Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB 1
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Budaya mangrupa cicirén hiji bangsa anu turun tinurun ti para karuhun ka
turunannana. Saupama budaya teu dimumulé jeung diraksa, mangka éta budaya
bakal leungit jeung hiji bangsa tangtuna moal boga cicirén deui. Saupama hiji
bangsa geus teu boga cicirén, mangka éta bangsa moal dianggap ku bangsa lianna.
Wangun budaya téh teu lepas tina akal, pikiran, jeung paripolah manusa. Alatan
kitu, budaya miboga kalungguhan nu penting pisan pikeun kahirupan manusa.
Budaya nurutkeun Koentjaraningrat (2009, kc. 165), kabagi jadi tujuh unsur
kabudayaan. Unsur-unsur budaya éta ngawengku: (1) sistem basa; (2) sistem
pangaweruh; (3) organisasi kamasarakatan; (4) sistem pakakas hirup manusa
jeung téknologi; (5) sistem pakasaban; (6) sistem religi; jeung (7) sistem kasenian.
Tina éta tujuh unsur kabudayaan, sistem religi mangrupa unsur budaya anu
panghéséna robah atawa kapangaruhan ku budaya séjén. Sistem religi mangrupa
kayakinan ka pangéran (Allah Swt). Sistem religi éta bisa nyangkaruk dina
rupa-rupa upacara tradisional, boh anu dilaksanakeun sacara rutin boh anu ngan saukur
kakapeungan. Dina enas-enasna, éta upacara tradisional téh mangrupa wujud tina
interaksi antara manusa jeung pribadina, manusa jeung masarakat
sabudeureunnana, manusa jeung alamna, sarta utamana manusa jeung Nu maha
kawasa.
Dina budaya Sunda, patalina antara upacara tradisional jeung kaagamaan téh
geus teu ahéng kadéngéna, alatan budaya Sunda kasohor ku upacara-upacara
kaagamaannana. Upacara kaagamaan dina kabudayaan suku bangsa, ilaharna
mangrupa unsur kabudayaan anu geus nyampak. Hal ieu saluyu jeung anu
ditétélakeun ku Ronald Robertson, yén agama téh raket patalina jeung
ajaran-ajaran bebeneran anu luhung jeung mutlak ngeunaan tingkah laku manusa, sarta
pituduh pikeun kasalametan hirup di dunya jeung di ahérat atawa dina harti séjén,
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
jeung cara hirup sato atawa mahluk goib. Ritual atawa upacara, ilaharna
lumangsung kalayan tuluy-tumuluy boh saban poé, saban minggu, atawa saban
bulan (http://forester-untad./makalah-tentang-budaya-ritual-upacara.html).
Salah sahiji wangun upacara nu aya dina kabudayaan Sunda, nya éta Upacara
Séba Ciburuy anu aya di Kampung Ciburuy, Désa Pamalayan, Kecamatan
Bayongbong, Kabupatén Garut. Sakumaha upacara adat séjénna, upacara Séba
Ciburuy miboga maksud jeung tujuan anu tangtu, salah sahijina nya éta pikeun
ngaluarkeun jeung ngaberesihkeun barang-barang pusaka anu aya di Kabuyutan
Ciburuy.
tradisi anu dilaksanakeun ku masarakat pikeun ngadeuheus ka karuhun,
nyérénkeun sagala rupa hal anu geus dilakonan salila sataun, kalayan ngariksa
tempat jeung barang-barang pusaka anu aya di éta situs Ciburuy.
Upacara Séba minangka pangajén ka karuhun nu boga kalungguhan luhung
dibarengan ku nyérénkeun perkara nu hadé. Anapon sérénan éta ditujukeun ka
arwah-arwah karuhun, hususna ka arwah Prabu Siliwangi jeung Kian Santang
alatan dua inohong éta miboga élmu jeung kasaktian anu luhung sarta geus
ninggalkeun barang-barang pusaka anu miboga kakuatan goib di Kabuyutan
Ciburuy.
Salian ti éta, Upacara Séba ogé mangrupa upacara ngaberesihkeun
barang-barang pusaka minangka tanda hormat ka karuhunna. Dina upacara ieu, sok
disuguhkeun rupa-rupa sasajén kadaharan anu bahanna tina ketan, sarta dihaja
dikumpulkeun ti swadaya masarakat kalayan gotong royong
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina upacara saperti kieu, tinangtu miboga ajén inajen séwang-séwangan,
boh ajén kapercayaan, boh ajén falsafahna. Loba définisi ngeunan harti jeung ma’na falsafah (filsafat). Nilik kana ma’nana falsafah miboga harti kamampuh pikeun intropeksi-refleksi sarta kagiatan hiji jalma dina nga-kontémplasi dirina.
Pamikiranna museur kana hiji perkara anu abstrak disatukangeun anu katingali
wujudna (Suryalaga, 2010, kc.5).
Kasang tukang panalungtik milih ieu panalungtikan alatan hayang nyukcruk
ajén inajén anu nyampak dina upacara Séba Ciburuy, utamana ajén falsafahna.
Ajén Falsafah anu kapaluruh téh udagannana pikeun jadi gambaran di masarakat
kiwari yén upacara Séba Ciburuy lain ngan saukur simbol budaya wungkul tapi
ogé ku ngaliwatan ajén falsafah ieu bisa dijadikeun piwuruk dina ngajalankeun
kahirupan sapopoé.
Panalungtikan anu maluruh budaya hiji daérah, mémang geus réa ditalungtik
ku mahasiswa, utamana anu patali jeung ajén falsafah sarta nu kairut ku budayana.
Di handap ieu, aya sawatara judul-judul skripsi ngeunaan budaya anu geus
ditalungtik ku mahasiswa/i S1 Departemen Pendidikan Bahasa Daerah:
1) Ajén Falsafah Upacara Sawér Pangantén Pikeun Bahan Pangajaran Basa
Sunda di SMPN 12 Bandung Kelas VII Ngagunakeun Métode Démonstrasi,
ku Temmy Widyastuti taun 2008.
2) Ajén Falsafah anu Aya dina Simbol-simbol Prosés Hatam Al Qur’an dina
Upacara Kawinan Désa Citanglar Kecamatan Suradé Kabupatén Sukabumi,
ku Risna Setiani taun 2008.
3) Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Upacara Adat Sedekah Bumi di Kampung
Urug Tonggoh Désa Kiara Pandak Kecamatan Sukajaya Kabupatén Bogor,
ku Trias Handoko taun 2009.
4) Fungsi Ajén Falsafah dina Upacara Tradisi Ruatan Bumi di Kampung
Banceuy Kecamatan Ciater Kabupatén Subang, ku Virda Sufia Haetami taun
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
5) Ajén Falsafah Upacara Sidekah Tutulak Désa Karangtawang Kecamatan
Kuningan Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA, ku
Euis Siti Fathimah taun 2013.
Panalungtikan ngeunaan ajén falsafah dina Upacara Séba Ciburuy, dipiharep
bisa méré mangpaat pikeun bahan dina ngajembaran budaya. Ku ayana ieu
panalungtikan, dipiharep para nonoman bisa leuwih wanoh, mikanyaah,
mikareueus jeung miboga tarékah pikeun ngamumulé, ngariksa, tur
ngamekarkeun deui tradisi titinggal karuhunna.
Salasahji cara ngawanohkeun tradisi karuhun ka para nonoman, di antarana
bisa ngaliwatan pendidikan formal di sakola. Luyu jeung Kompetensi Inti &
Kompetensi Dasar dina KIKD dan Silabus (2013, kc. 47) ngeunaan maca artikel
budaya, kaunggeul dina Kompetensi Inti (KI) nya éta “memahami, menerapkan,
menganalisis pengetahuan faktual, konseptual, prosedural berdasarkan rasa
ingin tahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya, dan humaniora
dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait
dengan fenomena dan kejadian serta menerapkan pengetahuan prosedural pada
bidang kajian yang spesifik sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan
masalah”.
Satuluyna, éta Kompetensi Inti (KI) téh diijembarkeun deui ngaliwatan
Kompetensi dasar (KD), saperti nu kaunggel: “mengidentifikasi, memahami, dan
menganalisis teks artikel berdasarkan kaidah-kaidahnya secara lisan dan
tulisan.” Ku kituna, lian ti nepikeun informasi, ieu panalungtikan ogé dipiharep
bisa jadi pangdeudeul pikeun pangaweruh siswa/siswi sangkan apal jeung
nyangkem kana upacara Séba Ciburuy sarta weruh kana ajén inajén anu
nyangkaruk dina éta upacara.
Dumasar kana pedaran di luhur, utamana pikeun ngawewegan pangajaran
basa Sunda, ieu panalungtikan dilaksanakeun tur dipatalikeun jeung bahan
pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA. Ku kituna, ieu panalungtikan
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kecamatan Bayongbong Kabupaten Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca di
SMA kelas XII”.
1.2 Rumusan Masalah
Ieu panalungtikan medar ngeunaan ajén inajén kabudayaan Sunda. Ajén
inajén téh jembar ambahannana, di antarana ajén kaagamaan, sosial, politik,
ekonomi, éstétis ogé ajén falsafah. Sangkan teu lega teuing ambahannana, mangka
dina ieu panalungtikan rék diwatesanan ngan saukur medar ngeunaan ajén
falsafahna wungkul.
Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan
dirumuskan dina wangun kalimah pananya di handap ieu.
1) Kumaha prak-prakan Upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan
Bayongbong Kabupatén Garut?
2) Ajén falsafah naon waé anu nyampak dina upacara Séba Ciburuy di Désa
Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupaten Garut?
3) Luyu atawa henteu dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca artikel
budaya dina pangajaran di SMA kelas XII?
1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan nya éta pikeun
ngawanohkeun Upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan
Bayongbong Kabupatén Garut, sarta wujud tina tarékah ngamumulé salah sahiji
budaya anu sumebar di tatar Sunda.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun:
1) prak-prakan upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2) ajén falsafah nu nyampak dina upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan
Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut;
3) kasaluyuan dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di
SMA kelas XII ngeunaan upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan
Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1Mangpaat Tioritis
Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun balaréa, hususna
pikeun ngalengkepan data jeung référénsi ngeunaan budaya Sunda, sarta jadi
bukti yén nepi ka kiwari masih aya kénéh nu ngamumulé budaya Sunda. Lian ti
éta, ieu panalungtikan bisa jadi conto pikeun panalungtik ka hareupna nu hayang
nalungtik ngeunaan budaya Sunda, hususna nu nalungtik ngeunaan ajén
falsafahna.
1.4.2Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan di antarana:
1) pikeun panalungtik, dipiharep bisa nambahan pangaweruh kana tradisi
lokalnu aya di masarakat Sunda, salasahijina upacara Séba Ciburuy;
2) pikeun masarakat Pamalayan, ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan
kareueus kana budaya anu dipimilikna, nya éta upacara Séba Ciburuy;
3) pikeun guru, ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar dina pangajaran
basa Sunda di kelas XII SMA nu mangrupa salasahiji pangajaran ngeunaan
budaya;
4) pikeun siswa, bisa nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi anu aya di
masarakat Sunda. Dipiharep tina ieu panalungtikan bisa méré motivasi ka
siswa pikeun ngarojong usaha ngariksa budaya sunda.
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1) BAB I : Bubuka medar perkara kasang tukang panalungtikan, rumusan
masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung
raraga tulisan.
2) BAB II : Ulikan pustaka medar ngeunaan falsafah, budaya, upacara adat
jeung bahan pangajaran maca.
3) BAB III : Désain panalungtikan, partisipan jeung tempat panalungtikan,
ngumpulkeun data, panalungtikan saméméhna, jeung raraga
téori.
4) BAB IV : Hasil Panalungtikan jeung pedaran.