamsyah, B. Spk. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.