Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1Kacindekan
Upacara Séba Ciburuy mangrupa salasahiji tradisi anu rutin dilaksanakeun
ku masarakat Kampung Ciburuy Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong
Kabupatén Garut dina unggal minggu katilu jeung kaopat bulan Muharam.
Upacara Séba Cibury mangrupa bukti rasa hormat ka Raja Pajajaran nya éta Prabu
Siliwangi katut putrana nya éta Prabu Kian Santang anu parantos ngagem jeung
nyebarkeun agama Islam, dina kamekaranna upacara Séba Ciburuy dijadikeun
ajang pikeun silaturahmi antara masarakat Ciburuy jeung masarakat
sabudeureunnana katut masarakat anu ngahajakeun datang timana méndi pikeun
ilubiung dina upacara Séba Ciburuy kalayan tetep masih nyekel pageuh tradisi
anu diwariskeun ku para karuhun jeung sesepuh Kampung Ciburuy. Salian ti kitu,
upacara Séba Ciburuy ogé minangka acara dina raraga mapag taun baru Islam.
Dina upacara Séba Ciburuy aya nu disebut pra upacara, prakna upacara
jeung pasca upacara. Nalika pra upacara nya éta nataharkeun sagala perkara anu
bakal ngarojong kana lumangsungna acara puncak upacara di antarana ngawengku
pasang kikis ti mimiti nyieun pager, bongkar jeung pasang pager nepi ka
nataharkeun sasajén katut kadaharan anu seja disébakeun dina ieu upacara.
Ibu-ibu masak di dapur, bapa-bapa nyieun janur,sawén, cakra jeung sajabana. Nincak
waktu lohor acara meresihan keris di bumi adat Patamon. Nalika ba’da isya
sakitar jam salapanan dimimitian acara puncak upacara Séba Ciburuy nya éta
meresihan naskah-naskah anu aya di kabuyutan bumi adat Padaleman sinareng
manjatkeun du’a katut pamaksudan séwang-séwangan datang ka éta tempat.
Saba’da réngsé acara peuting, isukna ngalakukeun opsih nya éta operasi bersih di
lokasi atawa anu disebut bubaran. Sanggeus kitu mulang deui ka bumi adat
Patamon. Sasajén anu geus dibaktikeun, anu mangrupa kadaharan tuluy disik-sik
di bagikeun ka tamu anu masih araya kénéh di éta patempatan. Tuluy acara
64
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
jeung ulen. Peutingna nalika ba’da isya, aya riungan haturan tuang ka sakábéh
warga anu kamari ilubing dina upacara, dituluykeun ku musafahah, silih
hapuntenan atawa sungkeman, terus ngadu’a anu dipingpin ku Ustadz nu hadir dina éta riungan.
Dina upacara Séba Ciburuy aya ajén inajén falsafah anu dijadikeun piwuruk
pikeun kahirupan manusa. Sakumaha dumasar kana ajén falsafah numutkeun
objékna di antarana: (Ajén Metafisika) Patalina jeung hubungan goib. Hakékat
anu nyiptakeun manusa nya éta Allah Swt. Dina ieu upacara ébréh pisan kumaha
warga Kabuyutan Ciburuy umumna masarakat sabudeureun Ciburuy miboga
kayakinan ka nu Maha nyiptakeun manusa ngaliwatan ku ngirim du’a ménta
pangraksa tina sagala cocoba dunya sangkan hirup aya dina kabagjaan. (Ajén
epistemologi) atawa ajén élmu pangaweruh katitén dina unggal runtuyan upacara
sarta panglengkep atawa sasajén anu dipaké dina ieu upacara. Ngaliwatan éta
perkara karuhun baheula geus bisa méré sawangan dina nyanghareupan kahirupan
pikeun ngigelan jaman. Para sesepuh méré piwuruk ngaliwatan panglengkep
jeung barang sasajén katut dina prak-prakaan upacara Séba saupama disurahan
nyangkaruk ajén inajén anu kacida euyeubna. (Ajén etika) anu nyampak dina
upacara Séba Ciburuy nya éta katitén nalika masarakat ngagunakeun etika dina
bermasarakat anu kudu silih tulungan, silih ajénan saperti gotong royong nyieun
pager, masak jeung gawé bareng pikeun nataharkeun sagala rupa perkara anu
diperlukeun dina upacara Séba Ciburuy. ieu mangrupa bukti yén masarakat
Ciburuy hirup sauyunan, teu individual. Aya rasa peduli, simpati, béréhan katut
miboga etika ka papada jalma hususna tatangga dina pada hirup babarengan di
masarakat. (Ajén estetika) mangrupa studi falsafah anu ngaguar ngeunaan
kaéndahan. Leumpang ngajajar saurang-saurang nalika rék asup ka Padaleman,
kuncén salaku sesepuh di éta Kabuyutan aya di jajaran panghareupna anu mingpin
barisan. Didinya aya unsur seni atawa kaéndahan anu mangrupa ciri yén dina
ngalakonan hirup téh kudu tartib, ngaheulakeun anu mémang kudu diheulakeun
jeung mandeurikeun anu mémang kuduna pandeuri. Tong nepi ka pacorokokod
65
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sangkan siswa apal kana tradisi atawa adat kabudayaan anu masih aya
kénéh di tatar sunda salasahijina upacara Séba Ciburuy. Mangka dijieun artikel
ngeunaan upacara séba Ciburuy pikeun salasahiji tarékah ngamumulé budaya
kalayan bisa dijadikeun materi bahan pangajaran maca artikel ngeunaan budaya di
SMA kelas XII.
Dina sagala aspék kahirupan, saupama disurahan tinangtu nyangkaruk ajén
inajén falsafah anu luhung jeung gedé kitu ogé dina upacara Séba Ciburuy. Jadi
bisa dicindekkeun yén dina upacara Séba Ciburuy téh nyangkaruk ajén inajén anu
jadi piwuruk pikeun manusa ngalakonan kahirupan.
5.2Rékoméndasi
Panalungtikan ngeunaan Kabuyutan Ciburuy kawilang langka utamana
ngeunaan ajén falsafah upacara Séba Ciburuy, alatan kitu panalungtik
ngarékoméndasikeun ka para panalungtik séjénna anu kairut pikeun nalungtik
leuwih jembar deui ieu panalungtikan nya éta tina sababaraha aspék lianna saperti
tina ajén éstétikana, ajén moral, ajén sosial, jsb.
Salian ti éta, panalungtik ogé ngarékoméndasikeun ka masarakat sunda
hususna sangkan bisa mikawanoh ajén-ajén falsafah anu nyamuni dina upacara
Séba Ciburuy alatan ajén inajén éta bisa dijadikeun piwuruk pikeun ngalakonan
kahirupan.
Rékoméndasi panalungtik pikeun sakola, nya éta sangkan dina nyusun
bahan ajar leuwih museurkeun paniténna kana budaya sorangan.
Sanggeus panalungtik nalungtik ajén falsafah dina upacara Séba Ciburuy
nyampak ajén inajén anu kacida luhungna, ku kituna panalungtik miharep ka
sakabéh pihak, hususna ka pamaréntah Disparbud Kabupatén Garut sangkan
leuwih ngamumulé jeung ngawanohkeun deui ka masarakatna ngeunaan budaya