• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1100714 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1100714 Chapter5"

Copied!
4
0
0

Teks penuh

(1)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu skripsi judulna “Ajén Sosial dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP kelas

VIII”. Ieu panalungtikan nyoko kana ajén sosial nu dianalisis tina unsur nu

ngawangun Kasenian Surak Ibra. Dina ieu panalungtikan, digunakeun métode

deskriptif kalayan téhnik studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi.

Dina prosés panalungtikan kapanggih sababaha jal, nyaéta gambaran umum tempat

panalungtikan, gelarna Kasenian Surak Ibra, prak-prakan Kasenian Surak Ibra, nilai

sosial nu nyangkaruk dina Kasenian Surak Ibra, sarta matalikeun ajén sosial anu

nyangkaruk dina Kasenian Surak Ibra pikeun pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas

VIII.

Gambaran umum tempat panalungtikan Kasenian Surak Ibra nyaéta aya di

Kampung Sindangsari Désa Cinunuk Kecamatan Wanaraja Kabupatén Garut. Gelarna

Kasenian Surak Ibra nyaéta dina taun 1910 ku Radén Wangsa Muhammad nu

tujuanna pikeun protés sosial ka pamaréntah dina jaman harita. Kasenian Surak Ibra

mekar sacara turun temurun, ti mimiti Radén Wangsa Muhammad, Éson, Ibra, Amoh

Junaédi nepi ka Syahridin. Maranéhna salaku inohong nu mekarkeun Kasenian Surak

Ibra ti generasi ka generasi.

Dina magelarkeun Kasenian Surak Ibra nyaéta dimimitian ku tahap tatahar.

Saacan magelarkeun Kasenian Surak Ibra, pamaén Ziarah heula ka makam Eyang

Papak di makam Cinunuk. Tujuanna sangkan dibéré kalancaran dina waktu minton.

Salian ti éta, dina tahap tatahar pamaén nataharkeun waditra nu rék dibawa dina

waktu minton. Saméméh maén, sakabéh pamaén latihan minimal sabulan saacan

(2)

82

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

papakéan silat, iket, beubeur, bodor, surak, obor, angklung, dog-dog, keprak, goong,

tarompét, kendang penca, umbul-umbul, jeung kohkol.

Tahap nu kadua nyaéta tahap magelarkeun Kasenian Surak Ibra. Dina ieu tahap

kabagi jadi genep bagian, nyaéta: padungdung, buncis, dungblang, senam, nyieun

buleudan, jeung surak. Dina bagian surak, gerakanna dibagi jadi tilu, nyaéta émprak,

timbangan, jeung jurus. Nu pamungkas nyaéta tahap panutup. Dina ieu tahap sakabéh

pamaén balik deui ka posisi helaran saperti posisi bubuka.

Dumasar hasil analisis, dina unggal unsur nu ngawangun Kasenian Surak Ibra

beunghar ajén-inajén. Unsur nu ngawangun Surak Ibra dipasing-pasing dumasar ajén

sosial nu aya dijerona. Ajén sosial nu panglobana dina unsur nu ngawangun Surak

Ibra nyaéta ajén sosial silih lengkepan. Sedengkeun, nu pangsaeutikna nyaéta ajén

sosial silaturahmi. Prosés nganalisis ajén sosial dipatalikeun jeung ma’na semiotik nu

geus dipedar saméméhna. Hasil lengkepna, tina sakabéh unsur nu ngawangun

Kasenian Surak Ibra, aya 44% kaasup kana ajén kakulawargaan, 24% kaasup kana

ajén silaturahmi, 52% kaasup kana ajén silih ajénan, 36% kaasup kana ajén silih

tulungan, 48% kaasup kana ajén silih asah, 44% kaasup kana ajén silih asih, 44%

kaasup kana ajén silih asuh, 28% kaasup kana ajén gotong royong, 72% kaasup kana

ajén kakompakan, 52% kaasup kana ajén étika, 44% kaasup kana ajén silih

butuhkeun, 48% kaasup kana ajén silih geuingkeun, sarta 96% kaasup kana ajén silih

lengkepan.

Tina analisis ajén sosial, pedaran Kasenian Surak Ibra dijadikeun bahan

pangajaran di sakola. Ajén sosial luyu diterapkeun di SMP sabab murid SMP keur

meujeuhna sosialisasi jeung baturna nu séjén. Bahasan kasenian aya dina SKKD

Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan 2006 nu aya di SMP kelas VIII. Ku kituna,

ajén sosial dina Kasenian Surak Ibra dijadikeun téks pikeun bahan ajar ngaregepkeun.

(3)

83

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sawatara saran atawa rékoméndasi disusun pikeun pihak-pihak nu patali jeung

ieu panalungtikan saperti panalungtik, pamaréntah, seniman Kasenian Surak Ibra,

jeung masarakat.

Pikeun mahasiswa nu rék nalungtik Kasenian Surak Ibra dipiharep bisa leuwih

lengkep dina ngadokuméntasikeun pagelaran Surak Ibrana sorangan. Narasumber nu

diwawancarana gé dipiharep leuwih loba. Mahasiswa nu rék nalungtik Kasenian

Surak Ibra dipiharep bisa leuwih euyeub deui sabab dina ieu Kasenian masih

beunghar ku ajén-inajén nu séjénna. Dokuméntasi jeung arsip-arsip ngeunaan

kabudayaan daérah dipiharep bisa disusun sacara rapih jeung lengkep. Sabab

informasi nu mimiti ditéang ku panalungtik nyaéta data ti Dinas Kebudayaan jeung

Pariwisata heula. Salian ti éta, pamaréntah kudu merhatikeun kasejahteraan

seniman-seniman nu ngariksa kabudayaan daérahna. Hadéna mah nyieun Perda nu ngatur

ngeunaan kasejahteraan seniman.

Pikeun seniman Kasenian Surak Ibra, informasi Kasenian Surak Ibra hadéna

dihijikeun dina hiji tempat. Misalna ngabangun sekreteriat pikeun sumber informasi,

tempat nyimpen waditra jeung kostum, sarta tempat koordinasi antar pamaénna

sorangan. Jadi, Kasenian Surak Ibra leuwih kaorganisasi dina hiji tempat. Seniman

Kasenian Surak Ibra ogé alusna ngayakeun latihan rutin di Kampung Sindangsarina

sorangan sangkan lamun aya nu ngondang maén teu ngadadak néangan pamaén jeung

latihan heula. Ku kituna, kudu aya latihan rutin jeung muguhkeun anggota.

Pikeun guru, ieu hasil panalungtikan bisa dipaké pikeun ngadeudeulan matéri

pangajaran ngeunaan bahasan budaya nu luyu jeung bahan ajar nu disadiakeun dina

bab IV.

Pikeun masarakat umum, masarakat bisa ngaprésiasi jeung wanoh kana

kasenian daérahna sorangan. Salah sahijina ku cara nanggap ieu kasenian dina

(4)

84

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ka nu séjén. Sacara teu langsung ogé geus ngamumulé ieu kasenian sangkan teu

Referensi

Dokumen terkait

dari PT Sri Intan Karplas Industry yaitu tidak normalnya sistem penjadwalan. distribusi yang menyebabkan keterlambatan dalam pendistribusian produk

Hasil dari model ini harus dievaluasi bersama dan secara berulang oleh “pemain sistem JKN”, seperti Kementerian Kesehatan (Kemkes) RI, Dinas Kesehatan Provinsi,

Supply Chain Redesign Transforming Supply Chains into Integrated Value Systems, Financial Times.. Prentice Hall, Clamshell

3 Saya berkeinginan untuk membuat sesuatu yang berbeda dari yang lain.. Saya berkeinginan memulai usaha karena bebas mengatur ritme kerja

Pertanahan Nasional Nomor 3 Tahun 1997 tentang Ketentuan Pelaksanaan Peraturan Pemerintah Nomor 24 Tahun 1997 tentang Pendaftaran Tanah sebagaimana telah diubah

Ditemukan rerata kadar vitamin D yang lebih rendah pada penderita HIV/AIDS yang mendapat ARV satu tahun daripada kelompok yang belum mendapat ARV, namun demikian tidak ditemukan

Dengan menggunaan komputer, kegiatan akan b erjalan 1ebih e fisien dan efektif dibandingkan dengan cara manual yang dalam menghitung transaksi penjualan baju

Permasalahan yang pertama dalam penelitian ini yaitu “Bagaimana tingkat kompetensi individu di Badan Kepegawaian Daerah Provinsi Jawa Barat” berada pada kategori