• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1000343 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1000343 Chapter5"

Copied!
4
0
0

Teks penuh

(1)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1Kacindekan

Novel Sabalakana nu euyeub ku unsur kajiwaan nu ngajanggélék ngaliwatan

tokoh jeung penokohan dikaji maké pamarekan psikoanalisis. Métode panalungtikan

nu dipaké nya éta déskriptif analitik. Unsur-unsur carita dina novel Sabalakana

dianalisis maké tiori Robert Stanton, nu ngawengku: téma carita, fakta carita (palaku

jeung watek/penokohan, galur, latar), jeung sarana carita. Tujuanana sangkan bisa

dipaluruh kasang tukang munculna masalah psikologi katut prosés jeung akibat tina

kondisi psikologina. Karakter jeung watek (penokohan) para palakuna tuluy dianalisis

maké pamarekan psikoanalisis.

Dumasar kana hasil analisis, aya sawatara hal nu bisa dicindekeun. Ieu novel

miboga téma krisis sosial jeung pulitik nu tumuwuh di kalangan masarakat menengah

ka handap. Palaku utama dina ieu novel nya éta Santana, Lebé Unang, Gayatri, jeung

Rastiti. Palaku tambahan nu ngarojong sarta ngahirupkeun carita dina ieu novel

kawilang loba. Téhnik nu dipaké pikeun ngalukiskeun tokoh dina ieu novel aya dua,

nya éta: téhnik ékspositori jeung téhnik dramatik (dramatic). Téhnik dramatik dina

ieu novel, dilukiskeun ngaliwatan: 1) pelukisan pikiran jeung rarasaan (portrayal of

thought streem or of conscious thought), 2) réaksi palaku kana lingkungan (reaction

to event), 3) pelukisan lingkungan (discussion of environment, 4) paguneman

(conversation), jeung 5) réaksi palaku séjén (reaction of other characters). Latar

tempat géneral dina ieu novel ngawengku lembur Cikawening jeung lembur Sukalila.

Latar farsialna kagambar ngaliwatan backtracking. Ari lumangsungna (latar) carita

dina ieu novel lilana tilu poé, waktuna dimimitian ti poé Kemis pasosoré (Minggu

kadua bulan Rayagung). Latar sosial nu nyampak dina ieu novel Sabalakana nya éta

(2)

131

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

wangun démokrasi milih pipamingpineun. Unsur-unsur galur nu kapanggih dina

novel Sabalakana nya éta: backtracking, suspense, foreshadowing, jeung konflik.

Galur dina ieu novel maké galur bobok tengah sabab caritana teu berurutan, tapi

ngacak, ‘luluncatan’, maké puseur carita nu robah ti tokoh hiji ka tokoh séjén. Puseur carita nu dipaké nya éta métode romantic-ironic. Gaya basa nu dipaké nya éta: gaya

basa dialék, métafora, pléonasmeu, sinéstésia, personifikasi, litotes, hiperbola, simile,

eufimisme, ngasor, jeung métonimia.

Konsep struktur kapribadian nu ngawengku id, ego, jeung superego nu

ngajanggélek dina diri tokoh nu aya dina ieu novel mangaruhan kana paripolah

tokohna. Pagedrugna id, ego, jeung superego nimbulkeun sawatara konflik jeung

emosi nu nimbulkeun mékanisme pertahanan dina diri tokoh. Tokoh Santana nu boga

watek cinta mati ka Rastiti, ngalaman proyeksi ka Rastiti - minangka mékanisme

pertahanan kana égo nu aya dina dirina, lantaran Santana teu narima cinta ti kolotna

jeung kungsi terasing ti masarakat – pédah Santana dirorok ku akina nu kabaud

komunis. Tokoh séjén, saperti kaom Balakasontang miboga watek nu sadar kana ajén

kajujuran nu kuduna tumuwuh. Nu kaalaman ku kaom Balakasontang ampir sarua

jeung gejala psikosis. Superego dina diri kaom Balakasontang mampuh ngéléhkeun

id. Tokoh séjén aya nu némbongkeun watek nu timburuan, tukuh kana aturan,

galideur, sarakah, jsb. Sawatara tokoh boga naluri kematian jeung kahariwang dina

dirina nu ngawujud émosi saperti rasa salah nu disidem, kakeuheul, éra, jeung cinta.

5.2Saran

Sawatara saran atawa rékoméndasi nu disusun pikeun pihak-pihak anu patali

jeung ieu panalungtikan saperti: panalungtik, masyarakat akademik atawa masyarakat

(3)

132

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

1) Panalungtik

Pikeun panalungtik hususna ka nu rék nalungtik garapan psikologi sastra

kaasup psikoanalisis, kudu bisa maham cara nerapkeun pamarekan psikologi modérn

kana talaah sastra sangkan euweuh kasalahpahaman. Panalungtik nu napak dina

kasang tukang élmu sastra kudu maham ogé kana élmu psikologi sangkan hasil

panalungtikan bisa nyugemakeun, henteu condong kana salasahiji élmu atawa beurat

sabeulah. Salian ti éta, ieu hasil panalungtikan dipiharep bisa jadi tatapakan pikeun

panalungtikan anu leuwih jembar, boh ngajembaran wengkuan analisis dumasar tiori

nu tangtu, boh karya sastra nu dianalisisna.

2) Masarakat Akademik atawa Masarakat Pamaca

Masarakat akademik atawa masarakat pamaca dipiharep bisa ngeuyeuban

pangaweruh, pamahaman, jeung aprésiasi kana karya sastra, hususna pamahaman

kana karya sastra nu boga tatapakan psikologi. Masarakat akademik atawa masarakat

pamaca ogé dipiharep wanoh kana psikoanalisis dina karya sastra.

3) Lembaga Paélmuan

Lembaga paélmuan dipiharep bisa ngahudang karep kalangan akademisi tur

kritikus sangkan terus ngaronjatkeun aprésiasi jeung kajian sastra nu patali jeung

psikoanalisis atawa psikologi sastra.

4) Pangarang

Pangarang dipiharep bisa ngeuyeuban deui khasanah karya sastra Sunda.

Ruang lingkup psikologi nu lega patali jeung pasualan kajiwaan dipiharep muka

lolongkrang pikeun pangarang dina ngaéksprésikeun konsép psikologi kana karya

(4)

133

Erin Irtanti, 2014

Referensi

Dokumen terkait

Dumasar kana hasil panalungtikan anu dipedar dina bab saméméhna, dina ieu bab diébréhkeun kacindekan saperti ieu di handap. 1) Kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI

KAJIAN STRUKTUR JEUNG SÉMIOTIK KANA RUMPAKA PANAMBIH SANGGIAN MANG ENGKOS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN RUMPAKA KAWIH DI SMA. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

(hususna novel) yén dina novel atawa karya sastra séjénna miboga ajén. budaya, ku kituna ku cara maca karya sastra dipiharep masarakat

Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV, bisa dicindekkeun yén novél Saéni diwangun ku unsur-unsur struktural (téma, fakta carita, jeung sarana carita) jeung unsur semiotik

Dumasar kana hasil pedaran dina bab IV, bisa dicindekkeun hal-hal saperti kieu. a) Kamampuh maca sajarah lokal siswa kelas VII-D SMP Kartika XIX-2 Kota Bandungsaméméh

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data dina bab opat ngeunaan kaéféktifan modél pangajaran Think-Talk-Write dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan

Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV, hasil panalungtikan bisa dicindekeun saperti ieu di handap. 1) Kamampuh maca pamahaman siswa Kelas XII SMK Negeri 5

Dumasar kana hasil analisis data dina Bab IV ngeunaan Téhnik Tarucing Cakra pikeun Évaluasi Maca Carpon di SMP, bisa dicindekkeun hal-hal saperti ieu di handap. Sedengkeun dina